Surah At-Taubah

Daftar Surah

بَرَاۤءَةٌ مِّنَ اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖٓ اِلَى الَّذِيْنَ عَاهَدْتُّمْ مِّنَ الْمُشْرِكِيْنَۗ١
Barā'atum minallāhi wa rasūlihī ilal-lażīna ‘āhattum minal-musyrikīn(a).
[1] (Ieu téh béwara ngeunaan) putusna hubungan ti Allah sareng Rasul-Na (Muhammad) ka jalma-jalma musrik, anu (jeung maranéhna) aranjeun geus nyieun parjangjian.

فَسِيْحُوْا فِى الْاَرْضِ اَرْبَعَةَ اَشْهُرٍ وَّاعْلَمُوْٓا اَنَّكُمْ غَيْرُ مُعْجِزِى اللّٰهِ ۙوَاَنَّ اللّٰهَ مُخْزِى الْكٰفِرِيْنَ٢
Fasīḥū fil-arḍi arba‘ata asyhuriw wa‘lamū annakum gairu mu‘jizillāh(i), wa anallāha mukhzil-kāfirīn(a).
[2] Pék (kaom musrik) kumelendang di ieu bumi dina sajero opat bulan, jeung kudu nyaho yén saenyana maranéhna téh moal bisa ngalemahkeun Allah. Saleresna Allah téh ngahinakeun ka jalma-jalma kapir. 384
384) Seméméh ieu ayat turun, aya perjangjian daméi antara Nabi Muhammad Saw. jeung jalma-jalma musrik. Ti antara perjangjian téh eusina: Teu meunang aya peperangan antara anjeunna jeung jalma-jalma musrik. Eusi perjangjian nu séjénna: Kaom muslimin dimeunangkeun pikeun ngalaksanakeun ibadah haji tur towaf di sabudeureun Ka’bah. Saterusna, saba’da ieu ayat turun, Allah ngabatalkeun éta perjangjian, ngawidian deui kaom muslimin pikeun merangan kaom musrikin anu ngamusuhan kaom muslimin. Kaom musrikin dibéré tempo opat bulan pikeun nyiapkeun kakuatan lamun maranéhna bener-bener hayang ngamusuhan jeung merangan kaom muslimin.

وَاَذَانٌ مِّنَ اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖٓ اِلَى النَّاسِ يَوْمَ الْحَجِّ الْاَكْبَرِ اَنَّ اللّٰهَ بَرِيْۤءٌ مِّنَ الْمُشْرِكِيْنَ ەۙ وَرَسُوْلُهٗ ۗفَاِنْ تُبْتُمْ فَهُوَ خَيْرٌ لَّكُمْۚ وَاِنْ تَوَلَّيْتُمْ فَاعْلَمُوْٓا اَنَّكُمْ غَيْرُ مُعْجِزِى اللّٰهِ ۗوَبَشِّرِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِعَذَابٍ اَلِيْمٍۙ٣
Wa ażānum minallāhi wa rasūlihī ilan-nāsi yaumal-ḥajjil akbari annallāha barī'um minal-musyrikīn(a), wa rasūluh(ū), fa in tubtum fa huwa khairul lakum, wa in tawallaitum fa‘lamū annakum gairu mu‘jizillāh(i), wa basysyiril-lażīna kafarū bi‘ażābin alīm(in).
[3] Ieu téh hiji béwara ti Allah jeung Rasul-Na ka umat manusa dina poé Haji Akbar, 385 yén saleresna Allah jeung Rasul-Na ngalubarkeun diri ti jalma-jalma musrik. Ku lantaran kitu, lamun maranéhna (kaom musrik) tobat, tangtu éta leuwih alus pikeun maranéhna; tapi lamun maranéhna ngabalieur, mangka kudu nyaho yén saenyana maranéhna moal bisa ngalemahkeun Allah. Geura béré pangbubungah ku hidep (Muhammad) ka jalma-jalma kapir téh (yén maranéhna téh bakal meunang) siksaan nu pohara nyerina.
385) Poéan wukuf di Arofah.

اِلَّا الَّذِيْنَ عَاهَدْتُّمْ مِّنَ الْمُشْرِكِيْنَ ثُمَّ لَمْ يَنْقُصُوْكُمْ شَيْـًٔا وَّلَمْ يُظَاهِرُوْا عَلَيْكُمْ اَحَدًا فَاَتِمُّوْٓا اِلَيْهِمْ عَهْدَهُمْ اِلٰى مُدَّتِهِمْۗ اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ٤
Illal-lażīna ‘āhattum minal-musyrikīna ṡumma lam yanquṣūkum syai'aw wa lam yuẓāhirū ‘alaikum aḥadan fa atimmū ilaihim ‘ahdahum ilā muddatihim, innallāha yuḥibbul-muttaqīn(a).
[4] (Éta katangtuan téh lumaku,) kajaba (pikeun) jalma-jalma musrik anu geus ngayakeun perjangjian jeung aranjeun, tur maranéhna henteu ngurangan (eusi perjangjian) jeung teu (ogé) ngabantu ka saurang ogé anu ngamusuhan ka aranjeun. Ku sabab kitu, aranjeun kudu nyampurnakeun perjangjian jeung maranéhna nepi ka mangsa anu geus ditangtukeun. Saleresna Allah téh mikacinta ka jalma-jalma nu takwa.

فَاِذَا انْسَلَخَ الْاَشْهُرُ الْحُرُمُ فَاقْتُلُوا الْمُشْرِكِيْنَ حَيْثُ وَجَدْتُّمُوْهُمْ وَخُذُوْهُمْ وَاحْصُرُوْهُمْ وَاقْعُدُوْا لَهُمْ كُلَّ مَرْصَدٍۚ فَاِنْ تَابُوْا وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتَوُا الزَّكٰوةَ فَخَلُّوْا سَبِيْلَهُمْۗ اِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٥
Fa iżansalakhal-asyhurul-ḥurumu faqtulul-musyrikīna ḥaiṡu wajattumūhum wa khużūhum waḥṣurūhum waq‘udū lahum kulla marṣad(in), fa in tābū wa aqāmuṣ-ṣalāta wa ātawuz-zakāta fa khallū sabīlahum, innallāha gafūrur raḥīm(un).
[5] Nalika bulan-bulan haram geus kaliwat, 386 atuh pek geura paéhan (dina peperangan) jalma-jalma musrik (nu salila ieu ngadoliman ka aranjeun) di mana baé kapanggihan ku aranjeun! Pék téwak jeung kepung maranéhna sarta intip dina saban-saban tempat pangintipan! Lamun maranéhna tobat, ngadegkeun salat, jeung mayar jakat, mangka geura béré kabébasan pikeun maranéhna. Saleresna Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
386) Nu dimaksad opat bulan nu dimulyakeun téh nyaéta dina nitih mangsana ngawitan ti kawit turun ieu ayat (10 Julhijah) dugi ka 10 Robi’ul Ahir.

وَاِنْ اَحَدٌ مِّنَ الْمُشْرِكِيْنَ اسْتَجَارَكَ فَاَجِرْهُ حَتّٰى يَسْمَعَ كَلٰمَ اللّٰهِ ثُمَّ اَبْلِغْهُ مَأْمَنَهٗ ۗذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ قَوْمٌ لَّا يَعْلَمُوْنَ ࣖ٦
Wa in aḥadum minal-musyrikīnastajāraka fa ajirhu ḥattā yasma‘a kalāmallāhi ṡumma ablighu ma'manah(ū), żālika bi'annahum qaumul lā ya‘lamūn(a).
[6] Lamun aya hiji jalma ti jalma-jalma musrik ménta panyalindungan ka hidep (Muhammad), atuh pék geura lindungan manéhna sangkan ngaregepkeun dawuhan Allah, tuluy anteurkeun ka tempat anu aman pikeun manéhna. Éta téh ku sabab maranéhna kaom anu henteu nyahoeun.

كَيْفَ يَكُوْنُ لِلْمُشْرِكِيْنَ عَهْدٌ عِنْدَ اللّٰهِ وَعِنْدَ رَسُوْلِهٖٓ اِلَّا الَّذِيْنَ عَاهَدْتُّمْ عِنْدَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِۚ فَمَا اسْتَقَامُوْا لَكُمْ فَاسْتَقِيْمُوْا لَهُمْ ۗاِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ٧
Kaifa yakūnu lil-musyrikīna ‘ahdun ‘indallāhi wa ‘inda rasūlihī illal-lażīna ‘āhattum ‘indal-masjidil-ḥarām(i), famastaqāmū lakum fastaqīmū lahum, innallāha yuḥibbul-muttaqīn(a).
[7] Rék mungkin kumaha aya perjangjian (daméi) pikeun jalma-jalma musrik di mungguhing Allah jeung Rasul-Na? Kajaba pikeun jalma-jalma anu geus ngayakeun perjangjian (jeung aranjeun) di deukeut Masjidil Haram (Hudaibiyah), 387 salila maranéhna jujur ka aranjeun. Nya aranjeun ogé kudu jujur ka maranéhna. Saleresna Allah téh mikacinta ka jalma-jalma anu takwa.
387) Nu dimaksud deukeut Masjidil Harom téh nyaéta di wewengkon Hudaibiyah, hiji wewengkon anu deukeut jeung Mekah, jalur jalan ka Madinah. Di éta tempat, Nabi Muhammad Saw. ngayakeun perjangjian ngeureunkeun perang salila10 taun.

كَيْفَ وَاِنْ يَّظْهَرُوْا عَلَيْكُمْ لَا يَرْقُبُوْا فِيْكُمْ اِلًّا وَّلَا ذِمَّةً ۗيُرْضُوْنَكُمْ بِاَفْوَاهِهِمْ وَتَأْبٰى قُلُوْبُهُمْۚ وَاَكْثَرُهُمْ فٰسِقُوْنَۚ٨
Kaifa wa iy yaẓharū ‘alaikum lā yarqubū fīkum illaw wa lā żimmah(tan), yurḍūnakum bi'afwāhihim wa ta'bā qulūbuhum, wa akṡaruhum fāsiqūn(a).
[8] Rék mungkin kumaha (aya perjangjian daméi), padahal lamun maranéhna ngéléhkeun aranjeun, tangtu maranéhna moal maliré kana tali kakulawargaan jeung aranjeun, sarta moal (maliré) kana perjangjian. Maranéhna misuka ka aranjeun téh ngan dina sungutna wungkul, sedengkeun haténa mah mungkir. Lolobana maranéhna mah jalma-jalma pasék.

اِشْتَرَوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ ثَمَنًا قَلِيْلًا فَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِهٖۗ اِنَّهُمْ سَاۤءَ مَاكَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٩
Isytarau bi'āyātillāhi ṡaman qalīlan fa ṣaddū ‘an sabīlih(ī), innahum sā'a mā kānū ya‘malūn(a).
[9] Maranéhna nukeurkeun ayat-ayat Allah ku harga anu murah. Tuluy maranéhna ngahalangan (batur) tina jalan Allah. Saenyana goréng pisan sakur nu geus dipilampah ku maranéhna.

لَا يَرْقُبُوْنَ فِيْ مُؤْمِنٍ اِلًّا وَّلَا ذِمَّةً ۗوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُعْتَدُوْنَ١٠
Lā yarqubūna fī mu'minin illaw wa lā żimmah(tan),ulā'ika humul-mu‘tadūn(a)
[10] Maranéhna téh teu miara (hubungan) karabat jeung jalma-jalma mu’min, jeung teu (ogé nyumponan) perjangjian. Maranéhna téh jalma-jalma nu ngaliwatan wates.

فَاِنْ تَابُوْا وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتَوُا الزَّكٰوةَ فَاِخْوَانُكُمْ فِى الدِّيْنِ ۗوَنُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَ١١
Fa in tābū wa aqāmuṣ-ṣalāta wa ātawuz-zakāta fa ikhwānukum fid-dīn(i), wa nufaṣṣīlul-āyāti liqaumiy ya‘lamūn(a).
[11] Lamun seug maranéhna tobat, ngadegkeun salat, jeung mayar jakat mah, nya maranéhna téh dulur saagama. Kami ngajelaskeun kalayan rinci éta ayat-ayat pikeun kaom anu nyaho.

وَاِنْ نَّكَثُوْٓا اَيْمَانَهُمْ مِّنْۢ بَعْدِ عَهْدِهِمْ وَطَعَنُوْا فِيْ دِيْنِكُمْ فَقَاتِلُوْٓا اَىِٕمَّةَ الْكُفْرِۙ اِنَّهُمْ لَآ اَيْمَانَ لَهُمْ لَعَلَّهُمْ يَنْتَهُوْنَ١٢
Wa in nakaṡū aimānahum mim ba‘di ‘ahdihim wa ṭa‘anū fī dīnikum fa qātilū a'immatal-kufr(i), innahum lā aimāna lahum la‘allahum yantahūn(a).
[12] Lamun seug maranéhna ngarempak sumpah sanggeus (paheutna) perjangjian jeung ngajejeléh agama aranjeun, atuh pék baé geura perangan pamingpin-pamingpin jalma kapir téh, lantaran saenyana maranéhna téh jalma-jalma anu teu bisa dipercaya, sangkan maranéhna eureun (tina kakupuran jeung kaniaya).

اَلَا تُقَاتِلُوْنَ قَوْمًا نَّكَثُوْٓا اَيْمَانَهُمْ وَهَمُّوْا بِاِخْرَاجِ الرَّسُوْلِ وَهُمْ بَدَءُوْكُمْ اَوَّلَ مَرَّةٍۗ اَتَخْشَوْنَهُمْ ۚفَاللّٰهُ اَحَقُّ اَنْ تَخْشَوْهُ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٣
Alā tuqātilūna qauman nakaṡū aimānahum wa hammū bi'ikhrājir-rasūli wa hum bada'ūkum awwala marrah(tin), atakhsyaunahum, fallāhu aḥaqqu an takhsyauhu in kuntum mu'minīn(a).
[13] Naha aranjeun bet teu (buru-buru) merangan kaom nu geus ngarempak sumpah-sumpah (jangji-jangji)na, padahal apan maranéhna anu (baheula) hayangeun pisan ngusir ka Rasul, jeung apan maranéhna anu geus ngamimitian merangan ka aranjeun téh? Ngan Allah anu leuwih hak dipikasieun ku aranjeun mah, lamun aranjeun ngaku bener-bener jalma-jalma anu iman.

قَاتِلُوْهُمْ يُعَذِّبْهُمُ اللّٰهُ بِاَيْدِيْكُمْ وَيُخْزِهِمْ وَيَنْصُرْكُمْ عَلَيْهِمْ وَيَشْفِ صُدُوْرَ قَوْمٍ مُّؤْمِنِيْنَۙ١٤
Qātilūhum yu‘ażżibhumullāhu bi'aidīkum wa yukhzihim wa yanṣurkum ‘alaihim wa yasyfi ṣudūra qaumim mu'minīn(a).
[14] Geura perangan maranéhna, tangtu Allah bakal nyiksa ka maranéhna ku (alatan) leungeun-leungeun aranjeun, bakal ngahinakeun ka maranéhna, jeung bakal ngameunangkeun aranjeun ti maranéhna, sarta bakal nyugemakeun haté kaom mu’min.

وَيُذْهِبْ غَيْظَ قُلُوْبِهِمْۗ وَيَتُوْبُ اللّٰهُ عَلٰى مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ١٥
Wa yużhib gaiẓa qulūbihim, wa yatūbullāhu ‘alā may yasyā'(u), wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[15] Mantenna (ogé) bakal ngaleungitkeun kaambek (ti) haté maranéhna (jalma-jalma mu’min). Allah nampi tobat ti saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Da Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

اَمْ حَسِبْتُمْ اَنْ تُتْرَكُوْا وَلَمَّا يَعْلَمِ اللّٰهُ الَّذِيْنَ جَاهَدُوْا مِنْكُمْ وَلَمْ يَتَّخِذُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلَا رَسُوْلِهٖ وَلَا الْمُؤْمِنِيْنَ وَلِيْجَةً ۗوَاللّٰهُ خَبِيْرٌۢ بِمَا تَعْمَلُوْنَ ࣖ١٦
Am ḥasibtum an tutrakū wa lammā ya‘lamillāhul-lażīna jāhadū minkum wa lam yattakhiżū min dūnillāhi wa lā rasūlihī wa lal-mu'minīna walījah(tan), wallāhu khabīrum bimā ta‘malūn(a).
[16] Naha aranjeun nyangka yén bakal diantep kitu baé (tanpa diuji), padahal Allah teu acan uninga (dina kanyatanana) jalma-jalma anu jihad ti antara aranjeun jeung henteu ngajadikan salian Allah, Rasul-Na, jeung jalma-jalma mu’min minangka sobat dalit. Allah mah Mahataliti kana naon-naon nu dipilampah ku aranjeun.

مَا كَانَ لِلْمُشْرِكِيْنَ اَنْ يَّعْمُرُوْا مَسٰجِدَ اللّٰهِ شٰهِدِيْنَ عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْ بِالْكُفْرِۗ اُولٰۤىِٕكَ حَبِطَتْ اَعْمَالُهُمْۚ وَ فِى النَّارِ هُمْ خٰلِدُوْنَ١٧
Mā kāna lil-musyrikīna ay ya‘murū masājidallāhi syāhidīna ‘alā anfusihim bil-kufr(i), ulā'ika ḥabiṭat a‘māluhum, wa fin-nāri hum khālidūn(a).
[17] Henteu pantes jalma-jalma musrik ngama’murkeun masjid-masjid Allah, sedengkeun maranéhna ngaku yén maranéhna téh jalma kapir. Maranéhna téh jalma-jalma anu gugur sagala amal pagawéanana jeung maranéhna bakal salilana dina jero naraka.

اِنَّمَا يَعْمُرُ مَسٰجِدَ اللّٰهِ مَنْ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَاَقَامَ الصَّلٰوةَ وَاٰتَى الزَّكٰوةَ وَلَمْ يَخْشَ اِلَّا اللّٰهَ ۗفَعَسٰٓى اُولٰۤىِٕكَ اَنْ يَّكُوْنُوْا مِنَ الْمُهْتَدِيْنَ١٨
Innamā ya‘muru masājidallāhi man āmana billāhi wal-yaumil-ākhiri wa aqāmaṣ-ṣalāta wa ātaz-zakāta wa lam yakhsya illallāh(a), fa ‘asā ulā'ika ay yakūnū minal-muhtadīn(a).
[18] Saenyana anu pantes ngama’murkeun masjid-masjid Allah mah ngan jalma-jalma anu iman ka Allah jeung kana Poé Ahir, (tetep) ngadegkeun salat, mayar jakat, jeung henteu sieun (kana naon ogé) anging ka Allah. Nya aranjeunna téh anu diharepkeun kaasup golongan jalma-jalma anu maunang pituduh.

۞ اَجَعَلْتُمْ سِقَايَةَ الْحَاۤجِّ وَعِمَارَةَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ كَمَنْ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَجَاهَدَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗ لَا يَسْتَوٗنَ عِنْدَ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَۘ١٩
Aja‘altum siqāyatal-ḥājji wa ‘imāratal-masjidil-ḥarāmi kaman āmana billāhi wal-yaumil-ākhiri wa jāhada fī sabīlillāh(i), lā yastawūna ‘indallāh(i), wallāhu lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[19] Naha (jalma-jalma) anu méré nginum ka jalma-jalma nu ngalaksanakeun haji jeung purah ngurus Masjidil Haram disaruakeun jeung jalma-jalma nu iman ka Allah jeung kana Poé Ahir, sarta aranjeunna jihad dina jalan Allah? Maranéhna henteu sarua mungguhing Allah. Allah henteu rék maparin pituduh ka jalma-jalma anu dolim. 388
388) Ayat ieu diturunkeun pikeun ngabantah yén masihan leueut ka nu ibadah haji jeung ngurus Masjidil Harom téh éta langkung utama tinimbang iman nu sabenerna ka Allah jeung hijrah di jalan Allah.

اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَهَاجَرُوْا وَجَاهَدُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْۙ اَعْظَمُ دَرَجَةً عِنْدَ اللّٰهِ ۗوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفَاۤىِٕزُوْنَ٢٠
Allażīna āmanū wa hājarū wa jāhadū fī sabīlillāhi bi'amwālihim wa anfusihim, a‘ẓamu darajatan ‘indallāh(i), wa ulā'ika humul-fā'izūn(a).
[20] Jalma-jalma anu iman jeung hijrah sarta jihad dina jalan Allah, ku harta banda jeung jiwana, leuwih luhur darajatna mungguhing Allah. Aranjeunna téh jalma-jalma anu untung.

يُبَشِّرُهُمْ رَبُّهُمْ بِرَحْمَةٍ مِّنْهُ وَرِضْوَانٍ وَّجَنّٰتٍ لَّهُمْ فِيْهَا نَعِيْمٌ مُّقِيْمٌۙ٢١
Yubasysyiruhum rabbuhum biraḥmatim minhu wa riḍwāniw wa jannātil lahum fīhā na‘īmum muqīm(un).
[21] Pangéranana méré béja pikabungaheun ka aranjeunna ku méré rahmat, karidoan, tur sawarga. Aranjeunna meunang kani’matan nu langgeng di sawarga.

خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًا ۗاِنَّ اللّٰهَ عِنْدَهٗٓ اَجْرٌ عَظِيْمٌ٢٢
Khālidīna fīhā abadā(n), innallāha ‘indahū ajrun ‘aẓīm(un).
[22] Aranjeunna langgeng cicing di jero (sawarga) salamina. Saleresna di mungguhing Allah téh aya ganjaran nu pohara badagna.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوْٓا اٰبَاۤءَكُمْ وَاِخْوَانَكُمْ اَوْلِيَاۤءَ اِنِ اسْتَحَبُّوا الْكُفْرَ عَلَى الْاِيْمَانِۗ وَمَنْ يَّتَوَلَّهُمْ مِّنْكُمْ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ٢٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tattakhiżū ābā'akum wa ikhwānakum auliyā'a inistaḥabbul-kufra ‘alal-īmān(i), wa may yatawallahum minkum fa ulā'ika humuẓ-ẓālimūn(a).
[23] Hé jalma-jalma nu iman, omat ulah rék ngajadikeun bapa-bapa jeung dulur-dulur aranjeun minangka anu nangtayungan lamun maranéhna leuwih resep kana kakapiran tinimbang kaimanan. Saha baé ti antara aranjeun anu ngajadikeun maranéhna minangka anu nangtayungan, mangka maranéhna téh jalma-jalma anu dolim.

قُلْ اِنْ كَانَ اٰبَاۤؤُكُمْ وَاَبْنَاۤؤُكُمْ وَاِخْوَانُكُمْ وَاَزْوَاجُكُمْ وَعَشِيْرَتُكُمْ وَاَمْوَالُ ِۨاقْتَرَفْتُمُوْهَا وَتِجَارَةٌ تَخْشَوْنَ كَسَادَهَا وَمَسٰكِنُ تَرْضَوْنَهَآ اَحَبَّ اِلَيْكُمْ مِّنَ اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَجِهَادٍ فِيْ سَبِيْلِهٖ فَتَرَبَّصُوْا حَتّٰى يَأْتِيَ اللّٰهُ بِاَمْرِهٖۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْفٰسِقِيْنَ ࣖ٢٤
Qul in kāna ābā'ukum wa abnā'ukum wa ikhwānukum wa azwājukum wa ‘asyīratukum wa amwāluniqtaraftumūhā wa tijāratun takhsyauna kasādahā wa masākinu tarḍaunahā aḥabba ilaikum minallāhi wa rasūlihī wa jihādin fī sabīlihī fa tarabbaṣū ḥattā ya'tiyallāhu bi'amrih(ī), wallāhu lā yahdil-qaumal-fāsiqīn(a).
[24] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Lamun bapa-bapa aranjeun, anak-anak aranjeun, dulur-dulur aranjeun, istri-istri aranjeun, kulawarga aranjeun, harta banda nu diupayakeun ku aranjeun, dagangan nu dipikasieun rugina ku aranjeun, jeung imah-imah tempat cicing nu dipikabetah ku aranjeun leuwih dipikaresep ku aranjeun tinimbang Allah jeung Rasul-Na, jeung jihad di jalan-Na, mangka tungguan baé nepi ka Allah méré putusan. Da Allah mah moal bakal maparin pituduh ka jalma-jalma anu pasék.

لَقَدْ نَصَرَكُمُ اللّٰهُ فِيْ مَوَاطِنَ كَثِيْرَةٍۙ وَّيَوْمَ حُنَيْنٍۙ اِذْ اَعْجَبَتْكُمْ كَثْرَتُكُمْ فَلَمْ تُغْنِ عَنْكُمْ شَيْـًٔا وَّضَاقَتْ عَلَيْكُمُ الْاَرْضُ بِمَا رَحُبَتْ ثُمَّ وَلَّيْتُمْ مُّدْبِرِيْنَۚ٢٥
Laqad naṣarakumullāhu fī mawāṭina kaṡīrah(tin), wa yauma ḥunain(in), iż a‘jabatkum kaṡratukum falam tugni ‘ankum syai'aw wa ḍāqat ‘alaikumul-arḍu bimā raḥubat ṡumma wallaitum mudbirīn(a).
[25] Tétéla Allah geus nulungan ka aranjeun (jalma-jalma mu’min) dina loba médan perang jeung dina (perang) Hunén, waktu lobana jumlah aranjeun ngajadikeun aranjeun ngarasa adigung (nepi ka ngajadikeun aranjeun balangah). Mangka, jumlah aranjeun nu loba téh teu aya paédahna keur aranjeun saeutik ogé, tur ieu bumi nu lega téh karasa rupek pikeun aranjeun. Saterusna aranjeun balik deui lumpat ka tukang (paburincay).

ثُمَّ اَنْزَلَ اللّٰهُ سَكِيْنَتَهٗ عَلٰى رَسُوْلِهٖ وَعَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ وَاَنْزَلَ جُنُوْدًا لَّمْ تَرَوْهَا وَعَذَّبَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۗ وَذٰلِكَ جَزَاۤءُ الْكٰفِرِيْنَ٢٦
Ṡumma anzalallāhu sakīnatahū ‘alā rasūlihī wa ‘alal-mu'minīna wa anzala junūdal lam tarauhā wa ‘ażżabal-lażīna kafarū, wa żālika jazā'ul-kāfirīn(a).
[26] Tuluy Allah ngalungsurkeun katengtreman ka Rasul-Na jeung ka jalma-jalma anu iman, sarta Mantenna ngalungsurkeun wadyabalad (para malaikat) anu henteu katingali ku aranjeun, sareng Mantenna nyiksa ka jalma-jalma anu kalir. Éta téh babales pikeun jalma-jalma kapir.

ثُمَّ يَتُوْبُ اللّٰهُ مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ عَلٰى مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٢٧
Ṡumma yatūbullāhu mim ba‘di żālika ‘alā may yasyā'(u), wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[27] Salajengna Allah nampi tobat jalma nu dikersakeun ku Mantenna. Allah mah apan Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّمَا الْمُشْرِكُوْنَ نَجَسٌ فَلَا يَقْرَبُوا الْمَسْجِدَ الْحَرَامَ بَعْدَ عَامِهِمْ هٰذَا ۚوَاِنْ خِفْتُمْ عَيْلَةً فَسَوْفَ يُغْنِيْكُمُ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖٓ اِنْ شَاۤءَۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٢٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanū innamal-musyrikūna najasun falā yaqrabul-masjidal-ḥarāma ba‘da ‘āmihim hāżā, wa in khiftum ‘ailatan fa saufa yugnīkumullāhu min faḍlihī in syā'(a), innallāha ‘alīmun ḥakīm(un).
[28] Hé jalma-jalma iman, saenyana jalma-jalma musrik téh najis (kotor jiwana), ku sabab kitu kadé maranéhna ulah sina ngadeukeutan Masjidil Haram 389 sanggeus ieu taun-taun maranéhna. 390 Sarta lamun arajeun sieun jadi miskin (sabab jalma-jalma kapir teu datang), 391 tangtu Allah bakal ngabeungharkeun ka aranjeun ku kurnia-Na upama Mantenna ngersakeun. Saleresna Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
389) Teu dibenerkeun maranéhna ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh. Aya ogé ahli tapsir nu nyebutkeun yén ayat ieu sipatna umum; kaom musrikin teu meunang asup ka sabudeureun Masjidil Harom, boh rék keur ngalaksanakeun haji-umroh atawa rék migawé kaperluan salian haji jeung umroh. 390) Maksudna saba’da taun 9 Hijriyyah. 391) Ku sabab teu dimeunangkeunana kaom musrikin ngalaksanakeun ibadah haji tur umroh, sabab pakasaban kaom muslimin bisa kaconténg.

قَاتِلُوا الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَلَا بِالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَلَا يُحَرِّمُوْنَ مَا حَرَّمَ اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗ وَلَا يَدِيْنُوْنَ دِيْنَ الْحَقِّ مِنَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ حَتّٰى يُعْطُوا الْجِزْيَةَ عَنْ يَّدٍ وَّهُمْ صٰغِرُوْنَ ࣖ٢٩
Qātilul-lażīna lā yu'minūna billāhi wa lā bil-yaumil-ākhiri wa lā yuḥarrimūna mā ḥarramallāhu wa rasūluhū wa lā yadīnūna dīnal-ḥaqqi minal-lażīna ūtul-kitāba ḥattā yu‘ṭul-jizyata ‘ay yadiw wa hum ṣāgirūn(a).
[29] Pék geura perangan jalma-jalma anu teu iman ka Allah jeung kana Poé Ahir, anu henteu ngaharamkeun kana sagala nu diharamkeun ku Allah sareng ku Rasul-Na, jeung anu henteu daék ngagem agama anu bener (agama Allah), (nyaéta jalma-jalma) nu geus dipaparinan Kitab (Yahudi jeung Nasrani), nepi ka maranéhna mayar jijyah 392 kalayan patuh, bari maranéhna dina kaayaan tunduk.
392) Jijyah téh maksudna pajeg anu dipénta ku pamaréntah Islam nu dipungut ti jalma-jalma nonmuslim, mangrupa jaminan kaamanan pikeun maranéhna.

وَقَالَتِ الْيَهُوْدُ عُزَيْرُ ِۨابْنُ اللّٰهِ وَقَالَتِ النَّصٰرَى الْمَسِيْحُ ابْنُ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ قَوْلُهُمْ بِاَفْوَاهِهِمْۚ يُضَاهِـُٔوْنَ قَوْلَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ قَبْلُ ۗقَاتَلَهُمُ اللّٰهُ ۚ اَنّٰى يُؤْفَكُوْنَ٣٠
Wa qālatil-yahūdu ‘uzairunibnullāhi wa qālatin-naṣāral-masīḥubnullāh(i), żālika qauluhum bi'afwāhihim, yuḍāhi'ūna qaulal-lażīna kafarū min qabl(u), qātalahumullāh(u), annā yu'fakūn(a).
[30] Jalma-jalma Yahudi ngomong kieu, “Ujér téh putra Allah.” Jalma-jalma Nasrani ngomong kieu, “Al-Masih téh putra Allah.” Éta nu kitu téh ucapan anu kaluar ti sungut maranéhna. Maranéhna tuturut kana omongan jalma-jalma kapir saméméhna. Allah ngala’nat ka maranéhna. Kumaha maranéhna maké bisa ngabalieur?

اِتَّخَذُوْٓا اَحْبَارَهُمْ وَرُهْبَانَهُمْ اَرْبَابًا مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَالْمَسِيْحَ ابْنَ مَرْيَمَۚ وَمَآ اُمِرُوْٓا اِلَّا لِيَعْبُدُوْٓا اِلٰهًا وَّاحِدًاۚ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۗ سُبْحٰنَهٗ عَمَّا يُشْرِكُوْنَ٣١
Ittakhażū aḥbārahum wa ruhbānahum arbābam min dūnillāhi wal-masīḥabna maryam(a), wa mā umirū illā liya‘budū ilāhaw wāḥidā(n), lā ilāha illā huw(a), subḥānahū ‘ammā yusyrikūn(a).
[31] Maranéhna geus ngajadikeun para rabi (Yahudi) jeung para rahib (Nasrani) minangka pangéran-pangéran salian ti Allah, 393 jeung nya kitu deui (Nasrani ngajadikan) al-Masih putra Maryam (minangka pangéran). Padahal maranéhna téh henteu diparéntah anging nyembah ka Pangéran Nu Mahatunggal, anu henteu aya deui Pangéran anging Mantenna nyalira. Mahasuci Mantenna tina sagala anu ku maranéhna disarékatkeun.
393) Maranéhna manut kana ajaran jalma-jalma pinter jeung rahib-rahib maranéhna tanpa élmu (tuturut munding), sok sanajan éta jalma-jalma pinter jeung rahib-rahib téh nitah migawé kana pagawéan doraka.

يُرِيْدُوْنَ اَنْ يُّطْفِـُٔوْا نُوْرَ اللّٰهِ بِاَفْوَاهِهِمْ وَيَأْبَى اللّٰهُ اِلَّآ اَنْ يُّتِمَّ نُوْرَهٗ وَلَوْ كَرِهَ الْكٰفِرُوْنَ٣٢
Yurīdūna ay yuṭfi'ū nūrallāhi bi'afwāhihim wa ya'ballāhu illā ay yutimma nūrahū wa lau karihal-kāfirūn(a).
[32] Maranéhna hayangeun mareuman cahaya (agama) Allah ku sungut-sungut (ucapan-ucapanana), nanging Allah nolak, malahan Mantenna ngersakeun pikeun nyampurnakeun cahaya-Na, sanajan jalma-jalma kapir ngéwaeun ogé.

هُوَ الَّذِيْٓ اَرْسَلَ رَسُوْلَهٗ بِالْهُدٰى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهٗ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهٖۙ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ٣٣
Huwal-lażī arsala rasūlahū bil-hudā wa dīnil-ḥaqqi liyuẓhirahū ‘alad-dīni kullih(ī), wa lau karihal-musyrikūn(a).
[33] Mantenna anu geus ngutus Rasul-Na (ku nyandak) pituduh (Al-Qur’an) sareng agama anu bener sangkan Mantenna meunangkeun agama-Na ngungkulan sakabéh agama nu lain, sanajan jalma-jalma nu musrik teu misuka.

۞ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّ كَثِيْرًا مِّنَ الْاَحْبَارِ وَالرُّهْبَانِ لَيَأْكُلُوْنَ اَمْوَالَ النَّاسِ بِالْبَاطِلِ وَيَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗوَالَّذِيْنَ يَكْنِزُوْنَ الذَّهَبَ وَالْفِضَّةَ وَلَا يُنْفِقُوْنَهَا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۙفَبَشِّرْهُمْ بِعَذَابٍ اَلِيْمٍۙ٣٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū inna kaṡīram minal-aḥbāri war-ruhbāni laya'kulūna amwālan-nāsi bil-bāṭili wa yaṣuddūna ‘an sabīlillāh(i), wal-lażīna yaknizūnaż-żahaba wal-fiḍḍata wa lā yunfiqūnahā fī sabīlillāh(i), fa basysyirhum bi‘ażābin alīm(in).
[34] Hé jalma-jalma anu iman, sabenerna kalolobaan ti para rabi (Yahudi) jeung pandita (Nasrani) téh ngadahar harta-harta manusa ku jalan anu batil. Maranéhna ogé ngahalangan (batur) tina jalan Allah. Ari jalma-jalma anu ngumpul-ngumpul emas jeung pérak, tapi henteu ngainpakkeun éta hartana di jalan Allah, pék ku hidep geura bubungah maranéhna (yén maranéhna bakal meunang) siksaan anu kacida nyerina.

يَّوْمَ يُحْمٰى عَلَيْهَا فِيْ نَارِ جَهَنَّمَ فَتُكْوٰى بِهَا جِبَاهُهُمْ وَجُنُوْبُهُمْ وَظُهُوْرُهُمْۗ هٰذَا مَا كَنَزْتُمْ لِاَنْفُسِكُمْ فَذُوْقُوْا مَا كُنْتُمْ تَكْنِزُوْنَ٣٥
Yauma yuḥmā ‘alaihā fī nāri jahannama fa tukwā bihā jibāhuhum wa junūbuhum wa ẓuhūruhum, hāżā mā kanaztum li'anfusikum fa żūqū mā kuntum taknizūn(a).
[35] (Sing inget) dina poé dipanaskeunana éta emas jeung pérak di naraka Jahanam, tuluy distrikakeun (ku éta emas téh kana) tarang-tarangna, gigir-gigirna, jeung tonggong tonggongna (bari dipokeun ka maranéhna), “Ieu téh (harta banda) anu ku maranéh diteundeun téa pikeun diri maranéh sorangan (teu diinpakkeun). Ku lantaran kitu, geura rasakeun ku maranéh ayeuna (akibat tina) naon nu salila ieu ku maranéh diteundeun téa!

اِنَّ عِدَّةَ الشُّهُوْرِ عِنْدَ اللّٰهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ مِنْهَآ اَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ۗذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُ ەۙ فَلَا تَظْلِمُوْا فِيْهِنَّ اَنْفُسَكُمْ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِيْنَ كَاۤفَّةً كَمَا يُقَاتِلُوْنَكُمْ كَاۤفَّةً ۗوَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ مَعَ الْمُتَّقِيْنَ٣٦
Inna ‘iddatasy-syuhūri ‘indallāhiṡnā ‘asyara syahran fī kitābillāhi yauma khalaqas-samāwāti wal-arḍa minhā arba‘atun ḥurum(un), żālikad-dīnul-qayyim(u), falā taẓlimū fīhinna anfusakum wa qātilul-musyrikīna kāffatan kamā yuqātilūnakum kāffah(tan), wa‘lamū annallāha ma‘al-muttaqīn(a).
[36] Saenyana wilangan bulan mungguhing Allah téh éta aya dua welas bulan, (sakumaha) anu tos ditetepkeun ku Allah (di Loh Mahpud) waktu Mantenna nyiptakeun langit jeung bumi. Ti antarana aya opat bulan haram. Éta téh (katetepan) agama anu lempeng, ku kituna aranjeun ulah ngadoliman ka diri aranjeun sorangan dina éta (opat bulan) téa, jeung geura perangan kaom musrikin sakumaha maranéhna ogé merangan ka aranjeun. Kanyahokeun yén saleresna Allah téh nyarengan jalma-jalma nu takwa.

اِنَّمَا النَّسِيْۤءُ زِيَادَةٌ فِى الْكُفْرِ يُضَلُّ بِهِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا يُحِلُّوْنَهٗ عَامًا وَّيُحَرِّمُوْنَهٗ عَامًا لِّيُوَاطِـُٔوْا عِدَّةَ مَا حَرَّمَ اللّٰهُ فَيُحِلُّوْا مَا حَرَّمَ اللّٰهُ ۗزُيِّنَ لَهُمْ سُوْۤءُ اَعْمَالِهِمْۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْكٰفِرِيْنَ ࣖ٣٧
Innaman-nasī'u ziyādatun fil-kufri yuḍallu bihil-lażīna kafarū yuḥillūnahū ‘āmaw wa yuḥarrimūnahū ‘āmal liyuwāṭi'ū ‘iddata mā ḥarramallāhu fa yuḥillū mā ḥarramallāh(u), zuyyina lahum sū'u a‘mālihim, wallāhu lā yahdil-qaumal-kāfirīn(a).
[37] Sabenerna ngundur-ngundur éta (bulan haram) 394 téh taya lian anging nambahan kakupuran. Jalma-jalma kapir disasarkeun ku sabab éta. Maranéhna geus ngahalalkeun dina sataun, jeung ngaharamkeun deui dina sataun nu séjénna, supaya bisa ngaluyukeun jeung wilangan nu geus diharamkeun ku Allah téa. Tuluy maranéhna ngahalalkeun sakur nu geus diharamkeun ku Allah. Geus dipapaéskeun (ku sétan) ka maranéhna éta pagawéan-pagawéan maranéhna nu goréng téh. Allah moal maparin pituduh ka kaom anu kapir.
394) Maksudna opat bulan téh nyaéta Muharom, Rojab, Julko’dah, jeung Julhijah. Éta opat bulan anu dimulyakeun ku Allah. Dina éta bulan teu meunang aya peperangan. Tapi ieu paréntah dilanggar ku maranéhna ku ngayakeun peperangan di bulan Muharom tur ngaganti bulan Muharram ku bulan Sapar. Ku sabab maranéhna ngarempak kana parétah, kagiatan pakasaban utamana dagang loba kaganggu.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَا لَكُمْ اِذَا قِيْلَ لَكُمُ انْفِرُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ اثَّاقَلْتُمْ اِلَى الْاَرْضِۗ اَرَضِيْتُمْ بِالْحَيٰوةِ الدُّنْيَا مِنَ الْاٰخِرَةِۚ فَمَا مَتَاعُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا فِى الْاٰخِرَةِ اِلَّا قَلِيْلٌ٣٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanū mā lakum iżā qīla lakumunfirū fī sabīlillāhiṡ-ṡāqaltum ilal-arḍ(i), araḍītum bil-ḥayātid-dun-yā minal-ākhirah(ti), famā matā‘ul-ḥayātid-dun-yā fil-ākhirati illā qalīl(un).
[38] Hé jalma-jalma nu iman, ku naon lamun dicaritakeun ka aranjeun, “Jung geura indit (perang) di jalan Allah,” aranjeun boga rasa beurat jeung condong kana (kahirupan) dunya? Naha aranjeun téh leuwih suka kana kahirupan dunya tibatan kahirupan ahérat? Padahal kasenangan dunya (lamun dibandingkeun jeung kasenangan ahérat mah) ngan saeutik pisan.

اِلَّا تَنْفِرُوْا يُعَذِّبْكُمْ عَذَابًا اَلِيْمًاۙ وَّيَسْتَبْدِلْ قَوْمًا غَيْرَكُمْ وَلَا تَضُرُّوْهُ شَيْـًٔاۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٣٩
Illā tanfirū yu‘ażżibkum ‘ażāban alīmā(n), wa yastabdil qauman gairakum wa lā taḍurrūhu syai'ā(n), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[39] Lamun aranjeun henteu indit perang, tangtu Allah bakal nyiksa ka aranjeun ku siksaan nu kacida milaraanana, sarta bakal ngaganti (aranjeun) ku hiji kaom salian ti aranjeun, jeung da aranjeun téh henteu matak ngamadaratkeun ka Mantenna saeutik ogé. Apan Allah mah Mahakawasa kana sagala perkara.

اِلَّا تَنْصُرُوْهُ فَقَدْ نَصَرَهُ اللّٰهُ اِذْ اَخْرَجَهُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا ثَانِيَ اثْنَيْنِ اِذْ هُمَا فِى الْغَارِ اِذْ يَقُوْلُ لِصَاحِبِهٖ لَا تَحْزَنْ اِنَّ اللّٰهَ مَعَنَاۚ فَاَنْزَلَ اللّٰهُ سَكِيْنَتَهٗ عَلَيْهِ وَاَيَّدَهٗ بِجُنُوْدٍ لَّمْ تَرَوْهَا وَجَعَلَ كَلِمَةَ الَّذِيْنَ كَفَرُوا السُّفْلٰىۗ وَكَلِمَةُ اللّٰهِ هِيَ الْعُلْيَاۗ وَاللّٰهُ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٤٠
Illā tanṣurūhu faqad naṣarahullāhu iż akhrajahul-lażīna kafarū ṡāniyaṡnaini iż humā fil-gāri iż yaqūlu liṣāḥibihī lā taḥzan innallāha ma‘anā, fa anzalallāhu sakīnatahū ‘alaihi wa ayyadahū bijunūdil lam tarauhā wa ja‘ala kalimatal-lażīna kafarus-suflā, wa kalimatullāhi hiyal-‘ulyā, wallāhu ‘azīzun ḥakīm(un).
[40] Lamun aranjeun henteu daék nulungan ka anjeunna (Muhammad) apanan sabenerna Allah geus nulungan ka anjeunna waktu diusir (ti Mekah) ku jalma-jalma kapir, padahal anjeunna téh ngan salah saurang ti anu duaan waktu anjeunna aya dina jero guha, anjeunna nyarios ka sobatna, “Anjeun ulah nalangsa apan saleresna Allah téh nyarengan urang duaan.” Lajeng Allah ngalungsurkeun katengtreman ka anjeunna jeung nguatan ka anjeunna ku mangpirang-pirang balad (malaikat) anu henteu katémbong ku aranjeun, sarta Mantenna ngajadikeun pangajak jalma-jalma kapir jadi anu panghandapna, sedengkeun dawuhan Allah éta anu pangluhungna. Allah téh Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana. 395
395) Jalma-jalma kapir geus mupakat rék nelasan Nabi Muhammad Saw. Nanging, Allah masihan uninga ka Nabi ngeunaan maksud jahat maranéhna. Nalika lungsur ti bumina angkat ti Mekah ngajugjug ka Madinah, Nabi diréncangan ku Abu Bakar. Di tengahing lalampahan, anjeunna nyumput di hiji gunung nu ngaranna Tsur.

اِنْفِرُوْا خِفَافًا وَّثِقَالًا وَّجَاهِدُوْا بِاَمْوَالِكُمْ وَاَنْفُسِكُمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٤١
Infirū khifāfaw wa ṡiqālaw wa jāhidū bi'amwālikum wa anfusikum fī sabīlillāh(i), żālikum khairul lakum in kuntum ta‘lamūn(a).
[41] Geura indit aranjeun (pikeun perang) rék dina kaayaan boga rasa hampang atawa boga rasa beurat, sarta geura der jihad ku harta-harta aranjeun jeung ku diri-diri aranjeun dina jalan Allah! Éta téh leuwih alus pikeun aranjeun, lamun seug aranjeun nyaho.

لَوْ كَانَ عَرَضًا قَرِيْبًا وَّسَفَرًا قَاصِدًا لَّاتَّبَعُوْكَ وَلٰكِنْۢ بَعُدَتْ عَلَيْهِمُ الشُّقَّةُۗ وَسَيَحْلِفُوْنَ بِاللّٰهِ لَوِ اسْتَطَعْنَا لَخَرَجْنَا مَعَكُمْۚ يُهْلِكُوْنَ اَنْفُسَهُمْۚ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ اِنَّهُمْ لَكٰذِبُوْنَ ࣖ٤٢
Lau kāna ‘araḍan qarībaw wa safaran qāṣidal lattaba‘ūka wa lākim ba‘udat ‘alaihimusy-syuqqah(tu), wa sayaḥlifūna billāhi lawistaṭa‘nā lakharajnā ma‘akum, yuhlikūna anfusahum, wallāhu ya‘lamu innahum lakāżibūn(a).
[42] Saupama (pangajak hidep ka maranéhna téh) kauntungan anu gampang dipimeunang jeung lalampahan nu teu pati jauh, tangtu maranéhna téh nurut ka hidep, tapi (maranéhna nolak sabab) tempat nu dituju téh karasa jauh pisan pikeun maranéhna. Maranéhna bakal sumpah kalawan (nyebut jenengan) Allah, “Demi Allah, upami abdi sadaya kawasa, tinangtos angkat ngiring perang sareng aranjeun.” Maranéhna geus nyilakakeun dirina sorangan. 396 Allah uninga yén sabenerna maranéhna téh jalma-jalma anu bohong.
396) Maranéhna bakal musnah jeung ancur akibat sumpah bohongna.

عَفَا اللّٰهُ عَنْكَۚ لِمَ اَذِنْتَ لَهُمْ حَتّٰى يَتَبَيَّنَ لَكَ الَّذِيْنَ صَدَقُوْا وَتَعْلَمَ الْكٰذِبِيْنَ٤٣
‘Afallāhu ‘ank(a), lima ażinta lahum ḥattā yatabayyana lakal-lażīna ṣadaqū wa ta‘lamal-kāżibīn(a).
[43] Allah ngahapunten ka hidep (Muhammad). Ku naon hidep make bet ngidinan ka maranéhna (teu miluan perang) saméméh nyata ka hidep jalma-jalma nu bener-bener (aya halangan) jeung (nyata ka hidep) jalma-jalma nu bohong?

لَا يَسْتَأْذِنُكَ الَّذِيْنَ يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ اَنْ يُّجَاهِدُوْا بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌۢ بِالْمُتَّقِيْنَ٤٤
Lā yasta'żinukal-lażīna yu'minūna billāhi wal-yaumil-ākhiri ay yujāhidū bi'amwālihim wa anfusihim, wallāhu ‘alīmum bil-muttaqīn(a).
[44] Jalma-jalma nu iman ka Allah jeung kana Poé Ahir moal bakal ménta ijin ka hidep supaya henteu (milu) jihad ku harta-hartana jeung ku jiwa-jiwana. Allah mah Mahauninga ka jalma-jalma anu takwa.

اِنَّمَا يَسْتَأْذِنُكَ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَارْتَابَتْ قُلُوْبُهُمْ فَهُمْ فِيْ رَيْبِهِمْ يَتَرَدَّدُوْنَ٤٥
Innamā yasta'żinukal-lażīna lā yu'minūna billāhi wal-yaumil-ākhiri wartābat qulūbuhum fahum fī raibihim yataraddadūn(a).
[45] Sabenerna nu bakal ménta ijin mah ngan jalma-jalma anu henteu iman ka Allah jeung ka Poé Ahir sarta jalma nu mangmang haténa. Ku lantaran kitu, maranéhna bakal mandeg mayong dina kamangmangan.

۞ وَلَوْ اَرَادُوا الْخُرُوْجَ لَاَعَدُّوْا لَهٗ عُدَّةً وَّلٰكِنْ كَرِهَ اللّٰهُ انْۢبِعَاثَهُمْ فَثَبَّطَهُمْ وَقِيْلَ اقْعُدُوْا مَعَ الْقٰعِدِيْنَ٤٦
Wa lau arādul-khurūja la'a‘addū lahū ‘uddataw wa lākin karihallāhumbi‘āṡahum fa ṡabbaṭahum wa qīlaq‘udū ma‘al-qā‘idīn(a).
[46] Lamun seug maranéhna boga karep hayang indit (ti mimiti kénéh), tangtu maranéhna bakal nyiapkeun diri pikeun indit, tapi (maranéhna seunggaheun. Ku sabab kitu,) Allah mikaceuceub kana inditna. Mangka, Mantenna ngalemahkeun kahayangna. Dicaritakeun ka maranéhna, “Cicing baé maranéh mah babarengan jeung jalma-jalma anu cicing!”

لَوْ خَرَجُوْا فِيْكُمْ مَّا زَادُوْكُمْ اِلَّا خَبَالًا وَّلَاَوْضَعُوْا خِلٰلَكُمْ يَبْغُوْنَكُمُ الْفِتْنَةَۚ وَفِيْكُمْ سَمّٰعُوْنَ لَهُمْۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌۢ بِالظّٰلِمِيْنَ٤٧
Wa lau kharajū fīkum mā zādūkum illā khabālaw wa la'auḍa‘ū khilālakum yabgūnakumul-fitnah(ta), wa fīkum sammā‘ūna lahum, wallāhu ‘alīmum biẓ-ẓālimīn(a).
[47] Lamun maranéhna indit babarengan jeung aranjeun, tangtu maranéhna téh moal nambahan (kakuatan) ka aranjeun, malah ngan saukur nyieun kakacowan, jeung tangtu maranéhna tingsulusup dina sela-sela barisan aranjeun pikeun ngayakeun kaributan (dina jero barisan aranjeun), sedengkeun ti antara aranjeun ogé aya jalma-jalma anu kacida resepna ngadéngékeun (caritaan) maranéhna. Allah mah Mahauninga ka jalma-jalma nu dolim.

لَقَدِ ابْتَغَوُا الْفِتْنَةَ مِنْ قَبْلُ وَقَلَّبُوْا لَكَ الْاُمُوْرَ حَتّٰى جَاۤءَ الْحَقُّ وَظَهَرَ اَمْرُ اللّٰهِ وَهُمْ كٰرِهُوْنَ٤٨
Laqadibtagawul-fitnata min qablu wa qallabū lakal-umūra ḥattā jā'al-ḥaqqu wa ẓahara amrullāhi wa hum kārihūn(a).
[48] Tetela saméméhna ogé maranéhna téh geus néangan kakacowan, jeung maranéhna geus ngabolak-balik mangpirang-pirang urusan (ku mangpirang-pirang tipu daya) pikeun (nyilakakeun) hidep, nepi ka datangna bebeneran (mangrupa pitulung Allah) jeung ahirna urusan (agama) Allah nu unggul, padahal maranéhna mah ngéwaeun pisan.

وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّقُوْلُ ائْذَنْ لِّيْ وَلَا تَفْتِنِّيْۗ اَلَا فِى الْفِتْنَةِ سَقَطُوْاۗ وَاِنَّ جَهَنَّمَ لَمُحِيْطَةٌ ۢ بِالْكٰفِرِيْنَ٤٩
Wa minhum may yaqūlu'żal lī wa lā taftinnī, alā fil-fitnati saqaṭū, wa inna jahannama lamuḥīṭatum bil-kāfirīn(a).
[49] Ti antara maranéhna aya jalma nu nyarita kieu, “Mugi hidep (Muhammad) ngawidian ka kuring (teu ngiring perang), sinareng mugi anjeun ulah nibankeun pitnah ka sim kuring.” Kanyahokeun yén puguh maranéhna téh geus ragrag kana jero pitnah. 397 Sabenerna (naraka) Jahanam téh bakal ngawengku ka jalma-jalma kapir.
397) Aya sababaraha jalma munapék nu teu daék ilu-biung perang ka wewengkon Tabuk (nu aya di handapeun kakawasaan bangsa Romawi). Alesanana, maranéhna sieun kagoda ku mojang-mojang geulis urang Romawi. Mangka, ieu ayat turun pikeun ngabongkar rasiah haté maranéhna nu sabenerna, yén teu daékna ilu-biung perang ka wewengkon Tabuk téh dasarna mah lemah imanna. Tah paripolah maranéhna nu modél kieu téh bisa disebut pitnah.

اِنْ تُصِبْكَ حَسَنَةٌ تَسُؤْهُمْۚ وَاِنْ تُصِبْكَ مُصِيْبَةٌ يَّقُوْلُوْا قَدْ اَخَذْنَآ اَمْرَنَا مِنْ قَبْلُ وَيَتَوَلَّوْا وَّهُمْ فَرِحُوْنَ٥٠
In tuṣibka ḥasanatun tasu'hum, wa in tuṣibka muṣībatuy yaqūlū qad akhażnā min qablu wa yatawallau wa hum fariḥūn(a).
[50] Upami hidep meunang sarupaning kahadéan, tangtu éta téh milaraan (haté) maranéhna, tapi lamun hidep meunang musibah, maranéhna ngomong kieu, “Untung urang mah geus ati-ati ti saméméhna ogé (ku teu miluan perang).” Maranéhna ngaléos bari barungah.

قُلْ لَّنْ يُّصِيْبَنَآ اِلَّا مَا كَتَبَ اللّٰهُ لَنَاۚ هُوَ مَوْلٰىنَا وَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ٥١
Qul lay yuṣībanā illā mā kataballāhu lanā, huwa maulānā wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mu'minūn(a).
[51] Pék caritakeun ku hidep, “Moal pisan-pisan rék tumiba ka urang salian ti nu geus ditakdirkeun ku Allah pikeun urang. Mung Mantenna anu maparin pitulung ka urang saréréa, jeung ka Allah wungkul kaom mu’minin kudu tawakal.”

قُلْ هَلْ تَرَبَّصُوْنَ بِنَآ اِلَّآ اِحْدَى الْحُسْنَيَيْنِۗ وَنَحْنُ نَتَرَبَّصُ بِكُمْ اَنْ يُّصِيْبَكُمُ اللّٰهُ بِعَذَابٍ مِّنْ عِنْدِهٖٓ اَوْ بِاَيْدِيْنَاۖ فَتَرَبَّصُوْٓا اِنَّا مَعَكُمْ مُّتَرَبِّصُوْنَ٥٢
Qul hal tarabbaṣūna binā illā iḥdal-ḥusnayain(i), wa naḥnu natarabbaṣu bikum ay yuṣībakumullāhu bi‘ażābim min ‘indihī au bi'aidīnā, fa tarabbaṣū innā ma‘akum mutarabbiṣūn(a).
[52] Pék caritakeun (deui) ku hidep, “Henteu aya deui nu didago-dago (kadatanganana) ku aranjeun pikeun kuring saréréa, iwal ti salah sahiji tina dua kahadéan (meunang perang atawa maot dina kaayaan sahid). Kuring saréréa mah ngadago-dago pikeun aranjeun Allah nimbankeun siksaan (nu gedé) ti Mantenna atawa (siksaan) anu maké palantaraan leungeun kuring saréréa. Ku sabab kitu, dagoan ku aranjeun, da sabenerna kuring saréréa ogé keur pada ngadagoan babarengan jeung aranjeun.”

قُلْ اَنْفِقُوْا طَوْعًا اَوْ كَرْهًا لَّنْ يُّتَقَبَّلَ مِنْكُمْ ۗاِنَّكُمْ كُنْتُمْ قَوْمًا فٰسِقِيْنَ٥٣
Qul anfiqū ṭau‘an au karhal lay yutaqabbala minkum, innakum kuntum qauman fāsiqīn(a).
[53] Pék caritakeun (deui), “(Hé jalma-jalma munapék,) pék geura inpakkeun harta banda aranjeun kalayan rido atawa kapaksa, (tapi kanyahokeun yén éta inpak téh) moal pisan bakal ditarima (ku Allah) ti aranjeun mah, da sabenerna aranjeun mah kaom anu pasék.”

وَمَا مَنَعَهُمْ اَنْ تُقْبَلَ مِنْهُمْ نَفَقٰتُهُمْ اِلَّآ اَنَّهُمْ كَفَرُوْا بِاللّٰهِ وَبِرَسُوْلِهٖ وَلَا يَأْتُوْنَ الصَّلٰوةَ اِلَّا وَهُمْ كُسَالٰى وَلَا يُنْفِقُوْنَ اِلَّا وَهُمْ كٰرِهُوْنَ٥٤
Wa mā mana‘ahum an tuqbala minhum nafaqātuhum illā annahum kafarū billāhi wa birasūlihī wa lā ya'tūnaṣ-ṣalāta illā wa hum kusālā wa lā yunfiqūna illā wa hum kārihūn(a).
[54] Henteu aya nu ngahalangan ka maranéhna tina ditarima sagala impakna, iwal ti ku sabab sabenerna maranéhna geus kupur ka Allah jeung ka Rasul-Na, jeung maranéhna henteu ngadegkeun salat anging bari ngedul jeung henteu (ogé) ngainpakkeun harta-hartana kajaba bari kapaksa.

فَلَا تُعْجِبْكَ اَمْوَالُهُمْ وَلَآ اَوْلَادُهُمْ ۗاِنَّمَا يُرِيْدُ اللّٰهُ لِيُعَذِّبَهُمْ بِهَا فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَتَزْهَقَ اَنْفُسُهُمْ وَهُمْ كٰفِرُوْنَ٥٥
Falā tu‘jibka amwāluhum wa lā aulāduhum, innamā yurīdullāhu liyu‘ażżibahum bihā fil-ḥayātid-dun-yā wa tazhaqa anfusuhum wa hum kāfirūn(a).
[55] Ku sabab kitu, atuh harta banda jeung anak-anak maranéhna téh ulah matak ngajadikeun hidep hélok. Saleresna ku cara kitu, Allah ngersakeun nyiksa ka maranéhna dina kahirupan dunya, jeung engké nyawana kaluar kalayan susah, sedengkeun maranéhna aya dina kakapiran.

وَيَحْلِفُوْنَ بِاللّٰهِ اِنَّهُمْ لَمِنْكُمْۗ وَمَا هُمْ مِّنْكُمْ وَلٰكِنَّهُمْ قَوْمٌ يَّفْرَقُوْنَ٥٦
Wa yaḥlifūna billāhi innahum laminkum, wa mā hum minkum wa lākinnahum qaumuy yafraqūn(a).
[56] Maranéhna (jalma-jalma munapék) bakal sumpah ku (jenengan) Allah yén sabenerna maranéhna bener-bener ti golongan aranjeun; padahal maranéhna lain ti golongan aranjeun, tapi maranéhna mah kaom anu kacida sieunna (ku aranjeun).

لَوْ يَجِدُوْنَ مَلْجَاً اَوْ مَغٰرٰتٍ اَوْ مُدَّخَلًا لَّوَلَّوْا اِلَيْهِ وَهُمْ يَجْمَحُوْنَ٥٧
Lau yajidūna malja'an au magārātin au muddakhalal lawallau ilaihi wa hum yajmaḥūn(a).
[57] Lamun seug maranéhna manggih tempat panyalindungan, atawa guha-guha, atawa liang-liang (jero taneuh), tangtu maranéhna ngaléos bari gagancangan muru ka dinya.

وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّلْمِزُكَ فِى الصَّدَقٰتِۚ فَاِنْ اُعْطُوْا مِنْهَا رَضُوْا وَاِنْ لَّمْ يُعْطَوْا مِنْهَآ اِذَا هُمْ يَسْخَطُوْنَ٥٨
Wa minhum may yalmizuka fiṣ-ṣadaqāt(i), fa in u‘ṭū minhā raḍū wa illam yu‘ṭau minhā iżā hum yaskhaṭūn(a).
[58] Ti antara maranéhna aya nu nyawad ka hidep ngeunaan urusan (pambagian) sidekah, nyaéta lamun maranéhna dibéré bagian tina éta sidekah, maranéhna ngarasa sugema, tapi lamun maranéhna henteu kabéré tina éta sidekah, maranéhna téh ngambek.

وَلَوْ اَنَّهُمْ رَضُوْا مَآ اٰتٰىهُمُ اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗۙ وَقَالُوْا حَسْبُنَا اللّٰهُ سَيُؤْتِيْنَا اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖ وَرَسُوْلُهٗٓ اِنَّآ اِلَى اللّٰهِ رٰغِبُوْنَ ࣖ٥٩
Wa lau annahum raḍū mā ātāhumullāhu wa rasūluh(ū), wa qālū ḥasbunallāhu sayu'tīnallāhu min faḍlihī wa rasūluhū innā ilallāhi rāgibūn(a).
[59] Lamun seug maranéhna bener-bener rido mah kana sagala rupa nu geus dipaparinkeun ku Allah sareng Rasul-Na, tur nyarita, “Allah cekap pikeun abdi sadaya. Mantenna bakal maparin ka abdi sadaya bagian tina kurnia-Na. Saleresna mung ka Allah abdi sadaya miharep,” (tangtu nu kitu téh leuwih hadé pikeun maranéhna).

۞ اِنَّمَا الصَّدَقٰتُ لِلْفُقَرَاۤءِ وَالْمَسٰكِيْنِ وَالْعٰمِلِيْنَ عَلَيْهَا وَالْمُؤَلَّفَةِ قُلُوْبُهُمْ وَفِى الرِّقَابِ وَالْغٰرِمِيْنَ وَفِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَابْنِ السَّبِيْلِۗ فَرِيْضَةً مِّنَ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٦٠
Innamaṣ-ṣadaqātu lil-fuqarā'i wal-masākīni wal-‘āmilīna ‘alaihā wal-mu'allafati qulūbuhum wa fir-riqābi wal-gārimīna wa fī sabīlillāhi wabnis-sabīl(i), farīḍatam minallāh(i), wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[60] Sabenerna sidekah (jakat) téh ngan wungkul (dibagikeun) pikeun jalma-jalma pakir, jalma-jalma miskin, para amil, jalma-jalma nu dililindeuk haténa (para mualap), pikeun (ngamerdikakeun) budak beulian, pikeun (ngabébaskeun) jalma-jalma nu boga hutang, pikeun (jalma-jalma nu) berjuang di jalan Allah, jeung ka (jalma-jalma) nu keur lalampahan jauh (anu ngabutuhkeun pitulung). Éta téh kawajiban ti Allah. Allah téh Mahauninga (tur) Mahawijaksana. 398
398) Nu boga hak pikeun narima jakat téh nyaéta: (1) jalma-jalma pakir, nyaéta jalma-jalma anu sangsara dina hirupna, teu ngabogaan harta atawa tanaga pikeun minuhan kabutuhan hirupna, (2) jalma-jalma miskin, nyaéta jalma-jalma nu teu matak cukup dina minuhan kabutuhna, aya dina kakurangan, (3) Amil (nu nguruskeun) jakat, nyaéta jalma-jalma nu dibéré tugas pikeun ngumpulkeun, ngurus, jeung ngabagikeun jakat ka anu hakna, (4) Mualap, nyaéta jalma-jalma nu asalna kapir asup Islam tapi kaimanana masih lemah tur butuh dibébérah ku jakat supaya kuat kaimanana ku dicukupan kabutuhanana, (5) Budak-budak nu dimerdikakeun, nyaéta budak-budak nu aya dina tawanan musuh tuluy dileupaskeun tur dimerdikakeun ku éta harta jakat, (6) jalma-jalma nu kabeulit hutang, nyaéta jalma-jalma nu kabeulit hutangna téh lain ku alatan ludes sabab migawé ma’siat tur teu sanggup pikeun mayar éta hutang, (7) fī sabīlillāh (di jalan Allah), nyaéta lumampah pikeun kaperluan nanjeurkeun agama. Mimitina mah asnāf nu ieu sok dikaitkeun kana lum(...)

وَمِنْهُمُ الَّذِيْنَ يُؤْذُوْنَ النَّبِيَّ وَيَقُوْلُوْنَ هُوَ اُذُنٌ ۗقُلْ اُذُنُ خَيْرٍ لَّكُمْ يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَيُؤْمِنُ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَرَحْمَةٌ لِّلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْكُمْۗ وَالَّذِيْنَ يُؤْذُوْنَ رَسُوْلَ اللّٰهِ لَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٦١
Wa minhumul-lażīna yu'żūnan nabiyya wa yaqūlūna huwa użun(un), qul użunu khairil lakum yu'minu billāhi wa yu'minu lil-mu'minīna wa raḥmatul lil-lażīna āmanū minkum, wal-lażīna yu'żūna rasūlallāhi lahum ‘ażābun alīm(un).
[61] Sabagian ti maranéhna (kaom munapék) aya jalma-jalma anu milaraan ka Nabi jeung nyebutkeun kieu, “Nabi sok percaya kana naon baé anu didéngé (sadéng-déngéna).” Carioskeun ku hidep, “(Muhammad téh) cepil nu alus keur aranjeun. Anjeunna iman ka Allah, percayaeun ka jalma-jalma nu iman, jeung jadi rahmat pikeun jalma-jalma nu iman ti antara aranjeun.” Jalma-jalma nu milaraan ka utusan Allah tangtu bakal meunang siksaan nu kacida nyerina.

يَحْلِفُوْنَ بِاللّٰهِ لَكُمْ لِيُرْضُوْكُمْ وَاللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗٓ اَحَقُّ اَنْ يُّرْضُوْهُ اِنْ كَانُوْا مُؤْمِنِيْنَ٦٢
Yaḥlifūna billāhi lakum liyurḍūkum wallāhu wa rasūluhū aḥaqqu ay yurḍūhu in kānū mu'minīn(a).
[62] Maranéhna (kaom munapék) téh sumpah ka aranjeun (kaom muslim) ku nyebut (jenengan) Allah sangkan aranjeun rido (ka maranéhna), padahal Allah jeung Rasul-Na nu leuwih hak ku maranéhna ditéangan rido-Na mah, lamun maranéha bener-bener jalma-jalma nu iman.

اَلَمْ يَعْلَمُوْٓا اَنَّهٗ مَنْ يُّحَادِدِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ فَاَنَّ لَهٗ نَارَ جَهَنَّمَ خَالِدًا فِيْهَاۗ ذٰلِكَ الْخِزْيُ الْعَظِيْمُ٦٣
Alam ya‘lamū annahū may yuḥādidillāha wa rasūlahū fa anna lahū nāru jahannama khālidan fīhā, żālikal khizyul-‘aẓīm(u).
[63] Naha maranéhna henteu nyaho yén saenya-enyana saha baé jalma anu ngamusuhan ka Allah jeung ka Rasul-Na, tangtu naraka Jahanam bener-bener pikeun manéhna tur langgeng di dinyana. Éta téh kahinaan anu kacida gedéna.

يَحْذَرُ الْمُنٰفِقُوْنَ اَنْ تُنَزَّلَ عَلَيْهِمْ سُوْرَةٌ تُنَبِّئُهُمْ بِمَا فِيْ قُلُوْبِهِمْۗ قُلِ اسْتَهْزِءُوْاۚ اِنَّ اللّٰهَ مُخْرِجٌ مَّا تَحْذَرُوْنَ٦٤
Yaḥżarul-munāfiqūna an tunazzala ‘alaihim sūratun tunabbi'uhum bimā fī qulūbihim, qulistahzi'ū, innallāha mukhrijum mā taḥżarūn(a).
[64] Jalma-jalma munapék téh sieun pisan turun hiji surat nu ngabolékérkeun naon eusi haténa. Pok caritakeun ku hidep (Muhammad), “Pék teruskeun ngageuhgeuykeun (Allah jeung Rasul-Na). Sabenerna Allah bakal ngabolékérkeun naon nu dipikasieun ku aranjeun.”

وَلَىِٕنْ سَاَلْتَهُمْ لَيَقُوْلُنَّ اِنَّمَا كُنَّا نَخُوْضُ وَنَلْعَبُۗ قُلْ اَبِاللّٰهِ وَاٰيٰتِهٖ وَرَسُوْلِهٖ كُنْتُمْ تَسْتَهْزِءُوْنَ٦٥
Wa la'in sa'altahum layaqūlunna innamā kunnā nakhūḍū wa nal‘ab(u), qul abillāhi wa āyātihī wa rasūlihī kuntum tastahzi'ūn(a).
[65] Sabenerna lamun hidep nanyakeun ka maranéhna (ngeunaan naon nu dilakukeun ku maranéhna), tangtu maranéhna bakal ngajawab, “Sabenerna kuring saréréa téh ngan saukur banyol jeung heureuy baé.” Caritakeun ku hidep, “Naha pantes aranjeun ngageuhgeuykeun Allah, ayat-ayat Mantenna, jeung Rasul-Na?

لَا تَعْتَذِرُوْا قَدْ كَفَرْتُمْ بَعْدَ اِيْمَانِكُمْ ۗ اِنْ نَّعْفُ عَنْ طَاۤىِٕفَةٍ مِّنْكُمْ نُعَذِّبْ طَاۤىِٕفَةً ۢ بِاَنَّهُمْ كَانُوْا مُجْرِمِيْنَ ࣖ٦٦
Lā ta‘tażirū qad kafartum ba‘da īmānikum, in na‘fu ‘an ṭā'ifatim minkum nu‘ażżib ṭā'ifatam bi'annahum kānū mujrimīn(a).
[66] Teu perlu maranéh nyieun-nyieun alesan, da sabenerna maranéh geus kapir sanggeus iman. Upama Kami ngahampura ka sagolongan ti antara maranéh (ku sabab tobat), Kami (ogé) bakal nyiksa ka sagolongan (lianna) bongan maranéhna téh jalma-jalma nu sok migawé dosa.

اَلْمُنٰفِقُوْنَ وَالْمُنٰفِقٰتُ بَعْضُهُمْ مِّنْۢ بَعْضٍۘ يَأْمُرُوْنَ بِالْمُنْكَرِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمَعْرُوْفِ وَيَقْبِضُوْنَ اَيْدِيَهُمْۗ نَسُوا اللّٰهَ فَنَسِيَهُمْ ۗ اِنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ٦٧
Al-munāfiqūna wal-munāfiqātu ba‘ḍuhum mim ba‘ḍ(in), ya'murūna bil-munkari wa yanhauna ‘anil-ma‘rūfi wa yaqbiḍūna aidiyahum, nasullāha fa nasiyahum, innal-munāfiqīna humul-fāsiqūn(a).
[67] Jalma-jalma munapék, boh lalakina boh awéwéna, sabagian ti antara maranéhna sarua baé jeung nu sabagian deui. Maranéhna nitah migawé kagoréngan jeung nyarék migawé kahadéan. Maranéhna ngeupeulkeun leungeun-leungeunna (korét). Maranéhna geus poho ka Allah, (akibatna) Allah ogé mopohokeun ka maranéhna. Sabenerna jalma-jalma nu menapék téh jalma-jalma anu pasék.

وَعَدَ اللّٰهُ الْمُنٰفِقِيْنَ وَالْمُنٰفِقٰتِ وَالْكُفَّارَ نَارَ جَهَنَّمَ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ هِيَ حَسْبُهُمْ ۚوَلَعَنَهُمُ اللّٰهُ ۚوَلَهُمْ عَذَابٌ مُّقِيْمٌۙ٦٨
Wa‘adallāhul-munāfiqīna wal-munāfiqāti wal-kuffāra nāra jahannama khālidīna fīhā, hiya ḥasbuhum, wa la‘anahumullāh(u), wa lahum ‘ażābum muqīm(un).
[68] Allah geus ngancam ka jalma-jalma munapék, boh lalakina boh awéwéna, jeung ka jalma-jalma kapir ku naraka Jahanam. Maranéhna langgeng di dinyana. Geus cukup éta (naraka) pikeun maranéhna. Allah ngala’nat ka manaréhna. Manaréhna meunang siksaan anu langgeng.

كَالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ كَانُوْٓا اَشَدَّ مِنْكُمْ قُوَّةً وَّاَكْثَرَ اَمْوَالًا وَّاَوْلَادًاۗ فَاسْتَمْتَعُوْا بِخَلَاقِهِمْ فَاسْتَمْتَعْتُمْ بِخَلَاقِكُمْ كَمَا اسْتَمْتَعَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ بِخَلَاقِهِمْ وَخُضْتُمْ كَالَّذِيْ خَاضُوْاۗ اُولٰۤىِٕكَ حَبِطَتْ اَعْمَالُهُمْ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ ۚوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ٦٩
Kal-lażīna min qablikum kānū asyadda minkum quwwataw wa akṡara amwālaw wa aulādā(n), fastamta‘ū bikhalāqihim fastamta‘tum bikhalāqikum kamastamta‘al-lażīna min qablikum bikhalāqihim wa khuḍtum kal-lażī khāḍū, ulā'ika ḥabiṭat a‘māluhum fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[69] (Maranéh, hé jalma-jalma munapék) saperti kaayaan jalma-jalma saméméh maranéh. Kaayaan maranéhna mah leuwih kuat tinimbang maranéh jeung leuwih loba harta banda jeung anak-anakna. Maranéhna geus ngarasakeun bagianana jeung maranéh ogé geus ngarasakeun bagian maranéh, sakumaha jalma-jalma anu saméméh maranéh ogé kitu. Maranéh geus ngobrolkeun (hal-hal anu batil) sakumaha maranéhna ogé kitu. Maranéhna téh amal-amalna mubadir di dunya jeung di ahérat. Maranéhna téh jalma-jalma anu rugi.

اَلَمْ يَأْتِهِمْ نَبَاُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ قَوْمِ نُوْحٍ وَّعَادٍ وَّثَمُوْدَ ەۙ وَقَوْمِ اِبْرٰهِيْمَ وَاَصْحٰبِ مَدْيَنَ وَالْمُؤْتَفِكٰتِۗ اَتَتْهُمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِۚ فَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيَظْلِمَهُمْ وَلٰكِنْ كَانُوْٓا اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ٧٠
Alam ya'tihim naba'ul-lażīna min qablihim qaumi nūḥiw wa ‘ādiw wa ṡamūd(a), wa qaumi ibrāhīma wa aṣḥābi madyana wal-mu'tafikāt(i), atathum rusuluhum bil-bayyināt(i), famā kānallāhu liyaẓlimahum wa lākin kānū anfusahum yaẓlimūn(a).
[70] Naha can datang ka maranéhna béja penting ngeunaan jalma-jalma nu saméméh maranéhna, (nyaéta) kaom Nuh, ‘Ad, Samud, kaom Ibrahim, urang nagri Madyan, jeung (kaom Lut anu) nagri-nagrina nu geus diancurkeun? 399 Geus datang ka maranéhna rasul-rasul Mantenna kalayan nyandak katerangan-katerangan anu nyata. Allah henteu pisan-pisan rék ngadoliman ka maranéhna, tapi maranéhna sorangan nu ngadoliman ka dirina sorangan.
399) ‘Ad téh kaom Nabi Nuh a.s. Ṡamud téh kaom Nabi Soléh a.s. Ari pangeusi nagri Madyan nyaéta kaom nabi Su’eb a.s. Sementara kaom nu diancurkeun dina ayat ieu maksudna kaom nabi Lut a.s.

وَالْمُؤْمِنُوْنَ وَالْمُؤْمِنٰتُ بَعْضُهُمْ اَوْلِيَاۤءُ بَعْضٍۘ يَأْمُرُوْنَ بِالْمَعْرُوْفِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَيُقِيْمُوْنَ الصَّلٰوةَ وَيُؤْتُوْنَ الزَّكٰوةَ وَيُطِيْعُوْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ ۗاُولٰۤىِٕكَ سَيَرْحَمُهُمُ اللّٰهُ ۗاِنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٧١
Wal-mu'minūna wal-mu'minātu ba‘ḍuhum auliyā'u ba‘ḍ(in), ya'murūna bil-ma‘rūfi wa yanhauna ‘anil-munkari wa yuqīmūnaṣ-ṣalāta wa yu'tūnaz-zakāta wa yuṭī‘ūnallāha wa rasūlah(ū), ulā'ika sayarḥamuhumullāh(u), innallāha ‘azīzun ḥakīm(un).
[71] Jalma-jalma anu iman, boh lalakina boh awéwéna, sabagianana téh (nyaéta) jadi anu nulungan ka nu sabagianana deui. Aranjeunna nitah migawé kahadéan, nyegah migawé kagoréngan, ngadegkeun salat, ngaluarkeun jakat, jeung taat ka Allah tur ka Rasul-Na. Aranjeunna téh anu bakal dipaparinan rahmat ku Allah. Saleresna Allah mah Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

وَعَدَ اللّٰهُ الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا وَمَسٰكِنَ طَيِّبَةً فِيْ جَنّٰتِ عَدْنٍ ۗوَرِضْوَانٌ مِّنَ اللّٰهِ اَكْبَرُ ۗذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ ࣖ٧٢
Wa‘adallāhul-mu'minīna wal-mu'mināti jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā wa masākina ṭayyibatan fī jannāti ‘adn(in), wa riḍwānum minallāhi akbar(u), żālika huwal-fauzul-‘aẓīm(u).
[72] Allah geus ngajangjikeun ka kaom mu’minin, boh lalakina boh awéwéna, (bakal meunang) mangprang-pirang sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, bari aranjeunna langgeng di dinyana, jeung tempat-tempat anu éndah di sawarga Aden. Karidoan ti Allah éta leuwih ageung. Éta téh kauntungan anu agung pisan.

يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ جَاهِدِ الْكُفَّارَ وَالْمُنٰفِقِيْنَ وَاغْلُظْ عَلَيْهِمْ ۗوَمَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ٧٣
Yā ayyuhan-nabiyyu jāhidil-kuffāra wal-munāfiqīna wagluẓ ‘alaihim, wa ma'wāhum jahannamu wa bi'sal-maṣīr(u).
[73] Hé Nabi, geura der jihad (ngalawan) jalma-jalma kapir jeung jalma-jalma munapék, sarta témbongkeun sikep anu tegas ka maranéhna! Pitempateun maranéhna téh naraka Jahanam. Éta téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.

يَحْلِفُوْنَ بِاللّٰهِ مَا قَالُوْا ۗوَلَقَدْ قَالُوْا كَلِمَةَ الْكُفْرِ وَكَفَرُوْا بَعْدَ اِسْلَامِهِمْ وَهَمُّوْا بِمَا لَمْ يَنَالُوْاۚ وَمَا نَقَمُوْٓا اِلَّآ اَنْ اَغْنٰىهُمُ اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗ مِنْ فَضْلِهٖ ۚفَاِنْ يَّتُوْبُوْا يَكُ خَيْرًا لَّهُمْ ۚوَاِنْ يَّتَوَلَّوْا يُعَذِّبْهُمُ اللّٰهُ عَذَابًا اَلِيْمًا فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ ۚوَمَا لَهُمْ فِى الْاَرْضِ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا نَصِيْرٍ٧٤
Yaḥlifūna billāhi mā qālū, wa laqad qālū kalimatal-kufri wa kafarū ba‘da islāmihim wa hammū bimā lam yanālū, wa mā naqamū illā an agnāhumullāhu wa rasūluhū min faḍlih(ī), fa iy yatūbū yaku khairal lahum, wa iy yatawallau yu‘ażżibhumullāhu ‘ażāban alīman fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), wa mā lahum fil-arḍi miw waliyyiw wa lā naṣīr(in).
[74] Maranéhna (jalma-jalma munapék) sumpah ku (jenengan) Allah, yén maranéhna henteu kungsi ngucapkeun (omongan anu matak nganyerikeun ka hidep), padahal tétéla maranéhna geus ngucapkeun éta omongan kakapiran (ku jalan nyawad hidep) jeung (ku sabab kitu) jadi kapir sanggeus (asup) Islam. Maranéhna mikahayang kana naon anu ku henteu kahontal ku maranéhna. 400 Maranéhna moal nyawad (hidep) lamun Allah jeung Rasul-Na geus nganugrahakeun kurnia-Na ka maranéhna. Mangka, lamun seug maranéhna tobat, tangtu éta téh leuwih alus pikeun maranéhna. Tapi lamun maranéhna ngabalieur, tangtu Allah bakal nyiksa ka maranéhna ku siksaan nu pohara nyerina di dunya jeung ahérat. Maranéhna moal bakal boga nu nangtayungan jeung nu bakal nulungan di ieu bumi.
400) Maranéhna hayang pisan ngarogahala Nabi Muhammad Saw. anu éta kahayang téh pastina moal bisa kahontal ku maranéhna.

۞ وَمِنْهُمْ مَّنْ عٰهَدَ اللّٰهَ لَىِٕنْ اٰتٰىنَا مِنْ فَضْلِهٖ لَنَصَّدَّقَنَّ وَلَنَكُوْنَنَّ مِنَ الصّٰلِحِيْنَ٧٥
Wa minhum man ‘āhadallāha la'in ātānā min faḍlihī lanaṣṣaddaqanna wa lanakūnanna minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[75] Ti antara maranéhna aya jalma anu geus jangji ka Allah kieu, “Sabenerna upami Allah maparin ka kuring saréréa tina sabagian kurnia-Na, tinangtos kuring saréréa bakal sidekah sareng janten jalmi-jalmi anu soléh.”

فَلَمَّآ اٰتٰىهُمْ مِّنْ فَضْلِهٖ بَخِلُوْا بِهٖ وَتَوَلَّوْا وَّهُمْ مُّعْرِضُوْنَ٧٦
Falammā ātāhum min faḍlihī bakhilū bihī wa tawallau wa hum mu‘riḍūn(a).
[76] Nalika Allah geus maparin ka maranéhna sabagian tina kurnia-Na, maranéhna kalah ka korét, ngabalieur, jeung jadi jalma-jalma nu nentang (bebeneran).

فَاَعْقَبَهُمْ نِفَاقًا فِيْ قُلُوْبِهِمْ اِلٰى يَوْمِ يَلْقَوْنَهٗ بِمَآ اَخْلَفُوا اللّٰهَ مَا وَعَدُوْهُ وَبِمَا كَانُوْا يَكْذِبُوْنَ٧٧
Fa a‘qabahum nifāqan fī qulūbihim ilā yaumi yalqaunahū bimā akhlafullāha mā wa‘adūhu wa bimā kānū yakżibūn(a).
[77] Ku sabab kitu, (akibat éta kakapiran,) Allah nambahan kamunapékan dina haté maranéhna nepi ka hiji poé maranéhna panggih sareng Mantenna, lantaran maranéhna geus sulaya tina jangji anu geus diikrakeun ka Allah, ogé lantaran maranéhna sok ngabohong.

اَلَمْ يَعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ سِرَّهُمْ وَنَجْوٰىهُمْ وَاَنَّ اللّٰهَ عَلَّامُ الْغُيُوْبِ٧٨
Alam ya‘lamū annallāha ya‘lamu sirrahum wa najwāhum wa annallāha ‘allāmul-guyūb(i).
[78] Naha maranéh henteu nyaho yén sabenerna Allah Mahauninga kana rasiah jeung haréwos maranéhna, tur yén sabenerna Allah Mahauninga kana perkara-perkara anu gaib?

اَلَّذِيْنَ يَلْمِزُوْنَ الْمُطَّوِّعِيْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ فِى الصَّدَقٰتِ وَالَّذِيْنَ لَا يَجِدُوْنَ اِلَّا جُهْدَهُمْ فَيَسْخَرُوْنَ مِنْهُمْ ۗسَخِرَ اللّٰهُ مِنْهُمْ ۖ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٧٩
Allażīna yalmizūnal-muṭṭawwi‘īna minal-mu'minīna fiṣ-ṣadaqāti wal-lażīna lā yajidūna illā juhdahum fa yaskharūna minhum, sakhirallāhu minhum, wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[79] (Jalma-jalma munapék téh) nyaéta anu nyawad ka jalma-jalma mu’min anu ngaluarkeun sidekah kalayan ihlas tur (anu nyawad ka) jalma-jalma anu henteu boga (sidekahkeuneun) iwal ti sakadugana, tuluy éta jalma-jalma munapék téh moyok ka aranjeunna. Allah bakal males kana pamoyok maranéhna. Maranéhna bakal meunang siksaan nu kacida nyerina.

اِسْتَغْفِرْ لَهُمْ اَوْ لَا تَسْتَغْفِرْ لَهُمْۗ اِنْ تَسْتَغْفِرْ لَهُمْ سَبْعِيْنَ مَرَّةً فَلَنْ يَّغْفِرَ اللّٰهُ لَهُمْ ۗذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ كَفَرُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْفٰسِقِيْنَ ࣖ٨٠
Istagfir lahum au lā tastagfir lahum, in tastagfir lahum sab‘īna marratan falay yagfirallāhu lahum, żālika bi'annahum kafarū billāhi wa rasūlih(ī), wallāhu lā yahdil-qaumal-fāsiqīn(a).
[80] (Sarua baé) naha hidep (Muhammad) mangméntakeun hampura pikeun maranéhna atawa hidep henteu mangméntakeun pangampura pikeun maranéhna. Sok sanajan hidep mangméntakeun pangampura pikeun maranéhna tujuh puluh kali ogé, Allah mah moal pisan-pisan ngahampura ka maranéhna. Éta kitu téh ku lantaran maranéhna geus kapir ka Allah jeung ka Rasul-Na. Allah mah moal maparin pituduh ka kaom anu pasék.

فَرِحَ الْمُخَلَّفُوْنَ بِمَقْعَدِهِمْ خِلٰفَ رَسُوْلِ اللّٰهِ وَكَرِهُوْٓا اَنْ يُّجَاهِدُوْا بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَقَالُوْا لَا تَنْفِرُوْا فِى الْحَرِّۗ قُلْ نَارُ جَهَنَّمَ اَشَدُّ حَرًّاۗ لَوْ كَانُوْا يَفْقَهُوْنَ٨١
Fariḥal-mukhallafūna bimaq‘adihim khilāfa rasūlillāhi wa karihū ay yujāhidū bi'amwālihim wa anfusihim fī sabīlillāhi wa qālū lā tanfirū fil-ḥarr(i), qul nāru jahannama asyaddu ḥarrā(n), lau kānū yafqahūn(a).
[81] Jalma-jalma anu ditinggalkeun (teu milu perang) téh ngarasa bungah bari darariuk (tur) caricing sanggeus angkatna Rasulullah (ka médan peperangan). Maranéhna henteu mikaresep jihad dina jalan Allah. Maranéhna justru ngomong kieu, “Aranjeun ulah indit (perang) dina kaayaan panas saperti kieu.” Béjakeun ku hidep, “Seuneu naraka Jahanam téh leuwih pohara panasna,” lamun seug maranéhna ngarti mah.

فَلْيَضْحَكُوْا قَلِيْلًا وَّلْيَبْكُوْا كَثِيْرًاۚ جَزَاۤءًۢ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ٨٢
Falyaḍḥakū qalīlaw walyabkū kaṡīrā(n), jazā'am bimā kānū yaksibūn(a).
[82] Ku sabab kitu, keun baé maranéhna sina seuri saeutik (di dunya) jeung sina ceurik loba (di ahérat) minangka wawales kana naon baé anu geus diupayakeun ku maranéhna.

فَاِنْ رَّجَعَكَ اللّٰهُ اِلٰى طَاۤىِٕفَةٍ مِّنْهُمْ فَاسْتَأْذَنُوْكَ لِلْخُرُوْجِ فَقُلْ لَّنْ تَخْرُجُوْا مَعِيَ اَبَدًا وَّلَنْ تُقَاتِلُوْا مَعِيَ عَدُوًّاۗ اِنَّكُمْ رَضِيْتُمْ بِالْقُعُوْدِ اَوَّلَ مَرَّةٍۗ فَاقْعُدُوْا مَعَ الْخٰلِفِيْنَ٨٣
Fa ir raja‘akallāhu ilā ṭā'ifatim minhum fasta'żanūka lil-khurūji faqul lan takhrujū ma‘iya abadaw wa lan tuqātilū ma‘iya ‘aduwwā(n), innakum raḍītum bil-qu‘ūdi awwala marrah(tin), faq‘udū ma‘al-khālifīn(a).
[83] Upami Allah mulangkeun hidep ka hiji golongan ti antara maranéhna (jalma-jalma munapék), tuluy maranéhna ménta idin ka hidep pikeun kaluar (indit milu perang), nya pok caritakeun ku hidep, “Maranéh teu meunang babarengan kaluar jeung kuring salilana, jeung teu meunang merangan musuh babarengan jeung kuring deui. Sabenerna maranéh leuwih suka cicing ti mimiti ogé. Ku lantaran kitu, dariuk baé (cicing) maranéh mah babarengan jeung anu teu marilu perang!” 401
401) Saréngséna perang Tabuk, Nabi Muhammad Saw. teras mulih deui ka Madinah. Di Madinah anjeunna pendak jeung jalma-jalma munapék nu teu milu perang Tabuk. Maranéhna ménta ijin ka anjeunna rék ngilu perang dina peperangan engkéna mah. Lajeng anjeunna nolak kana éta paménta sabab maranéhna di awalna ogé teu hayangeun ilu-biung perang.

وَلَا تُصَلِّ عَلٰٓى اَحَدٍ مِّنْهُمْ مَّاتَ اَبَدًا وَّلَا تَقُمْ عَلٰى قَبْرِهٖۗ اِنَّهُمْ كَفَرُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَمَاتُوْا وَهُمْ فٰسِقُوْنَ٨٤
Wa lā tuṣalli ‘alā aḥadim minhum māta abadaw wa lā taqum ‘alā qabrih(ī), innahum kafarū billāhi wa rasūlihī wa mātū wa hum fāsiqūn(a).
[84] Omat hidep (Muhammad) salawasna ulah nyolatan (layon) salah saurang anu maot ti antara maranéhna (jalma-jalma munapék), jeung hidep ulah nangtung (ngadoakeun) di luhur kuburanana. Sabenerna maranéhna geus kupur ka Allah jeung Rasul-Na sarta maot dina kaayaan pasék.

وَلَا تُعْجِبْكَ اَمْوَالُهُمْ وَاَوْلَادُهُمْۗ اِنَّمَا يُرِيْدُ اللّٰهُ اَنْ يُّعَذِّبَهُمْ بِهَا فِى الدُّنْيَا وَتَزْهَقَ اَنْفُسُهُمْ وَهُمْ كٰفِرُوْنَ٨٥
Wa lā tu‘jibka amwāluhum wa lā aulāduhum, innamā yurīdullāhu ay yu‘ażżibahum bihā fid-dun-yā wa tazhaqa anfusuhum wa hum kāfirūn(a).
[85] Omat harta banda jeung anak-anak maranéhna ulah matak ngajadikeun hidep kabongroy. Sabenerna (ku sabab harta banda jeung anak-anakna) Allah ngersakeun rék nyiksa maranѐhna di dunya jeung (ngantep) nyawa maranéhna leupas dina kaayaan kapir.

وَاِذَآ اُنْزِلَتْ سُوْرَةٌ اَنْ اٰمِنُوْا بِاللّٰهِ وَجَاهِدُوْا مَعَ رَسُوْلِهِ اسْتَأْذَنَكَ اُولُوا الطَّوْلِ مِنْهُمْ وَقَالُوْا ذَرْنَا نَكُنْ مَّعَ الْقٰعِدِيْنَ٨٦
Wa iżā unzilat sūratun an āminū billāhi wa jāhidū ma‘a rasūlihista'żanaka uluṭ-ṭauli minhum wa qālū żarnā nakum ma‘al-qā‘idīn(a).
[86] Lamun seug diturunkeun hiji surat (nu maréntahkeun ka jalma munapék), “Geura iman ka Allah jeung jihad babarengan jeung Rasul-Na”, tangtu jalma-jalma anu sanggup ogé ti antara maranéhna ménta idin ka hidep (pikeun teu milu jihad), jeung maranéhna ngomong, “Mugi abdi sadaya mah dikantunkeun baé ku anjeun nyarengan jalma-jalma nu cicing aya di imah.” 402
402) Jalma-jalma nu teu ngilu perang sasarengan Nabi Muhammad Saw.

رَضُوْا بِاَنْ يَّكُوْنُوْا مَعَ الْخَوَالِفِ وَطُبِعَ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ فَهُمْ لَا يَفْقَهُوْنَ٨٧
Raḍū bi'ay yakūnū ma‘al-khawālifi wa ṭubi‘a ‘alā qulūbihim fahum lā yafqahūn(a).
[87] Maranéhna resep babarengan jeung nu henteu milu perang. 403 Haténa geus dikonci nepi ka teu ngarti.
403) Jalma-jalma nu henteu milu perang téh nyaéta istri-istrina para sahabat, jalma-jalma anu teu damang, jalma-jalma anu héngkér, jeung sabangsana.

لٰكِنِ الرَّسُوْلُ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗ جَاهَدُوْا بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْۗ وَاُولٰۤىِٕكَ لَهُمُ الْخَيْرٰتُ ۖوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ٨٨
Lākinir-rasūlu wal-lażīna āmanū ma‘ahū jāhadū bi'amwālihim wa anfusihim, wa ulā'ika lahumul-khairāt(u), wa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[88] Tapi ari Rasul jeung kaom mu’minin anu nyarengan anjeunna mah ngalaksanakeun jihad ku harta jeung ku jiwana. Aranjeunna pisan nu meunang rupa-rupa kahadéan jeung nu meunang kabagjaan.

اَعَدَّ اللّٰهُ لَهُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ ذٰلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ ࣖ٨٩
A‘addallāhu lahum jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, żālikal-fauzul-‘aẓīm(u).
[89] Allah geus nyiapkeun pikeun aranjeunna sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Aranjeunna langgeng di dinyana. Éta téh kaunggulan anu kacida gedéna.

وَجَاۤءَ الْمُعَذِّرُوْنَ مِنَ الْاَعْرَابِ لِيُؤْذَنَ لَهُمْ وَقَعَدَ الَّذِيْنَ كَذَبُوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ ۗسَيُصِيْبُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٩٠
Wa jā'al-mu‘ażżirūna minal-a‘rābi liyu'żana lahum wa qa‘adal-lażīna każabullāha wa rasūlah(ū), sayuṣībul-lażīna kafarū minhum ‘ażābun alīm(un).
[90] Jalma-jalma Arab Badewi nu nyieun-nyieun alesan datang (ka Nabi) sangkan maranéhna diijinan (pikeun teu milu perang), sedengkeun ari jalma-jalma nu ngabohongkeun ka Allah sareng ka Rasul-Na mah cicing (teu mintonkeun alesan). Bakal tumiba ka jalma-jalma kapir ti antara maranéhna siksaan nu kacida matak nyerina.

لَيْسَ عَلَى الضُّعَفَاۤءِ وَلَا عَلَى الْمَرْضٰى وَلَا عَلَى الَّذِيْنَ لَا يَجِدُوْنَ مَا يُنْفِقُوْنَ حَرَجٌ اِذَا نَصَحُوْا لِلّٰهِ وَرَسُوْلِهٖۗ مَا عَلَى الْمُحْسِنِيْنَ مِنْ سَبِيْلٍ ۗوَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌۙ٩١
Laisa ‘alaḍ-ḍu‘afā'i wa lā ‘alal-marḍā wa lā ‘alal-lażīna lā yajidūna mā yunfiqūna ḥarajun iżā naṣaḥū lillāhi wa rasūlih(ī), mā ‘alal-muḥsinīna min sabīl(in), wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[91] Henteu matak jadi dosa (lantaran teu indit jihad) ka jalma-jalma nu lemah, nu gering, jeung nu henteu boga harta pikeun diinpakkeun (pikeun perang), saupama maranéhna ihlas ka Allah jeung ka Rasul-Na. Henteu aya jalan saeutik ogé pikeun nyalahkeun jalma-jalma nu nyieun kahadéan. Da Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَّلَا عَلَى الَّذِيْنَ اِذَا مَآ اَتَوْكَ لِتَحْمِلَهُمْ قُلْتَ لَآ اَجِدُ مَآ اَحْمِلُكُمْ عَلَيْهِ ۖتَوَلَّوْا وَّاَعْيُنُهُمْ تَفِيْضُ مِنَ الدَّمْعِ حَزَنًا اَلَّا يَجِدُوْا مَا يُنْفِقُوْنَۗ٩٢
Wa lā ‘alal-lażīna iżā mā atauka litaḥmilahum qulta lā ajidu mā aḥmilukum ‘alaih(i), tawallau wa a‘yunuhum tafīḍu minad dam‘i ḥazanan allā yajidū mā yunfiqūn(a).
[92] Henteu (ogé matak jadi dosa) pikeun jalma-jalma nu dina waktu aranjeunna datang ka hidep sangkan ku hidep dibéré tutumpakan, tuluy hidep nyarita, “Kuring henteu boga tutumpakan pikeun mawa aranjeun.” Tuluy aranjeunna indit bari nyurucud cipanonna lantaran nalangsa sabab aranjeunna henteu manggih harta anu bisa diinpakkeun (pikeun miluan perang). 404
404) Aranjeunna sedih ku lantaran teu aya nu tiasa dibalanjakeun, boh harta boh kandaraan, pikeun ngabiayaan perang.

۞ اِنَّمَا السَّبِيْلُ عَلَى الَّذِيْنَ يَسْتَأْذِنُوْنَكَ وَهُمْ اَغْنِيَاۤءُۚ رَضُوْا بِاَنْ يَّكُوْنُوْا مَعَ الْخَوَالِفِۙ وَطَبَعَ اللّٰهُ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ فَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ ۔٩٣
Innamas-sabīlu ‘alal-lażīna yasta'żinūnaka wa hum agniyā'(u), raḍū bi'ay yakūnū ma‘al-khawālif(i), wa ṭaba‘allāhu ‘alā qulūbihim fahum lā ya‘lamūn(a).
[93] Sabenerna hiji-hijina jalan (keur nyalahkeun) mah ngan ka jalma-jalma anu ménta idin ka hidep (teu miluan perang) padahal maranéhna beunghar. Maranéhna leuwih suka babarengan jeung anu teu milu perang. Allah geus ngonci haténa nepi ka maranéhna henteu nyahoeun.

يَعْتَذِرُوْنَ اِلَيْكُمْ اِذَا رَجَعْتُمْ اِلَيْهِمْ ۗ قُلْ لَّا تَعْتَذِرُوْا لَنْ نُّؤْمِنَ لَكُمْ قَدْ نَبَّاَنَا اللّٰهُ مِنْ اَخْبَارِكُمْ وَسَيَرَى اللّٰهُ عَمَلَكُمْ وَرَسُوْلُهٗ ثُمَّ تُرَدُّوْنَ اِلٰى عٰلِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٩٤
Ya‘tażirūna ilaikum iżā raja‘tum ilaihim, qul lā ta‘tażirū lan nu'mina lakum qad nabba'anallāhu min akhbārikum wa sayarallāhu ‘amalakum wa rasūluhū ṡumma turaddūna ilā ‘ālimil-gaibi wasy-syahādati fa yunabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[94] Maranéhna (jalma-jalma munapék nu teu ngilu perang) bakal nyieun-nyieun alesan ka aranjeun waktu aranjeun geus balik deui ka maranéhna. Atuh pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Aranjeun ulah nyieun-nyieun alesan da kuring saréréa moal percaya ka aranjeun. Tétéla Allah geus masihan ka kuring saréréa sabagian béja (ngeunaan) kalakuan aranjeun. Allah bakal ningali amal aranjeun (nya kitu deui) Rasul-Na. Tuluy aranjeun bakal dibalikkeun ka Allah Nu Mahauninga ka nu gaib jeung ka nu nyata, tuluy Mantenna pasti ngabéjakeun ka aranjeun sagala anu geus dipilampah ku aranjeun.”

سَيَحْلِفُوْنَ بِاللّٰهِ لَكُمْ اِذَا انْقَلَبْتُمْ اِلَيْهِمْ لِتُعْرِضُوْا عَنْهُمْ ۗ فَاَعْرِضُوْا عَنْهُمْ ۗ اِنَّهُمْ رِجْسٌۙ وَّمَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُ جَزَاۤءً ۢبِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ٩٥
Sayaḥlifūna billāhi lakum iżanqalabtum ilaihim litu‘riḍū ‘anhum, fa a‘riḍū ‘anhum, innahum rijs(un), wa ma'wāhum jahannamu jazā'am bimā kānū yaksibūn(a).
[95] Éngke maranéhna bakal susumpahan ka aranjeun kalayan (nami) Allah waktu aranjeun balik ka maranéhna supaya aranjeun henteu ngabalieur ti maranéhna. 405 Atuh, prak baé aranjeun ngabalieur ti maranéhna lantaran sabenerna maranéhna téh (jiwana) kotor, jeung tempat pangbalikan maranéhna téh (naraka) Jahanam minangka wawales tina sagala anu geus diupayakeun ku maranéhna.
405) Supaya aranjeun teu nyawad maranéhna.

يَحْلِفُوْنَ لَكُمْ لِتَرْضَوْا عَنْهُمْ ۚفَاِنْ تَرْضَوْا عَنْهُمْ فَاِنَّ اللّٰهَ لَا يَرْضٰى عَنِ الْقَوْمِ الْفٰسِقِيْنَ٩٦
Yaḥlifūna lakum litarḍau ‘anhum, fa in tarḍau ‘anhum fa innallāha lā yarḍā ‘anil-qaumil-fāsiqīn(a).
[96] Maranéhna bakal susumpahan ka aranjeun supaya aranjeun rido ka maranéhna. Tapi, saupama aranjeun rido (ogé) ka maranéhna, sabenerna Allah mah moal rido ka jalma-jalma nu pasék.

اَلْاَعْرَابُ اَشَدُّ كُفْرًا وَّنِفَاقًا وَّاَجْدَرُ اَلَّا يَعْلَمُوْا حُدُوْدَ مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ عَلٰى رَسُوْلِهٖ ۗوَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٩٧
Al-a‘rābu asyaddu kufraw wa nifāqaw wa ajdaru allā ya‘lamū ḥudūda mā anzalallāhu ‘alā rasūlih(ī), wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[97] Urang Arab Badewi 406 téh pohara leuwih kuat kupurna jeung munapékna, sarta leuwih wajar henteu ngarti kana batas-batas (katangtuan) nu diturunkeun ku Allah ka Rasul-Na. 407 Allah téh Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
406) Nyaéta urang Arab nu netepna di padang pasir nu kaayaan kahirupanana salilana pipindahan, samisal kabilah Kaom Asad, kaom Bani Tamim, jeung Gatfan. 407) Ceuk sabagian ahli tapsir, hal éta téh disebabkeun sipat gumedé jeung teu ngabogaan tatakrama. Maranéhna jauh ti para ulama tur jauh tina pangarti Al-Qur’an jeung Hadis.

وَمِنَ الْاَعْرَابِ مَنْ يَّتَّخِذُ مَا يُنْفِقُ مَغْرَمًا وَّيَتَرَبَّصُ بِكُمُ الدَّوَاۤىِٕرَ ۗعَلَيْهِمْ دَاۤىِٕرَةُ السَّوْءِ ۗوَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٩٨
Wa minal-a‘rābi may yattakhiżu mā yunfiqu magramaw wa yatarabbaṣu bikumud-dawā'ir(a), ‘alaihim dā'iratus-sau'(i), wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[98] Ti antara urang Arab Badewi téh aya nu nganggap yén sagala rupa anu diinpakkeun (di jalan Allah) ku maranéhna téh ngarupakeun hiji karugian. Maranéhna nunggu-nunggu marabahaya anu bakal tumiba ka aranjeun. (Sabalikna malah) ka maranéhna tumibana éta (siksa) nu goréng téh. Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

وَمِنَ الْاَعْرَابِ مَنْ يُّؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَيَتَّخِذُ مَا يُنْفِقُ قُرُبٰتٍ عِنْدَ اللّٰهِ وَصَلَوٰتِ الرَّسُوْلِ ۗ اَلَآ اِنَّهَا قُرْبَةٌ لَّهُمْ ۗ سَيُدْخِلُهُمُ اللّٰهُ فِيْ رَحْمَتِهٖ ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ٩٩
Wa minal-a‘rābi may yu'minu billāhi wal-yaumil-ākhiri wa yattakhiżu mā yunfiqu qurubātin ‘indallāhi wa ṣalawātir-rasūl(i), alā innahā qurbatul lahum, sayudkhiluhumullāhu fī raḥmatih(ī), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[99] Ti antara urang Arab Badewi aya nu iman ka Allah jeung kana Poé Ahir. 408 Maranéhna nganggap yén sagala nu diinpakkeun (di jalan Allah) ku maranéhna téh minangka (cukang lantaran) pikeun ngadeukeutkeun diri ka Allah jeung (cukang lantaran pikeun meunang) doa-doa Rasul. Kanyahokeun yén sabenerna (inpak) téh (mangrupa hiji jalan) pikeun ngadeukeutkeun diri (ka Allah). Engké Allah bakal ngasupkeun maranéhna kana rahmat (sawarga)-Na. Saleresna Allah Mahajembar Panghampura (tur) Mahawelas.
408) Saperti kabilah Juhainah jeung kabilah Mujainah.

وَالسّٰبِقُوْنَ الْاَوَّلُوْنَ مِنَ الْمُهٰجِرِيْنَ وَالْاَنْصَارِ وَالَّذِيْنَ اتَّبَعُوْهُمْ بِاِحْسَانٍۙ رَّضِيَ اللّٰهُ عَنْهُمْ وَرَضُوْا عَنْهُ وَاَعَدَّ لَهُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ تَحْتَهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًا ۗذٰلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ١٠٠
Was-sābiqūnal-awwalūna minal-muhājirīna wal-anṣāri wal-lażīnattaba‘ūhum bi'iḥsān(in), raḍiyallāhu ‘anhum wa raḍū ‘anhu wa a‘adda lahum jannātin tajrī taḥtahal-anhāru khālidīna fīhā abadā(n), żālikal-fauzul-‘aẓīm(u).
[100] Jalma-jalma nu ti heula tur nu awal (asup Islam) ti kaom Muhajirin tur kaom Ansor 409 jeung jalma-jalma nu nuturkeun ka aranjeunna kalayan hadé, 410 nya Allah bakal ngaridoan ka aranjeunna jeung aranjeunna ogé mikarido ka Allah. Allah nyayagikeun pikeun aranjeunna sawarga-sawarga nu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Aranjeunna bakal langgeng di jerona salawasna. Éta téh mangrupakeun kaunggulan nu agung.
409) Anu nyaksian Perang Badar. 410) Nyaéta sakabéh sahabat, tabi’in, jeung umat anu nuturkeunana kalayan ihlas.

وَمِمَّنْ حَوْلَكُمْ مِّنَ الْاَعْرَابِ مُنٰفِقُوْنَ ۗوَمِنْ اَهْلِ الْمَدِيْنَةِ مَرَدُوْا عَلَى النِّفَاقِۗ لَا تَعْلَمُهُمْۗ نَحْنُ نَعْلَمُهُمْۗ سَنُعَذِّبُهُمْ مَّرَّتَيْنِ ثُمَّ يُرَدُّوْنَ اِلٰى عَذَابٍ عَظِيْمٍ ۚ١٠١
Wa mimman ḥaulakum minal-a‘rābi munāfiqūn(a),wa min ahlil-madīnati maradū ‘alan nifāq(i), lā ta‘lamuhum, naḥnu na‘lamuhum, sanu‘ażżibuhum marrataini ṡumma yuraddūna ilā ‘ażābin ‘aẓīm(in).
[101] Ti antara urang Arab Badewi anu (cicing) di sakuriling aranjeun 411 aya jalma-jalma munapék. (Nya kitu ogé) ti sawaréhna warga Madinah (aya jalma-jalma munapék). Maranéhna kabina-bina dina kamunapékanana téh. Hidep (Muhammad) mah moal nyaho, tapi Kami mah nyaho. Kami bakal nyiksa ka maranéhna dua kali, 412 tuluy maranéhna bakal dibalikkeun kana siksaan nu gedé.
411) Urang Arab padusunan nu netep di sakuriling Madinah. 412) Ceuk sabagian ahli tapsir, ma’na “marratain” téh negeskeun kana harti nu loba. Upama dihartikeun “dua kali”, mangka maksudna téh nyaéta siksaan di dunya mangrupa dicap jalma munapék jeung siksaan di alam kubur.

وَاٰخَرُوْنَ اعْتَرَفُوْا بِذُنُوْبِهِمْ خَلَطُوْا عَمَلًا صَالِحًا وَّاٰخَرَ سَيِّئًاۗ عَسَى اللّٰهُ اَنْ يَّتُوْبَ عَلَيْهِمْۗ اِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٠٢
Wa ākharūna‘tarafū biżunūbihim khalaṭū ‘amalan ṣāliḥaw wa ākhara sayyi'ā(n), ‘asallāhu ay yatūba ‘alaihim, innallāha gafūrur raḥīm(un).
[102] (Aya ogé) jalma-jalma séjén nu rumasa kana dosa-dosana. Maranéhna nyampuradukkeun amal anu hadé jeung amal anu goréng. Muga-muga baé Allah nampi kana tobat maranéhna. Saleresna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahawelas.

خُذْ مِنْ اَمْوَالِهِمْ صَدَقَةً تُطَهِّرُهُمْ وَتُزَكِّيْهِمْ بِهَا وَصَلِّ عَلَيْهِمْۗ اِنَّ صَلٰوتَكَ سَكَنٌ لَّهُمْۗ وَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ١٠٣
Khuż min amwālihim ṣadaqatan tuṭahhiruhum wa tuzakkīhim bihā wa ṣalli ‘alaihim, inna ṣalātaka sakanul lahum, wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[103] Prak cokot jakat ti sabagian harta maranéhna pikeun ngabersihkeun 413 jeung nyucikeun 414 maranéhna, sarta doakeun maranéhna sabab sabenerna doa hidep mangrupakeun katengtremen pikeun maranéhna. Allah téh Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
413) Jakat téh ngabersihan manéhna tina panyakit medit jeung panyakit mikacinta nu kaleuleuwihi kana harta banda. 414) Jakat téh nyuburkeun sipat-sipat kahadéan dina haté sarta mekarkeun harta banda.

اَلَمْ يَعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ هُوَ يَقْبَلُ التَّوْبَةَ عَنْ عِبَادِهٖ وَيَأْخُذُ الصَّدَقٰتِ وَاَنَّ اللّٰهَ هُوَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ١٠٤
Alam ya‘lamū annallāha huwa yaqbalut-taubata ‘an ‘ibādihī wa ya'khużuṣ-ṣadaqāti wa annallāha huwat-tawwābur-raḥīm(u).
[104] Naha maranéhna teu nyaho yén Allah bakal nampi tobat hamba-hamba-Na tur nampi jakatna, jeung yén Allah téh Maha Nampi-tobat (tur) Mahaasih?

وَقُلِ اعْمَلُوْا فَسَيَرَى اللّٰهُ عَمَلَكُمْ وَرَسُوْلُهٗ وَالْمُؤْمِنُوْنَۗ وَسَتُرَدُّوْنَ اِلٰى عٰلِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَۚ١٠٥
Wa quli‘malū fa sayarallāhu ‘amalakum wa rasūluhū wal-mu'minūn(a), wa saturaddūna ilā ‘ālimil-gaibi wasy-syahādati fa yunabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[105] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sok digarawé, mangka Allah, Rasul-Na, jeung jalma-jalma nu iman bakal ningali kana pagawéan aranjeun. Aranjeun bakal dibalikkeun ka (Dat) Nu Mahauninga kana perkara gaib jeung anu nyata. Tuluy Mantenna bakal ngabéjakeun ka aranjeun sagala nu dipilampah ku aranjeun.”

وَاٰخَرُوْنَ مُرْجَوْنَ لِاَمْرِ اللّٰهِ اِمَّا يُعَذِّبُهُمْ وَاِمَّا يَتُوْبُ عَلَيْهِمْۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ١٠٦
Wa ākharūna murjaunal li'amrillāhi immā yu‘ażżibuhum wa immā yatūbu ‘alaihim, wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[106] Aya (ogé) jalma-jalma nu séjénna nu diengkékeun (walesanana) ngantosan kaputusan Allah. Bisa jadi Mantenna rék nyiksa maranéhna atawa bisa jadi ogé bakal nampi tobatna. Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

وَالَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا مَسْجِدًا ضِرَارًا وَّكُفْرًا وَّتَفْرِيْقًاۢ بَيْنَ الْمُؤْمِنِيْنَ وَاِرْصَادًا لِّمَنْ حَارَبَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ مِنْ قَبْلُ ۗوَلَيَحْلِفُنَّ اِنْ اَرَدْنَآ اِلَّا الْحُسْنٰىۗ وَاللّٰهُ يَشْهَدُ اِنَّهُمْ لَكٰذِبُوْنَ١٠٧
Wal-lażīnattakhażū masjidan ḍirāraw wa kufraw wa tafrīqam bainal-mu'minīna wa irṣādal liman ḥāraballāha wa rasūlahū min qabl(u), wa layaḥlifunna in aradnā illal-ḥusnā, wallāhu yasyhadu innahum lakāżibūn(a).
[107] (Ti antara jalma-jalma munapék téh) aya nu ngadegkeun masjid pikeun nimbulkeun kamadaratan (ka jalma-jalma mu’min), (nyebabkeun) kakapiran, ngabengkahkeun antara kaom mu’minin, jeung nunggu datangna jalma-jalma nu ti baheulana geus merangan Allah jeung Rasul-Na. 415 Maranéhna kalawan pasti bakal susumpahan kieu, “Kuring saréréa teu aya maksud naon-naon kajaba ngamaksud hadé.” Allah nyaksian yén sabenerna maranéhna téh jalma-jalma bohong (dina sumpahna).
415) Jalma nu geus nantang ka Allah jeung Rasul-Na ti barétona nyaéta hiji pandita Nasrani nu ngaranna Abu ‘Amir, anu didago-dago kadatanganana ku kaom muslimin. Tapi Abu ‘Amir teu jadi datang, kaburu maot di Syria. Éta masjid anu diadegkeun ku kaom munapék téh diruksak kalayan piwarangan ti Rasulullah Saw. lantaran wahyu nu ditampi sanggeusna anjeunna mulih tina Perang Tabuk.

لَا تَقُمْ فِيْهِ اَبَدًاۗ لَمَسْجِدٌ اُسِّسَ عَلَى التَّقْوٰى مِنْ اَوَّلِ يَوْمٍ اَحَقُّ اَنْ تَقُوْمَ فِيْهِۗ فِيْهِ رِجَالٌ يُّحِبُّوْنَ اَنْ يَّتَطَهَّرُوْاۗ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الْمُطَّهِّرِيْنَ١٠٨
Lā taqum fīhi abadā(n), lamasjidun ussisa ‘alat-taqwā min awwali yaumin aḥaqqu an taqūma fīh(i), fīhi rijāluy yuḥibbūna ay yataṭahharū, wallāhu yuḥibbul-muṭṭahhirīn(a).
[108] Omat hidep ulah ngadegkeun salat di jero (éta masjid nu diwangun ku jalma-jalma munapék téa) salilana. Sabenerna masjid anu diadegkeun kalayan dasar katakwaan ti poé awalna kénéh éta leuwih hak pikeun hidep ngadegkeun salat di jerona. Di jerona aya jalma-jalma anu resep ngabersihkeun diri. Allah mah cinta ka jalma-jalma anu ngabersihkeun diri.

اَفَمَنْ اَسَّسَ بُنْيَانَهٗ عَلٰى تَقْوٰى مِنَ اللّٰهِ وَرِضْوَانٍ خَيْرٌ اَمْ مَّنْ اَسَّسَ بُنْيَانَهٗ عَلٰى شَفَا جُرُفٍ هَارٍ فَانْهَارَ بِهٖ فِيْ نَارِ جَهَنَّمَۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ١٠٩
Afaman assasa bun-yānahū ‘alā taqwā minallāhi wa riḍwānin khairun am man assasa bun-yānahū ‘alā syafā jurufin hārin fanhāra bihī fī nāri jahannam(a), wallāhu lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[109] Ku sabab kitu, naha jalma-jalma anu ngadegkeun wangunan (masjid) kalayan dasar katakwaan ka Allah sareng karidoan Mantenna anu leuwih alus, atawa jalma-jalma anu ngadegkeun wangunan di sisi gawir anu ampir-ampiran runtuh, tuluy éta (wangunan) téh runtuh bareng jeung manéhna ka naraka Jahanam? Allah moal maparin pituduh ka kaom nu dolim.

لَا يَزَالُ بُنْيَانُهُمُ الَّذِيْ بَنَوْا رِيْبَةً فِيْ قُلُوْبِهِمْ اِلَّآ اَنْ تَقَطَّعَ قُلُوْبُهُمْۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ ࣖ١١٠
Lā yazālu bun-yānuhumul-lażī banau rībatan fī qulūbihim illā an taqaṭṭa‘a qulūbuhum, wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[110] Wangunan anu diadegkeun ku maranéhna téh sok jadi sabab kamangmangan (kamunapékan) dina jero haténa nepi ka haténa ancur. 416 Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
416) Nyaéta dina mangsa geus leungit rasa. Aya ogé nu napsirkeun: Di mana maranéhna teu bisa tobat deui.

۞ اِنَّ اللّٰهَ اشْتَرٰى مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ اَنْفُسَهُمْ وَاَمْوَالَهُمْ بِاَنَّ لَهُمُ الْجَنَّةَۗ يُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ فَيَقْتُلُوْنَ وَيُقْتَلُوْنَ وَعْدًا عَلَيْهِ حَقًّا فِى التَّوْرٰىةِ وَالْاِنْجِيْلِ وَالْقُرْاٰنِۗ وَمَنْ اَوْفٰى بِعَهْدِهٖ مِنَ اللّٰهِ فَاسْتَبْشِرُوْا بِبَيْعِكُمُ الَّذِيْ بَايَعْتُمْ بِهٖۗ وَذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ١١١
Innallāhasytarā minal-mu'minīna anfusahum wa amwālahum bi'anna lahumul-jannah(ta), yuqātilūna fī sabīlillāhi fa yaqtulūna wa yuqtalūna wa‘dan ‘alaihi ḥaqqan fit-taurāti wal-injīli wal-qur'ān(i), wa man aufā bi‘ahdihī minallāhi fastabsyirū bibai‘ikumul-lażī bāya‘tum bih(ī), wa żālika huwal-fauzul-‘aẓīm(u).
[111] Saleresna Allah ngagaleuh ti jalma-jalma mu’min jiwa jeung harta bandana ku sawarga anu geus dicawiskeun pikeun aranjeunna. Aranjeunna perang dina jalan Allah nepi ka maéhan atawa ditelasan. (Éta téh) jangji anu bener ti Allah dina Torét, Injil, jeung Al-Qur’an. Saha deui atuh anu leuwih nepatan kana jangjina salian ti Allah? Ku kituna, geura barungah ku jual-beuli anu geus dijalankeun ku aranjeun. Éta téh kaunggulan nu agung.

اَلتَّاۤىِٕبُوْنَ الْعٰبِدُوْنَ الْحٰمِدُوْنَ السَّاۤىِٕحُوْنَ الرّٰكِعُوْنَ السّٰجِدُوْنَ الْاٰمِرُوْنَ بِالْمَعْرُوْفِ وَالنَّاهُوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَالْحٰفِظُوْنَ لِحُدُوْدِ اللّٰهِ ۗوَبَشِّرِ الْمُؤْمِنِيْنَ١١٢
At tā'ibūnal-‘ābidul-ḥāmidūnas-sā'iḥūnar-rāki‘ūnas-sājidūnal-āmirūna bil-ma‘rūfi wan-nāhūna ‘anil-munkari wal-ḥāfiẓūna liḥudūdillāh(i), wa basysyiril-mu'minīn(a).
[112] (Aranjeunna téh nyaéta) jalma-jalma nu tobat, nu ibadah, nu muji (Allah), nu ngumbara (demi élmu jeung agama), nu ruku jeung sujud, nu midamel kahadéan jeung nyarék migawé kagoréngan, sarta nu ngajaga kana hukum-hukum Allah. Atuh prak béjakeun béja anu pikabungaheun ka jalma-jalma mu’min.

مَا كَانَ لِلنَّبِيِّ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنْ يَّسْتَغْفِرُوْا لِلْمُشْرِكِيْنَ وَلَوْ كَانُوْٓا اُولِيْ قُرْبٰى مِنْۢ بَعْدِ مَا تَبَيَّنَ لَهُمْ اَنَّهُمْ اَصْحٰبُ الْجَحِيْمِ١١٣
Mā kāna lin-nabiyyi wal-lażīna āmanū ay yastagfirū lil-musyrikīna wa lau kānū ulī qurbā mim ba‘di mā tabayyana lahum annahum aṣḥābul-jaḥīm(i).
[113] Henteu aya hak pikeun Nabi jeung jalma-jalma anu iman mangméntakeun hampura (ka Allah) keur jalma-jalma musrik sanajan maranéhna téh barayana anu deukeut, sanggeus jelas pikeun maranéhna yén maranéhna téh nu bakal ngeusian naraka Jahim.

وَمَا كَانَ اسْتِغْفَارُ اِبْرٰهِيْمَ لِاَبِيْهِ اِلَّا عَنْ مَّوْعِدَةٍ وَّعَدَهَآ اِيَّاهُۚ فَلَمَّا تَبَيَّنَ لَهٗٓ اَنَّهٗ عَدُوٌّ لِّلّٰهِ تَبَرَّاَ مِنْهُۗ اِنَّ اِبْرٰهِيْمَ لَاَوَّاهٌ حَلِيْمٌ١١٤
Wa mā kānastigfāru ibrāhīma li'abīhi illā ‘am mau‘idatiw wa‘adahā iyyāh(u), falammā tabayyana lahū annahū ‘aduwwul lillāhi tabarra'a minh(u), inna ibrāhīma la'awwāhun ḥalīm(un).
[114] Anapon paméntaan hampura ti Ibrahim (ka Allah) pikeun ramana, taya lian lantaran jangji anjeunna ka ramana. Ku kituna, barang geus tétéla ka (Ibrahim) yén ramana téh musuh Allah, anjeunna terus baé lulubaran ti ramana. Saenyana Ibrahim téh jalma nu lembut haténa (tur) santun.

وَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيُضِلَّ قَوْمًاۢ بَعْدَ اِذْ هَدٰىهُمْ حَتّٰى يُبَيِّنَ لَهُمْ مَّا يَتَّقُوْنَۗ اِنَّ اللّٰهَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ١١٥
Wa mā kānallāhu liyuḍilla qaumam ba‘da iż hadāhum ḥattā yubayyina lahum mā yattaqūn(a), innallāha bikulli syai'in ‘alīm(un).
[115] Allah moal pisan-pisan nyasarkeun ka hiji kaom sanggeus Mantenna maparin pituduh ka maranéhna nepi ka Mantenna nerangkeun ka maranéhna kana sagala anu kudu dijauhan ku maranéhna. Saleresna Allah Mahauninga kana sagala perkara. 417
417) Ieu ayat diturunkeun patalian jeung kasieunan kaom muslim anu geus mangméntakeun panghampura pikeun karabat-karabatna anu musrik.

اِنَّ اللّٰهَ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ يُحْيٖ وَيُمِيْتُۗ وَمَا لَكُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا نَصِيْرٍ١١٦
Innallāha lahū mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), yuḥyī wa yumīt(u), wa mā lakum min dūnillāhi miw waliyyiw wa lā naṣīr(in).
[116] Sabenerna mung kagungan Allah karajaan langit jeung bumi. Mantenna nu (kawasa) ngahirupkeun jeung ngamaotkeun. Moal pisan-pisan aya nu nangtayungan jeung maparin pitulung salian ti Allah.

لَقَدْ تَّابَ اللّٰهُ عَلَى النَّبِيِّ وَالْمُهٰجِرِيْنَ وَالْاَنْصَارِ الَّذِيْنَ اتَّبَعُوْهُ فِيْ سَاعَةِ الْعُسْرَةِ مِنْۢ بَعْدِ مَا كَادَ يَزِيْغُ قُلُوْبُ فَرِيْقٍ مِّنْهُمْ ثُمَّ تَابَ عَلَيْهِمْۗ اِنَّهٗ بِهِمْ رَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ ۙ١١٧
Laqat tāballāhu ‘alan-nabiyyi wal-muhājirīna wal-anṣāril-lażīnattaba‘ūhu fī sā‘atil-‘usrati mim ba‘di mā kāda yazīgu qulūbu farīqim minhum ṡumma tāba ‘alaihim, innahū bihim ra'ūfur raḥīm(un).
[117] Saleresna Allah geus nampi tobat Nabi, 418 kaom Muhajirin, jeung kaom Ansor anu tumut ka Nabi dina mangsa susah, sanggeus haté sabagian jalma ampir-ampiran nyimpang, (nangin) Allah nampi tobat aranjeunna. Saleresna Allah Mahadeudeuh (tur) Mahaasih ka aranjeunna.
418) Sababna Nabi geus ngawidian kaom munapék teu miluan perang.

وَّعَلَى الثَّلٰثَةِ الَّذِيْنَ خُلِّفُوْاۗ حَتّٰٓى اِذَا ضَاقَتْ عَلَيْهِمُ الْاَرْضُ بِمَا رَحُبَتْ وَضَاقَتْ عَلَيْهِمْ اَنْفُسُهُمْ وَظَنُّوْٓا اَنْ لَّا مَلْجَاَ مِنَ اللّٰهِ اِلَّآ اِلَيْهِۗ ثُمَّ تَابَ عَلَيْهِمْ لِيَتُوْبُوْاۗ اِنَّ اللّٰهَ هُوَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ ࣖ١١٨
Wa ‘alaṡ-ṡalāṡatil-lażīna khullifū, ḥattā iżā ḍāqat ‘alaihimul-arḍu bimā raḥubat wa ḍāqat ‘alaihim anfusuhum wa ẓannū allā malja'a minallāhi illā ilaih(i), ṡumma tāba ‘alaihim liyatūbū, innallāha huwat-tawwābur-raḥīm(u).
[118] Pikeun tilu jalma 419 anu ditinggalkeun (jeung diengkékeun ditarima tobatna) nepi ka bumi téh karasa heurin pikeun maranéhna, padahal apan bumi téh lega, jeung jiwana (ogé karasa) heurin pikeun dirina, sarta maranéhna nyahoéun yén geus teu aya deui tempat lumpat tina (siksa) Allah iwal ka Mantenna wungkul. Tuluy (sanggeus éta kabéh) Allah nampi tobat maranéhna sangkan tetep aya dina tobatna. Saleresna Allah mah Maha Nampi-tobat (tur) Mahaasih.
419) Nyaéta Ka’ab bin Malik, Hilal bin Umayyah, jeung Murarah bin Rabi’. Maranéhna disalahkeun lantaran nolak miluan perang.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَكُوْنُوْا مَعَ الصّٰدِقِيْنَ١١٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanuttaqullāha wa kūnū ma‘aṣ-ṣādiqīn(a).
[119] Hé jalma-jalma anu iman, kudu takwa ka Allah jeung kudu tetep babarengan jeung jalma-jalma anu bener!

مَا كَانَ لِاَهْلِ الْمَدِيْنَةِ وَمَنْ حَوْلَهُمْ مِّنَ الْاَعْرَابِ اَنْ يَّتَخَلَّفُوْا عَنْ رَّسُوْلِ اللّٰهِ وَلَا يَرْغَبُوْا بِاَنْفُسِهِمْ عَنْ نَّفْسِهٖۗ ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ لَا يُصِيْبُهُمْ ظَمَاٌ وَّلَا نَصَبٌ وَّلَا مَخْمَصَةٌ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَلَا يَطَـُٔوْنَ مَوْطِئًا يَّغِيْظُ الْكُفَّارَ وَلَا يَنَالُوْنَ مِنْ عَدُوٍّ نَّيْلًا اِلَّا كُتِبَ لَهُمْ بِهٖ عَمَلٌ صَالِحٌۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُضِيْعُ اَجْرَ الْمُحْسِنِيْنَ١٢٠
Mā kāna li'ahlil-madīnati wa man ḥaulahum minal-a‘rābi ay yatakhallafū ‘ar rasūlillāhi wa lā yargabū bi'anfusihim ‘an nafsih(ī), żālika bi'annahum lā yuṣībuhum ẓama'uw wa lā naṣabuw wa lā makhmaṣatun fī sabīlillāhi wa lā yaṭa'ūna mauṭi'ay yagīẓul-kuffāra wa lā yanālūna min ‘aduwwin nailan illā kutiba lahum bihī ‘amalun ṣāliḥ(un), innallāha lā yuḍī‘u ajral-muḥsinīn(a).
[120] Henteu pantes keur jalma-jalma anu nyicingan Madinah jeung urang Arab Badewi nu cicing di sabudeureun maranéhna teu indit marengan Rasulullah (milu perang). Henteu pantes ogé pikeun maranéhna leuwih mikacinta ka diri-dirina tibatan ka Rasulullah. Éta téh ku sabab maranéhna teu kakeunaan ku halabhab, capé, jeung lapar di jalan Allah, sarta maranéhna henteu nincak tempat anu bisa ngahudangkeun amarah jalma-jalma kapir. Heunteu pati-pati nibankeun musibah ka musuh, kajaba (sakabéhna) dicatet jadi amal soléh pikeun maranéhna. Saleresna Allah moal nyapirakeun ganjaran jalma-jalma anu midamel kahadéan.

وَلَا يُنْفِقُوْنَ نَفَقَةً صَغِيْرَةً وَّلَا كَبِيْرَةً وَّلَا يَقْطَعُوْنَ وَادِيًا اِلَّا كُتِبَ لَهُمْ لِيَجْزِيَهُمُ اللّٰهُ اَحْسَنَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٢١
Wa lā yunfiqūna nafaqatan ṣagīrataw wa lā kabīrataw wa lā yaqṭa‘ūna wādiyan illā kutiba lahum liyajziyahumullāhu aḥsana mā kānū ya‘malūn(a).
[121] Aranjeunna henteu pati-pati ngainpakkeun (harta), boh leutik boh gedé, jeung teu pati-pati mapai hiji léngkob (pikeun jihad), 420 anging dicatet pikeun aranjeunna (jadi amal soléh), supaya diwales ku Allah kalayan (ganjaran) anu leuwih hadé tinimbang sagala anu dipilampak ku aranjeunna.
420) Aranjeunna leumpang mapai léngkob ti inditkeun nepi ka balikkeun pikeun jihad di jalan Allah.

۞ وَمَا كَانَ الْمُؤْمِنُوْنَ لِيَنْفِرُوْا كَاۤفَّةًۗ فَلَوْلَا نَفَرَ مِنْ كُلِّ فِرْقَةٍ مِّنْهُمْ طَاۤىِٕفَةٌ لِّيَتَفَقَّهُوْا فِى الدِّيْنِ وَلِيُنْذِرُوْا قَوْمَهُمْ اِذَا رَجَعُوْٓا اِلَيْهِمْ لَعَلَّهُمْ يَحْذَرُوْنَ ࣖ١٢٢
Wa mā kānal-mu'minūna liyanfirū kāffah(tan), falau lā nafara min kulli firqatim minhum ṭā'ifatul liyatafaqqahū fid-dīni wa liyunżirū qaumahum iżā raja‘ū ilaihim la‘allahum yaḥżarūn(a).
[122] Henteu sakuduna sakabéh jalma-jalma mu’min indit (ka tempat perang). Naha henteu aya anu indit sabagian ti unggal golongan pikeun neuleuman élmu agama, sangkan bisa méré pépéling ka kaomna dina waktu maranéhna mulang deui, sangkan maranéhna bisa ngaraksa diri.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا قَاتِلُوا الَّذِيْنَ يَلُوْنَكُمْ مِّنَ الْكُفَّارِ وَلْيَجِدُوْا فِيْكُمْ غِلْظَةًۗ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ مَعَ الْمُتَّقِيْنَ١٢٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanū qātilul-lażīna yalūnakum minal-kuffāri wal-yajidū fīkum gilẓah(tan), wa‘lamū annallāha ma‘al-muttaqīn(a).
[123] Hé jalma-jalma anu iman, prak geura perangan jalma-jalma kapir anu aya di sabudeureun aranjeun, jeung maranéhna sina ngarasaeun kategesan aranjeun! Kanyahokeun ku aranjeun yén Allah téh nyarengan jalma-jalma anu takwa.

وَاِذَا مَآ اُنْزِلَتْ سُوْرَةٌ فَمِنْهُمْ مَّنْ يَّقُوْلُ اَيُّكُمْ زَادَتْهُ هٰذِهٖٓ اِيْمَانًاۚ فَاَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا فَزَادَتْهُمْ اِيْمَانًا وَّهُمْ يَسْتَبْشِرُوْنَ١٢٤
Wa iżā mā unzilat sūratun fa minhum may yaqūlu ayyukum zādathu hāżihī īmānā(n), fa ammal-lażīna āmanū fa zādathum īmānaw wa hum yastabsyirūn(a).
[124] Lamun hiji surah (dina Al-Qur’an) diturunkeun, ti antara maranéhna (jalma-jalma munapék) aya nu ngomong kieu, 421 “Saha ti antara aranjeun anu tambah-tambah imanna ku sabab turunna éta surat?” Anapon pikeun jalma-jalma anu iman mah, (surat anu turun) téh pasti nambah imanna jeung aranjeunna ngarasa bungah.
421) Maksudna pikeun ngahinakeun.

وَاَمَّا الَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ فَزَادَتْهُمْ رِجْسًا اِلٰى رِجْسِهِمْ وَمَاتُوْا وَهُمْ كٰفِرُوْنَ١٢٥
Wa ammal-lażīna fī qulūbihim maraḍun fa zādathum rijsan ilā rijsihim wa mātū wa hum kāfirūn(a).
[125] Anapon (pikeun) jalma-jalma anu dina haténa aya panyakit mah, 422 (éta surah anu turun téh) bakal nambahan kakapiranana anu geus aya, jeung maranéhna bakal paéh dina kaayaan kapir.
422) Maksudna panyakit batiniah.

اَوَلَا يَرَوْنَ اَنَّهُمْ يُفْتَنُوْنَ فِيْ كُلِّ عَامٍ مَّرَّةً اَوْ مَرَّتَيْنِ ثُمَّ لَا يَتُوْبُوْنَ وَلَا هُمْ يَذَّكَّرُوْنَ١٢٦
Awalā yarauna annahum yuftanūna fī kulli ‘āmim marrataini ṡumma lā yatūbūna wa lā hum yażżakkarūn(a).
[126] Naha maranéhna (jalma-jalma munapék) henteu niténan yén sabenerna maranéhna téh ditibanan cocoba 423 dina saban taun sakali atawa dua kali, tapi maranéhna henteu (ogé daék) tobat jeung henteu daék nyokot atikan?
423) Nu dimaksud cocoba téh nyaéta musibah-musibah nu tumiba ka maranéhna, saperti kabuka tipu muslihatna jeung sipatna nu sok jalir kana jangji.

وَاِذَا مَآ اُنْزِلَتْ سُوْرَةٌ نَّظَرَ بَعْضُهُمْ اِلٰى بَعْضٍۗ هَلْ يَرٰىكُمْ مِّنْ اَحَدٍ ثُمَّ انْصَرَفُوْاۗ صَرَفَ اللّٰهُ قُلُوْبَهُمْ بِاَنَّهُمْ قَوْمٌ لَّا يَفْقَهُوْنَ١٢٧
Wa iżā mā unzilat sūratun naẓara ba‘ḍuhum ilā ba‘ḍ(in), hal yarākum min aḥadin ṡummanṣarafū, ṣarafallāhu qulūbahum bi'annahum qaumul lā yafqahūn(a).
[127] Di mana diturunkeun hiji surat (anu nyaritakeun aibna jalma-jalma munapék), sawaréhna nempo ka sawaréhna deui (bari ngomong kieu), “Naha aya (ti antara jalma mu’min) anu nempo ka aranjeun?” Sanggeus kitu maranéhna indit (tina tempat anu dibacakeun éta surat). Allah méngparkeun haté maranéhna (tina iman) lantaran sabenerna maranéhna téh kaom nu teu ngarti.

لَقَدْ جَاۤءَكُمْ رَسُوْلٌ مِّنْ اَنْفُسِكُمْ عَزِيْزٌ عَلَيْهِ مَا عَنِتُّمْ حَرِيْصٌ عَلَيْكُمْ بِالْمُؤْمِنِيْنَ رَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ١٢٨
Laqad jā'akum rasūlum min anfusikum ‘azīzun ‘alaihi mā ‘anittum ḥarīṣun ‘alaikum bil-mu'minīna ra'ūfur raḥīm(un).
[128] Tétéla geus datang ka aranjeun hiji Rasul ti kaom aranjeun sorangan. Anjeunna teu kinten ngaraos abotna kana sagala anu dipikasusah ku aranjeun. Anjeunna miharep pisan (kana kaimanan jeung kaislaman) aranjeun. Anjeunna pohara mikadeudeuh tur mikaasih ka jalma-jalma mu’min.

فَاِنْ تَوَلَّوْا فَقُلْ حَسْبِيَ اللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ ۗ عَلَيْهِ تَوَكَّلْتُ وَهُوَ رَبُّ الْعَرْشِ الْعَظِيْمِ ࣖ١٢٩
Fa in tawallau faqul ḥasbiyallāhu lā ilāha illā huw(a), ‘alaihi tawakkaltu wa huwa rabbul-‘arsyil-‘aẓīm(i).
[129] Upama maranéhna ngabalieur (tina kaimanan), atuh pok ucapkeun baé ku hidep, “Cekap baé Allah keur kuring mah. Taya deui Pangéran anging Mantenna. Mung ka Mantenna kuring tawekal sarta Mantenna anu kagungan ‘Arasy (singgasana) nu agung.”