Surah Al-Haqqah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَاۤقَّةُۙ١
Al-ḥāqqah(tu).
[1] Al-Ḥāqqah (Poé Kiamat anu pasti datangna). 890
890) Al-Ḥāqqah nurutkeun bahasa nyaéta “nu pasti lumangsungna”. Poé Kiamat dingaranan al-Ḥāqqah sabab pasti lumangsungna.

مَا الْحَاۤقَّةُ ۚ٢
Mal-ḥāqqah(tu).
[2] Naon ari Al-Ḥāqqah téh?

وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا الْحَاۤقَّةُ ۗ٣
Wa mā adrāka mal-ḥāqqah(tu).
[3] Naha anjeun nyaho naon ari Al-Ḥāqqah téh?

كَذَّبَتْ ثَمُوْدُ وَعَادٌ ۢبِالْقَارِعَةِ٤
Każżabat ṡamūdu wa ‘ādum bil-qāri‘ah(ti).
[4] Kaom Samud jeung Kaom ‘Ad geus ngabohongkeun kana Poé Kiamat. 891
891) Al-Qōri’ah nurutkeun bahasa nyaéta “anu ngaruntagkeun haté”. Poé Kiamat dingaranan al-Qōri’ah sabab matak ngaruntagkeun haté.

فَاَمَّا ثَمُوْدُ فَاُهْلِكُوْا بِالطَّاغِيَةِ٥
Fa'ammā ṡamūdu fa uhlikū biṭ-ṭāgiyah(ti).
[5] Anapon kaom Samud, maranéhna geus dibinasakeun ku sora nu tarik pisan. 892
892) Kolényay nu kacida tarikna nu nyebabkeun sora nu ngaguntur nepi ka bisa ngaruksak.

وَاَمَّا عَادٌ فَاُهْلِكُوْا بِرِيْحٍ صَرْصَرٍ عَاتِيَةٍۙ٦
Wa ammā ‘ādun fa'uhlikū birīḥin ṣarṣarin ‘ātiyah(tin).
[6] Sedengkeun kaom ‘Ad, maranéhna geus dibinasakeun ku angin topan nu tiis pisan.

سَخَّرَهَا عَلَيْهِمْ سَبْعَ لَيَالٍ وَّثَمٰنِيَةَ اَيَّامٍۙ حُسُوْمًا فَتَرَى الْقَوْمَ فِيْهَا صَرْعٰىۙ كَاَنَّهُمْ اَعْجَازُ نَخْلٍ خَاوِيَةٍۚ٧
Sakhkharahā ‘alaihim sab‘a layāliw wa ṡamāniyata ayyām(in), ḥusūman fataral-qauma fīhā ṣar‘ā, ka'annahum a‘jāzu nakhlin khāwiyah(tin).
[7] Allah nibankeun angin ka maranéhna salila tujuh peuting dalapan poé terus-terusan. Nya anjeun nénjo kaom ‘Ad dina éta waktu paraéh tinggarolépak jiga catang korma nu geus bobo (lapuk).

فَهَلْ تَرٰى لَهُمْ مِّنْۢ بَاقِيَةٍ٨
Fahal tarā lahum mim bāqiyah(tin).
[8] Naha anjeun nénjo sajalma baé nu nyésa ti antara maranéhna? 893
893) Maranéhna béak dibinasakeun nepi ka teu boga turunan.

وَجَاۤءَ فِرْعَوْنُ وَمَنْ قَبْلَهٗ وَالْمُؤْتَفِكٰتُ بِالْخَاطِئَةِۚ٩
Wa jā'a fir‘aunu wa man qablahū wal-mu'tafikātu bil-khāṭi'ah(ti).
[9] Kitu deui, Fir’aun jeung jalma-jalma anu saméméhna, sarta (pangeusi) nagri anu dijungkir-balikkeun datang kalayan mawa kasalahan nu pohara gedéna. 894
894) Kaom-kaom baheula nu ingkar ka nabi-nabi téh saperti kaom Soléh, kaom Syuéb, jeung séjénna, sarta nagri-nagri anu dijuralitkeun, nyaéta nagri-nagri kaom Lut. Kasalahan anu dilakonan ku maranéhna téh nyaéta ngabohongkeun para rasul.

فَعَصَوْا رَسُوْلَ رَبِّهِمْ فَاَخَذَهُمْ اَخْذَةً رَّابِيَةً١٠
Fa ‘aṣau rasūla rabbihim fa akhażahum akhżatar rābiyah(tan).
[10] Maranéhna wangkelang ka utusan Pangéranana, tuluy Mantenna nyiksa ka maranéhna ku siksaan anu kacida tarikna.

اِنَّا لَمَّا طَغَا الْمَاۤءُ حَمَلْنٰكُمْ فِى الْجَارِيَةِۙ١١
Innā lammā ṭagal-mā'u ḥamalnākum fil-jāriyah(ti).
[11] Sabenerna waktu cai naék (nepi ka gunung), Kami mawa (karuhun) maranéh (Nuh) 895 ka jero parahu
895) Anu dibawa kana parahu Nabi Nuh keur disalametkeun téh nyaéta kulawargana jeung jalma-jalma anu iman, tapi teu kaasup budakna anu doraka.

لِنَجْعَلَهَا لَكُمْ تَذْكِرَةً وَّتَعِيَهَآ اُذُنٌ وَّاعِيَةٌ١٢
Linaj‘alahā lakum tażkirataw wa ta‘iyahā użunuw wā‘iyah(tun).
[12] sangkan Kami ngajadikeun (éta kajadian) téh minangka panggeuing pikeun maranéh jeung sangkan diregepkeun ku ceuli anu daék ngadéngé.

فَاِذَا نُفِخَ فِى الصُّوْرِ نَفْخَةٌ وَّاحِدَةٌ ۙ١٣
Fa iżā nufikha fiṣ-ṣūri nafkhatuw wāḥidah(tun).
[13] Upama sangkakala ditiup sakali tiupan 896
896) Tiupan kahiji dina éta mangsa nyebabkeun sakabéh alam jadi ancur.

وَّحُمِلَتِ الْاَرْضُ وَالْجِبَالُ فَدُكَّتَا دَكَّةً وَّاحِدَةًۙ١٤
Wa ḥumilatil-arḍu wal-jibālu fa dukkatā dakkataw wāḥidah(tan).
[14] jeung bumi jeung gunung-gunung diangkat tuluy diadukeun duanana kalayan sakaligus.

فَيَوْمَىِٕذٍ وَّقَعَتِ الْوَاقِعَةُۙ١٥
Fayauma'iżiw waqa‘atil-wāqi‘ah(tu).
[15] Dina éta poé nya kajadian Poé Kiamat téh.

وَانْشَقَّتِ السَّمَاۤءُ فَهِيَ يَوْمَىِٕذٍ وَّاهِيَةٌۙ١٦
Wansyaqqatis-samā'u fahiya yauma'iżiw wāhiyah(tun).
[16] Langit ogé barejad sabab dina éta poé langit téh jadi uduh.

وَّالْمَلَكُ عَلٰٓى اَرْجَاۤىِٕهَاۗ وَيَحْمِلُ عَرْشَ رَبِّكَ فَوْقَهُمْ يَوْمَىِٕذٍ ثَمٰنِيَةٌ ۗ١٧
Wal-malaku ‘alā arjā'ihā, wa yaḥmilu ‘arsya rabbika fauqahum yauma'iżin ṡamāniyah(tun).
[17] Para malaikat aya di tiap juru langit. Dina éta poé dalapan malaikat nyuhun arasy (singgasana) Pangéran hidep di luhureun (sirah)na.

يَوْمَىِٕذٍ تُعْرَضُوْنَ لَا تَخْفٰى مِنْكُمْ خَافِيَةٌ١٨
Yauma'iżin tu‘raḍūna lā takhfā minkum khāfiyah(tun).
[18] Dina éta poé maranéh bakal dihadepkeun (ka Pangéran maranéh). Teu aya hiji perkara ogé ti maranéh anu buni (pikeun Allah mah).

فَاَمَّا مَنْ اُوْتِيَ كِتٰبَهٗ بِيَمِيْنِهٖ فَيَقُوْلُ هَاۤؤُمُ اقْرَءُوْا كِتٰبِيَهْۚ١٩
Fa ammā man ūtiya kitābahū biyamīnihī fa yaqūlu hā'umuqra'ū kitābiyah.
[19] Anapon jalma anu catetan amalna 897 dibikeun dina leungeun anu katuhuna, nya manéhna nyarita (ka jalma-jalma anu aya di sabudeureunana), “Pék carokot (jeung) baraca ieu catetan amal kuring.
897) Catetan amal pagawéan.

اِنِّيْ ظَنَنْتُ اَنِّيْ مُلٰقٍ حِسَابِيَهْۚ٢٠
Innī ẓanantu annī mulāqin ḥisābiyah.
[20] Sabenerna da kuring mah yakin yén (hiji mangsa) kuring bakal narima balitungan amal ti diri kuring.”

فَهُوَ فِيْ عِيْشَةٍ رَّاضِيَةٍۚ٢١
Fa huwa fī ‘īsyatir rāḍiyah(tin).
[21] Ku kituna, anjeunna aya dina kahirupan nu dipirido

فِيْ جَنَّةٍ عَالِيَةٍۙ٢٢
Fī jannatin ‘āliyah(tin).
[22] di jero sawarga nu luhur,

قُطُوْفُهَا دَانِيَةٌ٢٣
Quṭūfuhā dāniyah(tun).
[23] buah-buhan dideukeutkeun,

كُلُوْا وَاشْرَبُوْا هَنِيْۤـًٔا ۢبِمَآ اَسْلَفْتُمْ فِى الْاَيَّامِ الْخَالِيَةِ٢٤
Kulū wasyrabū hanī'am bimā aslaftum fil-ayyāmil-khāliyah(ti).
[24] (tuluy ka aranjeunna diucapkeun), “Pék dalahar jeung ngarinum kalayan nikmat (tur) bungah ku lantaran amal nu geus ditataharkeun ku aranjeun dina mangsa-mangsa nu geus kaliwat!”

وَاَمَّا مَنْ اُوْتِيَ كِتٰبَهٗ بِشِمَالِهٖ ەۙ فَيَقُوْلُ يٰلَيْتَنِيْ لَمْ اُوْتَ كِتٰبِيَهْۚ٢٥
Wa ammā man ūtiya kitābahū bisyimālih(ī), fa yaqūlu yā laitanī lam ūta kitābiyah.
[25] Anapon jalma anu catetan amalna dibikeun ti leungeun anu kéncaeunana, nya manéhna nyarita, “Duh mun seug (ieu) catetan amal téh henteu dibikeun ka kuring,

وَلَمْ اَدْرِ مَا حِسَابِيَهْۚ٢٦
Wa lam adri mā ḥisābiyah.
[26] jeung kuring henteu nyaho kumaha balitungan kuring.

يٰلَيْتَهَا كَانَتِ الْقَاضِيَةَۚ٢٧
Yā laitahā kānatil-qāḍiyah(ta).
[27] Duh mun seug (maot) téh pamungkas pikeun sagala perkara.

مَآ اَغْنٰى عَنِّيْ مَالِيَهْۚ٢٨
Mā agnā ‘annī māliyah.
[28] Harta kuring kalintang teu guna pikeun kuring.

هَلَكَ عَنِّيْ سُلْطٰنِيَهْۚ٢٩
Halaka ‘annī sulṭāniyah.
[29] Kakawasaan geus leungit ti kuring.”

خُذُوْهُ فَغُلُّوْهُۙ٣٠
Khużūhu fagullūh(u).
[30] (Allah ngadawuh), “Geura téwak manéhna téh tuluy borogodkeun lengeunna kana beuheungna,

ثُمَّ الْجَحِيْمَ صَلُّوْهُۙ٣١
Ṡummal-jaḥīma ṣallūh(u).
[31] uluy gebruskeun manéhna ka jero (seuneu) naraka anu ngéntab-ngéntab,

ثُمَّ فِيْ سِلْسِلَةٍ ذَرْعُهَا سَبْعُوْنَ ذِرَاعًا فَاسْلُكُوْهُۗ٣٢
Ṡumma fī silsilatin żar‘uhā sab‘ūna żirā‘an faslukūh(u).
[32] tuluy beulit manéhna ku ranté anu panjangna tujuh puluh hasta!”

اِنَّهٗ كَانَ لَا يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ الْعَظِيْمِۙ٣٣
Innahū kāna lā yu'minu billāhil-‘aẓīm(i).
[33] Sabenerna manéhna téh jalma nu teu iman ka Allah Nu Mahaagung.

وَلَا يَحُضُّ عَلٰى طَعَامِ الْمِسْكِيْنِۗ٣٤
Wa lā yaḥuḍḍu ‘alā ṭa‘āmil-miskīn(i).
[34] Manéhna ogé tara ngadorong (batur) pikeun méré dahar ka jalma miskin.

فَلَيْسَ لَهُ الْيَوْمَ هٰهُنَا حَمِيْمٌۙ٣٥
Fa laisa lahul-yauma hāhunā ḥamīm(un).
[35] Ku kituna, dina ieu poé teu aya sajalma ogé sobat keur manéhna.

وَّلَا طَعَامٌ اِلَّا مِنْ غِسْلِيْنٍۙ٣٦
Wa lā ṭa‘āmun illā min gislīn(in).
[36] Teu aya dahareun (keur manéhna) salian ti getih campur nanah.

لَّا يَأْكُلُهٗٓ اِلَّا الْخٰطِـُٔوْنَ ࣖ٣٧
Lā ya'kuluhū illal-khāṭi'ūn(a).
[37] Teu aya nu ngadaharna salian jalma-jalma anu darosa.

فَلَآ اُقْسِمُ بِمَا تُبْصِرُوْنَۙ٣٨
Falā uqsimu bimā tubṣirūn(a).
[38] Nya Kami sumpah demi naon anu katénjo ku hidep

وَمَا لَا تُبْصِرُوْنَۙ٣٩
Wa mā lā tubṣirūn(a).
[39] jeung demi naon anu teu katénjo ku hidep.

اِنَّهٗ لَقَوْلُ رَسُوْلٍ كَرِيْمٍۙ٤٠
Innahū laqaulu rasūlin karīm(in).
[40] Sabenerna ieu (Al-Qur’an) téh bener-bener wahyu (nu diturunkeun ka) Rasul nu mulya

وَّمَا هُوَ بِقَوْلِ شَاعِرٍۗ قَلِيْلًا مَّا تُؤْمِنُوْنَۙ٤١
Wa mā huwa biqauli syā‘ir(in), qalīlam mā tu'minūn(a).
[41] Ieu (Al-Qur’an) téh lain omongan tukang sair. Saeutik pisan maranéh iman (kana éta Al-Qur’an).

وَلَا بِقَوْلِ كَاهِنٍۗ قَلِيْلًا مَّا تَذَكَّرُوْنَۗ٤٢
Wa lā biqauli kāhin(in), qalīlam mā tażakkarūn(a).
[42] Ieu (Al-Qur’an) téh lain omongan tukang tenung. Saeutik pisan maranéh nyokot atikan (tina éta Al-Qur’an).

تَنْزِيْلٌ مِّنْ رَّبِّ الْعٰلَمِيْنَ٤٣
Tanzīlum mir rabbil-‘ālamīn(a).
[43] Ieu (Al-Qur’an) téh nyaéta wahyu nu diturunkeun ti Pangéran nu murbéng sakumna alam.

وَلَوْ تَقَوَّلَ عَلَيْنَا بَعْضَ الْاَقَاوِيْلِۙ٤٤
Wa lau taqawwala ‘alainā ba‘ḍal-aqāwīl(i).
[44] Upama anjeunna (Muhammad) ngaya-aya sawaréh baé tina éta pidawuh kalayan (asma) Kami,

لَاَخَذْنَا مِنْهُ بِالْيَمِيْنِۙ٤٥
La'akhażnā minhu bil-yamīn(i).
[45] tangtu Kami bakal nyiksa anjeunna ku siksaan anu kuat, 898
898) Kami méré tindakan satarik-tarikna.

ثُمَّ لَقَطَعْنَا مِنْهُ الْوَتِيْنَۖ٤٦
Ṡumma laqaṭa‘nā minhul-watīn(a).
[46] tuluy tangtu Kami megatkeun urat jantungna.

فَمَا مِنْكُمْ مِّنْ اَحَدٍ عَنْهُ حٰجِزِيْنَۙ٤٧
Famā minkum min aḥadin ‘anhu ḥājizīn(a).
[47] Nya moal aya saurang ogé ti antara maranéh nu bisa ngahalangan (Kami pikeun nyiksana).

وَاِنَّهٗ لَتَذْكِرَةٌ لِّلْمُتَّقِيْنَ٤٨
Wa innahū latażkiratul lil-muttaqīn(a).
[48] Sabenerna Al-Qur’an téh panggeuing pikeun jalma-jalma anu takwa.

وَاِنَّا لَنَعْلَمُ اَنَّ مِنْكُمْ مُّكَذِّبِيْنَۗ٤٩
Wa innā lana‘lamu anna minkum mukażżibīn(a).
[49] Sabenerna Kami uninga yén di antara maranéh téh aya jalma-jalma anu ngabohongkeun.

وَاِنَّهٗ لَحَسْرَةٌ عَلَى الْكٰفِرِيْنَۚ٥٠
Wa innahū laḥasratun ‘alal-kāfirīn(a).
[50] Sabenerna ieu (Al-Qur’an) téh bakal nimbulkeun pikaduhungeun pikeun jalma-jalma kapir (di ahérat).

وَاِنَّهٗ لَحَقُّ الْيَقِيْنِ٥١
Wa innahū laḥaqqul-yaqīn(i).
[51] Sabenerna ieu (Al-Qur’an) téh bebeneran anu ngayakinkeun.

فَسَبِّحْ بِاسْمِ رَبِّكَ الْعَظِيْمِ ࣖ٥٢
Fa sabbiḥ bismi rabbikal-‘aẓīm(i).
[52] Ku kituna, pék geura tarasbéh kalayan (nyebat) asma Pangéran hidep Nu Mahaagung.