Surah Al-Insyirah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلَمْ نَشْرَحْ لَكَ صَدْرَكَۙ١
Alam nasyraḥ laka ṣadrak(a).
[1] Naha lain Kami geus ngajembarkeun dada hidep (Muhammad)?

وَوَضَعْنَا عَنْكَ وِزْرَكَۙ٢
Wa waḍa‘nā ‘anka wizrak(a).
[2] Apan Kami geus nyinglarkeun beban (tugas-tugas kanabian) hidep 948
948) Kasusah-kasusah anu dipayunan ku Nabi Muahammad Saw. waktos ngadugikeun risalah.

الَّذِيْٓ اَنْقَضَ ظَهْرَكَۙ٣
Allażī anqaḍa ẓahrak(a).
[3] anu ngabeungbeuratan tonggong hidep?

وَرَفَعْنَا لَكَ ذِكْرَكَۗ٤
Wa rafa‘nā laka żikrak(a).
[4] Apan Kami ogé geus ngangkat sebutan (ngaran) hidep? 949
949) Ngaluhurkeun darajat jeung ngilukeun ngaranna babarengan jeung Asma Allah dina kalimat sahadat tur ngajadikeun taat ka Nabi ogé taat ka Allah.

فَاِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْرًاۙ٥
Fa'inna ma‘al-‘usri yusrā(n).
[5] Saenyana dina kasusah téh aya kagampangan.

اِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْرًاۗ٦
Inna ma‘al-‘usri yusrā(n).
[6] (Sakali deui) saenyana dina kasusah téh aya kagampangan.

فَاِذَا فَرَغْتَ فَانْصَبْۙ٧
Fa iżā faragta fanṣab.
[7] Ku sabab kitu, upama hidep geus bérés (dina hiji urusan), tetep kudu digawé getol (pikeun urusan nu séjén). 950
950) Sawaréh ahli tapsir napsirkeun lamun anjeun (Muhammad) ges bérés dakwah, nya prak ibadah ka Allah. Lamun seug anjeun geus bérés ngalaksanakeun urusan dunya, nya prak pigawé urusan ahérat. Aya ogé nu napsirkeun, “Lamun seug geus ngadegkeun salat, nya kudu ngadoa.”

وَاِلٰى رَبِّكَ فَارْغَبْ ࣖ٨
Wa ilā rabbika fargab.
[8] Ngan ka Pangéran hidep, hidep kudu miharep.