Surah An-Nazi’at

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالنّٰزِعٰتِ غَرْقًاۙ١
Wan-nāzi‘āti garqā(n).
[1] Demi (malaikat-malaikat) nu nyabut (nyawa) kalayan tarik.

وَّالنّٰشِطٰتِ نَشْطًاۙ٢
Wan-nāsyiṭāti nasyṭā(n).
[2] Demi (malaikat-malaikat) nu nyabut (nyawa) kalayan lalaunan.

وَّالسّٰبِحٰتِ سَبْحًاۙ٣
Was-sābiḥāti sabḥā(n).
[3] Demi (malaikat-malaikat) nu turun ti langit kalayan gancang pisan,

فَالسّٰبِقٰتِ سَبْقًاۙ٤
Fas-sābiqāti sabqā(n).
[4] (malaikat-malaikat) anu miheulaan kalayan gancang pisan,

فَالْمُدَبِّرٰتِ اَمْرًاۘ٥
Fal-mudabbirāti amrā(n).
[5] jeung (malaikat-malaikat) nu ngatur urusan (dunya). 930
930) Dina ayat 1-5 Allah sumpah kalayan malaikat-malaikat nu macem-macem sipatna jeung urusanana, yén manusa bakal dihudangkeun dina Poé Kiamat. Sawaréh ahli tapsir ngucap, yén dina ieu ayat-ayat, kajaba ayat 5, Allah sumpah kalayan béntang-béntang.

يَوْمَ تَرْجُفُ الرَّاجِفَةُۙ٦
Yauma tarjufur-rājifah(tu).
[6] (Sabenerna Kami bakal ngahudangkeun) dina poé nalika tiupan kahiji (sanggup) ngagenjlongkeun alam,

تَتْبَعُهَا الرَّادِفَةُ ۗ٧
Tatba‘uhar-rādifah(tu).
[7] (tiupan kahiji) nu disusul ku tiupan nu kadua.

قُلُوْبٌ يَّوْمَىِٕذٍ وَّاجِفَةٌۙ٨
Qulūbuy yauma'iżiw wājifah(tun).
[8] Haté manusa dina éta poé ngarasa kacida sieunna.

اَبْصَارُهَا خَاشِعَةٌ ۘ٩
Abṣāruhā khāsyi‘ah(tun).
[9] Panénjona tarungkul alum.

يَقُوْلُوْنَ ءَاِنَّا لَمَرْدُوْدُوْنَ فِى الْحَافِرَةِۗ١٠
Yaqūlūna a'innā lamardūdūna fil-ḥāfirah(ti).
[10] (Jalma-jalma kapir) nyarita, “Naha urang bener-bener bakal dibalikkeun kana kahirupan anu asal? 931
931) Saeungges ngadéngé ayana poé dihudangkeun saeungges maot, jalma-jalma kapir ngarasa hemeng jeung moyok, sabab nurutkeun kayakinana poé dihudangkeun téh moal kajadian. Nya éta téh anu jadi sabab maranéhna nanya.

ءَاِذَا كُنَّا عِظَامًا نَّخِرَةً ۗ١١
A'iżā kunnā ‘iẓāman nakhirah(tan).
[11] Naha (bakal dihirupkeun deui) waktu urang geus jadi tulang taléng nu ancur?”

قَالُوْا تِلْكَ اِذًا كَرَّةٌ خَاسِرَةٌ ۘ١٢
Qālū tilka iżan karratun khāsirah(tun).
[12] Maranéhna nyarita (deui), “Lamun kitu mah éta pangbalikan nu matak ngarugikeun.”

فَاِنَّمَا هِيَ زَجْرَةٌ وَّاحِدَةٌۙ١٣
Fa innamā hiya zajratuw wāḥidah(tun).
[13] Tapi seenyana éta ngan ku sakali tiupan wungkul.

فَاِذَا هُمْ بِالسَّاهِرَةِۗ١٤
Fa iżā hum bis-sāhirah(ti).
[14] Dadak sakala maranéhna hirup deui di bumi (nu anyar).

هَلْ اَتٰىكَ حَدِيْثُ مُوْسٰىۘ١٥
Hal atāka ḥadīṡu mūsā.
[15] Naha geus nepi ka hidep (Muhammad) lalakon Musa?

اِذْ نَادٰىهُ رَبُّهٗ بِالْوَادِ الْمُقَدَّسِ طُوًىۚ١٦
Iż nādāhu rabbuhū bil-wādil-muqaddasi ṭuwā(n).
[16] Waktu Pangéranana cumeluk ka (Musa) di lengkob suci, nyaéta Lengkob Tuwa,

اِذْهَبْ اِلٰى فِرْعَوْنَ اِنَّهٗ طَغٰىۖ١٧
Iżhab ilā fir‘auna innahū ṭagā.
[17] “Geura indit hidep (nepungan) Fir’aun lantaran manéhna geus ngaliwatan wates.

فَقُلْ هَلْ لَّكَ اِلٰٓى اَنْ تَزَكّٰىۙ١٨
Fa qul hal laka ilā an tazakkā.
[18] Nya caritakeun (ka Fir’aun), ‘Naha aya kahayang pikeun ngabersihkeun diri (tina kasasaran)?

وَاَهْدِيَكَ اِلٰى رَبِّكَ فَتَخْشٰىۚ١٩
Wa ahdiyaka ilā rabbika fa takhsyā.
[19] jeung anjeun bakal dituntun ku kuring kana jalan Pangéran anjeun supaya sieun (ka Mantenna?’”

فَاَرٰىهُ الْاٰيَةَ الْكُبْرٰىۖ٢٠
Fa arāhul-āyatal-kubrā.
[20] Terus (Musa) mintonkeun ka manéhna mujijat nu gedé,

فَكَذَّبَ وَعَصٰىۖ٢١
Fa każżaba wa ‘aṣā.
[21] tapi manéhna (Fir’aun) ngabohongkeun jeung migawé doraka.

ثُمَّ اَدْبَرَ يَسْعٰىۖ٢٢
Ṡumma adbara yas‘ā.
[22] Terus manéhna nukangan jeung nangtang (Musa)

فَحَشَرَ فَنَادٰىۖ٢٣
Fa ḥasyara fanādā.
[23] terus ngumpulkeun (pupuhu-pupuhu) sarta susumbar (ngagero kaomna)

فَقَالَ اَنَا۠ رَبُّكُمُ الْاَعْلٰىۖ٢٤
Fa qāla ana rabbukumul-a‘lā.
[24] (bari) pokna, “Kami pangéran anu mahalinuhung.”

فَاَخَذَهُ اللّٰهُ نَكَالَ الْاٰخِرَةِ وَالْاُوْلٰىۗ٢٥
Fa akhażahullāhu nakālal-ākhirati wal-ūlā.
[25] Nya Allah nyiksa manéhna kalayan siksaan di ahérat jeung di dunya.

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَعِبْرَةً لِّمَنْ يَّخْشٰى ۗ ࣖ٢٦
Inna fī żālika la‘ibratal limay yakhsyā.
[26] Saenyana dina éta parkara téh aya atikan pikeun jalma anu ajrih (ku Allah).

ءَاَنْتُمْ اَشَدُّ خَلْقًا اَمِ السَّمَاۤءُ ۚ بَنٰىهَاۗ٢٧
A'antum asyaddu khalqan amis-samā'u banāhā.
[27] Naha nu nyiptakeun manéh téh nu leuwih hébat atawa langit nu geus diwangun ku Mantenna?

رَفَعَ سَمْكَهَا فَسَوّٰىهَاۙ٢٨
Rafa‘a samkahā fa sawwāhā.
[28] Mantenna geus ngaluhungkeun adeganna tur nyampurnakeunana.

وَاَغْطَشَ لَيْلَهَا وَاَخْرَجَ ضُحٰىهَاۖ٢٩
Wa agṭasya lailahā wa akhraja ḍuḥāhā.
[29] Mantenna geus ngajadikeun peutingna (poék mongkléng) jeung beurangna (caang ngempray).

وَالْاَرْضَ بَعْدَ ذٰلِكَ دَحٰىهَاۗ٣٠
Wal-arḍa ba‘da żālika daḥāhā.
[30] sanggeus kitu bumi diamparkeun ku Mantenna.

اَخْرَجَ مِنْهَا مَاۤءَهَا وَمَرْعٰىهَاۖ٣١
Akhraja minhā mā'ahā wa mar‘āhā.
[31] Ti dinya Mantenna ngaluarkeun sumber cai jeung (dijadikeun) jujukutanana.

وَالْجِبَالَ اَرْسٰىهَاۙ٣٢
Wal-jibāla arsāhā.
[32] Gunung-gunungna dipancangkeun (ka jero taneuh) ku Mantenna kalayan kuat.

مَتَاعًا لَّكُمْ وَلِاَنْعَامِكُمْۗ٣٣
Matā‘al lakum wa li'an‘āmikum.
[33] (Éta kabéhanana) keur kasenangan maranéh jeung ingon-ingon maranéh.

فَاِذَا جَاۤءَتِ الطَّاۤمَّةُ الْكُبْرٰىۖ٣٤
Fa iżā jā'atiṭ-ṭāmmatul-kubrā.
[34] Nya upama kaributan anu rongkah (Poé Kiamat) geus datang

يَوْمَ يَتَذَكَّرُ الْاِنْسَانُ مَا سَعٰىۙ٣٥
Yauma yatażakkarul-insānu mā sa‘ā.
[35] (nyaéta) dina poéan (waktu) manusa ingeteun kana sagala anu geus dilampahkeunana

وَبُرِّزَتِ الْجَحِيْمُ لِمَنْ يَّرٰى٣٦
Wa burrizatil-jaḥīmu limay yarā.
[36] sarta naraka ditémbongkeun kalayan jelas pikeun sakur jalma anu nénjo.

فَاَمَّا مَنْ طَغٰىۖ٣٧
Fa ammā man ṭagā.
[37] Nya saha baé jalma anu ngaliwatan wates

وَاٰثَرَ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَاۙ٣٨
Wa āṡaral-ḥayātad-dun-yā.
[38] jeung leuwih ngutamakeun kahirupan dunya,

فَاِنَّ الْجَحِيْمَ هِيَ الْمَأْوٰىۗ٣٩
Fa innal-jaḥīma hiyal-ma'wā.
[39] mangka sabenerna (naraka) Jahim téh padumukanana.

وَاَمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهٖ وَنَهَى النَّفْسَ عَنِ الْهَوٰىۙ٤٠
Wa ammā man khāfa maqāma rabbihī wa nahan-nafsa ‘anil-hawā.
[40] Anapon jalma-jalma anu ajrih ku kaluhungan Pangéranana sarta ngajaga dirina tina (kahayang) hawa napsuna,

فَاِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ الْمَأْوٰىۗ٤١
Fa innal-jannata hiyal-ma'wā.
[41] mangka sabenerna sawarga téh padumukanana.

يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ السَّاعَةِ اَيَّانَ مُرْسٰىهَاۗ٤٢
Yas'alūnaka ‘anis-sā‘ati ayyāna mursāhā.
[42] Maranéhna (jalma-jalma kapir) nanya ka hidep (Muhammad) ngeunaan Poé Kiamat, “Iraha kajadianana?”

فِيْمَ اَنْتَ مِنْ ذِكْرٰىهَاۗ٤٣
Fīma anta min żikrāhā.
[43] Keur naon manéh perlu nyebutkeun (waktuna)?

اِلٰى رَبِّكَ مُنْتَهٰىهَاۗ٤٤
Ilā rabbika muntahāhā.
[44] Ngan ka Pangéran manéh (dibalikkeun) panugtunganana (katangtuan waktu)na.

اِنَّمَآ اَنْتَ مُنْذِرُ مَنْ يَّخْشٰىهَاۗ٤٥
Innamā anta munżiru may yakhsyāhā.
[45] Hidep (Muhammad) ngan saukur méré pépéling pikeun jalma anu sieuneun kana éta (Poé Kiamat)

كَاَنَّهُمْ يَوْمَ يَرَوْنَهَا لَمْ يَلْبَثُوْٓا اِلَّا عَشِيَّةً اَوْ ضُحٰىهَا ࣖ٤٦
Ka'annahum yauma yaraunahā lam yalbaṡū illā ‘asyiyyatan au ḍuḥāhā.
[46] Dina poé waktu maranéhna nénjo Poé Kiamat (ku sabab rongkahna), maranéhna ngarasa saolah-olah ngan (sakeudeung baé) cicing (di dunya) téh dina waktu soré atawa isuk-isuk.