Surah Al-Anfal
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الْاَنْفَالِۗ قُلِ الْاَنْفَالُ لِلّٰهِ وَالرَّسُوْلِۚ فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَصْلِحُوْا ذَاتَ بَيْنِكُمْ ۖوَاَطِيْعُوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗٓ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١
Yas'alūnaka ‘anil-anfāl(i), qulil-anfālu lillāhi war-rasūl(i), fattaqullāha wa aṣliḥū żāta bainikum, wa aṭī‘ullāha wa rasūlahū in kuntum mu'minīn(a).
[1]
Aranjeunna nanyakeun ka hidep (Muhammad) ngeunaan (pangbagian) harta rampasan perang. Pék caritakeun, “Harta rampasan perang téh kagungan Allah sareng Rasul (mungguh katangtuan Allah jeung Rasul-Na). Mangka, kudu takwa aranjeun ka Allah jeung geura oméan hubungan jeung sasama sarta sing ta’at ka Allah jeung ka Rasul-Na upama aranjeun jalma-jalma iman mah.”
اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ الَّذِيْنَ اِذَا ذُكِرَ اللّٰهُ وَجِلَتْ قُلُوْبُهُمْ وَاِذَا تُلِيَتْ عَلَيْهِمْ اٰيٰتُهٗ زَادَتْهُمْ اِيْمَانًا وَّعَلٰى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُوْنَۙ٢
Innamal-mu'minūnal-lażīna iżā żukirallāhu wajilat qulūbuhum wa iżā tuliyat ‘alaihim āyātuhū zādathum īmānaw wa ‘alā rabbihim yatawakkalūn(a).
[2]
Saenyana jalma-jalma anu iman téh nyaéta jalma-jalma anu upama disebut jenengan Allah, 368 mangka ngageter haténa. Lamun seug dibacakeun ayat-ayat-Na ka aranjeunna, mangka tambah-tambah (kuat) imanna, sarta ngan ka Pangéranana aranjeunna tawakal.
368) Kaasup ogé kana maksud ieu ayat nyaéta jalma-jalma anu nyebut sipat-sipat nu eusina ngaagungkeun sareng ngamulyakeun Allah.
الَّذِيْنَ يُقِيْمُوْنَ الصَّلٰوةَ وَمِمَّا رَزَقْنٰهُمْ يُنْفِقُوْنَۗ٣
Al-lażīna yuqīmūnaṣ-ṣalāta wa mimmā razaqnāhum yunfiqūn(a).
[3]
(Nyaéta) jalma-jalma nu ngadegkeun salat jeung nu ngainpakkeun sabagian rejeki nu ku Kami geus dibikeun ka aranjeunna.
اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُؤْمِنُوْنَ حَقًّاۗ لَهُمْ دَرَجٰتٌ عِنْدَ رَبِّهِمْ وَمَغْفِرَةٌ وَّرِزْقٌ كَرِيْمٌۚ٤
Ulā'ika humul-mu'minūna ḥaqqā(n), lahum darajātun ‘inda rabbihim wa magfiratuw wa rizqun karīm(un).
[4]
Nya aranjeunna téh jalma-jalma nu bener-bener iman. Pikeun aranjeunna darajat (luhung) di mungguhing Pangéranana, pangampura, tur rejeki (ni’mat) anu mulya.
كَمَآ اَخْرَجَكَ رَبُّكَ مِنْۢ بَيْتِكَ بِالْحَقِّۖ وَاِنَّ فَرِيْقًا مِّنَ الْمُؤْمِنِيْنَ لَكٰرِهُوْنَ٥
Kamā akhrajaka rabbuka mim baitika bil-ḥaqq(i), wa inna farīqam minal-mu'minīna lakārihūn(a).
[5]
(Éta kajadian téh) 369 sakumaha Pangéran hidep miwarang ka hidep supaya indit ti imah kalayan (dumasar kana) bebeneran, sanajan sabagaian jalma-jalma nu iman téh teu mikaresep.
369) Sawaréh sahabat Nabi ngarasa beurat ku katangtuan pambagian harta boyongan perang, sakumaha maranéhna ngarasa beurat ogé kana paréntah Allah pikeun ngalakonan Perang Badar.
يُجَادِلُوْنَكَ فِى الْحَقِّ بَعْدَمَا تَبَيَّنَ كَاَنَّمَا يُسَاقُوْنَ اِلَى الْمَوْتِ وَهُمْ يَنْظُرُوْنَ ۗ٦
Yujādilūnaka fil-ḥaqqi ba‘da mā tabayyana ka'annamā yusāqūna ilal-mauti wa hum yanẓurūn(a).
[6]
Maranéhna ngabantah ka hidep (Muhammad) ngeunaan bebeneran (paréntah milu Perang Badar) sanggeusna tétéla (kalawan janji ti Allah yén maranéhna pasti meunang), saolah-olah maranéhna ngarasa digiring kana pimaoteun jeung nénjo (sabab-sabab éta pimaoteun).
وَاِذْ يَعِدُكُمُ اللّٰهُ اِحْدَى الطَّاۤىِٕفَتَيْنِ اَنَّهَا لَكُمْ وَتَوَدُّوْنَ اَنَّ غَيْرَ ذَاتِ الشَّوْكَةِ تَكُوْنُ لَكُمْ وَيُرِيْدُ اللّٰهُ اَنْ يُّحِقَّ الْحَقَّ بِكَلِمٰتِهٖ وَيَقْطَعَ دَابِرَ الْكٰفِرِيْنَۙ٧
Wa iż ya‘idukumullāhu iḥdaṭ-ṭā'ifataini annahā lakum wa tawaddūna anna gaira żātisy-syaukati takūnu lakum wa yurīdullāhu ay yuḥiqqal-ḥaqqa bikalimātihī wa yaqṭa‘a dābiral-kāfirīn(a).
[7]
(Sing inget) nalika Allah ngajangjikeun ka aranjeun yén salah sahiji ti antara dua golongan 370 (nu ku aranjeun dihareupan) téh nyaéta milik aranjeun, sedengkeun aranjeun miharep yén anu teu boga kakuatan sanjata téh éta milik aranjeun. Tapi Allah rék netepkeun anu bener (Islam) ku katangtuana-Na jeung ngamusnahkeun jalma-jalma kapir nepi ka akar-akarna,
370) Rombongan Abu Sofyan anu mawa dagangan ti Syiria. Anapon rombongan anu dilengkepan ku pakarang perang nyaéta rombongan anu datang ti Mekah ni dipingpin ku Uthbah bin Rabi’ah jeung Abu Jahal.
لِيُحِقَّ الْحَقَّ وَيُبْطِلَ الْبَاطِلَ وَلَوْ كَرِهَ الْمُجْرِمُوْنَۚ٨
Liyuḥiqqal-ḥaqqa wa yubṭilal-bāṭila wa lau karihal-mujrimūn(a).
[8]
sangkan Allah netepkeun anu bener (Islam) jeung ngaleungitkeun anu batil (sirik), sanajan jalma-jalma nu boga dosa (musrik) téh teu resepeun.
اِذْ تَسْتَغِيْثُوْنَ رَبَّكُمْ فَاسْتَجَابَ لَكُمْ اَنِّيْ مُمِدُّكُمْ بِاَلْفٍ مِّنَ الْمَلٰۤىِٕكَةِ مُرْدِفِيْنَ٩
Iż tastagīṡūna rabbakum fastajāba lakum annī mumiddukum bi'alfim minal-malā'ikati murdifīn(a).
[9]
(Sing inget) nalika aranjeun ménta pitulung ka Pangéran aranjeun, tuluy Mantenna nedunan pikeun aranjeun (bari ngadawuh), “Sabenerna Kami rék ngadatangkeun bala bantuan keur aranjeun sarébu malaikat nu datangna ngantai terus-terusan.”
وَمَا جَعَلَهُ اللّٰهُ اِلَّا بُشْرٰى وَلِتَطْمَىِٕنَّ بِهٖ قُلُوْبُكُمْۗ وَمَا النَّصْرُ اِلَّا مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ ࣖ١٠
Wa mā ja‘alahullāhu illā busyrā wa litaṭma'inna bihī qulūbukum, wa man-naṡru illā min ‘indillāh(i), innallāha ‘azīzun ḥakīm(un).
[10]
Allah teu ngajantenkeun (éta bala bantuan) anging jadi béja pikabungaheun jeung supaya haté aranjeun jadi tengtrem ku sabab éta. Kaunggulan téh ngan aya di mungguhing Allah wungkul. Sabenerna Allah mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
اِذْ يُغَشِّيْكُمُ النُّعَاسَ اَمَنَةً مِّنْهُ وَيُنَزِّلُ عَلَيْكُمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً لِّيُطَهِّرَكُمْ بِهٖ وَيُذْهِبَ عَنْكُمْ رِجْزَ الشَّيْطٰنِ وَلِيَرْبِطَ عَلٰى قُلُوْبِكُمْ وَيُثَبِّتَ بِهِ الْاَقْدَامَۗ١١
Iż yugasysyīkumun-nu‘āsa amanatam minhu wa yunazzilu ‘alaikum minas-samā'i mā'al liyuṭahhirakum bihī wa yużhiba ‘ankum rijzasy-syaiṭāni wa liyarbiṭa ‘alā qulūbikum wa yuṡabbita bihil-aqdām(a).
[11]
(Sing inget) nalika Allah ngajadikeun anjeun tunduh minangka katengtreman ti Mantenna, sarta nurunkeun cai (hujan) ti langit ka aranjeun pikeun nyucikeun aranjeun ku éta (hujan), ngaleungitkeun gangguan-gangguan sétan tina diri aranjeun, mengkuhkeun haté aranjeun, jeung mancegkeun dampal suku aranjeun.
اِذْ يُوْحِيْ رَبُّكَ اِلَى الْمَلٰۤىِٕكَةِ اَنِّيْ مَعَكُمْ فَثَبِّتُوا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْاۗ سَاُلْقِيْ فِيْ قُلُوْبِ الَّذِيْنَ كَفَرُوا الرُّعْبَ فَاضْرِبُوْا فَوْقَ الْاَعْنَاقِ وَاضْرِبُوْا مِنْهُمْ كُلَّ بَنَانٍۗ١٢
Iż yūḥī rabbuka ilal-malā'ikati annī ma‘akum fa ṡabbitul-lażīna āmanū, sa'ulqī fī qulūbil-lażīna kafarur-ru‘ba faḍribū fauqal-a‘nāqi waḍribū minhum kulla banān(in).
[12]
(Sing inget) nalika Pangéran hidep nurunkeun wahyu ka para malaikat, “Sabenerna Kami marengan aranjeun. Ku kituna, pék pancegkeun (pamadegan) jalma-jalma nu geus iman. Engké Kami bakal nibankeun rasa sieun dina haté-haté jalma-jalma kapir. Ku kituna, geura sabet bagian luhur beuheung maranéhna jeung teukteuk tungtung ramo-ramo maranéhna!” 371
371) Nu dimaksud tungtung ramo di dieu nyaéta leungeun jeung suku.
ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ شَاۤقُّوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗۚ وَمَنْ يُّشَاقِقِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ فَاِنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِ١٣
Żālika bi'annahum syāqqullāha wa rasūlah(ū), wa may yusyāqiqillāha wa rasūlahū fa innallāha syadīdul-‘iqāb(i).
[13]
(Katangtuan) nu kitu téh nyaéta ku sabab saenyana maranéhna nangtang ka Allah jeung ka Rasul-Na. Saha baé jalma anu nangtang ka Allah jeung Rasul-Na, sabenerna Allah mah anu pohara beurat siksaan-Na.
ذٰلِكُمْ فَذُوْقُوْهُ وَاَنَّ لِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابَ النَّارِ١٤
Żālikum fa żūqūhu wa anna lil-kāfirīna ‘ażāban-nār(i).
[14]
Tah saperti kitu (hukuman dunya nu ditibankeun ka maranéhna). Ku kituna, pék geura rasakeun éta hukuman téh! (Dina Poé Kiamat engké) sabenerna pikeun jalma-jalma kapir mah siksa naraka.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا لَقِيْتُمُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا زَحْفًا فَلَا تُوَلُّوْهُمُ الْاَدْبَارَۚ١٥
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā laqītumul-lażīna kafarū zaḥfan falā tuwallūhumul-adbār(a).
[15]
Hé jalma-jalma nu iman, upama aranjeun paamprok jeung jalma-jalma kapir nu bakal nyerang aranjeun, omat ulah balik deui nukangan maranéhna (mundur)!
وَمَنْ يُّوَلِّهِمْ يَوْمَىِٕذٍ دُبُرَهٗٓ اِلَّا مُتَحَرِّفًا لِّقِتَالٍ اَوْ مُتَحَيِّزًا اِلٰى فِئَةٍ فَقَدْ بَاۤءَ بِغَضَبٍ مِّنَ اللّٰهِ وَمَأْوٰىهُ جَهَنَّمُ ۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ١٦
Wa may yuwallihim yauma'iżin duburahū illā mutaḥarrifal liqitālin au mutaḥayyizan ilā fi'atin faqad bā'a bigaḍabim minallāhi wa ma'wāhu jahannam(u), wa bi'sal-maṣīr(u).
[16]
Saha baé jalma anu mundur dina éta waktu, kajaba ngabélok pikeun ngatur (siasat) perang atawa rék ngagabung jeung pasukan séjénna, nya manéhna pasti bakal balik mawa kamurkaan Allah. Tempatna ogé nyaéta naraka Jahanam. (Éta téh) paggoréng-goréngna tempat pangbalikan.
فَلَمْ تَقْتُلُوْهُمْ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ قَتَلَهُمْۖ وَمَا رَمَيْتَ اِذْ رَمَيْتَ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ رَمٰىۚ وَلِيُبْلِيَ الْمُؤْمِنِيْنَ مِنْهُ بَلَاۤءً حَسَنًاۗ اِنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ١٧
Falam taqtulūhum wa lākinnallāha qatalahum, wa mā ramaita iż ramaita wa lākinallāha ramā, wa liyubliyal-mu'minīna minhu balā'an ḥasanā(n), innallāha samī‘un ‘alīm(un).
[17]
Mangka, (sabenerna mah) lain aranjeun nu maéhan maranéhna téh, tapi Allah anu maéhan maranéhna. Lain hidep nu malédog waktu hidep malédog téh, tapi Allah nu malédog. (Allah midamel kitu téh pikeun ngabinasakeun maranéhna) jeung maparin kaunggulan ka jalma-jalma mu’min kalayan kaunggulan anu hadé. 372 Sabenerna Allah mah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
372) Ieu kajadian téh ngeunaan Perang Badar sakumaha diriwayatkeun ku Ibn Abbas. Anjeunna nyaritakeun yén waktu Perang Badar, Nabi Muhammad nyarios ka Ali, “Cing pang nyokotkeun sakeupeul keusik!” Ali langsung nyandak teras dipasihkeun ka anjeunna. Saterasna anjeunna ngawurkeun éta keusik kana beungeutna musuh nepi ka euweuh saorang ogé nu matana lolos ti anjeunna. Ku sabab éta, ancur tah maranéhna téh.” (H.R. al-Tabrani).
ذٰلِكُمْ وَاَنَّ اللّٰهَ مُوْهِنُ كَيْدِ الْكٰفِرِيْنَ١٨
Żālikum wa annallāha mūhinu kaidil-kāfirīn(a).
[18]
Éta téh (nyaéta kaunggulan anu gedé). Sabenerna Allah ngalemahkeun tipu daya jalma-jalma kapir.
اِنْ تَسْتَفْتِحُوْا فَقَدْ جَاۤءَكُمُ الْفَتْحُۚ وَاِنْ تَنْتَهُوْا فَهُوَ خَيْرٌ لَّكُمْۚ وَاِنْ تَعُوْدُوْا نَعُدْۚ وَلَنْ تُغْنِيَ عَنْكُمْ فِئَتُكُمْ شَيْـًٔا وَّلَوْ كَثُرَتْۙ وَاَنَّ اللّٰهَ مَعَ الْمُؤْمِنِيْنَ ࣖ١٩
In tastaftiḥū faqad jā'akumul-fatḥ(u), wa in tantahū fa huwa khairul lakum, wa in ta‘ūdū na‘ud, wa lan tugniya ‘ankum fi'atukum syai'aw wa lau kaṡurat, wa anallāha ma‘al-mu'minīn(a).
[19]
Upama maranéh (kaom kapir) ménta kaputusan (ngeunaan pihak mana anu bener), tétéla éta kaputusan téh geus datang ka maranéh (nyaéta kaunggulan kaom muslimin dina Perang Badar). Lamun seug maranéh eureun (ngamusuhan ka Rasul), nya éta téh leuwih alus pikeun maranéh. (Tapi) lamun seug maranéh balik deui (migawé kadoliman anu sarupa), tangtu Kami bakal balik (ngéléhkeun maranéh). Pasukan manéh téh saeutik ogé moal bisa nolak marabahaya ti maranéh sok sanajan (jumlahna loba). Sabenerna Allah nyarengan ka jalma-jalma nu iman.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَطِيْعُوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَلَا تَوَلَّوْا عَنْهُ وَاَنْتُمْ تَسْمَعُوْنَ٢٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanū aṭī‘ullāha wa rasūlahū wa lā tawallau ‘anhu wa antum tasma‘ūn(a).
[20]
Hé jalma-jalma nu iman, kudu ta’at ka Allah jeung ka Rasul-Na jeung omat ulah ngabalieur ti Mantenna, padahal aranjeun ngadéngé (paréntah-paréntah jeung cegahanana).
وَلَا تَكُوْنُوْا كَالَّذِيْنَ قَالُوْا سَمِعْنَا وَهُمْ لَا يَسْمَعُوْنَۚ٢١
Wa lā takūnū kal-lażīna qālū sami‘nā wa hum lā yasma‘ūn(a).
[21]
Poma aranjeun ulah saperti jalma-jalma (munapék jeung musrik) anu nyarita kieu, “Kuring saréréa mah ngadéngékeun,” padahal maranéhna teu ngadéngékeun (teu ngalaksanakeun).
۞ اِنَّ شَرَّ الدَّوَاۤبِّ عِنْدَ اللّٰهِ الصُّمُّ الْبُكْمُ الَّذِيْنَ لَا يَعْقِلُوْنَ٢٢
Inna syarrad-dawābbi ‘indallāhiṣ-ṣummul-bukmul-lażīna lā ya‘qilūn(a).
[22]
Saenyana panggoréng-goréngna mahluk nu kumarayap di luhureun bumi mungguhing Allah mah nyaéta nu torék jeung nu pireu (teu daék ngadéngé jeung teu daék ngomong kahadéan), nyaéta jalma-jalma nu teu ngarti.
وَلَوْ عَلِمَ اللّٰهُ فِيْهِمْ خَيْرًا لَّاَسْمَعَهُمْۗ وَلَوْ اَسْمَعَهُمْ لَتَوَلَّوْا وَّهُمْ مُّعْرِضُوْنَ٢٣
Wa lau ‘alimallāhu fīhim khairal la'asma‘ahum, wa lau asma‘ahum latawallau wa hum mu‘riḍūn(a).
[23]
Lamun seug Allah uninga aya kahadéan di diri maranéhna, tangtu Mantenna bakal ngersakeun maranéhna bisa ngadéngé. 373 Lamun seug Allah ngajadikeun maranéhna bisa ngadéngé, tangtu maranéhna ngabalieur jeung maranéhna mémang ngabalieurkeun diri.
373) Ieu teu ngandung harti yén Allah téh teu uninga. Allah pastina Mahauninga yén dina diri maranéhna téh euweuh kahadéan.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اسْتَجِيْبُوْا لِلّٰهِ وَلِلرَّسُوْلِ اِذَا دَعَاكُمْ لِمَا يُحْيِيْكُمْۚ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ يَحُوْلُ بَيْنَ الْمَرْءِ وَقَلْبِهٖ وَاَنَّهٗٓ اِلَيْهِ تُحْشَرُوْنَ٢٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanustajībū lillāhi wa lir-rasūli iżā da‘ākum limā yuḥyīkum, wa‘lamū annallāha yaḥūlu bainal-mar'i wa qalbihī wa annahū ilaihi tuḥsyarūn(a).
[24]
He jalma-jalma nu iman, geura cumponan pangajak Allah jeung Rasul-Na (Muhammad) upama anjeunna ngajak ka aranjeun kana sagala rupa anu méré kahirupan ka aranjeun. Sing nyaho yén sabenerna Allah méré wates antara jalma jeung haténa. 374 Saenyana mung ka Allah wungkul aranjeun bakal dikumpulkeun.
374) Allah anu ngawasa kana haté manusa.
وَاتَّقُوْا فِتْنَةً لَّا تُصِيْبَنَّ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْكُمْ خَاۤصَّةً ۚوَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِ٢٥
Wattaqū fitnatal lā tuṣībannal-lażīna ẓalamū minkum khāṣṣah(tan), wa‘lamū annallāha syadīdul-‘iqāb(i).
[25]
Geura jaga diri aranjeun tina siksaan nu datangna lain ngan saukur ka jalma-jalma nu dolim wungkul ti antara aranjeun. Kanyahokeun yén sabenerna Allah téh Mahabeurat siksa-Na.
وَاذْكُرُوْٓا اِذْ اَنْتُمْ قَلِيْلٌ مُّسْتَضْعَفُوْنَ فِى الْاَرْضِ تَخَافُوْنَ اَنْ يَّتَخَطَّفَكُمُ النَّاسُ فَاٰوٰىكُمْ وَاَيَّدَكُمْ بِنَصْرِهٖ وَرَزَقَكُمْ مِّنَ الطَّيِّبٰتِ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٢٦
Ważkurū iż antum qalīlum mustaḍ‘afūna fil-arḍi takhāfūna ay yatakhaṭṭafakumun-nāsu fa āwākum wa ayyadakum binaṣrihī wa razaqakum minaṭ-ṭayyibāti la‘allakum tasykurūn(a).
[26]
Sing inget waktu aranjeun (umat Islam) masih saeutik (jumlahna) tur katindes di bumi (Mekah). (Dina éta mangsa) aranjeun ngarasa sieun yén jalma-jalma bakal nyulik aranjeun, terus Mantenna maparin tempat padumukan (Madinah), ngajadikeun aranjeun kuat kalayan pitulung-Na, jeung maparin rejeki anu aralus sangkan aranjeun sukuran.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَخُوْنُوا اللّٰهَ وَالرَّسُوْلَ وَتَخُوْنُوْٓا اَمٰنٰتِكُمْ وَاَنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٢٧
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā takhūnullāha war-rasūla wa takhūnū amānātikum wa antum ta‘lamūn(a).
[27]
Hé jalma-jalma nu iman, omat aranjeun ulah rék hianat ka Allah jeung ka Rasul-Na. Omat ogé ulah rék hianat kana amanat anu dipercayakeun ka aranjeun, bari aranjeun téh nyaho.
وَاعْلَمُوْٓا اَنَّمَآ اَمْوَالُكُمْ وَاَوْلَادُكُمْ فِتْنَةٌ ۙوَّاَنَّ اللّٰهَ عِنْدَهٗٓ اَجْرٌ عَظِيْمٌ ࣖ٢٨
Wa‘lamū annamā amwālukum wa aulādukum fitnah(tun), wa annallāha ‘indahū ajrun ‘aẓīm(un).
[28]
Kanyahokeun yén harta aranjeun jeung anak-anak aranjeun téh teu aya lain iwal ti cocoba. Sabenerna di mungguhing Allah aya ganjaran anu gedé pisan.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنْ تَتَّقُوا اللّٰهَ يَجْعَلْ لَّكُمْ فُرْقَانًا وَّيُكَفِّرْ عَنْكُمْ سَيِّاٰتِكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْۗ وَاللّٰهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيْمِ٢٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū in tattaqullāha yaj‘al lakum furqānaw wa yukaffir ‘ankum sayyi'ātikum wa yagfir lakum, wallāhu żul-faḍlil-‘aẓīm(i).
[29]
Hé jalma-jalma nu iman, upama aranjeun takwa ka Allah, tangtu Mantenna bakal masihan Furqān (kamampuan pikeun ngabédakeun antara nu haq jeung nu batil) ka aranjeun, ngahapus kana sagala kasalahan aranjeun, sarta ngahampura (kana dosa-dosa) aranjeun. Allah téh anu kagungan kurnia nu ageung.
وَاِذْ يَمْكُرُ بِكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِيُثْبِتُوْكَ اَوْ يَقْتُلُوْكَ اَوْ يُخْرِجُوْكَۗ وَيَمْكُرُوْنَ وَيَمْكُرُ اللّٰهُ ۗوَاللّٰهُ خَيْرُ الْمٰكِرِيْنَ٣٠
Wa iż yamkuru bikal-lażīna kafarū liyuṡbitūka au yaqtulūka au yukhrijūk(a), wa yamkurūna wa yamkurullāh(u), wallāhu khairul-mākirīn(a).
[30]
(Sing inget) nalika jalma-jalma kapir ngarencanakeun tipu daya ka hidep (Muhammad) pikeun menjarakeun, maéhan, atawa ngusir hidep. Maranéhna nyieun tipu daya jeung Allah ngabalés éta tipu daya. Allah téh pangalus-alusna nu males tipu daya.
وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيٰتُنَا قَالُوْا قَدْ سَمِعْنَا لَوْ نَشَاۤءُ لَقُلْنَا مِثْلَ هٰذَآ ۙاِنْ هٰذَآ اِلَّآ اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَ٣١
Wa iżā tutlā ‘alaihim āyātunā qālū qad sami‘nā lau nasyā'u laqulnā miṡla hāżā, in hāżā illā asāṭīrul-awwalīn(a).
[31]
Upama ayat-ayat Kami dibacakeun ka maranéhna, maranéhna ngomong kieu, “Saenyana kuring saréréa geus ngadéngé (ayat nu saperti kieu). Upama hayang mah, tangtu kuring saréréa bisa ngucapkeun nu saperti ieu ogé. Ieu (Al-Qur’an) mah taya lian anging saukur dongéng-dongéng jalma-jalma baheula.”
وَاِذْ قَالُوا اللّٰهُمَّ اِنْ كَانَ هٰذَا هُوَ الْحَقَّ مِنْ عِنْدِكَ فَاَمْطِرْ عَلَيْنَا حِجَارَةً مِّنَ السَّمَاۤءِ اَوِ ائْتِنَا بِعَذَابٍ اَلِيْمٍ٣٢
Wa iż qālullāhumma in kāna hāżā huwal-ḥaqqa min ‘indika fa amṭir ‘alainā ḥijāratam minas-samā'i awi'tinā bi‘ażābin alīm(in).
[32]
(Sing inget) nalika (jalma-jalma musrik) nyarita kieu, “Nun Gusti, upama ieu (Al-Qur’an) téh bebeneran ti mungguhing Gusti, mangga atuh geura lungsurkeun hujan ka abdi sadaya mangrupi batu ti langit atanapi tibankeun ka abdi sadaya siksaan anu kacida nyerina.”
وَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيُعَذِّبَهُمْ وَاَنْتَ فِيْهِمْۚ وَمَا كَانَ اللّٰهُ مُعَذِّبَهُمْ وَهُمْ يَسْتَغْفِرُوْنَ٣٣
Wa mā kānallāhu liyu‘ażżibahum wa anta fīhim, wa mā kānallāhu mu‘ażżibahum wa hum yastagfirūn(a).
[33]
Allah teu pati-pati rék nyiksa maranѐhna satungtung hidep (Muhammad) aya kénéh di antara maranéhna, jeung Allah moal nyiksa maranѐhna upama maranéhna masih ménta panghampura. 375
375) Ti antara ahli tapsir aya nu ngahartikeun ku tobat. Aya ogé nu ngahartikeun yén ti antara jalma-jalma kapir téh aya nyelap jalma-jalma mu’min anu ménta pangampura ka Allah.
وَمَا لَهُمْ اَلَّا يُعَذِّبَهُمُ اللّٰهُ وَهُمْ يَصُدُّوْنَ عَنِ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ وَمَا كَانُوْٓا اَوْلِيَاۤءَهٗۗ اِنْ اَوْلِيَاۤؤُهٗٓ اِلَّا الْمُتَّقُوْنَ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٣٤
Wa mā lahum allā yu‘ażżibahumullāhu wa hum yaṣuddūna ‘anil-masjidil-ḥarāmi wa mā kānū auliyā'ah(ū), in auliyā'uhū illal-muttaqūna wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[34]
Naon halanganana Allah teu nyiksa maranѐhna, sedengkeun maranéhna téh terus-terusan ngahalang-halang (jalma) nu rék (ibadah di) Masjidil Haram? Maranéhna téh lain jalma-jalma nu hak jadi pangurusna. Jalma nu boga hak pikeun ngurusna téh nyaéta ngan jalma-jalma anu takwa. Tapi lolobana ti maranéhna téh teu nyahoeun.
وَمَا كَانَ صَلَاتُهُمْ عِنْدَ الْبَيْتِ اِلَّا مُكَاۤءً وَّتَصْدِيَةًۗ فَذُوْقُوا الْعَذَابَ بِمَا كُنْتُمْ تَكْفُرُوْنَ٣٥
Wa mā kāna ṣalātuhum ‘indal-baiti illā mukā'aw wa taṣdiyah(tan), fa żūqul-‘ażāba bimā kuntum takfurūn(a).
[35]
Salat maranéhna di sakuriling Baitullah téh ngan saukur susuitan jeung kekeprokan. Ku kituna, pék rasakeun ieu siksaan ku sabab maranéh terus-terusan ingkar.
اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا يُنْفِقُوْنَ اَمْوَالَهُمْ لِيَصُدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗفَسَيُنْفِقُوْنَهَا ثُمَّ تَكُوْنُ عَلَيْهِمْ حَسْرَةً ثُمَّ يُغْلَبُوْنَ ەۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِلٰى جَهَنَّمَ يُحْشَرُوْنَۙ٣٦
Innal-lażīna kafarū yunfiqūna amwālahum liyaṣuddū ‘an sabīlillāh(i), fa sayunfiqūnahā ṡumma takūnu ‘alaihim ḥasratan ṡumma yuglabūn(a), wal-lażīna kafarū ilā jahannama yuḥsyarūn(a).
[36]
Saenyana jalma-jalma kapir téh ngainpakkeun harta bandana pikeun ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah. Maranéhna bakal terus ngainpakkeun hartana, tuluy (éta perkara) téh jadi (sabab) kahanjakalan anu gedé keur maranéhna. Ahirna maranéhna bakal diéléhkeun. Maranéhna ogé bakal dikumpulkeun ka naraka Jahanam.
لِيَمِيْزَ اللّٰهُ الْخَبِيْثَ مِنَ الطَّيِّبِ وَيَجْعَلَ الْخَبِيْثَ بَعْضَهٗ عَلٰى بَعْضٍ فَيَرْكُمَهٗ جَمِيْعًا فَيَجْعَلَهٗ فِيْ جَهَنَّمَۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ ࣖ٣٧
Liyamīzallāhul-khabīṡa minaṭ-ṭayyibi wa yaj‘alal-khabīṡa ba‘ḍahū ‘alā ba‘ḍin fa yarkumahū jamī‘an fa yaj‘alahū fī jahannam(a), ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[37]
(Maksudna dikumpulkeun téh nyaéta) sangkan Allah misahkeun (golongan) nu goréng tinu hadé jeung ngajadikeun sawaréh (golongan) nu goréng aya di luhureun sawaréhna deui, tuluy kabéhanana ditumpukkeun, saterasna Mantenna ngasupkeun (maranéhna) ka naraka Jahanam. Nya maranéhna téh jalma-jalma anu rugi.
قُلْ لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِنْ يَّنْتَهُوْا يُغْفَرْ لَهُمْ مَّا قَدْ سَلَفَۚ وَاِنْ يَّعُوْدُوْا فَقَدْ مَضَتْ سُنَّتُ الْاَوَّلِيْنَ٣٨
Qul lil-lażīna kafarū in yantahū yugfar lahum mā qad salaf(a), wa iy ya‘ūdū faqad maḍat sunnatul-awwalīn(a).
[38]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ka jalma-jalma nu kupur yén upama maranéhna eureun (tina kakapiranana jeung asup Islam), tangtu Allah bakal ngahampura kana dosa-dosana anu geus ti heula. Tapi, upama maranéhna balik deui (merangan Nabi), pasti tumiba (ka maranéhna) sunnah (aturan Allah pikeun ngahukuman) ka jalma-jalma anu geus ti heula.
وَقَاتِلُوْهُمْ حَتّٰى لَا تَكُوْنَ فِتْنَةٌ وَّيَكُوْنَ الدِّيْنُ كُلُّهٗ لِلّٰهِۚ فَاِنِ انْتَهَوْا فَاِنَّ اللّٰهَ بِمَا يَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٣٩
Wa qātilūhum ḥattā lā takūna fitnatuw wa yakunad-dīnu kulluhū lillāh(i),fa inintahau fa innallāha bimā ya‘malūna baṣīr(un).
[39]
Geura perangan maranéhna nepi ka taya deui pitnah (panganiyayan atawa kamusrikan), jeung nepi ka agama téh wungkul karana Allah! Upama maranéhna eureun (tina kakapiranana), sabenerna Allah mah Maha Ningali kana sagala nu dipilampah ku maranéhna.
وَاِنْ تَوَلَّوْا فَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ مَوْلٰىكُمْ ۗنِعْمَ الْمَوْلٰى وَنِعْمَ النَّصِيْرُ ۔٤٠
Wa in tawallau fa‘lamū annallāha maulākum, ni‘mal-maulā wa ni‘man-naṣīr(u).
[40]
Upama maranéhna ngabalieur, sing nyaho yén saenyana Allah téh nu nangtayungan aranjeun. Mantenna téh panghadé-hadéna anu nangtayungan jeung panghadéna-hadéna anu nulungan.
۞ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّمَا غَنِمْتُمْ مِّنْ شَيْءٍ فَاَنَّ لِلّٰهِ خُمُسَهٗ وَلِلرَّسُوْلِ وَلِذِى الْقُرْبٰى وَالْيَتٰمٰى وَالْمَسٰكِيْنِ وَابْنِ السَّبِيْلِ اِنْ كُنْتُمْ اٰمَنْتُمْ بِاللّٰهِ وَمَآ اَنْزَلْنَا عَلٰى عَبْدِنَا يَوْمَ الْفُرْقَانِ يَوْمَ الْتَقَى الْجَمْعٰنِۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٤١
Wa‘lamū annamā ganimtum min syai'in fa anna lillāhi khumusahū wa lir-rasūli wa liżil-qurbā wal-yatāmā wal-masākīni wabnis-sabīli in kuntum āmantum billāhi wa mā anzalnā ‘alā ‘abdinā yaumal-furqāni yaumal-taqal-jam‘ān(i), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[41]
Kanyahokeun, saenyana naon baé nu ku aranjeun katampa mangrupa rampasan perang, 376 éta téh sabenerna saperlimana kagungan Allah, Rasul, kulawarga (Rasul), budak yatim, jalma-jalma miskin, jeung Ibnu sabil, 377 upama aranjeun iman ka Allah jeung kana naon anu geus diturunkeun ku Kami ka abdi Kami (Muhammad) dina poé al-furqān, 378 nyaéta poé paamprokna dua pasukan. 379 Allah Mahakawasa kana sagala perkara.
376) Nu dimaksud rampasan perang (ganīmah) nyaéta harta anu dirampas ti jalma-jalma kapir ku alatan perang ku kaom muslimin, sedengkeun harta anu dirampas teu ngaliwatan peperangan dingaranan harta fai’. Pangbagian anu aya dina ieu ayat ngan ngeunaan harta rampasan (ganīmah).
377) Saperlima ti harta rampasan téh dibagi ka: (1) Allah sareng Rasul-Na, (2) Kaluarga Rasul (Bani Hasyim jeung Bani Muthalib), (3) Anak Yatim, (4) Jalma-jalma anup miskin, (5) Ibnu sabil. Opat perlimana dibagikeun ka anu miluan perang.
378) Furqān nyaéta pamisah antara anu ḥaq jeung anu bāṭil. Anu dimaksud poé al-Furqān nyaéta poé kaunggulan kaom muslimin jeung éléhna kaom kapir.
379) Nyaéta poé papanggihna dua pasukan dina peperangan Badar dina poé Jum’at ping 17 Ramadhan taun ka-2 Hijriyyah. Sabagian ahli tapsir nyebutkeun yén ieu ayat ngisaratkeun kana poé ngawitan turunna Al-Qur’an, nyaéta dina peuting ping 17 Ramadhan.
اِذْ اَنْتُمْ بِالْعُدْوَةِ الدُّنْيَا وَهُمْ بِالْعُدْوَةِ الْقُصْوٰى وَالرَّكْبُ اَسْفَلَ مِنْكُمْۗ وَلَوْ تَوَاعَدْتُّمْ لَاخْتَلَفْتُمْ فِى الْمِيْعٰدِۙ وَلٰكِنْ لِّيَقْضِيَ اللّٰهُ اَمْرًا كَانَ مَفْعُوْلًا ەۙ لِّيَهْلِكَ مَنْ هَلَكَ عَنْۢ بَيِّنَةٍ وَّيَحْيٰى مَنْ حَيَّ عَنْۢ بَيِّنَةٍۗ وَاِنَّ اللّٰهَ لَسَمِيْعٌ عَلِيْمٌۙ٤٢
Iż antum bil-‘udwatid-dun-yā wa hum bil-‘udwatil-quṣwā war-rakbu asfala minkum, wa lau tawā‘attum lakhtalaftum fil-mī‘ād(i), wa lākil liyaqḍiyallāhu amran kāna maf‘ūlā(n), liyahlika man halaka ‘am bayyinatiw wa yaḥyā may ḥayya ‘am bayyinah(tin), wa innallāha lasamī‘un ‘alīm(un).
[42]
(Nyaéta) waktu aranjeun aya di pinggir léngkob anu deukeut (kota Madinah) jeung maranéhna aya di sisi léngkob anu jauh (ti Kota Madinah), sedengkeun kapilah mah aya di lebah leuwih handap tibatan hidep (mapai sisi laut). 380 Saupama aranjeun ngayakeun jangji (pikeun nangtukeun poé peperangan), tangtu aranjeun béda pamadegan dina nangtukeun poé peperangan, tapi (éta kajadian perang téh) supaya Allah ngalaksanakeun kana sagala urusan anu kudu kajadian, supaya jalma-jalma anu binasa téh binasa ku katerangan anu nyata, jeung supaya jalma nu hirup téh hirupna ku katerangan anu nyata (deui). Saleresna Allah mah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
380) Kaom muslimin dina éta waktu aya dina hiji palataran handapeun gunung deukeut Madinah, sedengkeun jalma-jalma kapir jauh ti Madinah. Rombongan Abu Sofyan aya kira-kira 5 Mil ti wewengkon Badar.
اِذْ يُرِيْكَهُمُ اللّٰهُ فِيْ مَنَامِكَ قَلِيْلًاۗ وَلَوْ اَرٰىكَهُمْ كَثِيْرًا لَّفَشِلْتُمْ وَلَتَنَازَعْتُمْ فِى الْاَمْرِ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ سَلَّمَۗ اِنَّهٗ عَلِيْمٌۢ بِذَاتِ الصُّدُوْرِ٤٣
Iż yurīkahumullāhu fī manāmika qalīlā(n), wa lau arākahum kaṡīral lafasyiltum wa latanāza‘tum fil-amri wa lākinnallāha sallam(a), innahū ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[43]
(Sing inget) nalika Allah mintonkeun maranéhna ka hidep (Muhammad) dina jero impian hidep (dina jumlah) nu saeutik. Lamun seug Allah mintonkeun maranéhna ka hidep (dina jumlah) nu loba, tangtu aranjeun bakal ngarasa gimir jeung bakal pacéngkad dina éta perkara, tapi Allah geus nyalametkeun (aranjeun tina éta kabéh). Saleresna Allah Mahauninga kana naon nu aya di jero haté.
وَاِذْ يُرِيْكُمُوْهُمْ اِذِ الْتَقَيْتُمْ فِيْٓ اَعْيُنِكُمْ قَلِيْلًا وَّيُقَلِّلُكُمْ فِيْٓ اَعْيُنِهِمْ لِيَقْضِيَ اللّٰهُ اَمْرًا كَانَ مَفْعُوْلًا ۗوَاِلَى اللّٰهِ تُرْجَعُ الْاُمُوْرُ ࣖ٤٤
Wa iż yurīkumūhum iżil-taqaitum fī a‘yunikum qalīlaw wa yuqallilukum fī a‘yunihim liyaqḍiyallāhu amran kāna maf‘ūlā(n), wa ilallāhi turja‘ul-umūr(u).
[44]
(Sing inget ogé) waktu Mantenna mintonkeun maranéhna ka aranjeun (jalma-jalma iman), dina waktu aranjeun paamprok jeung maranéhna (anu jumlahna) ngan saeutik mungguhing téténjoan panon aranjeun, jeung Mantenna mintonkeun aranjeun (anu jumlahna) ngan saeutik mungguhing téténjoan panon maranéhna, supaya Allah ngalaksanakeun kana sagala urusan anu kudu dilaksanakeun. Ngan ka Allah wungkul dipulangkeuna sagala urusan.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا لَقِيْتُمْ فِئَةً فَاثْبُتُوْا وَاذْكُرُوا اللّٰهَ كَثِيْرًا لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَۚ٤٥
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā laqītum fi'atan faṡbutū ważkurullāha kaṡīral la‘allakum tufliḥūn(a).
[45]
Hé jalma-jalma anu iman, upama aranjeun paamprok jeung pasukan (musuh), atuh pék pancegkeun haté jeung sebut (jenengan) Allah saloba-lobana supaya aranjeun untun.
وَاَطِيْعُوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَلَا تَنَازَعُوْا فَتَفْشَلُوْا وَتَذْهَبَ رِيْحُكُمْ وَاصْبِرُوْاۗ اِنَّ اللّٰهَ مَعَ الصّٰبِرِيْنَۚ٤٦
Wa aṭī‘ullāha wa rasūlahū wa lā tanāza‘ū fa tafsyalū wa tażhaba rīḥukum waṣbirū, innallāha ma‘aṣ-ṣābirīn(a).
[46]
Kudu ta’at ka Allah jeung ka Rasul-Na, sarta omat ulah rék pasalia paham nu nyebabkeun aranjeun ngarasa gimir jeung leungitna kakuatan aranjeun. Kudu sabar. Saleresna Allah nyarengan jalma-jalma anu sabar.
وَلَا تَكُوْنُوْا كَالَّذِيْنَ خَرَجُوْا مِنْ دِيَارِهِمْ بَطَرًا وَّرِئَاۤءَ النَّاسِ وَيَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ بِمَايَعْمَلُوْنَ مُحِيْطٌ٤٧
Wa lā takūnū kal-lażīna kharajū min diyārihim baṭaraw wa ri'ā'an-nāsi wa yaṣuddūna ‘an sabīlillāh(i), wallāhu bimā ya‘malūna muḥīṭ(un).
[47]
Omat aranjeun ulah saperti jalma-jalma anu kaluar ti lembur-lembur kalayan adigung jeung miboga sipat hayang katingal ku batur (riya) sarta ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah. Allah mah Maha ngawengku kana sagala nu dipilampah ku maranéhna.
وَاِذْ زَيَّنَ لَهُمُ الشَّيْطٰنُ اَعْمَالَهُمْ وَقَالَ لَا غَالِبَ لَكُمُ الْيَوْمَ مِنَ النَّاسِ وَاِنِّيْ جَارٌ لَّكُمْۚ فَلَمَّا تَرَاۤءَتِ الْفِئَتٰنِ نَكَصَ عَلٰى عَقِبَيْهِ وَقَالَ اِنِّيْ بَرِيْۤءٌ مِّنْكُمْ اِنِّيْٓ اَرٰى مَا لَا تَرَوْنَ اِنِّيْٓ اَخَافُ اللّٰهَ ۗوَاللّٰهُ شَدِيْدُ الْعِقَابِ ࣖ٤٨
Wa iż zayyana lahumusy-syaiṭānu a‘mālahum wa qāla lā gāliba lakumul-yauma minan-nāsi wa innī jārul lakum, falammā tarā'atil-fi'atāni nakaṣa ‘alā ‘aqibaihi wa qāla innī barī'um minkum innī arā mā lā tarauna innī akhāfullāh(a), wallāhu syadīdul-‘iqāb(i).
[48]
(Sing inget ogé) waktu sétan ngajadikeun karasa alus pikeun maranéhna pagawéan-pagawéan (dosa) nu dipilampah ku maranéhna sarta maranéhna ngomong kieu, “Teu aya (saurang ogé jalma) nu bakal bisa ngéléhkeun aranjeun dina poé ieu, jeung sabenerna kuring anu nangtayungan aranjeun.” Mangka, dina waktu dua pasukan geus adu hareupan mah, sétan ngaléos baé ka tukang bari ngomong, “Sabenerna kuring mah lulubaran ti aranjeun. Sabenerna kuring ningali (para malaikat) anu teu katingal ku aranjeun. Sabenerna kuring sieun ku Allah.” Saleresna Allah téh nu pohara pisan siksa-Na.
اِذْ يَقُوْلُ الْمُنٰفِقُوْنَ وَالَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ غَرَّ هٰٓؤُلَاۤءِ دِيْنُهُمْۗ وَمَنْ يَّتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ فَاِنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٤٩
Iż yaqūlul-munāfiqūna wal-lażīna fī qulūbihim maraḍun garra hā'ulā'i dīnuhum, wa may yatawakkal ‘alallāhi fa innallāha ‘azīzun ḥakīm(un).
[49]
(Sing inget ogé) waktu jalma-jalma munapék jeung jalma-jalma anu aya panyakit dina haténa nyarita kieu, “Maranéhna téh (jalma-jalma mu’min) geus ditipu ku agamana.” (Allah ngawaler), “Saha baé anu tawekal ka Allah, apan saleresna Allah mah Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.”
وَلَوْ تَرٰٓى اِذْ يَتَوَفَّى الَّذِيْنَ كَفَرُوا الْمَلٰۤىِٕكَةُ يَضْرِبُوْنَ وُجُوْهَهُمْ وَاَدْبَارَهُمْۚ وَذُوْقُوْا عَذَابَ الْحَرِيْقِ٥٠
Wa lau tarā iż yatawaffal-lażīna kafarul-malā'ikatu yaḍribūna wujūhahum wa adbārahum, wa żūqū ‘ażābal-ḥarīq(i).
[50]
Upama hidep ningali waktu para malaikat nyabut nyawa jalma-jalma kapir bari nyabok beungeut jeung neunggeul tonggong maranéhna (jeung nyarita kieu), “Pék rasakeun ku maranéh ieu siksaan nu ngaduruk,” (tangtu hidep bakal ningali perkara anu pohara rongkahna).
ذٰلِكَ بِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْكُمْ وَاَنَّ اللّٰهَ لَيْسَ بِظَلَّامٍ لِّلْعَبِيْدِۙ٥١
Żālika bimā qaddamat aidīkum wa annallāha laisa biẓallāmil lil-‘abīd(i).
[51]
Éta téh disababkeun ku pagawéan leungeunna (sorangan). Saleresna Allah mah sama sakali henteu ngadoliman ka hamba-hamba-Na.
كَدَأْبِ اٰلِ فِرْعَوْنَۙ وَالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۗ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ فَاَخَذَهُمُ اللّٰهُ بِذُنُوْبِهِمْۗ اِنَّ اللّٰهَ قَوِيٌّ شَدِيْدُ الْعِقَابِ٥٢
Kada'bi āli fir‘aun(a), wal-lażīna min qablihim, kafarū bi'āyātillāhi fa akhażahumullāhu biżunūbihim, innallāha qawiyyun syadīdul-‘iqāb(i).
[52]
(Kaayaan maranéhna téh) sarupa jeung kaayaan kaom Fir’aun jeung jalma-jalma anu saméméhna. Maranéhna ingkar kana ayat-ayat Allah. Ku sabab kitu, nya Allah nyiksa ka maranéhna lantaran dosa-dosana (sorangan). Saleresna Allah mah Mahakuat (tur) Maha Beurat-siksaan-Na.
ذٰلِكَ بِاَنَّ اللّٰهَ لَمْ يَكُ مُغَيِّرًا نِّعْمَةً اَنْعَمَهَا عَلٰى قَوْمٍ حَتّٰى يُغَيِّرُوْا مَا بِاَنْفُسِهِمْۙ وَاَنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌۙ٥٣
Żālika bi'annallāha lam yaku mugayyiran ni‘matan an‘amahā ‘alā qaumin ḥattā yugayyirū mā bi'anfusihim, wa annallāha samī‘un ‘alīm(un).
[53]
Anu kitu téh ku sabab sabenerna Allah moal bakal ngarobah hiji ni’mat anu ku Mantenna geus dipaparinkeun ka hiji kaom, nepi ka maranéhna ngarobah kana naon nu aya dina dirina sorangan. 381 Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
381) Allah moal rék nyabut kani’matan anu tos dipasihkeun ka hiji kaom salami éta kaom téh tetep taat tur sukur ka Allah.
كَدَأْبِ اٰلِ فِرْعَوْنَۙ وَالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۚ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِ رَبِّهِمْ فَاَهْلَكْنٰهُمْ بِذُنُوْبِهِمْ وَاَغْرَقْنَآ اٰلَ فِرْعَوْنَۚ وَكُلٌّ كَانُوْا ظٰلِمِيْنَ٥٤
Kada'bi āli fir‘aun(a), wal-lażīna min qablihim, każżabū bi'āyāti rabbihim fa ahlaknāhum biżunūbihim wa agraqnā āla fir‘aun(a), wa kullun kānū ẓālimīn(a).
[54]
(Kaayaan maranéhna téh) sarua jeung kaayaan kaomna Fir’aun jeung jalma-jalma anu saméméhna. Maranéhna ngabohongkeun kana ayat-ayat Pangéranana. Nya Kami ngabinasakeun maranéhna lantaran dosa-dosana, jeung Kami ngéremkeun kaom Fir’aun (reujeung manéhna). Kabéhanana ogé mahluk nu dolim.
اِنَّ شَرَّ الدَّوَاۤبِّ عِنْدَ اللّٰهِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَۖ٥٥
Inna syarrad-dawābbi ‘indallāhil-lażīna kafarū fahum lā yu'minūn(a).
[55]
Sabenerna pangjahat-jahatna mahluk nu kumelendang mungguhing Allah mah nyaéta jalma-jalma kapir sabab maranéhna teu iman.
الَّذِيْنَ عَاهَدْتَّ مِنْهُمْ ثُمَّ يَنْقُضُوْنَ عَهْدَهُمْ فِيْ كُلِّ مَرَّةٍ وَّهُمْ لَا يَتَّقُوْنَ٥٦
Allażīna ‘āhatta minhum ṡumma yanquḍūna ‘ahdahum fī kulli marratiw wa hum lā yattaqūn(a).
[56]
(Nyaéta) jalma-jalma anu geus nyieun pasini jangji jeung hidep ti antara maranéhna. Saban-saban jangji, maranéhna sok jalir baé, sedengkeun maranéhna teu takwa.
فَاِمَّا تَثْقَفَنَّهُمْ فِى الْحَرْبِ فَشَرِّدْ بِهِمْ مَّنْ خَلْفَهُمْ لَعَلَّهُمْ يَذَّكَّرُوْنَ٥٧
Fa immā taṡqafannahum fil-ḥarbi fa syarrid bihim man khalfahum la‘allahum yażżakkarūn(a).
[57]
Upama hidep (Muhammad) bener-bener manggihan maranéhna di pangperangan, pék paburencaykeun jalma-jalma nu aya di satukangeun maranéhna ku (numpes) maranéhna, supaya maranéhna ngalap atikan.
وَاِمَّا تَخَافَنَّ مِنْ قَوْمٍ خِيَانَةً فَانْۢبِذْ اِلَيْهِمْ عَلٰى سَوَاۤءٍۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْخَاۤىِٕنِيْنَ ࣖ٥٨
Wa immā takhāfanna min qaumin khiyānatan fambiż ilaihim ‘alā sawā'(in), innallāha lā yuḥibbul-khā'inīn(a).
[58]
Upama hidep bener-bener ngarasa hariwang (kana tumibana) hianat ti hiji kaom, prak atuh balikkeun baé éta (pasini) téh ka maranéhna kalayan cara nu saimbang (adil tur jujur). Saleresna Allah teu mikaresep ka jalma-jalma nu sok hianat.
وَلَا يَحْسَبَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا سَبَقُوْاۗ اِنَّهُمْ لَا يُعْجِزُوْنَ٥٩
Wa lā yaḥsabannal-lażīna kafarū sabaqū, innahum lā yu‘jizūn(a).
[59]
Ulah pisan éta jalma-jalma kapir rék nyangka (yén) maranéhna bisa leupas (tina kakawasaan Allah). Saenyana maranéhna téh moal bisa ngalemahkeun (Allah).
وَاَعِدُّوْا لَهُمْ مَّا اسْتَطَعْتُمْ مِّنْ قُوَّةٍ وَّمِنْ رِّبَاطِ الْخَيْلِ تُرْهِبُوْنَ بِهٖ عَدُوَّ اللّٰهِ وَعَدُوَّكُمْ وَاٰخَرِيْنَ مِنْ دُوْنِهِمْۚ لَا تَعْلَمُوْنَهُمْۚ اَللّٰهُ يَعْلَمُهُمْۗ وَمَا تُنْفِقُوْا مِنْ شَيْءٍ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ يُوَفَّ اِلَيْكُمْ وَاَنْتُمْ لَا تُظْلَمُوْنَ٦٠
Wa a‘iddū lahum mastaṭa‘tum min quwwatiw wa mir ribāṭil-khaili turhibūna bihī ‘aduwwallāhi wa ‘aduwwakum wa ākharīna min dūnihim, lā ta‘lamūnahum, allāhu ya‘lamuhum, wa mā tunfiqū min syai'in fī sabīlillāhi yuwaffa ilaikum wa antum lā tuẓlamūn(a).
[60]
Geura siap-siap pikeun (nyanghareupan) maranéhna nu kadada-kaduga ku aranjeun, mangrupa kakuatan (nu ku aranjeun dipikaboga) jeung pasukan kuda! Ku éta (persiapan) téh aranjeun nyebabkeun gimir pikeun musuh Allah, musuh aranjeun, jeung jalma-jalma séjénna salian ti maranéhna anu teu dipikanyaho ku aranjeun. Naon baé anu diinpakkeun ku aranjeun dina jalan Allah, tangtu bakal dibales kalayan sampurna ka aranjeun, sedengkeun aranjeun moal rék didoliman.
۞ وَاِنْ جَنَحُوْا لِلسَّلْمِ فَاجْنَحْ لَهَا وَتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ ۗاِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٦١
Wa in janaḥū lis-salmi fajnaḥ lahā wa tawakkal ‘alallāh(i), innahū huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[61]
(Tapi) lamun seug maranéhna condong kana katengtreman, mangka hidep (Muhammad) kudu condong ka dinya jeung kudu takwa ka Allah. Saleresna Mantenna mah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
وَاِنْ يُّرِيْدُوْٓا اَنْ يَّخْدَعُوْكَ فَاِنَّ حَسْبَكَ اللّٰهُ ۗهُوَ الَّذِيْٓ اَيَّدَكَ بِنَصْرِهٖ وَبِالْمُؤْمِنِيْنَۙ٦٢
Wa iy yurīdū ay yakhda‘ūka fa inna ḥasbakallāh(u), huwal-lażī ayyadaka binaṣrihī wa bil-mu'minīn(a).
[62]
Lamun seug maranéhna rék nipu ka hidep, saleresna cukup baé Allah (nu jadi panangtayungan) pikeun hidep. Mantenna anu mengkuhkeun hidep ku pitulung-Na jeung ku (dukungan) jalma-jalma mu’min.
وَاَلَّفَ بَيْنَ قُلُوْبِهِمْۗ لَوْاَنْفَقْتَ مَا فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا مَّآ اَلَّفْتَ بَيْنَ قُلُوْبِهِمْ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ اَلَّفَ بَيْنَهُمْۗ اِنَّهٗ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٦٣
Wa allafa baina qulūbihim, lau anfaqta mā fil-arḍi jamī‘am mā allafta baina qulūbihim wa lākinnallāha allafa bainahum, innahū ‘azīzun ḥakīm(un).
[63]
Mantenna geus ngahijikeun haté aranjeunna (jalma-jalma anu iman). Sok sanajan hidep (Muhammad) ngainpakkeun sakabéh (kakayaan) nu aya di bumi, pasti hidep moal bisa ngahijikeun haté aranjeunna. Saleresna Mantenna mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ حَسْبُكَ اللّٰهُ وَمَنِ اتَّبَعَكَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ ࣖ٦٤
Yā ayyuhan-nabiyyu ḥasbukallāhu wa manittaba‘aka minal-mu'minīn(a).
[64]
Hé Nabi (Muhammad), cukup Allah (nu nangtayungan) pikeun hidep jeung pikeun jalma-jalma mu’min anu tumut ka hidep.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ حَرِّضِ الْمُؤْمِنِيْنَ عَلَى الْقِتَالِۗ اِنْ يَّكُنْ مِّنْكُمْ عِشْرُوْنَ صٰبِرُوْنَ يَغْلِبُوْا مِائَتَيْنِۚ وَاِنْ يَّكُنْ مِّنْكُمْ مِّائَةٌ يَّغْلِبُوْٓا اَلْفًا مِّنَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِاَنَّهُمْ قَوْمٌ لَّا يَفْقَهُوْنَ٦٥
Yā ayyuhan-nabiyyu ḥarriḍil-mu'minīna ‘alal-qitāl(i), iy yakum minkum ‘isyrūna ṣabirūna yaglibū mi'atain(i), wa iy yakum minkum mi'atuy yaglibū alfam minal-lażīna kafarū bi'annahum qaumul lā yafqahūn(a).
[65]
Hé Nabi (Muhammad), geura gedurkeun sumanget kaom mu’min pikeun perang! Upama aya dua puluh jalma nu sabar ti antara aranjeun, tangtu aranjeun bisa ngéléhkeun dua ratus (musuh). Upama aya saratus jalma (nu sabar) ti antara aranjeun, tangtu aranjeun bisa ngéléhkeun sarébu jalma kapir, lantaran saenyana maranéhna kaom nu teu paham. 382
382) Maranéhna teu ngartieun yén perang téh kudu diniatkeun pikeun nanjeurkeun agama Allah. Kanyataanana, maranéhna ilu-biung perang téh ngan saukur mertahankeun adat-kabiasaanana di jaman Jahiliah nu mémang biasa perang. Kajaba ti éta, peperangan nu dilakukeun ku maranéhna téh dimaksudkeun pikeun kapentingan dunyawiah.
اَلْـٰٔنَ خَفَّفَ اللّٰهُ عَنْكُمْ وَعَلِمَ اَنَّ فِيْكُمْ ضَعْفًاۗ فَاِنْ يَّكُنْ مِّنْكُمْ مِّائَةٌ صَابِرَةٌ يَّغْلِبُوْا مِائَتَيْنِۚ وَاِنْ يَّكُنْ مِّنْكُمْ اَلْفٌ يَّغْلِبُوْٓا اَلْفَيْنِ بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ مَعَ الصّٰبِرِيْنَ٦٦
Al'āna khaffafallāhu ‘ankum wa ‘alima anna fīkum ḍa‘fā(n), fa iy yakum minkum mi'atun ṣābiratuy yaglibū mi'atain(i), wa iy yakum minkum alfuy yaglibū alfaini bi'iżnillāh(i), wallāhu ma‘aṣ-ṣābirīn(a).
[66]
Ayeuna mah (waktu turun ieu ayat) Allah geus ngahampangkeun aranjeun, lantaran Allah uninga yén aya kakurangan dina diri aranjeun. Ku kituna, upama aya ti antara aranjeun saratus jalma nu sabar, tangtu aranjeunna bisa ngéléhkeun dua ratus (musuh); jeung upama ti antara aranjeun aya sarébu jalma (nu sabar), tangtu aranjeunna bisa ngéléhkeun dua rébu jalma kalayan widi Allah. Allah mah nyarengan jalma-jalma nu sabar.
مَاكَانَ لِنَبِيٍّ اَنْ يَّكُوْنَ لَهٗٓ اَسْرٰى حَتّٰى يُثْخِنَ فِى الْاَرْضِۗ تُرِيْدُوْنَ عَرَضَ الدُّنْيَاۖ وَاللّٰهُ يُرِيْدُ الْاٰخِرَةَۗ وَاللّٰهُ عَزِيْزٌحَكِيْمٌ٦٧
Mā kāna linabiyyin ay yakūna lahū asrā ḥattā yuṡkhina fil-arḍ(i), turīdūna ‘araḍad-dun-yā, wallāhu yurīdul-ākhirah(ta), wallāhu ‘azīzun ḥakīm(un).
[67]
Teu pantes pikeun hiji nabi miboga boyongan saméméh anjeunna bisa ngalumpuhkeun musuh di bumi. Aranjeun mikahayang harta banda dunya, sedengkeun Allah mah ngersakeun (ganjaran) ahérat. Allah mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
لَوْلَاكِتٰبٌ مِّنَ اللّٰهِ سَبَقَ لَمَسَّكُمْ فِيْمَآ اَخَذْتُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌ٦٨
Lau lā kitābum minallāhi sabaqa lamassakum fīmā akhażtum ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[68]
Lamun seug teu aya katangtuan nu leuwih ti heula ti Allah, 383 tangtu aranjeun ditibanan siksaan anu kacida gedéna sabab (tebusan) nu dicokot ku aranjeun.
383) Nyaéta katangtuan yén Allah moal nibankeun siksaan lamun taya aturan-aturan-Na nu dirempak.
فَكُلُوْا مِمَّاغَنِمْتُمْ حَلٰلًا طَيِّبًاۖ وَّاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٦٩
Fa kulū mimmā ganimtum ḥalālan ṭayyibā(n), wattaqullāh(a), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[69]
Mangka, pék geura dalahar tina sabagian rampasan perang anu geus dicokot ku aranjeun, mangrupa kadaharan anu halal tur alus. Kudu takwa ka Allah! Saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ قُلْ لِّمَنْ فِيْٓ اَيْدِيْكُمْ مِّنَ الْاَسْرٰٓىۙ اِنْ يَّعْلَمِ اللّٰهُ فِيْ قُلُوْبِكُمْ خَيْرًا يُّؤْتِكُمْ خَيْرًا مِّمَّآ اُخِذَ مِنْكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ٧٠
Yā ayyuhan-nabiyyu qul liman fī aidīkum minal-asrā, iy ya‘lamillāhu fī qulūbikum khairay yu'tikum khairam mimmā ukhiża minkum wa yagfir lakum, wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[70]
Hé Nabi (Muhammad), pék caritakeun ku hidep ka boyongan perang anu aya dina leungeun hidep, “Upama Allah uninga aya kahadéan dina haté aranjeun, tangtu Mantenna bakal maparin nu leuwih alus tibatan (tebusan) nu geus dicokot ti aranjeun, sarta Mantenna bakal ngahampura ka aranjeun.” Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَاِنْ يُّرِيْدُوْا خِيَانَتَكَ فَقَدْ خَانُوا اللّٰهَ مِنْ قَبْلُ فَاَمْكَنَ مِنْهُمْ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٧١
Wa iy yurīdū khiyānataka faqad khānullāha min qablu fa amkana minhum wallāhu ‘alīmun ḥakim(un).
[71]
Tapi upama maranéhna (para boyongan) boga maksud rék ngahianat ka hidep (Muhammad), tétéla saméméhna ogé maranéhna téh geus hianat ka Allah. Teras Mantenna ngajadikeun hidep pikeun ngéléhkeun maranéhna (dina Perang Badar). Saleresna Allah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَهَاجَرُوْا وَجَاهَدُوْا بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَالَّذِيْنَ اٰوَوْا وَّنَصَرُوْٓا اُولٰۤىِٕكَ بَعْضُهُمْ اَوْلِيَاۤءُ بَعْضٍۗ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَلَمْ يُهَاجِرُوْا مَا لَكُمْ مِّنْ وَّلَايَتِهِمْ مِّنْ شَيْءٍ حَتّٰى يُهَاجِرُوْاۚ وَاِنِ اسْتَنْصَرُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ فَعَلَيْكُمُ النَّصْرُ اِلَّا عَلٰى قَوْمٍۢ بَيْنَكُمْ وَبَيْنَهُمْ مِّيْثَاقٌۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٧٢
Innal-lażīna āmanū wa hājarū wa jāhadū bi'amwālihim wa anfusihim fī sabīlillāhi wal-lażīna āwaw wa naṣarū ulā'ika ba‘ḍuhum auliyā'u ba‘ḍ(in), wal-lażīna āmanū wa lam yuhājirū mā lakum miw walāyatihim min syai'in ḥattā yuhājirū, wa inistanṣarūkum fid-dīni fa ‘alaikumun naṣru illā ‘alā qaumim bainakum wa bainahum mīṡāq(un), wallāhu bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[72]
Saenyana jalma-jalma nu iman, anu hijrah, anu jihad ku harta jeung jiwa ragana dina jalan Allah, jeung anu méré tempat matuh sarta anu nulungan (ka kaom Muhajirin), nya aranjeunna téh sabagianana nangtayungan ka sabagianana deui. Jalma-jalma nu iman, tapi acan hijrah, nya teu aya kawajiban saeutik ogé pikeun aranjeun pikeun nangtayungan ka maranéhna nepi ka maranéhna hijrah. (Tapi,) upama maranéhna ménta tulung ka aranjeun dina (urusan ngabéla) agama, mangka wajib pikeun aranjeun méré pitulung, kajaba dina nyanghareupan kaom nu geus katalian jangji jeung maranéhna. Allah mah Mahauninga kana sagala anu dipilampah ku aranjeun.
وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا بَعْضُهُمْ اَوْلِيَاۤءُ بَعْضٍۗ اِلَّا تَفْعَلُوْهُ تَكُنْ فِتْنَةٌ فِى الْاَرْضِ وَفَسَادٌ كَبِيْرٌۗ٧٣
Wal-lażīna kafarū ba‘ḍuhum auliyā'u ba‘ḍ(in), illā taf‘alūhu takun fitnatun fil-arḍi wa fasādun kabīr(un).
[73]
Ari jalma-jalma kapir, sabagian ti maranéhna téh mѐrѐ pitulung ka sabagianana deui. Upama aranjeun teu ngalaksanakeun naon nu geus diparéntahkeun ku Allah (pikeun silih nangtayungan), tangtu bakal kajadian bancang pakéwuh di bumi jeung karuksakan anu pohara gedéna.
وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَهَاجَرُوْا وَجَاهَدُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَالَّذِيْنَ اٰوَوْا وَّنَصَرُوْٓا اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُؤْمِنُوْنَ حَقًّاۗ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّرِزْقٌ كَرِيْمٌ٧٤
Wal-lażīna āmanū wa hājarū wa jāhadū fī sabīlillāhi wal-lażīna āwaw wa naṣarū ulā'ika humul-mu'minūna ḥaqqā(n), lahum magfirtuw wa rizqun karīm(un).
[74]
Jalma-jalma nu iman, nu hijrah, anu jihad dina jalan Allah, jeung jalma-jalma anu méré tempat pamatuhan jeung méré pitulung (ka kaom Muhajirin), nya aranjeunna téh jalma-jalma anu bener-bener iman. Aranjeunna bakal meunang panghampura jeung rejeki anu mulya.
وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْۢ بَعْدُ وَهَاجَرُوْا وَجَاهَدُوْا مَعَكُمْ فَاُولٰۤىِٕكَ مِنْكُمْۗ وَاُولُوا الْاَرْحَامِ بَعْضُهُمْ اَوْلٰى بِبَعْضٍ فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ ࣖ٧٥
Wal-lażīna āmanū mim ba‘du wa hājarū wa jāhadū ma‘akum fa ulā'ika minkum, wa ulul-arḥāmi ba‘ḍuhum aulā biba‘ḍin fī kitābillāh(i), innallāha bikulli syai'in ‘alīm(un).
[75]
Jalma-jalma anu iman sanggeus éta, anu hijrah, tur jihad babarengan jeung aranjeun, nya aranjeunna téh kaasup (golongan) aranjeun. Jalma-jalma nu boga hubungan karabat mah, nya sawaréhna leuwih boga hak ka anu sawaréhna deui (tibatan nu lain karabat) mungguh kitab Allah. Saleresna Allah téh Mahauninga kana sagala perkara.