Surah Al-Insyiqaq
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِذَا السَّمَاۤءُ انْشَقَّتْۙ١
Iżas-samā'unsyaqqat.
[1]
Lamun langit beulah
وَاَذِنَتْ لِرَبِّهَا وَحُقَّتْۙ٢
Wa ażinat lirabbihā wa ḥuqqat.
[2]
tur turut ka Pangéranana, jeung kitu kuduna.
وَاِذَا الْاَرْضُ مُدَّتْۙ٣
Wa iẓal-arḍu muddat.
[3]
Lamun bumi diratakeun,
وَاَلْقَتْ مَا فِيْهَا وَتَخَلَّتْۙ٤
Wa alqat mā fīhā wa takhallat.
[4]
ngaluarkeun sakabéh nu aya dina eusina nepi ka kosong,
وَاَذِنَتْ لِرَبِّهَا وَحُقَّتْۗ٥
Wa ażinat lirabbihā wa ḥuqqat.
[5]
tur turut ka Pangéranana, jeung kitu kuduna.
يٰٓاَيُّهَا الْاِنْسَانُ اِنَّكَ كَادِحٌ اِلٰى رَبِّكَ كَدْحًا فَمُلٰقِيْهِۚ٦
Yā ayyuhal-insānu innaka kādiḥun ilā rabbika kadḥan fa mulāqīh(i).
[6]
Hé manusa, sabenerna manéh geus gawé tohaga ngajugjug kana (papanggihna jeung) Pangéran manéh. Nya manéh pasti bakal papanggih jeung Mantenna. 938
938) Manusa di ieu dunya, boh sadar boh teu sadar, aya dina lalampahan ka Pangéranana. Pasti manéhna bakal manggihan Mantenna pikeun narima wawales pagaweénna anu goréng atawa anu hadé.
فَاَمَّا مَنْ اُوْتِيَ كِتٰبَهٗ بِيَمِيْنِهٖۙ٧
Fa ammā man ūtiya kitābahū biyamīnih(ī).
[7]
Ku kituna, saha baé jalma anu dibéré kitab ti beulah katuhueunana,
فَسَوْفَ يُحَاسَبُ حِسَابًا يَّسِيْرًاۙ٨
Fa saufa yuḥāsabu ḥisābay yasīrā(n).
[8]
Nya anjeunna bakal dipariksa kalayan pamariksaan anu énténg
وَّيَنْقَلِبُ اِلٰٓى اَهْلِهٖ مَسْرُوْرًاۗ٩
Wa yanqalibu ilā ahlihī masrūrā(n).
[9]
jeung anjeunna bakal mulang ka ahlina (nu sarua iman) kalayan sumbringah.
وَاَمَّا مَنْ اُوْتِيَ كِتٰبَهٗ وَرَاۤءَ ظَهْرِهٖۙ١٠
Wa ammā man ūtiya kitābahū warā'a ẓahrih(ī).
[10]
Sedengkeun saha baé jalma anu dibéré kitab ti tukangeun tonggongna,
فَسَوْفَ يَدْعُوْا ثُبُوْرًاۙ١١
Fa saufa yad‘ū ṡubūrā(n).
[11]
nya manéhna bakal sasambat, “Cilaka kuring!”
وَّيَصْلٰى سَعِيْرًاۗ١٢
Wa yaṣlā sa‘īrā(n).
[12]
Manéhna bakal abus kana seuneu nu ngéntab-ngéntab (naraka).
اِنَّهٗ كَانَ فِيْٓ اَهْلِهٖ مَسْرُوْرًاۗ١٣
Innahū kāna fī ahlihī masrūrā(n).
[13]
Sabenerna manéhna baheula (di dunya) bungah di kulawargana (nu sarua kapir).
اِنَّهٗ ظَنَّ اَنْ لَّنْ يَّحُوْرَ ۛ١٤
Innahū ẓanna allay yaḥūr(a).
[14]
Sabenerna manéhna nyangka yén manéhna moal balik deui (ka Allah).
بَلٰىۛ اِنَّ رَبَّهٗ كَانَ بِهٖ بَصِيْرًاۗ١٥
Balā, inna rabbahū kāna bihī baṣīrā(n).
[15]
Teu kitu! Sabenerna Pangéranana salawasna ningali ka manéhna.
فَلَآ اُقْسِمُ بِالشَّفَقِۙ١٦
Falā uqsimu bisy-syafaq(i).
[16]
Kami sumpah demi layung dina waktu pasosoré,
وَالَّيْلِ وَمَا وَسَقَۙ١٧
Wal-laili wa mā wasaq(a).
[17]
demi peuting jeung naon anu dikumpulkeunana,
وَالْقَمَرِ اِذَا اتَّسَقَۙ١٨
Wal-qamari iżattasaq(a).
[18]
(jeung) demi bulan waktu jadi purnama.
لَتَرْكَبُنَّ طَبَقًا عَنْ طَبَقٍۗ١٩
Latarkabunna ṭabaqan ‘an ṭabaq(in).
[19]
Sabenerna manéh bakal ngaléngkah sahambalan-sahambalan (dina kahirupan). 939
939) Tina sakeclak mani nepi ka dilahirkeunana, terus ngaliwatan mangsa budak, pamuda, jeung nepi ka sawawa. Tina hirup jadi maot, terus dihudangkeun deui.
فَمَا لَهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَۙ٢٠
Famā lahum lā yu'minūn(a).
[20]
Mangka, naha maranéhna teu daék iman?
وَاِذَا قُرِئَ عَلَيْهِمُ الْقُرْاٰنُ لَا يَسْجُدُوْنَ ۗ ۩٢١
Wa iżā quri'a ‘alaihimul-qur'ānu lā yasjudūn(a).
[21]
Waktu Al-Qur’an dibacakeun ka maranéhna, maranéhna teu (daékeun) sujud,
بَلِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا يُكَذِّبُوْنَۖ٢٢
Balil-lażīna kafarū yukażżibūn(a).
[22]
malah jalma-jalma kapir mah ngabohongkeun.
وَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا يُوْعُوْنَۖ٢٣
Wallāhu a‘lamu bimā yū‘ūn(a).
[23]
Allah langkung uninga kana sakabéh nu disumputkeun (dina haté maranéhna).
فَبَشِّرْهُمْ بِعَذَابٍ اَلِيْمٍۙ٢٤
Fa basysyirhum bi‘ażābin alīm(in).
[24]
Ku kituna, tepikeun ka maranéhna (siksaan) nu peurih pisan.
اِلَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ اَجْرٌ غَيْرُ مَمْنُوْنٍ ࣖ٢٥
Illal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lahum ajrun gairu mamnūn(in).
[25]
Kajaba jalma-jalma nu iman tur anu milampah amal soléh. Aranjeunna mah bakal meunang ganjaran nu teu aya kendatna.