Surah Nuh
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِنَّآ اَرْسَلْنَا نُوْحًا اِلٰى قَوْمِهٖٓ اَنْ اَنْذِرْ قَوْمَكَ مِنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١
Innā arsalnā nūḥan ilā qaumihī an anżir qaumaka min qabli ay ya'tiyahum ‘ażābun alīm(un).
[1]
Sabenerna Kami geus ngutus Nuh ka kaomna (kalayan paréntah), “Prak geura béré pépéling kaom hidep saméméh tumiba ka maranéhna siksa nu peurih!”
قَالَ يٰقَوْمِ اِنِّيْ لَكُمْ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌۙ٢
Qāla yā qaumi innī lakum nażīrum mubīn(un).
[2]
Anjeunna (Nuh) nyarios, “Yeuh kaom kuring, sabenerna kuring téh méré pépéling anu jelas pikeun aranjeun,
اَنِ اعْبُدُوا اللّٰهَ وَاتَّقُوْهُ وَاَطِيْعُوْنِۙ٣
Ani‘budullāha wattaqūhu wa aṭī‘ūn(i).
[3]
(nyaéta) geura aribadah jeung tarakwa ka Allah sarta taat ka kuring,
يَغْفِرْ لَكُمْ مِّنْ ذُنُوْبِكُمْ وَيُؤَخِّرْكُمْ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّىۗ اِنَّ اَجَلَ اللّٰهِ اِذَا جَاۤءَ لَا يُؤَخَّرُۘ لَوْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٤
Yagfir lakum min żunūbikum wa yu'akhkhirkum ilā ajalim musammā(n), inna ajalallāhi iżā jā'a lā yu'akhkhar(u), lau kuntum ta‘lamūn(a).
[4]
tangtu Mantenna bakal ngahampura kana sawaréh dosa-dosa aranjeun jeung neguhkeun aranjeun (ku cara dipanjangkeun umur) nepi kana waktu anu pinasti. Sabenerna katangtuan Allah mah upama geus tumiba moal bisa dipundurkeun, upama aranjeun nyaho mah.”
قَالَ رَبِّ اِنِّيْ دَعَوْتُ قَوْمِيْ لَيْلًا وَّنَهَارًاۙ٥
Qāla rabbi innī da‘atu qaumī lailaw wa nahārā(n).
[5]
Mantenna (Nuh) nyarita, “Nun Gusti, sayaktosna abdi parantos nguar ngajak ka kaom abdi siang sareng wengi,
فَلَمْ يَزِدْهُمْ دُعَاۤءِيْٓ اِلَّا فِرَارًا٦
Falam yazidhum du‘ā'ī illā firārā(n).
[6]
nanging pangajak abdi téh henteu nambihan (kaimanan) maranéhna, malah maranéhna lumpat (tina kahadéan).
وَاِنِّيْ كُلَّمَا دَعَوْتُهُمْ لِتَغْفِرَ لَهُمْ جَعَلُوْٓا اَصَابِعَهُمْ فِيْٓ اٰذَانِهِمْ وَاسْتَغْشَوْا ثِيَابَهُمْ وَاَصَرُّوْا وَاسْتَكْبَرُوا اسْتِكْبَارًاۚ٧
Wa innī kullamā da‘autuhum litagfira lahum ja‘alū aṣābi‘ahum fī āżānihim wastagsyau ṡiyābahum wa aṣarrū wastakbarustikbārā(n).
[7]
Sayaktosna abdi tiap nguar-ngajak ka maranéhna (pikeun ariman) supados Gusti ngahapunten ka maranéhna, maranéhna nyocokkan ceulina ku ramona tur ngabulenkeun pakéanana (kana beungeutna). Maranéhna tetep baé (ingkar) tur nyombongkeun diri.
ثُمَّ اِنِّيْ دَعَوْتُهُمْ جِهَارًاۙ٨
Ṡumma innī da‘autuhum jihārā(n).
[8]
Sayaktosna abdi nguar-ngajak maranéhna satarikna kalayan cara anu perténgtang. 904
904) Ieu dijalankeun sanggeus da’wah kalayan cara susulumputan teu hasil.
ثُمَّ اِنِّيْٓ اَعْلَنْتُ لَهُمْ وَاَسْرَرْتُ لَهُمْ اِسْرَارًاۙ٩
Ṡumma innī a‘lantu lahum wa asrartu lahum isrārā(n).
[9]
Salajengna abdi nguar-ngajak ka maranéhna kalayan terang-terangan sareng kalayan rerencepan. 905
905) Sanggeus ngalakukeun da’wah susulumputan tuluy terang-terangan ngan teu ogé hasil, nya Nabi Nuh a.s. ngajalankeun éta dua cara babarengan
فَقُلْتُ اسْتَغْفِرُوْا رَبَّكُمْ اِنَّهٗ كَانَ غَفَّارًاۙ١٠
Faqultustagfirū rabbakum innahū kāna gaffārā(n).
[10]
Nya abdi nyarios (ka maranéhna), ‘Geura ménta pangampura ka Pangéran aranjeun. Sabenerna Mantenna téh Maha Jembar-pangampura.’
يُّرْسِلِ السَّمَاۤءَ عَلَيْكُمْ مِّدْرَارًاۙ١١
Yursilis-samā'a ‘alaikum midrārā(n).
[11]
(Lamun aranjeun ménta pangampura,) tangtu Mantenna bakal nurunkeun hujan nu ngagebrét ti langit ka aranjeun,
وَّيُمْدِدْكُمْ بِاَمْوَالٍ وَّبَنِيْنَ وَيَجْعَلْ لَّكُمْ جَنّٰتٍ وَّيَجْعَلْ لَّكُمْ اَنْهٰرًاۗ١٢
Wa yumdidkum bi'amwāliw wa banīna wa yaj‘al lakum jannātiw wa yaj‘al lakum anhārā(n).
[12]
ngalobakeun harta banda jeung anak-anak aranjeun, nyawiskeun kebon-kebon pikeun aranjeun, jeung nyawiskeun walungan-walungan keur aranjeun.”
مَا لَكُمْ لَا تَرْجُوْنَ لِلّٰهِ وَقَارًاۚ١٣
Mā lakum lā tarjūna lillāhi waqārā(n).
[13]
Naha geuning maranéh teu sieun ku kaagungan Allah?
وَقَدْ خَلَقَكُمْ اَطْوَارًا١٤
Wa qad khalaqakum aṭwārā(n).
[14]
Sabenerna Mantenna geus nyiptakeun maranéh dina sababaraha tingkatan (kajadian). 906
906) Tingali surah al-Mu’minun/23: 12,13, jeung 14.
اَلَمْ تَرَوْا كَيْفَ خَلَقَ اللّٰهُ سَبْعَ سَمٰوٰتٍ طِبَاقًاۙ١٥
Alam tara kaifa khalaqallāhu sab‘a samāwātin ṭibāqā(n).
[15]
Naha maranéh henteu mikiran kumaha Allah nyiptakeun langit tujuh lapis?
وَّجَعَلَ الْقَمَرَ فِيْهِنَّ نُوْرًا وَّجَعَلَ الشَّمْسَ سِرَاجًا١٦
Wa ja‘alal-qamara fīhinna nūraw wa ja‘alasy-syamsa sirājā(n).
[16]
Di ditu Mantenna nyiptakeun nu cahayaan sarta ngajadikeun panonpoé-panonpoé minangka lampuna (anu harurung)?
وَاللّٰهُ اَنْۢبَتَكُمْ مِّنَ الْاَرْضِ نَبَاتًاۙ١٧
Wallāhu ambatakum minal-arḍi nabātā(n).
[17]
Allah nuwuhkeun maranéh tina taneuh kalayan tumuwuh (anu saeutik-saeutik).
ثُمَّ يُعِيْدُكُمْ فِيْهَا وَيُخْرِجُكُمْ اِخْرَاجًا١٨
Ṡumma yu‘īdukum fīhā wa yukhrijukum ikhrājā(n).
[18]
Tuluy Mantenna bakal mulangkeun maranéh ka jero (taneuh) sarta ngaluarkeun maranéh (dina Poé Kiamat) kalayan pasti.
وَاللّٰهُ جَعَلَ لَكُمُ الْاَرْضَ بِسَاطًاۙ١٩
Wallāhu ja‘ala lakumul-arḍa bisāṭā(n).
[19]
Allah ngajadikeun bumi pikeun maranéh minangka amparan
لِّتَسْلُكُوْا مِنْهَا سُبُلًا فِجَاجًا ࣖ٢٠
Litaslukū minhā subulan fijājā(n).
[20]
supaya maranéh bisa lumampah di dinya dina jalan anu laluasa.
قَالَ نُوْحٌ رَّبِّ اِنَّهُمْ عَصَوْنِيْ وَاتَّبَعُوْا مَنْ لَّمْ يَزِدْهُ مَالُهٗ وَوَلَدُهٗٓ اِلَّا خَسَارًاۚ٢١
Qāla nūḥur rabbi innahum ‘aṣaunī wattaba‘ū mal lam yazidhu māluhū wa waladuhū illā khasārā(n).
[21]
Nuh nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, sayaktosna maranéhna parantos doraka ka abdi sareng ngingilu ka jalma anu harta-jeung anak-anakna ngan saukur nambihan karugian pikeun dirina.
وَمَكَرُوْا مَكْرًا كُبَّارًاۚ٢٢
Wa makarū makran kubbārā(n).
[22]
Maranéhna ngalakukeun tipu daya anu kalintang ageungna.
وَقَالُوْا لَا تَذَرُنَّ اٰلِهَتَكُمْ وَلَا تَذَرُنَّ وَدًّا وَّلَا سُوَاعًا ەۙ وَّلَا يَغُوْثَ وَيَعُوْقَ وَنَسْرًاۚ٢٣
Wa qālū lā tażarunna ālihatakum wa lā tażarunna waddaw wa lā suwā‘ā(n), wa lā yagūṡa wa ya‘ūqa wa nasrā(n).
[23]
Maranéhna nyarita, ‘Ulah sakal-kali maranéh ninggalkeun (sesembahan) pangéran-pangéran maranéh sarta ulah sakal-kali ninggalkeun (nyembah) Wadd, Suwa, Yagus, Ya’uk jeung Nasr.’. 907
907) Wadd, Suwa, Yagus, Yauq, jeung Nasr téh nyaéta ngaran-ngaran berhala anu galedé pileun golongan-golongan kaom Nuh.
وَقَدْ اَضَلُّوْا كَثِيْرًا ەۚ وَلَا تَزِدِ الظّٰلِمِيْنَ اِلَّا ضَلٰلًا٢٤
Wa qad aḍallū kaṡīrā(n), wa lā tazidiẓ-ẓālimīna illā ḍalālā(n).
[24]
Sayaktosna maranéhna parantos nyasarkeun jalma nu loba pisan. Pamugi Gusti henteu nambihan pikeun jalma anu dolim téh kajaba ti kasasaran.”
مِمَّا خَطِيْۤـٰٔتِهِمْ اُغْرِقُوْا فَاُدْخِلُوْا نَارًا ەۙ فَلَمْ يَجِدُوْا لَهُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ اَنْصَارًا٢٥
Mimmā khaṭī'ātihim ugriqū fa'udkhilū nārā(n), falam yajidū lahum min dūnillāhi anṣārā(n).
[25]
Ku lantaran kasalahan-kasalahanana, maranéhna diteuleumkeun tuluy diasupkeun ka jero naraka, nya maranéhna henteu meunang pitulung salian ti Allah.
وَقَالَ نُوْحٌ رَّبِّ لَا تَذَرْ عَلَى الْاَرْضِ مِنَ الْكٰفِرِيْنَ دَيَّارًا٢٦
Wa qāla nūḥur rabbi lā tażar ‘alal-arḍi minal-kāfirīna dayyārā(n).
[26]
Nuh nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti ulah ngantep saurang ogé ti antara jalma-jalma kapir cicing di luhur bumi.
اِنَّكَ اِنْ تَذَرْهُمْ يُضِلُّوْا عِبَادَكَ وَلَا يَلِدُوْٓا اِلَّا فَاجِرًا كَفَّارًا٢٧
Innaka in tażarhum yuḍillū ‘ibādaka wa lā yalidū illā fājiran kaffārā(n).
[27]
Saleresna upami Gusti ngantep maranéhna cicing, tangtu maranéhna bakal nyasarkeun hamba-hamba Gusti, sareng maranéhna ngan saukur ngalahirkeun anak-anak nu jahat jeung teu sukuran.
رَبِّ اغْفِرْ لِيْ وَلِوَالِدَيَّ وَلِمَنْ دَخَلَ بَيْتِيَ مُؤْمِنًا وَّلِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِۗ وَلَا تَزِدِ الظّٰلِمِيْنَ اِلَّا تَبَارًا ࣖ٢٨
Rabbigfir lī wa liwālidayya wa liman dakhala baitiya mu'minaw wa lil-mu'minīna wal-mu'mināt(i), wa lā tazidiẓ-ẓālimīna illā tabārā(n).
[28]
Nun Gusti Pangéran abdi! Mugi Gusti ngahapunten ka abdi, ka pun biang, ka pun bapa abdi, sareng ka saha baé jalma anu lebet ka rorompok abdi kalayan iman, sareng ka sakabéh jalma anu iman, boh lalaki bih awéwé. Sareng mugi Gusti teu nambihan pikeun éta jalma-jalma anu dolim kajaba kabinasaan.”