Surah Ad-Duha

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالضُّحٰىۙ١
Waḍ-ḍuḥā.
[1] Demi waktu duha.

وَالَّيْلِ اِذَا سَجٰىۙ٢
Wal-laili iżā sajā.
[2] Demi peuting lamun geus sepi jempling.

مَا وَدَّعَكَ رَبُّكَ وَمَا قَلٰىۗ٣
Mā wadda‘aka rabbuka wa mā qalā.
[3] Pangéran hidep (Muhammad) teu ninggalkeun jeung teu (ogé) bendu ka hidep. 945
945) Sabot turunna wahyu ka Nabi Muhammad Saw. eureun pikeun samentara waktu, jalma-jalma musrik ngomong, “Pangéranana (Muhammad) geus ninggalkeun jeung ngéwa ka manéhna.” Nya tuluy turun ieu ayat pikeun ngabantah kana éta omongan jalma-jalma musrik.

وَلَلْاٰخِرَةُ خَيْرٌ لَّكَ مِنَ الْاُوْلٰىۗ٤
Wa lal-ākhiratu khairul laka minal-ūlā.
[4] Sabenerna nu sapandeurian (ahérat) téh leuwih hadé pikeun hidep tibatan anu mimiti. 946
946) Tungtung perjuangan Nabi Muhammad Saw. téh bakal pinanggih jeung kaunggulan-kaunggulan, sedengkeun mimitina mah loba pisan kahéséan-kahéséan. Aya ogé sawaréh ahli tapsir anu ngartikeun āḥirah kalayan “kahirupan ahérat” jeung sagala kasenanganana, ūlā kalayan “kahirupan dunya”.

وَلَسَوْفَ يُعْطِيْكَ رَبُّكَ فَتَرْضٰىۗ٥
Wa lasaufa yu‘ṭīka rabbuka fa tarḍā.
[5] Sabenerna engké Pangéran hidep bakal maparin kanyaah-Na ka hidep, nepi ka hidep jadi rido.

اَلَمْ يَجِدْكَ يَتِيْمًا فَاٰوٰىۖ٦
Alam yajidka yatīman fa āwā.
[6] Naha lain Mantenna téh mendakan hidep minangka jalma yatim, terus Mantenna ngajaga hidep?

وَوَجَدَكَ ضَاۤلًّا فَهَدٰىۖ٧
Wa wajadaka ḍāllan fa hadā.
[7] Mantenna mendakan hidep jalma nu teu nyaho (kana saréat), 947 terus Mantenna maparin pituduh?
947) Teu aya bebeneran anu bisa dihontal ku akal. Terus Allah nurunkeun wahyu ka Nabi Muhammad Saw.

وَوَجَدَكَ عَاۤىِٕلًا فَاَغْنٰىۗ٨
Wa wajadaka ‘ā'ilan fa agnā.
[8] Allah mendakan hidep minangka jalma anu kakurangan, terus Mantenna méré kacukupan?

فَاَمَّا الْيَتِيْمَ فَلَا تَقْهَرْۗ٩
Fa ammal-yatīma falā taqhar.
[9] Nya ka budak yatim hidep ulah ngalakukeun sakarepna.

وَاَمَّا السَّاۤىِٕلَ فَلَا تَنْهَرْ١٠
Wa ammas-sā'ila falā tanhar.
[10] Ka jalma anu barang pénta, hidep ulah nyentak.

وَاَمَّا بِنِعْمَةِ رَبِّكَ فَحَدِّثْ ࣖ١١
Wa ammā bini‘mati rabbika fa ḥaddiṡ.
[11] Kana ni’mat Pangéran hidep, hidep kudu ngadermakeun (kalayan sukuran).