Surah `Abasa

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
عَبَسَ وَتَوَلّٰىٓۙ١
‘Abasa wa tawallā.
[1] Anjeunna (Muhammad) rarayna baeud sarta ngabalieur,

اَنْ جَاۤءَهُ الْاَعْمٰىۗ٢
An jā'ahul-a‘mā.
[2] pédah aya jalma lolong (Abdullah bin Umi Maktum) datang ka anjeunna.

وَمَا يُدْرِيْكَ لَعَلَّهٗ يَزَّكّٰىٓۙ٣
Wa mā yudrīka la‘allahū yazzakkā.
[3] Regepkeun ku hidep (Muhammad) boa-boa manéhna téh hayangeun nyucikeun diri (tina dosa),

اَوْ يَذَّكَّرُ فَتَنْفَعَهُ الذِّكْرٰىۗ٤
Au yażżakkaru fatanfa‘ahuż-żikrā.
[4] atawa manéhna (hayang) meunang panggeuing anu méré mangpaat keur manéhna?

اَمَّا مَنِ اسْتَغْنٰىۙ٥
Ammā manistagnā.
[5] Ka jalma anu ngarasa dirina sarba kacukupan (pupuhu Qurés),

فَاَنْتَ لَهٗ تَصَدّٰىۗ٦
Fa anta lahū taṣaddā.
[6] hidep (Muhammad) mah méré panggeuing ka manéhna.

وَمَا عَلَيْكَ اَلَّا يَزَّكّٰىۗ٧
Wa mā ‘alaika allā yazzakkā.
[7] Padahal moal aya (rugina) pikeun hidep lamun seug manéhna teu nyucikeun diri (iman).

وَاَمَّا مَنْ جَاۤءَكَ يَسْعٰىۙ٨
Wa ammā man jā'aka yas‘ā.
[8] Anapon (ka) jalma nu datang ka hidep kalayan gancang (pikeun ngalap panggeuing),

وَهُوَ يَخْشٰىۙ٩
Wa huwa yakhsyā.
[9] bari manéhna sieun ku (Allah),

فَاَنْتَ عَنْهُ تَلَهّٰىۚ١٠
Fa anta ‘anhu talahhā.
[10] hidep (Muhammad) malah teu maliré.

كَلَّآ اِنَّهَا تَذْكِرَةٌ ۚ١١
Kallā innahā tażkirah(tun).
[11] Ulah (kitu)! Sabenerna (ajaran-ajaran Allah) téh mangrupakeun panggeuing.

فَمَنْ شَاۤءَ ذَكَرَهٗ ۘ١٢
Faman syā'a żakarah(ū).
[12] Ku kituna, saha baé nu miharep kana éta (panggeuing), tangtu manéhna bakal nengetkeunana,

فِيْ صُحُفٍ مُّكَرَّمَةٍۙ١٣
Fī ṣuḥufim mukarrmah(tin).
[13] dina jero kitab-kitab anu diagungkeun (di mungguhing Allah),

مَّرْفُوْعَةٍ مُّطَهَّرَةٍ ۢ ۙ١٤
Marfū‘atim muṭahharah(tin).
[14] anu diluhungkeun (tur) disucikeun,

بِاَيْدِيْ سَفَرَةٍۙ١٥
Bi'aidī safarah(tin).
[15] dina leungeun para utusan (para malaikat),

كِرَامٍۢ بَرَرَةٍۗ١٦
Kirāmim bararah(tin).
[16] nu agung ogé ngabakti.

قُتِلَ الْاِنْسَانُ مَآ اَكْفَرَهٗۗ١٧
Qutilal-insānu mā akfarah(ū).
[17] Cilaka manusa! Kacida kupurna manéhna téh!

مِنْ اَيِّ شَيْءٍ خَلَقَهٗۗ١٨
Min ayyi syai'in khalaqah(ū).
[18] Tina naon Mantenna (Allah) nyiptakeun manéhna?

مِنْ نُّطْفَةٍۗ خَلَقَهٗ فَقَدَّرَهٗۗ١٩
Min nuṭfah(tin), khalaqahū fa qaddarah(ū).
[19] Mantenna nyiptakeunana tina sakeclak cai mani, terus nangtukeun (takdir)na, 932
932) Nangtukeun tahapan-tahapan kajadianana, umurna, rijkina, jeung nasibna.

ثُمَّ السَّبِيْلَ يَسَّرَهٗۙ٢٠
Ṡummas-sabīla yassarah(ū).
[20] terus Mantenna ngagampangkeun jalanna, 933
933) Ngagampangkeun lahiranana atawa méré kasadiaan ka manéhna pikeun ngalakonan jalan anu bener atawa jalan nu sasar.

ثُمَّ اَمَاتَهٗ فَاَقْبَرَهٗۙ٢١
Ṡumma amātahū fa aqbarah(ū).
[21] terus Mantenna ngamaotkeun jeung nguburkeunana,

ثُمَّ اِذَا شَاۤءَ اَنْشَرَهٗۗ٢٢
Ṡumma iżā syā'a ansyarah(ū).
[22] terus lamun seug ngersakeun, Mantenna pasti ngahudangkeunana deui.

كَلَّا لَمَّا يَقْضِ مَآ اَمَرَهٗۗ٢٣
Kallā lammā yaqḍi mā amarah(ū).
[23] Sakali deui ulah (kitu)! Manéhna (manusa) téh can nyumponan kana naon anu ku Mantenna diparéntahkeun ka manéhna.

فَلْيَنْظُرِ الْاِنْسَانُ اِلٰى طَعَامِهٖٓ ۙ٢٤
Falyanẓuril-insānu ilā ṭa‘āmih(ī).
[24] Ku kituna, atuh sakuduna manusa téh niténan kana kadaharanana.

اَنَّا صَبَبْنَا الْمَاۤءَ صَبًّاۙ٢٥
Annā ṣababnal-mā'a ṣabbā(n).
[25] Sabenerna Kami geus ngucurkeun cai (ti langit) nu walatra,

ثُمَّ شَقَقْنَا الْاَرْضَ شَقًّاۙ٢٦
Ṡumma syaqaqnal-arḍa syaqqā(n).
[26] terus Kami ngabeulah bumi kalayan sahadé-hadéna,

فَاَنْۢبَتْنَا فِيْهَا حَبًّاۙ٢٧
Fa'ambatnā fīhā ḥabbā(n).
[27] terus di dinya Kami nuwuhkeun sisikian,

وَّعِنَبًا وَّقَضْبًاۙ٢٨
Wa ‘inabaw wa qaḍbā(n).
[28] anggur, sayur-sayuran,

وَّزَيْتُوْنًا وَّنَخْلًاۙ٢٩
Wa zaitūnaw wa nakhlā(n).
[29] jaitun, tangkal korma,

وَّحَدَاۤىِٕقَ غُلْبًا٣٠
Wa ḥadā'iqa gulbā(n).
[30] kebon-kebon (nu) éndah,

وَفَاكِهَةً وَّاَبًّا٣١
Wa fākihataw wa abbā(n).
[31] bubuahan, jeung jujukutan.

مَتَاعًا لَّكُمْ وَلِاَنْعَامِكُمْۗ٣٢
Matā‘al lakum wa li'an‘āmikum.
[32] (Kabéhanana) pikeun kabungahan jeung ingon-ingon maranéh.

فَاِذَا جَاۤءَتِ الصَّاۤخَّةُ ۖ٣٣
Fa iżā jā'atiṣ-ṣākhkhah(tu).
[33] Nya upama datang sora nu matak torék (tiupan sangkakala nu kadua),

يَوْمَ يَفِرُّ الْمَرْءُ مِنْ اَخِيْهِۙ٣٤
Yauma yafirrul-mar'u min akhīh(i).
[34] dina poéan jalma lalumpatan ti dulurna,

وَاُمِّهٖ وَاَبِيْهِۙ٣٥
Wa ummihī wa abīh(i).
[35] ti indung tur bapana,

وَصَاحِبَتِهٖ وَبَنِيْهِۗ٣٦
Wa ṣāḥibatihī wa banīh(i).
[36] jeung ti anak tur pamajikanana.

لِكُلِّ امْرِئٍ مِّنْهُمْ يَوْمَىِٕذٍ شَأْنٌ يُّغْنِيْهِۗ٣٧
Likullimri'im minhum yauma'iżin sya'nuy yugnīh(i).
[37] Sakur jalma ti maranéhna dina éta poé ngabogaan urusan nu matak ngaripuhkeun.

وُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍ مُّسْفِرَةٌۙ٣٨
Wujūhuy yauma'iżim musfirah(tun).
[38] Dina éta poé aya beungeut-beungeut nu marahmay,

ضَاحِكَةٌ مُّسْتَبْشِرَةٌ ۚ٣٩
Ḍāḥikatum mustabsyirah(tun).
[39] seuri, tur bungah.

وَوُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍ عَلَيْهَا غَبَرَةٌۙ٤٠
Wa wujūhuy yauma'iżin ‘alaihā gabarah(tun).
[40] Dina éta poé aya (ogé) beungeut-beungeut anu katutupan kebul (burem)

تَرْهَقُهَا قَتَرَةٌ ۗ٤١
Tarhaquhā qatarah(tun).
[41] tur katutup ku poék (ditibanan ku kahinaan jeung kasusah).

اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْكَفَرَةُ الْفَجَرَةُ ࣖ٤٢
Ulā'ika humul-kafaratul-fajarah(tu).
[42] Maranéhna téh jalma-jalma kapir anu doraka.