Surah Al-A’la

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
سَبِّحِ اسْمَ رَبِّكَ الْاَعْلَىۙ١
Sabbiḥisma rabbikal-a‘lā.
[1] Pék sucikeun Pangéran anjeun Nu Mahaluhung,

الَّذِيْ خَلَقَ فَسَوّٰىۖ٢
Allażī khalaqa fasawwā.
[2] Anu nyiptakeun sarta nu nyampurnakeun (ciptaana-Na),

وَالَّذِيْ قَدَّرَ فَهَدٰىۖ٣
Wal-lażī qaddara fahadā.
[3] Anu nangtukeun kadar (séwang-séwang) sarta maparin pituduh,

وَالَّذِيْٓ اَخْرَجَ الْمَرْعٰىۖ٤
Wal-lażī akhrajal-mar‘ā.
[4] jeung Anu nuwuhkeun (jukut) tegal angonan.

فَجَعَلَهٗ غُثَاۤءً اَحْوٰىۖ٥
Fa ja‘alahū guṡā'an aḥwā.
[5] Terus Mantenna ngajadikeun éta (jukut) téh nya garing nya géhéng.

سَنُقْرِئُكَ فَلَا تَنْسٰىٓ ۖ٦
Sanuqri'uka falā tansā.
[6] Kami bakal ngabacakeun (Al-Qur’an) ka hidep (Muhammad) nepi ka hidep moal poho,

اِلَّا مَا شَاۤءَ اللّٰهُ ۗاِنَّهٗ يَعْلَمُ الْجَهْرَ وَمَا يَخْفٰىۗ٧
Illā mā syā'allāh(u), innahū ya‘lamul-jahra wa mā yakhfā.
[7] kajaba lamun seug Allah ngersakeun. Saleresna Mantenna uninga ka nu nembrak jeung ka nu nyumput.

وَنُيَسِّرُكَ لِلْيُسْرٰىۖ٨
Wa nuyassiruka lil-yusrā.
[8] Kami bakal ngagampangkeun hidep kana jalan anu gampang (pikeun kabagjaan di dunya jeung ahérat)

فَذَكِّرْ اِنْ نَّفَعَتِ الذِّكْرٰىۗ٩
Fa żakkir in nafa‘atiż-żikrā.
[9] Ku kituna, prak geura tepikeun pépéling, sabab sabenerna éta pépéling téh aya mangpaatna.

سَيَذَّكَّرُ مَنْ يَّخْشٰىۙ١٠
Sayażżakkaru may yakhsyā.
[10] Jalma anu sieun (ku Allah) bakal ngalap atikan.

وَيَتَجَنَّبُهَا الْاَشْقَىۙ١١
Wa yatajannabuhal-asyqā.
[11] Anapon jalma anu cilaka (kapir) mah bakal ngajauhan,

الَّذِيْ يَصْلَى النَّارَ الْكُبْرٰىۚ١٢
Allażī yaṣlan-nāral-kubrā.
[12] (nyaéta) jalma anu bakal asup kana seuneu (naraka) anu gedé.

ثُمَّ لَا يَمُوْتُ فِيْهَا وَلَا يَحْيٰىۗ١٣
Ṡumma lā yamūtu fīhā wa lā yaḥyā.
[13] Saterusna manéhna di dituna téh teu paéh ogé teu hirup.

قَدْ اَفْلَحَ مَنْ تَزَكّٰىۙ١٤
Qad aflaḥa man tazakkā.
[14] Tétéla bagja pisan jalma anu geus nyucikeun dirina (kalayan iman)

وَذَكَرَ اسْمَ رَبِّهٖ فَصَلّٰىۗ١٥
Wa żakarasma rabbihī fa ṣallā.
[15] jeung inget kana Asma Pangéranana, tuluy manéhna ngadegkeun salat.

بَلْ تُؤْثِرُوْنَ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَاۖ١٦
Bal tu'ṡirūnal-ḥayātad-dun-yā.
[16] Tapi maranéh (jalma-jalma kapir) milih kahirupan dunyawi,

وَالْاٰخِرَةُ خَيْرٌ وَّاَبْقٰىۗ١٧
Wal-ākhiratu khairuw wa abqā.
[17] padahal kahirupan ahérat téh leuwih hadé jeung leuwih langgeng.

اِنَّ هٰذَا لَفِى الصُّحُفِ الْاُوْلٰىۙ١٨
Inna hāżā lafiṣ-ṣuḥufil-ūlā.
[18] Sabenerna ieu (katerangan) téh aya dina suhup (lambaran-lambaran) anu baheula,

صُحُفِ اِبْرٰهِيْمَ وَمُوْسٰى ࣖ١٩
Ṣuḥufi ibrāhīma wa mūsā.
[19] (nyaéta) suhup (nu diturunkeun ka) Ibrahim jeung Musa.