Surah Al-Muddassir
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا الْمُدَّثِّرُۙ١
Yā ayyuhal-muddaṡṡir(u).
[1]
Yeuh jalma anu disalimbut (Muhammad)!
قُمْ فَاَنْذِرْۖ٢
Qum fa'anżir.
[2]
Geura hudang tuluy geura béré pépéling!
وَرَبَّكَ فَكَبِّرْۖ٣
Wa rabbaka fakabbir.
[3]
Geura agungkeun Pangéran hidep!
وَثِيَابَكَ فَطَهِّرْۖ٤
Wa ṡiyābaka faṭahhir.
[4]
Geura sucikeun pakéan hidep!
وَالرُّجْزَ فَاهْجُرْۖ٥
War-rujza fahjur.
[5]
Geura singkahan sagala (pagawéan) nu jahat!
وَلَا تَمْنُنْ تَسْتَكْثِرُۖ٦
Wa lā tamnun tastakṡir(u).
[6]
Poma hidep ulah méré (kalayan maksad) meunang (babales) nu leuwih hadé!
وَلِرَبِّكَ فَاصْبِرْۗ٧
Wa lirabbika faṣbir.
[7]
Karana Pangéran hidep, sing sabar!
فَاِذَا نُقِرَ فِى النَّاقُوْرِۙ٨
Fa iżā nuqira fin-nāqūr(i).
[8]
Upama sangkakala ditiup,
فَذٰلِكَ يَوْمَىِٕذٍ يَّوْمٌ عَسِيْرٌۙ٩
Fa żālika yauma'iżiy yaumun ‘asīr(un).
[9]
nya éta téh poé anu hésé,
عَلَى الْكٰفِرِيْنَ غَيْرُ يَسِيْرٍ١٠
‘Alal-kāfirīna gairu yasīr(in).
[10]
(anu) henteu gampang pikeun jalma-jalma kapir.
ذَرْنِيْ وَمَنْ خَلَقْتُ وَحِيْدًاۙ١١
Żarnī wa man khalaqtu waḥīdā(n).
[11]
Pasrahkeun baé ka Kaula (anu nindak) ka jalma anu diciptakeun ku Kaula dina kaayaan sorangan. 912
912) Ieu ayat jeung sababraha ayat nu saterusna diturunkeun ngeunaan saorang kapir Mekah, pupuhu Qurés nu ngaranna al-Walid bin Mugirah.
وَّجَعَلْتُ لَهٗ مَالًا مَّمْدُوْدًاۙ١٢
Wa ja‘altu lahū mālam mamdūdā(n).
[12]
Kaula méré ka dirina kabeungharan anu loba,
وَّبَنِيْنَ شُهُوْدًاۙ١٣
Wa banīna syuhūdā(n).
[13]
anak-anak anu terus-terusan babarengan jeung manéhna,
وَّمَهَّدْتُّ لَهٗ تَمْهِيْدًاۙ١٤
Wa mahhattu lahū tamhīdā(n).
[14]
jeung Kaula méré ka manéhna kajembaran (hirup) salega-legana,
ثُمَّ يَطْمَعُ اَنْ اَزِيْدَۙ١٥
Ṡumma yaṭma‘u an azīd(a).
[15]
tuluy manéhna hayang pisan sangkan Kaula nambahan.
كَلَّاۗ اِنَّهٗ كَانَ لِاٰيٰتِنَا عَنِيْدًاۗ١٦
Kallā, innahū kāna li'āyātinā ‘anīdā(n).
[16]
Henteu bisa! Sabenerna manéhna geus nolak ayat-ayat Kami (Al-Qur’an).
سَاُرْهِقُهٗ صَعُوْدًاۗ١٧
Sa'urhiquhū ṣa‘ūdā(n).
[17]
Kaula bakal ngabeungbeuratan ku tanjakan anu ngaripuhkeun.
اِنَّهٗ فَكَّرَ وَقَدَّرَۙ١٨
Innahū fakkara wa qaddar(a).
[18]
Sabenerna manéhna geus mikir-mikir jeung nangtukeun (naon anu bakal ditangtukeunana).
فَقُتِلَ كَيْفَ قَدَّرَۙ١٩
Faqutila kaifa qaddar(a).
[19]
Nya cilaka manéhna! Kumaha manéhna nangtukeun?
ثُمَّ قُتِلَ كَيْفَ قَدَّرَۙ٢٠
Ṡumma qutila kaifa qaddar(a).
[20]
Sakali deui, cilaka manéhna! Kumaha manéhna nangtukeun?
ثُمَّ نَظَرَۙ٢١
Ṡumma naẓar(a).
[21]
Tuluy manéhna (nyawang-nyawang) mikir.
ثُمَّ عَبَسَ وَبَسَرَۙ٢٢
Ṡumma ‘abasa wa basar(a).
[22]
Tuluy beungeutna geuneuk sarta merengut.
ثُمَّ اَدْبَرَ وَاسْتَكْبَرَۙ٢٣
Ṡumma adbara wastakbar(a).
[23]
Tuluy manéhna nukangan (tina bebeneran) sarta nyombongkeun dirina.
فَقَالَ اِنْ هٰذَآ اِلَّا سِحْرٌ يُّؤْثَرُۙ٢٤
Faqāla in hāżā illā siḥruy yu'ṡar(u).
[24]
Tuluy pok manéhna nyarita, “Ieu (Al-Qur’an) téh taya lian ngan sihir anu diajarkeun (ti jalma-jalma baheula).
اِنْ هٰذَآ اِلَّا قَوْلُ الْبَشَرِۗ٢٥
In hāżā illā qaulul-basyar(i).
[25]
Ieu mah taya lian ngan omongan manusa.”
سَاُصْلِيْهِ سَقَرَ٢٦
Sa'uṣlīhi saqar(a).
[26]
Engké Kaula bakal ngasupkeun manéhna ka jero (naraka) Saqor.
وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا سَقَرُۗ٢٧
Wa mā adrāka mā saqar(a).
[27]
Naha hidep nyaho, naon ari (naraka) Saqor téh?
لَا تُبْقِيْ وَلَا تَذَرُۚ٢٨
Lā tubqī wa lā tażar(u).
[28]
Ieu (Saqor) téh teu nyésakeun (saeutik ogé bagian raga) jeung teu ngantep (luput tina siksa). 913
913) Ano anu dialungkeun ka jero naraka téh disiksana nepi ka binasa tuluy dibalikkeun saperti mimiti pikeun disiksa deui.
لَوَّاحَةٌ لِّلْبَشَرِۚ٢٩
Lawwāḥatul lil-basyar(i).
[29]
Anu matak tutung géhéng kulit manusa.
عَلَيْهَا تِسْعَةَ عَشَرَۗ٣٠
‘Alaihā tis‘ata ‘asyar(a).
[30]
Di luhurna aya salapan welas (malaikat nu ngajaga).
وَمَا جَعَلْنَآ اَصْحٰبَ النَّارِ اِلَّا مَلٰۤىِٕكَةً ۖوَّمَا جَعَلْنَا عِدَّتَهُمْ اِلَّا فِتْنَةً لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوْاۙ لِيَسْتَيْقِنَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ وَيَزْدَادَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِيْمَانًا وَّلَا يَرْتَابَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ وَالْمُؤْمِنُوْنَۙ وَلِيَقُوْلَ الَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ وَّالْكٰفِرُوْنَ مَاذَآ اَرَادَ اللّٰهُ بِهٰذَا مَثَلًاۗ كَذٰلِكَ يُضِلُّ اللّٰهُ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَمَا يَعْلَمُ جُنُوْدَ رَبِّكَ اِلَّا هُوَۗ وَمَا هِيَ اِلَّا ذِكْرٰى لِلْبَشَرِ ࣖ٣١
Wa mā ja‘alnā aṣḥāban-nāri illā malā'ikah(tan), wa mā ja‘alnā ‘iddatahum illā fitnatal lil-lażīna kafarū, liyastaiqinal-lażīna ūtul-kitāba wa yazdādal-lażīna āmanū īmānaw wa lā yartābal-lażīna ūtul-kitāba wal-mu'minūn(a), wa liyaqūlal-lażīna fī qulūbihim maraḍuw wal-kāfirūna māżā arādallāhu bihāżā maṡalā(n), każālika yuḍillullāhu may yasyā'u wa yahdī may yasyā'(u), wa mā ya‘lamu junūda rabbika illā huw(a), wa mā hiya illā żikrā lil-basyar(i).
[31]
Kami ngajadikeun panjaga dina naraka téh ngan ti malaikat. Kami nangtukeun wilangan maranéhna minangka ngan saukur cocoba pikeun jalma-jalma kapir, supaya jalma-jalma anu dipaparinan Kitab téh jadi yakin, supaya jalma iman tambah kaimanana, supaya jalma-jalma anu dipaparinan Kitab jeung jalma-jalma mu’min henteu mangmang, jeung supaya jalma-jalma anu dina jero haténa aya panyakitan jeung jalma-jalma kapir (nyarita), “Naha anu dimaksud ku Allah ngeunaan ieu (wilangan) téh mangrupakeun hiji paupamaan? Tah jiga kitu Allah ngantep jalma-jalma sasar anu dikersakeun ku Mantenna jeung maparin pituduh ka jalma-jalma anu dikersakeun ku Mantenna. Taya nu nyaho ka wadyabalad Pangéran hidep anging Mantenna. (Naraka) Saqor téh taya lian anging saukur pépéling pikeun manusa.
كَلَّا وَالْقَمَرِۙ٣٢
Kallā wal-qamar(i).
[32]
Henteu! 914 Demi bulan,
914) Henteu” nyaéta bantahan pikeun omongan-omongan jalma-jalma musrik anu ngabohongkeun hal-hal nu di luhur.
وَالَّيْلِ اِذْ اَدْبَرَۙ٣٣
Wal-laili iż adbar(a).
[33]
demi peuting waktu geus mungkur,
وَالصُّبْحِ اِذَآ اَسْفَرَۙ٣٤
Waṣ-ṣubḥi iżā asfar(a).
[34]
jeung demi subuh waktu bray caang.
اِنَّهَا لَاِحْدَى الْكُبَرِۙ٣٥
Innahā la'iḥdal-kubar(i).
[35]
Sabenerna éta (Saqor) téh salah sahiji (musibah) nu gedé pisan,
نَذِيْرًا لِّلْبَشَرِۙ٣٦
Nażīral lil-basyar(i).
[36]
minangka pépéling pikeun manusa,
لِمَنْ شَاۤءَ مِنْكُمْ اَنْ يَّتَقَدَّمَ اَوْ يَتَاَخَّرَۗ٣٧
Liman syā'a minkum ay yataqaddama au yata'akhkhar(a).
[37]
(nyaéta) pikeun saha baé ti antara maranéh anu hayang maju (ngahontal kahadéan) atawa mundur (migawé ma’siat).
كُلُّ نَفْسٍۢ بِمَا كَسَبَتْ رَهِيْنَةٌۙ٣٨
Kullu nafsim bimā kasabat rahīnah(tun).
[38]
Saban manusa tanggung jawab kana naon anu geus dilakonan,
اِلَّآ اَصْحٰبَ الْيَمِيْنِ ۛ٣٩
Illā aṣḥābal-yamīn(i).
[39]
kajaba golongan katuhu,
فِيْ جَنّٰتٍ ۛ يَتَسَاۤءَلُوْنَۙ٤٠
Fī jannātin - yatasā'alūn(a).
[40]
aya dina sawarga. Aranjeunna silih nanyakeun
عَنِ الْمُجْرِمِيْنَۙ٤١
‘Anil-mujrimīn(a).
[41]
ngeunaan (kayaan) jalma-jalma doraka,
مَا سَلَكَكُمْ فِيْ سَقَرَ٤٢
Mā salakakum fī saqar(a).
[42]
“Naon anu ngalantarankeun maranéh asup kana (naraka) Saqor?”
قَالُوْا لَمْ نَكُ مِنَ الْمُصَلِّيْنَۙ٤٣
Qālū lam naku minal-muṣallīn(a).
[43]
Maranéhna ngajawab, “Baréto kuring saréréa lain jalma-jalma anu ngadegkeun salat.
وَلَمْ نَكُ نُطْعِمُ الْمِسْكِيْنَۙ٤٤
Wa lam naku nuṭ‘imul-miskīn(a).
[44]
Kuring saréréa teu méré dahar ka jalma-jalma miskin.
وَكُنَّا نَخُوْضُ مَعَ الْخَاۤىِٕضِيْنَۙ٤٥
Wa kunnā nakhūḍu ma‘al-khā'iḍīn(a).
[45]
Malah kuring saréréa sok ngobrol (pikeun tujuan anu goréng) jeung jalma-jalma anu ngaromongkeuna.
وَكُنَّا نُكَذِّبُ بِيَوْمِ الدِّيْنِۙ٤٦
Wa kunnā nukażżibu biyaumid-dīn(i).
[46]
Kuring saréréa ngabohongkeun poé wawales
حَتّٰىٓ اَتٰىنَا الْيَقِيْنُۗ٤٧
Ḥattā atānal-yaqīn(u).
[47]
nepi ka datang ka kuring maot.”
فَمَا تَنْفَعُهُمْ شَفَاعَةُ الشّٰفِعِيْنَۗ٤٨
Famā tanfa‘uhum syafā‘atusy-syāfi‘īn(a).
[48]
Nya taya guna deui pikeun maranéhna sapa’at (pitulung) ti jalma-jalma nu méré sapa’at.
فَمَا لَهُمْ عَنِ التَّذْكِرَةِ مُعْرِضِيْنَۙ٤٩
Famā lahum ‘anit-tażkirati mu‘riḍīn(a).
[49]
Ku naon maranéh (jalma-jalma kapir) ngabalieur tina panggeuing (Allah)?
كَاَنَّهُمْ حُمُرٌ مُّسْتَنْفِرَةٌۙ٥٠
Ka'annahum ḥumurum mustanfirah(tun).
[50]
Maranéhna téh jiga kaldé-kaldé liar nu ngejat kabur
فَرَّتْ مِنْ قَسْوَرَةٍۗ٥١
Farrat min qaswarah(tin).
[51]
lumpat ti singa.
بَلْ يُرِيْدُ كُلُّ امْرِئٍ مِّنْهُمْ اَنْ يُّؤْتٰى صُحُفًا مُّنَشَّرَةًۙ٥٢
Bal yurīdu kullumri'im minhum ay yu'tā ṣuḥufam munasysyarah(tan).
[52]
Malah saban-saban jalma ti maranéhna hayang sangkan manéhna dibéré salambar-salambar (kitab) anu nembrak.
كَلَّاۗ بَلْ لَّا يَخَافُوْنَ الْاٰخِرَةَۗ٥٣
Kallā, bal lā yakhāfūnal-ākhirah(ta).
[53]
Henteu! Sabenerna maranéhna teu sieuneun ku ahérat.
كَلَّآ اِنَّهٗ تَذْكِرَةٌ ۚ٥٤
Kallā innahū tażkirah(tun).
[54]
Henteu! Sabenerna éta (Al-Qur’an) téh bener-bener hiji panggeuing.
فَمَنْ شَاۤءَ ذَكَرَهٗۗ٥٥
Faman syā'a żakarah(ū).
[55]
Nya saha baé anu ngarepkeun, tangtu manéhna nyokot atikan tina éta (Al-Qur’an).
وَمَا يَذْكُرُوْنَ اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ اللّٰهُ ۗهُوَ اَهْلُ التَّقْوٰى وَاَهْلُ الْمَغْفِرَةِ ࣖ٥٦
Wa mā yażkurūna illā ay yasyā'allāh(u), huwa ahlut-taqwā wa ahlul-magfirah(ti).
[56]
Maranéhna moal nyokot atikan tina éta (Al-Qur’an) kajaba (lamun) Allah ngersakeun. Mantenna Pangéran nu pantes (pikeun urang saréréa) takwa ka Mantenna sarta anu hak méré pangampura.