Surah Az-Zalzalah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِذَا زُلْزِلَتِ الْاَرْضُ زِلْزَالَهَاۙ١
Iżā zulzilatil-arḍu zilzālahā.
[1] Waktu bumi digénjlongkeun kalayan génjlongan anu rongkah,

وَاَخْرَجَتِ الْاَرْضُ اَثْقَالَهَاۙ٢
Wa akhrajatil-arḍu aṡqālahā.
[2] (waktu) bumi geus ngabudalkeun beban-beban beurat (anu dikandungna),

وَقَالَ الْاِنْسَانُ مَا لَهَاۚ٣
Wa qālal-insānu mā lahā.
[3] jeung (waktu) manusa naranya, “Naon nu keur kajadian kana ieu bumi téh”?

يَوْمَىِٕذٍ تُحَدِّثُ اَخْبَارَهَاۙ٤
Yauma'iżin tuḥaddiṡu akhbārahā.
[4] Dina éta poé bumi bakal nepikeun béja-béjana,

بِاَنَّ رَبَّكَ اَوْحٰى لَهَاۗ٥
Bi'anna rabbaka auḥā lahā.
[5] yén sabenerna Pangéran hidep (Muhammad) geus maréntahkeun (nu saperti kitu) ka manéhna.

يَوْمَىِٕذٍ يَّصْدُرُ النَّاسُ اَشْتَاتًا ەۙ لِّيُرَوْا اَعْمَالَهُمْۗ٦
Yauma'iżiy yaṣdurun-nāsu asytātā(n), liyurau a‘mālahum.
[6] Dina éta poé jalma-jalma kaluar tina kuburanana dina kaayaan rupa-rupa pikeun ditingalikeun ka maranéhna (walesan) sagala pagawéanana. 957
957) Aya nu untung jeung aya nu cilaka.

فَمَنْ يَّعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَّرَهٗۚ٧
Famay ya‘mal miṡqāla żarratin khairay yarah(ū).
[7] Nya saha baé nu milampah kahadéan (sanajan) sagedé ¿arrah (barang nu pangleutikna) ogé, pasti manéhna bakal nénjo (walesana)na

وَمَنْ يَّعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَّرَهٗ ࣖ٨
Wa may ya‘mal miṡqāla żarratin syarray yarah(ū).
[8] jeung saha baé nu migawé kagoréngan (sanajan) sagedé ¿arrah ogé, pasti manéhna bakal nénjo (walesana)na.