Surah Al-Infitar
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِذَا السَّمَاۤءُ انْفَطَرَتْۙ١
Iżas-samā'unfaṭarat.
[1]
Upama langit bejad,
وَاِذَا الْكَوَاكِبُ انْتَثَرَتْۙ٢
Wa iżal-kawākibuntaṡarat.
[2]
upama béntang-béntang geus ragrag muruluk,
وَاِذَا الْبِحَارُ فُجِّرَتْۙ٣
Wa iżal-biḥāru fujjirat.
[3]
upama laut geus mawér (nepi ka ngahiji),
وَاِذَا الْقُبُوْرُ بُعْثِرَتْۙ٤
Wa iżal-qubūru bu‘ṡirat.
[4]
jeung upama pakuburan dibongkar,
عَلِمَتْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ وَاَخَّرَتْۗ٥
‘Alimat nafsum mā qaddamat wa akhkharat.
[5]
(mangka) saban jiwa bakal nyaho kana naon nu geus dipilampah jeung naon nu geus ditinggalkeun.
يٰٓاَيُّهَا الْاِنْسَانُ مَا غَرَّكَ بِرَبِّكَ الْكَرِيْمِۙ٦
Yā ayyuhal-insānu mā garraka birabbikal-karīm(i).
[6]
Hé manusa, naon nu geus nipu manéh (migawé doraka) ka Pangéran manéh Nu Mahamulya?
الَّذِيْ خَلَقَكَ فَسَوّٰىكَ فَعَدَلَكَۙ٧
Allażī khalaqaka fa sawwāka fa ‘adalak(a).
[7]
Anu geus nyiptakeun manéh, tuluy nyampurnakeun kajadian manéh, jeung ngajadikeun (éntépan awak) manéh saimbang.
فِيْٓ اَيِّ صُوْرَةٍ مَّا شَاۤءَ رَكَّبَكَۗ٨
Fī ayyi ṣūratim mā syā'a rakkabak(a).
[8]
Dina rupa kumaha baé ogé anu dipikahayang, Mantenna nyusun dedeg pangandeg manéh.
كَلَّا بَلْ تُكَذِّبُوْنَ بِالدِّيْنِۙ٩
Kallā bal tukażżibūna bid-dīn(i).
[9]
Ulah kitu! Malah maranéh ngabohongkeun kana ayana poé wawales.
وَاِنَّ عَلَيْكُمْ لَحٰفِظِيْنَۙ١٠
Wa inna ‘alaikum laḥāfiẓīn(a).
[10]
Sabenerna pikeun maranéh aya (malaikat-malaikat) nu nalingakeun (pagawéan maranéh),
كِرَامًا كٰتِبِيْنَۙ١١
Kirāman kātibīn(a).
[11]
nu mulya (di mungguhing Allah) jeung nu nuliskeun (amal maranéh),
يَعْلَمُوْنَ مَا تَفْعَلُوْنَ١٢
Ya‘lamūna mā taf‘alūn(a).
[12]
jeung nu nyahoeun kana sakabéh anu ku dipigawé ku maranéh.
اِنَّ الْاَبْرَارَ لَفِيْ نَعِيْمٍۙ١٣
Innal-abrāra lafī na‘īm(in).
[13]
Sabenerna jalma-jalma anu bakti téh bener-bener aya dina jero (sawarga nu pinuh) kani’matan.
وَّاِنَّ الْفُجَّارَ لَفِيْ جَحِيْمٍ١٤
Wa innal-fujjāra lafī jaḥīm(in).
[14]
Sabenerna jalma-jalma nu doraka téh bener-bener aya dina jero naraka.
يَصْلَوْنَهَا يَوْمَ الدِّيْنِ١٥
Yaṣlaunahā yaumad-dīn(i).
[15]
Maranéhna bakal asup ka dinya dina poé wawales.
وَمَا هُمْ عَنْهَا بِغَاۤىِٕبِيْنَۗ١٦
Wa mā hum ‘anhā bigā'ibīn(a).
[16]
Maranéhna moal bisa kaluar tina éta (naraka).
وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا يَوْمُ الدِّيْنِۙ١٧
Wa mā adrāka mā yaumud-dīn(i).
[17]
Ari manéh nyaho naon poé wawales téh?
ثُمَّ مَآ اَدْرٰىكَ مَا يَوْمُ الدِّيْنِۗ١٨
Ṡumma mā adrāka mā yaumud-dīn(i).
[18]
Sakali deui, ari manéh nyaho naon poé wawales téh?
يَوْمَ لَا تَمْلِكُ نَفْسٌ لِّنَفْسٍ شَيْـًٔا ۗوَالْاَمْرُ يَوْمَىِٕذٍ لِّلّٰهِ ࣖ١٩
Yauma lā tamliku nafsul linafsin syai'ā(n), wal-amru yauma'iżil lillāh(i).
[19]
(Nyaéta) poé (nalika) saha ogé teu daya teu upaya (nulungan) ka batur saeutik ogé. Sagala urusan dina éta poé mah aya dina kakawasaan Allah.