Surah Al-Bayyinah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
لَمْ يَكُنِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ وَالْمُشْرِكِيْنَ مُنْفَكِّيْنَ حَتّٰى تَأْتِيَهُمُ الْبَيِّنَةُۙ١
Lam yakunil-lażīna kafarū min ahlil-kitābi wal-musyrikīna munfakkīna ḥattā ta'tiyahumul-bayyinah(tu).
[1] Jalma-jalma kapir ti golongan Ahli Kitab jeung jalma-jalma musrik moal ninggalkeun (agamana) nepi ka datang ka maranéhna katerangan nu nyata,

رَسُوْلٌ مِّنَ اللّٰهِ يَتْلُوْا صُحُفًا مُّطَهَّرَةًۙ٢
Rasūlum minallāhi yatlū ṣuḥufam muṭahharah(tan).
[2] (nyaéta) hiji rasul ti Allah (Muhammad) nu macakeun lambaran-lambaran anu suci (Al-Qur’an).

فِيْهَا كُتُبٌ قَيِّمَةٌ ۗ٣
Fīhā kutubun qayyimah(tun).
[3] Di jerona aya (eusi) kitab-kitab nu lempeng (bener). 955
955) Eusi kitab-kitab anu diturunkeun ka nabi-nabi saperti Torét, Jabur, jeung Injil nu asli.

وَمَا تَفَرَّقَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ اِلَّا مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَتْهُمُ الْبَيِّنَةُ ۗ٤
Wa mā tafarraqal-lażīna ūtul-kitāba illā mim ba‘di mā jā'athumul-bayyinah(tu).
[4] Jalma-jalma nu dipaparin Kitab (Ahli Kitab) henteu pabalencar kajaba sanggeus datang ka maranéhna katerangan anu nyata.

وَمَآ اُمِرُوْٓا اِلَّا لِيَعْبُدُوا اللّٰهَ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ ەۙ حُنَفَاۤءَ وَيُقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَيُؤْتُوا الزَّكٰوةَ وَذٰلِكَ دِيْنُ الْقَيِّمَةِۗ٥
Wa mā umirū illā liya‘budullāha mukhliṣīna lahud-dīn(a), ḥunafā'a wa yuqīmuṣ-ṣalāta wa yu'tuz-zakāta wa żālika dīnul-qayyimah(ti).
[5] Padahal maranéhna ngan diparéntah supaya ibadah ka Allah kalayan ihlas taat ka Mantenna saukur karana (ngajalankeun) agama jeung ogé supaya ngadegkeun salat jeung ngaluarkeun jakat. Anu saperti kitu téh agama anu lempeng (bener). 956
956) Lempeng hartina jauh tina sirik jeung kasasaran.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ وَالْمُشْرِكِيْنَ فِيْ نَارِ جَهَنَّمَ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمْ شَرُّ الْبَرِيَّةِۗ٦
Innal-lażīna kafarū min ahlil-kitābi wal-musyrikīna fī nāri jahannama khālidīna fīhā, ulā'ika hum syarrul-bariyyah(ti).
[6] Sabenerna jalma-jalma anu kupur ti Ahli Kitab jeung jalma-jalma musrik (bakal abus) naraka Jahanam. Maranéhna langgeng di jerona salila-lilana. Maranéhna téh nyaéta pangjahat-jahatna mahluk.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ اُولٰۤىِٕكَ هُمْ خَيْرُ الْبَرِيَّةِۗ٧
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti ulā'ika hum khairul-bariyyah(ti).
[7] Sabenerna jalma-jalma anu iman jeung midamel amal soléh, aranjeunna téh mahluk nu panghadé-hadéna.

جَزَاۤؤُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْ جَنّٰتُ عَدْنٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًا ۗرَضِيَ اللّٰهُ عَنْهُمْ وَرَضُوْا عَنْهُ ۗ ذٰلِكَ لِمَنْ خَشِيَ رَبَّهٗ ࣖ٨
Jazā'uhum ‘inda rabbihim jannātu ‘adnin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā abadā(n), raḍiyallāhu ‘anhum wa raḍū ‘anh(u), żālika liman khasyiya rabbah(ū).
[8] Wawales keur aranjeunna ti Pangéranana téh nyaéta sawarga Aden anu cur-cor di handapeunana walungan-walungan. Aranjeunna langgeng di jerona salawasna. Allah rido ka aranjeunna, sarta aranjeunna ogé rido kana (wawales ti) Mantenna. Anu kitu téh pikeun jalma anu sieun ku Pangéranana.