Surah Al-Jinn
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
قُلْ اُوْحِيَ اِلَيَّ اَنَّهُ اسْتَمَعَ نَفَرٌ مِّنَ الْجِنِّ فَقَالُوْٓا اِنَّا سَمِعْنَا قُرْاٰنًا عَجَبًاۙ١
Qul ūḥiya ilayya annahustama‘a nafarum minal-jinni fa qālū innā sami‘nā qur'ānan ‘ajabā(n).
[1]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Geus diwahyukeun ka kuring yén sabenerna sakumpulan jin geus ngareungeukeun (bacaan Al-Qur’an). Tuluy maranéhna nyarita, ‘Kuring saréréa geus ngadéngé bacaan nu ajaib (Al-Qur’an),
يَّهْدِيْٓ اِلَى الرُّشْدِ فَاٰمَنَّا بِهٖۗ وَلَنْ نُّشْرِكَ بِرَبِّنَآ اَحَدًاۖ٢
Yahdī ilar-rusydi fa'āmannā bih(ī), wa lan nusyrika birabbinā aḥadā(n).
[2]
(anu) méré pituduh kana jalan anu bener, tuluy kuring saréréa iman ka dirina sarta moal nyarékatkeun sasaha ogé ka Pangéran kuring saréréa.
وَّاَنَّهٗ تَعٰلٰى جَدُّ رَبِّنَا مَا اتَّخَذَ صَاحِبَةً وَّلَا وَلَدًاۖ٣
Wa annahū ta‘ālā jaddu rabbinā mattakhaża ṣāḥibataw wa lā waladā(n).
[3]
Sabenerna Mahaluhung kaagungan Pangéran kuring saréréa. Mantenna henteu ngabogaan istri jeung henteu puputra.
وَّاَنَّهٗ كَانَ يَقُوْلُ سَفِيْهُنَا عَلَى اللّٰهِ شَطَطًاۖ٤
Wa annahū kāna yaqūlu safīhunā ‘alallāhi syaṭaṭā(n).
[4]
abenerna jalma anu bodo ti kuring saréréa sok nyarita (caritaan) anu kaleuleuwihi ngeunaan Allah. 908
908) Ngucapkeun yén Allah ngabogaan istri jeug budak. Ceuk Ibn Kasir, ieu omongan diucapkeun saacan éta jin asup Islam.
وَّاَنَّا ظَنَنَّآ اَنْ لَّنْ تَقُوْلَ الْاِنْسُ وَالْجِنُّ عَلَى اللّٰهِ كَذِبًاۙ٥
Wa annā ẓanannā allan taqūlal-insu wal-jinnu ‘alallāhi każibā(n).
[5]
Sabenerna kuring saréréa nyangka yén manusa jeung jin téh moal nyarita perkara bohong ka Allah.
وَّاَنَّهٗ كَانَ رِجَالٌ مِّنَ الْاِنْسِ يَعُوْذُوْنَ بِرِجَالٍ مِّنَ الْجِنِّ فَزَادُوْهُمْ رَهَقًاۖ٦
Wa annahū kāna rijālum minal insi ya‘ūżūna birijālim minal-jinni fa zādūhum rahaqā(n).
[6]
Sabenerna aya sawatara jalma lalaki ti golongan manusa anu ménta panyalindungan 909 ka sawatara lalaki ti golongan jin, tapi maranéhna (jin) ngjadikeun maranéhna (manusa) nambahan kasasaranana.
909) Aya ti antara jalma-jalma Arab lamun meuntas tempat anu jempling, maranéhna ménta panyalindungan ka jin anu dianggap kawasa di éta tempat.
وَّاَنَّهُمْ ظَنُّوْا كَمَا ظَنَنْتُمْ اَنْ لَّنْ يَّبْعَثَ اللّٰهُ اَحَدًاۖ٧
Wa annahum ẓannū kamā ẓanantum allay yab‘aṡallāhu aḥadā(n).
[7]
Sabenerna maranéhna (jin) téh nyangka saperti manéh (jalma musrik Mekah) anu ogé nyangka yén Allah moal ngahudangkeun deui saha-saha (dina Poé Kiamat).
وَّاَنَّا لَمَسْنَا السَّمَاۤءَ فَوَجَدْنٰهَا مُلِئَتْ حَرَسًا شَدِيْدًا وَّشُهُبًاۖ٨
Wa annā lamasnas-samā'a fa wajadnāhā muli'at ḥarasan syadīdaw wa syuhubā(n).
[8]
Sabenerna kuring saréréa (jin) geus nyobaan nganyahokeun (rasiah) langit, tapi kapanggih di dinyana téh pinuh ku nu ngajaraga anu garagah jeung panah-panah seuneu.
وَّاَنَّا كُنَّا نَقْعُدُ مِنْهَا مَقَاعِدَ لِلسَّمْعِۗ فَمَنْ يَّسْتَمِعِ الْاٰنَ يَجِدْ لَهٗ شِهَابًا رَّصَدًاۖ٩
Wa annā kunnā naq‘udu minhā maqā‘ida lis-sam‘(i), famay yastami‘il-āna yajid lahū syihābar raṣadā(n).
[9]
Sabenerna kuring saréréa (jin) baréto kungsi cicing di sababaraha tempat di ieu langit pikeun maok déngé (béja-béjana), tapi ayeuna mah 910 saha baé anu (nyoba) maok déngé (saperti kitu), tangtu manggihan panah-panah seuneu nu ngintip (pikeun ngadurukna).
910) Mangsa sanggeusna Nabi Muhammad Saw. diutus jadi rasul.
وَّاَنَّا لَا نَدْرِيْٓ اَشَرٌّ اُرِيْدَ بِمَنْ فِى الْاَرْضِ اَمْ اَرَادَ بِهِمْ رَبُّهُمْ رَشَدًاۙ١٠
Wa annā lā nadrī asyarrun urīda biman fil-arḍi am arāda bihim rabbuhum rasyadā(n).
[10]
Sabenerna kuring saréréa (jin) téh henteu nyaho naha kagoréngan anu dikersakeun pikeun jalma anu di bumi téh atawa Pangéran maranéhna anu ngersakeun kahadéan pikeun maranéhna téh.
وَّاَنَّا مِنَّا الصّٰلِحُوْنَ وَمِنَّا دُوْنَ ذٰلِكَۗ كُنَّا طَرَاۤىِٕقَ قِدَدًاۙ١١
Wa annā minnaṣ-ṣāliḥūna wa minnā dūna żālik(a), kunnā ṭarā'iqa qidadā(n).
[11]
Sabenerna ti antara kuring saréréa (jin) aya nu saroleh jeung aya (ogé) kabalikanana. Kuring saréréa nempuh jalan anu béda-béda.
وَّاَنَّا ظَنَنَّآ اَنْ لَّنْ نُّعْجِزَ اللّٰهَ فِى الْاَرْضِ وَلَنْ نُّعْجِزَهٗ هَرَبًاۖ١٢
Wa annā ẓanannā allan nu‘jizallāha fil-arḍi wa lan nu‘jizahū harabā(n).
[12]
Sabenerna kuring saréréa (jin) geus ngaduga yén kuring saréréa teu sanggup ngaleupaskeun diri (tina kakawasaan) Allah di bumi jeung henteu (ogé) bisa ngaleupaskeun diri (ti) Mantenna.
وَّاَنَّا لَمَّا سَمِعْنَا الْهُدٰىٓ اٰمَنَّا بِهٖۗ فَمَنْ يُّؤْمِنْۢ بِرَبِّهٖ فَلَا يَخَافُ بَخْسًا وَّلَا رَهَقًاۖ١٣
Wa annā lammā sami‘nal-hudā āmannā bih(ī), famay yu'mim birabbihī falā yakhāfu bakhsaw wa lā rahaqā(n).
[13]
Sabenerna waktu ngadéngé pituduh (Al-Qur’an), kuring saréréa (jin) ngimankeun ka Mantenna. Nya saha baé jalma anu iman ka Pangéranana, nya ulah sieun rugi jeung doraka.
وَّاَنَّا مِنَّا الْمُسْلِمُوْنَ وَمِنَّا الْقٰسِطُوْنَۗ فَمَنْ اَسْلَمَ فَاُولٰۤىِٕكَ تَحَرَّوْا رَشَدًا١٤
Wa annā minnal-muslimūna wa minnal-qāsiṭūn(a), faman aslama fa ulā'ika taḥarrau rasyadā(n).
[14]
Di antara kuring saréréa aya nu Islam jeung aya ogé nu nyimpang tina bebeneran. Saha baé anu Islam, nya maranéhna téh geus milih jalan anu lempeng.
وَاَمَّا الْقٰسِطُوْنَ فَكَانُوْا لِجَهَنَّمَ حَطَبًاۙ١٥
Wa ammal-qāsiṭūna fa kānū lijahannama ḥaṭabā(n).
[15]
Sabenerna ari nu nyimpang tina bebeneran mah, nya maranéhna téh jadi suluh naraka Jahanam.’”
وَّاَنْ لَّوِ اسْتَقَامُوْا عَلَى الطَّرِيْقَةِ لَاَسْقَيْنٰهُمْ مَّاۤءً غَدَقًاۙ١٦
Wa allawistaqāmū ‘alaṭ-ṭarīqati la'asqaināhum mā'an gadaqā(n).
[16]
Sabenerna upama maranéhna istikomah dina ieu jalan anu lempeng (agama Islam), tangtu Kami maparin ka maranéhna cai anu cukup.
لِّنَفْتِنَهُمْ فِيْهِۗ وَمَنْ يُّعْرِضْ عَنْ ذِكْرِ رَبِّهٖ يَسْلُكْهُ عَذَابًا صَعَدًاۙ١٧
Linaftinahum fīh(i), wa may yu‘riḍ ‘an żikri rabbihī yasluk-hu ‘ażāban ṣa‘adā(n).
[17]
Ku (cara) ieu Kami rék nguji ka maranéhna. Saha baé anu ngabalieur tina éling ka Pangéranana, tangtu bakal diasupkeun kana siksa anu kacida beuratna.
وَّاَنَّ الْمَسٰجِدَ لِلّٰهِ فَلَا تَدْعُوْا مَعَ اللّٰهِ اَحَدًاۖ١٨
Wa annal-masājida lillāhi falā tad‘ū ma‘allāhi aḥadā(n).
[18]
Sabenerna masjid-masjid téh kagungan Allah. Ku kituna, poma maranéh ulah nyembah ka naon baé di jerona kajaba ka Allah.
وَّاَنَّهٗ لَمَّا قَامَ عَبْدُ اللّٰهِ يَدْعُوْهُ كَادُوْا يَكُوْنُوْنَ عَلَيْهِ لِبَدًاۗ ࣖ١٩
Wa annahū lammā qāma ‘abdullāhi yad‘ūhu kādū yakūnūna ‘alaihi libadā(n).
[19]
Sabenerna waktu hamba Allah (Muhammad) nangtung nyembah ka Mantenna (ngalaksanakeun salat), maranéhna (jin-jin) pasedek-sedek ngarubung ka anjeunna.
قُلْ اِنَّمَآ اَدْعُوْا رَبِّيْ وَلَآ اُشْرِكُ بِهٖٓ اَحَدًا٢٠
Qul innamā ad‘ū rabbī wa lā usyriku bihī aḥadā(n).
[20]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring ngan ibadah ka Pangéran kuring jeung kuring henteu nyarékatkeun sagala perkara ogé ka Mantenna
قُلْ اِنِّيْ لَآ اَمْلِكُ لَكُمْ ضَرًّا وَّلَا رَشَدًا٢١
Qul innī lā amliku lakum ḍarraw wa lā rasyadā(n).
[21]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring henteu kawasa nolak kamadorotan jeung henteu kawasa ogé ngadatangkeun kahadéan ka aranjeun.”
قُلْ اِنِّيْ لَنْ يُّجِيْرَنِيْ مِنَ اللّٰهِ اَحَدٌ ەۙ وَّلَنْ اَجِدَ مِنْ دُوْنِهٖ مُلْتَحَدًا ۙ٢٢
Qul innī lay yujīranī minallāhi aḥad(un), wa lan ajida min dūnihī multaḥadā(n).
[22]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna henteu aya perkara ogé nu bisa nangtayungan tina (siksa) Allah jeung kuring moal manggih tempat nyalindung salian ti Mantenna.
اِلَّا بَلٰغًا مِّنَ اللّٰهِ وَرِسٰلٰتِهٖۗ وَمَنْ يَّعْصِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ فَاِنَّ لَهٗ نَارَ جَهَنَّمَ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًاۗ٢٣
Illā balāgam minallāhi wa risālātih(ī), wa may ya‘ṣillāha wa rasūlahū fa inna lahū nāra jahannama khālidīna fīhā abadā(n).
[23]
(Kuring ngan) nepikeun (pépéling) ti Allah jeung risalah-risalah-Na. Saha baé jalma anu doraka ka Allah jeung Rasul-Na, nya sabenerna manéhna bakal meunang (siksa) naraka Jahanam. Manéhna langgeng di dinyana salawasna.”
حَتّٰىٓ اِذَا رَاَوْا مَا يُوْعَدُوْنَ فَسَيَعْلَمُوْنَ مَنْ اَضْعَفُ نَاصِرًا وَّاَقَلُّ عَدَدًاۗ٢٤
Ḥattā iżā ra'au mā yū‘adūna fasaya‘lamūna man aḍ‘afu nāṣiraw wa aqallu ‘adadā(n).
[24]
Ku kituna, upama nénjo (siksa) anu diancamkeun ka maranéhna, nya maranéhna bakal nyahoeun saha anu leuwih héngkérpitulungna jeung anu leuwih saeutik jumlahna.
قُلْ اِنْ اَدْرِيْٓ اَقَرِيْبٌ مَّا تُوْعَدُوْنَ اَمْ يَجْعَلُ لَهٗ رَبِّيْٓ اَمَدًا٢٥
Qul in adrī aqarībum mā tū‘adūna am yaj‘alu lahū rabbī amadā(n).
[25]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring henteu nyaho naha siksa anu diancamkeun ka maranéh téh geus deukeut atawa Pangéran kuring nangtukeun waktu anu masih lila kénéh.”
عٰلِمُ الْغَيْبِ فَلَا يُظْهِرُ عَلٰى غَيْبِهٖٓ اَحَدًاۙ٢٦
‘Ālimul-gaibi falā yuẓhiru ‘alā gaibihī aḥadā(n).
[26]
Mantenna uninga ka nu gaib, tapi Mantenna teu nembrakkeun ka sasaha ogé,
اِلَّا مَنِ ارْتَضٰى مِنْ رَّسُوْلٍ فَاِنَّهٗ يَسْلُكُ مِنْۢ بَيْنِ يَدَيْهِ وَمِنْ خَلْفِهٖ رَصَدًاۙ٢٧
Illā manirtaḍā mir rasūlin fa innahū yasluku mim baini yadaihi wa min khalfihī raṣadā(n).
[27]
kajaba ka rasul anu dipirido ku Mantenna. Sabenerna Mantenna nempatkeun pangraksa-pangrakasa (malaikat) di hareupeun jeung di tukangeunana.
لِّيَعْلَمَ اَنْ قَدْ اَبْلَغُوْا رِسٰلٰتِ رَبِّهِمْ وَاَحَاطَ بِمَا لَدَيْهِمْ وَاَحْصٰى كُلَّ شَيْءٍ عَدَدًا ࣖ٢٨
Liya‘lama an qad ablagū risālāti rabbihim wa aḥāṭa bimā ladaihim wa aḥṣā kulla syai'in ‘adadā(n).
[28]
(Anu kitu téh) supaya Mantenna uninga yén ieu (rasul-rasul) téh bener-benergeus nepikeun risalah Pangéranana, sedengkeun (élmu-Na) ngalimpudan sagala rupa nu aya di maranéh. Mantenna ngitung sagala perkara hiji-hiji.