Surah At-Tariq
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالسَّمَاۤءِ وَالطَّارِقِۙ١
Was-samā'i waṭ-ṭāriq(i).
[1]
Demi langit jeung sakabéh anu datang dina waktu peuting.
وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا الطَّارِقُۙ٢
Wa mā adrāka maṭ-ṭāriq(u).
[2]
Naha ari anjeun nyaho nu datang dina éta peuting?
النَّجْمُ الثَّاقِبُۙ٣
An-najmuṡ-ṡāqib(u).
[3]
(Nyaéta) béntang nu cahayana narawangan.
اِنْ كُلُّ نَفْسٍ لَّمَّا عَلَيْهَا حَافِظٌۗ٤
In kullu nafsil lammā ‘alaihā ḥāfiẓ(un).
[4]
Sabenerna saban-saban jalma pasti aya nu ngajagana.
فَلْيَنْظُرِ الْاِنْسَانُ مِمَّ خُلِقَ٥
Falyanẓuril-insānu mimma khuliq(a).
[5]
Ku sabab éta, manusa kudu niténan tina naon manéhna diciptakeun.
خُلِقَ مِنْ مَّاۤءٍ دَافِقٍۙ٦
Khuliqa mim mā'in dāfiq(in).
[6]
Manéhna diciptakeun tina cai (mani) anu mancer,
يَّخْرُجُ مِنْۢ بَيْنِ الصُّلْبِ وَالتَّرَاۤىِٕبِۗ٧
Yakhruju mim bainiṣ-ṣulbi wat-tarā'ib(i).
[7]
anu kaluarna tina antara tulang tonggong (sulbi) jeung tulang dada.
اِنَّهٗ عَلٰى رَجْعِهٖ لَقَادِرٌۗ٨
Innahū ‘alā raj‘ihī laqādir(un).
[8]
Saleresna Allah kawasa pikeun ngabalikeunana (hirup sanggeusna maot).
يَوْمَ تُبْلَى السَّرَاۤىِٕرُۙ٩
Yauma tublas-sarā'ir(u).
[9]
Dina poéan ditémbongkeun sagala rasiah.
فَمَا لَهٗ مِنْ قُوَّةٍ وَّلَا نَاصِرٍۗ١٠
Famā lahū min quwwatiw wa lā nāṣir(in).
[10]
Nya manusa teu boga deui kakuatan jeung henteu (ogé) aya nu nulungan.
وَالسَّمَاۤءِ ذَاتِ الرَّجْعِۙ١١
Was-samā'i żātir-raj‘(i).
[11]
Demi langit anu miboga cai hujan 940
940) Raj’i hartina malik maluter. Hujan diaranan raj’i dina ieu ayat sabab asalna tina saab anu naék ti bumi ka awang-awang, terus turun dui ka bumi, terus balik deui ka luhur, ti luhur turun deui ka bumi, jeung nya kitu saterusna.
وَالْاَرْضِ ذَاتِ الصَّدْعِۙ١٢
Wal-arḍi żātiṣ-ṣad‘(i).
[12]
jeung bumi anu miboga rekah (tempat tumuwuhna tatangkalan).
اِنَّهٗ لَقَوْلٌ فَصْلٌۙ١٣
Innahū laqaulun faṣl(un).
[13]
Saenyana ieu (Al-Qur’an) téh bener-bener pidawuh pamisah (antara anu hak jeung anu batil).
وَّمَا هُوَ بِالْهَزْلِۗ١٤
Wa mā huwa bil-hazl(i).
[14]
(Al-Qur’an téh) lain pidawuh heuheureuyan.
اِنَّهُمْ يَكِيْدُوْنَ كَيْدًاۙ١٥
Innahum yakīdūna kaidā(n).
[15]
Saenyana maranéhna (jalma-jalma kapir) téh nyieun tipu daya.
وَّاَكِيْدُ كَيْدًاۖ١٦
Wa akīdu kaidā(n).
[16]
Kami ogé males ku tipu daya.
فَمَهِّلِ الْكٰفِرِيْنَ اَمْهِلْهُمْ رُوَيْدًا ࣖ١٧
Fa mahhilil-kāfirīna amhilhum ruwaidā(n).
[17]
Ku kituna, tangguhkeun baé éta jalma-jalma téh. Béré maranéhna kasempatan saméntara waktu (pikeun sukan-sukan).