Surah Al-Insan

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
هَلْ اَتٰى عَلَى الْاِنْسَانِ حِيْنٌ مِّنَ الدَّهْرِ لَمْ يَكُنْ شَيْـًٔا مَّذْكُوْرًا١
Hal atāka ‘alal-insāni ḥīnum minad-dahri lam yakun syai'am mażkūrā(n).
[1] Naha apan kungsi datang ka manusa hiji mangsa anu harita (manéhna) can mangrupakeun perkara anu bisa disebut?

اِنَّا خَلَقْنَا الْاِنْسَانَ مِنْ نُّطْفَةٍ اَمْشَاجٍۖ نَّبْتَلِيْهِ فَجَعَلْنٰهُ سَمِيْعًاۢ بَصِيْرًا٢
Innā khalaqnal-insāna min nuṭfatin amsyājin nabtalīhi fa ja‘alnāhu samī‘am baṣīrā(n).
[2] Sabenerna Kami geus nyiptakeun manusa tina sakeclak cai mani anu pacampur. 917 Kami rék nguji ka manéhna (kalayan paréntah jeung cegahan) nepi ka Kami ngajadikeun manéhna bisa ngadéngé jeung nénjo.
917) Pacampur antara binih lalaki jeung awéwé.

اِنَّا هَدَيْنٰهُ السَّبِيْلَ اِمَّا شَاكِرًا وَّاِمَّا كَفُوْرًا٣
Innā hadaināhus-sabīla immā syākiraw wa immā kafūrā(n).
[3] Sabenerna Kami geus nuduhkeun ka manéhna jalan (anu lempeng): Aya nu sukuran aya ogé anu kupur.

اِنَّآ اَعْتَدْنَا لِلْكٰفِرِيْنَ سَلٰسِلَا۟ وَاَغْلٰلًا وَّسَعِيْرًا٤
Innā a‘tadnā lil-kāfirīna salāsila wa aglālaw wa sa‘īrā(n).
[4] Sabenerna Kami geus nyawiskeun pikeun jalma-jalma kapir ranté, bangkol-bangkol, jeung (api) naraka anu ngéntab-ngéntab.

اِنَّ الْاَبْرَارَ يَشْرَبُوْنَ مِنْ كَأْسٍ كَانَ مِزَاجُهَا كَافُوْرًاۚ٥
Innal-abrāra yasyrabūna min ka'sin kāna mizājuhā kāfūrā(n).
[5] abenerna jalma-jalma anu migawé kahadéan bakal nginum (arak) tina gelas anu campuranana téh cai kapur, 918
918) Ngaran hiji cinyusu di sawarga anu caina bodas sarta ambeu jeung rasana énak pisan.

عَيْنًا يَّشْرَبُ بِهَا عِبَادُ اللّٰهِ يُفَجِّرُوْنَهَا تَفْجِيْرًا٦
‘Ainay yasyrabu bihā ‘ibādullāhi yufajjirūnahā tafjīrā(n).
[6] (nyaéta) cinyusu (dina jero sawarga) anu diarinum ku hamba-hamba Allah jeung aranjeunna bisa mancerkeunana kalayan gampang.

يُوْفُوْنَ بِالنَّذْرِ وَيَخَافُوْنَ يَوْمًا كَانَ شَرُّهٗ مُسْتَطِيْرًا٧
Yūfūna bin-nażri wa yakhāfūna yauman kāna syarruhū mustaṭīrā(n).
[7] Aranjeunna nyumponan nadarna 919 jeung sieun ku hiji poé anu siksana rata di mana-mana
919) Nyaéta niat jeung jangji bakal ngalakonan perkara anu dikaitkeun jeung hiji perkara anu dipihareup, samisal lamun cageur tina gering atawa lolos ujian, si jalma bakal puasa tilu poé atawa sidekah.

وَيُطْعِمُوْنَ الطَّعَامَ عَلٰى حُبِّهٖ مِسْكِيْنًا وَّيَتِيْمًا وَّاَسِيْرًا٨
Wa yuṭ‘imūnaṭ-ṭa‘āma ‘alā ḥubbihī miskīnaw wa yatīmaw wa asīrā(n).
[8] Aranjeunna méré dahar nu dipikaresep ka jalma miskin, budak yatim, jeung jalma anu ditawan.

اِنَّمَا نُطْعِمُكُمْ لِوَجْهِ اللّٰهِ لَا نُرِيْدُ مِنْكُمْ جَزَاۤءً وَّلَا شُكُوْرًا٩
Innamā nuṭ‘imukum liwajhillāhi lā nurīdu minkum jazā'aw wa lā syukūrā(n).
[9] (Aranjeunna ngomong), “Sabenerna kuring saréréa méré kadaharan ka maranéh téh ngan karana ngarepkeun rido Allah. Kuring saréréa teu miharep pimulang jeung dinunuhun ti maranéh.

اِنَّا نَخَافُ مِنْ رَّبِّنَا يَوْمًا عَبُوْسًا قَمْطَرِيْرًا١٠
Innā nakhāfu mir rabbinā yauman ‘abūsan qamṭarīrā(n).
[10] Sabenerna kuring saréréa sieun ku (siksa) Allah dina poéan (waktu) jalma-jalma bengeutna haseum jeung loba kasusah.”

فَوَقٰىهُمُ اللّٰهُ شَرَّ ذٰلِكَ الْيَوْمِ وَلَقّٰىهُمْ نَضْرَةً وَّسُرُوْرًاۚ١١
Fa waqāhumullāhu syarra żālikal-yaumi wa laqqāhum naḍrataw wa surūrā(n).
[11] Nya Allah nangtayungan aranjeunna tina kasusah éta poé sarta maparin kagumbiraan jeung marahmay ka maranéhna.

وَجَزٰىهُمْ بِمَا صَبَرُوْا جَنَّةً وَّحَرِيْرًاۙ١٢
Wa jazāhum bimā ṣabarū jannataw wa ḥarīrā(n).
[12] Mantenna méré walesan ka maranéhna sabab salabar (ku mangrupa) sawarga jeung pakéan sutra.

مُّتَّكِـِٕيْنَ فِيْهَا عَلَى الْاَرَاۤىِٕكِۚ لَا يَرَوْنَ فِيْهَا شَمْسًا وَّلَا زَمْهَرِيْرًاۚ١٣
Muttaki'īna fīhā ‘alal-arā'ik(i), lā yarauna fīhā syamsaw wa lā zamharīrā(n).
[13] Di ditu aranjeunna diuk nyarandé dina luhur dipan. Di ditu aranjeunna teu ngarasakeun panasna panonpoé jeung tiis anu kabina-bina.

وَدَانِيَةً عَلَيْهِمْ ظِلٰلُهَا وَذُلِّلَتْ قُطُوْفُهَا تَذْلِيْلًا١٤
Wa dāniyatan ‘alaihim ẓilāluhā wa żullilat quṭūfuhā tażlīlā(n).
[14] Pangiuh (tatangkalan)na deukeut di luhureunana sarta dibabarikeun pikeun metik (buah) na.

وَيُطَافُ عَلَيْهِمْ بِاٰنِيَةٍ مِّنْ فِضَّةٍ وَّاَكْوَابٍ كَانَتْ قَوَارِيْرَا۠١٥
Wa yuṭāfu ‘alaihim bi'āniyatim min fiḍḍatiw wa akwābin kānat qawārīrā.
[15] Ka aranjeunna disuguhkeun wawadahan tina pérak jeung gelas-gelas nu kacida ngagenclang (kacana).

قَوَارِيْرَا۟ مِنْ فِضَّةٍ قَدَّرُوْهَا تَقْدِيْرًا١٦
Qawārīra min fiḍḍatin qaddarūhā taqdīrā(n).
[16] Kaca nu ngagenclang téh dijieunna tina perak. Aranjeunna nangtukeun (sorangan) ukuranna anu saluyu (jeung kahayangna).

وَيُسْقَوْنَ فِيْهَا كَأْسًا كَانَ مِزَاجُهَا زَنْجَبِيْلًاۚ١٧
Wa yusqauna fīhā ka'san kāna mizājuhā zanjabīlā(n).
[17] Di ditu aranjeunna dibéré sagelas inuman dicampuran jahé

عَيْنًا فِيْهَا تُسَمّٰى سَلْسَبِيْلًا١٨
‘Ainan fīhā tusammā salsabīlā(n).
[18] (anu didatangkeun ti) hiji cinyusu (di sawarga) nu diaranan Salsabil.

۞ وَيَطُوْفُ عَلَيْهِمْ وِلْدَانٌ مُّخَلَّدُوْنَۚ اِذَا رَاَيْتَهُمْ حَسِبْتَهُمْ لُؤْلُؤًا مَّنْثُوْرًا١٩
Wa yaṭūfu ‘alaihim wildānum mukhalladūn(a), iżā ra'aitahum ḥasibtahum lu'lu'am manṡūrā(n).
[19] Aranjeunna dikurilingan ku para jajaka nu tetep ngora. Upama ningal ka maranéhna, anjeun bakal nyangka yén maranéhna (para jajaka) téh mutiara anu sumawur.

وَاِذَا رَاَيْتَ ثَمَّ رَاَيْتَ نَعِيْمًا وَّمُلْكًا كَبِيْرًا٢٠
Wa iżā ra'aita ṡamma ra'aita na‘īmaw wa mulkan kabīrā(n).
[20] Upama anjeun ningal (kaayaan) dina (sawarga), tangtu di dinya bakal ningal mangrupa-rupa kani’mat jeung karajaan anu gedé.

عٰلِيَهُمْ ثِيَابُ سُنْدُسٍ خُضْرٌ وَّاِسْتَبْرَقٌۖ وَّحُلُّوْٓا اَسَاوِرَ مِنْ فِضَّةٍۚ وَسَقٰىهُمْ رَبُّهُمْ شَرَابًا طَهُوْرًا٢١
‘Āliyahum ṡiyābu sundusin khuḍruw wa istabraq(un), wa ḥullū asāwira min fiḍḍah(tin), wa saqāhum rabbuhum syarāban ṭahūrā(n).
[21] Aranjeunna maké baju sutra halus nu héjo jeung sutra nu kandel sarta maké geulang tina pérak. Pangéran maparin ka aranjeunna nginum nu suci.

اِنَّ هٰذَا كَانَ لَكُمْ جَزَاۤءً وَّكَانَ سَعْيُكُمْ مَّشْكُوْرًا ࣖ٢٢
Inna hāżā kāna lakum jazā'aw wa kāna sa‘yukum masykūrā(n).
[22] Ieu téh ganjaran pikeun aranjeun. Sagala upaya aranjeun ditarima jeung diaku ku (Allah).

اِنَّا نَحْنُ نَزَّلْنَا عَلَيْكَ الْقُرْاٰنَ تَنْزِيْلًاۚ٢٣
Innā naḥnu nazzalnā ‘alaikal-qur'āna tanzīlā(n).
[23] Sabenerna nya Kami nu nurunkeun éta Al-Qur’an ka hidep (Muhammad) kalayan terus-terusan.

فَاصْبِرْ لِحُكْمِ رَبِّكَ وَلَا تُطِعْ مِنْهُمْ اٰثِمًا اَوْ كَفُوْرًاۚ٢٤
Faṣbir liḥukmi rabbika wa lā tuṭi‘ minhum āṡiman au kafūrā(n).
[24] Ku kituna, sing sabar dina enggoning (ngalaksanakeun) katangtuan Pangéran hidep. Poma hidep ulah rék nurut ka jalma tukang migawé dosa jeung jalma kapir ti antara maranéhna.

وَاذْكُرِ اسْمَ رَبِّكَ بُكْرَةً وَّاَصِيْلًاۚ٢٥
Ważkurisma rabbika bukrataw wa aṣīlā(n).
[25] Geura sebut jenengan Pangéran hidep dina waktu isuk-isuk jeung pasosoré!

وَمِنَ الَّيْلِ فَاسْجُدْ لَهٗ وَسَبِّحْهُ لَيْلًا طَوِيْلًا٢٦
Wa minal-laili fasjud lahū wa sabbiḥhu lailan ṭawīlā(n).
[26] Tina sawaréh peuting, nya prak sarujud ka Mantenna sarta tarasbih ka Mantenna dina peuting anu panjang!

اِنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ يُحِبُّوْنَ الْعَاجِلَةَ وَيَذَرُوْنَ وَرَاۤءَهُمْ يَوْمًا ثَقِيْلًا٢٧
Inna hā'ulā'i yuḥibbūnal-‘ājilata wa yażarūna warā'ahum yauman ṡaqīlā(n)
[27] Sabenerna maranéhna (jalma kapir) téh micinta kana kahirupan (dunya) tur ninggalkeun poé nu beurat (Poé Ahérat) di tukangeunana.

نَحْنُ خَلَقْنٰهُمْ وَشَدَدْنَآ اَسْرَهُمْۚ وَاِذَا شِئْنَا بَدَّلْنَآ اَمْثَالَهُمْ تَبْدِيْلًا٢٨
Naḥnu khalaqnāhum wa syadadnā asrahum, wa iżā syi'nā baddalnā amṡālahum tabdīlā(n).
[28] Kami geus nyiptakeun maranéhna sarta geus nguatkeun warugana. Tapi upama Kami ngersakeun, tangtu Kami ngaganti (maranéhna) ku nu saperti maranéhna,

اِنَّ هٰذِهٖ تَذْكِرَةٌ ۚ فَمَنْ شَاۤءَ اتَّخَذَ اِلٰى رَبِّهٖ سَبِيْلًا٢٩
Inna hāżihī tażkirah(tun), faman syā'attakhaża ilā rabbihī sabīlā(n).
[29] Sabenerna ieu (ayat-ayat) téh panggeuing. Nya saha baé nu miharep (kahadéan pikeun dirina), tangtu manéhna nyokot jalan ngajugjug ka Pangéranana.

وَمَا تَشَاۤءُوْنَ اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ اللّٰهُ ۗاِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلِيْمًا حَكِيْمًاۖ٣٠
Wa mā tasyā'ūna illā ay yasyā'allāh(u), innallāha kāna ‘alīman ḥakīmā(n).
[30] Tapi maranéhna henteu sanggup (nempuh éta jalan), anging upama dikersakeun ku Allah. Saleresna Allah téh Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

يُّدْخِلُ مَنْ يَّشَاۤءُ فِيْ رَحْمَتِهٖۗ وَالظّٰلِمِيْنَ اَعَدَّ لَهُمْ عَذَابًا اَلِيْمًا ࣖ٣١
Yudkhilu may yasyā'u fī raḥmatih(ī), waẓ-ẓālimīna a‘adda lahum ‘ażāban alīmā(n).
[31] Mantenna ngasupkeun saha baé anu dikersakeun ku Mantenna kana rahmat-Na (sawarga). Sedengkeun pikeun jalma-jalma dolim mah disadiakeun siksa anu peurih.