Surah Al-Qalam

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
نۤ ۚوَالْقَلَمِ وَمَا يَسْطُرُوْنَۙ١
Nūn, wal-qalami wa mā yasṭurūn(a).
[1] Nun! Demi péna jeung sakabéh anu ditulis ku aranjeun.

مَآ اَنْتَ بِنِعْمَةِ رَبِّكَ بِمَجْنُوْنٍ٢
Mā anta bini‘mati rabbika bimajnūn(in).
[2] Berkat kurnia ti Pangéran, hidep (Muhammad) téh lain jalma gélo.

وَاِنَّ لَكَ لَاَجْرًا غَيْرَ مَمْنُوْنٍۚ٣
Wa inna laka la'ajran gaira mamnūn(in).
[3] Sabenerna hidep téh pasti meunang pahala nu badag anu taya kendatna.

وَاِنَّكَ لَعَلٰى خُلُقٍ عَظِيْمٍ٤
Wa innaka la‘alā khuluqin ‘aẓīm(in).
[4] Sabenerna hidep téh ngabogaan budi-pangarti anu luhung.

فَسَتُبْصِرُ وَيُبْصِرُوْنَۙ٥
Fasatubṣiru wa yubṣirūn(a).
[5] Engké hidep bakal ningali jeung maranéhna (jalma-jalma kapir) ogé bakal nénjo,

بِاَيِّىكُمُ الْمَفْتُوْنُ٦
Bi'ayyikumul-maftūn(u).
[6] saha ti antara maranéh nu gélo?

اِنَّ رَبَّكَ هُوَ اَعْلَمُ بِمَنْ ضَلَّ عَنْ سَبِيْلِهٖۖ وَهُوَ اَعْلَمُ بِالْمُهْتَدِيْنَ٧
Inna rabbaka huwa a‘lamu biman ḍalla ‘an sabīlih(ī), wa huwa a‘lamu bil-muhtadīn(a).
[7] Sabenerna Pangéran hidep téh langkung uninga ka saha nu sasar tina jalan-Na. Mantenna ogé langkung uninga ka jalma-jalma anu meunang pituduh.

فَلَا تُطِعِ الْمُكَذِّبِيْنَ٨
Falā tuṭi‘il-mukażżibīn(a).
[8] Ku kituna, hidep ulah nurut ka jalma-jalma anu ngabahongkeun agama.

وَدُّوْا لَوْ تُدْهِنُ فَيُدْهِنُوْنَۚ٩
Waddū lau tudhinu fayudhinūn(a).
[9] Maranéhna miharep upama hidep ngabogaan sikep leuleus jeujeur. Nya maranéhna leuleus jeujeur (ogé).

وَلَا تُطِعْ كُلَّ حَلَّافٍ مَّهِيْنٍۙ١٠
Wa lā tuṭi‘ kulla ḥallāfim mahīn(in).
[10] Hidep ulah nurut ka saban jalma anu tukang sumpah, tukang ngahina,

هَمَّازٍ مَّشَّاۤءٍۢ بِنَمِيْمٍۙ١١
Hammāzim masysyā'im binamīm(in).
[11] tukang nyawad anu ka ditu ka dieu nyebarkeun pitnah,

مَّنَّاعٍ لِّلْخَيْرِ مُعْتَدٍ اَثِيْمٍۙ١٢
Mannā‘il lil-khairi mu‘tadin aṡīm(in).
[12] anu ngahalang-ngahalang kana sagala kahadéan, anu ngaliwatan wates, anu loba dosa,

عُتُلٍّۢ بَعْدَ ذٰلِكَ زَنِيْمٍۙ١٣
‘Utullim ba‘da żālika zanīm(in).
[13] (jeung) anu ngabogaan tabiat heuras, jaba ti éta ogé ténar kagorénganana,

اَنْ كَانَ ذَا مَالٍ وَّبَنِيْنَۗ١٤
An kāna żā māliw wa banīn(a).
[14] pédah manéhna téh loba harta jeung loba anak. 881
881) Jalma anu ngabogaan budak tur beunghar pastina babari meunang pangikut. Tapi lamun manéhna ngabogaan sipat-sipat saperti nu aya dina ayat 13, nya manéhna teu meunang diiluan.

اِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِ اٰيٰتُنَا قَالَ اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَۗ١٥
Iżā tutlā ‘alaihi āyātunā qāla asāṭīrul-awwalīn(a).
[15] Upama ayat-ayat Kami dibacakeun ka manéhna, pokna téh, “(Ieu téh nyaéta) dongéng-dongéng jalma baheula.

سَنَسِمُهٗ عَلَى الْخُرْطُوْمِ١٦
Sanasimuhū ‘alal-khurṭūm(i).
[16] Engké manéhna bakal dibéré tanda ku Kami dina tulalén(na). 882
882) Anu dimaksud “tulalé” di dieu téh nyaéta irung. Dipakéna kecap “tulalé” téh pikeun ngahinakeun.

اِنَّا بَلَوْنٰهُمْ كَمَا بَلَوْنَآ اَصْحٰبَ الْجَنَّةِۚ اِذْ اَقْسَمُوْا لَيَصْرِمُنَّهَا مُصْبِحِيْنَۙ١٧
Innā balaunāhum kamā balaunā aṣḥābal-jannah(ti), iż aqsamū layaṣrimunnahā muṣbiḥīn(a).
[17] Sabenerna Kami geus maparin cocoba ka maranéhna (jalma-jalma musrik Mekah) saperti Kami maparin cocoba ka anu boga kebon waktu maranéhna sumpah yén maranéhna téh bakal mupu (hasil)na dina pasusubuh,

وَلَا يَسْتَثْنُوْنَ١٨
Wa lā yastaṡnūn(a).
[18] tapi maranéhna henteu ngaiwalkeun (kalayan ucapan “insya Allah”).

فَطَافَ عَلَيْهَا طَاۤىِٕفٌ مِّنْ رَّبِّكَ وَهُمْ نَاۤىِٕمُوْنَ١٩
Fa ṭāfa ‘alaihā ṭā'ifum mir rabbika wa hum nā'imūn(a).
[19] Terus éta kebon téh dirarud ku balai (nu datang) ti Pangéran waktu maranéhna keur saré.

فَاَصْبَحَتْ كَالصَّرِيْمِۙ٢٠
Fa aṣbaḥat kaṣ-ṣarīm(i).
[20] Nya jadi wéh éta kebon téh saperti peuting anu poék pisan. 883
883) Nya kaduruk éta kebon téh ngan nyésakeun arengna nu hideung jiga poékna peuting.

فَتَنَادَوْا مُصْبِحِيْنَۙ٢١
Fa tanādau muṣbiḥīn(a).
[21] Terus dina waktu subuh-subuh maranéhna silih geroan,

اَنِ اغْدُوْا عَلٰى حَرْثِكُمْ اِنْ كُنْتُمْ صٰرِمِيْنَ٢٢
Anigdū ‘alā ḥarṡikum in kuntum ṣārimīn(a).
[22] “Jung geura arindit isuk-isuk ka kebon upama maranéh dék mupu hasilna mah.”

فَانْطَلَقُوْا وَهُمْ يَتَخَافَتُوْنَۙ٢٣
Fanṭalaqū wa hum yatakhāfatūn(a).
[23] Nya maranéhna indit bari tingharéwos,

اَنْ لَّا يَدْخُلَنَّهَا الْيَوْمَ عَلَيْكُمْ مِّسْكِيْنٌۙ٢٤
Allā yadkhulannahal-yauma ‘alaikum miskīn(un).
[24] “Dina ieu poé ulah nepi aya jalma miskin asup ka kebon maranéh.”

وَّغَدَوْا عَلٰى حَرْدٍ قٰدِرِيْنَ٢٥
Wa gadau ‘alā ḥardin qādirīn(a).
[25] Jung baé maranéhna indit dina isuk-isuk kalayan niat ngahalangan (jalma-jalma miskin), padahal maranéhna téh sanggup (nulunganana).

فَلَمَّا رَاَوْهَا قَالُوْٓا اِنَّا لَضَاۤلُّوْنَۙ٢٦
Falammā ra'auhā qālū innā laḍāllūn(a).
[26] Nya waktu nénjo kebonna, pok maranéhna ngomong kieu, “Sabenerna urang saréréa téh jalma-jalma anu sasar.

بَلْ نَحْنُ مَحْرُوْمُوْنَ٢٧
Bal naḥnu maḥrūmūn(a).
[27] Malah urang saréréa teu meunang nanaon.”

قَالَ اَوْسَطُهُمْ اَلَمْ اَقُلْ لَّكُمْ لَوْلَا تُسَبِّحُوْنَ٢٨
Qāla ausaṭuhum alam aqul lakum lau lā tusabbiḥūn(a).
[28] Pok jalma anu pangbijakna ti antara maranéhna ngomong, “Naha lain kuring geus nyarita ka maranéh, ‘Pék geura tarasbéh (ka Pangéran maranéh)’.” 884
884) Sukuran ni’mat-Na jeung henteu nganiatkeun perkara anu teu saluyu jeung paréntah Mantenna, saperti niat moal méré ka pakir miskin.

قَالُوْا سُبْحٰنَ رَبِّنَآ اِنَّا كُنَّا ظٰلِمِيْنَ٢٩
Qālū subḥāna rabbinā innā kunnā ẓālimīn(a).
[29] Pok maranéhna ngomong, “Mahasuci Pangéran abdi sadaya! Sabenerna abdi sadaya téh jalma-jalma anu dolim.”

فَاَقْبَلَ بَعْضُهُمْ عَلٰى بَعْضٍ يَّتَلَاوَمُوْنَ٣٠
Fa'aqbala ba‘ḍuhum ‘alā ba‘ḍiy yatalāwamūn(a).
[30] Tuluy maranéhna silih singhareupan jeung silih nyawad.

قَالُوْا يٰوَيْلَنَآ اِنَّا كُنَّا طٰغِيْنَ٣١
Qālū yā wailanā innā kunnā ṭāgīn(a).
[31] Maranéhna ngucap, “Cilaka urang saréréa! Saenyana urang saréréa téh jalma-jalma anu ngarempak wates.

عَسٰى رَبُّنَآ اَنْ يُّبْدِلَنَا خَيْرًا مِّنْهَآ اِنَّآ اِلٰى رَبِّنَا رٰغِبُوْنَ٣٢
‘Asā rabbunā ay yubdilanā khairam minhā innā ilā rabbinā rāgibūn(a).
[32] Mugi-mugi baé Gusti maparin gentosna ka abdi sadaya (kebon) nu langkung saé tibatan nu ieu. Sayaktosna abdi sadaya miharep pangampura ti Pangéran abdi sadaya.”

كَذٰلِكَ الْعَذَابُۗ وَلَعَذَابُ الْاٰخِرَةِ اَكْبَرُۘ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ ࣖ٣٣
Każālikal-‘ażāb(u), wa la‘ażābul-ākhirati akbar(u), lau kānū ya‘lamūn(a).
[33] Nya jiga kitu siksa (di dunnya) téh. Sabenerna siksa ahérat mah leuwih gedé lamun maranéhna nyahoeun mah. 885
885) Allah nguji ka nu nyicingan Mekah ku nugraha ni’mat anu loba pikeun ngayahokeun naha maranéhna sukuran atawa henteu, sakumaha Mantenna ogé parantos nguji ka nu ngabogaan kebon. Tungtungna anu ngabogaan éta kebon téh ngaleut asup Islam sanggeus penaklukan kota Mekah.

اِنَّ لِلْمُتَّقِيْنَ عِنْدَ رَبِّهِمْ جَنّٰتِ النَّعِيْمِ٣٤
Inna lil-muttaqīna ‘inda rabbihim jannātin-na‘īm(i).
[34] Sabenerna pikeun jalma-jalma anu takwa (disadiakeun) sawarga nu pinuh ku kani’matan ti Pangéranana.

اَفَنَجْعَلُ الْمُسْلِمِيْنَ كَالْمُجْرِمِيْنَۗ٣٥
Afanaj‘alul-muslimīna kal-mujrimīn(a).
[35] Naha pantes Kami nganggap jalma-jalma Islam (anu tunduk ka Allah) jiga jalma-jalma anu doraka (jalma kapir)? 886
886) Maksudna, sarua ngeunaan wawales anu disadiakeun ku Allah pikeun maranéhna séwang-séwang.

مَا لَكُمْۗ كَيْفَ تَحْكُمُوْنَۚ٣٦
Mā lakum, kaifa taḥkumūn(a).
[36] Ku naon maranéh (migawé kitu)? Kumaha (carana) maranéh nangtukeun kaputusan téh?

اَمْ لَكُمْ كِتٰبٌ فِيْهِ تَدْرُسُوْنَۙ٣٧
Am lakum kitābun fīhi tadrusūn(a).
[37] Atawa naha maranéh boga kitab (nu diturunkeun Allah) anu ku maranéh diteuleuman?

اِنَّ لَكُمْ فِيْهِ لَمَا تَخَيَّرُوْنَۚ٣٨
Inna lakum fīhi lamā takhayyarūn(a).
[38] Sabenerna di jerona maranéh bisa milih naon baé anu dipikarep.

اَمْ لَكُمْ اَيْمَانٌ عَلَيْنَا بَالِغَةٌ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِۙ اِنَّ لَكُمْ لَمَا تَحْكُمُوْنَۚ٣٩
Am lakum aimānun ‘alainā bāligatun ilā yaumil-qiyāmah(ti), inna lakum lamā taḥkumūn(a).
[39] Atawa, naha maranéh meunang (jangji-jangji nu paheut kalayan) sumpah ti Kami, nu tetep tumerap nepi ka Poé Kiamat, (yakni) yén maranéh bisa nangtukeun kaputusan (sakarep maranéh)?

سَلْهُمْ اَيُّهُمْ بِذٰلِكَ زَعِيْمٌۚ٤٠
Salhum ayyuhum biżālika za‘īm(un).
[40] Tanyakeun ka maranéhna (kaom musrikin), “Saha ti antara maranéh anu tanggung jawab dina éta (kaputusan anu ditangtukeun téh)?”

اَمْ لَهُمْ شُرَكَاۤءُۚ فَلْيَأْتُوْا بِشُرَكَاۤىِٕهِمْ اِنْ كَانُوْا صٰدِقِيْنَ٤١
Am lahum syurakā'(u), falya'tū bisyurakā'ihim in kānū ṣādiqīn(a).
[41] Atawa, naha maranéhna miboga sarékat-sarékat? Nya upama kitu mah pék atuh maranéhna geura ngadatangkeun éta sarékat-sarékat lamun bener mah maranéhna téh jalma-jalma bener.

يَوْمَ يُكْشَفُ عَنْ سَاقٍ وَّيُدْعَوْنَ اِلَى السُّجُوْدِ فَلَا يَسْتَطِيْعُوْنَۙ٤٢
Yauma yuksyafu ‘an sāqiw wa yud‘auna ilas-sujūdi falā yastaṭī‘ūn(a).
[42] (Sing inget) kana poéan (waktu) bitis disingsatkeun (nyaéta dina Poé Kiamat) 887 tur maranéhna dititah supaya sujud, tapi maranéhna teu sanggup. 888
887) Maksudna, sarua ngeunaan wawales anu disadiakeun ku Allah pikeun maranéhna séwang-séwang. 888) Maranéhna dipénta sujud téh pikeun nguji kaimanana, sanajan maranéhna teu sanggupeun deui sabab tulang-tulangna geus lemah tur siksaan geus ningker maranéhna.

خَاشِعَةً اَبْصَارُهُمْ تَرْهَقُهُمْ ذِلَّةٌ ۗوَقَدْ كَانُوْا يُدْعَوْنَ اِلَى السُّجُوْدِ وَهُمْ سٰلِمُوْنَ٤٣
Khāsyi‘atan abṣāruhum tarhaquhum żillah(tun), wa qad kānū yud‘auna ilas-sujūdi wa hum sālimun(a).
[43] Panénjo maranéhna tungkul ka handap tur pinuh ku kahinaan. Padahal baréto (di dunya) maranéhna téh kungsi diajak pikeun sujud dina waktu maranéhna cageur (tapi maranéhna embung ngalakonan).

فَذَرْنِيْ وَمَنْ يُّكَذِّبُ بِهٰذَا الْحَدِيْثِۗ سَنَسْتَدْرِجُهُمْ مِّنْ حَيْثُ لَا يَعْلَمُوْنَۙ٤٤
Fażarnī wa may yukażżibu bihāżal-ḥadīṡi sanastadrijuhum min ḥaiṡu lā ya‘lamūn(a).
[44] Mangka, serahkeun baé ka Kami (urusanana) jeung (urusan) jalma-jalma nu ngabohongkeun kana ieu pidawuh (Al-Qur’an). Engké Kami bakal ngantep maranéhna satahap-satahap (ngajugjug kana kabinasaan) ti arah nu teu dipikanyaho ku maranéhna.

وَاُمْلِيْ لَهُمْۗ اِنَّ كَيْدِيْ مَتِيْنٌ٤٥
Wa umlī lahum, inna kaidī matīn(un).
[45] Kami méré témpo waktu ka maranéhna. Sabenerna rencaana Kami téh geus paheut.

اَمْ تَسْـَٔلُهُمْ اَجْرًا فَهُمْ مِّنْ مَّغْرَمٍ مُّثْقَلُوْنَۚ٤٦
Am tas'aluhum ajran fahum mim magramim muṡqalūn(a).
[46] Atawa, naha hidep (Muhammad) ménta buruh ka maranéhna nepi ka maranéhna dibeungbeuratan ku hutang?

اَمْ عِنْدَهُمُ الْغَيْبُ فَهُمْ يَكْتُبُوْنَ٤٧
Am ‘indahumul-gaibu fahum yaktubūn(a).
[47] Atawa, naha maranéh nyaho anu gaib terus maranéhna nuliskeunana?

فَاصْبِرْ لِحُكْمِ رَبِّكَ وَلَا تَكُنْ كَصَاحِبِ الْحُوْتِۘ اِذْ نَادٰى وَهُوَ مَكْظُوْمٌۗ٤٨
Faṣbir liḥukmi rabbika wa lā takun kaṣāḥibil-ḥūt(i), iż nādā wa huwa makẓūm(un).
[48] Nya sing sabar baé hidep (Muhammad) nyanghareupan katangtuan Pangéran hidep. Kadé ulah jiga jalma anu aya dina jero (beuteng) lauk (Yunus) waktu anjeunna ngadoa kalayan haté anu sedih.

لَوْلَآ اَنْ تَدٰرَكَهٗ نِعْمَةٌ مِّنْ رَّبِّهٖ لَنُبِذَ بِالْعَرَاۤءِ وَهُوَ مَذْمُوْمٌ٤٩
Lau lā an tadārakahū ni‘matum mir rabbihī lanubiża bil-‘arā'i wa huwa mażmūm(un).
[49] Lamun seug anjeunna teu disusul ku ni’mat ti Pangéranana, tangtu anjeunna dipéngparkeun dina taneuh garing dina kaayaan hina.

فَاجْتَبٰىهُ رَبُّهٗ فَجَعَلَهٗ مِنَ الصّٰلِحِيْنَ٥٠
Fajtabāhu rabbuhū faja‘alahū minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[50] Tuluy Pangéran milih anjeunna jeung ngajadikeunana kaasup jalma anu soléh.

وَاِنْ يَّكَادُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَيُزْلِقُوْنَكَ بِاَبْصَارِهِمْ لَمَّا سَمِعُوا الذِّكْرَ وَيَقُوْلُوْنَ اِنَّهٗ لَمَجْنُوْنٌ ۘ٥١
Wa iy yakādul-lażīna kafarū layuzliqūnaka bi'abṣārihim lammā sami‘uż żikra wa yaqūlūna innahū lamajnūn(un).
[51] Sabenerna jalma-jalma anu ingkar téh ampir-ampir ngogélastkeun hidep ku paningali mata manéhna waktu maranéhna ngadéngé Al-Qur’an jeung ngucap, “Sabenerna hidep (Muhammad) téh bener-bener jalma gélo. 889
889) Nurutkeun kabiasaan di Arab, aya jalma anu bisa ngabinasakeun sato atawa manusa kalayan nujukeun paningalina anu seukeut. Cara ieu rék dilakukeun ogé ka Nabi Muhammad Saw., tapi Allah ngajagi anjeunna. Anjeunna dijagi tina éta bahaya sakumaha anu dijangjikeun ku Mantenna dina surat al-Mā’idah ayat 67. Kakuatan paningali panon téh dina mangsa ayeuna mah disebut hipnotis.

وَمَا هُوَ اِلَّا ذِكْرٌ لِّلْعٰلَمِيْنَ ࣖ٥٢
Wa mā huwa illā żikrul lil-‘ālamīn(a).
[52] Padahal Al-Qur’an téh taya lian anging panggeuing pikeun sakumna alam.