Surah Al-Ma’arij
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
سَاَلَ سَاۤىِٕلٌۢ بِعَذَابٍ وَّاقِعٍۙ١
Sa'ala sā'ilum bi‘ażābiw wāqi‘(in).
[1]
Hiji jalma (kalayan nada ngahinakeun) ménta (didatangkeun) siksaan anu pasti bakal kajadian
لِّلْكٰفِرِيْنَ لَيْسَ لَهٗ دَافِعٌۙ٢
Lil-kāfirīna laisa lahū dāfi‘(un).
[2]
ka jalma-jalma kapir. Moal aya hiji jalma ogé anu bisa nolak
مِّنَ اللّٰهِ ذِى الْمَعَارِجِۗ٣
Minallāhi żil-ma‘ārij(i).
[3]
(siksa) ti Allah anu kagungan tempat-tempat (pikeun) naék.
تَعْرُجُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ وَالرُّوْحُ اِلَيْهِ فِيْ يَوْمٍ كَانَ مِقْدَارُهٗ خَمْسِيْنَ اَلْفَ سَنَةٍۚ٤
Ta‘rujul-malā'ikatu war-rūḥu ilaihi fī yaumin kāna miqdāruhū khamsīna alfa sanah(tin).
[4]
Para malaikat jeung Jibril naék (ngadeuheus) ka Pangéran dina mangsa sapoé anu kadarna lima puluh rébu taun. 899
899) Para malaikat jeung Jibril lamun ngadeuheus ka Pangéran anu méakkeun mangsa sapoé, tapi lamun dilakonan ku manusa méakkeun mangsa lima puluh rébu taun.
فَاصْبِرْ صَبْرًا جَمِيْلًا٥
Faṣbir ṣabran jamīlā(n).
[5]
Ku kituna, sing sabar hidep (Muhammad) ku kasabaran nu hadé.
اِنَّهُمْ يَرَوْنَهٗ بَعِيْدًاۙ٦
Innahum yaraunahū ba‘īdā(n).
[6]
Sabenerna maranéhna nganggap éta (siksa) téh jauh (mustahil kajadian),
وَّنَرٰىهُ قَرِيْبًاۗ٧
Wa narāhu qarībā(n).
[7]
sedengkeun Kami mah nganggap deukeut (pasti kajadian).
يَوْمَ تَكُوْنُ السَّمَاۤءُ كَالْمُهْلِۙ٨
Yauma takūnus-samā'u kal-muhl(i).
[8]
(Éta siksa datang) dina poéan (waktu) langit jadi lir ibarat cairan pérak,
وَتَكُوْنُ الْجِبَالُ كَالْعِهْنِۙ٩
Wa takūnul-jibālu kal-‘ihn(i).
[9]
gunung-gunung kawas bulu (nu haliber),
وَلَا يَسْـَٔلُ حَمِيْمٌ حَمِيْمًاۚ١٠
Wa lā yas'alu ḥamīmun ḥamīmā(n).
[10]
jeung henteu aya saurang sobat dalit ogé anu patanya jeung sobatna,
يُبَصَّرُوْنَهُمْۗ يَوَدُّ الْمُجْرِمُ لَوْ يَفْتَدِيْ مِنْ عَذَابِ يَوْمِىِٕذٍۢ بِبَنِيْهِۙ١١
Yubaṣṣarūnahum, yawaddul-mujrimu lau yaftadī min ‘ażābi yaumi'iżim bibanīh(i).
[11]
(padahal) maranéhna téh silih ténjo. Dina éta poé jalma nu doraka miharep lamun seug manéhna bisa nebus (dirina) tina siksa ku anak-anakna,
وَصَاحِبَتِهٖ وَاَخِيْهِۙ١٢
Wa ṣāḥibatihī wa akhīh(i).
[12]
ku pamajikanana, ku dulurna,
وَفَصِيْلَتِهِ الَّتِيْ تُـْٔوِيْهِۙ١٣
Wa faṣīlatihil-latī tu'wīh(i).
[13]
ku kulawargana nu nangtayungan manéhna (di dunya),
وَمَنْ فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًاۙ ثُمَّ يُنْجِيْهِۙ١٤
Wa man fil-arḍi jamī‘ā(n), ṡumma yunjīh(i).
[14]
jeung ku jalma-jalma di bumi sakabéhna, tuluy miharep éta (tebusan) téh bisa nyalametkeun dirina.
كَلَّاۗ اِنَّهَا لَظٰىۙ١٥
Kallā, innahā laẓā.
[15]
Sama sakali moal! Sabenerna naraka téh seuneu nu ngéntab-ngéntab,
نَزَّاعَةً لِّلشَّوٰىۚ١٦
Nazzā‘atal lisy-syawā.
[16]
anu molotokkeun kulit sirah,
تَدْعُوْا مَنْ اَدْبَرَ وَتَوَلّٰىۙ١٧
Tad‘ū man adbara wa tawallā.
[17]
anu cumeluk ka jalma anu nukangan jeung anu ngabalieur (tina agama)
وَجَمَعَ فَاَوْعٰى١٨
Wa jama‘a fa'au‘ā.
[18]
sarta jalma anu ngumpulkeun (harta banda) tuluy nimbun. 900
900) Jalma anu neundeun hartana jeung henteu daék ngaluarkeun jakat jeng henteu ogé ngainpakkeun dina jalan anu bener.
۞ اِنَّ الْاِنْسَانَ خُلِقَ هَلُوْعًاۙ١٩
Innal-insāna khuliqa halu‘ā(n).
[19]
Sabenerna manusa téh diciptakeun kalayan sipat resep rumahuh.
اِذَا مَسَّهُ الشَّرُّ جَزُوْعًاۙ٢٠
Iżā massahusy-syarru jazū‘ā(n).
[20]
Upama seug ditibanan kasusah, manéhna rumahuh.
وَّاِذَا مَسَّهُ الْخَيْرُ مَنُوْعًاۙ٢١
Wa iżā massahul-khairu manū‘ā(n).
[21]
Upama meunang kahadéan (harta), manéhna jadi pedit,
اِلَّا الْمُصَلِّيْنَۙ٢٢
Illal-muṣallīn(a).
[22]
kajaba jalma-jalma anu ngadegkeun salat.
الَّذِيْنَ هُمْ عَلٰى صَلَاتِهِمْ دَاۤىِٕمُوْنَۖ٢٣
Allażīna hum ‘alā ṣalātihim dā'imūn(a).
[23]
Aranjeunna tetep satia ngalanggengkeun salatna,
وَالَّذِيْنَ فِيْٓ اَمْوَالِهِمْ حَقٌّ مَّعْلُوْمٌۖ٢٤
Wal-lażīna fī amwālihim ḥaqqum ma‘lūm(un).
[24]
anu dina harta bandana aya bagian anu tangtu
لِّلسَّاۤىِٕلِ وَالْمَحْرُوْمِۖ٢٥
Lis-sā'ili wal-maḥrūm(i).
[25]
pikeun jalma (miskin) anu ménta-ménta jeung anu teu ménta-ménta,
وَالَّذِيْنَ يُصَدِّقُوْنَ بِيَوْمِ الدِّيْنِۖ٢٦
Wal-lażīna yuṣaddiqūna biyaumid-dīn(i).
[26]
anu ngabalenerkeun kana poé wawales,
وَالَّذِيْنَ هُمْ مِّنْ عَذَابِ رَبِّهِمْ مُّشْفِقُوْنَۚ٢٧
Wal-lażīna hum min ‘ażābi rabbihim musyfiqūn(a).
[27]
jeung anu sieun ku siksa Pangéranana.
اِنَّ عَذَابَ رَبِّهِمْ غَيْرُ مَأْمُوْنٍۖ٢٨
Inna ‘ażāba rabbihim gairu ma'mūn(in).
[28]
Sabenerna moal aya hiji jalma nu ngarasa aman (tina) siksa Pangéranana.
وَّالَّذِيْنَ هُمْ لِفُرُوْجِهِمْ حٰفِظُوْنَۙ٢٩
Wal-lażīna hum lifurūjihim ḥāfiẓūn(a).
[29]
(Kaasup jalma anu salamet tina siksa téh nyaéta) jalma-jalma anu ngajaga kahormatanana,
اِلَّا عَلٰٓى اَزْوَاجِهِمْ اَوْ مَا مَلَكَتْ اَيْمَانُهُمْ فَاِنَّهُمْ غَيْرُ مَلُوْمِيْنَۚ٣٠
Illā ‘alā azwājihim au mā malakat aimānuhum fa innahum gairu malūmīn(a).
[30]
kajaba ka pamajikanana atawa ka budak-beulianana anu dipimilik, 901 nya aranjeunna henteu dicawad.
901) Budak-beulian anu dipimilik alatan peperangan jeung jalma kapir. Awéwé-awéwé anu diboyong téh biasana dibagi-bagikeun ka kaom muslimin anu ngiluan perang, tapi ieu kabiasaan téh lain perkara anu diwajibkeun.
فَمَنِ ابْتَغٰى وَرَاۤءَ ذٰلِكَ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْعَادُوْنَۚ٣١
Fa manibtagā warā'a żālika fa ulā'ika humul-‘ādūn(a).
[31]
Ku kituna, saha baé anu néangan (kasenangan sahwat) di luar ieu (saperti jinah, homosek, jeung lesbian), nya maranéhna téh jalma-jalma anu ngaliwatan wates.
وَالَّذِيْنَ هُمْ لِاَمٰنٰتِهِمْ وَعَهْدِهِمْ رٰعُوْنَۖ٣٢
Wal-lażīna hum li'amānātihim wa ‘ahdihim rā'ūn(a).
[32]
(Kaasup jalma anu salamet tina siksa téh nyaéta) jalma-jalma anu ngajaga amanat-amanat jeung jangjina,
وَالَّذِيْنَ هُمْ بِشَهٰدٰتِهِمْ قَاۤىِٕمُوْنَۖ٣٣
Wal-lażīna hum bisyahādātihim qā'imūn(a).
[33]
anu mikeun panyaksén-panyaksénana,
وَالَّذِيْنَ هُمْ عَلٰى صَلَاتِهِمْ يُحَافِظُوْنَۖ٣٤
Wal-lażīna hum ‘alā ṣalātihim yuḥāfiẓūn(a).
[34]
jeung jalma-jalma anu ngajaga salatna.
اُولٰۤىِٕكَ فِيْ جَنّٰتٍ مُّكْرَمُوْنَ ۗ ࣖ٣٥
Ulā'ika fī jannātim mukramūn(a).
[35]
Aranjeunna téh dimulayakeun di jero sawarga.
فَمَالِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا قِبَلَكَ مُهْطِعِيْنَۙ٣٦
Famālil-lażīna kafarū qibalaka muhṭi‘īn(a).
[36]
Naha jalma-jalma kapir téh bet datang rurusahan ka hidep (Muhammad)
عَنِ الْيَمِيْنِ وَعَنِ الشِّمَالِ عِزِيْنَ٣٧
‘Anil-yamīni wa ‘anisy-syimāli ‘izīn(a).
[37]
ti katuhu jeung ti kénca kalayan sagolongan-sagolongan. 902
902) Nurutkeun katerangan sawaréh ahli tapsir, ieu ayat aya hubunganana jeung kajadian waktu Rasulullah netepan tur maca Al-Qur’an deukeut Ka’bah, tuluy jalma-jalma musrik ngumpul di hareupeunana bari ngagogoréng jeung ngucap kieu, “Lamun jalma-jalma mu’min bener-bener bakal asup ka sawarga sakumaha caritaan Muhammad, nya urang saréréa nu bakal asup ti heula mah. Nya turun ieu ayat ka-38.
اَيَطْمَعُ كُلُّ امْرِئٍ مِّنْهُمْ اَنْ يُّدْخَلَ جَنَّةَ نَعِيْمٍۙ٣٨
Ayaṭma‘u kullumri'im minhum ay yudkhala jannata na‘īm(in).
[38]
Naha saban jalma ti maranéhna (jalma-jalma kapir) téh hayang diabuskeun ka sawarga nu pinuh ku kani’matan?
كَلَّاۗ اِنَّا خَلَقْنٰهُمْ مِّمَّا يَعْلَمُوْنَ٣٩
Kallā, innā khalaqnāhum mimmā ya‘malūn(a).
[39]
Teu mungkin! Sabenerna Kami nyiptakeun maranéhna téh tina naon anu dipikanyaho ku maranéhna (cai mani), 903
903) Jalma-jalma kapir dicipatkeun ku Allah tina cai mani supaya iman jeung takwa ka Mantenna, sakumaha anu ditepikeun ku Rasul. Jadi, lamun maranéhna teu iman, mangka taya hak pikeun asup sawarga.
فَلَآ اُقْسِمُ بِرَبِّ الْمَشٰرِقِ وَالْمَغٰرِبِ اِنَّا لَقٰدِرُوْنَۙ٤٠
Falā uqsimu birabbil-masyāriqi wal-magāribi innā laqādirūn(a).
[40]
Nya Kami sumpah demi Pangérana anu ngatur tempat-tempat medal jeung surup (panonpoé, bulan, jeung béntang). Sabenerna Kami téh Mahakawasa
عَلٰٓى اَنْ نُّبَدِّلَ خَيْرًا مِّنْهُمْۙ وَمَا نَحْنُ بِمَسْبُوْقِيْنَ٤١
‘Alā an nubaddila khairam minhum, wa mā naḥnu bimasbūqīn(a).
[41]
pikeun ngaganti (maranéhna) ku kaom nu leuwih hadé tibatan maranéhna, jeung Kami moal bisa diéléhkeun.
فَذَرْهُمْ يَخُوْضُوْا وَيَلْعَبُوْا حَتّٰى يُلٰقُوْا يَوْمَهُمُ الَّذِيْ يُوْعَدُوْنَۙ٤٢
Fa żarhum yakhūḍū wa yal‘abū ḥattā yulāqū yaumahumul-lażī yū‘adūn(a)
[42]
Ku kituna, keun baé antep maranéhna sina tilelep dina kajongjonan (kasasaran) nepi ka maranéhna manggihan poé anu diancamkeun ka maranéhna,
يَوْمَ يَخْرُجُوْنَ مِنَ الْاَجْدَاثِ سِرَاعًا كَاَنَّهُمْ اِلٰى نُصُبٍ يُّوْفِضُوْنَۙ٤٣
Yauma yakhrujūna minal-ajdāṡi sirā‘an ka'annahum ilā nuṣubiy yūfiḍūn(a).
[43]
(nyaéta) poéan waktu maranéhna kaluar tina ti kuburan kalayan gancang kawas rék indit ngajugjug berhala-berhala (sawaktu di dunya).
خَاشِعَةً اَبْصَارُهُمْ تَرْهَقُهُمْ ذِلَّةٌ ۗذٰلِكَ الْيَوْمُ الَّذِيْ كَانُوْا يُوْعَدُوْنَ ࣖ٤٤
Khāsyi‘atan abṣāruhum tarhaquhum żillah(tun), żālikal-yaumul-lażī kānū yū‘adūn(a).
[44]
Panénjo maranéhna tarungkul ka handap pinuh ku kahinaan. Éta téh poé nu diancamkeun ka maranéhna.