Surah At-Tahrim
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ لِمَ تُحَرِّمُ مَآ اَحَلَّ اللّٰهُ لَكَۚ تَبْتَغِيْ مَرْضَاتَ اَزْوَاجِكَۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١
Yā ayyuhan-nabiyyu lima tuḥarrimu mā aḥallallāhu lak(a), tabtagī marḍāta azwājik(a), wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[1]
Hé Nabi, ku naon hidep (Muhammad) ngaharamkeun naon anu ku Allah geus dihalalkeun pikeun hidep? Hidep pamrih hayang maparin pikabungaheun haté istri-istri hidep? Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
قَدْ فَرَضَ اللّٰهُ لَكُمْ تَحِلَّةَ اَيْمَانِكُمْۚ وَاللّٰهُ مَوْلٰىكُمْۚ وَهُوَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْمُ٢
Qad faraḍallāhu lakum taḥillata aimānikum, wallāhu maulākum, wa huwal-‘alīmul-ḥakīm(u).
[2]
Sabenerna Allah geus ngawajibkeun ka hidep geusan ngalubarkeun diri tina sumpah hidep. Allah anu nangtayungan ka hidep. Mantenna Nu Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
وَاِذْ اَسَرَّ النَّبِيُّ اِلٰى بَعْضِ اَزْوَاجِهٖ حَدِيْثًاۚ فَلَمَّا نَبَّاَتْ بِهٖ وَاَظْهَرَهُ اللّٰهُ عَلَيْهِ عَرَّفَ بَعْضَهٗ وَاَعْرَضَ عَنْۢ بَعْضٍۚ فَلَمَّا نَبَّاَهَا بِهٖ قَالَتْ مَنْ اَنْۢبَاَكَ هٰذَاۗ قَالَ نَبَّاَنِيَ الْعَلِيْمُ الْخَبِيْرُ٣
Wa iż asarran-nabiyyu ilā ba‘ḍi azwājihī ḥadīṡā(n), falammā nabba'at bihī wa aẓharahullāhu ‘alaihi ‘arrafa ba‘ḍahū wa a‘raḍa ‘am baḍ(in), falammā nabba'ahā bihī qālat man amba'aka hāżā, qāla nabba'aniyal-‘alīmul-khabīr(u).
[3]
Sing inget, waktu nabi nyanggemkeun hiji kajadian kalayan rerencepan ka salah sawios garwana (Hapsah). Lajeng anjeunna (Hapsah) nyarioskeun deui éta kajadian (ka Aisyah), sarta Allah nguningakeun éta kajadian ka (Nabi), teras (Nabi) ngadugikeun sawaréh éta hal (ka Hapsah) sarta nyumputkeun anu sawaréhna deui. Waktu (Nabi) nguningakeun hal éta ka (Hapsah), anjeunna tumaros, “Saha anu ngawartoskeun éta hal ka jungjunan?” Nabi ngawaler, “Anu nguningakeun hal éta ka kuring téh Allah Nu Mahauninga (tur) Mahawaspada.”
اِنْ تَتُوْبَآ اِلَى اللّٰهِ فَقَدْ صَغَتْ قُلُوْبُكُمَاۚ وَاِنْ تَظٰهَرَا عَلَيْهِ فَاِنَّ اللّٰهَ هُوَ مَوْلٰىهُ وَجِبْرِيْلُ وَصَالِحُ الْمُؤْمِنِيْنَۚ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ بَعْدَ ذٰلِكَ ظَهِيْرٌ٤
In tatūbā ilallāhi faqad ṣagat qulūbukumā, wa in taẓāharā ‘alaihi fa innallāha huwa maulāhu wa jibrīlu wa ṣāliḥul-mu'minīn(a), wal-malā'ikatu ba‘da żālika ẓahīr(un).
[4]
Upama aranjeun duaan tobat ka Allah, mangka sabenerna haté aranjeun duaan geus condong (pikeun narima bebeneran). Ngan lamun aranjeun silih bantuan pikeun milaraan Nabi, saleresna Allah anu nangtayungan, rawuh Jibril, tur jalma-jalma mu’min anu soléh. Salian ti éta para malaikat ogé bakal nulungan.
عَسٰى رَبُّهٗٓ اِنْ طَلَّقَكُنَّ اَنْ يُّبْدِلَهٗٓ اَزْوَاجًا خَيْرًا مِّنْكُنَّ مُسْلِمٰتٍ مُّؤْمِنٰتٍ قٰنِتٰتٍ تٰۤىِٕبٰتٍ عٰبِدٰتٍ سٰۤىِٕحٰتٍ ثَيِّبٰتٍ وَّاَبْكَارًا٥
‘Asā rabbuhū in ṭallaqakunna ay yubdilahū azwājan khairam minkunna muslimātim mu'minātin qānitātin tā'ibātin ‘ābidātin sā'iḥātin ṡayyibātiw wa abkārā(n).
[5]
Upama (Nabi) nalak aranjeun mah, boa-boa Pangéran bakal maparin ka anjeunna (Nabi) ku istri-istri anu leuwih aralus tinimbang aranjeun, istri-istri anu satia, ariman, satuhu, purah tobat, purah ibadah, purah puasa, anu randa, tur anu parawan.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا قُوْٓا اَنْفُسَكُمْ وَاَهْلِيْكُمْ نَارًا وَّقُوْدُهَا النَّاسُ وَالْحِجَارَةُ عَلَيْهَا مَلٰۤىِٕكَةٌ غِلَاظٌ شِدَادٌ لَّا يَعْصُوْنَ اللّٰهَ مَآ اَمَرَهُمْ وَيَفْعَلُوْنَ مَا يُؤْمَرُوْنَ٦
Yā ayyuhal-lażīna āmanū qū anfusakum wa ahlīkum nāraw waqūduhan-nāsu wal-ḥijāratu ‘alaihā malā'ikatun gilāẓun syidādul lā ya‘ṣūnallāha mā amarahum wa yaf‘alūna mā yu'marūn(a).
[6]
Hé jalma-jalma anu iman, geura jaga diri aranjeun jeung kulawarga aranjeun tina seuneu naraka, anu pisuluheunana nyaéta manusa jeung batu, juru jagana para malaikat anu galak, bengis, tur anu henteu doraka ka Allah kana sagala rupa anu diparéntahkeun ku Mantenna ka maranéhna tur migawé kana sagala anu diparéntahkeun.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَا تَعْتَذِرُوا الْيَوْمَۗ اِنَّمَا تُجْزَوْنَ مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ ࣖ٧
Yā ayyuhal-lażīna kafarū lā ta‘tażīrul-yaum(a), innamā tujzauna mā kuntum ta‘malūn(a).
[7]
Hé jalma-jalma kapir, maranéh ulah nyieun alesan dina poé ieu. Sabenerna maranéh diwales saluyu jeung naon anu enggeus ku maranéh dipilampah.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا تُوْبُوْٓا اِلَى اللّٰهِ تَوْبَةً نَّصُوْحًاۗ عَسٰى رَبُّكُمْ اَنْ يُّكَفِّرَ عَنْكُمْ سَيِّاٰتِكُمْ وَيُدْخِلَكُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُۙ يَوْمَ لَا يُخْزِى اللّٰهُ النَّبِيَّ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗۚ نُوْرُهُمْ يَسْعٰى بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَبِاَيْمَانِهِمْ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَآ اَتْمِمْ لَنَا نُوْرَنَا وَاغْفِرْ لَنَاۚ اِنَّكَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanū tūbū ilallāhi taubatan naṣūḥā(n), ‘asā rabbukum ay yukaffira ‘ankum sayyi'ātikum wa yudkhilakum jannātin tajrī min taḥtihal-anhār(u), yauma lā yukhzillāhun-nabiyya wal-lażīna āmanū ma‘ah(ū), nūruhum yas‘ā baina aidīhim wa bi'aimānihim yaqūlūna rabbanā atmim lanā nūranā wagfir lanā, innaka ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[8]
Hé jalma-jalma anu iman, geura tobat ka Allah kalayan tobat anu saenyana. Mugia Mantenna mupus kana kasalahan-kasalahan aranjeun jeung ngasupkeun aranjeun ka sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, dina poé waktu Allah henteu nguciwakeun Nabi sarta jalma-jalma anu iman sasarengan reujeung anjeunna. Cahaya aranjeunna ngempur di payuneun jeung palih tengenna bari aranjeunna nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, neda disampurnakeun cahaya abdi sadaya, sareng mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya. Saleresna Gusti Mahakawasa kana saniskanten perkawis.”
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ جَاهِدِ الْكُفَّارَ وَالْمُنٰفِقِيْنَ وَاغْلُظْ عَلَيْهِمْۗ وَمَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ٩
Yā ayyuhan-nabiyyu jāhidil-kuffāra wal-munāfiqīna wagluẓ ‘alaihim, wa ma'wāhum jahannam(u), wa bi'sal-maṣīr(u).
[9]
Hé Nabi, geura perangan ku hidep (Muhammad) jalma-jalma kapir jeung jalma-jalma anu munapék, jeung sing heuras hidep ka maranéhna! Tempat maranéhna téh nyaéta naraka Jahanam. Éta pisan pangbalikan anu kacida goréngna.
ضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوا امْرَاَتَ نُوْحٍ وَّامْرَاَتَ لُوْطٍۗ كَانَتَا تَحْتَ عَبْدَيْنِ مِنْ عِبَادِنَا صَالِحَيْنِ فَخَانَتٰهُمَا فَلَمْ يُغْنِيَا عَنْهُمَا مِنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا وَّقِيْلَ ادْخُلَا النَّارَ مَعَ الدّٰخِلِيْنَ١٠
Ḍaraballāhu maṡalal lil-lażīna kafarumra'ata nūḥiw wamra'ata lūṭ(in), kānatā taḥta ‘abdaini min ‘ibādinā ṣāliḥaini fa khānatāhumā falam yugniyā ‘anhumā minallāhi syai'aw wa qīladkhulan-nāra ma‘ad-dākhilīn(a).
[10]
Allah midamel paupamaan pikeun jalma-jalma kapir ku istrina Nuh sareng istrina Lut. Duanana aya dina pangawasaan dua hamba anu soléh ti hamba-hamba Kami. Tuluy éta dua istri pada-pada hianat ka dua salakina, ngan salaki-salakina téh henteu pisan bisa mélaan ka duanana tina (siksa) Allah. Didawuhkeun (ka duanana), “Geura arasup maranéh ka naraka bareng jeung jalma-jalma anu asup (naraka).”
وَضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا لِّلَّذِيْنَ اٰمَنُوا امْرَاَتَ فِرْعَوْنَۘ اِذْ قَالَتْ رَبِّ ابْنِ لِيْ عِنْدَكَ بَيْتًا فِى الْجَنَّةِ وَنَجِّنِيْ مِنْ فِرْعَوْنَ وَعَمَلِهٖ وَنَجِّنِيْ مِنَ الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَۙ١١
Wa ḍaraballāhu maṡalal lil-lażīna āmanumra'ata fir‘aun(a), iż qālat rabbibni lī ‘indaka baitan fil jannati wa najjinī min fir‘auna wa ‘amalihī wa najjinī minal qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[11]
Allah midamel paupamaan pikeun jalma-jalma anu iman ku istrina Fir’aun waktu anjeunna nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, neda pangwangunkeun kanggo abdi hiji bumi mungguh Gusti di sawarga, mugi Gusti nyalametkeun abdi ti Fir’aun sareng tingkah-paripolahna, tur mugi Gusti nyalametkeun abdi ti kaom anu dolim.”
وَمَرْيَمَ ابْنَتَ عِمْرٰنَ الَّتِيْٓ اَحْصَنَتْ فَرْجَهَا فَنَفَخْنَا فِيْهِ مِنْ رُّوْحِنَا وَصَدَّقَتْ بِكَلِمٰتِ رَبِّهَا وَكُتُبِهٖ وَكَانَتْ مِنَ الْقٰنِتِيْنَ ࣖ ۔١٢
Wa maryamabnata ‘imrānal-latī aḥṣanat farjahā fa nafakhnā fīhi mir rūḥinā wa ṣaddaqat bikalimāti rabbihā wa kutubihī wa kānat minal-qānitīn(a).
[12]
Sarta Maryam putri Imran anu ngajaga kahormatanana, mangka Kami niupkeun tina sawaréh roh (ciptaan) Kami, jeung anjeunna ngabenerkeun (percaya) kana kalimah-kalimah Pangéran tur kitab-kitab-Na, anjeunna kalebet jalma-jalma anu satuhu (ta’at).