Surah At-Takwir
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِذَا الشَّمْسُ كُوِّرَتْۖ١
Iżasy-syamsu kuwwirat.
[1]
Upama panonpoé digulungkeun,
وَاِذَا النُّجُوْمُ انْكَدَرَتْۖ٢
Wa iżan-nujūmunkadarat.
[2]
upama béntang-béntang muruluk,
وَاِذَا الْجِبَالُ سُيِّرَتْۖ٣
Wa iżal-jibālu suyyirat.
[3]
upama gunung-gunung dirungkadkeun,
وَاِذَا الْعِشَارُ عُطِّلَتْۖ٤
Wa iżal-‘isyāru ‘uṭṭilat.
[4]
upama onta-onta nu keur reuneuh diantep (teu diurus),
وَاِذَا الْوُحُوْشُ حُشِرَتْۖ٥
Wa iżal-wuḥūsy ḥusyirat.
[5]
upama sasatoan nu liar dikumpulkeun,
وَاِذَا الْبِحَارُ سُجِّرَتْۖ٦
Wa iżal-biḥāru sujjirat.
[6]
upama laut dipanaskeun,
وَاِذَا النُّفُوْسُ زُوِّجَتْۖ٧
Wa iżan-nufūsu zuwwijat.
[7]
upama roh-roh geus dipanggihkeun (jeung ragana),
وَاِذَا الْمَوْءٗدَةُ سُىِٕلَتْۖ٨
Wa iżal-mau'ūdatu su'ilat.
[8]
jeung upama orok-orok awéwé anu diruang kérépés ditanya,
بِاَيِّ ذَنْۢبٍ قُتِلَتْۚ٩
Bi'ayyi żambin qutilat.
[9]
alatan dosa naon manéhna dipaténi?
وَاِذَا الصُّحُفُ نُشِرَتْۖ١٠
Wa iżaṣ-ṣuḥufu nusyirat.
[10]
Upama lambaran-lambaran (catetan amal) geus dibuka salébar-lébarna,
وَاِذَا السَّمَاۤءُ كُشِطَتْۖ١١
Wa iżas-samā'u kusyiṭat.
[11]
upama langit dimusnahkeun,
وَاِذَا الْجَحِيْمُ سُعِّرَتْۖ١٢
Wa iżal-jaḥīmu su‘‘irat.
[12]
upama (naraka) Jahim dihurungkeun,
وَاِذَا الْجَنَّةُ اُزْلِفَتْۖ١٣
Wa iżal-jannatu uzlifat.
[13]
upama sawarga dideukeutkeun,
عَلِمَتْ نَفْسٌ مَّآ اَحْضَرَتْۗ١٤
‘Alimat nafsum mā aḥḍarat.
[14]
sakur jalma bakal nyaho naon anu geus dipigawé.
فَلَآ اُقْسِمُ بِالْخُنَّسِۙ١٥
Falā uqsimu bil-khunnas(i).
[15]
Kami sumpah demi béntang-béntang
الْجَوَارِ الْكُنَّسِۙ١٦
Al-jawāril-kunnas(i).
[16]
anu muter jeung teuleum.
وَالَّيْلِ اِذَا عَسْعَسَۙ١٧
Wal-laili iżā ‘as‘as(a).
[17]
Demi peuting waktu geus janari.
وَالصُّبْحِ اِذَا تَنَفَّسَۙ١٨
Waṣ-ṣubḥi iżā tanaffas(a).
[18]
Demi subuh waktu pajar geus moncorong.
اِنَّهٗ لَقَوْلُ رَسُوْلٍ كَرِيْمٍۙ١٩
Innahū laqaulu rasūlin karīm(in).
[19]
Sabenerna (Al-Qur’an) téh bener-bener dawuhan (Allah anu dibawa ku) utusan anu mulya (Jibril),
ذِيْ قُوَّةٍ عِنْدَ ذِى الْعَرْشِ مَكِيْنٍۙ٢٠
Żī quwwatin ‘inda żil-‘arsyi makīn(in).
[20]
nu bogaeun kakuatan jeung nu ngabogaan kalungguhan luhur di mungguhing (Allah) nu kagungan Arasy,
مُّطَاعٍ ثَمَّ اَمِيْنٍۗ٢١
Muṭā‘in ṡamma amīn(in).
[21]
nu di ditu (Jibril téh) diturut tur dipercaya.
وَمَا صَاحِبُكُمْ بِمَجْنُوْنٍۚ٢٢
Wa mā ṣāḥibukum bimajnūn(in).
[22]
Sobat hidep (Muhammad) téh lain jalma gélo.
وَلَقَدْ رَاٰهُ بِالْاُفُقِ الْمُبِيْنِۚ٢٣
Wa laqad ra'āhu bil-ufuqil-mubīn(i).
[23]
Sabenerna anjeunna (Muhammad) geus ningali anjeunna (Jibril) di upuk nu caang.
وَمَا هُوَ عَلَى الْغَيْبِ بِضَنِيْنٍۚ٢٤
Wa mā huwa ‘alal-gaibi biḍanīn(in).
[24]
Anjeunna (Muhammad) lain jalma nu kikir (embung) nerangkeun nu gaib.
وَمَا هُوَ بِقَوْلِ شَيْطٰنٍ رَّجِيْمٍۚ٢٥
Wa mā huwa biqauli syaiṭānir rajīm(in).
[25]
(Al-Qur’an) téh lain ucapan sétan anu di la’nat.
فَاَيْنَ تَذْهَبُوْنَۗ٢٦
Fa aina tażhabūn(a).
[26]
Nya dek ka mana maranéh bakal indit? 934
934) Sanggeus ditétélakeun yén Al-Qur’an téh bener-bener datang ti Allah jeung di jerona aya atikan tur pituduh nu mimpin manusa kana jalan anu lempeng, mangka ditanyakeun ka jalma-jalma kapir, “Jalan mana anu bakal ditempuh ku maranéh?”
اِنْ هُوَ اِلَّا ذِكْرٌ لِّلْعٰلَمِيْنَۙ٢٧
In huwa illā żikrul lil-‘ālamīn(a).
[27]
(Al-Qur’an) téh teu aya lian kajaba pangéling-ngéling keur sakumna pangeusi alam.
لِمَنْ شَاۤءَ مِنْكُمْ اَنْ يَّسْتَقِيْمَۗ٢٨
Liman syā'a minkum ay yastaqīm(a).
[28]
(Nyaéta) pikeun saha baé ti antara maranéh anu miharep nyukcruk jalan nu lempeng.
وَمَا تَشَاۤءُوْنَ اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ اللّٰهُ رَبُّ الْعٰلَمِيْنَ ࣖ٢٩
Wa mā tasyā'ūna illā ay yasyā'allāhu rabbul-‘ālamīn(a).
[29]
Maranéh moal bisa miharep (nyukcruk éta jalan), kajaba lamun dikersakeun ku Allah, Pangéran sakumna alam.