Surah Al-Lail
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالَّيْلِ اِذَا يَغْشٰىۙ١
Wal-laili iżā yagsyā.
[1]
Demi peuting lamun nutupan (caang ti beurang).
وَالنَّهَارِ اِذَا تَجَلّٰىۙ٢
Wan-nahāri iżā tajallā.
[2]
Demi beurang waktu caang.
وَمَا خَلَقَ الذَّكَرَ وَالْاُنْثٰىٓ ۙ٣
Wa mā khalaqaż-żakara wal-unṡā.
[3]
Demi diciptakeunana lalaki jeung awéwé.
اِنَّ سَعْيَكُمْ لَشَتّٰىۗ٤
Inna sa‘yakum lasyattā.
[4]
Sabenerna upaya maranéh téh rupa-rupa macemna.
فَاَمَّا مَنْ اَعْطٰى وَاتَّقٰىۙ٥
Fa ammā man a‘ṭā wattaqā.
[5]
Nya saha baé anu mikeun (hartana di jalan Allah) jeung takwa,
وَصَدَّقَ بِالْحُسْنٰىۙ٦
Wa ṣaddaqa bil-ḥusnā.
[6]
sarta ngabanerkeun (ayana pahala) nu hadé (sawarga),
فَسَنُيَسِّرُهٗ لِلْيُسْرٰىۗ٧
Fa sanuyassiruhū lil-yusrā.
[7]
nya Kami bakal gampangkeun pikeun dirina jalan ngajugjug kagampangan (kabagjaan).
وَاَمَّا مَنْۢ بَخِلَ وَاسْتَغْنٰىۙ٨
Wa ammā man bakhila wastagnā.
[8]
Aya ogé jalma anu korét tur ngarasa dirina cukup (teu butuh kana pitulung Allah),
وَكَذَّبَ بِالْحُسْنٰىۙ٩
Wa każżaba bil-ḥusnā.
[9]
sarta ngabohongkeun (ganjaran) nu hadé,
فَسَنُيَسِّرُهٗ لِلْعُسْرٰىۗ١٠
Fa sanuyassiruhū lil-‘usrā.
[10]
nya Kami bakal gampangkeun pikeun dirina jalan nu hésé-béléké (kasangsaraan).
وَمَا يُغْنِيْ عَنْهُ مَالُهٗٓ اِذَا تَرَدّٰىٓۙ١١
Wa mā yugnī ‘anhu māluhū iżā taraddā.
[11]
Harta bandana teu mangpaat pikeun dirina lamun manéhna geus binasa.
اِنَّ عَلَيْنَا لَلْهُدٰىۖ١٢
Inna ‘alainā lal-hudā.
[12]
Saenyana Kami nu maparin pituduh.
وَاِنَّ لَنَا لَلْاٰخِرَةَ وَالْاُوْلٰىۗ١٣
Wa inna lanā lal-ākhirata wal-ūlā.
[13]
Saenyana kagungan Kami ahérat jeung dunya téh.
فَاَنْذَرْتُكُمْ نَارًا تَلَظّٰىۚ١٤
Fa anżartukum nāran talaẓẓā.
[14]
Nya Kami mépélingan maranéh ku naraka nu ngéntab-ngéntab.
لَا يَصْلٰىهَآ اِلَّا الْاَشْقَىۙ١٥
Lā yaṣlāhā illal-asyqā.
[15]
Ngan diasupan ku jalma nu pangcilaka-cilakana,
الَّذِيْ كَذَّبَ وَتَوَلّٰىۗ١٦
Allażī każżaba wa tawallā.
[16]
anu ngabohongkeun (bebeneran) tur ngabalieur (tina kaimanan).
وَسَيُجَنَّبُهَا الْاَتْقَىۙ١٧
Wa sayujannabuhal-atqā.
[17]
Jalma nu pangtakwana bakal dijauhkeun tina éta (naraka),
الَّذِيْ يُؤْتِيْ مَالَهٗ يَتَزَكّٰىۚ١٨
Allażī yu'tī mālahū yatazakkā.
[18]
(nyaéta) anu ngainpakkeun hartana (di jalan Allah) pikeun ngabersihkeun (jiwana),
وَمَا لِاَحَدٍ عِنْدَهٗ مِنْ نِّعْمَةٍ تُجْزٰىٓۙ١٩
Wa mā li'aḥadin ‘indahū min ni‘matin tujzā.
[19]
jeung taya saurang ogé anu dibéré ni’mat (inpak) ku manéhna nu kudu males budina,
اِلَّا ابْتِغَاۤءَ وَجْهِ رَبِّهِ الْاَعْلٰىۚ٢٠
Illabtigā'a wajhi rabbihil-a‘lā.
[20]
tapi (manéhna méré éta téh ngan saukur) néangan karidoan Pangéranana Nu Mahaluhung.
وَلَسَوْفَ يَرْضٰى ࣖ٢١
Wa lasaufa yarḍā.
[21]
Tangtu jaga manéhna bakal rido (meunang kabungah nu sampurna).