Surah Al-Mursalat

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالْمُرْسَلٰتِ عُرْفًاۙ١
Wal-mursalāti ‘urfā(n).
[1] Demi (malaikat-malaikat) 920 nu diutus pikeun mawa kahadéan
920) Sawaréh ahli tapsir ngartikeun “demi angin anu dikirim”.

فَالْعٰصِفٰتِ عَصْفًاۙ٢
Fal-‘āṣifāti ‘aṣfā(n).
[2] jeung (malaikat-malaikat) anu ngapung kalayan tarik. 921
921) Ngapung pikeun ngalakonan paréntah Allah.

وَّالنّٰشِرٰتِ نَشْرًاۙ٣
Wan-nāsyirāti nasyrā(n).
[3] Demi (malaikat-malaikat) anu nyebarkeun (rahmat Allah) kalayan saluas-luasna, 922
922) Dina mangsa malaikat turun pikeun mawa wahyu, sawaréh ahli tapsir ngucap yén anu dimaksud kalayan al-nāsyirāt téh nyaéta angin anu ditiup dibarengan ku hujan.

فَالْفٰرِقٰتِ فَرْقًاۙ٤
Fal-fāriqāti farqā(n).
[4] jeung (malaikat-malaikat) anu ngabédakeun (antara nu hadé jeung nu goréng) kalayan sajelas-jelasna,

فَالْمُلْقِيٰتِ ذِكْرًاۙ٥
Fal-mulqiyāti żikrā(n).
[5] sarta (malaikat-malaikat) anu nepikeun wahyu

عُذْرًا اَوْ نُذْرًاۙ٦
‘Użran au nużrā(n).
[6] pikeun nolak alesan-alesan atawa (méré) pépéling.

اِنَّمَا تُوْعَدُوْنَ لَوَاقِعٌۗ٧
Innamā tū‘adūna lawāqi‘(un).
[7] Sabenerna anu dijangjikeun ka maranéh téh pasti bakal tumiba.

فَاِذَا النُّجُوْمُ طُمِسَتْۙ٨
Fa iżan-nujūmu ṭumisat.
[8] Nya waktu béntang-béntang dipareuman (cahayana);

وَاِذَا السَّمَاۤءُ فُرِجَتْۙ٩
Wa iżas-samā'u furijat.
[9] waktu langit dibejadkeun;

وَاِذَا الْجِبَالُ نُسِفَتْۙ١٠
Wa iżal-jibālu nusifat.
[10] waktu gunung-gunung diancurkeun jadi kebul;

وَاِذَا الرُّسُلُ اُقِّتَتْۗ١١
Wa iżar-rusulu uqqitat.
[11] waktu rasul-rasul ditangtukeun waktuna, 923
923) Mangsa pikeun ngumpul bareng jeung umat maranéhna séwang-séwang.

لِاَيِّ يَوْمٍ اُجِّلَتْۗ١٢
Li'ayyi yaumin ujjilat.
[12] (tangtu dtanyakeun ka aranjeunna), “Nepi poé iraha diengkékeun (siksa jalma-jalma kapir téh)?”

لِيَوْمِ الْفَصْلِۚ١٣
Liyaumil-faṣl(i).
[13] Nepi poé kaputusan.

وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا يَوْمُ الْفَصْلِۗ١٤
Wa mā adrāka mā yaumul-faṣl(i).
[14] Naha anjeun nyaho naon ari poé kaputusan téh?

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ١٥
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[15] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

اَلَمْ نُهْلِكِ الْاَوَّلِيْنَۗ١٦
Alam nuhlikil-awwalīn(a).
[16] Naha lain Kami geus ngabinasakeun jalma-jalma anu baheula?

ثُمَّ نُتْبِعُهُمُ الْاٰخِرِيْنَ١٧
Ṡumma nutbi‘uhumul-ākhirīn(a).
[17] Tuluy Kami nyusulkeun (siksa Kami pikeun) jalma-jalma nu datang sanggeusna?

كَذٰلِكَ نَفْعَلُ بِالْمُجْرِمِيْنَ١٨
Każālika naf‘alu bil-mujrimīn(a).
[18] Nya jiga kitu Kami nindak jalma-jalma anu doraka.

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ١٩
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[19] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

اَلَمْ نَخْلُقْكُّمْ مِّنْ مَّاۤءٍ مَّهِيْنٍۙ٢٠
Alam nakhluqkum mim mā'im mahīn(in).
[20] Naha lain Kami geus nyiptakeun maranéh téh tina cai nu hina (mani)?

فَجَعَلْنٰهُ فِيْ قَرَارٍ مَّكِيْنٍ٢١
Fa ja‘alnāhu fī qarārim makīn(in).
[21] Tuluy Kami neundeun éta (cai) dina tempat anu pageuh (rahim)

اِلٰى قَدَرٍ مَّعْلُوْمٍۙ٢٢
Ilā qadarim ma‘lūm(in).
[22] nepi waktu anu ditangtukeun.

فَقَدَرْنَاۖ فَنِعْمَ الْقٰدِرُوْنَ٢٣
Fa qadarnā, fani‘mal-qādirūn(a).
[23] Tuluy Kami nangtukeun (bentukna), nya (Kami) panghada-hadéna anu nangtukeun.

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ٢٤
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[24] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

اَلَمْ نَجْعَلِ الْاَرْضَ كِفَاتًاۙ٢٥
Alam naj‘alil-arḍa kifātā(n).
[25] Naha lain Kami geus ngajadikeun bumi (tempat) ngumpul

اَحْيَاۤءً وَّاَمْوَاتًاۙ٢٦
Aḥyā'aw wa amwātā(n).
[26] pikeun nu masih hirup jeung nu geus maot 924
924) Bumi ngagundukkeun jalma-jalma hirup dina luhureunana jeung jalma-jalma maot di jero beuteungna.

وَّجَعَلْنَا فِيْهَا رَوَاسِيَ شٰمِخٰتٍ وَّاَسْقَيْنٰكُمْ مَّاۤءً فُرَاتًاۗ٢٧
Wa ja‘alnā fīhā rawāsiya syāmikhātiw wa asqainākum mā'an furātā(n).
[27] jeung Kami ngajadikeun di dinya gunung-gunung anu luhur, sarta Kami maparin nginum ka maranéh ku cai hambar?

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ٢٨
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[28] Cilaka dina éta poé téh maranéh anu ngabohongkeun (bebeneran).

اِنْطَلِقُوْٓا اِلٰى مَا كُنْتُمْ بِهٖ تُكَذِّبُوْنَۚ٢٩
Inṭaliqū ilā mā kuntum bihī tukażżibūn(a).
[29] (Bakal diucapkeun ka jalma-jalma kapir), “Jig arindit maranéh ngajugjug siksa anu baheula ku maranéh dibohongkeun.

اِنْطَلِقُوْٓا اِلٰى ظِلٍّ ذِيْ ثَلٰثِ شُعَبٍ٣٠
Inṭaliqū ilā ẓillin żī ṡalāṡi syu‘ab(in).
[30] Jig arindit ngajugjug iuh-iuhan (haseup seuneu naraka) anu ngabogaan tilu cabang 925
925) Nyaéta anu ngabogaan tilu gejolak, nyaéta di katuhu, di kénca, jeung di luhur. Éta siksa ningker jalma-jalma kapir tina sagala juru.

لَا ظَلِيْلٍ وَّلَا يُغْنِيْ مِنَ اللَّهَبِۗ٣١
Lā ẓalīliw wa lā yugnī minal-lahab(i).
[31] anu henteu nangtayungan jeung anu henteu bisa nolak hurungna seuneu naraka.

اِنَّهَا تَرْمِيْ بِشَرَرٍ كَالْقَصْرِۚ٣٢
Innahā tarmī bisyararin kal-qaṣr(i).
[32] Sabenerna (naraka) téh nyemburkeun kembang seuneu (sagedé jeung sajangkung) istana

كَاَنَّهٗ جِمٰلَتٌ صُفْرٌۗ٣٣
Ka'annahū jimālatun ṣufr(un).
[33] kawas aleutan onta-onta anu konéng.

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ٣٤
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[34] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

هٰذَا يَوْمُ لَا يَنْطِقُوْنَۙ٣٥
Hāżā yaumu lā yanṭiqūn(a).
[35] Ieu téh poé waktu maranéhna henteu bisa nyarita.

وَلَا يُؤْذَنُ لَهُمْ فَيَعْتَذِرُوْنَ٣٦
Wa lā yu'żanu lahum fa ya‘tażirūn(a).
[36] Maranéhna teu diidinan (nyarita) pikeun ngajukeun ménta dihampura.

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ٣٧
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[37] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

هٰذَا يَوْمُ الْفَصْلِ جَمَعْنٰكُمْ وَالْاَوَّلِيْنَ٣٨
Hāżā yaumul-faṣli jama‘nākum wal-awwalīn(a).
[38] Poé ieu téh poé kaputusan. (Dina ieu poé) Kami ngumpulkeun maranéh jeung jalma-jalma anu ti heula

فَاِنْ كَانَ لَكُمْ كَيْدٌ فَكِيْدُوْنِ٣٩
Fa'in kāna lakum kaidun fakīdūn(i).
[39] Nya upama maranéh boga tipu daya, prak geura lakukeun éta (tipu daya) ka Kami.

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ ࣖ٤٠
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[40] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِيْ ظِلٰلٍ وَّعُيُوْنٍۙ٤١
Innal-muttaqīna fī ẓilāliw wa ‘uyūn(in).
[41] Sabenerna jalma-jalma anu takwa aya dina iuh-iuh (tatangkalan sawarga) jeung (di sakuriling) cinyusu-cinyusu

وَّفَوَاكِهَ مِمَّا يَشْتَهُوْنَۗ٤٢
Wa fawākiha mimmā yasytahūn(a).
[42] jeung bubuahan anu dipikaresep ku aranjeunna.

كُلُوْا وَاشْرَبُوْا هَنِيْۤـًٔا ۢبِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٤٣
Kulū wasyrabū hanī'am bimā kuntum ta‘malūn(a).
[43] (Diucapkeun ka aranjeunna), “Pék dalahar jeung ngarinum kalayan rasa anu ni’mat, alatan sakabéh anu ku aranjeun diamalkeun.

اِنَّا كَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ٤٤
Innā każālika najzil-muḥsinīn(a).
[44] Sabenerna nya kitu Kami méré babales ka jalma-jalma anu milampah kahadéan.

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ٤٥
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[45] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

كُلُوْا وَتَمَتَّعُوْا قَلِيْلًا اِنَّكُمْ مُّجْرِمُوْنَ٤٦
Kulū wa tamatta‘ū qalīlan innakum mujrimūn(a).
[46] (Diucapkeun ka jalma-jalma kapir), “Pék dalahar jeung sarenang-senang (di dunya) sakeudeng. Sabenerna maranéh téh jalma-jalma anu doraka.”

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ٤٧
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[47] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمُ ارْكَعُوْا لَا يَرْكَعُوْنَ٤٨
Wa iżā qīla lahumurka‘ū lā yarka‘ūn(a).
[48] Upama diucapkeun ka maranéhna “prak raruku, “maranéhna teu daékeun ruku. 926
926) Sawaréh ahli tapsir ngucap yén anu dimaksud ruku di dieu téh nyaéta tungkul kana paréntah Allah. Sabagian anu lainna ngucap yén anu dimaksud téh nyaéta salat.

وَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَ٤٩
Wailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[49] Cilaka dina éta poé maranéhna anu ngabohongkeun (bebeneran).

فَبِاَيِّ حَدِيْثٍۢ بَعْدَهٗ يُؤْمِنُوْنَ ࣖ ۔٥٠
Fa bi'ayyi ḥadīṡim ba‘dahū yu'minūn(a).
[50] Nya kana ajaran mana deui (salian Al-Qur’an) maranéh bakal imaan?