Surah Al-Tatfif
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَيْلٌ لِّلْمُطَفِّفِيْنَۙ١
Wailul lil-muṭaffifīn(a).
[1]
Kacilakaan pikeun jalma-jalma nu curang (dina takeran jeung timbangan)!
الَّذِيْنَ اِذَا اكْتَالُوْا عَلَى النَّاسِ يَسْتَوْفُوْنَۖ٢
Allażīna iżaktālū ‘alan-nāsi yastaufūn(a).
[2]
(Nyaéta) jalma-jalma anu upama narima takaran ti batur, maranéhna ménta dicukupkeun.
وَاِذَا كَالُوْهُمْ اَوْ وَّزَنُوْهُمْ يُخْسِرُوْنَۗ٣
Wa iżā kālūhum au wazanūhum yukhsirūn(a).
[3]
(Sabalikna) upama maranéhna naker atawa nimbang (keur batur), maranéhna sok ngurangan.
اَلَا يَظُنُّ اُولٰۤىِٕكَ اَنَّهُمْ مَّبْعُوْثُوْنَۙ٤
Alā yaẓunnu ulā'ika annahum mab‘ūṡūn(a).
[4]
Naha maranéhna téh henteu nyangka yén sabenerna maranéhna téh bakal dihudangkeun
لِيَوْمٍ عَظِيْمٍۙ٥
Liyaumin ‘aẓīm(in).
[5]
dina poé anu gedé (Kiamat),
يَّوْمَ يَقُوْمُ النَّاسُ لِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَۗ٦
Yauma yaqūmun-nāsu lirabbil-‘ālamīn(a).
[6]
(nyaéta) dina poé (nalika) sakabéh manusa dihudangkeun pikeun madep ka Pangéran?
كَلَّآ اِنَّ كِتٰبَ الْفُجَّارِ لَفِيْ سِجِّيْنٍۗ٧
Kallā inna kitābal-fujjāri lafī sijjīn(in).
[7]
Sakali deui ulah kitu! Sabab sabenerna catetan jalma nu doraka téh diteundeun dina jero sijjīn. 935
935) Ngaran kitab anu nyatet sagala pagawéan jalma-jalma anu doraka.
وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا سِجِّيْنٌۗ٨
Wa mā adrāka mā sijjīn(un).
[8]
Naha anjeun nyaho naon ari sijjīn téh?
كِتٰبٌ مَّرْقُوْمٌۗ٩
Kitābum marqūm(un).
[9]
(Nyaéta) kitab nu eusina catetan (amal).
وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَۙ١٠
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[10]
Kacilakaan (dina) éta poé pikeun jalma-jalma anu ngabohongkeun!
الَّذِيْنَ يُكَذِّبُوْنَ بِيَوْمِ الدِّيْنِۗ١١
Allażīna yukażżibūna biyaumid-dīn(i).
[11]
(Nyaéta) jalma-jalma anu ngabohongkeun kana poé wawales.
وَمَا يُكَذِّبُ بِهٖٓ اِلَّا كُلُّ مُعْتَدٍ اَثِيْمٍۙ١٢
Wa mā yukażżibu bihī illā kullu mu‘tadin aṡīm(in).
[12]
Teu aya anu ngabohongkeun (kana poé wawales) anging jalma-jalma anu ngaliwatan wates (tur) doraka.
اِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِ اٰيٰتُنَا قَالَ اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَۗ١٣
Iżā tutlā ‘alaihi āyātunā qāla asāṭīrul-awwalīn(a).
[13]
Upama dibacakeun ka manéhna ayat-ayat Kami, manéhna ngomong kieu, “Éta mah dongéng-dongéng jalma-jalma baheula.”
كَلَّا بَلْ ۜرَانَ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ مَّا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ١٤
Kallā bal…rāna ‘alā qulūbihim mā kānū yaksibūn(a).
[14]
Sakali deui ulah kitu! Malah naon nu ku maranéhna dipigawé téh geus nutupan haténa.
كَلَّآ اِنَّهُمْ عَنْ رَّبِّهِمْ يَوْمَىِٕذٍ لَّمَحْجُوْبُوْنَۗ١٥
Kallā innahum ‘ar rabbihim yauma'iżil lamaḥjūbūn(a).
[15]
Sakali deui ulah kitu! 936 Sabenerna maranéhna dina éta poé téh bener-bener kahalangan tina (rahmat) Pangéranana.
936) Henteu jiga kitu naon nu ku maranéhna diucapkeun téh, yén maranéhna deukeut di mungguhing Pangéran.
ثُمَّ اِنَّهُمْ لَصَالُوا الْجَحِيْمِۗ١٦
Ṡumma innahum laṣālul-jaḥīm(i).
[16]
Sabenerna maranéhna téh bener-bener diasupkeun ka naraka.
ثُمَّ يُقَالُ هٰذَا الَّذِيْ كُنْتُمْ بِهٖ تُكَذِّبُوْنَۗ١٧
Ṡumma yuqālu hāżal-lażī kuntum bihī tukażżibūn(a).
[17]
Terus diucapkeun (ka maranéhna), “Tah ieu téh (siksa) anu baréto ku maranéh dibohongkeun.”
كَلَّآ اِنَّ كِتٰبَ الْاَبْرَارِ لَفِيْ عِلِّيِّيْنَۗ١٨
Kallā inna kitābal-abrāri lafī ‘illiyyīn(a).
[18]
Sakali deui ulah kitu! Sabenerna catetan jalma-jalma nu hadé bener-bener diteundeun dina jero illiyīn 937
937) Ngaran kitab anu nyatet sagala pagawéan jalma-jalma anu ngabakti.
وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا عِلِّيُّوْنَۗ١٩
Wa mā adrāka mā ‘illiyyūn(a).
[19]
Ari anjeun nyaho naon ari illiyīn téh?
كِتٰبٌ مَّرْقُوْمٌۙ٢٠
Kitābum marqūm(un).
[20]
(Nyaéta) kitab nu eusina catetan (amal),
يَّشْهَدُهُ الْمُقَرَّبُوْنَۗ٢١
Yasyhaduhul-muqarrabūn(a).
[21]
anu disaksian ku (malaikat-malaikat) anu dideukeutkeun (ka Allah).
اِنَّ الْاَبْرَارَ لَفِيْ نَعِيْمٍۙ٢٢
Innal-abrāra lafī na‘īm(in).
[22]
Sabenerna jalma-jalma anu bakti téh bener-bener aya di jero (sawarga nu pinuh) kani’matan.
عَلَى الْاَرَاۤىِٕكِ يَنْظُرُوْنَۙ٢٣
‘Alal-arā'iki yanẓurūn(a).
[23]
Aranjeunna (calik) di luhureun dipan-dipan (bari) ngaleupaskeun paningal.
تَعْرِفُ فِيْ وُجُوْهِهِمْ نَضْرَةَ النَّعِيْمِۚ٢٤
Ta‘rifu fī wujūhihim naḍratan na‘īm(i).
[24]
Anjeun bisa ningal tina raray aranjeunna kani’matan anu kalintang limpahna.
يُسْقَوْنَ مِنْ رَّحِيْقٍ مَّخْتُوْمٍۙ٢٥
Yusqauna mir raḥīqim makhtūm(in).
[25]
Aranjeunna dipaparinan inuman tina arak asli (teu ngamabokkeun) anu (tempatna) masih dicapan (minangka jaminan kana kaaslianana).
خِتٰمُهٗ مِسْكٌ ۗوَفِيْ ذٰلِكَ فَلْيَتَنَافَسِ الْمُتَنٰفِسُوْنَۗ٢٦
Khitāmuhū misk(un), wa fī żālika falyatanāfasil-mutanāfisūn(a).
[26]
Tutupna ku kastori. Pikeun nu kitu téh sakuduna jalma-jalma paheula-heula.
وَمِزَاجُهٗ مِنْ تَسْنِيْمٍۙ٢٧
Wa mizājuhū min tasnīm(in).
[27]
Campuranana tina cai tasnīm
عَيْنًا يَّشْرَبُ بِهَا الْمُقَرَّبُوْنَۗ٢٨
‘Ainay yasyrabu bihal-muqarrabūn(a).
[28]
(nyaéta) sumber cai nu diinum ku maranéhna anu dideukeutkeun (ka Allah).
اِنَّ الَّذِيْنَ اَجْرَمُوْا كَانُوْا مِنَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا يَضْحَكُوْنَۖ٢٩
Innal-lażīna ajramū kānū minal-lażīna āmanū yaḍḥakūn(a).
[29]
Sabenerna jalma-jalma doraka téh nyaéta anu baheulana sok ngageuhgeuykeun ka jalma-jalma anu iman.
وَاِذَا مَرُّوْا بِهِمْ يَتَغَامَزُوْنَۖ٣٠
Wa iżā marrū bihim yatagāmazūn(a).
[30]
Upama ningali (jalma-jalma mu’min) ngaliwat di hareupeun maranéhna, matana sok silih delék.
وَاِذَا انْقَلَبُوْٓا اِلٰٓى اَهْلِهِمُ انْقَلَبُوْا فَكِهِيْنَۖ٣١
Wa iżanqalabū ilā ahlihimunqalabū fakihīn(a).
[31]
Upama balik ka kaomna, maranéhna balikna téh kalayan gumbira.
وَاِذَا رَاَوْهُمْ قَالُوْٓا اِنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ لَضَاۤلُّوْنَۙ٣٢
Wa iżā ra'auhum qālū inna hā'ulā'i laḍāllūn(a).
[32]
Upama ningali (jalma-jalma mu’min), pok maranéhna nyarita kieu, “Sabenerna maranéhna téh jalma-jalma anu sasar.”
وَمَآ اُرْسِلُوْا عَلَيْهِمْ حٰفِظِيْنَۗ٣٣
Wa mā ursilū ‘alaihim ḥāfiẓīn(a).
[33]
Padahal maranéhna (jalma-jalma anu doraka téh) henteu diutus pikeun ngajaga (jalma-jalma mu’min).
فَالْيَوْمَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنَ الْكُفَّارِ يَضْحَكُوْنَۙ٣٤
Fal-yaumal-lażīna āmanū minal kuffāri yaḍḥakūn(a).
[34]
Nya dina ieu Poé (Kiamat) jalma-jalma nu iman nu ngageuhgeuykeun jalma-jalma kapir.
عَلَى الْاَرَاۤىِٕكِ يَنْظُرُوْنَۗ٣٥
‘Alal-arā'iki yanẓurūn(a).
[35]
Aranjeunna (calik) dina luhur dipan-dipan (bari) ngalepaskeun paningal.
هَلْ ثُوِّبَ الْكُفَّارُ مَا كَانُوْا يَفْعَلُوْنَ ࣖ٣٦
Hal ṡuwwibal-kuffāru mā kānū yaf‘alūn(a).
[36]
Naha jalma-jalma kapir téh diwales (hukuman) kana sakabéh nu geus dipilampah ku maranéhna?