Surah Al-Fajr

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالْفَجْرِۙ١
Wal-fajr(i).
[1] Demi pajar.

وَلَيَالٍ عَشْرٍۙ٢
Wa layālin ‘asyr(in).
[2] Demi peuting-peuting anu sapuluh. 941
941) Peuting sapuluh ahir dina Bulan Romadon. Aya ogé nu nyebutkeun sapuluh anu kahiji tina bulan Muharom ka asup poé Asyura. Aya ogé nu nyebutkeun sapuluh peuting kahiji dina bulan Julhijah.

وَّالشَّفْعِ وَالْوَتْرِۙ٣
Wasy-syaf‘i wal-watr(i).
[3] Demi nu genap jeung nu ganjil.

وَالَّيْلِ اِذَا يَسْرِۚ٤
Wal-laili iżā yasr(i).
[4] Demi peuting upama ngaliwat.

هَلْ فِيْ ذٰلِكَ قَسَمٌ لِّذِيْ حِجْرٍۗ٥
Hal fī żālika qasamul liżī ḥijr(in).
[5] Naha aya dina nu kitu téh sumpah (nu bisa ditarima) pikeun jalma anu boga akal?

اَلَمْ تَرَ كَيْفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِعَادٍۖ٦
Alam tara kaifa fa‘ala rabbuka bi‘ād(in).
[6] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan kumaha Pangéran hidep nindak ka Kaom ‘Ad?

اِرَمَ ذَاتِ الْعِمَادِۖ٧
Irama żātil-‘imād(i).
[7] (Nyaéta) Kaom Iram (puseurna Kaom ‘Ad) anu miboga wangunan-wangunan anu jangkung,

الَّتِيْ لَمْ يُخْلَقْ مِثْلُهَا فِى الْبِلَادِۖ٨
Allatī lam yukhlaq miṡluhā fil-bilād(i).
[8] anu can kungsi diwangun (hiji kota ogé) saperti kitu di nagri-nagri séjénna,

وَثَمُوْدَ الَّذِيْنَ جَابُوا الصَّخْرَ بِالْوَادِۖ٩
Wa ṡamūdal-lażīna jābuṣ-ṣakhra bil-wād(i).
[9] (pikeun kaom) Samud anu motongan batu-batu gédé dina léngkob, 942
942) Ieu léngkob aya di beulah kaler Jajirah Arab antara kota Madinah jeung Syam. Maranéhna motongan batu gunung pikeun ngawangun gedong-gedong tempat cicing maranéhna. Aya ogé anu ngabolongan gunung-gunung pikeun tempat cicing jeung tempat nyalindung maranéhna.

وَفِرْعَوْنَ ذِى الْاَوْتَادِۖ١٠
Wa fir‘auna żil-autād(i).
[10] ogé (pikeun) Fir’aun anu miboga paseuk-paseuk (wangunan anu gédé),

الَّذِيْنَ طَغَوْا فِى الْبِلَادِۖ١١
Allażīna ṭagau fil-bilād(i).
[11] anu migawé sawenang-wenang di jero nagri,

فَاَكْثَرُوْا فِيْهَا الْفَسَادَۖ١٢
Fa akṡarū fīhal-fasād(a).
[12] terus maranéhna loba nimbulkeun karuksakan di jero éta nagri.

فَصَبَّ عَلَيْهِمْ رَبُّكَ سَوْطَ عَذَابٍۖ١٣
Fa ṣabba ‘alaihim rabbuka sauṭa ‘ażāb(in).
[13] Ku kituna, Pangéran hidep nibankeun cambeti siksaan (anu rongkah) ka maranéhna.

اِنَّ رَبَّكَ لَبِالْمِرْصَادِۗ١٤
Inna rabbaka labil-mirṣād(i).
[14] Sabenerna Pangéran hidep téh bener-bener ngawaskeun.

فَاَمَّا الْاِنْسَانُ اِذَا مَا ابْتَلٰىهُ رَبُّهٗ فَاَكْرَمَهٗ وَنَعَّمَهٗۙ فَيَقُوْلُ رَبِّيْٓ اَكْرَمَنِۗ١٥
Fa ammal-insānu iżā mabtalāhu rabbuhū fa akramahū wa na‘‘amah(ū), fa yaqūlu rabbī akraman(i).
[15] Nya aya manusa, lamun Pangéran méré cocoba terus méré kamulyaan jeung méré ka manéhna kani’matan, nya manéhna nyarita kieu, “Pangéran kuring parantos ngamulyakeun kuring.”

وَاَمَّآ اِذَا مَا ابْتَلٰىهُ فَقَدَرَ عَلَيْهِ رِزْقَهٗ ەۙ فَيَقُوْلُ رَبِّيْٓ اَهَانَنِۚ١٦
Wa ammā iżā mabtalāhu fa qadara ‘alaihi rizqah(ū), fa yaqūlu rabbī ahānan(i).
[16] (Tapi,) lamun seug Pangéran maparin cocoba terus ngurangan rejekina, nya manéhna nyarita kieu, “Pangéran kuring geus ngahinakeun kuring.” 943
943) Allah nyalahkeun ka jalma anu ngucapkeun yén kabeungharan téh mangrupakeun kamulyaan, sedengkeun kamalaratan téh nyaéta perkara hina, saperti anu kasebut dina ayat 15 jeung 16. Tapi sabenerna kabeungharan jeung kamalaratan téh mangrupakeun cocoba Allah pikeun hamba-hamba-Na.

كَلَّا بَلْ لَّا تُكْرِمُوْنَ الْيَتِيْمَۙ١٧
Kallā bal lā tukrimūnal-yatīm(a).
[17] Lain kitu! Malah maranéh téh teu ngamulyakeun budak yatim. 944
944) Henteu méré hak-hak budak yatim jeung henteu migawé kahadéan ka budak yatim.

وَلَا تَحٰۤضُّوْنَ عَلٰى طَعَامِ الْمِسْكِيْنِۙ١٨
Wa lā taḥāḍḍūna ‘alā ṭa‘āmil-miskīn(i).
[18] teu daék silih ajak méré ka jalma miskin,

وَتَأْكُلُوْنَ التُّرَاثَ اَكْلًا لَّمًّاۙ١٩
Wa ta'kulūnat-turāṡa aklal lammā(n).
[19] ngadalahar harta banda warisan ku cara dihijikeun (nu halal jeung nu haram),

وَّتُحِبُّوْنَ الْمَالَ حُبًّا جَمًّاۗ٢٠
Wa tuḥibbūnal-māla ḥubban jammā(n).
[20] jeung mikadeudeuh harta kalayan kadeudeuh anu ka bina-bina.

كَلَّآ اِذَا دُكَّتِ الْاَرْضُ دَكًّا دَكًّاۙ٢١
Kallā iżā dukkatil-arḍu dakkan dakkā(n).
[21] Ulah kitu! Waktu bumi digénjlongkeun terus-terusan (silih padu)

وَّجَاۤءَ رَبُّكَ وَالْمَلَكُ صَفًّا صَفًّاۚ٢٢
Wa jā'a rabbuka wal-malaku ṣaffan ṣaffā(n).
[22] jeung sumping Pangéran anjeun, sedengkeun para malaikat bakal ngajajar.

وَجِايْۤءَ يَوْمَىِٕذٍۢ بِجَهَنَّمَۙ يَوْمَىِٕذٍ يَّتَذَكَّرُ الْاِنْسَانُ وَاَنّٰى لَهُ الذِّكْرٰىۗ٢٣
Wa jī'a yauma'iżim bijahannam(a), yauma'iżiy yatażakkarul-insānu wa annā lahuż-żikrā.
[23] Dina éta poé naraka Jahanam didatangkeun. Dina éta poé ogé manusa aréling, padahal geus teu aya gunana keur maranéhna éling.

يَقُوْلُ يٰلَيْتَنِيْ قَدَّمْتُ لِحَيَاتِيْۚ٢٤
Yaqūlu yā laitanī qaddamtu liḥayātī.
[24] Pok manéhna nyarita, “Aduh kacida hadéna upama baheula kuring tatahar (kahadéan) keur ieu kahirupan kuring.”

فَيَوْمَىِٕذٍ لَّا يُعَذِّبُ عَذَابَهٗٓ اَحَدٌ ۙ٢٥
Fa yauma'iżil lā yu‘ażżibu ‘ażābahū aḥad(un).
[25] Nya dina éta poé moal aya anu bisa nyiksa cara siksaan Mantenna (anu adil).

وَّلَا يُوْثِقُ وَثَاقَهٗٓ اَحَدٌ ۗ٢٦
Wa lā yūṡiqu waṡāqahū aḥad(un).
[26] Sarta moal aya sajalma ogé nu ngaborogod cara ngaborogodna Mantenna.

يٰٓاَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَىِٕنَّةُۙ٢٧
Yā ayyatuhan-nafsul-muṭma'innah(tu).
[27] Hé jiwa anu ngahenang-hening,

ارْجِعِيْٓ اِلٰى رَبِّكِ رَاضِيَةً مَّرْضِيَّةً ۚ٢٨
Irji‘ī ilā rabbiki rāḍiyatam marḍiyyah(tan).
[28] baralik ka Pangéran manéh kalayan haté anu rido jeung diridoan ku Mantenna.

فَادْخُلِيْ فِيْ عِبٰدِيْۙ٢٩
Fadkhuli fī ‘ibādī.
[29] Ku kituna, pék arasup ka jero golongan hamba-hamba Kami

وَادْخُلِيْ جَنَّتِيْ ࣖࣖ٣٠
Wadkhulī jannatī.
[30] jeung pék arasup ka jero sawarga Kami.