Surah Al-Qiyamah
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
لَآ اُقْسِمُ بِيَوْمِ الْقِيٰمَةِۙ١
Lā uqsimu biyaumil-qiyāmah(ti).
[1]
Kami sumpah demi Poé Kiamat.
وَلَآ اُقْسِمُ بِالنَّفْسِ اللَّوَّامَةِ٢
Wa lā uqsimu bin nafsil-lawwāmah(ti).
[2]
Kami sumpah demi jiwa anu sok gegetun (dirina sorangan).
اَيَحْسَبُ الْاِنْسَانُ اَلَّنْ نَّجْمَعَ عِظَامَهٗ ۗ٣
Ayaḥsabul-insānu allan najma‘a ‘iẓāmah(ū).
[3]
Naha manusa téh nyangka yén Kami moal ngumpulkeun (deui) tulang taléngna?
بَلٰى قٰدِرِيْنَ عَلٰٓى اَنْ نُّسَوِّيَ بَنَانَهٗ٤
Balā qādirīna ‘alā an nusawwiya banānah(ū).
[4]
Pasti, (malah) Kami kawasa nyusun (deui) ramo-ramona kalayan sampurna.
بَلْ يُرِيْدُ الْاِنْسَانُ لِيَفْجُرَ اَمَامَهٗۚ٥
Bal yurīdul-insānu liyafjura amāmah(ū).
[5]
Tapi manusa téh seja migawé ma’siat terus-terusan.
يَسْـَٔلُ اَيَّانَ يَوْمُ الْقِيٰمَةِۗ٦
Yas'alu ayyāna yaumul-qiyāmah(ti).
[6]
Manéhna nanya, “Iraha atuh Kiamat téh?”
فَاِذَا بَرِقَ الْبَصَرُۙ٧
Fa iżā bariqal-baṣar(u).
[7]
Nya upama panénjo molotot (kasieunan),
وَخَسَفَ الْقَمَرُۙ٨
Wa khasafal-qamar(u).
[8]
bulan ogé geus pareum cahayana,
وَجُمِعَ الشَّمْسُ وَالْقَمَرُۙ٩
Wa jumi‘asy-syamsu wal-qamar(u).
[9]
sarta panonpoé jeung bulan dikumpulkeun.
يَقُوْلُ الْاِنْسَانُ يَوْمَىِٕذٍ اَيْنَ الْمَفَرُّۚ١٠
Yaqūlul-insānu yauma'iżin ainal-mafarr(u).
[10]
Dina éta poé manusa ngaromong, “Ka mana geusan lumpat?”
كَلَّا لَا وَزَرَۗ١١
Kallā lā wazar(a).
[11]
Moal! Moal aya tempat panyalindungan.
اِلٰى رَبِّكَ يَوْمَىِٕذِ ِۨالْمُسْتَقَرُّۗ١٢
Ilā rabbika yauma'iżinil-mustaqarr(u).
[12]
Ngan ka Pangéran manéh tempat pangbalikan dina éta poé.
يُنَبَّؤُا الْاِنْسَانُ يَوْمَىِٕذٍۢ بِمَا قَدَّمَ وَاَخَّرَۗ١٣
Yunabba'ul-insānu yauma'iżim bimā qaddama wa akhkhar(a).
[13]
Dina éta poé dibéjakeun ka manusa sagala anu geus dipilampah ku manéhna jeung naon anu geus ditinggalkeunana.
بَلِ الْاِنْسَانُ عَلٰى نَفْسِهٖ بَصِيْرَةٌۙ١٤
Balil-insānu ‘alā nafsihī baṣīrah(tun).
[14]
Malah manusa jadi saksi pikeun dirina sorangan, 915
915) Anggahota awak manusa jadi saksi pikeun pagawéan anu geus dilakonan ku maranéhna saperti anu dijelaskeun dina surah al-Nūr/24:24.
وَّلَوْ اَلْقٰى مَعَاذِيْرَهٗۗ١٥
Wa lau alqā ma‘āżīrah(ū).
[15]
sanajaan manéhna ngajukeun alesan-alesanna.
لَا تُحَرِّكْ بِهٖ لِسَانَكَ لِتَعْجَلَ بِهٖۗ١٦
Lā tuḥarrik bihī lisānaka lita‘jala bih(ī).
[16]
Poma hidep (Muhammad) ulah ngusikkeun létah (pikeun maca Al-Qur’an) ku lantaran hayang buru-buru (ngawasaana)na.
اِنَّ عَلَيْنَا جَمْعَهٗ وَقُرْاٰنَهٗ ۚ١٧
Inna ‘alainā jam‘ahū wa qur'ānah(ū).
[17]
Sabenerna Kami nu bakal ngumpulkeunana (dina dada hidep) jeung macakeunana.
فَاِذَا قَرَأْنٰهُ فَاتَّبِعْ قُرْاٰنَهٗ ۚ١٨
Fa iżā qara'nāhu fattabi‘ qur'ānah(ū).
[18]
Ku kituna, upama Kami réngsé macakeunana nya turutan baé bacaanana.
ثُمَّ اِنَّ عَلَيْنَا بَيَانَهٗ ۗ١٩
Ṡumma inna ‘alainā bayānah(ū).
[19]
Tuluy sabenerna Kami nu bakal nerangkeunana.
كَلَّا بَلْ تُحِبُّوْنَ الْعَاجِلَةَۙ٢٠
Kallā bal tuḥibbūnal-‘ājilah(ta).
[20]
Henteu! Malah maranéh mikacinta kana kahirupan (dunya)
وَتَذَرُوْنَ الْاٰخِرَةَۗ٢١
Wa tażarūnal-‘ākhirah(ta).
[21]
sarta ngaharé-harékeun (kahirupan) ahérat.
وُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍ نَّاضِرَةٌۙ٢٢
Wujūhuy yauma'iżin nāḍirah(tun).
[22]
Beungeut-beungeut (jalma mu’min) dina éta poé marahmay
اِلٰى رَبِّهَا نَاظِرَةٌ ۚ٢٣
Ilā rabbihā nāẓirah(tun).
[23]
ningal Pangéranana.
وَوُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍۢ بَاسِرَةٌۙ٢٤
Wa wujūhuy yauma'iżim bāsirah(tun).
[24]
Beunget-beunget (jalma kapir) dina éta poé merengut.
تَظُنُّ اَنْ يُّفْعَلَ بِهَا فَاقِرَةٌ ۗ٢٥
Taẓunnu ay yuf‘ala bihā fāqirah(tun).
[25]
Manéhna yakin yén bakal tumiba ka manéhna malapetaka nu kacida rongkahna.
كَلَّآ اِذَا بَلَغَتِ التَّرَاقِيَۙ٢٦
Kallā iżā balagatit-tarāqiy(a).
[26]
Henteu! Upama (nyawa) geus nepi kana tikoro
وَقِيْلَ مَنْ ۜرَاقٍۙ٢٧
Wa qīla man…rāq(in).
[27]
jeung diucapkeun ka (manéhna), “Saha nu bisa nyageurkeun?
وَّظَنَّ اَنَّهُ الْفِرَاقُۙ٢٨
Wa ẓanna annahul-firāq(u).
[28]
Manéhna yakin yén éta téh waktu papisah (jeung dunya)
وَالْتَفَّتِ السَّاقُ بِالسَّاقِۙ٢٩
Waltaffatis-sāqu bis-sāq(i).
[29]
Nya patumpak bitis (katuhu) jeung bitis (kénca). 916
916) Sabab rongkahna kasangsaraan dina mangsa bakal maot jeung kasieunan bakal ninggalkeun dunya tur nyanghareupan ahérat.
اِلٰى رَبِّكَ يَوْمَىِٕذِ ِۨالْمَسَاقُ ۗ ࣖ٣٠
Ilā rabbika yauma'iżinil-masāq(u).
[30]
Ka Pangéran manéh dina éta poé manéh digiring.
فَلَا صَدَّقَ وَلَا صَلّٰىۙ٣١
Falā ṣaddaqa wa lā ṣallā.
[31]
Ku lantaran manéhna (ti heula) teu daék ngabenerkeun (Al-Qur’an tur Rasul) jeung henteu daék ngalakukeun salat,
وَلٰكِنْ كَذَّبَ وَتَوَلّٰىۙ٣٢
Wa lākin każżaba wa tawallā.
[32]
malahan manéhna ngabohongkeun (Rasul) tur ngbalieur (tina kahadéan)
ثُمَّ ذَهَبَ اِلٰٓى اَهْلِهٖ يَتَمَطّٰىۗ٣٣
Ṡumma żahaba ilā ahlihī yatamaṭṭā.
[33]
tuluy manéhna indit ka kulawargana kalayan sombong.
اَوْلٰى لَكَ فَاَوْلٰىۙ٣٤
Aulā laka fa'aulā.
[34]
Cilaka manéh (manusa)! Nya cilaka!
ثُمَّ اَوْلٰى لَكَ فَاَوْلٰىۗ٣٥
Ṡumma aulā laka fa'aulā.
[35]
Sakali deui! Cilaka manéh! Nya cilaka!
اَيَحْسَبُ الْاِنْسَانُ اَنْ يُّتْرَكَ سُدًىۗ٣٦
Ayaḥsabul-insānu ay yutraka sudā(n).
[36]
Naha manusa téh nyangka yén manéhna bakal diantepkeun jiga kitu (tanpa aya pertanggung jawaban)?
اَلَمْ يَكُ نُطْفَةً مِّنْ مَّنِيٍّ يُّمْنٰى٣٧
Alam yaku nuṭfatam mim maniyyiy yumnā.
[37]
Naha lain manéhna téh asalna tina sakeclak mani nu dikumpulkeun (dina jero rahim),
ثُمَّ كَانَ عَلَقَةً فَخَلَقَ فَسَوّٰىۙ٣٨
Ṡumma kāna ‘alaqatan fa khalaqa fa sawwā.
[38]
Tuluy éta (mani) téh jadi hiji benda nu némpél, tuluy Allah nyiptakeun jeung nyampurnakeunana,
فَجَعَلَ مِنْهُ الزَّوْجَيْنِ الذَّكَرَ وَالْاُنْثٰىۗ٣٩
Fa ja‘ala minhuz-zaujainiż-żakara wal-unṡā.
[39]
tuluy Mantenna ngajadikeun tina éta sajodo lalaki jeung awéwé.
اَلَيْسَ ذٰلِكَ بِقٰدِرٍ عَلٰٓى اَنْ يُّحْيِ َۧ الْمَوْتٰى ࣖ٤٠
Alaisa żālika biqādirin ‘alā ay yuḥyiyal-mautā.
[40]
Apan (Allah) téh kawasa (ogé) ngahirupkeun jalma nu geus maot?