Surah At-Tin

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالتِّيْنِ وَالزَّيْتُوْنِۙ١
Wat-tīni waz-zaitūn(i).
[1] Demi (buah) Tin jeung (buah) Jaitun. 951
951) Anu dimaksud “Tin” téh nyaéta tempat cicing Nabi Nuh a.s., nyaéta Damaskus anu loba tangkal Tin jeung Jaitun”, nyaéta Baétulmaqdis anu loba Jaitun.

وَطُوْرِ سِيْنِيْنَۙ٢
Wa ṭūri sīnīn(a).
[2] Demi gunung Sinai 952
952) Gunung Sina téh nyaéta tempat Nabi Musa narima wahyu.

وَهٰذَا الْبَلَدِ الْاَمِيْنِۙ٣
Wa hāżal-baladil-amīn(i).
[3] jeung demi ieu dayeuh (Mekah) nu aman.

لَقَدْ خَلَقْنَا الْاِنْسَانَ فِيْٓ اَحْسَنِ تَقْوِيْمٍۖ٤
Laqad khalaqnal-insāna fī aḥsani taqwīm(in).
[4] Saenyana Kami geus nyiptakeun manusa kalayan dedeg-pangadeg nu panghadéna.

ثُمَّ رَدَدْنٰهُ اَسْفَلَ سٰفِلِيْنَۙ٥
Ṡumma radadnāhu asfala sāfilīn(a).
[5] Terus ku Kami manéhna dibalikkeun kana tempat nu panghadap-handapna,

اِلَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فَلَهُمْ اَجْرٌ غَيْرُ مَمْنُوْنٍۗ٦
Illal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti falahum ajrun gairu mamnūn(in).
[6] kajaba jalma-jalma nu iman tur migawé amal soléh. Nya pikeun aranjeunna ganjaran nu moal aya kendatna.

فَمَا يُكَذِّبُكَ بَعْدُ بِالدِّيْنِۗ٧
Famā yukażżibuka ba‘du bid-dīn(i).
[7] Naon nu ngalantarankeun (maranéhna) ngabohongkeun (ngeunaan) poé wawales sanggeus ieu (katerangan-katerangan)?

اَلَيْسَ اللّٰهُ بِاَحْكَمِ الْحٰكِمِيْنَ ࣖ٨
Alaisallāhu bi'aḥkamil-ḥākimīn(a).
[8] Apan Allah téh hakim nu pangadil-adilna?