Surah Asy-Syams
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالشَّمْسِ وَضُحٰىهَاۖ١
Wasy-syamsi wa ḍuḥāhā.
[1]
Demi panonpoé jeung cahayana dina mangsa isuk-isuk.
وَالْقَمَرِ اِذَا تَلٰىهَاۖ٢
Wal-qamari iżā talāhā.
[2]
Demi bulan waktu nuturkeunana.
وَالنَّهَارِ اِذَا جَلّٰىهَاۖ٣
Wan-nahāri iżā jallāhā.
[3]
Demi beurang waktu brayna.
وَالَّيْلِ اِذَا يَغْشٰىهَاۖ٤
Wal-laili iżā yagsyāhā.
[4]
Demi peuting waktu nutupanana (poék mongkléng).
وَالسَّمَاۤءِ وَمَا بَنٰىهَاۖ٥
Was-samā'i wa mā banāhā.
[5]
Demi langit jeung nu ngadegkeunana.
وَالْاَرْضِ وَمَا طَحٰىهَاۖ٦
Wal-arḍi wa mā ṭaḥāhā.
[6]
Demi bumi jeung ngamparkeunana.
وَنَفْسٍ وَّمَا سَوّٰىهَاۖ٧
Wa nafsiw wa mā sawwāhā.
[7]
Demi jiwa jeung nyampurnakeun (ciptaana)na.
فَاَلْهَمَهَا فُجُوْرَهَا وَتَقْوٰىهَاۖ٨
Fa alhamahā fujūrahā wa taqwāhā.
[8]
Nya Mantenna ngailhamkeun ka manéhna (jalan) kadorakaan jeung katakwaan.
قَدْ اَفْلَحَ مَنْ زَكّٰىهَاۖ٩
Qad aflaḥa man zakkāhā.
[9]
Tétéla untung jalma anu nyucikeun (jiwana).
وَقَدْ خَابَ مَنْ دَسّٰىهَاۗ١٠
Wa qad khāba man dassāhā.
[10]
Tétéla rugi jalma nu ngotoranana.
كَذَّبَتْ ثَمُوْدُ بِطَغْوٰىهَآ ۖ١١
Każżabat ṡamūdu biṭagwāhā.
[11]
(Kaom) Samud geus ngabohongkeun (ka rasul-rasulna) sabab maranéhna ngaleuwihan wates.
اِذِ انْۢبَعَثَ اَشْقٰىهَاۖ١٢
Iżimba‘aṡa asyqāhā.
[12]
Waktu jalma nu pangcilakana ti antara maranéhna hudang (pikeun meuncit sapi bikang ti Allah).
فَقَالَ لَهُمْ رَسُوْلُ اللّٰهِ نَاقَةَ اللّٰهِ وَسُقْيٰهَاۗ١٣
Fa qāla lahum rasūlullāhi nāqatallāhi wa suqyāhā.
[13]
Terus Rasul Allah (Soléh) nyarita ka maranéhna, “(Antepkeun baé) onta bikang ti Allah téh jeung inumeunana (ulah diganggu).”
فَكَذَّبُوْهُ فَعَقَرُوْهَاۖ فَدَمْدَمَ عَلَيْهِمْ رَبُّهُمْ بِذَنْۢبِهِمْ فَسَوّٰىهَاۖ١٤
Fa każżabūhu fa ‘aqarūhā fa damdama ‘alaihim rabbuhum biżambihim fa sawwāhā.
[14]
Tapi maranéhna (kalah ka) ngabohongkeun (Soléh) sarta meuncit (éta onta). Ku kituna, Pangéran ngabinasakeun maranéhna lantaran dosana, terus ngaratakeunana jeung taneuh.
وَلَا يَخَافُ عُقْبٰهَا ࣖ١٥
Wa lā yakhāfu ‘uqbāhā.
[15]
Mantenna teu sieun kana akibatna.