Surah Al-`Alaq
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِقْرَأْ بِاسْمِ رَبِّكَ الَّذِيْ خَلَقَۚ١
Iqra' bismi rabbikal-lażī khalaq(a).
[1]
Pék baca kalayan (nyebut) jenenganAllah Anu nyiptakeun!
خَلَقَ الْاِنْسَانَ مِنْ عَلَقٍۚ٢
Khalaqal-insāna min ‘alaq(in).
[2]
Mantenna nyiptakeun manusa tina saguruntul getih.
اِقْرَأْ وَرَبُّكَ الْاَكْرَمُۙ٣
Iqra' wa rabbukal-akram(u).
[3]
Pék baca! Pangéran hidep Nu Mahamulya,
الَّذِيْ عَلَّمَ بِالْقَلَمِۙ٤
Allażī ‘allama bil-qalam(i).
[4]
nu ngajar (manusa) maké péna.
عَلَّمَ الْاِنْسَانَ مَا لَمْ يَعْلَمْۗ٥
‘Allamal-insāna mā lam ya‘lam.
[5]
Mantenna ngajar manusa perkara nu teu dipikanyaho.
كَلَّآ اِنَّ الْاِنْسَانَ لَيَطْغٰىٓ ۙ٦
Kallā innal-insāna layaṭgā.
[6]
Lain kitu! Sabenerna manusa téh bener-bener geus kamalinaan
اَنْ رَّاٰهُ اسْتَغْنٰىۗ٧
Ar ra'āhustagnā.
[7]
waktu nénjo dirina sarwa cukup.
اِنَّ اِلٰى رَبِّكَ الرُّجْعٰىۗ٨
Inna ilā rabbikar-ruj‘ā.
[8]
Sabenerna ngan ka Pangéran tempat pambalikan (hidep)
اَرَاَيْتَ الَّذِيْ يَنْهٰىۙ٩
Ara'aital-lażī yanhā.
[9]
Naha hidep nyaho jalma nu nyarék
عَبْدًا اِذَا صَلّٰىۗ١٠
‘Abdan iżā ṣallā.
[10]
hiji hamba waktu manéhna ngadegkeun salat? 953
953) Anu nyegah téh nyaéta Abu Jahal, sedengkeun nu dicegah téh nyaéta Rasulullah. Tapi usahana teu hasil. Saparantos Rasulullah réngsé tina salat, éta béja téh didugikeun ka Rasulullah. Teras anjeunna ngucap, “Lamun Abu Jahal migawé kos kitu deui, tangtu manéhna bakal dibinaskeun ku malaikat.”
اَرَاَيْتَ اِنْ كَانَ عَلَى الْهُدٰىٓۙ١١
Ara'aita in kāna ‘alal-hudā.
[11]
Naha hidep nyaho lamun seug manéhna (anu dicarék salat) aya dina bebeneran (pituduh)
اَوْ اَمَرَ بِالتَّقْوٰىۗ١٢
Au amara bit-taqwā.
[12]
atawa manéhna nitah takwa (ka Allah)?
اَرَاَيْتَ اِنْ كَذَّبَ وَتَوَلّٰىۗ١٣
Ara'aita in każżaba wa tawallā.
[13]
Naha hidep nyaho lamun seug manéhna (anu nyarék) téh ngabohongkeun jeung ngabalieur?
اَلَمْ يَعْلَمْ بِاَنَّ اللّٰهَ يَرٰىۗ١٤
Alam ya‘lam bi'annallāha yarā.
[14]
Naha manéhna teu nyaho yén saleresna Allah ningali (sakabéh pagawéanana)?
كَلَّا لَىِٕنْ لَّمْ يَنْتَهِ ەۙ لَنَسْفَعًاۢ بِالنَّاصِيَةِۙ١٥
Kallā la'il lam yantah(i), lanasfa‘am bin-nāṣiyah(ti).
[15]
Sakali deui lain kitu! Sabenerna lamun manéhna teu eureun (migawé kos kitu), Kami bakal metot embun-embunana (ka jero naraka)
نَاصِيَةٍ كَاذِبَةٍ خَاطِئَةٍۚ١٦
Nāṣiyatin kāżibatin khāṭi'ah(tin).
[16]
(nyaéta) embun-embunana jalma anu tukang ngabohongkeun tur doraka.
فَلْيَدْعُ نَادِيَهٗۙ١٧
Falyad‘u nādiyah(ū).
[17]
Nya keun baé manéhna nyalukan komplotanana (pikeun nulungan)
سَنَدْعُ الزَّبَانِيَةَۙ١٨
Sanad‘uz-zabāniyah(ta).
[18]
Engké Kami bakal nyalukan malaikat Jabaniah (tukang nyiksa jalma-jalma nu daroka)
كَلَّاۗ لَا تُطِعْهُ وَاسْجُدْ وَاقْتَرِبْ ۩ ࣖ١٩
Kallā, lā tuṭi‘hu wasjud waqtarib.
[19]
Sakali deui lain kitu! Hidep ulah nurut ka manéhna, sarta geura sujud jeung ngadeuketkeun diri hidep (ka Allah).