Surah Al-Muzzammil

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا الْمُزَّمِّلُۙ١
Yā ayyuhal-muzzammil(u).
[1] Yeuh jalma anu disalimbut (Muhammad)!

قُمِ الَّيْلَ اِلَّا قَلِيْلًاۙ٢
Qumil-laila illā qalīlā(n).
[2] Geura hudang (pikeun salat) ti peuting, kajaba 911 sabagian leutik
911) Salat peuting téh mimitina mah wajib saacan turun ayat ka-20 dina ieu surah. Sanggeusna turun, hukumna jadi sunnah.

نِّصْفَهٗٓ اَوِ انْقُصْ مِنْهُ قَلِيْلًاۙ٣
Niṣfahū awinquṣ minhu qalīlā(n).
[3] (nyaéta) satengahna atawa kurang saeutik ti sakitu,

اَوْ زِدْ عَلَيْهِ وَرَتِّلِ الْقُرْاٰنَ تَرْتِيْلًاۗ٤
Au zid ‘alaihi wa rattilil-qur'āna tartīlā(n).
[4] atawa leuwih ti sakitu (saperdua), sarta geura baca Al-Qur’an lalaunan!

اِنَّا سَنُلْقِيْ عَلَيْكَ قَوْلًا ثَقِيْلًا٥
Innā sanulqī ‘alaika qaulan ṡaqīlā(n).
[5] Sabenerna Kami dek nurunkeun pidawuh anu beurat ka hidep.

اِنَّ نَاشِئَةَ الَّيْلِ هِيَ اَشَدُّ وَطْـًٔا وَّاَقْوَمُ قِيْلًاۗ٦
Inna nāsyi'atal-laili hiya asyaddu waṭ'aw wa aqwamu qīlā(n).
[6] Sabenerna nyaring ti peuting téh leuwih kuat (ngeusi jiwa) jeung (bacaan dina waktu éta) leuwih tandes.

اِنَّ لَكَ فِى النَّهَارِ سَبْحًا طَوِيْلًاۗ٧
Inna laka fin-nahāri sabḥan ṭawīlā(n).
[7] Sabenerna dina pabeubeurang hidep sakitu sibukna ku urusan-urusan anu panjang.

وَاذْكُرِ اسْمَ رَبِّكَ وَتَبَتَّلْ اِلَيْهِ تَبْتِيْلًاۗ٨
Ważkurisma rabbika wa tabattal ilaihi tabtīlā(n).
[8] Geura sebut jenengan Pangéran hidep sarta ibadah ka Mantenna kalayan haté nu enya-enya.

رَبُّ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ فَاتَّخِذْهُ وَكِيْلًا٩
Rabbul-masyriqi wal-magribi lā ilāha illā huwa fattakhiżhu wakīlā(n).
[9] (Allah téh) Pangéranan wétan jeung kulon, taya deui Pangéran anging Mantenna, nya pék jadikeun Mantenna téh nu nangtayungan.

وَاصْبِرْ عَلٰى مَا يَقُوْلُوْنَ وَاهْجُرْهُمْ هَجْرًا جَمِيْلًا١٠
Waṣbir ‘alā mā yaqūlūna wahjurhum hajran jamīlā(n).
[10] Sing sabar (Muhammad) kana naon anu ku maranéhna diucapkeun sarta singkahan maranéhna ku cara anu hadé!

وَذَرْنِيْ وَالْمُكَذِّبِيْنَ اُولِى النَّعْمَةِ وَمَهِّلْهُمْ قَلِيْلًا١١
Wa żarnī wal-mukażżibīna ulin-na‘mati wa mahhilhum qalīlā(n).
[11] Antepkeun baé Kuring (anu nindak) ka jalma-jalma anu ngabohongkeun, nu ngabogaan sagala kani’matan hirup. Béré maranéhna témpo sakeudeung.

اِنَّ لَدَيْنَآ اَنْكَالًا وَّجَحِيْمًاۙ١٢
Inna ladainā ankālaw wa jaḥīmā(n).
[12] Sabenerna di mungguhing Kami aya pangborogod-pangborogod (nu beurat), (naraka) Jahim,

وَّطَعَامًا ذَا غُصَّةٍ وَّعَذَابًا اَلِيْمًا١٣
Wa ṭa‘āman żā guṣṣatiw wa ‘ażāban alīmā(n).
[13] dahareun nu nyandet dina genggerong, jeung siksa anu peurih.

يَوْمَ تَرْجُفُ الْاَرْضُ وَالْجِبَالُ وَكَانَتِ الْجِبَالُ كَثِيْبًا مَّهِيْلًا١٤
Yauma tarjuful-arḍu wal-jibālu wa kānatil-jibālu kaṡībam mahīlā(n).
[14] (Sing inget) dina poéan (waktu) bumi jeung gunung-gunung genjlong satarikna jeung éta gunung-gunung téh jadi saperti onggokan keusik anu diancurkeun.

اِنَّآ اَرْسَلْنَآ اِلَيْكُمْ رَسُوْلًا ەۙ شَاهِدًا عَلَيْكُمْ كَمَآ اَرْسَلْنَآ اِلٰى فِرْعَوْنَ رَسُوْلًا ۗ١٥
Innā arsalnā ilaikum rasūlā(n), syāhidan ‘alaikum kamā arsalnā ilā fir‘auna rasūlā(n).
[15] Sabenerna Kami geus ngutus Rasul (Muhammad) ka maranéhna anu jadi saksi pikeun maranéh, sakumaha Kami geus ngutus Rasul (Musa) ka Fir’aun,

فَعَصٰى فِرْعَوْنُ الرَّسُوْلَ فَاَخَذْنٰهُ اَخْذًا وَّبِيْلًاۚ١٦
Fa ‘aṣā fir‘aunar-rasūla fa akhażnāhu akhżaw wabīlā(n).
[16] tapi Fir’aun wangkelang ka éta rasul, nya Kami nibankeun siksaan anu beurat.

فَكَيْفَ تَتَّقُوْنَ اِنْ كَفَرْتُمْ يَوْمًا يَّجْعَلُ الْوِلْدَانَ شِيْبًاۖ١٧
Fakaifa tattaqūna in kafartum yaumay yaj‘alul-wildāna syībā(n).
[17] Tuluy kumaha maranéh bakal ngajaga diri (tina siksa) lamun tetep kapir kana poéan nu matak ngajadikeun barudak jadi huisan?

ۨالسَّمَاۤءُ مُنْفَطِرٌۢ بِهٖۗ كَانَ وَعْدُهٗ مَفْعُوْلًا١٨
As-samā'u munfaṭirum bih(ī), kāna wa‘duhū maf‘ūlā(n).
[18] Dina éta poé langit barejad. Jangji Mantenna mah pasti dicumponan.

اِنَّ هٰذِهٖ تَذْكِرَةٌ ۚ فَمَنْ شَاۤءَ اتَّخَذَ اِلٰى رَبِّهٖ سَبِيْلًا ࣖ١٩
Inna hāżihī tażkirah(tun), faman syā'attakhaża ilā rabbihī sabīlā(n).
[19] Sabenerna ieu téh panggeuing. Saha baé anu miharep, tangtu manéhna nyokot jalan (anu lempeng) ka Pangéranana.

۞ اِنَّ رَبَّكَ يَعْلَمُ اَنَّكَ تَقُوْمُ اَدْنٰى مِنْ ثُلُثَيِ الَّيْلِ وَنِصْفَهٗ وَثُلُثَهٗ وَطَاۤىِٕفَةٌ مِّنَ الَّذِيْنَ مَعَكَۗ وَاللّٰهُ يُقَدِّرُ الَّيْلَ وَالنَّهَارَۗ عَلِمَ اَنْ لَّنْ تُحْصُوْهُ فَتَابَ عَلَيْكُمْ فَاقْرَءُوْا مَا تَيَسَّرَ مِنَ الْقُرْاٰنِۗ عَلِمَ اَنْ سَيَكُوْنُ مِنْكُمْ مَّرْضٰىۙ وَاٰخَرُوْنَ يَضْرِبُوْنَ فِى الْاَرْضِ يَبْتَغُوْنَ مِنْ فَضْلِ اللّٰهِ ۙوَاٰخَرُوْنَ يُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۖفَاقْرَءُوْا مَا تَيَسَّرَ مِنْهُۙ وَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ وَاَقْرِضُوا اللّٰهَ قَرْضًا حَسَنًاۗ وَمَا تُقَدِّمُوْا لِاَنْفُسِكُمْ مِّنْ خَيْرٍ تَجِدُوْهُ عِنْدَ اللّٰهِ ۙهُوَ خَيْرًا وَّاَعْظَمَ اَجْرًاۗ وَاسْتَغْفِرُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ٢٠
Inna rabbaka ya‘lamu annaka taqūmu adnā min ṡuluṡayil-laili wa niṣfahū wa ṡuluṡahū wa ṭā'ifatum minal-lażīna ma‘ak(a), wallāhu yuqaddirul-laila wan-nahār(a), ‘alima allan tuḥṣūhu fa tāba ‘alaikum faqra'ū mā tayassara minal-qur'ān(i), ‘alima an sayakūnu minkum marḍā, wa ākharūna yaḍribūna fil-arḍi yabtagūna min faḍlillāh(i), wa ākharūna yuqātilūna fī sabīlillāh(i), faqra'ū mā tayassara minh(u), wa aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāta wa aqriḍullāha qarḍan ḥasanā(n), wa mā tuqaddimū li'anfusikum min khairin tajidūhu ‘indallāh(i), huwa khairaw wa a‘ẓama ajrā(n), wastagfirullāh(a), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[20] Sabenerna Pangéran hidep (Muhammad) téh uningaeun yén hidep ngadegkeun (salat) kurang tina dua pertilu peuting atawa saperdua peuting atawa sapert tiluna, jeung (nya kitu deui) sagolongan jalma-jalma anu bareng jeung hidep. Allah nangtukeun ukuran waktu peuting jeung beurang. Allah uningaeun yén maranéh henteu bisa nangtukeun wates-wates éta waktu (nepi ka ngahésékeun maranéh dina ngalaksanakeun salat tahajud). Nya Mantenna méré kalonggaran ka maranéh. Ku kituna, pék baraca naon nu gampang (pikeun maranéh) tina Al-Qur’an. Mantenna uningaeun yén bakal aya ti antara maranéh jalma-jalma anu gering, anu laleumpang di bumi (karana) miharep sawaréh kurnia Allah, jeung nu perang dina jalan Allah. Ku kituna, baraca baé naon nu gampang (keur maranéh) tina Al-Qur’an. Geura aradegkeun salat, carumponan jakat, jeung harutangkeun ka Allah pihutang anu hadé! Kahadéan naon baé anu ku maranéh ditataharkeun pikeun diri maranéh, tangtu bakal meunang (wawales) di mungguhing Allah, minangka wawales nu leuwih hadé jeung anu gedé (...)