Surah An-Naba’

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
عَمَّ يَتَسَاۤءَلُوْنَۚ١
‘Amma yatasā'alūn(a).
[1] Ngeunaan perkara naon maranéhna silih tanya?

عَنِ النَّبَاِ الْعَظِيْمِۙ٢
‘Anin naba'il-‘aẓīm(i).
[2] Ngeunaan perkara anu gedé (Poé Kiamat),

الَّذِيْ هُمْ فِيْهِ مُخْتَلِفُوْنَۗ٣
Allażī hum fīhi mukhtalifūn(a).
[3] (perkara) anu halna dipasaliakeun ku maranéhna.

كَلَّا سَيَعْلَمُوْنَۙ٤
Kallā saya‘lamūn(a).
[4] Ulah kitu! 927 Engké ogé maranéhna bakal nyahoeun.
927) Sanggaha pikeun pamadeugan jalma-jalma kapir Mekah anu ingkar kana poé dihudangkeun tina kubur jeung Poé Kiamat.

ثُمَّ كَلَّا سَيَعْلَمُوْنَ٥
Ṡumma kallā saya‘lamūn(a).
[5] Sakali deui, ulah kitu! Engké ogé maranéhna bakal nyahoeun.

اَلَمْ نَجْعَلِ الْاَرْضَ مِهٰدًاۙ٦
Alam naj‘alil-arḍa mihādā(n).
[6] Naha apan Kami geus ngajadikeun (ieu) bumi téh minangka amparan?

وَّالْجِبَالَ اَوْتَادًاۖ٧
Wal-jibāla autādā(n).
[7] (Apan Kami geus ngajadikeun) gunung-gunung téh minangka paseuk(na)?

وَّخَلَقْنٰكُمْ اَزْوَاجًاۙ٨
Wa khalaqnākum azwājā(n).
[8] Kami ogé nyiptakeun maranéh sajodo-sajodo.

وَّجَعَلْنَا نَوْمَكُمْ سُبَاتًاۙ٩
Wa ja‘alnā naumakum subātā(n).
[9] Kami ngajadikeun saré maranéh pikeun ngaso.

وَّجَعَلْنَا الَّيْلَ لِبَاسًاۙ١٠
Wa ja‘alnal-laila libāsā(n).
[10] Kami ngajadikeun peuting (lir ibarat) pakéan. 928
928) Peuting disebut pikeun “pakéan” sabab nutupan jagat sakumaha pakéan nutupan awak manusa.

وَّجَعَلْنَا النَّهَارَ مَعَاشًاۚ١١
Wa ja‘alnan-nahāra ma‘āsyā(n).
[11] Kami ngajadikeun beurang pikeun nyiar panghirupan.

وَبَنَيْنَا فَوْقَكُمْ سَبْعًا شِدَادًاۙ١٢
Wa banainā fauqakum sab‘an syidādā(n).
[12] Kami geus ngajadikeun luhureun maranéh tujuh (langit) anu kuat.

وَّجَعَلْنَا سِرَاجًا وَّهَّاجًاۖ١٣
Wa ja‘alnā sirājaw wahhājā(n).
[13] Kami geus ngajadikeun lampu nu kacida caangna (panonpoé).

وَّاَنْزَلْنَا مِنَ الْمُعْصِرٰتِ مَاۤءً ثَجَّاجًاۙ١٤
Wa anzalnā minal-mu‘ṣirāti mā'an ṡajjājā(n).
[14] Kami geus ngucurkeun tina méga cai hujan nu ngagebrét

لِّنُخْرِجَ بِهٖ حَبًّا وَّنَبَاتًاۙ١٥
Linukhrija bihī ḥabbaw wa nabātā(n).
[15] supaya Kami nuwuhkeun kalayan ieu (cai hujan) sisikian sarta tutuwuhan

وَّجَنّٰتٍ اَلْفَافًاۗ١٦
Wa jannātin alfāfā(n).
[16] jeung kebon-kebon nu rindang.

اِنَّ يَوْمَ الْفَصْلِ كَانَ مِيْقَاتًاۙ١٧
Inna yaumal-faṣli kāna mīqātā(n).
[17] Sabenerna poé papastén téh nyaéta hiji mangsa anu geus ditetepkeun.

يَّوْمَ يُنْفَخُ فِى الصُّوْرِ فَتَأْتُوْنَ اَفْوَاجًاۙ١٨
Yauma yunfakhu fiṣ-ṣūri fa ta'tūna afwājā(n).
[18] (Nyaéta) dina poé (waktu) sangkakala ditiup, tuluy maranéh datang (kalayan) ngabring.

وَّفُتِحَتِ السَّمَاۤءُ فَكَانَتْ اَبْوَابًاۙ١٩
Wa futiḥatis-samā'u fa kānat abwābā(n).
[19] Langit ogé bakal dibuka, nya aya sababaraha panto.

وَّسُيِّرَتِ الْجِبَالُ فَكَانَتْ سَرَابًاۗ٢٠
Wa suyyiratil-jibālu fa kānat sarābā(n).
[20] Gunung-gunung dileumpangkeun nepi ka jadi sarab (patamorgana).

اِنَّ جَهَنَّمَ كَانَتْ مِرْصَادًاۙ٢١
Inna jahannama kānat mirṣādā(n).
[21] Sabenerna (naraka) Jahanam téh (minangka) tempat ngintai (pikeun nu ngajaga nu nalingakeun eusi naraka).

لِّلطّٰغِيْنَ مَاٰبًاۙ٢٢
Liṭ-ṭāgīna ma'ābā(n).
[22] Jadi tempat pambalikan pikeun jalma-jalma anu ngaliwat wates.

لّٰبِثِيْنَ فِيْهَآ اَحْقَابًاۚ٢٣
Lābiṡīna fīhā aḥqābā(n).
[23] Maranéhna cicing di dinya dina waktu anu salilana.

لَا يَذُوْقُوْنَ فِيْهَا بَرْدًا وَّلَا شَرَابًاۙ٢٤
Lā yażūqūna fīhā bardaw wa lā syarābā(n).
[24] Di jerona maranéhna moal ngarasa tiis jeung moal (ogé meunang) inumeun

اِلَّا حَمِيْمًا وَّغَسَّاقًاۙ٢٥
Illā ḥamīmaw wa gassāqā(n).
[25] salian ti cai ngagolak jeung getih-nanah,

جَزَاۤءً وِّفَاقًاۗ٢٦
Jazā'aw wifāqā(n).
[26] minangka wawales anu sabobot.

اِنَّهُمْ كَانُوْا لَا يَرْجُوْنَ حِسَابًاۙ٢٧
Innahum kānū lā yarjūna ḥisābā(n).
[27] Sabenerna baheula maranéhna téh miharep kana hisab.

وَّكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا كِذَّابًاۗ٢٨
Wa każżabū bi'āyātinā kiżżābā(n).
[28] Maranéhna bener-bener ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami.

وَكُلَّ شَيْءٍ اَحْصَيْنٰهُ كِتٰبًاۙ٢٩
Wa kulla syai'in aḥṣaināhu kitābā(n).
[29] Saban perkara geus Kami catet dina Kitab (catetan amal manusa).

فَذُوْقُوْا فَلَنْ نَّزِيْدَكُمْ اِلَّا عَذَابًا ࣖ٣٠
Fa żūqū falan nazīdakum illā ‘ażābā(n)
[30] Ku kituna, pék rasakeun! Nya moal aya nu ku Kami tambahkeun ka maranéh salian siksa.

اِنَّ لِلْمُتَّقِيْنَ مَفَازًاۙ٣١
Inna lil-muttaqīna mafāzā(n).
[31] Sabenerna pikeun jalma-jalma anu takwa mah kauntungan.

حَدَاۤىِٕقَ وَاَعْنَابًاۙ٣٢
Ḥadā'iqa wa a‘nābā(n).
[32] (Nyaéta) kebon-kebon jeung buah anggur,

وَّكَوَاعِبَ اَتْرَابًاۙ٣٣
Wa kawā‘iba atrābā(n).
[33] mojang-mojang geulis anu sapantar,

وَّكَأْسًا دِهَاقًاۗ٣٤
Wa ka'san dihāqā(n).
[34] jeung gelas-gelas nu parinuh (inumeun).

لَا يَسْمَعُوْنَ فِيْهَا لَغْوًا وَّلَا كِذّٰبًا٣٥
Lā yasma‘ūna fīhā lagwaw wa lā kiżżābā(n).
[35] Di dinya aranjeunna moal nguping omongan gaplah jeung (omongan) bohong,

جَزَاۤءً مِّنْ رَّبِّكَ عَطَاۤءً حِسَابًاۙ٣٦
Jazā'am mir rabbika ‘aṭā'an ḥisābā(n).
[36] minangka wawales jeung kurnia anu cukup loba ti Pangéran hidep.

رَّبِّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا الرَّحْمٰنِ لَا يَمْلِكُوْنَ مِنْهُ خِطَابًاۚ٣٧
Rabbis-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumar-raḥmāni lā yamlikūna minhu khiṭābā(n).
[37] Pangéran (nu ngurus) langit jeung bumi jeung sagala nu aya di antarana, Nu Mahamurah. Aranjeunna teu aya nu kawasa unjukan ka Mantenna.

يَوْمَ يَقُوْمُ الرُّوْحُ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ صَفًّاۙ لَّا يَتَكَلَّمُوْنَ اِلَّا مَنْ اَذِنَ لَهُ الرَّحْمٰنُ وَقَالَ صَوَابًا٣٨
Yauma yaqūmur-rūḥu wal-malā'ikatu ṣaffā(n), lā yatakallamūna illā man ażina lahur-raḥmānu wa qāla ṣawābā(n).
[38] Dina poéan waktu roh 929 jeung para malaikat nangtung ngabaris. Aranjeunna teu nyarita salian jalmi anu dipaparinan widi ku Pangéran Nu Mahamurah, jeung anjeunna ngan ngucapkeun nu bener.
929) Para ahli tapsir ngabogaan pamadegan anu béda ngeunaan maksud “roh” dina ieu ayat. Aya nu ngucap “Jibril”, aya nu ngucap “wadyabalad Allah”, jeung aya ogé anu ngucap “roh manusa”.

ذٰلِكَ الْيَوْمُ الْحَقُّۚ فَمَنْ شَاۤءَ اتَّخَذَ اِلٰى رَبِّهٖ مَاٰبًا٣٩
Żālikal-yaumul-ḥaqq(u), faman syā'attakhaża ilā rabbihī ma'ābā(n).
[39] Éta téh poé anu bener kajadianana. Saha baé anu miharep (kasalametan), pasti milampah jalan pangmulangan ka Allah (kalayan migawé amal soléh).

اِنَّآ اَنْذَرْنٰكُمْ عَذَابًا قَرِيْبًا ەۙ يَّوْمَ يَنْظُرُ الْمَرْءُ مَا قَدَّمَتْ يَدَاهُ وَيَقُوْلُ الْكٰفِرُ يٰلَيْتَنِيْ كُنْتُ تُرٰبًا ࣖ٤٠
Innā anżarnākum ‘ażāban qarībā(n), yauma yanẓurul-mar'u mā qaddamat yadāhu wa yaqūlul-kāfiru yā laitanī kuntu turābā(n).
[40] Sabenerna Kami geus mépélingan maranéh (jalma-jalma kapir) ngeunaan siksaan anu deukeut, dina poé manusa nénjo sagala anu geus dipigawé ku dua leungeunna, jeung jalma kapir ngucap, “Lamun seug simk uring (baheula) jadi taneuh.”