Surah Al-Mulk

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
تَبٰرَكَ الَّذِيْ بِيَدِهِ الْمُلْكُۖ وَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌۙ١
Tabārakal-lażī biyadihil-mulk(u), wa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[1] Mahasuci (Allah) anu ngawasaan (sagala) karajaan. Mantenna Mahakawasa kana sagala perkara,

ۨالَّذِيْ خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيٰوةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلًاۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْغَفُوْرُۙ٢
Allażī khalaqal-mauta wal-ḥayāta liyabluwakum ayyukum aḥsanu ‘amalā(n), wa huwal-‘azīzul-gafūr(u).
[2] anu nyiptakeun maot jeung hirup pikeun nguji ka aranjeun saha ti antara aranjeun nu panghadé amalna. Mantenna téh Mahagagah (tur) Maha Jembar-pangampura,

الَّذِيْ خَلَقَ سَبْعَ سَمٰوٰتٍ طِبَاقًاۗ مَا تَرٰى فِيْ خَلْقِ الرَّحْمٰنِ مِنْ تَفٰوُتٍۗ فَارْجِعِ الْبَصَرَۙ هَلْ تَرٰى مِنْ فُطُوْرٍ٣
Allażī khalaqa sab‘a samāwātin ṭibāqā(n), mā tarā fī khalqir-raḥmāni min tafāwut(in), farji‘il-baṣara hal tarā min fuṭūr(in).
[3] nu nyiptakeun tujuh langit manglapis-lapis. Anjeun moal bakal kungsi ningal perkara anu teu saimbang saeutik ogé dina ciptaan Pangéran Nu Mahaasih. Nya tingali sakali deui, naha anjeun ningal aya perkara anu cacad?

ثُمَّ ارْجِعِ الْبَصَرَ كَرَّتَيْنِ يَنْقَلِبْ اِلَيْكَ الْبَصَرُ خَاسِئًا وَّهُوَ حَسِيْرٌ٤
Ṡummarji‘il-baṣara karrataini yanqalib ilaikal-baṣaru khāsi'aw wa huwa ḥasīr(un).
[4] Tuluy, prak tingali sakali deui (jeung) sakali deui (pikeun néangan cacad dina ciptaan Allah), tangtu titingalan anjeun téh bakal balik deui ka anjeun tanpa manggihan cacad, sarta anjeun (sorangan) aya dina kaayaan leuleus.

وَلَقَدْ زَيَّنَّا السَّمَاۤءَ الدُّنْيَا بِمَصَابِيْحَ وَجَعَلْنٰهَا رُجُوْمًا لِّلشَّيٰطِيْنِ وَاَعْتَدْنَا لَهُمْ عَذَابَ السَّعِيْرِ٥
Wa laqad zayyannas-samā'ad-dun-yā bimaṣābīḥa wa ja‘alnāhā rujūmal lisy-syayāṭīni wa a‘tadnā lahum ‘ażābas-sa‘īr(i).
[5] Sabenerna Kami geus mapaésan langit dunya ku béntang-béntang. Kami geus ngajadikeun éta (béntang-béntang) pikeun alat pamalédog ka sétan. Kami ogé geus nyadiakeun pikeun maranéhna (sétan) siksaan naraka nu ngéntab-ngéntab.

وَلِلَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِرَبِّهِمْ عَذَابُ جَهَنَّمَۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ٦
Wa lil-lażīna kafarū birabbihim ‘ażābu jahannam(a), wa bi'sal-maṣīr(u).
[6] Jalma-jalma anu ingkar ka Pangéranana bakal meunang siksa (naraka) Jahanam. Éta téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.

اِذَآ اُلْقُوْا فِيْهَا سَمِعُوْا لَهَا شَهِيْقًا وَّهِيَ تَفُوْرُۙ٧
Iżā ulqū fīhā sami‘ū lahā syahīqaw wa hiya tafūr(u).
[7] Lamun seug digebruskeun ka jero (naraka), maranéhna ngadéngé sora naraka anu pikasieuneun waktu éta (naraka) ngéntab-ngéntab.

تَكَادُ تَمَيَّزُ مِنَ الْغَيْظِۗ كُلَّمَآ اُلْقِيَ فِيْهَا فَوْجٌ سَاَلَهُمْ خَزَنَتُهَآ اَلَمْ يَأْتِكُمْ نَذِيْرٌۙ٨
Takādu tamayyazu minal-gaiẓ(i), kullamā ulqiya fīhā faujun sa'alahum khazanatuhā alam ya'tikum nażīr(un).
[8] Éta (naraka) ampir-ampiran ngajelegur bakating ku ambek. Saban-saban kumpulan (jalma-jalma kapir) dialungkeun ka jero (naraka), nu ngajaraga (éta naraka) nanya ka maranéhna, “Naha henteu kungsi aya jalma datang nu mépélingan ka maranéh (di dunya)?”

قَالُوْا بَلٰى قَدْ جَاۤءَنَا نَذِيْرٌ ەۙ فَكَذَّبْنَا وَقُلْنَا مَا نَزَّلَ اللّٰهُ مِنْ شَيْءٍۖ اِنْ اَنْتُمْ اِلَّا فِيْ ضَلٰلٍ كَبِيْرٍ٩
Qālū balā qad jā'anā nażīr(un), fa każżabnā wa qulnā mā nazzalallāhu min syai'(in), in antum illā fī ḍalālin kabīr(in).
[9] Maranéhna ngajawab, “Bener, saenyana jalma nu méré pépéling geus datang ka kuring saréréa, tapi dibohongkeun ku kuring saréréa. Ceuk kuring saréréa téh, ‘Allah henteu nurunkeun naon-naon.’” (Para malaikat nu ngajaga naraka nyarita), “Sabenerna maranéh téh aya dina kasasaran nu gedé.”

وَقَالُوْا لَوْ كُنَّا نَسْمَعُ اَوْ نَعْقِلُ مَا كُنَّا فِيْٓ اَصْحٰبِ السَّعِيْرِ١٠
Wa qālū lau kunnā nasma‘u au na‘qilu mā kunnā fī aṣḥābis-sa‘īr(i).
[10] Maranéhna nyarita deui, “Upama (baréto) ngaregepkeun sarta mikiran éta (pépéling), tangtu kuring saréréa téh moal asup (golongan) nu nyicingan naraka anu ngéntab-ngéntab.”

فَاعْتَرَفُوْا بِذَنْۢبِهِمْۚ فَسُحْقًا لِّاَصْحٰبِ السَّعِيْرِ١١
Fa‘tarafū biżambihim, fasuḥqal li'aṣḥābis-sa‘īr(i).
[11] Nya maranéhna téh ngaku kana dosana (waktu kahanjakal taya deui mangpaatna). Ku kituna, nya jauh (tina rahmat Allah) pikeun nu nyicingan éta naraka anu ngéntab-ngéntab.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَخْشَوْنَ رَبَّهُمْ بِالْغَيْبِ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّاَجْرٌ كَبِيْرٌ١٢
Innal-lażīna yakhsyauna rabbahum bil-gaibi lahum magfiratuw wa ajrun kabīr(un).
[12] Sabenerna jalma-jalma nu sieun ku Pangéranana nu teu katingali ku aranjeunna, nya aranjeunna meunang pangampura jeung ganjaran nu gedé.

وَاَسِرُّوْا قَوْلَكُمْ اَوِ اجْهَرُوْا بِهٖۗ اِنَّهٗ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ١٣
Wa asirrū qaulakum awijharū bih(ī), innahū ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[13] Pék ngarasiahkeun caritaan aranjeun atawa pék budalkeun! Sabenerna Mantenna mah Mahauninga kana sagala eusi haté.

اَلَا يَعْلَمُ مَنْ خَلَقَۗ وَهُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ ࣖ١٤
Alā ya‘lamu man khalaq(a), wa huwal-laṭīful-khabīr(u).
[14] Naha (pantes) Allah nu nyiptakeun téh henteu uningaeun? Apan Mantenna mah Maha Lemah-lembut (tur) Mahauninga.

هُوَ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الْاَرْضَ ذَلُوْلًا فَامْشُوْا فِيْ مَنَاكِبِهَا وَكُلُوْا مِنْ رِّزْقِهٖۗ وَاِلَيْهِ النُّشُوْرُ١٥
Huwal-lażī ja‘ala lakumul-arḍa żalūlan famsyū fī manākibihā wa kulū mir rizqih(ī), wa ilaihin-nusyūr(u).
[15] Mantenna nu ngajadikeun ieu bumi dina kaayaan tunduk pikeun aranjeun. Ku kituna, jung geura lalampahan di sagala juru éta (bumi), jeung pék dalahar sawaréh tina rejeki-Na! Nya ka Mantenna aranjeun (balik sanggeus) dihudangkeun.

ءَاَمِنْتُمْ مَّنْ فِى السَّمَاۤءِ اَنْ يَّخْسِفَ بِكُمُ الْاَرْضَ فَاِذَا هِيَ تَمُوْرُۙ١٦
A'amintum man fis-samā'i ay yakhsifa bikumul-arḍa fa'iżā hiya tamūr(u).
[16] Naha aranjeun geus ngarasa aman ti (Allah) nu aya di langit, nyaéta (tina musibah) diteuleumkeunana bumi babarengan jeung aranjeun ku Mantenna waktu ujug-ujug bumi eundeur?

اَمْ اَمِنْتُمْ مَّنْ فِى السَّمَاۤءِ اَنْ يُّرْسِلَ عَلَيْكُمْ حَاصِبًاۗ فَسَتَعْلَمُوْنَ كَيْفَ نَذِيْرِ١٧
Am amintum man fis-samā'i ay yursila ‘alaikum ḥāṣibā(n), fa sata‘lamūna kaifa nażīr(i).
[17] Atawa, naha aranjeun geus ngarasa aman ti (Mantenna) nu aya di langit, nyaéta (tina musibah) dikirimkeunana hujan batu ka aranjeun? Tangtu engké aranjeun bakal nyaho kumaha (akibatna ngabohongkeun kana) pangawawadi Kami.

وَلَقَدْ كَذَّبَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَكَيْفَ كَانَ نَكِيْرِ١٨
Wa laqad każżabal-lażīna min qablihim fakaifa kāna nakīr(i).
[18] Sabenerna jalma-jalma anu saméméh maranéhna ogé geus ngabahongkeun (rasul-rasul-Na). Nya kacida pohara bebendu Kami!

اَوَلَمْ يَرَوْا اِلَى الطَّيْرِ فَوْقَهُمْ صٰۤفّٰتٍ وَّيَقْبِضْنَۘ مَا يُمْسِكُهُنَّ اِلَّا الرَّحْمٰنُۗ اِنَّهٗ بِكُلِّ شَيْءٍۢ بَصِيْرٌ١٩
Awalam yarau ilaṭ-ṭairi fauqahum ṣāffātiw wa yaqbiḍn(a), mā yumsikuhunna illar-raḥmān(u), innahū bikulli syai'im baṣīr(un).
[19] Naha maranéh henteu niténan manuk-manuk anu mébérkeun jeung ngalingkupkeun jangjangna di luhureun maranéh? Teu aya anu bisa ngahalang-halangan (di awang-awang) anging Pangéran Nu Mahamurah. Sabenerna Mantenna ningali kana sagala perkara.

اَمَّنْ هٰذَا الَّذِيْ هُوَ جُنْدٌ لَّكُمْ يَنْصُرُكُمْ مِّنْ دُوْنِ الرَّحْمٰنِۗ اِنِ الْكٰفِرُوْنَ اِلَّا فِيْ غُرُوْرٍۚ٢٠
Am man hāżal-lażī huwa jundul lakum yanṣurukum min dūnir-raḥmān(i), inil-kāfirūna illā fī gurūr(in).
[20] Atawa, saha nu bakal jadi balad pikeun maranéh anu bisa nulungan ka maranéh salian ti (Allah) Nu Mahamurah? Jalma-jalma kapir téh ngan saukur aya dina (kayaan) katipu.

اَمَّنْ هٰذَا الَّذِيْ يَرْزُقُكُمْ اِنْ اَمْسَكَ رِزْقَهٗ ۚ بَلْ لَّجُّوْا فِيْ عُتُوٍّ وَّنُفُوْرٍ٢١
Am man hāżal-lażī yarzuqukum in amsaka rizqah(ū), bal lajjū fī ‘utuwwiw wa nufūr(in).
[21] Atawa, saha anu bisa méré rejeki ka maranéh upama seug Mantenna nahan kana rejeki-Na? Malah maranéh téh kalah ka aya dina kasombongan jeung ngajauhkeun diri (tina kahadéan).

اَفَمَنْ يَّمْشِيْ مُكِبًّا عَلٰى وَجْهِهٖٓ اَهْدٰىٓ اَمَّنْ يَّمْشِيْ سَوِيًّا عَلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٢٢
Afamay yamsyī mukibban ‘alā wajhihī ahdā ammay yamsyī sawiyyan ‘alā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[22] Naha jalma anu leumpangna ngangsrod ku beungeutna (tungkul) nu leuwih meunang pituduh téh atawa jalma anu leumpangna ngagandeuang dina jalan anu lempeng?

قُلْ هُوَ الَّذِيْٓ اَنْشَاَكُمْ وَجَعَلَ لَكُمُ السَّمْعَ وَالْاَبْصَارَ وَالْاَفْـِٕدَةَۗ قَلِيْلًا مَّا تَشْكُرُوْنَ٢٣
Qul huwal-lażī ansya'akum wa ja‘ala lakumus-sam‘a wal-abṣāra wal-af'idah(ta), qalīlam mā tasykurūn(a).
[23] Pék caritakeun, “Nya Mantenna pisan nu nyiptakeun aranjeun sarta ngajadikeun pangdéngé jeung panénjo jeung haté sanubari pikeun aranjeun, (tapi) saeutik pisan aranjeun sukuran téh.”

قُلْ هُوَ الَّذِيْ ذَرَاَكُمْ فِى الْاَرْضِ وَاِلَيْهِ تُحْشَرُوْنَ٢٤
Qul huwal-lażī żara'akum fil-arḍi wa ilaihi tuḥsyarūn(a).
[24] Pék caritakeun, “Nya Mantenna nu geus ngajadikeun aranjeun boga katurunan di bumi, sarta ngan ka Mantenna aranjeun bakal dikumpulkeun.”

وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هٰذَا الْوَعْدُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٢٥
Wa yaqūlūna matā hāżal-wa‘du in kuntum ṣādiqīn(a).
[25] Maranéhna nyarita, “Iraha (tumibana) éta ancaman téh lamun bener mah aranjeun téh jalma-jalma anu bener?”

قُلْ اِنَّمَا الْعِلْمُ عِنْدَ اللّٰهِ ۖوَاِنَّمَآ اَنَا۠ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ٢٦
Qul innamal-‘ilmu ‘indallāh(i), wa innamā ana nażīrum mubīn(un).
[26] Pok caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna pangaweruh (ngeunaan Poé Kiamat) téh ngan aya di Allah. Kuring mah (ngan saukur) méré pépéling nu jelas.

فَلَمَّا رَاَوْهُ زُلْفَةً سِيْۤـَٔتْ وُجُوْهُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَقِيْلَ هٰذَا الَّذِيْ كُنْتُمْ بِهٖ تَدَّعُوْنَ٢٧
Falammā ra'auhu zulfatan sī'at wujūhul-lażīna kafarū wa qīla hāżal-lażī kuntum bihī tadda‘ūn(a).
[27] Nya waktu maranéhna nénjo kana siksa (dina Poé Kiamat) geus deukeut, bengeut-bengeut jalma kapir jadi rumek. Dicaritakeun ka maranéhna, “Ieu téh (siksa) nu baréto dipénta ku maranéh.”

قُلْ اَرَءَيْتُمْ اِنْ اَهْلَكَنِيَ اللّٰهُ وَمَنْ مَّعِيَ اَوْ رَحِمَنَاۙ فَمَنْ يُّجِيْرُ الْكٰفِرِيْنَ مِنْ عَذَابٍ اَلِيْمٍ٢٨
Qul ara'aitum in ahlakaniyallāhu wa mam ma‘iya au raḥimanā, famay yujīrul-kāfirīna min ‘ażābin alīm(in).
[28] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun nyaho upama Allah ngamaotkeun kuring jeung jalma-jalma anu tarumut ka kuring, atawa maparin rahmat ka kuring saréréa, (kalayan manjangkeun umur kuring saréréa), terus saha nu bisa nangtayungan jalma-jalma kapir tina siksa anu peurih?

قُلْ هُوَ الرَّحْمٰنُ اٰمَنَّا بِهٖ وَعَلَيْهِ تَوَكَّلْنَاۚ فَسَتَعْلَمُوْنَ مَنْ هُوَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٢٩
Qul huwar-raḥmānu āmannā bihī wa ‘alaihi tawakkalnā, fasata‘lamūna man huwa fī ḍalālim mubīn(in).
[29] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Nya Mantenna Nu Mahamurah. Kuring saréréa iman ka Mantenna jeung kuring saréréa tawekal. Nya maranéh bakal nyaho saha anu aya dina kasasaran nu nyata.

قُلْ اَرَءَيْتُمْ اِنْ اَصْبَحَ مَاۤؤُكُمْ غَوْرًا فَمَنْ يَّأْتِيْكُمْ بِمَاۤءٍ مَّعِيْنٍ ࣖ٣٠
Qul ara'aitum in aṣbaḥa mā'ukum gauran famay ya'tīkum bimā'im ma‘īn(in).
[30] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Terangkeun ka kuring upama sumber cai maranéh jadi garing. Na saha nu bakal méré cai nu ngocor?”