Surah Al-A’raf
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤصۤ ۚ١
Alif lām mīm ṣād.
[1]
Alif Lām Mīm Ṣāḍ. 328
328) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
كِتٰبٌ اُنْزِلَ اِلَيْكَ فَلَا يَكُنْ فِيْ صَدْرِكَ حَرَجٌ مِّنْهُ لِتُنْذِرَ بِهٖ وَذِكْرٰى لِلْمُؤْمِنِيْنَ٢
Kitābun unzila ilaika falā yakun fī ṣadrika ḥarajum minhu litunżira bihī wa żikrā lil-mu'minīn(a).
[2]
(Ieu téh) Kitab nu diturunkeun ka hidep (Muhammad), mangka hidep ulah ngarasa rupek dada ku sabab éta (Al-Qur'an), sangkan (ku éta kitab) hidep méré pépéling ku éta kitab (ka jalma-jalma kapir) jeung (sangkan éta kitab téh) jadi atikan pikeun jalma-jalma mu’min.
اِتَّبِعُوْا مَآ اُنْزِلَ اِلَيْكُمْ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَلَا تَتَّبِعُوْا مِنْ دُوْنِهٖٓ اَوْلِيَاۤءَۗ قَلِيْلًا مَّا تَذَكَّرُوْنَ٣
Ittabi‘ū mā unzila ilaikum mir rabbikum wa lā tattabi‘ū min dūnihī auliyā'(a), qalīlam mā tażakkarūn(a).
[3]
Pék geura turut (hé sakabéh manusa) naon anu geus diturunkeun ka aranjeun ti Pangéran aranjeun, jeung kadé ulah rék turut ka panyalindungan 329 salian ti Mantenna. Saeutik pisa aranjeun ngalap atikan.
329) Tingal catetan kaki surat Ali`Imran/3:28.
وَكَمْ مِّنْ قَرْيَةٍ اَهْلَكْنٰهَا فَجَاۤءَهَا بَأْسُنَا بَيَاتًا اَوْ هُمْ قَاۤىِٕلُوْنَ٤
Wa kam min qaryatin ahlaknāhā fa jā'ahā ba'sunā bayātan au hum qā'ilūn(a).
[4]
Loba pisan nagri nu geus dibinasakeun ku Kami. Siksaan Kami geus tumiba ka (pangeusi) éta nagri dina wanci peuting, atawa dina waktu maranéhna reureuh dina wanci tengah poé.
فَمَا كَانَ دَعْوٰىهُمْ اِذْ جَاۤءَهُمْ بَأْسُنَآ اِلَّآ اَنْ قَالُوْٓا اِنَّا كُنَّا ظٰلِمِيْنَ٥
Famā kāna da‘wāhum iż jā'ahum ba'sunā illā an qālū innā kunnā ẓālimīn(a).
[5]
Mangka, waktu siksaan Kami datang ka maranéhna, rumahuh maranéhna téh taya lian kajaba ngucapkeun, “Sabenerna kuring saréréa téh jalma-jalma anu dolim.”
فَلَنَسْـَٔلَنَّ الَّذِيْنَ اُرْسِلَ اِلَيْهِمْ وَلَنَسْـَٔلَنَّ الْمُرْسَلِيْنَۙ٦
Fa lanas'alannal-lażīna ursila ilaihim wa lanas'alannal-mursalīn(a).
[6]
Pasti Kami bakal nanya ka umat anu geus meunang panggero para rasul. Pasti Kami bakal nanya (ogé) ka éta para rasul.
فَلَنَقُصَّنَّ عَلَيْهِمْ بِعِلْمٍ وَّمَا كُنَّا غَاۤىِٕبِيْنَ٧
Fa lanaquṣṣanna ‘alaihim bi‘ilmiw wa mā kunnā gā'ibīn(a).
[7]
Tuluy, pasti Kami bakal ngabéjakeun (éta hal) ka maranéhna dumasar kana élmu (Kami). Saeutik ogé Kami mah teu pernah jauh (ti maranéhna). 330
330) Maksudna jaga dina Poé Kiamat Allah bakal ngabéjakeun ka hamba-hamba-Na naon baé anu diucapkeun jeung dilakukeun ku maranéhna, boh nu leutik boh nu gedé, boh nu sepélé boh nu penting, sabab Allah mah Mahauninga kana sagala perkara.
وَالْوَزْنُ يَوْمَىِٕذِ ِۨالْحَقُّۚ فَمَنْ ثَقُلَتْ مَوَازِيْنُهٗ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ٨
Wal-waznu yauma'iżinil-ḥaqq(u), faman ṡaqulat mawāzīnuhū fa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[8]
Timbangan (amal) dina poé éta téh (jadi ukuran) bebeneran. Nya saha baé anu beurat timbangan (kahadéana)ana, maranéhna pisan (jalma) nu untungan.
وَمَنْ خَفَّتْ مَوَازِيْنُهٗ فَاُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ بِمَا كَانُوْا بِاٰيٰتِنَا يَظْلِمُوْنَ٩
Wa man khaffat mawāzīnuhū fa ulā'ikal-lażīna khasirū anfusahum bimā kānū bi'āyātinā yaẓlimūn(a).
[9]
Saha baé anu hampang timbangan (kahadéan)ana, nya maranéhna nu geus ngarugikeun dirina sorangan, ku sabab maranéhna téh terus ingkar kana ayat-ayat Kami.
وَلَقَدْ مَكَّنّٰكُمْ فِى الْاَرْضِ وَجَعَلْنَا لَكُمْ فِيْهَا مَعَايِشَۗ قَلِيْلًا مَّا تَشْكُرُوْنَ ࣖ١٠
Wa laqad makkannākum fil-arḍi wa ja‘alnā lakum fīhā ma‘āyisy(a), qalīlam mā tasykurūn(a).
[10]
Tétéla Kami geus nempatkeun aranjeun di bumi sarta Kami geus nyadiakeun di dinya pirang-pirang (sumber) kahirupan pikeun aranjeun, tapi saeutik pisan aranjeun anu sukuran.
وَلَقَدْ خَلَقْنٰكُمْ ثُمَّ صَوَّرْنٰكُمْ ثُمَّ قُلْنَا لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اسْجُدُوْا لِاٰدَمَ فَسَجَدُوْٓا اِلَّآ اِبْلِيْسَۗ لَمْ يَكُنْ مِّنَ السّٰجِدِيْنَ١١
Wa laqad khalaqnākum ṡumma ṣawwarnākum ṡumma qulnā lil-malā'ikatisjudū li'ādama fa sajadū illā iblīs(a), lam yakum minas-sājidīn(a).
[11]
Tétéla Kami anu geus nyiptakeun aranjeun, tuluy Kami ngabentuk (jasad) aranjeun, tuluy Kami ngadawuh ka para malaikat, “Geura prak aranjeun sujud (hormat) ka Adam!” Atuh breng maranéhna sarujud, iwal ti Iblis. Manéhna mah henteu kaasup golongan anu sujud.
قَالَ مَا مَنَعَكَ اَلَّا تَسْجُدَ اِذْ اَمَرْتُكَ ۗقَالَ اَنَا۠ خَيْرٌ مِّنْهُۚ خَلَقْتَنِيْ مِنْ نَّارٍ وَّخَلَقْتَهٗ مِنْ طِيْنٍ١٢
Qāla mā mana‘aka allā tasjuda iż amartuk(a), qāla ana khairum minh(u), khalaqtanī min nāriw wa khalaqtahū min ṭīn(in).
[12]
Allah ngadawuh (ka Iblis), “Naha naon nu ngahalangan ka manéh (nepi ka) teu sujud (ka Adam) waktu Kami maréntah ka manéh?” Jawabna (Iblis), “Pan abdi mah langkung saé tibatan Adam, (margi) Gusti geus nyiptakeun abdi tina seuneu, sedengkeun Gusti nyiptakeun Adam mah tina taneuh.”
قَالَ فَاهْبِطْ مِنْهَا فَمَا يَكُوْنُ لَكَ اَنْ تَتَكَبَّرَ فِيْهَا فَاخْرُجْ اِنَّكَ مِنَ الصّٰغِرِيْنَ١٣
Qāla fahbiṭ minhā famā yakūnu laka an tatakabbara fīhā fakhruj innaka minaṣ-ṣāgirīn(a).
[13]
(Allah) ngadawuh, “Geura turun manéh ti dieu (sawarga) sabab teu pantes pisan manéh nyombongkeun diri di jero (sawarga)! Geura kaluar manéh! Sabenerna manéh kaasup kana mahluk anu hina.”
قَالَ اَنْظِرْنِيْٓ اِلٰى يَوْمِ يُبْعَثُوْنَ١٤
Qāla anẓirnī ilā yaumi yub‘aṡūn(a).
[14]
Manéhna (Iblis) ngajawab, “Pasihan baé abdi waktos dugi ka waktos maranéhna dihudangkeun (tina kubur).”
قَالَ اِنَّكَ مِنَ الْمُنْظَرِيْنَ١٥
Qāla innaka minal-munẓarīn(a).
[15]
Mantenna ngadawuh, “Sabenerna manéh (Iblis) kaasup golongan anu dibéré témpo.”
قَالَ فَبِمَآ اَغْوَيْتَنِيْ لَاَقْعُدَنَّ لَهُمْ صِرَاطَكَ الْمُسْتَقِيْمَۙ١٦
Qāla fabimā agwaitanī la'aq‘udanna lahum ṣirāṭakal-mustaqīm(a).
[16]
(Iblis) nyarita deui, “Kumargi Gusti parantos nyasarkeun ka abdi, atuh abdi badé leres-leres ngahalang-halang maranéhna tina jalan Gusti anu lempeng.
ثُمَّ لَاٰتِيَنَّهُمْ مِّنْۢ بَيْنِ اَيْدِيْهِمْ وَمِنْ خَلْفِهِمْ وَعَنْ اَيْمَانِهِمْ وَعَنْ شَمَاۤىِٕلِهِمْۗ وَلَا تَجِدُ اَكْثَرَهُمْ شٰكِرِيْنَ١٧
Ṡumma la'ātiyannahum mim baini aidīhim wa min khalfihim wa ‘an aimānihim wa ‘an syamā'ilihim, wa lā tajidu akṡarahum syākirīn(a).
[17]
Salajengna abdi leres-leres badé ngadongkapan maranéhna ti hareup, ti tukang, ti katuhu, jeung tina kéncaeunana; sareng Gusti moal bakal mendak kaseuseueuranana ti maranéhna anu sukuran (kana ni’mat Gusti).”
قَالَ اخْرُجْ مِنْهَا مَذْءُوْمًا مَّدْحُوْرًا ۗ لَمَنْ تَبِعَكَ مِنْهُمْ لَاَمْلَـَٔنَّ جَهَنَّمَ مِنْكُمْ اَجْمَعِيْنَ١٨
Qālakhruj minhā maż'ūmam madḥūrā(n), laman tabi‘aka minhum la'amla'anna jahannama minkum ajma‘īn(a).
[18]
Mantenna ngadawuh, “Geura kaluar manéh ti dinya (sawarga) dina kaayaan hina tur kausir! Sabenerna saha baé ti antara maranéhna anu ngilu ka manéh, tangtu Kami bener-bener rék minuhan Jahanam ku maranéh kabéh!”
وَيٰٓاٰدَمُ اسْكُنْ اَنْتَ وَزَوْجُكَ الْجَنَّةَ فَكُلَا مِنْ حَيْثُ شِئْتُمَا وَلَا تَقْرَبَا هٰذِهِ الشَّجَرَةَ فَتَكُوْنَا مِنَ الظّٰلِمِيْنَ١٩
Wa yā ādamuskun anta wa zaujukal-jannata fa kulā min ḥaiṡu syi'tumā wa lā taqrabā hāżihisy-syajarata fa takūnā minaẓ-ẓālimīn(a).
[19]
(Allah ngadawuh), “Hé Adam, pék cicing anjeun jeung istri anjeun di (ieu) sawarga. Tuluy heug ku anjeun duaan dahar naon baé nu ku aranjeun duaan dipikaresep, ngan kadé pisan ulah ngadeukeutan ieu tangkal (anu hiji). (Lamun ngadeukeutan), tangtu aranjeun duaan bakal kaasup jalma anu dolim.”
فَوَسْوَسَ لَهُمَا الشَّيْطٰنُ لِيُبْدِيَ لَهُمَا مَا وٗرِيَ عَنْهُمَا مِنْ سَوْءٰتِهِمَا وَقَالَ مَا نَهٰىكُمَا رَبُّكُمَا عَنْ هٰذِهِ الشَّجَرَةِ اِلَّآ اَنْ تَكُوْنَا مَلَكَيْنِ اَوْ تَكُوْنَا مِنَ الْخٰلِدِيْنَ٢٠
Fa waswasa lahumasy-syaiṭānu liyubdiya lahumā mā wūriya ‘anhumā min sau'ātihimā wa qāla mā nahākumā rabbukumā ‘an hāżihisy-syajarati illā an takūnā malakaini au takūnā minal-khālidīn(a).
[20]
Tuluy sétan ngaharéwoskeun (pikiran anu jahat) ka duanana anu akibatna katémbong orat aranjeunna (anu salila ieu) ditutupan tina (paningal) aranjeunna. Manéhna ngaharéwos, “Pangéran aranjeun duaan mah henteu nyegah ka aranjeun duaan pikeun ngadeukeutan éta tangkal, iwal (ku sabab Mantenna henteu ngersakeun) aranjeun jadi malaikat atawa aranjeun kaasup golongan jalma-jalma anu langgeng (di ieu sawarga).”
وَقَاسَمَهُمَآ اِنِّيْ لَكُمَا لَمِنَ النّٰصِحِيْنَۙ٢١
Wa qāsamahumā innī lakumā laminan-nāṣiḥīn(a).
[21]
Manéhna (sétan) ngucapkeun sumpah ka aranjeunna duaan, “Sabenerna sim kuring téh leres-leres kaasup nu méré naséhat ka aranjeun duaan.”
فَدَلّٰىهُمَا بِغُرُوْرٍۚ فَلَمَّا ذَاقَا الشَّجَرَةَ بَدَتْ لَهُمَا سَوْءٰتُهُمَا وَطَفِقَا يَخْصِفٰنِ عَلَيْهِمَا مِنْ وَّرَقِ الْجَنَّةِۗ وَنَادٰىهُمَا رَبُّهُمَآ اَلَمْ اَنْهَكُمَا عَنْ تِلْكُمَا الشَّجَرَةِ وَاَقُلْ لَّكُمَآ اِنَّ الشَّيْطٰنَ لَكُمَا عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ٢٢
Fa dallāhumā bigurūr(in), falammā żāqasy-syajarata badat lahumā sau'ātuhumā wa ṭafiqā yakhṣifāni ‘alaihimā miw waraqil-jannah(ti), wa nādāhumā rabbuhumā alam anhakumā ‘an tilkumasy-syajarati wa aqul lakumā innasy-syaiṭāna lakumā ‘aduwwum mubīn(un).
[22]
Manéhna (sétan) ngusrukkeun aranjeunna (Adam jeung Hawa) ku tipu daya. Nalika aranjeunna nyicip (buah tina) éta tangkal, atuh bray baé kabuka oratna, tuluy ngawitan baé aranjeunna nutupan ku dangdaunan sawarga. Lajeng Pangéran aranjeunna ngadawuh ka duanana, “Naha apan Kami téh lain geus nyegah ka aranjeun duaan (pikeun ngadeukeutan) éta tangkal? Lain Kami téh geus nyarita ka aranjeun yén sabenerna sétan téh musuh anu nyata pikeun aranjeun?”
قَالَا رَبَّنَا ظَلَمْنَآ اَنْفُسَنَا وَاِنْ لَّمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ٢٣
Qālā rabbanā ẓalamnā anfusanā wa illam tagfir lanā wa tarḥamnā lanakūnanna minal-khāsirīn(a).
[23]
Aranjeunna duaan nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, abdi duaan téh parantos ngadoliman ka diri abdi nyalira, sareng upami Gusti henteu ngahapunten sinareng maparin rahmat ka abdi sadaya, tangtosna abdi duaan téh leres-leres kalebet golongan jalmi-jalmi anu rugi.”
قَالَ اهْبِطُوْا بَعْضُكُمْ لِبَعْضٍ عَدُوٌّ ۚوَلَكُمْ فِى الْاَرْضِ مُسْتَقَرٌّ وَّمَتَاعٌ اِلٰى حِيْنٍ٢٤
Qālahbiṭū ba‘ḍukum liba‘ḍin ‘aduww(un), wa lakum fil-arḍi mustaqarruw wa matā‘un ilā ḥīn(in).
[24]
Mantenna ngadawuh, “Jig geura turun (aranjeun téh)! Sabagian ti aranjeun bakal jadi musuh pikeun sawaréhna deui. Pikeun aranjeun aya tempat padumukan tur kesenangan di bumi nepi ka waktu anu ditangtukeun.”
قَالَ فِيْهَا تَحْيَوْنَ وَفِيْهَا تَمُوْتُوْنَ وَمِنْهَا تُخْرَجُوْنَ ࣖ٢٥
Qāla fīhā taḥyauna wa fīhā tamūtūna wa minhā tukhrajūn(a).
[25]
Mantenna ngadawuh, “Di dinya (di bumi) aranjeun bakal hirup, sarta di dinya deui aranjeun maot (dikubur), sarta di dinya ogé aranjeun bakal dikaluarkeun (dihudangkeun) deui (pikeun narima wawales ti Gusti).”
يٰبَنِيْٓ اٰدَمَ قَدْ اَنْزَلْنَا عَلَيْكُمْ لِبَاسًا يُّوَارِيْ سَوْءٰتِكُمْ وَرِيْشًاۗ وَلِبَاسُ التَّقْوٰى ذٰلِكَ خَيْرٌۗ ذٰلِكَ مِنْ اٰيٰتِ اللّٰهِ لَعَلَّهُمْ يَذَّكَّرُوْنَ٢٦
Yā banī ādama qad anzalnā ‘alaikum libāsay yuwārī sau'ātikum wa rīsyā(n), wa libāsut-taqwā żālika khair(un), żālika min āyātillāhi la‘allahum yażżakkarūn(a).
[26]
Hé anak-incu Adam, sabenerna Kami geus nyadiakeun keur aranjeun pakéan pikeun nutupan orat aranjeun jeung bulu (minangka bahan pakéan pikeun papaés aranjeun). Tapi pakéan takwa 331 mah éta anu leuwih alus. Tah éta hal téh sabagian tina tanda-tanda (kakawasaan) Allah sangkan maranéhna terus-terusan inget.
331) Maksudna pakéan batin téh saperti sikep handap asor jeung sieun ka Gusti Allah, sabab bersihna haté mah lewih alus tinimbang papaés anu sipatna lahir.
يٰبَنِيْٓ اٰدَمَ لَا يَفْتِنَنَّكُمُ الشَّيْطٰنُ كَمَآ اَخْرَجَ اَبَوَيْكُمْ مِّنَ الْجَنَّةِ يَنْزِعُ عَنْهُمَا لِبَاسَهُمَا لِيُرِيَهُمَا سَوْءٰتِهِمَا ۗاِنَّهٗ يَرٰىكُمْ هُوَ وَقَبِيْلُهٗ مِنْ حَيْثُ لَا تَرَوْنَهُمْۗ اِنَّا جَعَلْنَا الشَّيٰطِيْنَ اَوْلِيَاۤءَ لِلَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ٢٧
Yā banī ādama lā yaftinannakumusy-syaiṭānu kamā akhraja abawaikum minal-jannati yanzi‘u ‘anhumā libāsahumā liyuriyahumā sau'ātihimā, innahū yarākum huwa wa qabīluhū min ḥaiṡu lā taraunahum, innā ja‘alnasy-syayāṭīna auliyā'a lil-lażīna lā yu'minūn(a).
[27]
Hé anak-incu Adam, kadé pisan aranjeun ulah rék beunang katipu ku sétan, sakumaha manéhna (sétan) geus ngaluarkeun indung-bapa aranjeun ti sawarga. Manéhna (sétan) geus ngarangsadan pakaian aranjeunna duaan pikeun ningalikeun oratna ka aranjeunna sorangan. Sabenerna manéhna (sétan) jeung wadyabaladna bisa nénjo ka aranjeun kabéh, ti tempat nu ku aranjeun teu bisa nénjo ka maranéhna (sétan jeung wadyabaladna). Sabenerna Kami geus ngajadikeun sétan-sétan (minangka) anu nulungan 332 ka jalma-jalma anu henteu iman.”
332) Tingal catetan kaki surat Āli `Imrān/3:28.
وَاِذَا فَعَلُوْا فَاحِشَةً قَالُوْا وَجَدْنَا عَلَيْهَآ اٰبَاۤءَنَا وَاللّٰهُ اَمَرَنَا بِهَاۗ قُلْ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَأْمُرُ بِالْفَحْشَاۤءِۗ اَتَقُوْلُوْنَ عَلَى اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٢٨
Wa iżā fa‘alū fāḥisyatan qālū wajadnā ‘alaihā ābā'anā wallāhu amaranā bihā, qul innallāha lā ya'muru bil-faḥsyā'(i), ataqūlūna ‘alallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[28]
Lamun migawé pagawéan jahat, pok maranéhna ngomong kieu, “Kuring saréréa manggihan yén karuhun-karuhun kuring saréréa ogé sok milampah saperti kitu, jeung Allah ogé geus maréntahkeun saperti kitu ka kuring saréréa.” Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saleresna Allah mah henteu pisan-pisan maréntah éta pagawéan jahat. 333 Naha pantes aranjeun nyaritakeun ngeunaan Allah (ku caritaan) nu aranjeun sorangan teu nyaho?”
333) Saperti “nyarékatkeun Allah jeung sesembahan séjénna”, ngalakukeun towaf bari bubulucunan di sabudeureun Ka’bah, jeung sajabana.
قُلْ اَمَرَ رَبِّيْ بِالْقِسْطِۗ وَاَقِيْمُوْا وُجُوْهَكُمْ عِنْدَ كُلِّ مَسْجِدٍ وَّادْعُوْهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ ەۗ كَمَا بَدَاَكُمْ تَعُوْدُوْنَۗ٢٩
Qul amara rabbī bil-qisṭ(i), wa aqīmū wujūhakum ‘inda kulli masjidiw wad‘ūhu mukhliṣīna lahud-dīn(a), kamā bada'akum ta‘ūdūn(a).
[29]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Pangéran kuring parantos maréntah (supaya) migawé adil. Pék sanghareupkeun beungeut aranjeun (ka Allah) di saban masjid, jeung prak ngadoa ka Mantenna kalayan ngaihlaskeun kataatan ka Mantenna!” Aranjeun bakal balik ka Mantenna sakumaha aranjeun geus diciptakeun waktu (kaayaan) mimiti.
فَرِيْقًا هَدٰى وَفَرِيْقًا حَقَّ عَلَيْهِمُ الضَّلٰلَةُ ۗاِنَّهُمُ اتَّخَذُوا الشَّيٰطِيْنَ اَوْلِيَاۤءَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَيَحْسَبُوْنَ اَنَّهُمْ مُّهْتَدُوْنَ٣٠
Farīqan hadā wa farīqan ḥaqqa ‘alaihimuḍ-ḍalālah(tu), innahumuttakhażusy-syayāṭīna auliyā'a min dūnillāhi wa yaḥsabūna annahum muhtadūn(a).
[30]
Sagolongan (manusa) geus dibéré pituduh ku Mantenna, sedengkeun sagolongan deui mah ditibanan kasasaran. Saenyana maranéhna geus ngajadikeun sétan-sétan minangka anu nangtayungan salian ti Allah. Maranéhna geus nyangka meunang pituduh.
۞ يٰبَنِيْٓ اٰدَمَ خُذُوْا زِيْنَتَكُمْ عِنْدَ كُلِّ مَسْجِدٍ وَّكُلُوْا وَاشْرَبُوْا وَلَا تُسْرِفُوْاۚ اِنَّهٗ لَا يُحِبُّ الْمُسْرِفِيْنَ ࣖ٣١
Yā banī ādama khużū zīnatakum ‘inda kulli masjidiw wa kulū wasyrabū wa lā tusrifū, innahū lā yuḥibbul-musrifīn(a).
[31]
Hé anak-incu Adam, pék paraké pakéan anu ginding dina saban-saban (asup) ka masjid, jeung pék dahar jeung nginum tapi ulah kaleuleuwihi. Sabenerna Mantenna henteu mikaresep ka jalma-jalma anu kaleuleuwihi.
قُلْ مَنْ حَرَّمَ زِيْنَةَ اللّٰهِ الَّتِيْٓ اَخْرَجَ لِعِبَادِهٖ وَالطَّيِّبٰتِ مِنَ الرِّزْقِۗ قُلْ هِيَ لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا خَالِصَةً يَّوْمَ الْقِيٰمَةِۗ كَذٰلِكَ نُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَ٣٢
Qul man ḥarrama zīnatallāhil-latī akhraja li‘ibādihī waṭ-ṭayyibāti minar-rizq(i), qul hiya lil-lażīna āmanū fil-ḥayātid-dun-yā khāliṣatay yaumal-qiyāmah(ti), każālika nufaṣṣilul-āyāti liqaumiy ya‘lamūn(a).
[32]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saha nu ngaharamkeun perhiasan (ti Allah) anu geus dicawiskeun pikeun hamba-hamba Mantenna jeung rejeki anu aralus?” Pok ucapkeun (ku hidep), “Éta kabéh téh pikeun jalma-jalma anu iman (tur nu teu iman) dina kahirupan dunya, tapi (jadi) husus (pikeun jalma-jalma nu iman) dina waktu Poé Kiamat mah. 334 Nya saperti kitu, Kami ngajelaskeun éta ayat-ayat kalayan rinci pikeun kaom nu nyaho.
334) Papaés (perhiasan) ti Allah jeung kadaharan anu alus téh bisa didahar (kalayan ni’mat) di ieu dunya ku jalma-jalma anu iman jeung ku jalma anu teu iman, sedengkeun di ahérat mah (jaga) papaés jeung kadaharan anu alus tur ni’mat téh mung dicawiskeun pikeun jalma-jalma anu iman.
قُلْ اِنَّمَا حَرَّمَ رَبِّيَ الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ وَالْاِثْمَ وَالْبَغْيَ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَاَنْ تُشْرِكُوْا بِاللّٰهِ مَا لَمْ يُنَزِّلْ بِهٖ سُلْطٰنًا وَّاَنْ تَقُوْلُوْا عَلَى اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٣٣
Qul innamā ḥarrama rabbiyal-fawāḥisya mā ẓahara minhā wa mā baṭana wal-iṡma wal-bagya bigairil-ḥaqqi wa an tusyrikū billāhi mā lam yunazzil bihī sulṭānaw wa an taqūlū ‘alallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[33]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saleresna Pangéran kuring mah ngan ngaharamkeun sagala pagawéan jahat, boh anu nembrak boh anu nyumput, pagawéan dosa, jeung pagawéan (mangrupa) ngaliwatan wates tanpa alesan anu bener. (Mantenna ogé ngaharamkeun ka) aranjeun pikeun nyarékatkeun Allah kana perkara anu Mantenna nyalira henteu kungsi nurunkeun katerangan ngeunaan éta, sarta (ngaharamkeun ka) aranjeun nyaritakeun ngeunaan Allah (ku) caritaan anu aranjeun sorangan ogé teu nyaho.
وَلِكُلِّ اُمَّةٍ اَجَلٌۚ فَاِذَا جَاۤءَ اَجَلُهُمْ لَا يَسْتَأْخِرُوْنَ سَاعَةً وَّلَا يَسْتَقْدِمُوْنَ٣٤
Wa likulli ummatin ajal(un), fa iżā jā'a ajaluhum lā yasta'khirūna sā‘ataw wa lā yastaqdimūn(a).
[34]
Saban umat ngabogaan ajal (wates mangsana). Lamun geus datang ajalna, maranéhna moal pisan bisa ménta témpo jeung deui moal bisa ménta dipajukeun.
يٰبَنِيْٓ اٰدَمَ اِمَّا يَأْتِيَنَّكُمْ رُسُلٌ مِّنْكُمْ يَقُصُّوْنَ عَلَيْكُمْ اٰيٰتِيْۙ فَمَنِ اتَّقٰى وَاَصْلَحَ فَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٣٥
Yā banī ādama immā ya'tiyannakum rusulum minkum yaquṣṣūna ‘alaikum āyātī, famanittaqā wa aṣlaḥa falā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[35]
Hé anak-incu Adam, lamun datang ka aranjeun rasul-rasul ti golongan aranjeun, anu bakal nyaritakeun ayat-ayat Kami ka aranjeun, nya saha baé anu takwa sarta ngoméan (dirina ku milu kana ajaran para rasul), tangtu moal aya rasa karémpan dina diri maranéhna, jeung maranéhna moal nalangsa.
وَالَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَاسْتَكْبَرُوْا عَنْهَآ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٣٦
Wal-lażīna każżabū bi'āyātinā wastakbarū ‘anhā ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[36]
Sedengkeun jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami tur nyombongkeun diri tina (narima) éta ayat, nya maranéhna pisan pangeusi naraka téh. Maranéhna langgeng di jerona.
فَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا اَوْ كَذَّبَ بِاٰيٰتِهٖۗ اُولٰۤىِٕكَ يَنَالُهُمْ نَصِيْبُهُمْ مِّنَ الْكِتٰبِۗ حَتّٰٓى اِذَا جَاۤءَتْهُمْ رُسُلُنَا يَتَوَفَّوْنَهُمْۙ قَالُوْٓا اَيْنَ مَا كُنْتُمْ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗقَالُوْا ضَلُّوْا عَنَّا وَشَهِدُوْا عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْ اَنَّهُمْ كَانُوْا كٰفِرِيْنَ٣٧
Faman aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każiban au każżaba bi'āyātih(ī), ulā'ika yanāluhum naṣībuhum minal-kitāb(i), ḥattā iżā jā'athum rusulunā yatawaffaunahum, qālū aina mā kuntum tad‘ūna min dūnillāh(i), qālū ḍallū ‘annā wa syahidū ‘alā anfusihim annahum kānū kāfirīn(a).
[37]
Saha atuh anu leuwih dolim tibatan jalma anu ngaréka-réka kabohongan ka Allah, atawa anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Mantenna? Nya maranéhna nu kitu téh bakal meunang bagian anu geus ditangtukeun dina Kitab (Loh Mahpud), nepi ka datang para utusan (malaikat) Kami ka maranéhna anu rék nyabut nyawana. Maranéhna (malaikat) téh bakal nyarita kieu, “Mana atuh (berhala-berhala) anu sok disembah ku maranéhna salian ti Allah téh?” Maranéhna (jalma-jalma musrik) ngajawab, “Sakabéhna geus ngiles ti kuring kabéh.” 335 Maranéhna méré kasaksian pikeun dirina sorangan yén saenyana maranéhna téh jalma-jalma kapir.
335) Jalma-jalma anu ngaréka-réka kabohongan ka Allah téh waktu ditanyaan ku malaikat ngeunaan berhala-berhala anu sok disembahna, mangka éta berhala téh euweuh di hareupeunana. Ku kituna, maranéhna teu ngaharapkeun kahadéan jeung mangpaatna.
قَالَ ادْخُلُوْا فِيْٓ اُمَمٍ قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِكُمْ مِّنَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِ فِى النَّارِۙ كُلَّمَا دَخَلَتْ اُمَّةٌ لَّعَنَتْ اُخْتَهَا ۗحَتّٰٓى اِذَا ادَّارَكُوْا فِيْهَا جَمِيْعًا ۙقَالَتْ اُخْرٰىهُمْ لِاُوْلٰىهُمْ رَبَّنَا هٰٓؤُلَاۤءِ اَضَلُّوْنَا فَاٰتِهِمْ عَذَابًا ضِعْفًا مِّنَ النَّارِ ەۗ قَالَ لِكُلٍّ ضِعْفٌ وَّلٰكِنْ لَّا تَعْلَمُوْنَ٣٨
Qāladkhulū fī umamin qad khalat min qablikum minal-jinni wal-insi fin-nār(i), kullamā dakhalat ummatul la‘anat ukhtahā, ḥattā iżaddārakū fīhā jamī‘ā(n), qālat ukhrāhum li'ūlāhum rabbanā hā'ulā'i aḍallūnā fa ātihim ‘ażāban ḍi‘fam minan-nār(i), qāla likullin ḍi‘fuw wa lākil lā ta‘lamūn(a).
[38]
Allah ngadawuh, “Pék maranéh asup kana seuneu naraka babarengan jeung umat-umat anu geus ti heula saméméh aranjeun ti (golongan) jin jeung manusa!” Saban-saban sagolongan umat asup (ka naraka), maranéhna ngala’nat dulur-dulurna (nu nyasarkeun maranéhna); nepi ka lamun maranéhna geus asup kabéh ka jero naraka, pok jalma-jalma nu (asup) pandeuri ngomong ka nu asup ti heula, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, maranéhna téh parantos nyasarkeun ka abdi sadaya. Sumangga sumpingkeun siksa seuneu naraka nu manglipet-lipet ka maranéhna (heula),” Mantenna ngadawuh, “Masing-masing bakal meunang (siksaan) nu manglipet-lipet, tapi maranéh henteu nyaho.”
وَقَالَتْ اُوْلٰىهُمْ لِاُخْرٰىهُمْ فَمَا كَانَ لَكُمْ عَلَيْنَا مِنْ فَضْلٍ فَذُوْقُوا الْعَذَابَ بِمَا كُنْتُمْ تَكْسِبُوْنَ ࣖ٣٩
Wa qālat ūlāhum li'ukhrāhum famā kāna lakum ‘alainā min faḍlin fa żūqul-‘ażāba bimā kuntum taksibūn(a).
[39]
Jalma-jalma nu (asup) ti heula ngajawab ka nu (asup) pandeuri, “Maranéh mah teu boga kaleuwihan saeutik ogé tibatan kuring saréréa. Mangka, pék rasakeun ieu siksaan ku sabab sagala rupa nu geus diupayakeun ku maranéh.”
اِنَّ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَاسْتَكْبَرُوْا عَنْهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمْ اَبْوَابُ السَّمَاۤءِ وَلَا يَدْخُلُوْنَ الْجَنَّةَ حَتّٰى يَلِجَ الْجَمَلُ فِيْ سَمِّ الْخِيَاطِ ۗ وَكَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُجْرِمِيْنَ٤٠
Innal-lażīna każżabū bi'āyātinā wastakbarū ‘anhā lā tufattaḥu lahum abwābus-samā'i wa lā yadkhulūnal-jannata ḥattā yalijal-jamalu fī sammil-khiyāṭ(i), wa każālika najzil-mujrimīn(a).
[40]
Sabenerna jalma-jalma nu geus ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami jeung nyombongkeun diri tina (narima) éta ayat, tangtu moal bakal dibukakeun pikeun maranéhna panto-panto langit, 336 sarta maranéhna moal bisa asup ka sawarga saméméh onta asup kana liang jarum. 337 Tah saperti kitu Kami males ka jalma-jalma nu migawé kadorakaan.
336) Hartina: Doa jeung amal maranéhna moal ditampi ku Allah.
337) Hartina: Maranéhna moal mungkin asup ka sawarga sakumaha henteu mungkinna onta asup kana jero liang jarum.
لَهُمْ مِّنْ جَهَنَّمَ مِهَادٌ وَّمِنْ فَوْقِهِمْ غَوَاشٍۗ وَكَذٰلِكَ نَجْزِى الظّٰلِمِيْنَ٤١
Lahum min jahannama mihāduw wa min fauqihim gawāsy(in), wa każālika najziẓ-ẓālimīn(a).
[41]
Pikeun maranéhna (disadiakeun) amparan (tina api naraka) Jahanam jeung di luhureunana aya simbut (tina api naraka ogé). Tah saperti kitu, Kami bakal males ka jalma-jalma dolim téh.
وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَا نُكَلِّفُ نَفْسًا اِلَّا وُسْعَهَآ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَنَّةِۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٤٢
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lā nukallifu nafsan illā wus‘ahā, ulā'ika aṣḥābul-jannah(ti), hum fīhā khālidūn(a).
[42]
Jalma-jalma anu iman tur migawé amal-amal soléh, mangka Kami moal rék méré tanggungan (beban) pikeun saurang ogé (ti antara aranjeunna) anging nurutkeun kana kamampuhanana. Nya aranjeunna pisan pangeusi-pangeusi sawarga téh. Aranjeunna langgeng di jerona.
وَنَزَعْنَا مَا فِيْ صُدُوْرِهِمْ مِّنْ غِلٍّ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهِمُ الْاَنْهٰرُۚ وَقَالُوا الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ هَدٰىنَا لِهٰذَاۗ وَمَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْلَآ اَنْ هَدٰىنَا اللّٰهُ ۚ لَقَدْ جَاۤءَتْ رُسُلُ رَبِّنَا بِالْحَقِّۗ وَنُوْدُوْٓا اَنْ تِلْكُمُ الْجَنَّةُ اُوْرِثْتُمُوْهَا بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٤٣
Wa naza‘nā mā fī ṣudūrihim min gillin tajrī min taḥtihimul-anhār(u), wa qālul-ḥamdu lillāhil-lażī hadānā lihāżā, wa mā kunnā linahtadiya lau lā an hadānallāh(u), laqad jā'at rusulu rabbinā bil-ḥaqq(i), wa nūdū an tilkumul-jannatu ūriṡtumūhā bimā kuntum ta‘malūn(a).
[43]
Sarta Kami nyabut rasa dengdem tina dada aranjeunna. (Pikeun aranjeunna sawarga anu) di handapeunanna cur-cor walungan-walungan. Aranjeunna nyarios kieu, “Sadayana puji kagungan Allah anu parantos nunjukkeun ka abdi sadaya kana ieu (sawarga). Abdi sadaya moal kénging pituduh upami Allah henteu maparin pituduh mah ka abdi sadaya. Saleresna para rasul Pangéran abdi sadaya parantos sumping bari nyandak (jangji-jangji anu dicarioskeun sawaktos di dunya) kalayan nyata.” Nya aranjeunna disaur, “Tah ieu sawarga téh geus diwariskeun ka aranjeun ku lantaran naon anu geus dipilampah ku aranjeun.”
وَنَادٰٓى اَصْحٰبُ الْجَنَّةِ اَصْحٰبَ النَّارِ اَنْ قَدْ وَجَدْنَا مَا وَعَدَنَا رَبُّنَا حَقًّا فَهَلْ وَجَدْتُّمْ مَّا وَعَدَ رَبُّكُمْ حَقًّا ۗقَالُوْا نَعَمْۚ فَاَذَّنَ مُؤَذِّنٌۢ بَيْنَهُمْ اَنْ لَّعْنَةُ اللّٰهِ عَلَى الظّٰلِمِيْنَ٤٤
Wa nādā aṣḥābul-jannati aṣḥāban-nāri an qad wajadnā mā wa‘adanā rabbunā ḥaqqan fahal wajattum mā wa‘ada rabbukum ḥaqqā(n), qālū na‘am, fa ażżana mu'ażżinum bainahum al la‘natullāhi ‘alaẓ-ẓālimīn(a).
[44]
Para pangeusi sawarga ngagero ka para pangeusi naraka, “Tétéla kuring saréréa geus meunang naon anu geus dijangjikeun ku Pangéran ka kuring saréréa (kalayan) nyata (bener). Ari aranjeun kumaha, naha geus meunang ogé naon nu geus dijangjikeun ku Pangéran aranjeun téh kalayan nyata (bener)?” Maranéhna ngajawab, “Nya, bener!” Tuluy aya anu ngagero (ti golongan malaikat) méré pangumuman di antara maranéhna, “La’nat Allah (geus) ditibankan pikeun jalma-jalma nu dolim,
اَلَّذِيْنَ يَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَيَبْغُوْنَهَا عِوَجًاۚ وَهُمْ بِالْاٰخِرَةِ كٰفِرُوْنَۘ٤٥
Al-lażīna yaṣuddūna ‘an sabīlillāhi wa yabgūnahā ‘iwajā(n), wa hum bil-ākhirati kāfirūn(a).
[45]
(nyaéta) jalma-jalma nu ngahalang-halang (batur) tina jalan agama Allah jeung miharep ngabélokkeun (kana jalan anu béngkok). Nya maranéhna anu ingkar kana kahirupan ahérat téh.”
وَبَيْنَهُمَا حِجَابٌۚ وَعَلَى الْاَعْرَافِ رِجَالٌ يَّعْرِفُوْنَ كُلًّا ۢ بِسِيْمٰىهُمْۚ وَنَادَوْا اَصْحٰبَ الْجَنَّةِ اَنْ سَلٰمٌ عَلَيْكُمْۗ لَمْ يَدْخُلُوْهَا وَهُمْ يَطْمَعُوْنَ٤٦
Wa bainahumā ḥijāb(un), wa ‘alal-a‘rāfi rijāluy ya‘rifūna kullam bisīmāhum, wa nādau aṣḥābal-jannati an salāmun ‘alaikum, lam yadkhulūhā wa hum yaṭma‘ūn(a).
[46]
Ti antara éta dua golongan (pangeusi sawarga jeung pangeusi naraka) aya pipinding, jeung di luhureun al-A’rāf (tempat anu pangluhurna) téa aya jalma-jalma 338 anu geus pada kenal. Masing-masing boga ciri-ciri. Maranéhna ngagero ka pangeusi sawarga, “Salāmun ‘alaikum” (kawilujengan pikeun aranjeun).” Maranéhna can bisa asup ka sawarga, tapi kacida miharep geura-geura (asup) ka sawarga.
338) Jalma-jalma anu aya dina éta tempat téh nyaéta anu kahadéan jeung kagorénganana sarua. Maranéhna cicing dina éta tempat sakumaha kersana Gusti, lantaran amal kahadéanana teu bisa ngasupkeun maranéhna ka sawarga. Kitu deui amal kagorénganana teu nepi ngasupkeun kana naraka. Dina sabagian riwayat dicaritekun yén éta golongan téh nyaéta ti antarana anu maot perang di jalan Allah tapi heunte diwidian ku ibu ramana, atawa jalma anu maotna dipikarido ku ramana, tapi teu dipikarido ku ibuna, atawa jalma anu dilahirkeun hasil jinah, tapi manéhna jadi jalma soléh.
۞ وَاِذَا صُرِفَتْ اَبْصَارُهُمْ تِلْقَاۤءَ اَصْحٰبِ النَّارِۙ قَالُوْا رَبَّنَا لَا تَجْعَلْنَا مَعَ الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ ࣖ٤٧
Wa iżā ṣurifat abṣāruhum tilqā'a aṣḥābin-nāri qālū rabbanā lā taj‘alnā ma‘al-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[47]
Lamun paneuteup maranéhna dialihkeun ka lebah para pangeusi naraka, nya maranéhna nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ulah nempatkeun abdi sadaya sasarengan jeung éta jalma-jalma dolim.”
وَنَادٰٓى اَصْحٰبُ الْاَعْرَافِ رِجَالًا يَّعْرِفُوْنَهُمْ بِسِيْمٰىهُمْ قَالُوْا مَآ اَغْنٰى عَنْكُمْ جَمْعُكُمْ وَمَا كُنْتُمْ تَسْتَكْبِرُوْنَ٤٨
Wa nādā aṣḥābul-a‘rāfi rijālay ya‘rifūnahum bisīmāhum qālū mā agnā ‘ankum jam‘ukum wa mā kuntum tastakbirūn(a).
[48]
Jalma-jalma anu aya di saluhureun al-A’rāf ngagero (nyalukan) ka jalma-jalma anu dikenal ku ciri-cirina. Pokna téh, “Harta nu ditumpuk-tumpuk ku aranjeun jeung naon anu disombongkeun ku aranjeun téh nyatana henteu aya guna-mangpaatna pikeun aranjeun?
اَهٰٓؤُلَاۤءِ الَّذِيْنَ اَقْسَمْتُمْ لَا يَنَالُهُمُ اللّٰهُ بِرَحْمَةٍۗ اُدْخُلُوا الْجَنَّةَ لَا خَوْفٌ عَلَيْكُمْ وَلَآ اَنْتُمْ تَحْزَنُوْنَ٤٩
Ahā'ulā'il-lażīna aqsamtum lā yanāluhumullāhu biraḥmah(tin), udkhulul-jannata lā khaufun ‘alaikum wa lā antum taḥzanūn(a).
[49]
Naha ieu téh jalma-jalmana anu aranjeun (baréto di dunya) geus susumpahan yén maranéhna sama sekali moal meunang rahmat ti Allah?” (Allah ngadawuh ka jalma-jalma anu aya di saluhureun al-A’rāf), “Geura bus aranjeun asup ka sawarga! Henteu aya karémpan pikeun aranjeun jeung aranjeun ogé moal nalangsa.”
وَنَادٰٓى اَصْحٰبُ النَّارِ اَصْحٰبَ الْجَنَّةِ اَنْ اَفِيْضُوْا عَلَيْنَا مِنَ الْمَاۤءِ اَوْ مِمَّا رَزَقَكُمُ اللّٰهُ ۗقَالُوْٓا اِنَّ اللّٰهَ حَرَّمَهُمَا عَلَى الْكٰفِرِيْنَۙ٥٠
Wa nādā aṣḥābun-nāri aṣḥābal-jannati an afīḍū ‘alainā minal-mā'i au mimmā razaqakumullāh(u), qālū innallāha ḥarramahumā ‘alal-kāfirīn(a).
[50]
Para pangeusi naraka ngagero ka para pangeusi sawarga, “Cik atuh kucurkeun cai téh saeutik baé mah ka abdi sadaya, atawa tina naon baé kadaharan anu parantos dipaparinkeun ku Allah ka aranjeun!” Jawab para pangeusi sawarga, “Sabenerna Allah geus ngaharamkeun éta duanana pikeun jalma-jalma kapir.”
الَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا دِيْنَهُمْ لَهْوًا وَّلَعِبًا وَّغَرَّتْهُمُ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَاۚ فَالْيَوْمَ نَنْسٰىهُمْ كَمَا نَسُوْا لِقَاۤءَ يَوْمِهِمْ هٰذَاۙ وَمَا كَانُوْا بِاٰيٰتِنَا يَجْحَدُوْنَ٥١
Al-lażīnattakhażū dīnahum lahwaw wa la‘ibaw wa garrathumul-ḥayātud-dun-yā, fal-yauma nansāhum kamā nasū liqā'a yaumihim hāżā, wa mā kānū bi'āyātinā yajḥadūn(a).
[51]
(Nyaéta) jalma-jalma anu ngajadikeun agamana minangka kaulinan jeung sempal-guyonan. Maranéhna geus katipu ku kahirupan dunya. Mangka, atuh dina ieu Poé (Kiamat) Kami mopohokeun ka maranéhna, sakumaha maranéhna ogé geus mopohokeun kana paamprokna jeung poé ieu (Kiamat), tur ku sabab maranéhna terus-terusan ingkar kana ayat-ayat Kami.
وَلَقَدْ جِئْنٰهُمْ بِكِتٰبٍ فَصَّلْنٰهُ عَلٰى عِلْمٍ هُدًى وَّرَحْمَةً لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٥٢
Wa laqad ji'nāhum bikitābin faṣṣalnāhu ‘alā ‘ilmin hudaw wa raḥmatal liqaumiy yu'minūn(a).
[52]
Tétéla Kami geus ngadatangkeun Kitab (Al-Qur’an) ka maranéhna, anu ku Kami geus dijelaskeun kalayan rinci dumasar kana élmu, minangka pituduh jeung rahmat pikeun jalma-jalma anu iman.
هَلْ يَنْظُرُوْنَ اِلَّا تَأْوِيْلَهٗۗ يَوْمَ يَأْتِيْ تَأْوِيْلُهٗ يَقُوْلُ الَّذِيْنَ نَسُوْهُ مِنْ قَبْلُ قَدْ جَاۤءَتْ رُسُلُ رَبِّنَا بِالْحَقِّۚ فَهَلْ لَّنَا مِنْ شُفَعَاۤءَ فَيَشْفَعُوْا لَنَآ اَوْ نُرَدُّ فَنَعْمَلَ غَيْرَ الَّذِيْ كُنَّا نَعْمَلُۗ قَدْ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ وَضَلَّ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ ࣖ٥٣
Hal yanẓurūna illā ta'wīlah(ū), yauma ya'tī ta'wīluhū yaqūlul-lażīna nasūhu min qablu qad jā'at rusulu rabbinā bil-ḥaqq(i), fahal lanā min syufa‘ā'a fa yasyfa‘ū lanā au nuraddu fa na‘mala gairal-lażī kunnā na‘mal(u), qad khasirū anfusahum wa ḍalla ‘anhum mā kānū yaftarūn(a).
[53]
Taya nu didago-dago ku maranéhna kajaba ta’wilna (kabuktian benerna Al-Qur’an). Dina waktu bukti benerna datang, jalma-jalma anu baréto mopohokeun kana éta (bebeneran) nyarita kieu, “Para rasul Pangéran abdi sadaya parantos sumping nyandak bebeneran. Ku kituna, naha aya nu sok masihan sapa’at anu badé nulungan ka abdi sadaya, atanapi (nulungan) abdi sadaya (supados) diuihkeun deui (ka dunya), supados engké henteu midamel saperti nu baheula (di dunya)?” Sabenerna maranéhna geus ngarugikeun dirina sorangan. Naon baé anu geus diaya-ayakeun ku maranéhna téh (ayeuna) mah geus musnah (ti hareupeunana).
اِنَّ رَبَّكُمُ اللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ فِيْ سِتَّةِ اَيَّامٍ ثُمَّ اسْتَوٰى عَلَى الْعَرْشِۗ يُغْشِى الَّيْلَ النَّهَارَ يَطْلُبُهٗ حَثِيْثًاۙ وَّالشَّمْسَ وَالْقَمَرَ وَالنُّجُوْمَ مُسَخَّرٰتٍۢ بِاَمْرِهٖٓ ۙاَلَا لَهُ الْخَلْقُ وَالْاَمْرُۗ تَبٰرَكَ اللّٰهُ رَبُّ الْعٰلَمِيْنَ٥٤
Inna rabbakumullāhul-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa fī sittati ayyāmin ṡummastawā ‘alal-‘arsy(i), yugsyil-lailan-nahāra yaṭlubuhū ḥaṡīṡā(n), wasy-syamsa wal-qamara wan-nujūma musakhkharātim bi'amrih(ī), alā lahul-khalqu wal-amr(u), tabārakallāhu rabbul-‘ālamīn(a).
[54]
Sabenerna Pangéran aranjeun téh nyaéta Allah, anu geus nyiptakeun langit jeung bumi dina genep mangsa, salajengna Mantenna istiwā’ (linggih) di luhureun ‘Arsy. 339 Mantenna nutupkeun peuting kana beurang anu nuturkeunana kalawan gancang. (Mantenna nyiptakeun) panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang anu tunduk kana paréntah-Na. Kudu inget (aranjeun téh) yén sagala ciptaan jeung perkara mah jadi hak Mantenna. Mahasuci Allah, Pangéran sakumna alam.
339) “Istiwā’ (linggih)na Allah di luhureun Arasy” téh kaasup kana sipat Mantenna anu wajib diimanan. Maknana luyu sareng kaagungan tur kasuciana-Na.
اُدْعُوْا رَبَّكُمْ تَضَرُّعًا وَّخُفْيَةً ۗاِنَّهٗ لَا يُحِبُّ الْمُعْتَدِيْنَۚ٥٥
Ud‘ū rabbakum taḍarru‘aw wa khufūyah(tan), innahū lā yuḥibbul-mu‘tadīn(a).
[55]
Pék atuh aranjeun geura ngadoa ka Pangéran aranjeun bari handap asor sarta lumengis. Saleresna Mantenna henteu mikaresep ka jalma anu ngaliwatan wates.
وَلَا تُفْسِدُوْا فِى الْاَرْضِ بَعْدَ اِصْلَاحِهَا وَادْعُوْهُ خَوْفًا وَّطَمَعًاۗ اِنَّ رَحْمَتَ اللّٰهِ قَرِيْبٌ مِّنَ الْمُحْسِنِيْنَ٥٦
Wa lā tufsidū fil-arḍi ba‘da iṣlāḥihā wad‘ūhu khaufaw wa ṭama‘ā(n), inna raḥmatallāhi qarībum minal-muḥsinīn(a).
[56]
Sarta kadé aranjeun ulah nyieun karuksakan di ieu bumi sanggeus bérés (diciptakeun) ku Allah kalayan hadé. Pék atuh aranjeun ngadoa ka Mantenna, dibarengan rasa sieun (tina siksana) tur pinuh harepan (kana rahmat-Na). Sabenerna rahmat Allah mah deukeut pisan ka jalma-jalma nu migawé kahadéan.”
وَهُوَ الَّذِيْ يُرْسِلُ الرِّيٰحَ بُشْرًاۢ بَيْنَ يَدَيْ رَحْمَتِهٖۗ حَتّٰٓى اِذَآ اَقَلَّتْ سَحَابًا ثِقَالًا سُقْنٰهُ لِبَلَدٍ مَّيِّتٍ فَاَنْزَلْنَا بِهِ الْمَاۤءَ فَاَخْرَجْنَا بِهٖ مِنْ كُلِّ الثَّمَرٰتِۗ كَذٰلِكَ نُخْرِجُ الْمَوْتٰى لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ٥٧
Wa huwal-lażī yursilur-riyāḥa busyram baina yadai raḥmatih(ī), ḥattā iżā aqallat saḥāban ṡiqālan suqnāhu libaladim mayyitin fa anzalnā bihil-mā'a fa akhrajnā bihī min kulliṡ-ṡamarāt(i), każālika nukhrijul-mautā la‘allakum tażakkarūn(a).
[57]
Mantenna nu ngadatangkeun angin minangka pangbubungah anu miheulaan datangna rahmat Mantenna (hujan), nepi ka lamun éta (angin) geus mawa méga nu beurat (ku pihujaneun), nya Kami ngagiringkeun éta (méga) ka tempat anu angar, tuluy Kami nurunkeun hujan di éta tempat. Satuluyna Kami numuwuhkeun ku éta (hujan) mangpirang-pirang bubuahan. Nya jiga kitu pisan Kami ngahudangkeun jalma-jalma nu geus maot sangkan aranjeun terus-terusan éling.
وَالْبَلَدُ الطَّيِّبُ يَخْرُجُ نَبَاتُهٗ بِاِذْنِ رَبِّهٖۚ وَالَّذِيْ خَبُثَ لَا يَخْرُجُ اِلَّا نَكِدًاۗ كَذٰلِكَ نُصَرِّفُ الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّشْكُرُوْنَ ࣖ٥٨
Wal-baladuṭ-ṭayyibu yakhruju nabātuhū bi'iżni rabbih(ī), wal-lażī khabuṡa lā yakhruju illā nakidā(n), każālika nuṣarriful-āyāti liqaumiy yasykurūn(a).
[58]
(Dina) taneuh nu léndo, tutuwuhan tumuhuh kalayan subur ku widi Pangéranana, tapi ari (dina) taneuh anu angar mah, tutuwuhan tumuwuh kalayan garing. Tah saperti kitu Kami ngajelaskeun éta ayat-ayat kalayan diulang-ulang pikeun jalma-jalma anu sukuran.
لَقَدْ اَرْسَلْنَا نُوْحًا اِلٰى قَوْمِهٖ فَقَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗۗ اِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ عَظِيْمٍ٥٩
Laqad arsalnā nūḥan ilā qaumihī fa qāla yā qaumi‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), innī akhāfu ‘alaikum ‘ażāba yaumin ‘aẓīm(in).
[59]
Tétéla Kami bener-bener geus ngutus Nuh ka kaomna, tuluy anjeunna nyarios kieu, “Hé kaom kuring, prak aranjeun geura ibadah ka Allah! Henteu pisan-pisan aya Pangéran (anu pantes disembah) pikeun aranjeun salian ti Mantenna nyalira. Sabenerna kuring sieun lamun aranjeun engké ditibanan siksaan dina poé anu rongkah (Kiamat).”
قَالَ الْمَلَاُ مِنْ قَوْمِهٖٓ اِنَّا لَنَرٰىكَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٦٠
Qālal mala'u min qaumihī innā lanarāka fī ḍalālim mubīn(in).
[60]
Gegedén-gegedén ti kaomna nyarita, “Sabenerna kuring saréréa nganggap ka anjeun téh bener-bener aya dina kasasaran ana nyata.”
قَالَ يٰقَوْمِ لَيْسَ بِيْ ضَلٰلَةٌ وَّلٰكِنِّيْ رَسُوْلٌ مِّنْ رَّبِّ الْعٰلَمِيْنَ٦١
Qāla yā qaumi laisa bī ḍalālatuw wa lākinnī rasūlum mir rabbil-‘ālamīn(a).
[61]
Anjeunna (Nuh) ngawaler, “Hé kaom kuring, kuring téh henteu pisan-pisan sasar saeutik ogé, tapi kuring mah minangka rasul ti Pangéran sakumna alam.
اُبَلِّغُكُمْ رِسٰلٰتِ رَبِّيْ وَاَنْصَحُ لَكُمْ وَاَعْلَمُ مِنَ اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٦٢
Uballigukum risālāti rabbī wa anṣaḥu lakum wa a‘lamu minallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[62]
Kuring (mah rék) nepikeun ka aranjeun amanat-amanat ti Pangéran kuring tur rék méré naséhat ka aranjeun, sarta kuring nyaho ti Allah sagala rupa anu ku aranjeun teu dipikanyaho.
اَوَعَجِبْتُمْ اَنْ جَاۤءَكُمْ ذِكْرٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ عَلٰى رَجُلٍ مِّنْكُمْ لِيُنْذِرَكُمْ وَلِتَتَّقُوْا وَلَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ٦٣
Awa‘ajibtum an jā'akum żikrum mir rabbikum ‘alā rajulim minkum liyunżirakum wa litattaqū wa la‘allakum turḥamūn(a).
[63]
Naha aranjeun bet héran pedah aya pépéling anu datang ti Pangéran aranjeun ku ngaliwatan hiji lalaki ti golongan aranjeun sorangan pikeun méré panggeuing ka aranjeun, sarta sangkan aranjeun takwa jeung meunang rahmat (Allah)?”
فَكَذَّبُوْهُ فَاَنْجَيْنٰهُ وَالَّذِيْنَ مَعَهٗ فِى الْفُلْكِ وَاَغْرَقْنَا الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَاۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَوْمًا عَمِيْنَ ࣖ٦٤
Fa każżabūhu fa anjaināhu wal-lażīna ma‘ahū fil-fulki wa agraqnal-lażīna każżabū bi'āyātinā, innahum kānū qauman ‘amīn(a).
[64]
Tuluy maranéhna ngabohongkeun ka anjeunna (Nuh), tuluy nya Kami nyalametkeun anjeunna jeung jalma-jalma nu babarengan jeung anjeunna anu aya di jero parahu, sarta Kami ngalelepkeun jalma-jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami. Saenyana maranéhna téh kaasup kaom anu lolong (mata haténa).
۞ وَاِلٰى عَادٍ اَخَاهُمْ هُوْدًاۗ قَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗۗ اَفَلَا تَتَّقُوْنَ٦٥
Wa ilā ‘ādin akhāḥum hūdā(n), qāla yā qaumi‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), afalā tattaqūn(a).
[65]
Ka kaom ‘Ad, (Kami geus ngutus) Hud, dulur maranéhna ogé. Anjeunna nyarios, “Hé kaom kuring, pék geura ibadah ka Allah! Sabab henteu aya deui (sesembahan) pikeun aranjeun salian ti Mantenna. Naha ku naon aranjeun téh bet henteu takwa?”
قَالَ الْمَلَاُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ قَوْمِهٖٓ اِنَّا لَنَرٰىكَ فِيْ سَفَاهَةٍ وَّاِنَّا لَنَظُنُّكَ مِنَ الْكٰذِبِيْنَ٦٦
Qālal-mala'ul-lażīna kafarū min qaumihī innā lanarāka fī safāhatiw wa innā lanaẓunnuka minal-kāżibīn(a).
[66]
Para gegedén jalma-jalma kapir ti kaomna nyarita, “Sabenerna kuring saréréa bener-bener nganggap ka anjeun téh kurang akal, jeung sabenerna kuring saréréa nyangka ka anjeun téh kaasup ti golongan jalma-jalma anu ngabohong.”
قَالَ يٰقَوْمِ لَيْسَ بِيْ سَفَاهَةٌ وَّلٰكِنِّيْ رَسُوْلٌ مِّنْ رَّبِّ الْعٰلَمِيْنَ٦٧
Qāla yā qaumi laisa bī safāhatuw wa lākinnī rasūlum mir rabbil-‘ālamīn(a).
[67]
Anjeunna (Hud) ngajawab, “Hé kaom kuring, kuring mah henteu pisan-pisan kurang akal, tapi kuring mah kaasup hiji utusan ti Pangéran sakumna alam.
اُبَلِّغُكُمْ رِسٰلٰتِ رَبِّيْ وَاَنَا۠ لَكُمْ نَاصِحٌ اَمِيْنٌ٦٨
Uballigukum risālāti rabbī wa ana lakum nāṣiḥun amīn(un).
[68]
Kuring nepikeun ka aranjeun risalah-risalah (amanat-amanat) ti Pangéran kuring, jeung kuring téh tukang méré naséhat nu kapercaya pikeun aranjeun.
اَوَعَجِبْتُمْ اَنْ جَاۤءَكُمْ ذِكْرٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ عَلٰى رَجُلٍ مِّنْكُمْ لِيُنْذِرَكُمْۗ وَاذْكُرُوْٓا اِذْ جَعَلَكُمْ خُلَفَاۤءَ مِنْۢ بَعْدِ قَوْمِ نُوْحٍ وَّزَادَكُمْ فِى الْخَلْقِ بَصْۣطَةً ۚفَاذْكُرُوْٓا اٰلَاۤءَ اللّٰهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ٦٩
Awa‘ajibtum an jā'akum żikrum mir rabbikum ‘alā rajulim minkum liyunżirakum, ważkurū iż ja‘alakum khulafā'a mim ba‘di qaumi nūḥiw wa zādakum fil-khalqi basṭah(tan), fażkurū ālā'allāhi la‘allakum tufliḥūn(a).
[69]
Naha maké ngarasa héran aranjeun téh yén aya hiji panggeuing ka aranjeun ti Pangéran aranjeun ngaliwatan hiji lalaki ti golongan aranjeun, pikeun méré pépéling ka aranjeun?” Kudu inget waktu Mantenna ngajadikeun aranjeun pamingpin-pamingpin sanggeus kaom Nuh, sarta Mantenna geus munjulkeun kakuatan badan jeung raga aranjeun. (Ku kituna,), aranjeun kudu inget kana ni’mat-ni’mat Allah sangkan aranjeun untung.”
قَالُوْٓا اَجِئْتَنَا لِنَعْبُدَ اللّٰهَ وَحْدَهٗ وَنَذَرَ مَا كَانَ يَعْبُدُ اٰبَاۤؤُنَاۚ فَأْتِنَا بِمَا تَعِدُنَآ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٧٠
Qālū aji'tanā lina‘budallāha waḥdahū wa nażara mā kāna ya‘budu ābā'unā, fa'tinā bimā ta‘idunā in kunta minaṣ ṣādiqīn(a).
[70]
Maranéhna nyarita, “Naha kadatangan anjeun ka kuring saréréa téh sangkan kuring saréréa nyembah ka Allah wungkul, bari ninggalkeun sagala rupa nu geus disembah ku karuhun-karuhun kuring saréréa? Atuh geura pék buktikeun ancaman anjeun ka kuring lamun enya mah anjeun téh bener!”
قَالَ قَدْ وَقَعَ عَلَيْكُمْ مِّنْ رَّبِّكُمْ رِجْسٌ وَّغَضَبٌۗ اَتُجَادِلُوْنَنِيْ فِيْٓ اَسْمَاۤءٍ سَمَّيْتُمُوْهَآ اَنْتُمْ وَاٰبَاۤؤُكُمْ مَّا نَزَّلَ اللّٰهُ بِهَا مِنْ سُلْطٰنٍۗ فَانْتَظِرُوْٓا اِنِّيْ مَعَكُمْ مِّنَ الْمُنْتَظِرِيْنَ٧١
Qāla qad waqa‘a ‘alaikum mir rabbikum rijsuw wa gaḍab(un), atujādilūnanī fī asmā'in sammaitumūhā antum wa ābā'ukum mā nazzalallāhu bihā min sulṭān(in), fantaẓirū innī ma‘akum minal-muntaẓirīn(a).
[71]
Anjeunna (Hud) ngawaler, “Sabenerna kaceuceub jeung bebendon ti Pangéran bakal tumiba ka aranjeun. Naha aranjeun rék ngabantah ka kuring ngeunaan ngaran-ngaran (berhala) anu ku aranjeun jeung ku karuhun-karuhun aranjeun dijieun sorangan (ku sesebutan pangéran), padahal Allah mah teu pisan-pisan nurunkeun katerangan ngeunaan éta? Ku kituna, pék dagoan baé ku aranjeun (datangna siksaan)! Sabenerna kuring ogé kaasup jalma-jalma anu ngadago-dago saperti aranjeun.”
فَاَنْجَيْنٰهُ وَالَّذِيْنَ مَعَهٗ بِرَحْمَةٍ مِّنَّا وَقَطَعْنَا دَابِرَ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَمَا كَانُوْا مُؤْمِنِيْنَ ࣖ٧٢
Fa anjaināhu wal-lażīna ma‘ahū biraḥmatim minnā wa qaṭa‘nā dābiral-lażīna każżabū bi'āyātinā wa mā kānū mu'minīn(a).
[72]
Tuluy Kami nyalametkeun anjeunna (Hud) jeung jalma-jalma anu babarengan jeung anjeunna kalayan rahmat ti Kami. Kami geus ngamusnahkeun jalma-jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami. Maranéhna téh lain kaasup jalma-jalma anu iman.
وَاِلٰى ثَمُوْدَ اَخَاهُمْ صٰلِحًاۘ قَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗۗ قَدْ جَاۤءَتْكُمْ بَيِّنَةٌ مِّنْ رَّبِّكُمْۗ هٰذِهٖ نَاقَةُ اللّٰهِ لَكُمْ اٰيَةً فَذَرُوْهَا تَأْكُلْ فِيْٓ اَرْضِ اللّٰهِ وَلَا تَمَسُّوْهَا بِسُوْۤءٍ فَيَأْخُذَكُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٧٣
Wa ilā ṡamūda akhāhum ṣāliḥā(n), qāla yā qaumi‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), qad jā'atkum bayyinatum mir rabbikum, hāżihī nāqatullāhi lakum āyatan fa żarūhā ta'kul fī arḍillāhi wa lā tamassūhā bisū'in fa ya'khużakum ‘ażābun alīm(un).
[73]
Ka kaom Samud (Kami geus ngutus) dulur maranéhna, nyaéta Soléh. Anjeunna nyarios, “Hé kaom kuring, pék geura ibadah ka Allah, sabab sama sakali henteu aya pangéran pikeun aranjeun salian ti Mantenna. Sabenerna geus datang ka aranjeun hiji bukti nyata ti Pangéran aranjeun, nyaéta ieu onta bikang di Pangéran aranjeun, anu jadi tanda pikeun aranjeun. Ku kituna, keun baé antep éta onta nyatu di bumi Allah, ulah rék mergasa kana éta onta (bisi aya balukarna), nyaéta aranjeun engké bakal meunang siksaan nu pohara peurihna.
وَاذْكُرُوْٓا اِذْ جَعَلَكُمْ خُلَفَاۤءَ مِنْۢ بَعْدِ عَادٍ وَّبَوَّاَكُمْ فِى الْاَرْضِ تَتَّخِذُوْنَ مِنْ سُهُوْلِهَا قُصُوْرًا وَّتَنْحِتُوْنَ الْجِبَالَ بُيُوْتًا ۚفَاذْكُرُوْٓا اٰلَاۤءَ اللّٰهِ وَلَا تَعْثَوْا فِى الْاَرْضِ مُفْسِدِيْنَ٧٤
Ważkurū iż ja‘alakum khulafā'a mim ba‘di ‘ādiw wa bawwa'akum fil-arḍi tattakhiżūna min suhūlihā quṣūraw wa tanḥitūnal-jibāla buyūtā(n), fażkurū ālā'allāhi wa lā ta‘ṡau fil-arḍi mufsidīn(a).
[74]
Sing inget waktu Mantenna ngajadikeun aranjeun kalipah-kalipah sanggeus kaom ‘Ad, sarta Mantenna nempatkeun aranjeun di bumi. Di tempat anu rata, aranjeun ngadegkeun gedong-gedong, jeung di gunung-gunung aranjeun geus mahat nepi ka jadi imah-imah. Mangka kudu inget (aranjeun) kana ni’mat-ni’mat Allah, sarta kadé ulah rék nyieun karuksakan di ieu bumi!”
قَالَ الْمَلَاُ الَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْا مِنْ قَوْمِهٖ لِلَّذِيْنَ اسْتُضْعِفُوْا لِمَنْ اٰمَنَ مِنْهُمْ اَتَعْلَمُوْنَ اَنَّ صٰلِحًا مُّرْسَلٌ مِّنْ رَّبِّهٖۗ قَالُوْٓا اِنَّا بِمَآ اُرْسِلَ بِهٖ مُؤْمِنُوْنَ٧٥
Qālal-mala'ul-lażīnastakbarū min qaumihī lil-lażīnastuḍ‘ifū liman āmana minhum ata‘lamūna anna ṣāliḥam mursalum mir rabbih(ī), qālū innā bimā ursila bihī mu'minūn(a).
[75]
Para gegedén jalma-jalma (ti kaomna Soléh) anu nyombongkeun dirina téh nyarita ka jalma-jalma nu dianggap laip, nyaéta anu geus iman ti antara maranéhna, “Nyaho atawa henteu maranéh téh lamun Soléh téh kaasup salah sahiji rasul?” Maranéhna ngajawab, “Sabenerna kuring saréréa mah percaya kana sagala rupa anu ditepikeunana.”
قَالَ الَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْٓا اِنَّا بِالَّذِيْٓ اٰمَنْتُمْ بِهٖ كٰفِرُوْنَ٧٦
Qālal-lażīnastakbarū innā bil-lażī āmantum bihī kāfirūn(a).
[76]
Jalma-jalma anu nyombongkeun dirina nyarita, “Kuring saréréa mah bakal ingkar kana sagala rupa anu geus dipercaya ku maranéh.”
فَعَقَرُوا النَّاقَةَ وَعَتَوْا عَنْ اَمْرِ رَبِّهِمْ وَقَالُوْا يٰصٰلِحُ ائْتِنَا بِمَا تَعِدُنَآ اِنْ كُنْتَ مِنَ الْمُرْسَلِيْنَ٧٧
Fa ‘aqarun-nāqata wa ‘atau ‘an amri rabbihim wa qālū yā ṣāliḥu'tinā bimā ta‘idunā in kunta minal-mursalīn(a).
[77]
(Tapi) tuluy maranéhna meuncit éta onta bikang sarta nyombongkeun dirina tina paréntah Pangéranana. Maranéhna nyarita, “Hé Soléh, buktikeun ancaman anjeun ka kuring saréréa lamun enya mah anjeun téh ti salah saurang rasul.”
فَاَخَذَتْهُمُ الرَّجْفَةُ فَاَصْبَحُوْا فِيْ دَارِهِمْ جٰثِمِيْنَ٧٨
Fa akhażathumur-rajfatu fa aṣbaḥū fī dārihim jāṡimīn(a).
[78]
Tuluy jol baé datang lini (ngendagkeun) ka maranéhna, nya akibatna maranéhna jadi patulayah katinggang ruruntuhan imah-imahna.
فَتَوَلّٰى عَنْهُمْ وَقَالَ يٰقَوْمِ لَقَدْ اَبْلَغْتُكُمْ رِسَالَةَ رَبِّيْ وَنَصَحْتُ لَكُمْ وَلٰكِنْ لَّا تُحِبُّوْنَ النّٰصِحِيْنَ٧٩
Fa tawallā ‘anhum wa qāla yā qaumi laqad ablagtukum risālata rabbī wa naṣaḥtu lakum wa lākil lā tuḥibbūnan-nāṣiḥīn(a).
[79]
Satuluyna anjeunna (Soléh) ninggalkeun maranéhna bari nyarios, “Hé kaom kuring, sabenerna kuring geus nepikeun ka aranjeun amanat Pangéran kuring, sarta kuring geus méré naséhat ka aranjeun, tapi aranjeun henteu mikaresep pisan ka (jalma) nu méré naséhat téh.”
وَلُوْطًا اِذْ قَالَ لِقَوْمِهٖٓ اَتَأْتُوْنَ الْفَاحِشَةَ مَا سَبَقَكُمْ بِهَا مِنْ اَحَدٍ مِّنَ الْعٰلَمِيْنَ٨٠
Wa lūṭan iż qāla liqaumihī ata'tūnal-fāḥisyata mā sabaqakum bihā min aḥadim minal-‘ālamīn(a).
[80]
(Kami geus ngutus) Lut waktu anjeunna nyarios ka kaomna, “Naha aranjeun bet ngalakukeun kajahatan sarupa kitu anu henteu kungsi dilakukeun ku saurang ogé saméméh aranjeun (di ieu alam)?
اِنَّكُمْ لَتَأْتُوْنَ الرِّجَالَ شَهْوَةً مِّنْ دُوْنِ النِّسَاۤءِۗ بَلْ اَنْتُمْ قَوْمٌ مُّسْرِفُوْنَ٨١
Innakum lata'tūnar-rijāla syahwatam min dūnin-nisā'(i), bal antum qaumum musrifūn(a).
[81]
Sabenerna aranjeun geus ngalajur sahwat birahi aranjeun téh ka papada lalaki, lain ka awéwé. Aranjeun téh kaasup kaom anu geus kaleuleuwihi pisan.”
وَمَا كَانَ جَوَابَ قَوْمِهٖٓ اِلَّآ اَنْ قَالُوْٓا اَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ قَرْيَتِكُمْۚ اِنَّهُمْ اُنَاسٌ يَّتَطَهَّرُوْنَ٨٢
Wa mā kāna jawāba qaumihī illā an qālū akhrijūhum min qaryatikum, innahum unāsuy yataṭahharūn(a).
[82]
Jawaban kaomna téh teu aya lian anging ku ngomong, “Pék usir (ku aranjeun) maranéhna (Lut jeung jalma-jalma anu nurut ka anjeunna) ti ieu nagri aranjeun. Maranéhna téh (kaasup) jalma-jalma anu nganggap dirina suci.”
فَاَنْجَيْنٰهُ وَاَهْلَهٗٓ اِلَّا امْرَاَتَهٗ كَانَتْ مِنَ الْغٰبِرِيْنَ٨٣
Fa anjaināhu wa ahlahū illamra'atahū kānat minal-gābirīn(a).
[83]
Nya kitu, Kami nyalametkeun anjeunna (Lut) jeung golonganana, kajaba bojona, sabab manéhna mah kaasup golongan jalma-jalma anu netep (di imahna tuluy bareng-bareng diancurkeun).
وَاَمْطَرْنَا عَلَيْهِمْ مَّطَرًاۗ فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُجْرِمِيْنَ ࣖ٨٤
Wa amṭarnā ‘alaihim maṭarā(n), fanẓur kaifa kāna ‘āqibatul-mujrimīn(a).
[84]
Kami ngucurkeun hujan (batu) ka maranéhna. Mangka, geura pék titénan ku hidep (Muhammad), kumaha ahirna jalma-jalma nu nyieun dosa téh.
وَاِلٰى مَدْيَنَ اَخَاهُمْ شُعَيْبًاۗ قَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗۗ قَدْ جَاۤءَتْكُمْ بَيِّنَةٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ فَاَوْفُوا الْكَيْلَ وَالْمِيْزَانَ وَلَا تَبْخَسُوا النَّاسَ اَشْيَاۤءَهُمْ وَلَا تُفْسِدُوْا فِى الْاَرْضِ بَعْدَ اِصْلَاحِهَاۗ ذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَۚ٨٥
Wa ilā madyana akhāhum syu‘aibā(n), qāla yā qaumi‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), qad jā'atkum bayyinatum mir rabbikum fa auful-kaila wal-mīzāna wa lā tabkhasun-nāsa asy-yā'ahum wa lā tufsidū fil-arḍi ba‘da iṣlāḥihā, żālikum khairul lakum in kuntum mu'minīn(a).
[85]
Ka kaom Madyan, Kami (ngutus) Su’éb, dulur maranéhna. Anjeunna nyarita (ka kaomna), “Hé kaom kuring, geura ibadah ka Allah! Sabenerna teu aya pangéran pikeun aranjeun iwal ti Mantenna nyalira. Sabenerna geus datang ka aranjeun hiji bukti anu nyata ti Pangéran aranjeun. (Ku kituna,) aranjeun kudu nyampurnakeun takeran jeung timbangan, ulah rék ngarugikeun batur saeutik ogé, jeung ulah nyieun karuksakan di ieu bumi sanggeusna (diciptakeun ku Allah). Éta téh leuwih hadé pikeun aranjeun lamun aranjeun kaasup jalma-jalma iman mah.
وَلَا تَقْعُدُوْا بِكُلِّ صِرَاطٍ تُوْعِدُوْنَ وَتَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ مَنْ اٰمَنَ بِهٖ وَتَبْغُوْنَهَا عِوَجًاۚ وَاذْكُرُوْٓا اِذْ كُنْتُمْ قَلِيْلًا فَكَثَّرَكُمْۖ وَانْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُفْسِدِيْنَ٨٦
Wa lā taq‘udū bikulli ṣirāṭin tū‘idūna wa taṣuddūna ‘an sabīlillāhi man āmana bihī wa tabgūnahā ‘iwajā(n), ważkurū iż kuntum qalīlan fa kaṡṡarakum, wanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-mufsidīn(a).
[86]
Sarta kadé aranjeun ulah diuk di saban jalan bari nyingsieunan jeung ngahalang-halang ka jalma-jalma nu geus iman ka Mantenna ti jalan Allah, sarta miharep méngkolkeun ti jalan Allah. Ingetan ku aranjeun, waktu aranjeun baheulana mah saeutik, terus Allah ngalobaan jumlah aranjeun. Pék geura tengetan (ku aranjeun) kumaha ahirna jalma-jalma nu nyieun karuksakan.
وَاِنْ كَانَ طَاۤىِٕفَةٌ مِّنْكُمْ اٰمَنُوْا بِالَّذِيْٓ اُرْسِلْتُ بِهٖ وَطَاۤىِٕفَةٌ لَّمْ يُؤْمِنُوْا فَاصْبِرُوْا حَتّٰى يَحْكُمَ اللّٰهُ بَيْنَنَاۚ وَهُوَ خَيْرُ الْحٰكِمِيْنَ ۔٨٧
Wa in kāna ṭā'ifatum minkum āmanū bil-lażī ursiltu bihī wa ṭā'ifatul lam tu'minū faṣbirū ḥattā yaḥkumallāhu bainanā, wa huwa khairul-ḥākimīn(a).
[87]
Lamun aya sagolongan ti antara aranjeun anu iman kana (ajaran) nu kuring geus diutus (pikeun nepikeunana), sarta aya sagolongan deui anu henteu iman (kana éta ajaran), atuh sing sabar (aranjeun kabéh), nepi ka Allah netepkeun kaputusan ti antara urang saréréa. Mantenna mah pangsaé-saéna anu méré putusan.
۞ قَالَ الْمَلَاُ الَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْا مِنْ قَوْمِهٖ لَنُخْرِجَنَّكَ يٰشُعَيْبُ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَكَ مِنْ قَرْيَتِنَآ اَوْ لَتَعُوْدُنَّ فِيْ مِلَّتِنَاۗ قَالَ اَوَلَوْ كُنَّا كٰرِهِيْنَ٨٨
Qālal-mala'ul-lażīnastakbarū min qaumihī lanukhrijannaka yā syu‘aibu wal-lażīna āmanū ma‘aka min qaryatinā au lata‘ūdunna fī millatinā, qāla awalau kunnā kārihīn(a).
[88]
Gegedén-gegedén nu gumedé ti kaom Su’éb nyarita, “Hé Su’éb, pasti kuring saréréa bakal ngusir anjeun jeung jalma-jalma anu iman ti nagri kuring saréréa, kajaba lamun anjeun balik deui kana agama kuring saréréa.” Suéb ngawaler, “Naha (anjeun rék ngusir kuring saréréa) sanajan kuring saréréa téh teu suka?
قَدِ افْتَرَيْنَا عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا اِنْ عُدْنَا فِيْ مِلَّتِكُمْ بَعْدَ اِذْ نَجّٰىنَا اللّٰهُ مِنْهَاۗ وَمَا يَكُوْنُ لَنَآ اَنْ نَّعُوْدَ فِيْهَآ اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ اللّٰهُ رَبُّنَاۗ وَسِعَ رَبُّنَا كُلَّ شَيْءٍ عِلْمًاۗ عَلَى اللّٰهِ تَوَكَّلْنَاۗ رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِالْحَقِّ وَاَنْتَ خَيْرُ الْفٰتِحِيْنَ٨٩
Qadiftarainā ‘alallāhi każiban in ‘udnā fī millatikum ba‘da iż najjānallāhu minhā, wa mā yakūnu lanā an na‘ūda fīhā illā ay yasyā'allāhu rabbunā, wasi‘a rabbunā kulla syai'in ‘ilmā(n), ‘alallāhi tawakkalnā, rabbanaftaḥ bainanā wa baina qauminā bil-ḥaqqi wa anta khairul-fātiḥīn(a).
[89]
Kuring saréréa bener-bener geus ngaréka-réka kabohongan anu kacida gedéna ka Allah upama kuring saréréa mulang deui kana agama aranjeun, saparantos Allah nyalametkeun kuring saréréa ti éta (agama aranjeun). Ogé henteu pantes pikeun kuring saréréa balik deui kana éta agama, kajaba upami Allah Pangéran kuring saréréa ngersakeun. Élmuna Pangéran kuring saréréa mah ngawengku kana sagala perkara. Mung ka Allah wungkul kuring saréréa tawakal. Nun Pangéran abdi sadaya, mugia Gusti masihan kaputusan di antara abdi sareng kaom abdi kalayan hak (adil). Gusti mah nu pangsaé-saéna masihan putusan.”
وَقَالَ الْمَلَاُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ قَوْمِهٖ لَىِٕنِ اتَّبَعْتُمْ شُعَيْبًا اِنَّكُمْ اِذًا لَّخٰسِرُوْنَ٩٠
Wa qālal-mala'ul-lażīna kafarū min qaumihī la'inittaba‘tum syu‘aiban innakum iżal lakhāsirūn(a).
[90]
Gegedén-gegedén ti kaomna (Su’éb) nu kapir nyarita kieu (ka babaturanana), “Lamun seug maranéh nurut ka Su’éb, saenyana maranéh téh bakal jadi jalma-jalma anu rugi.”
فَاَخَذَتْهُمُ الرَّجْفَةُ فَاَصْبَحُوْا فِيْ دَارِهِمْ جٰثِمِيْنَۙ٩١
Fa akhażathumur-rajfatu fa aṣbaḥū fī dārihim jāṡimīn(a).
[91]
Tuluy datang lini anu tumiba ka maranéhna nu kacida gedéna, tuluy maranéhna patulayah paraéh di jéro imah-imahna anu geus runtuh.
الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا شُعَيْبًا كَاَنْ لَّمْ يَغْنَوْا فِيْهَاۚ اَلَّذِيْنَ كَذَّبُوْا شُعَيْبًا كَانُوْا هُمُ الْخٰسِرِيْنَ٩٢
Al-lażīna każżabū syu‘aiban ka'allam yagnau fīhā, al-lażīna każżabū syu‘aiban kānū humul-khāsirīn(a).
[92]
Jalma-jalma anu ngabohongkeun ka Su’éb téh saolah-olah henteu kungsi cicing netep di éta (nagri). Maranéhna anu ngabohongkeun ka Su’éb téh éta jalma-jalma anu rugi.
فَتَوَلّٰى عَنْهُمْ وَقَالَ يٰقَوْمِ لَقَدْ اَبْلَغْتُكُمْ رِسٰلٰتِ رَبِّيْ وَنَصَحْتُ لَكُمْۚ فَكَيْفَ اٰسٰى عَلٰى قَوْمٍ كٰفِرِيْنَ ࣖ٩٣
Fa tawallā ‘anhum wa qāla yā qaumi laqad ablagtukum risālāti rabbī wa naṣaḥtu lakum, fa kaifa āsā ‘alā qaumin kāfirīn(a).
[93]
Mangka Su’éb angkat ngantunkeun maranéhna bari nyarios, “Héi kaom kuring, saenyana kuring téh bener-bener geus nepikeun risalah-risalah Pangéran kuring ka aranjeun, sarta kuring geus méré naséhat ka aranjeun. Atuh kumaha kuring rék sedih ka (nasib) jalma-jalma kapir?”
وَمَآ اَرْسَلْنَا فِيْ قَرْيَةٍ مِّنْ نَّبِيٍّ اِلَّآ اَخَذْنَآ اَهْلَهَا بِالْبَأْسَاۤءِ وَالضَّرَّاۤءِ لَعَلَّهُمْ يَضَّرَّعُوْنَ٩٤
Wa mā arsalnā fī qaryatim min nabiyyin illā akhażnā ahlahā bil-ba'sā'i waḍ-ḍarrā'i la‘allahum yaḍḍarra‘ūn(a).
[94]
Kami teu pati-pati ngutus hiji nabi ka hiji nagri (tuluy nu nyicingan nagrina ngabohongkeun ka éta nabi) kajaba Kami nibakeun ka éta nu nyicingan siksaan mangrupa kaheurin jeung kasusah sangkan maranéhna (daék tunduk) jeung handap asor.
ثُمَّ بَدَّلْنَا مَكَانَ السَّيِّئَةِ الْحَسَنَةَ حَتّٰى عَفَوْا وَّقَالُوْا قَدْ مَسَّ اٰبَاۤءَنَا الضَّرَّاۤءُ وَالسَّرَّاۤءُ فَاَخَذْنٰهُمْ بَغْتَةً وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ٩٥
Ṡumma baddalnā makānas-sayyi'atil-ḥasanata ḥattā ‘afau wa qālū qad massa ābā'anaḍ-ḍarrā'u was-sarrā'u fa akhażnāhum bagtataw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[95]
Tuluy Kami ngaganti éta kasusah ku kasenangan nepi ka (katurunan tur harta maranéhna) nambahan loba, tuluy maranéhna ngomong, “Saenyana karuhun-karuhun kuring ngarasakeun kasusah jeung kabungah.” Ku lantaran kitu, Kami nibankeun siksaan nu ngadadak ka maranéhna, saméntara maranéhna henteu nyadar.
وَلَوْ اَنَّ اَهْلَ الْقُرٰٓى اٰمَنُوْا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكٰتٍ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ وَلٰكِنْ كَذَّبُوْا فَاَخَذْنٰهُمْ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ٩٦
Wa lau anna ahlal-qurā āmanū wattaqau lafataḥnā ‘alaihim barakātim minas-samā'i wal ardḍi wa lākin każżabū fa akhażnāhum bimā kānū yaksibūn(a).
[96]
Lamun seug pangeusi nagri-nagri iman tur takwa, pasti Kami bakal ngabukakeun ka maranéhna kaberkahan ti langit jeung ti bumi, tapi maranéhna ngabohongkeun kana éta (ayat-ayat Kami), mangka Kami nyiksa ka maranéhna ku sabab pagawéan-pagawéan nu dipilampah ku maranéhna.
اَفَاَمِنَ اَهْلُ الْقُرٰٓى اَنْ يَّأْتِيَهُمْ بَأْسُنَا بَيَاتًا وَّهُمْ نَاۤىِٕمُوْنَۗ٩٧
Afa amina ahlul-qurā ay ya'tiyahum ba'sunā bayātaw wa hum nā'imūn(a).
[97]
Naha éta nu nyicingan nagri téh ngarasa aman tina siksa Kami nu bakal datang dina wanci peuting ka maranéhna, (nyaéta) dina waktu maranéhna keur saré?
اَوَاَمِنَ اَهْلُ الْقُرٰٓى اَنْ يَّأْتِيَهُمْ بَأْسُنَا ضُحًى وَّهُمْ يَلْعَبُوْنَ٩٨
Awa amina ahlul-qurā ay ya'tiyahum ba'sunā ḍuḥaw wa hum yal‘abūn(a).
[98]
Atawa naha éta nu nyicingan nagri téh ngarasa aman tina siksaan Kami nu bakal datang dina wanci isuk-isuk, (nyaéta) waktu maranéhna keur heureuy?
اَفَاَمِنُوْا مَكْرَ اللّٰهِۚ فَلَا يَأْمَنُ مَكْرَ اللّٰهِ اِلَّا الْقَوْمُ الْخٰسِرُوْنَ ࣖ٩٩
Afa aminū makrallāh(i), falā ya'manu makrallāhi illal-qaumul khāsirūn(a).
[99]
Atawa naha maranéhna téh ngarasa aman tina siksa Allah (anu teu diduga-duga)? Teu aya nu ngarasa aman tina siksaan Allah anging jalma-jalma anu rugi.
اَوَلَمْ يَهْدِ لِلَّذِيْنَ يَرِثُوْنَ الْاَرْضَ مِنْۢ بَعْدِ اَهْلِهَآ اَنْ لَّوْ نَشَاۤءُ اَصَبْنٰهُمْ بِذُنُوْبِهِمْۚ وَنَطْبَعُ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ فَهُمْ لَا يَسْمَعُوْنَ١٠٠
Awalam yahdi lil-lażīna yariṡūnal-arḍa mim ba‘di ahlihā allau nasyā'u aṣabnāhum biżunūbihim, wa naṭba‘u ‘alā qulūbihim fahum lā yasma‘ūn(a).
[100]
Atawa naha can jelas pikeun jalma-jalma anu geus ngawaris nagri sanggeus (diancurkeun) pangeusina, yén sabenerna lamun Kami ngersakeun mah, tangtu Kami nyiksa ka maranéhna ku lantaran dosa-dosana jeung Kami ngonci pageuh haté-haténa? Atuh maranéhna henteu bisaeun ngadéngé (atikan).
تِلْكَ الْقُرٰى نَقُصُّ عَلَيْكَ مِنْ اَنْۢبَاۤىِٕهَاۚ وَلَقَدْ جَاۤءَتْهُمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِۚ فَمَا كَانُوْا لِيُؤْمِنُوْا بِمَا كَذَّبُوْا مِنْ قَبْلُۗ كَذٰلِكَ يَطْبَعُ اللّٰهُ عَلٰى قُلُوْبِ الْكٰفِرِيْنَ١٠١
Tilkal-qurā naquṣṣu ‘alaika min ambā'ihā, wa laqad jā'athum rusuluhum bil-bayyināt(i), famā kānū liyu'minū bimā każżabū min qabl(u), każālika yaṭba‘ullāhu ‘alā qulūbil-kāfirīn(a).
[101]
Éta nagri-nagri (anu geus diancurkeun) téh ku Kami dicaritakeun sabagian riwayatna ka hidep. Rasul-rasul maranéhna bener-bener geus datang ka maranéhna kalayan mawa bukti-bukti anu nyata, tapi maranéhna henteu iman (ogé) kana naon anu geus dibohongkeun saméméhna kénéh. Tah kitu Allah ngonci haté jalma-jalma kapir téh.
وَمَا وَجَدْنَا لِاَكْثَرِهِمْ مِّنْ عَهْدٍۚ وَاِنْ وَّجَدْنَآ اَكْثَرَهُمْ لَفٰسِقِيْنَ١٠٢
Wa mā wajadnā li'akṡarihim min ‘ahd(in), wa iw wajadnā akṡarahum lafāsiqīn(a).
[102]
Kami henteu manggihan kalolobaan ti antara maranéhna nyumponan kana jangji. Malah sabalikna Kami manggihan kalolobaan ti antara maranéhna téh jalma-jalma anu bener-bener pasék.
ثُمَّ بَعَثْنَا مِنْۢ بَعْدِهِمْ مُّوْسٰى بِاٰيٰتِنَآ اِلٰى فِرْعَوْنَ وَمَلَا۟ىِٕهٖ فَظَلَمُوْا بِهَاۚ فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُفْسِدِيْنَ١٠٣
Ṡumma ba‘aṡnā mim ba‘dihim mūsā bi'āyātinā ilā fir‘auna wa mala'ihī fa ẓalamū bihā, fanẓur kaifa kāna ‘āqibatul-mufsidīn(a).
[103]
Sanggeus maranéhna, tuluy Kami ngutus Musa kalawan mawa bukti-bukti Kami ka Fir’aun jeung para gegedén-gegedén kaomna, tuluy maranéhna ingkar kana éta bukti-bukti. Pék titénan kumaha balukarna jalma-jalma anu geus nyieun karuksakan.
وَقَالَ مُوْسٰى يٰفِرْعَوْنُ اِنِّيْ رَسُوْلٌ مِّنْ رَّبِّ الْعٰلَمِيْنَۙ١٠٤
Wa qāla mūsa yā fir‘aunu innī rasūlum mir rabbil-‘ālamīn(a).
[104]
Musa nyarios, “Yeuh Fir’aun, kuring téh bener-bener utusan ti Pangéran sakumna alam.
حَقِيْقٌ عَلٰٓى اَنْ لَّآ اَقُوْلَ عَلَى اللّٰهِ اِلَّا الْحَقَّۗ قَدْ جِئْتُكُمْ بِبَيِّنَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ فَاَرْسِلْ مَعِيَ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ۗ١٠٥
Ḥaqīqun ‘alā allā aqūla ‘alallāhi illal-ḥaqq(a), qad ji'tukum bibayyinatim mir rabbikum fa arsil ma‘iya banī isrā'īl(a).
[105]
Wajib pikeun kuring teu nyaritakeun (hiji perkara) ngeunaan Allah, anging anu bener. Kuring bener-bener datang ka aranjeun bari mawa bukti nu nyata ti Pangéran aranjeun. Atuh geura leupaskeun Bani Israél (sina indit) bareng jeung kuring!”
قَالَ اِنْ كُنْتَ جِئْتَ بِاٰيَةٍ فَأْتِ بِهَآ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ١٠٦
Qāla in kunta ji'ta bi'āyatin fa'ti bihā in kunta minaṣ ṣādiqīn(a).
[106]
Manéhna (Fir’aun) ngajawab, “Lamun bener mah anjeun datang mawa bukti, sok atuh geura témbongkeun. (Éta ogé) lamun anjeun kaasup jalma-jalma anu bener.”
فَاَلْقٰى عَصَاهُ فَاِذَا هِيَ ثُعْبَانٌ مُّبِيْنٌ ۖ١٠٧
Fa alqā ‘aṣāhu fa iżā hiya ṡu‘bānum mubīn(un).
[107]
Saterusna (Musa) ngabalangkeun iteukna, ujug-ujug baé éta iteuk téh jadi oray nu nyaan.
وَّنَزَعَ يَدَهٗ فَاِذَا هِيَ بَيْضَاۤءُ لِلنّٰظِرِيْنَ ࣖ١٠٨
Wa naza‘a yadahū fa iżā hiya baiḍā'u lin-nāẓirīn(a).
[108]
Anjeunna ngaluarkeun pananganna, mangka pananganna téh ujug-ujug jadi bodas (cahayaan) pikeun jalma-jalma anu ningali.
قَالَ الْمَلَاُ مِنْ قَوْمِ فِرْعَوْنَ اِنَّ هٰذَا لَسٰحِرٌ عَلِيْمٌۙ١٠٩
Qālal-mala'u min qaumi fir‘auna inna hāżā lasāḥirum ‘alīm(un).
[109]
Gegedén-gegedén kaom Fir’aun nyarita kieu, “Ieu jalma téh bener-bener tukang sihir anu pinter.
يُّرِيْدُ اَنْ يُّخْرِجَكُمْ مِّنْ اَرْضِكُمْ ۚ فَمَاذَا تَأْمُرُوْنَ١١٠
Yurīdu ay yukhrijakum min arḍikum, fa māżā ta'murūn(a).
[110]
Anu boga maksud ngusir aranjeun ti nagri aranjeun.” (Fir’aun nyarita), “Cing kumaha atuh anjuran ti aranjeun?”
قَالُوْآ اَرْجِهْ وَاَخَاهُ وَاَرْسِلْ فِى الْمَدَاۤىِٕنِ حٰشِرِيْنَۙ١١١
Qālū arjih wa akhāhu wa arsil fil-madā'ini ḥāsyirīn(a).
[111]
Maranéhna (para gegedén) ngajawab, “Antepkeun heula (kanggo saméntawis mah) manéhna jeung dulurna, teras geura utus ka saban-saban kota sababaraha jalmi supados ngumpulkeun (tukang-tukang sihir),
يَأْتُوْكَ بِكُلِّ سٰحِرٍ عَلِيْمٍ١١٢
Ya'tūka bikulli sāḥirin ‘alīm(in).
[112]
supados engké maranéhna ngabantun sadaya tukang sihir anu palinter ka anjeun.”
وَجَاۤءَ السَّحَرَةُ فِرْعَوْنَ قَالُوْٓا اِنَّ لَنَا لَاَجْرًا اِنْ كُنَّا نَحْنُ الْغٰلِبِيْنَ١١٣
Wa jā'as-saḥaratu fir‘auna qālū inna lanā la'ajran in kunnā naḥnul-gālibīn(a).
[113]
Tukang sihir datang ka Fir’aun bari nyarita, “(Naha) leres abdi sadaya bakal kenging hadiah saupami abdi sadaya meunang (tanding)?”
قَالَ نَعَمْ وَاِنَّكُمْ لَمِنَ الْمُقَرَّبِيْنَ١١٤
Qāla na‘am wa innakum laminal-muqarrabīn(a).
[114]
Manéhna (Fir’aun) ngajawab, “Enya! Malah saenyana maranéh téh pasti kaasup jalma-jalma anu deukeut (ka kuring).”
قَالُوْا يٰمُوْسٰٓى اِمَّآ اَنْ تُلْقِيَ وَاِمَّآ اَنْ نَّكُوْنَ نَحْنُ الْمُلْقِيْنَ١١٥
Qālū yā mūsā immā an tulqiya wa immā an nakūna naḥnul-mulqīn(a).
[115]
Maranéhna (para tukang sihir) nyarita, “Hé Musa, naha anjeun anu ngabalangkeun ti heula, atawa kuring?”
قَالَ اَلْقُوْاۚ فَلَمَّآ اَلْقَوْا سَحَرُوْٓا اَعْيُنَ النَّاسِ وَاسْتَرْهَبُوْهُمْ وَجَاۤءُوْ بِسِحْرٍ عَظِيْمٍ١١٦
Qāla alqū, falammā alqau saḥarū a‘yunan-nāsi wastarhabūhum wa jā'ū bisiḥrin ‘aẓīm(in).
[116]
Anjeunna (Musa) ngawaler, “Pék balangkeun (ti heula)!” Nalika geus ngabalangkeun (tali-talina), maranéhna nyihir panon jalma loba jeung ngajadikeun éta jalma loba téh sieun, sabab maranéhna ngadatangkeun sihir nu kacida gedéna (pikaahéngeun).
۞ وَاَوْحَيْنَآ اِلٰى مُوْسٰٓى اَنْ اَلْقِ عَصَاكَۚ فَاِذَا هِيَ تَلْقَفُ مَا يَأْفِكُوْنَۚ١١٧
Wa auḥainā ilā mūsā an alqi ‘aṣāk(a), fa iżā hiya talqafu mā ya'fikūn(a).
[117]
Kami ngawahyukeun ka Musa, “Geura balangkeun éta iteuk hidep!” Ujug-ujug éta iteuk ngaleglegan (béak) sakabéh kapalsuan maranéhna.
فَوَقَعَ الْحَقُّ وَبَطَلَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَۚ١١٨
Fa waqa‘al-ḥaqqu wa baṭala mā kānū ya‘malūn(a).
[118]
Ku sabab kitu, mangka kabuktian bebeneran téh jeung (kabuktian ogé yén) sagala rupa nu digawéan ku maranéhna téh jadi mubah.
فَغُلِبُوْا هُنَالِكَ وَانْقَلَبُوْا صٰغِرِيْنَۚ١١٩
Fa gulibū hunālika wanqalabū ṣāgirīn(a).
[119]
Mangka, maranéhna diéléhkeun di éta tempat tur jadi jalma-jalma nu hina.
وَاُلْقِيَ السَّحَرَةُ سٰجِدِيْنَۙ١٢٠
Wa ulqiyas-saḥaratu sājidīn(a).
[120]
Éta tukang sihir téh ujug-ujug brek baé ambruk bari sujud. 340
340) Maranéhna langsung sujud ka Allah sabab yakin kana bebeneran panggero Nabi Musa a.s. jeung lain sihir saperti anu ku maranéhna disangka pas mimiti.
قَالُوْٓا اٰمَنَّا بِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَۙ١٢١
Qālū āmannā birabbil-‘ālamīn(a).
[121]
Maranéhna nyarita, “Abdi sadaya iman ka Pangéran sakumna alam,
رَبِّ مُوْسٰى وَهٰرُوْنَ١٢٢
Rabbi mūsā wa hārūn(a).
[122]
(nyaéta) Pangéranana Musa sareng Harun.”
قَالَ فِرْعَوْنُ اٰمَنْتُمْ بِهٖ قَبْلَ اَنْ اٰذَنَ لَكُمْۚ اِنَّ هٰذَا لَمَكْرٌ مَّكَرْتُمُوْهُ فِى الْمَدِيْنَةِ لِتُخْرِجُوْا مِنْهَآ اَهْلَهَاۚ فَسَوْفَ تَعْلَمُوْنَ١٢٣
Qāla fir‘aunu āmantum bihī qabla an āżana lakum, inna hāżā lamakrum makartumūhu fil-madīnati litukhrijū minhā ahlahā, fa saufa ta‘lamūn(a).
[123]
Fir’aun nyarita, “Naha maranéh iman ka manéhna saméméh kuring ngidinan? Saenyana ieu mah bener-bener tipu daya nu geus direncanakeun ku maranéh di ieu kota pikeun ngusir pangeusina. Engké maranéh bakal nyaho (akibatna).
لَاُقَطِّعَنَّ اَيْدِيَكُمْ وَاَرْجُلَكُمْ مِّنْ خِلَافٍ ثُمَّ لَاُصَلِّبَنَّكُمْ اَجْمَعِيْنَ١٢٤
La'uqaṭṭi‘anna aidiyakum wa arjulakum min khilāfin ṡumma la'uṣallibannakum ajma‘īn(a).
[124]
Pasti kuring bakal neukteuk leungeun jeung suku maranéh kalayan diselang-selingkeun (leungeun katuhu jeung suku nu kédé, kitu deui sabalikna), tuluy kuring bakal nyalib maranéh kabéh.”
قَالُوْٓا اِنَّآ اِلٰى رَبِّنَا مُنْقَلِبُوْنَۙ١٢٥
Qālū innā ilā rabbinā munqalibūn(a).
[125]
Maranéhna (tukang sihir) ngajawab, “Saenyana kuring saréréa bakal balik ka Pangéran kuring saréréa.
وَمَا تَنْقِمُ مِنَّآ اِلَّآ اَنْ اٰمَنَّا بِاٰيٰتِ رَبِّنَا لَمَّا جَاۤءَتْنَا ۗرَبَّنَآ اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّتَوَفَّنَا مُسْلِمِيْنَ ࣖ١٢٦
Wa mā tanqimu minnā illā an āmannā bi'āyāti rabbinā lammā jā'atnā, rabanā afrig ‘alainā ṣabraw wa tawaffanā muslimīn(a).
[126]
Anjeun (Fir’aun) teu ngahukum ka kuring saréréa, kajaba ku sabab kuring saréréa iman kana ayat-ayat Pangéran kuring saréréa waktu éta ayat nepi ka kuring saréréa.” (Maranéhna ngadoa), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngalimpahkeun kasabaran ka abdi sadaya sareng mugi Gusti ngajantenkeun maot abdi sadaya dina kaayaan muslim (pasrah sumerah ka Gusti).”
وَقَالَ الْمَلَاُ مِنْ قَوْمِ فِرْعَوْنَ اَتَذَرُ مُوْسٰى وَقَوْمَهٗ لِيُفْسِدُوْا فِى الْاَرْضِ وَيَذَرَكَ وَاٰلِهَتَكَۗ قَالَ سَنُقَتِّلُ اَبْنَاۤءَهُمْ وَنَسْتَحْيٖ نِسَاۤءَهُمْۚ وَاِنَّا فَوْقَهُمْ قٰهِرُوْنَ١٢٧
Wa qālal-mala'u min qaumi fir‘auna atażaru mūsā wa qaumahū liyufsidū fil-arḍi wa yażaraka wa ālihatak(a), qāla sanuqattilu abnā'ahum wa nastaḥyī nisā'ahum, wa innā fauqahum qāhirūn(a).
[127]
Para gegedén ti kaom Fir’aun nyarita kieu, “Naha anjeun badé ngantep Musa sareng kaomna ngadamel karuksakan di ieu nagri (Mesir) tur ngantunkeun anjeun sareng sesembahan anjeun?” (Fir’aun) ngajawab kieu, “Bakal dipaéhan ku urang barudak lalakina jeung urang antep barudak awéwéna sina hirup. Saenyana urang téh nu ngawasa ka maranéhna.”
قَالَ مُوْسٰى لِقَوْمِهِ اسْتَعِيْنُوْا بِاللّٰهِ وَاصْبِرُوْاۚ اِنَّ الْاَرْضَ لِلّٰهِ ۗيُوْرِثُهَا مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖۗ وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ١٢٨
Qāla mūsā liqaumihista‘īnū billāhi waṣbirū, innal-arḍa lillāh(i), yūriṡuhā may yasyā'u min ‘ibādih(ī), wal-‘āqibatu lil-muttaqīn(a).
[128]
Musa nyarios kieu ka kaomna, “Sok aranjeun geura nyuhunkeun pitulung ka Allah jeung sing sabar, lantaran ieu bumi (téh) kagungan Allah. Saenyana ieu bumi téh diwariskeun ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna ti antara hamba-hamba-Na. Akibat (nu alus) téh pikeun jalma-jalma anu takwa.”
قَالُوْٓا اُوْذِيْنَا مِنْ قَبْلِ اَنْ تَأْتِيَنَا وَمِنْۢ بَعْدِ مَا جِئْتَنَا ۗقَالَ عَسٰى رَبُّكُمْ اَنْ يُّهْلِكَ عَدُوَّكُمْ وَيَسْتَخْلِفَكُمْ فِى الْاَرْضِ فَيَنْظُرَ كَيْفَ تَعْمَلُوْنَ ࣖ١٢٩
Qālū ūżīnā min qabli an ta'tiyanā wa mim ba‘di mā ji'tanā, qāla ‘asā rabbukum ay yuhlika ‘aduwwakum wa yastakhlifakum fil-arḍi fa yanẓura kaifa ta‘malūn(a).
[129]
Maranéhna (kaom Musa) nyarita kieu, “Abdi sadaya dikaniaya (ku Fir’aun) saméméh sareng saparantos anjeun sumping ka abdi sadaya.” (Musa) ngawaler, “Muga-muga Pangéran aranjeun ngabinasakeun musuh aranjeun sarta ngajadikeun aranjeun kalipah di bumi, tuluy Mantenna bakal ningali kumaha laku lampah aranjeun.”
وَلَقَدْ اَخَذْنَآ اٰلَ فِرْعَوْنَ بِالسِّنِيْنَ وَنَقْصٍ مِّنَ الثَّمَرٰتِ لَعَلَّهُمْ يَذَّكَّرُوْنَ١٣٠
Wa laqad akhażnā āla fir‘auna bis-sinīna wa naqṣim minaṡ-ṡamarāti la‘allahum yażżakkarūn(a).
[130]
Tétéla Kami geus méré hukuman ka Fir’aun jeung kaomna ku (ngadatangkeun mangsa halodo) mang taun-taun jeung kakurangan ku bubuahan, sangkan maranéhna meunang atikan.
فَاِذَا جَاۤءَتْهُمُ الْحَسَنَةُ قَالُوْا لَنَا هٰذِهٖ ۚوَاِنْ تُصِبْهُمْ سَيِّئَةٌ يَّطَّيَّرُوْا بِمُوْسٰى وَمَنْ مَّعَهٗۗ اَلَآ اِنَّمَا طٰۤىِٕرُهُمْ عِنْدَ اللّٰهِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ١٣١
Fa iżā jā'athumul-ḥasanatu qālū lanā hāżihī, wa in tuṣibhum sayyi'atuy yaṭṭayyarū bimūsā wa mam ma‘ah(ū), alā innamā ṭā'iruhum ‘indallāhi wa lākinna aksṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[131]
Saterusna upama kahadéan (kama’muran) datang ka maranéhna, nya maranéhna ngomong kieu, “Ieu téh ku sabab (upaya) urang saréréa.” Tapi upama ditibanan ku kasusah, maranéhna neumbeluhkeun kasialanana téh ka Musa jeung anu miluna. Kanyahokeun, sabenerna nasib maranéhna téh aya dina panangan Allah, tapi lolobana ti maranéhna téh teu nyahoeun.
وَقَالُوْا مَهْمَا تَأْتِنَا بِهٖ مِنْ اٰيَةٍ لِّتَسْحَرَنَا بِهَاۙ فَمَا نَحْنُ لَكَ بِمُؤْمِنِيْنَ١٣٢
Wa qālū mahmā ta'tinā bihī min āyatil litasḥaranā bihā, famā naḥnu laka bimu'minīn(a).
[132]
Manaréhna ngomong (ka Musa), “Bukti naon baé anu didatangkeun ku anjeun pikeun nyihir ka kuring saréréa, kuring saréréa mah tetep moal iman ka anjeun.”
فَاَرْسَلْنَا عَلَيْهِمُ الطُّوْفَانَ وَالْجَرَادَ وَالْقُمَّلَ وَالضَّفَادِعَ وَالدَّمَ اٰيٰتٍ مُّفَصَّلٰتٍۗ فَاسْتَكْبَرُوْا وَكَانُوْا قَوْمًا مُّجْرِمِيْنَ١٣٣
Fa arsalnā ‘alaihimuṭ-ṭūfāna wal-jarāda wal-qummala waḍ-ḍafādi‘a wad-dama āyātim mufaṣṣalāt(in), fastakbarū wa kānū qaumam mujrimīn(a).
[133]
Mangka, Kami ngirimkeun ka maranéhna angin topan, simeut, kutu, bangkong, jeung getih (cai nginum nu robah jadi getih) minangka bukti-bukti anu jelas. Tapi maranéhna keukeuh baé nyombongkeun diri. Maranéhna téh kaom anu migawé dosa.
وَلَمَّا وَقَعَ عَلَيْهِمُ الرِّجْزُ قَالُوْا يٰمُوْسَى ادْعُ لَنَا رَبَّكَ بِمَا عَهِدَ عِنْدَكَۚ لَىِٕنْ كَشَفْتَ عَنَّا الرِّجْزَ لَنُؤْمِنَنَّ لَكَ وَلَنُرْسِلَنَّ مَعَكَ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ۚ١٣٤
Wa lammā waqa‘a ‘alihimur-rijzu qālū yā mūsad‘u lanā rabbaka bimā ‘ahida ‘indak(a), la'in kasyafta ‘annar-rijza lanu'minanna laka wa lanursilanna ma‘aka banī isrā'īl(a).
[134]
Nalika ditibanan ku éta siksaan, maranéhna ngomong kieu, “Hé Musa, sok atuh anjeun ngadoa pikeun kuring saréréa ka Pangéran anjeun luyu jeung anu dijangjikeun ku Mantenna ka anjeun. Upama anjeun bisa ngaleungitkeun éta siksaan ti kuring saréréa, tangtu kuring saréréa bakal iman ka anjeun jeung bakal ngantep Bani Israél sina indit jeung anjeun.”
فَلَمَّا كَشَفْنَا عَنْهُمُ الرِّجْزَ اِلٰٓى اَجَلٍ هُمْ بَالِغُوْهُ اِذَا هُمْ يَنْكُثُوْنَ١٣٥
Falammā kasyafnā ‘anhumur-rijza ilā ajalin hum bāligūhu iżā hum yankuṡūn(a).
[135]
Tapi waktu Kami ngaleungitkeun éta siksaan ti maranéhna nepi kana wates waktu anu kudu kasorang ku maranéhna, nyatana maranéhna téh jalir kana jangjina.
فَانْتَقَمْنَا مِنْهُمْ فَاَغْرَقْنٰهُمْ فِى الْيَمِّ بِاَنَّهُمْ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَكَانُوْا عَنْهَا غٰفِلِيْنَ١٣٦
Fantaqamnā minhum fa agraqnāhum fil-yammi bi'annahum każżabū bi'āyātinā wa kānū ‘anhā gāfilīn(a).
[136]
Mangka, Kami méré hukuman ka sabagian maranéhna, tuluy Kami ngerelepkeun maranéhna di lautan ku sabab maranéhna geus ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami jeung mopohokeun kana éta ayat-ayat Kami.
وَاَوْرَثْنَا الْقَوْمَ الَّذِيْنَ كَانُوْا يُسْتَضْعَفُوْنَ مَشَارِقَ الْاَرْضِ وَمَغَارِبَهَا الَّتِيْ بٰرَكْنَا فِيْهَاۗ وَتَمَّتْ كَلِمَتُ رَبِّكَ الْحُسْنٰى عَلٰى بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَۙ بِمَا صَبَرُوْاۗ وَدَمَّرْنَا مَا كَانَ يَصْنَعُ فِرْعَوْنُ وَقَوْمُهٗ وَمَا كَانُوْا يَعْرِشُوْنَ١٣٧
Wa auraṡnal-qaumal-lażīna kānū yustaḍ‘afūna masyāriqal-arḍi wa magāribahal-latī bāraknā fīhā, wa tammat kalimatu rabbikal-ḥusnā ‘alā banī isrā'īl(a), bimā ṣabarū, wa dammarnā mā kāna yaṣna‘u fir‘aunu wa qaumuhū wa mā kānū ya‘risyūn(a).
[137]
Kami geus ngawariskeun ka éta kaom anu geus dikaniaya (Bani Israél) bumi beulah wétan jeung beulah kulon 341 anu geus diberkahan ku Kami. (Ku kituna,) geus sampurna dawuhan Pangéran hidep anu alus téa (minangka jangji) pikeun kaom Bani Israél ku sabab kasabaranana. Kami geus ngancurkeun sagala nu geus dipigawé ku Fir’aun jeung kaomna, nya kitu deui sagala nu geus diwangun ku maranéhna. 342
341) Nyaéta Nagri Sam, Nagri Mesir, jeung nagri-nagri nu aya di sabudereun éta dua nagri nu kungsi dipingpin ku Fir’aun baheulana. Sanggeus karajaanana runtag, éta nagri-nagri diwaris ku Bani Israél.
342) Nu dimaksud Allah ngancurkeun sagala rupa nu geus diwangun téh nyaéta wangunan-wangunan nu dijieun ku alatan kaniaya ka Bani Israél saperti kota Ramsés, munara nu diwangun ngaliwatan paréntah raja Hamman, jeung sajabana.
وَجَاوَزْنَا بِبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ الْبَحْرَ فَاَتَوْا عَلٰى قَوْمٍ يَّعْكُفُوْنَ عَلٰٓى اَصْنَامٍ لَّهُمْ ۚقَالُوْا يٰمُوْسَى اجْعَلْ لَّنَآ اِلٰهًا كَمَا لَهُمْ اٰلِهَةٌ ۗقَالَ اِنَّكُمْ قَوْمٌ تَجْهَلُوْنَ١٣٨
Wa jāwaznā bibanī isrā'īlal-baḥra fa atau ‘alā qaumiy ya‘kufūna ‘alā aṣnāmil lahum, qālū yā mūsaj‘al lanā ilāhan kamā lahum ālihah(tun), qāla innakum qaumun tajhalūn(a).
[138]
Kami meuntaskeun Bani Israél ka éta lautan (kalayan salamet). Nalika datang ka hiji kaom anu keur nyembah berhala, maranéhna (Bani Israél) téh ngomong kieu, “Hé Musa, cing pangdamelkeun kanggo abdi sadaya pangéran (berhala) sakumaha maranéhna gaduh sababaraha sesembahan (berhala).” (Musa) ngajawab, “Aranjeun téh bener-bener kaom nu bodo.”
اِنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ مُتَبَّرٌ مَّا هُمْ فِيْهِ وَبٰطِلٌ مَّا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٣٩
Inna hā'ulā'i mutabbarum mā hum fīhi wa bāṭilum mā kānū ya‘malūn(a).
[139]
Saenyana naon (kamusrikan) anu dianut ku maranéhna bakal diancurkeun jeung bakal mubah sagala anu dipilampah ku maranéhna.
قَالَ اَغَيْرَ اللّٰهِ اَبْغِيْكُمْ اِلٰهًا وَّهُوَ فَضَّلَكُمْ عَلَى الْعٰلَمِيْنَ١٤٠
Qāla agairallāhi abgīkum ilāhaw wa huwa faḍḍalakum ‘alal-‘ālamīn(a).
[140]
Anjeunna (Musa) naros, “Naha pantes lamun kuring néangan pangéran pikeun aranjeun salian ti Allah, padahal Mantenna téh geus ngunggulkeun aranjeun tibatan sakabéh umat (dina mangsa harita)?”
وَاِذْ اَنْجَيْنٰكُمْ مِّنْ اٰلِ فِرْعَوْنَ يَسُوْمُوْنَكُمْ سُوْۤءَ الْعَذَابِۚ يُقَتِّلُوْنَ اَبْنَاۤءَكُمْ وَيَسْتَحْيُوْنَ نِسَاۤءَكُمْۗ وَفِيْ ذٰلِكُمْ بَلَاۤءٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ عَظِيْمٌ ࣖ١٤١
Wa iż anjainākum min āli fir‘auna yasūmūnakum sū'al-‘ażāb(i), yuqattilūna abnā'akum wa yastaḥyūna nisā'akum wa fī żālikum balā'um mir rabbikum ‘aẓīm(un).
[141]
(Sing inget hé Bani Israél) nalika Kami nyalametkeun maranéh ti (Fir’aun) jeung kaomna, anu geus nyiksa ka maranéh ku siksaan nu kacida beuratna. Maranéhna maéhan barudak lalaki maranéh jeung ngantep budak-budak awéwé maranéh sina hirup. Dina éta kajadian téh aya cocoba nu kacida gedéna ti Pangéran maranéh.
۞ وَوٰعَدْنَا مُوْسٰى ثَلٰثِيْنَ لَيْلَةً وَّاَتْمَمْنٰهَا بِعَشْرٍ فَتَمَّ مِيْقَاتُ رَبِّهٖٓ اَرْبَعِيْنَ لَيْلَةً ۚوَقَالَ مُوْسٰى لِاَخِيْهِ هٰرُوْنَ اخْلُفْنِيْ فِيْ قَوْمِيْ وَاَصْلِحْ وَلَا تَتَّبِعْ سَبِيْلَ الْمُفْسِدِيْنَ١٤٢
Wa wā‘adnā mūsā ṡalāṡīna lailataw wa atmamnāhā bi‘asyrin fa tamma mīqātu rabbihī arba‘īna lailah(tan), wa qāla mūsā li'akhīhi hārūnakhlufnī fī qaumī wa aṣliḥ wa lā tattabi‘ sabīlal-mufsidīn(a).
[142]
Kami geus ngajangjikeun ka Musa (rék méré Torét sanggeusna munajat salila) tilu puluh peuting. Kami geus nyampurnakeun éta jumlah peuting ku sapuluh (peuting deui), mangka sampurna wé waktu nu geus ditangtukeun ti Pangéran téh opat puluh peuting. Musa nyarios ka sadérékna, (nyaéta) Harun, “Pék gantikeun kuring dina (mingpin) kaom kuring, benerkeun (diri anjeun jeung kaom anjeun), jeung omat ulah mimiluan jeung jalma-jalma anu migawé karuksakan!”
وَلَمَّا جَاۤءَ مُوْسٰى لِمِيْقَاتِنَا وَكَلَّمَهٗ رَبُّهٗۙ قَالَ رَبِّ اَرِنِيْٓ اَنْظُرْ اِلَيْكَۗ قَالَ لَنْ تَرٰىنِيْ وَلٰكِنِ انْظُرْ اِلَى الْجَبَلِ فَاِنِ اسْتَقَرَّ مَكَانَهٗ فَسَوْفَ تَرٰىنِيْۚ فَلَمَّا تَجَلّٰى رَبُّهٗ لِلْجَبَلِ جَعَلَهٗ دَكًّا وَّخَرَّ مُوْسٰى صَعِقًاۚ فَلَمَّآ اَفَاقَ قَالَ سُبْحٰنَكَ تُبْتُ اِلَيْكَ وَاَنَا۠ اَوَّلُ الْمُؤْمِنِيْنَ١٤٣
Wa lammā jā'a mūsā limīqātinā wa kallamahū rabbuh(ū), qāla rabbi arinī anẓur ilaik(a), qāla lan tarānī wa lākininẓur ilal-jabali fa inistaqarra makānahū fa saufa tarānī, falammā tajallā rabbuhū lil-jabali ja‘alahū dakkaw wa kharra mūsā ṣa‘iqā(n), falammā afāqa qāla subḥānaka tubtu ilaika wa ana awwalul-mu'minīn(a).
[143]
Nalika Musa sumping pikeun (munajat) dina waktu nu geus ditangtukeun ku Kami jeung Pangéranana parantos ngadawuh (langsung) ka anjeunna, (Musa) nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi! Tingalikeun (Dat Gusti) ka abdi supados abdi tiasa ningal ka Gusti.” (Allah) ngadawuh, “Hidep moal bisa (kawasa) ningal ka Kami, tapi pék tingal ku hidep éta gunung, lamun éta gunung téh tetep dina tempatna (sakumaha biasana), tangtu hidep bisa ningali ka Kami.” Nalika Pangéran anjeunna némbongkeun (kakawasaana-Na) kana éta gunung, 343 atuh éta gunung jadi ancur sarta Musa ngalengerek pingsan. Nalika émut deui, anjeunna nyarios, “Mahasuci Gusti! Abdi tobat ka Gusti. Abdi téh nu pangpayunna iman.”
343) Ti antara ahli tapsir aya nu béda-béda dina napsiran “némbongkeunana Allah ka gunung”. Aya nu napsiran yén nu katingali téh kaagungan sareng kakawasaan Allah. Aya ogé nu napsiran yén nu katingali téh ngan saukur cahaya Allah. Allah teu sami sareng mahluk. “Ningalikeunana Allah ka mahluk” kudu dipageran ku béntenna antawis Allah sareng mahluk.
قَالَ يٰمُوْسٰٓى اِنِّى اصْطَفَيْتُكَ عَلَى النَّاسِ بِرِسٰلٰتِيْ وَبِكَلَامِيْ ۖفَخُذْ مَآ اٰتَيْتُكَ وَكُنْ مِّنَ الشّٰكِرِيْنَ١٤٤
Qāla yā mūsā inniṣṭafaituka ‘alan-nāsi birisālātī wa bikalāmī, fa khuż mā ātaituka wa kum minasy-syākirīn(a).
[144]
(Allah) ngadawuh, “Hé Musa, sabenerna Kami geus milih (ngunggulkeun) hidep tibatan jalma-jalma lain (di jaman hidep) pikeun mawa risalah jeung dauhan Kami. Ku sabab kitu, cekel sing pageuh naon anu ku Kuring geus dipaparinkeun ka hidep, sarta hidep kudu jadi bagian ti jalma-jalma anu sukuran!”
وَكَتَبْنَا لَهٗ فِى الْاَلْوَاحِ مِنْ كُلِّ شَيْءٍ مَّوْعِظَةً وَّتَفْصِيْلًا لِّكُلِّ شَيْءٍۚ فَخُذْهَا بِقُوَّةٍ وَّأْمُرْ قَوْمَكَ يَأْخُذُوْا بِاَحْسَنِهَا ۗسَاُورِيْكُمْ دَارَ الْفٰسِقِيْنَ١٤٥
Wa katabnā lahū fil-alwāḥi min kulli syai'im mau‘iẓataw wa tafṣīlal likulli syai'(in), fa khużhā biquwwatiw wa'mur qaumaka ya'khużū bi'aḥsanihā, sa'urīkum dāral-fāsiqīn(a).
[145]
Kami geus nuliskeun pikeun Musa dina lawḥ-lawḥ (Torét) 344 sagala perkara minangka atikan jeung katerangan ngeunaan sagala perkara. Mangka, (Kami ngadawuh), “Sok geura cepeng sing pageuh ku hidep jeung paréntahkeun ka kaom hidep sangkan maranéhna nyekel kana (paréntah-paréntah-Na) sahadé-hadéna! 345 Kami bakal némbongkeun ka anjeun (kaancuran) nagri jalma-jalma pasék.” 346
344) Lawḥ téh nu ditulis dina batu-batu atawa kai-kai ipis nu dicandak ku Nabi Musa nu eusina téh nyaéta Kitab Torét téa nu ditampi ku anjeunna saatos munggah ka Gunung Sina tur munajat di dinya.
345) Kudu ngaheulakeun pagawéan anu wajib tinimbang pagawéan anu sunnah.
346) Allah Swt. bakal ningalikeun kampung jalma-jalma pasék saperti Fir’aun, ‘Ad, Samud, jeung sabangsana tur pangeusina alancur alatan kajahatan jeung kapasékan maranéhna.
سَاَصْرِفُ عَنْ اٰيٰتِيَ الَّذِيْنَ يَتَكَبَّرُوْنَ فِى الْاَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّۗ وَاِنْ يَّرَوْا كُلَّ اٰيَةٍ لَّا يُؤْمِنُوْا بِهَاۚ وَاِنْ يَّرَوْا سَبِيْلَ الرُّشْدِ لَا يَتَّخِذُوْهُ سَبِيْلًاۚ وَاِنْ يَّرَوْا سَبِيْلَ الْغَيِّ يَتَّخِذُوْهُ سَبِيْلًاۗ ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَكَانُوْا عَنْهَا غٰفِلِيْنَ١٤٦
Sa'aṣrifu ‘an āyātiyal-lażīna yatakabbarūna fil-arḍi bigairil-ḥaqq(i), wa iy yarau kulla āyatil lā yu'minū bihā, wa iy yarau sabīlar-rusydi lā yattakhiżūhu sabīlā(n), wa iy yarau sabīlal-gayyi yattakhiżūhu sabīlā(n), żālika bi'annahum każżabū bi'āyātinā wa kānū ‘anhā gāfilīn(a).
[146]
Kaula (Allah) bakal ngabalieurkeun jalma-jalma anu nyombongkeun dirina di bumi tanpa alesan anu bener tina tanda-tanda (kakawasaan Kaula). Sanajan nénjo kana saban-saban tanda (kakawasaan Kaula), maranéhna tetep moal daékeun iman kana éta tanda. Lamun nénjo kana jalan nu mawa pituduh, tangtu maranéhna moal daék nyorang éta jalan; tapi lamun nénjo kana jalan kasasaran, tangtu ku maranéhna bakal ditempuh. Kitu téh ku sabab saenyana maranéhna ngabohongkeun kana tanda-tanda (kakawasaan) Kami jeung sok mopohokeun kana éta (tanda).
وَالَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَلِقَاۤءِ الْاٰخِرَةِ حَبِطَتْ اَعْمَالُهُمْۗ هَلْ يُجْزَوْنَ اِلَّا مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ ࣖ١٤٧
Wal-lażīna każżabū bi'āyātinā wa liqā'il-ākhirati ḥabiṭat a‘māluhum, hal yujzauna illā mā kānū ya‘malūn(a).
[147]
Jalma-jalma anu ngabohongkeun kana tanda-tanda (kakawasaan) Kami jeung kana ayana patepung reujeung ahérat téh, tangtu mubajir sakabéh amalna. Maranéhna diwales sakumaha anu geus dipilampah ku maranéhna.
وَاتَّخَذَ قَوْمُ مُوْسٰى مِنْۢ بَعْدِهٖ مِنْ حُلِيِّهِمْ عِجْلًا جَسَدًا لَّهٗ خُوَارٌۗ اَلَمْ يَرَوْا اَنَّهٗ لَا يُكَلِّمُهُمْ وَلَا يَهْدِيْهِمْ سَبِيْلًاۘ اِتَّخَذُوْهُ وَكَانُوْا ظٰلِمِيْنَ١٤٨
Wattakhaża mūsā mim ba‘dihī min ḥuliyyihim ‘ijlan jasadal lahū khuwār(un), alam yarau annahū lā yukallimuhum wa lā yahdīhim sabīlā(n), ittakhażūhu wa kānū ẓālimīn(a).
[148]
Kaom Musa, sanggeus anjeunna (Musa) angkat (ka gunung Sinai), nyieun (sesembahan mangrupa) anak sapi nu bisa nalangsa (aya soraan) 347 tina perhiasan (emas). Naha maranéhna henteu niténan yén saenyana éta (patung) anak sapi téh teu bisaeun ngomong ka maranéhna jeung henteu (ogé) bisa nuduhkeun jalan (bebeneran) ka maranéhna? (Malah) maranéhna ngajadikeun éta patung téh (jadi sesembahan). Maranéhna téh jalma-jalma anu dolim.
347) Maranéhna nyieun arca anak sapi tina emas. Ahli tapsir kabagi dua bagian dina ngama’naan arca sapi nu aya soraan. Aya anu tetep dina kayakinan yén éta arca sapi téh tetep wé arca sapi nu teu aya soraan tur teu aya nyawaan. Anapon sora nu kaluar tina éta arca sapi nya ngan saukur sora angin nu dijieun-jieun ku si Samiri ku kamotékaranana. Aya deui anu ngayakinan yén mémang éta arca sapi téh jadi boga nyawa tur ngaluarkeun sora.
وَلَمَّا سُقِطَ فِيْٓ اَيْدِيْهِمْ وَرَاَوْا اَنَّهُمْ قَدْ ضَلُّوْاۙ قَالُوْا لَىِٕنْ لَّمْ يَرْحَمْنَا رَبُّنَا وَيَغْفِرْ لَنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ١٤٩
Wa lammā suqiṭa fī aidīhim wa ra'au annahum qad ḍallū, qālū la'il lam yarḥamnā rabbunā wa yagfir lanā lanakūnanna minal-khāsirīn(a).
[149]
Sanggeus maranéhna ngarasa hanjakal ku pagawéanana sarta geus nyaho yén saenyana maranéhna téh geus sasar, maranéhna nyarita kieu, “Saleresna upami Pangéran abdi sadaya henteu maparin rahmat sareng henteu ngahapunten ka abdi sadaya, tinangtos abdi sadaya janten jalmi-jalmi anu rugi.”
وَلَمَّا رَجَعَ مُوْسٰٓى اِلٰى قَوْمِهٖ غَضْبَانَ اَسِفًاۙ قَالَ بِئْسَمَا خَلَفْتُمُوْنِيْ مِنْۢ بَعْدِيْۚ اَعَجِلْتُمْ اَمْرَ رَبِّكُمْۚ وَاَلْقَى الْاَلْوَاحَ وَاَخَذَ بِرَأْسِ اَخِيْهِ يَجُرُّهٗٓ اِلَيْهِ ۗقَالَ ابْنَ اُمَّ اِنَّ الْقَوْمَ اسْتَضْعَفُوْنِيْ وَكَادُوْا يَقْتُلُوْنَنِيْۖ فَلَا تُشْمِتْ بِيَ الْاَعْدَاۤءَ وَلَا تَجْعَلْنِيْ مَعَ الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ١٥٠
Wa lammā raja‘a mūsā ilā qaumihī gaḍbāna asifā(n), qāla bi'samā khalaftumūnī mim ba‘dī, a‘ajiltum amra rabbikum, wa alqal-alwāḥa wa akhaża bira'si akhīhi yajurruhū ilaih(i), qālabna umma innal-qaumastaḍ‘afūnī wa kādū yaqtulūnanī, falā tusymit biyal-a‘dā'a wa lā taj‘alnī ma‘al-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[150]
Nalika Musa geus mulih ka kaomna kalayan bendu sareng sedih ati, anjeunna nyarios kieu, “Kacida goréng patutna kalakuan nu dipilampah ku aranjeun salila kuring indit téh! Naha atuh aranjeun téh bet gurung-gusuh miheulaan jangji Pangéran aranjeun?” 348 Musa ngabalangkeun éta lawḥ-lawḥ 349 (Torét) sareng nyepeng mastaka sadérékna (Harun) bari ditarik ka anjeunna. (Harun) nyarios kieu, “Hé putra pun biang, ieu kaom tos nganggap héngkér pisan ka kuring téh sarta ampir-ampiran maranéhna téh maéhan kuring. Atuh, anjeun ulah ngajadikeun musuh-musuh surak ningali kanalangsaan sim kuring. Sareng anjeun ulah ngajadikeun sim kuring saperti jalma-jalma anu dolim.”
348) Ku naon aranjeun teu sabar nungguan kadatangan kuring deui saba’da munajat ka Allah, malah aranjeun nyieun patung keur sesembahan salian ti Allah?
349) Sesemplékan tina batu atawa kayu tempat tulisan Kitab Torét
قَالَ رَبِّ اغْفِرْ لِيْ وَلِاَخِيْ وَاَدْخِلْنَا فِيْ رَحْمَتِكَ ۖوَاَنْتَ اَرْحَمُ الرّٰحِمِيْنَ ࣖ١٥١
Qāla rabbigfirlī wa li'akhī wa adkhilnā fī raḥmatik(a), wa anta arḥamur-rāḥimīn(a).
[151]
(Musa) ngadoa kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugia Gusti ngahapunten ka abdi sareng ka dulur abdi, sareng mugia Gusti ngalebetkeun abdi sadaya kana rahmat Gusti. Gusti téh Nu Mahaasih ti antawis nu arasih.”
اِنَّ الَّذِيْنَ اتَّخَذُوا الْعِجْلَ سَيَنَالُهُمْ غَضَبٌ مِّنْ رَّبِّهِمْ وَذِلَّةٌ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۗ وَكَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُفْتَرِيْنَ١٥٢
Innal-lażīnattakhażul-‘ijla sayanāluhum gaḍabum mir rabbihim wa żillatun fil-ḥayātid-dun-yā, wa każālika najzil-muftarīn(a).
[152]
Saenyana jalma-jalma anu ngajadikeun (patung) anak sapi (jadi sesembahan), tangtu bakal narima bebendon ti Pangéranana jeung kahinaan dina kahirupan dunya. Kitu téa, Kami bakal ngawales ka jalma-jalma nu migawé kabohongan.
وَالَّذِيْنَ عَمِلُوا السَّيِّاٰتِ ثُمَّ تَابُوْا مِنْۢ بَعْدِهَا وَاٰمَنُوْٓا اِنَّ رَبَّكَ مِنْۢ بَعْدِهَا لَغَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٥٣
Wal-lażīna ‘amilus-sayyi'āti ṡumma tābū mim ba‘dihā wa āmanū inna rabbaka mim ba‘dihā lagafūrur raḥīm(un).
[153]
Jalma-jalma nu geus migawé kagoréngan, tuluy tobat jeung iman, tangtu sanggeus éta Pangéran mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَلَمَّا سَكَتَ عَنْ مُّوْسَى الْغَضَبُ اَخَذَ الْاَلْوَاحَۖ وَفِيْ نُسْخَتِهَا هُدًى وَّرَحْمَةٌ لِّلَّذِيْنَ هُمْ لِرَبِّهِمْ يَرْهَبُوْنَ١٥٤
Wa lammā sakata ‘am mūsal-gaḍabu akhażal-alwāḥ(a), wa fī nuskhatihā hudaw wa raḥmatul lil-lażīna hum lirabbihim yarhabūn(a).
[154]
Sanggeus benduna leler, Musa nyandak (deui) éta lawḥ-lawḥ (Torét), nu dina tulisanana aya pituduh jeung rahmat pikeun jalma-jalma anu sieun ka Pangéranana.
وَاخْتَارَ مُوْسٰى قَوْمَهٗ سَبْعِيْنَ رَجُلًا لِّمِيْقَاتِنَا ۚفَلَمَّآ اَخَذَتْهُمُ الرَّجْفَةُ قَالَ رَبِّ لَوْ شِئْتَ اَهْلَكْتَهُمْ مِّنْ قَبْلُ وَاِيَّايَۗ اَتُهْلِكُنَا بِمَا فَعَلَ السُّفَهَاۤءُ مِنَّاۚ اِنْ هِيَ اِلَّا فِتْنَتُكَۗ تُضِلُّ بِهَا مَنْ تَشَاۤءُ وَتَهْدِيْ مَنْ تَشَاۤءُۗ اَنْتَ وَلِيُّنَا فَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا وَاَنْتَ خَيْرُ الْغٰفِرِيْنَ١٥٥
Wakhtāra mūsā qaumahū sab‘īna rajulal limīqātinā, falammā akhażathumur-rajfatu qāla rabbi lau syi'ta ahlaktahum min qablu wa iyyāy(a), atuhlikunā bimā fa‘alas-sufahā'u minnā, in hiya illā fitnatuk(a), tuḍillu bihā man tasyā'u wa tahdī man tasyā'(u), anta waliyyunā fagfir lanā warḥamnā wa anta khairul-gāfirīn(a).
[155]
Musa milih tujuh puluh jalma ti kaomna pikeun (ménta pangampura ka Kami) dina waktu nu geus ditangtukeun ku Kami. Nalika maranéhna ditimpa lini nu kacida gedéna, Musa nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, upami Gusti ngersakeun mah, tangtos Gusti parantos ngabinasakeun maranéhna tur abdi saméméh ieu. Naha Gusti badé ngabinasakeun abdi sadaya sabab padamelan nu parantos dipilampah ku jalmi-jalmi anu bodo ti antawis abdi sadaya? Éta mung saukur cocobi ti Gusti. Gusti nyasarkeun ku éta cocobi ka saha baé nu dikersakeun ku Gusti sareng Gusti maparin pituduh ka saha baé nu dikersakeun ku Gusti. 350 Gusti pamimpin abdi sadaya. Kumargi kitu, mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya sareng mugi maparin rahmat. Gusti mah Pangsaéna ti antawis nu maparin pangapunten.
350) Pagawéanana nyieun patung anak sapi tuluy disembah téh mangrupakeun hiji cobaan ti Allah keur nguji maranéhna saha nu kuat imanna jeung saha nu nu masih aya dina kamangmangan. Jalma-jalma nu lemah imanna mah tuturut munding ngilu ka Samiri nyembah anak sapi, tapi nu karuat imanna mah tetep dina kaimanana teu tuturut nyembah anak sapi.
۞ وَاكْتُبْ لَنَا فِيْ هٰذِهِ الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّفِى الْاٰخِرَةِ اِنَّا هُدْنَآ اِلَيْكَۗ قَالَ عَذَابِيْٓ اُصِيْبُ بِهٖ مَنْ اَشَاۤءُۚ وَرَحْمَتِيْ وَسِعَتْ كُلَّ شَيْءٍۗ فَسَاَكْتُبُهَا لِلَّذِيْنَ يَتَّقُوْنَ وَيُؤْتُوْنَ الزَّكٰوةَ وَالَّذِيْنَ هُمْ بِاٰيٰتِنَا يُؤْمِنُوْنَۚ١٥٦
Waktub lanā fī hāżihid-dun-yā ḥasanataw wa fil-ākhirati innā hudnā ilaik(a), qāla ‘ażābī uṣību bihī man asyā'(u), wa raḥmatī wasi‘at kulla syai'(in), fa sa'aktubuhā lil-lażīna yattaqūna wa yu'tūnaz-zakāta wal-lażīna hum bi'āyātinā yu'minūn(a).
[156]
Mugi Gusti netepkeun kasaéan kanggo abdi sadaya di ieu dunya sareng kanggo abdi sadaya jaga di ahérat. Saleresna abdi sadaya téh mulih (tobat) ka Gusti.” Mantenna ngadawuh, “Siksaan Kaula bakal ditibankeun ka saha baé nu dikersakeun ku Kaula. Rahmat Kaula ngawengku kana sagala rupa perkara. Mangka, Kaula bakal netepkeun éta rahmat pikeun jalma-jalma takwa jeung anu mikeun jakat, ogé pikeun jalma-jalma anu iman kana ayat-ayat Kaula.
اَلَّذِيْنَ يَتَّبِعُوْنَ الرَّسُوْلَ النَّبِيَّ الْاُمِّيَّ الَّذِيْ يَجِدُوْنَهٗ مَكْتُوْبًا عِنْدَهُمْ فِى التَّوْرٰىةِ وَالْاِنْجِيْلِ يَأْمُرُهُمْ بِالْمَعْرُوْفِ وَيَنْهٰىهُمْ عَنِ الْمُنْكَرِ وَيُحِلُّ لَهُمُ الطَّيِّبٰتِ وَيُحَرِّمُ عَلَيْهِمُ الْخَبٰۤىِٕثَ وَيَضَعُ عَنْهُمْ اِصْرَهُمْ وَالْاَغْلٰلَ الَّتِيْ كَانَتْ عَلَيْهِمْۗ فَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِهٖ وَعَزَّرُوْهُ وَنَصَرُوْهُ وَاتَّبَعُوا النُّوْرَ الَّذِيْٓ اُنْزِلَ مَعَهٗٓ ۙاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ ࣖ١٥٧
Al-lażīna yattabi‘ūnar-rasūlan nabiyyal-ummiyyal-lażī yajidūnahū maktūban ‘indahum fit-taurāti wal-injīli ya'muruhum bil-ma‘rūfi wa yanhāhum ‘anil-munkari wa yuḥillu lahumuṭ-ṭayyibāti wa yuḥarrimu ‘alaihimul-khabā'iṡa wa yaḍa‘u ‘anhum iṣrahum wal-aglālal-latī kānat ‘alaihim, fal-lażīna āmanū bihī wa ‘azzarūhu wa naṣarūhu wattaba‘un nūral-lażī unzila ma‘ah(ū), ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[157]
(Nyaéta) jalma-jalma anu tumut ka éta Rasul, Nabi nu ummi, anu (namina) ku maranéhna kapanggih ditulis dina Torét jeung dina Injil nu aya di maranéhna; Anu maréntah ka maranéhna migawé kahadéan jeung nyegah perkara anu mungkar. Anjeunna ogé ngahalalkeun sagala nu alus pikeun maranéhna, tur ngaharamkeun sagala rupa nu matak goréng ka maranéhna. Anjeunna ogé ngabébaskeun ti maranéhna beungbeurat jeung bangbaluh nu aya di maranéhna. 351 Aya ogé jalma-jalma anu iman ka anjeunna, ngamulyakeun ka anjeunna, nulungan ka anjeunna, jeung tumut kana cahaya nu caang anu diturunkeun ka anjeunna (Al-Qur’an). Nya aranjeunna téh jalma-jalma nu untung.
351) Saréat nu dicandak ku Nabi Muhammad Saw. mah teu saperti nu disaréatkeun ka Bani Israél, éstuning saréat nu hampang. Waktu di jaman Nabi Musa mah saréat nu dibebankeun ka Bani Israél beurat pisan saperti nebus dosa ku cara nelasan diri sorangan, hukum qisos maragatkeun nyawa batur rék dihaja atawa teu dihaja, neukteuk anggahota badan nu milampah kasalahan, neukteuk baju atawa kaén nu kakeunaan najis, jeung saréat lainna nu bareurat.
قُلْ يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اِنِّيْ رَسُوْلُ اللّٰهِ اِلَيْكُمْ جَمِيْعًا ۨالَّذِيْ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ يُحْيٖ وَيُمِيْتُۖ فَاٰمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهِ النَّبِيِّ الْاُمِّيِّ الَّذِيْ يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَكَلِمٰتِهٖ وَاتَّبِعُوْهُ لَعَلَّكُمْ تَهْتَدُوْنَ١٥٨
Qul yā ayyuhan-nāsu innī rasūlullāhi ilaikum jamī‘anil-lażī lahū mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), lā ilāha illā huwa yuḥyī wa yumīt(u), fa āminū billāhi wa rasūlihin-nabiyyil-ummiyyil-lażī yu'minu billāhi wa kalimatihī wattabi‘ūhu la‘allakum tahtadūn(a).
[158]
Pok carioskeun ku hidep (Muhammad), “Hé manusa, saenyana kuring téh utusan Allah anu kagungan karajaan langit jeung bumi pikeun aranjeun sadayana. Henteu aya Pangéran (anu hak disembah) iwal ti Mantenna anu ngahirupkeun sareng anu ngamaotkeun. Ku sabab kitu, kudu iman aranjeun ka Allah sareng ka Rasul-Na, (nyaéta) Nabi anu ummi, anu iman ka Allah jeung kana kalimah-kalimah-Na (kitab-Kitab-Na). Kudu nurut ka éta Rasul sangkan aranjeun meunang pituduh.”
وَمِنْ قَوْمِ مُوْسٰٓى اُمَّةٌ يَّهْدُوْنَ بِالْحَقِّ وَبِهٖ يَعْدِلُوْنَ١٥٩
Wa min qaumi mūsā ummatuy yahdūna bil-ḥaqqi wa bihī ya‘dilūn(a).
[159]
Ti antara kaom Musa aya hiji umat anu masihan pituduh (ka manusa) kalayan (anu) bener jeung kalayan éta (ogé) aranjeunna milampah adil jeung ngajalankeun kaadilan. 352
352) Aranjeunna masihan pituduh tur nungtun manusa kalayan nyekel pageuh kana pituduh jeung tungtunan ti Allah Swt. Dina masalah ngahukuman perkara-perkara, aranjeunna nyuprih kaadilan ku tetegenan kana pituduh jeng tungtunan Allah Swt.
وَقَطَّعْنٰهُمُ اثْنَتَيْ عَشْرَةَ اَسْبَاطًا اُمَمًاۗ وَاَوْحَيْنَآ اِلٰى مُوْسٰٓى اِذِ اسْتَسْقٰىهُ قَوْمُهٗٓ اَنِ اضْرِبْ بِّعَصَاكَ الْحَجَرَۚ فَانْۢبَجَسَتْ مِنْهُ اثْنَتَا عَشْرَةَ عَيْنًاۗ قَدْ عَلِمَ كُلُّ اُنَاسٍ مَّشْرَبَهُمْۗ وَظَلَّلْنَا عَلَيْهِمُ الْغَمَامَ وَاَنْزَلْنَا عَلَيْهِمُ الْمَنَّ وَالسَّلْوٰىۗ كُلُوْا مِنْ طَيِّبٰتِ مَا رَزَقْنٰكُمْۗ وَمَا ظَلَمُوْنَا وَلٰكِنْ كَانُوْٓا اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ١٦٠
Wa qaṭṭa‘nāhumuṡnatai ‘asyrata asbāṭan umamā(n), wa auḥainā ilā mūsā iżistasqāhu qaumuhū aniḍrib bi‘aṣākal-ḥajar(a), fambajasat minhuṡnatā ‘asyrata ‘ainā(n), qad ‘alima kullu unāsim masyrabahum, wa ẓallalnā ‘alaihimul-gamāma wa anzalnā ‘alaihimul-manna was-salwā, kulū min ṭayyibāti mā razaqnākum, wa mā ẓalamūnā wa lākin kānū anfusahum yaẓlimūn(a).
[160]
Kami geus ngabagi maranéhna (Bani Israél) jadi dua welas golongan anu masing-masing ngabogaan jumlah nu loba. Kami geus ngawahyukeun ka Musa dina waktu kaomna ménta cai ka anjeunna, “Teunggeul éta batu ku iteuk hidep! Tangtu mancer tina éta (batu) téh dua welas cinyusu. Pasti, saban golongan geus pada nyaho kana tempat nginumna séwang-séwangan.” Kami geus mayungan maranéhna ku méga jeung geus nurunkeun ka maranéhna mannā jeung salwa. 353 (Allah ngadawuh), “Pék geura dahar nu aralus tina rejeki nu geus dikurniakeun ku Kami ka maranéh!” Maranéhna henteu pisan-pisan ngadoliman ka Kami, tapi maranéhna nu sok ngadoliman ka dirina sorangan.
353) Tingal catetan kaki surat Al-Baqarah/2:57.
وَاِذْ قِيْلَ لَهُمُ اسْكُنُوْا هٰذِهِ الْقَرْيَةَ وَكُلُوْا مِنْهَا حَيْثُ شِئْتُمْ وَقُوْلُوْا حِطَّةٌ وَّادْخُلُوا الْبَابَ سُجَّدًا نَّغْفِرْ لَكُمْ خَطِيْۤـٰٔتِكُمْۗ سَنَزِيْدُ الْمُحْسِنِيْنَ١٦١
Wa iżā qīla lahumuskunū hāżihil-qaryata wa kulū minhā ḥaiṡu syi'tum wa qūlū ḥiṭṭatuw wadkhulul-bāba sujjadan nagfir lakum khaṭī'ātikum, sanazīdul-muḥsinīn(a).
[161]
(Sing inget) nalika dicaritakeun ka maranéhna (Bani Israél), “Pék cicing di ieu nagri (Baitul Maqdis), sarta pék dahar tina (sagala hasil bumi)na di mana baé dikarepkeun ku maranéh! Pok ucapkeun, ‘Mugi Gusti ngabébaskeun sagala rupi dosa abdi sadaya!’ Kudu asup kana éta panto gerbang bari rengkuh! (Lamun maranéh ngalakonan kana sakabéhna), tangtu Kami bakal nghampura kana kasalahan-kasalahan maranéh. Kami bakal nambahan (kurnia) ka jalma-jalma anu migawé kahadéan.”
فَبَدَّلَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْهُمْ قَوْلًا غَيْرَ الَّذِيْ قِيْلَ لَهُمْ فَاَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ رِجْزًا مِّنَ السَّمَاۤءِ بِمَا كَانُوْا يَظْلِمُوْنَ ࣖ١٦٢
Fa baddalal-lażīna ẓalamū minhum qaulan gairal-lażī qīla lahum fa arsalnā ‘alaihim rijzam minas-samā'i bimā kānū yaẓlimūn(a).
[162]
Mangka, jalma-jalma nu dolim ti antara maranéhna geus ngaganti (éta ucapan) ku ucapan nu teu diparéntahkeun ka maranéhna, 354 atuh Kami nibankeun ka maranéhna siksaan ti langit ku sabab maranéhna sok migawé kadoliman.
354) Maranéhna diparéntah ngucapkeun hiṭṭatun (mugia Gusti ngaleupaskeun tina dosa), dirobah jadi hinṭatun fī sya’īrah (siki gandum).
وَسْـَٔلْهُمْ عَنِ الْقَرْيَةِ الَّتِيْ كَانَتْ حَاضِرَةَ الْبَحْرِۘ اِذْ يَعْدُوْنَ فِى السَّبْتِ اِذْ تَأْتِيْهِمْ حِيْتَانُهُمْ يَوْمَ سَبْتِهِمْ شُرَّعًا وَّيَوْمَ لَا يَسْبِتُوْنَۙ لَا تَأْتِيْهِمْ ۛ كَذٰلِكَ ۛنَبْلُوْهُمْ بِمَا كَانُوْا يَفْسُقُوْنَ١٦٣
Was'alhum ‘anil-qaryatil-latī kānat ḥāḍiratal-baḥr(i), iż ya‘dūna fis-sabti iż ta'tīhim ḥītānuhum yauma sabtihim syurra‘aw wa yauma lā yasbitūn(a), lā ta'tīhim - każālika - nablūhum bimā kānū yafsuqūn(a).
[163]
Pék tanyakeun ku hidep (Muhammad) ka maranéhna (Bani Israél) ngeunaan hiji nagri 355 nu ayana deukeut lautan waktu maranéhna ngarempak aturan dina poé Sabat, 356 (nyaéta) dina waktu datang ka maranéhna lauk-lauk (nu aya di sabudeureun) maranéhna bari narémbongan dina cai, padahal dina poé-poé lain Sabat mah éta lauk-lauk téh tara pisan nyalampeurkeun ka maranéhna. Tah kitu pisan Kami méré cocoba ka maranéhna ku sabab maranéhna sok migawé kapasékan.
355) Nyaéta kota Éllah nu ayana téh dekeut lautan tempat dikéremna Fir’aun (laut Merah). Watesna antara kota Madyan jeung gunung Thur.
356) Nurutkeun aturan, poé Sabtu téh poé anu teu meunang dipaké gawé, tapi husus keur ibadah wungkul.
وَاِذْ قَالَتْ اُمَّةٌ مِّنْهُمْ لِمَ تَعِظُوْنَ قَوْمًاۙ ۨاللّٰهُ مُهْلِكُهُمْ اَوْ مُعَذِّبُهُمْ عَذَابًا شَدِيْدًاۗ قَالُوْا مَعْذِرَةً اِلٰى رَبِّكُمْ وَلَعَلَّهُمْ يَتَّقُوْنَ١٦٤
Wa iż qālat ummatum minhum lima ta‘iẓūna qaumā(n), allāhu muhlikuhum au mu‘ażżibuhum ‘ażāban syadīdā(n), qālū ma‘żiratan ilā rabbikum wa la‘allahum yattaqūn(a).
[164]
(Sing inget) dina waktu hiji golongan ti antara maranéhna nyarita, “Ku naon aranjeun maké nganaséhatan hiji kaom anu geus puguh dibinasakeun atawa disiksa ku Allah kalayan siksaan anu beurat?” Maranéhna ngajawab, “Supaya urang saréréa boga alesan (ngaleupaskeun tanggung-jawab) ka Pangéran aranjeun 357 jeung sangkan maranéhna takwa.”
357) Alesanana téh nyaéta yén maranéhna geus ngalaksanakeun paréntah Allah méré pangéling-éling ka batur.
فَلَمَّا نَسُوْا مَا ذُكِّرُوْا بِهٖٓ اَنْجَيْنَا الَّذِيْنَ يَنْهَوْنَ عَنِ السُّوْۤءِ وَاَخَذْنَا الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا بِعَذَابٍۢ بَـِٔيْسٍۢ بِمَا كَانُوْا يَفْسُقُوْنَ١٦٥
Falammā nasū mā żukkirū bihī anjainal-lażīna yanhauna ‘anis-sū'i wa akhażnal-lażīna ẓalamū bi‘ażābim ba'īsim bimā kānū yafsuqūn(a).
[165]
Mangka, sanggeus maranéhna mopohokeun kana naon anu dipépélingkeun ka maranéhna, Kami nyalametkeun jalma-jalma nu nyegah (batur migawé) kajahatan jeung Kami nibankeun ka jalma-jalma nu dolim siksaan nu pohara nyerina ku sabab maranéhna sok migawé kapasékan.
فَلَمَّا عَتَوْا عَنْ مَّا نُهُوْا عَنْهُ قُلْنَا لَهُمْ كُوْنُوْا قِرَدَةً خٰسِـِٕيْنَ١٦٦
Falammā ‘atau ‘am mā nuhū ‘anhu qulnā lahum kūnū qiradatan khāsi'īn(a).
[166]
Tuluy, dina waktu maranéhna nyombongkeun dirina tina sakur nu dicegah, Kami ngadawuh ka maranéhna, “Sing jaradi monyét nu hina!”
وَاِذْ تَاَذَّنَ رَبُّكَ لَيَبْعَثَنَّ عَلَيْهِمْ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ مَنْ يَّسُوْمُهُمْ سُوْۤءَ الْعَذَابِۗ اِنَّ رَبَّكَ لَسَرِيْعُ الْعِقَابِۖ وَاِنَّهٗ لَغَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٦٧
Wa iż ta'ażżana rabbuka layab‘aṡanna ‘alaihim ilā yaumil-qiyāmati may yasūmuhum sū'al-‘ażāb(i), inna rabbaka lasarī‘ul-‘iqāb(i), wa innahū lagafūrur raḥīm(un).
[167]
(Sing inget) nalika Pangéran hidep nguningakeun yén saleresna Mantenna bakal ngutus ka maranéhna (Bani Israél) jalma-jalma anu bakal nibankeun sagoréng-goréngna siksaan ka maranéh nepi ka Poé Kiamat. Sabenerna Pangéran hidep téh gancang pisan siksa-Na jeung sabenerna Mantenna mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَقَطَّعْنٰهُمْ فِى الْاَرْضِ اُمَمًاۚ مِنْهُمُ الصّٰلِحُوْنَ وَمِنْهُمْ دُوْنَ ذٰلِكَ ۖوَبَلَوْنٰهُمْ بِالْحَسَنٰتِ وَالسَّيِّاٰتِ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ١٦٨
Wa qaṭṭa‘nāhum fil-arḍi umamā(n), minhumuṣ-ṣāliḥūna wa minhum dūna żālik(a), wa balaunāhum bil-ḥasanāti was-sayyi'āti la‘allahum yarji‘ūn(a).
[168]
Kami geus ngabagi-bagi maranéhna di ieu bumi jadi sababaraha golongan. Ti antarana aya jalma-jalma nu soléh jeung aya (ogé) anu henteu kitu. Kami nyoba ka maranéhna ku mangrupa-rupa kani’matan jeung (ogé ku) mangrupa-rupa kagaroréngan sangkan maranéhna balik (kana bebeneran).
فَخَلَفَ مِنْۢ بَعْدِهِمْ خَلْفٌ وَّرِثُوا الْكِتٰبَ يَأْخُذُوْنَ عَرَضَ هٰذَا الْاَدْنٰى وَيَقُوْلُوْنَ سَيُغْفَرُ لَنَاۚ وَاِنْ يَّأْتِهِمْ عَرَضٌ مِّثْلُهٗ يَأْخُذُوْهُۗ اَلَمْ يُؤْخَذْ عَلَيْهِمْ مِّيْثَاقُ الْكِتٰبِ اَنْ لَّا يَقُوْلُوْا عَلَى اللّٰهِ اِلَّا الْحَقَّ وَدَرَسُوْا مَا فِيْهِۗ وَالدَّارُ الْاٰخِرَةُ خَيْرٌ لِّلَّذِيْنَ يَتَّقُوْنَۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ١٦٩
Fa khalafa mim ba‘dihim khalfuw wariṡul-kitāba ya'khużūna ‘araḍa hāżal-adnā wa yaqūlūna sayugfaru lanā, wa iy ya'tihim ‘araḍum miṡluhū ya'khużūh(u), alam yu'khaż ‘alaihim mīṡāqul-kitābi allā yaqūlū ‘alallāhi illal-ḥaqqa wa darasū mā fīh(i), wad-dārul-ākhiratu khairul lil-lażīna yattaqūn(a), afalā ta‘qilūn(a).
[169]
Saterusna, sanggeus maranéhna, datang generasi (nu leuwih goréng) nu ngawaris Kitab (Toret). Maranéhna milih ieu harta banda dunyawi nu teu sapira (minangka gaganti tina kahadéan), tuluy maranéhna ngomong, “Urang saréréa (engké ogé) bakal dihampura.” Engké lamun datang ka maranéhna harta banda (dunyawi) saloba éta deui, tangtu maranéhna bakal nyokot ogé kana éta harta. Lainna maranéhna téh geus katalian jangji dina Kitab (Torét) yén maranéhna téh moal nyaritakeun ka Allah anging anu bener. Apan maranéhna téh geus diajar kana sakur nu aya dina jero éta Kitab? Nagri ahérat téh leuwih alus pikeun maranéhna nu takwa. Mangka, naha maranéh teu ngagunakeun akal?
وَالَّذِيْنَ يُمَسِّكُوْنَ بِالْكِتٰبِ وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَۗ اِنَّا لَا نُضِيْعُ اَجْرَ الْمُصْلِحِيْنَ١٧٠
Wal-lażīna yumassikūna bil-kitābi wa aqāmuṣ-ṣalāh(ta), innā lā nuḍī‘u ajral-muṣliḥīn(a).
[170]
Jalma-jalma nu nyekel kana Kitab (Toret) sarta ngadegkeun salat, sabenerna Kami moal rék mopohokeun ganjaran jalma-jalma nu soléh.
۞ وَاِذْ نَتَقْنَا الْجَبَلَ فَوْقَهُمْ كَاَنَّهٗ ظُلَّةٌ وَّظَنُّوْٓا اَنَّهٗ وَاقِعٌۢ بِهِمْۚ خُذُوْا مَآ اٰتَيْنٰكُمْ بِقُوَّةٍ وَّاذْكُرُوْا مَا فِيْهِ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ ࣖ١٧١
Wa iż nataqnal-jabala fauqahum ka'annahum ẓullatuw wa ẓannū annahū wāqi‘um bihim, khużū mā ātainākum biquwwatiw ważkurū mā fīhi la‘allakum tattaqūn(a).
[171]
(Sing inget) nalika Kami ngangkat éta gunung ka luhureun maranéha, saolah-olah éta (gunung) téh iuh-iuhna méga. Maranéhna yakin yén éta (gunung) téh bakal ninggang ka maranéhna. (Kami ngadawuh ka maranéhna), “Carekel sing pageuh naon baé anu ku Kami geus dibikeun ka maranéh jeung kudu inget terus (amalkeun) kana sakur nu aya di jerona sangkan maranéh jadi jalma-jalma anu takwa!”
وَاِذْ اَخَذَ رَبُّكَ مِنْۢ بَنِيْٓ اٰدَمَ مِنْ ظُهُوْرِهِمْ ذُرِّيَّتَهُمْ وَاَشْهَدَهُمْ عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْۚ اَلَسْتُ بِرَبِّكُمْۗ قَالُوْا بَلٰىۛ شَهِدْنَا ۛاَنْ تَقُوْلُوْا يَوْمَ الْقِيٰمَةِ اِنَّا كُنَّا عَنْ هٰذَا غٰفِلِيْنَۙ١٧٢
Wa iż akhaża rabbuka mim banī ādama min ẓuhūrihim żurriyyatahum wa asyhadahum ‘alā anfusihim, alastu birabbikum, qālū balā - syahidnā - an taqūlū yaumal-qiyāmati innā kunnā ‘an hāżā gāfilīn(a).
[172]
(Sing inget) nalika Pangéran hidep ngaluarkeun tina tulang tonggong anak incu Adam katurunan maranéhna, sareng Allah nyandak kasaksian pikeun diri maranéhna sorangan (bari ngadawuh), “Lain Kami téh Pangéran maranéh?” Maranéhna ngajawab, “Sumuhun (Gusti téh Pangéran abdi sadaya). Abdi sadaya nyakséni!” (Kami ngalakukeun kitu téh) sangkan dina Poé Kiamat maranéh teu ngomong kieu, “Saenyana abdi sadaya talodéh kana ieu (katangtuan).”
اَوْ تَقُوْلُوْٓا اِنَّمَآ اَشْرَكَ اٰبَاۤؤُنَا مِنْ قَبْلُ وَكُنَّا ذُرِّيَّةً مِّنْۢ بَعْدِهِمْۚ اَفَتُهْلِكُنَا بِمَا فَعَلَ الْمُبْطِلُوْنَ١٧٣
Au taqūlū innamā asyraka ābā'unā min qablu wa kunnā żurriyyatam mim ba‘dihim, afatuhlikunā bimā fa‘alal-mubṭilūn(a).
[173]
Atawa sangkan maranéh (teu) ngomong kieu, “Saeunyana karuhun abdi sadaya geus musrik ka (Pangéran) ti baréto, sédéngkeun abdi sadaya téh nyaéta katurunan nu (datang) ti sanggeus aranjeunna. Atuh naha Gusti badé nyiksa abdi sadaya ku margi padamelan jalma-jalma nu (kapungkur) migawé kabatilan?” 358
358) Sangkan jalma-jalma musrik teu kudu ngomong yén karuhunna baheula ogé sarua nyarékatkeun Allah, padahal maranéhna teu nyaho nanaon yén nyarékatkeun Allah téh pagawéan salah. Nyarékatkeun Allah nu dilakukeun ku jalma-jalma musrik diteumbleuhkeun ka kolot maranéhna baheula, sangkan maranéhna teu disiksa ku Allah, yén maranéhna ngan saukur nuturkeun naon-naon nu geus dipigawé ku kolot-kolotna.
وَكَذٰلِكَ نُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ وَلَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ١٧٤
Wa każālika nufaṣṣilul-āyāti wa la‘allahum yarji‘ūn(a).
[174]
Tah kitu pisan Kami ngajelaskeun éta ayat-ayat kalayan jelas sangkan maranéhna mulang deui (kana bebeneran).
وَاتْلُ عَلَيْهِمْ نَبَاَ الَّذِيْٓ اٰتَيْنٰهُ اٰيٰتِنَا فَانْسَلَخَ مِنْهَا فَاَتْبَعَهُ الشَّيْطٰنُ فَكَانَ مِنَ الْغَاوِيْنَ١٧٥
Watlu ‘alaihim naba'al-lażī ātaināhu āyātinā fansalakha minhā fa atba‘ahusy-syaiṭānu fa kāna minal-gāwīn(a).
[175]
Bacakeun ku hidep (Muhammad) ka maranéhna (ngeunaan) béja jalma anu geus dikurniakeun ku Kami ayat-ayat Kami. Tuluy manéhna ngaleupaskeun diri tina éta ayat, tuluy sétan nuturkeun manéhna (nepi ka manéhna kagoda). Mangka, manéhna kaasup jalma-jalma anu sasar.
وَلَوْ شِئْنَا لَرَفَعْنٰهُ بِهَا وَلٰكِنَّهٗٓ اَخْلَدَ اِلَى الْاَرْضِ وَاتَّبَعَ هَوٰىهُۚ فَمَثَلُهٗ كَمَثَلِ الْكَلْبِۚ اِنْ تَحْمِلْ عَلَيْهِ يَلْهَثْ اَوْ تَتْرُكْهُ يَلْهَثْۗ ذٰلِكَ مَثَلُ الْقَوْمِ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَاۚ فَاقْصُصِ الْقَصَصَ لَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُوْنَ١٧٦
Wa lau syi'nā larafa‘nāhu bihā wa lākinnahū akhlada ilal-arḍi wattaba‘a hawāh(u), fa maṡaluhū kamaṡalil-kalb(i), in taḥmil ‘alaihi yalhaṡ au tatrukūhu yalhaṡ, żālika maṡalul-qaumil-lażīna każżabū bi'āyātinā, faqṣuṣil-qaṣaṣa la‘allahum yatafakkarūn(a).
[176]
Lamun ngersakeun, tangtu Kami bakal ngaluhurkeun (darajat)na ku éta (ayat-ayat), tapi manéhna geus condong kana dunya jeung nurutkeun hawa napsuna. Mangka, babandinganana téh saperti anjing. Lamun hidep ngagebah, tangtu bakal ngelélkeun létahna, tapi lamun ku hidep diantep, éta anjing téh sarua ngelélkeun létahna (deui). Éta téh babandingan jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami. Ku kituna, pék caritakeun éta kisah-kisah téh sangkan maranéhna daékeun mikir.
سَاۤءَ مَثَلًا ۨالْقَوْمُ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَاَنْفُسَهُمْ كَانُوْا يَظْلِمُوْنَ١٧٧
Sā'a maṡalanil-qaumul-lażīna każżabū bi'āyātinā wa anfusahum kānū yaẓlimūn(a).
[177]
Goréng patut pisan babandingan kaom nu ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami téh. Maranéhna téh ngan ngadoliman ka dirina sorangan.
مَنْ يَّهْدِ اللّٰهُ فَهُوَ الْمُهْتَدِيْۚ وَمَنْ يُّضْلِلْ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ١٧٨
May yahdillāhu fa huwal-muhtadī, wa may yuḍlil fa ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[178]
Saha baé jalma nu dipaparinan pituduh ku Allah, nya manéhna téh nu meunang pituduh; Saha baé jalma anu disasarkeun ku Allah, nya maranéhna téh kaasup jalma-jalma anu rugi.
وَلَقَدْ ذَرَأْنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيْرًا مِّنَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِۖ لَهُمْ قُلُوْبٌ لَّا يَفْقَهُوْنَ بِهَاۖ وَلَهُمْ اَعْيُنٌ لَّا يُبْصِرُوْنَ بِهَاۖ وَلَهُمْ اٰذَانٌ لَّا يَسْمَعُوْنَ بِهَاۗ اُولٰۤىِٕكَ كَالْاَنْعَامِ بَلْ هُمْ اَضَلُّ ۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْغٰفِلُوْنَ١٧٩
Wa laqad żara'nā lijahannama kaṡīram minal-jinni wal-ins(i), lahum qulūbul lā yafqahūna bihā wa lahum a‘yunul lā yabṣirūna bihā wa lahum āżānul lā yasma‘ūna bihā, ulā'ika kal-an‘āmi bal hum aḍall(u), ulā'ika humul-gāfilūn(a).
[179]
Tétéla Kami bener-bener geus nyiptakeun loba pisan ti golongan jin jeung manusa pikeun (asup naraka) Jahanam (ku sabab kasasaranana). Maranéhna téh miboga haté anu ku maranéhna teu digunakeun pikeun ngahartikeun (ayat-ayat Allah), ngabogaan panon anu ku maranéhna henteu digunakeun pikeun nénjo (ayat-ayat Allah), jeung ngabogaan ceuli anu ku maranéhna henteu digunakeun pikeun ngadéngé (ayat-ayat Allah). Maranéhna téh kawas sato ingonan, malah leuwih sasar deui. Maranéhna téh jalma-jalma anu talodéh.
وَلِلّٰهِ الْاَسْمَاۤءُ الْحُسْنٰى فَادْعُوْهُ بِهَاۖ وَذَرُوا الَّذِيْنَ يُلْحِدُوْنَ فِيْٓ اَسْمَاۤىِٕهٖۗ سَيُجْزَوْنَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ ۖ١٨٠
Wa lillāhil-asmā'ul-ḥusnā fad‘ūhu bihā, wa żarul-lażīna yulḥidūna fī asmā'ih(ī), sayujzauna mā kānū ya‘malūn(a).
[180]
Allah ngagaduhan Asmaul Husna (jenengan-jenengan anu saé). Ku sabab kitu, geura ngadoa ka Mantenna kalayan nyébat éta (Asmaul Husna), jeung tinggalkeun baé jalma-jalma nu nyalah-hartikeun jenengan-jenengana-Na. 359 Engké maranéhna téh tangtu bakal meunang wawales tina sagala rupa anu geus dipilampah.
359) Ulah dipaliré jalma-jalma anu nyembah Allah kalayan nyebut jenengan-jenengan anu teu payus jeung sipat-sipat tur kaagungan Mantenna, atawa jalma-jalma anu nyebut jenengan-jenengan Mantenna, tapi tujuanana keur ngaruksak jenengana-Na. Hal nu séjénna nu teu kudu dipaliré téh nyaéta jalma-jalma anu nyebut jenengan-jenengan Allah tapi lain pikeun nyebut Allah.
وَمِمَّنْ خَلَقْنَآ اُمَّةٌ يَّهْدُوْنَ بِالْحَقِّ وَبِهٖ يَعْدِلُوْنَ ࣖ١٨١
Wa mimman khalaqnā ummatuy yahdūna bil-ḥaqqi wa bihī ya‘dilūn(a).
[181]
Sabagian ti antara jalma-jalma anu ku Kami geus diciptakeun aya sagolongan umat anu méré pituduh kalayan (dasar) anu bener jeung kalayan éta (ogé) maranéhna milampah kaadilan.
وَالَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا سَنَسْتَدْرِجُهُمْ مِّنْ حَيْثُ لَا يَعْلَمُوْنَ١٨٢
Wal-lażīna każżabū bi'āyātinā sanastadrijuhum min ḥaiṡu lā ya‘lamūn(a).
[182]
Jalma-jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami bakal diantep ku Kami supaya maranéhna saeutik-saeutik (ngajugjug kana kaancuran) tina lebah anu ku maranéhna teu dikayahokeun.
وَاُمْلِيْ لَهُمْ ۗاِنَّ كَيْدِيْ مَتِيْنٌ١٨٣
Wa umlī lahum, inna kaidī matīn(un).
[183]
Kami bakal méré témpo ka maranéhna. Tétéla siasat Kami téh kacida pisan kuatna. 360
360) Allah bakal males tipu daya jalma kapir kalayan leuwih hadé.
اَوَلَمْ يَتَفَكَّرُوْا مَا بِصَاحِبِهِمْ مِّنْ جِنَّةٍۗ اِنْ هُوَ اِلَّا نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ١٨٤
Awalam yatafakkarū mā biṣāḥibihim min jinnah(tin), in huwa illā nażīrum mubīn(un).
[184]
Naha maranéhna téh teu mikir yén babaturanana téh (Muhammad) henteu gélo saeutik ogé? Anjeunna mah ngan jalma nu purah méré pépéling anu jelas.
اَوَلَمْ يَنْظُرُوْا فِيْ مَلَكُوْتِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا خَلَقَ اللّٰهُ مِنْ شَيْءٍ وَّاَنْ عَسٰٓى اَنْ يَّكُوْنَ قَدِ اقْتَرَبَ اَجَلُهُمْۖ فَبِاَيِّ حَدِيْثٍۢ بَعْدَهٗ يُؤْمِنُوْنَ١٨٥
Awalam yanẓurū fī malakūtis-samāwāti wal-arḍi wa mā khalaqallāhu min syai'iw wa an ‘asā ay yakūna qadiqtaraba ajaluhum, fa bi'ayyi ḥadīṡim ba‘dahū yu'minūn(a).
[185]
Naha maranéhna henteu niténan karajaan langit jeung bumi sarta sagala anu diciptakeun ku Allah jeung kana kamungkinan geus deukeutna waktu (kabinasaan) maranéhna? Tuluy, béja mana deui sanggeus ieu nu ku maranéhna bakal dipercaya?
مَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَلَا هَادِيَ لَهٗ ۖوَيَذَرُهُمْ فِيْ طُغْيَانِهِمْ يَعْمَهُوْنَ١٨٦
May yuḍlilillāhu falā hādiya lah(ū), wa yażaruhum fī ṭugyānihim ya‘mahūn(a).
[186]
Saha baé anu ku Allah disasarkeun, tangtu moal aya anu kawasa méré pituduh. Allah bakal ngantep maranéhna kagubag-gabig dina kasasaranana. 361
361) Éta jalma téh sasar ku sabab kaingkaranana jeung teu daék nurut kana pituduh-pituduh Allah.
يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ السَّاعَةِ اَيَّانَ مُرْسٰىهَاۗ قُلْ اِنَّمَا عِلْمُهَا عِنْدَ رَبِّيْۚ لَا يُجَلِّيْهَا لِوَقْتِهَآ اِلَّا هُوَۘ ثَقُلَتْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ لَا تَأْتِيْكُمْ اِلَّا بَغْتَةً ۗيَسْـَٔلُوْنَكَ كَاَنَّكَ حَفِيٌّ عَنْهَاۗ قُلْ اِنَّمَا عِلْمُهَا عِنْدَ اللّٰهِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ١٨٧
Yas'alūnaka ‘anis-sā‘ati ayyāna mursāhā, qul innamā ‘ilmuhā ‘inda rabbī, lā yujallīhā liwaqtihā illā huw(a), ṡaqulat fis-samāwāti wal-arḍ(i), lā ta'tīkum illā bagtah(tan), yas'alūnaka ka'annaka ḥafiyyun ‘anhā, qul innamā ‘ilmuhā ‘indallāhi wa lākinna akṡaran nāsi lā ya‘lamūn(a).
[187]
Maranéhna nanyakeun ka hidep (Muhammad) ngeunaan Kiamat, “Iraha éta kajadianana?” Pok ucapkeun, “Saenyana élmu ngeunaan Kiamat ngan aya di mungguhing Pangéran kuring. Moal aya (hiji jalma) nu bisa ngébréhkeun kana waktu kajadianana iwal ti Mantenna. (Kiamat) téh kacida beuratna (éwuh-pakéwuhna pikeun mahluk) nu di langit jeung di bumi. Kiamat moal datang ka aranjeun anging ngadadak.” Maranéhna nanyakeun deui ka hidep saolah-olah hidep téh nyaho (iraha kajadian Kiamat). Pok atuh ucapkeun deui, “Sabenerna élmu ngeunaan (Poé Kiamat) téh ngan wungkul aya di mungguhing Allah, tapi lolobana manusa téh henteu nyarahoeun.”
قُلْ لَّآ اَمْلِكُ لِنَفْسِيْ نَفْعًا وَّلَا ضَرًّا اِلَّا مَا شَاۤءَ اللّٰهُ ۗوَلَوْ كُنْتُ اَعْلَمُ الْغَيْبَ لَاسْتَكْثَرْتُ مِنَ الْخَيْرِۛ وَمَا مَسَّنِيَ السُّوْۤءُ ۛاِنْ اَنَا۠ اِلَّا نَذِيْرٌ وَّبَشِيْرٌ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ ࣖ١٨٨
Qul lā amliku linafsī naf‘aw wa lā ḍarran illā mā syā'allāh(u), wa lau kuntu a‘lamul gaiba-lastakṡartu minal-khair(i) - wa mā massaniyas-sū'(u) - in ana illā nażīruw wa basyīrul liqaumiy yu'minūn(a).
[188]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring henteu kawasa ngadatangkeun kamangpaatan atawa nolak kana kamadaratan pikeun kuring, anging sakur anu dikersakeun ku Allah. Lamun seug kuring nyaho kana perkara nu gaib, tangtu kuring bakal nyieun kahadéan saloba-lobana sarta bahaya ogé moal nibanan ka kuring. Kuring mah taya lian anging purah méré pépéling jeung purah méré béja pangbubungah ka kaom anu iman.”
۞ هُوَ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ مِّنْ نَّفْسٍ وَّاحِدَةٍ وَّجَعَلَ مِنْهَا زَوْجَهَا لِيَسْكُنَ اِلَيْهَاۚ فَلَمَّا تَغَشّٰىهَا حَمَلَتْ حَمْلًا خَفِيْفًا فَمَرَّتْ بِهٖ ۚفَلَمَّآ اَثْقَلَتْ دَّعَوَا اللّٰهَ رَبَّهُمَا لَىِٕنْ اٰتَيْتَنَا صَالِحًا لَّنَكُوْنَنَّ مِنَ الشّٰكِرِيْنَ١٨٩
Huwal-lażī khalaqakum min nafsiw wāḥidatiw waja‘ala minhā zaujahā liyaskuna ilaihā, falammā tagasysyāhā ḥamalat ḥamlan khafīfan fa marrat bih(ī), falammā aṡqalad da‘awallāha rabbahumā la'in ātaitanā ṣāliḥan lanakūnanna minasy-syākirīn(a).
[189]
Mantenna téh nu nyiptakeun aranjeun tina diri nu sahiji (Adam) jeung ti anjeunna Mantenna ngajadikeun pasanganana sangkan anjeunna condong jeung ngarasa tengtrem ka pasanganana. Tuluy, sanggeus anjeunna sapatemon jeung (garwana), garwana ngandung anu hampang. Mangka, anjeunna lumangsung kalayan hampang. Tuluy, sabot anjeunna ngarasa beurat, duanana (istri sareng carogéna) ngadoa ka Allah Pangéran aranjeunna, “Saleresna, upami Gusti maparinan ka abdi anak anu soléh, tangtu abdi sadaya téh kalebet golongan jalmi-jalmi anu sukuran.” 362
362) Ieu kajadian téh lain ngeunaan Nabi Adam, tapi ngeunaan sabagian katurunana.
فَلَمَّآ اٰتٰىهُمَا صَالِحًا جَعَلَا لَهٗ شُرَكَاۤءَ فِيْمَآ اٰتٰىهُمَا ۚفَتَعٰلَى اللّٰهُ عَمَّا يُشْرِكُوْنَ١٩٠
Falammā ātāhumā ṣāliḥan ja‘alā lahū syurakā'a fīmā ātāhumā, fa ta‘ālallāhu ‘ammā yusyrikūn(a).
[190]
Saterusna, saparantos Mantenna maparin ka duanana putra anu soléh, maranéhna (jalma-jalma musrik) ngajadikeun sarékat pikeun Allah 363 dina (nyiptakeun) putra nu ku Mantenna geus dipaparinkeun. Mahaluhur Allah tina sakur nu disarékatkeun ku maranéhna.
363) Jalma-jalma musrik téh ngajadikeun sarékat ka Allah dina nyiptakeun anak. Maranéhna nganggap yén anak nu dilahirkeun téh nyaéta hamba-hamba berhala ogé. Ku sabab kitu, maranéhna méré ngaran budak nu dilahirkeun saperti ngaran Abdul Uzza, Abdu Mannat, Abdu Latta, Abdu Syam, jeung sabangsana.
اَيُشْرِكُوْنَ مَا لَا يَخْلُقُ شَيْـًٔا وَّهُمْ يُخْلَقُوْنَۖ١٩١
Ayusyrikūna mā lā yakhluqu syai'aw wa hum yukhlaqūn(a).
[191]
Naha maranéhna nyarékatkeun (Allah ku) berhala nu henteu pisan-pisan bisaeun nyieun naon-naon, malah manéhna (berhala) sorangan diciptakeun?
وَلَا يَسْتَطِيْعُوْنَ لَهُمْ نَصْرًا وَّلَآ اَنْفُسَهُمْ يَنْصُرُوْنَ١٩٢
Wa lā yastaṭī‘ūna lahum naṣraw wa lā anfusahum yanṣurūn(a).
[192]
Éta (berhala) teu bisaeun méré pitulung ka maranéhna jeung (malah) ka dirina sorangan ogé henteu bisaeun nulungan.
وَاِنْ تَدْعُوْهُمْ اِلَى الْهُدٰى لَا يَتَّبِعُوْكُمْۗ سَوَۤاءٌ عَلَيْكُمْ اَدَعَوْتُمُوْهُمْ اَمْ اَنْتُمْ صٰمِتُوْنَ١٩٣
Wa in tad‘ūhum ilal-hudā lā yattabi‘ūkum, sawā'un ‘alaikum ada‘autumūhum am antum ṣāmitūn(a).
[193]
Lamun aranjeun (hé jalma-jalma musrik) ngajak maranéhna (éta berhala-berhala) pikeun méré pituduh ka aranjeun, éta berhala henteu bisa nyumponan kana panggero aranjeun. Sarua baé (hasilna) pikeun aranjeun, naha aranjeun ngajak ka maranéhna atawa cicing ogé.
اِنَّ الَّذِيْنَ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ عِبَادٌ اَمْثَالُكُمْ فَادْعُوْهُمْ فَلْيَسْتَجِيْبُوْا لَكُمْ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١٩٤
Innal-lażīna tad‘ūna min dūnillāhi ‘ibādun amṡālukum fad‘ūhum falyastajībū lakum in kuntum ṣādiqīn(a).
[194]
Saenyana berhala-berhala anu ku maranéh sok disambat ti salian Allah téh nyaéta mahluk (anu héngkér) jiga maranéh. Mangka, sok atuh sambat éta berhala-berhala téh tuluy maranéhna sina nedunan kana panyambat maranéh lamun enya mah maranéh téh jalma-jalma bener.
اَلَهُمْ اَرْجُلٌ يَّمْشُوْنَ بِهَآ ۖ اَمْ لَهُمْ اَيْدٍ يَّبْطِشُوْنَ بِهَآ ۖ اَمْ لَهُمْ اَعْيُنٌ يُّبْصِرُوْنَ بِهَآ ۖ اَمْ لَهُمْ اٰذَانٌ يَّسْمَعُوْنَ بِهَاۗ قُلِ ادْعُوْا شُرَكَاۤءَكُمْ ثُمَّ كِيْدُوْنِ فَلَا تُنْظِرُوْنِ١٩٥
Alahum arjuluy yamsyūna bihā am lahum aidiy yabṭisyūna bihā am lahum a‘yunuy yubṣirūna bihā am lahum āżānuy yasma‘ūna bihā, qulid‘ū syurakā'akum ṡumma kīdūni falā tunẓirūn(i).
[195]
Naha maranéhna (berhala-berhala) téh bogaeun suku paranti leumpang, bogaeun leungeun paranti nyekel kalayan kuat, 364 bogaeun panon paranti nénjo, atawa bogaeun ceuli paranti ngadéngé? Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sok geura sambat éta (berhala-berhala aranjeun) téh anu disangka sarékat Allah, tuluy pék geura gawé tipu daya (pikeun nyilakakeun) kuring. Tong ditunda-tunda deui!
364) Kecap yabṭisyūn di dieu bisa diartikeun ku sababaraha harti, ti antarana nampiling, ngaruksak, neunggeul, ngajenggut kalayan kasar, jeung sajabana.
اِنَّ وَلِيِّ َۧ اللّٰهُ الَّذِيْ نَزَّلَ الْكِتٰبَۖ وَهُوَ يَتَوَلَّى الصّٰلِحِيْنَ١٩٦
Inna waliyyiyallāhul-lażī nazzalal-kitāb(a), wa huwa yatawallaṣ-ṣāliḥīn(a).
[196]
Saenyana nu nangtayungan kuring mah nyaéta Allah anu parantos nurunkeun Kitab suci (Al-Qur’an). Mantenna nu nangtayungan ka jalmi-jalmi nu soléh.
وَالَّذِيْنَ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖ لَا يَسْتَطِيْعُوْنَ نَصْرَكُمْ وَلَآ اَنْفُسَهُمْ يَنْصُرُوْنَ١٩٧
Wal-lażīna tad‘ūna min dūnihī lā yastaṭī‘ūna naṣrakum wa lā anfusahum yanṣurūn(a).
[197]
Berhala-berhala anu ku aranjeun disambat salian ti Allah téh moal sanggup nulungan aranjeun, malahan teu bisaeun nulungan ka dirina sorangan ogé.”
وَاِنْ تَدْعُوْهُمْ اِلَى الْهُدٰى لَا يَسْمَعُوْاۗ وَتَرٰىهُمْ يَنْظُرُوْنَ اِلَيْكَ وَهُمْ لَا يُبْصِرُوْنَ١٩٨
Wa in tad‘ūhum ilal-hudā lā yasma‘ū, wa tarāhum yanẓurūna ilaika wa hum lā yubṣirūn(a).
[198]
Lamun maranéh nyambat ka éta berhala-berhala pikeun méré pituduh, maranéhna moal bisa ngadéngé. Maranéh nganggap maranéhna téh niténan ka maranéh, padahal maranéhna mah henteu nénjo.
خُذِ الْعَفْوَ وَأْمُرْ بِالْعُرْفِ وَاَعْرِضْ عَنِ الْجٰهِلِيْنَ١٩٩
Khużil-‘afwa wa'mur bil-‘urfi wa a‘riḍ ‘anil-jāhilīn(a).
[199]
Atuh hidep (Muhammad) sing jadi jalma anu méré hampura baé! Pék geura paréntah (jalma-jalma) kana nu ma’rup jeung geura ngabalieur ti jalma-jalma anu bodo!
وَاِمَّا يَنْزَغَنَّكَ مِنَ الشَّيْطٰنِ نَزْغٌ فَاسْتَعِذْ بِاللّٰهِ ۗاِنَّهٗ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٢٠٠
Wa immā yanzagannaka minasy-syaiṭāni nazgun fasta‘iż billāh(i), innahū samī‘un ‘alīm(un).
[200]
Lamun sétan datang pikeun ngagoda hidep (Muhammad), atuh geura ménta panangtayungan ka Allah. 365 Sabenerna Mantenna mah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
365) Ngucapkeun kalimah a’ūżubillāhi minasyaiṭānirrajīm.
اِنَّ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا اِذَا مَسَّهُمْ طٰۤىِٕفٌ مِّنَ الشَّيْطٰنِ تَذَكَّرُوْا فَاِذَا هُمْ مُّبْصِرُوْنَۚ٢٠١
Innal-lażīnattaqau iżā massahum ṭā'ifum minasy-syaiṭāni tażakkarū fa iżā hum mubṣirūn(a).
[201]
Saenyana jalma-jalma anu takwa lamun seug dibayang-bayangan ku pikiran jahat (migawé dosa) ti sétan, aranjeunna mah gancang-gancang inget kana (dosa jeung ganjaran ti) Allah. Mangka, harita kénéh aranjeunna mah ningal (kana bebeneran).
وَاِخْوَانُهُمْ يَمُدُّوْنَهُمْ فِى الْغَيِّ ثُمَّ لَا يُقْصِرُوْنَ٢٠٢
Wa ikhwānuhum yamuddūnahum fil-gayyi ṡumma lā yuqṣirūn(a).
[202]
Babaturan sétan-sétan (nyaéta jalma kapir jeung jalma pasék) ngabantuan sétan-sétan dina kasasaran, tuluy maranéhna henteu eureun-eureun tina (nyasarkeun).
وَاِذَا لَمْ تَأْتِهِمْ بِاٰيَةٍ قَالُوْا لَوْلَا اجْتَبَيْتَهَاۗ قُلْ اِنَّمَآ اَتَّبِعُ مَا يُوْحٰٓى اِلَيَّ مِنْ رَّبِّيْۗ هٰذَا بَصَاۤىِٕرُ مِنْ رَّبِّكُمْ وَهُدًى وَّرَحْمَةٌ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٢٠٣
Wa iżā lam ta'tihim bi'āyatin qālū lau lajtabaitahā, qul inamā attabi‘u mā yūḥā ilayya mir rabbī, hāżā baṣā'iru mir rabbikum wa hudaw wa raḥmatul liqaumiy yu'minūn(a).
[203]
Upama hidep (Muhammad) henteu ngabacakeun hiji ayat ka maranéhna, maranéhna ngomong kieu, “Ku naoan anjeun henteu nyieun sorangan baé éta ayat?” Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana kuring mah ngan wungkul tumut kana naon nu geus diwahyukeun ku Pangéran kuring ka kuring. (Al-Qur’an) téh mangrupa bukti-bukti nu jelas ti Pangéran aranjeun, sarta pituduh jeung jadi rahmat pikeun jalma-jalma anu iman.”
وَاِذَا قُرِئَ الْقُرْاٰنُ فَاسْتَمِعُوْا لَهٗ وَاَنْصِتُوْا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ٢٠٤
Wa iżā quri'al-qur'ānu fastami‘ū lahū wa anṣitū la‘allakum turḥamūn(a).
[204]
Upama Al-Qur’an dibacakeun, pék déngékeun (kalayan taliti) sarta kudu jempé, sangkan aranjeun dipaparinan rahmat. 366
366) Upama dibacakeun ayat-ayat Al-Qur’an, urang kudu ngadangukeun kalayan sikep awak cicing, boh dina salat boh di luar salat, anging bacaan Al-Qur’an nu dibacakeun waktu salat barjama’ah, ma’mum meunang maca surat al-Fātiḥah waktu imam maca ayat-ayat Al-Qur’an ba’da maca surat al-Fātiḥah.
وَاذْكُرْ رَّبَّكَ فِيْ نَفْسِكَ تَضَرُّعًا وَّخِيْفَةً وَّدُوْنَ الْجَهْرِ مِنَ الْقَوْلِ بِالْغُدُوِّ وَالْاٰصَالِ وَلَا تَكُنْ مِّنَ الْغٰفِلِيْنَ٢٠٥
Ważkur rabbaka fī nafsika taḍarru‘aw wa khīfataw wa dūnal-jahri minal-qauli bil-guduwwi wal-āṣāli wa lā takum minal-gāfilīn(a).
[205]
Sing inget ka Pangéran hidep dina haté hidep kalayan handap asor jeung rasa ajrih, tur teu narikkeun sora, dina saban-saban isuk jeung pasosoré, jeung kadé ulah kaasup jalma-jalma anu haré-haré.
اِنَّ الَّذِيْنَ عِنْدَ رَبِّكَ لَا يَسْتَكْبِرُوْنَ عَنْ عِبَادَتِهٖ وَيُسَبِّحُوْنَهٗ وَلَهٗ يَسْجُدُوْنَ ࣖ ۩٢٠٦
Innal-lażīna ‘inda rabbika lā yastakbirūna ‘an ‘ibādatihī wa yusabbiḥūnahū wa lahū yasjudūn(a).
[206]
Saenyana jalma-jalma nu aya di mungguhing Pangéran hidep téh henteu nyombongkeun dirina tina ibadah ka Allah sareng aranjeunna ngamahasucikeun (ka Mantenna). Mung ka Allah wungkul aranjeunna sumujud. 367
367) Ieu ayat kaasup salah sahiji ayat sajdah, nyaéta ayat anu lamun urang ngadangukeun kana éta ayat atawa maca kana éta ayat, mangka disunnahkeun sujud, boh waktu salat atawa di luar salat. Ieu sujud dingaranan sujud tilawah ku para ulama.