Surah Al-Buruj
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالسَّمَاۤءِ ذَاتِ الْبُرُوْجِۙ١
Was-samā'i żātil-burūj(i).
[1]
Demi langit anu ngabogaan kumpulan béntang-béntang.
وَالْيَوْمِ الْمَوْعُوْدِۙ٢
Wal-yaumil-mau‘ūd(i).
[2]
Demi poé anu dijangjikeun.
وَشَاهِدٍ وَّمَشْهُوْدٍۗ٣
Wa syāhidiw wa masyhūd(in).
[3]
Demi anu nyaksian jeung nu disaksian.
قُتِلَ اَصْحٰبُ الْاُخْدُوْدِۙ٤
Qutila aṣḥābul-ukhdūd(i).
[4]
Cilaka jalma-jalma nu nyieun kamalir (tempat nyiksa jalma mu’min)
النَّارِ ذَاتِ الْوَقُوْدِۙ٥
An-nāri żātil-waqūd(i).
[5]
nu hurung ngéntab-ngéntab (nu ngabogaan) suluh.
اِذْ هُمْ عَلَيْهَا قُعُوْدٌۙ٦
Iż hum ‘alaihā qu‘ūd(un).
[6]
Waktu (éta) maranéhna diuk di sakurilingna.
وَّهُمْ عَلٰى مَا يَفْعَلُوْنَ بِالْمُؤْمِنِيْنَ شُهُوْدٌ ۗ٧
Wa hum ‘alā mā yaf‘alūna bil-mu'minīna syuhūd(un).
[7]
Maranéhna nyaksian naon nu dipilampah ku maranéhna ka jalma-jalma mu’min.
وَمَا نَقَمُوْا مِنْهُمْ اِلَّآ اَنْ يُّؤْمِنُوْا بِاللّٰهِ الْعَزِيْزِ الْحَمِيْدِۙ٨
Wa mā naqamū minhum illā ay yu'minū billāhil-‘azīzil-ḥamīd(i).
[8]
Teu pati-pati maranéhna nyiksa (ngaduruk) jalma-jalma mu’min, iwal ti pédah aranjeunna (jalma-jalma mu’min) iman ka Allah Nu Mahagagah (tur) Nu Mahapinuji,
الَّذِيْ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ ۗوَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدٌ ۗ٩
Allażī lahū mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), wallāhu ‘alā kulli syai'in syahīd(un).
[9]
anu kagungan karajaan langit jeung bumi. Allah téh nyaksian kana sagala perkara.
اِنَّ الَّذِيْنَ فَتَنُوا الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِ ثُمَّ لَمْ يَتُوْبُوْا فَلَهُمْ عَذَابُ جَهَنَّمَ وَلَهُمْ عَذَابُ الْحَرِيْقِۗ١٠
Innal-lażīna fatanul-mu'minīna wal-mu'mināti ṡumma lam yatūbū fa lahum ‘ażābu jahannama wa lahum ‘ażābul-ḥarīq(i).
[10]
Sabenerna jalma-jalma anu ngadatangkeun cobaan (siksa) ka mu’minin jeung mu’minat, tuluy maranéhna teu tobat, nya maranéhna bakal meunang siksaan (naraka) anu ngaduruk.
اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ جَنّٰتٌ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ ەۗ ذٰلِكَ الْفَوْزُ الْكَبِيْرُۗ١١
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lahum jannātun tajrī min taḥtihal-anhār(u), żālikal-fauzul-kabīr(u).
[11]
Sabenerna jalma-jalma anu iman tur milampah amal soléh, aranjeunna bakal meunang sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Éta téh kaunggulan nu kacida gedéna.
اِنَّ بَطْشَ رَبِّكَ لَشَدِيْدٌ ۗ١٢
Inna baṭsya rabbika lasyadīd(un).
[12]
Sabenerna siksaan Pangéran téh kacida rongkahna.
اِنَّهٗ هُوَ يُبْدِئُ وَيُعِيْدُۚ١٣
Innahū huwa yubdi'u wa yu‘īd(u).
[13]
Sabenerna nya Mantenna nu mimiti (nyiptakeun mahluk) jeung anu ngabalikkeun deui (hirup sanggeusna maot).
وَهُوَ الْغَفُوْرُ الْوَدُوْدُۙ١٤
Wa huwal-gafūrul-wadūd(u).
[14]
Nya Mantenna Nu Maha Jembar-pangampura (tur) Nu Mahadeudeuh.
ذُو الْعَرْشِ الْمَجِيْدُۙ١٥
Żul-‘arsyil-majīd(i).
[15]
Anu kagungan Arsy (tur) Nu Mahapinuji.
فَعَّالٌ لِّمَا يُرِيْدُۗ١٦
Fa‘‘ālul limā yurīd(u).
[16]
Nu Mahakawasa midamel naon baé nu dikersakeun ku Mantenna.
هَلْ اَتٰىكَ حَدِيْثُ الْجُنُوْدِۙ١٧
Hal atāka ḥadīṡul-junūd(i).
[17]
Naha geus nepi ka anjeun béja ngeunaan baladna
فِرْعَوْنَ وَثَمُوْدَۗ١٨
Fir‘auna wa ṡamūd(a).
[18]
Fir’aun jeung Samud?
بَلِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فِيْ تَكْذِيْبٍۙ١٩
Balil-lażīna kafarū fī takżīb(in).
[19]
Mémang jalma-jalma kapir téh (salawasna) ngabohongkeun,
وَّاللّٰهُ مِنْ وَّرَاۤىِٕهِمْ مُّحِيْطٌۚ٢٠
Wallāhu miw warā'ihim muḥīṭ(un).
[20]
padahal Allah ngepung ti tukangeun maranéhna (nepi ka moal lolos).
بَلْ هُوَ قُرْاٰنٌ مَّجِيْدٌۙ٢١
Bal huwa qur'ānum majīd(un).
[21]
Malah (anu didustakeun téh) nyaéta Al-Qur’an nu agung,
فِيْ لَوْحٍ مَّحْفُوْظٍ ࣖ٢٢
Fī lauḥim maḥfūẓ(in).
[22]
nu (diteundeun) di jero (tempat) anu kajaga (Loh Mahpud).