Surah At-Talaq

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ اِذَا طَلَّقْتُمُ النِّسَاۤءَ فَطَلِّقُوْهُنَّ لِعِدَّتِهِنَّ وَاَحْصُوا الْعِدَّةَۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ رَبَّكُمْۚ لَا تُخْرِجُوْهُنَّ مِنْۢ بُيُوْتِهِنَّ وَلَا يَخْرُجْنَ اِلَّآ اَنْ يَّأْتِيْنَ بِفَاحِشَةٍ مُّبَيِّنَةٍۗ وَتِلْكَ حُدُوْدُ اللّٰهِ ۗوَمَنْ يَّتَعَدَّ حُدُوْدَ اللّٰهِ فَقَدْ ظَلَمَ نَفْسَهٗ ۗ لَا تَدْرِيْ لَعَلَّ اللّٰهَ يُحْدِثُ بَعْدَ ذٰلِكَ اَمْرًا١
Yā ayyuhan-nabiyyu iżā ṭallaqtumun-nisā'a fa ṭalliqūhunna li‘iddatihinna wa aḥṣul-‘iddah(ta), wattaqullāha rabbakum, lā tukhrijūhunna mim buyūtihinna wa lā yakhrujna illā ay ya'tīna bifāḥisyatim mubayyinah(tin), wa tilka ḥudūdullāh(i), wa may yata‘adda ḥudūdallāhi faqad ẓalama nafsah(ū), lā tadrī la‘allallāha yuḥdiṡu ba‘da żālika amrā(n).
[1] Hé Nabi, lamun seug hidep nalak pamajikan, sakuduna (dilakukeun) dina (mangsa) manéhna bisa (nyanghareupan) idahna (anu wajar). Geura itung ku hidep waktu idahna sarta kudu takwa ka Allah Pangéran hidep. Omat ulah ngusir pamajikan hidep ti imahna jeung ulah (diidinan) kaluar, iwal lantaran manéhna milampah kagoréngan anu jelas. Éta téh hukum-hukum Allah. Saha baé anu ngarempak hukum-hukum Allah, nya sabenerna manéhna geus milampah dolim ka dirina sorangan. Hidep henteu nyaho boa-boa sanggeus éta Allah ngayakeun hiji katangtuan anu anyar.

فَاِذَا بَلَغْنَ اَجَلَهُنَّ فَاَمْسِكُوْهُنَّ بِمَعْرُوْفٍ اَوْ فَارِقُوْهُنَّ بِمَعْرُوْفٍ وَّاَشْهِدُوْا ذَوَيْ عَدْلٍ مِّنْكُمْ وَاَقِيْمُوا الشَّهَادَةَ لِلّٰهِ ۗذٰلِكُمْ يُوْعَظُ بِهٖ مَنْ كَانَ يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ ەۗ وَمَنْ يَّتَّقِ اللّٰهَ يَجْعَلْ لَّهٗ مَخْرَجًا ۙ٢
Fa iżā balagna ajalahunna fa amsikūhunna bima‘rūfin au fāriqūhunna bima‘rūfiw wa asyhidū żawai ‘adlim minkum wa aqīmusy-syahādata lillāh(i), żālikum yū‘aẓu bihī man kāna yu'minu billāhi wal-yaumil-ākhir(i), wa may yattaqillāha yaj‘al lahū makhrajā(n).
[2] Mangka, lamun manéhna geus ampir béak waktu idahna, pék rujuk (balik deui) baé hidep ka manéhna kalayan hadé, atawa serahkeun kalayan hadé. Pék ménta disaksian ku dua jalma anu adil ti antara aranjeun sarta laksanakeun éta panyaksén karana Allah. Tah kitu atikan anu dibikeun ka jalma anu geus nyata imanna ka Allah jeung kana Poé Ahir. Saha baé anu takwa ka Allah, pasti Mantenna maparin jalan kaluar (tina kasusah) ka anjeunna.

وَّيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُۗ وَمَنْ يَّتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ فَهُوَ حَسْبُهٗ ۗاِنَّ اللّٰهَ بَالِغُ اَمْرِهٖۗ قَدْ جَعَلَ اللّٰهُ لِكُلِّ شَيْءٍ قَدْرًا٣
Wa yarzuqhu min ḥaiṡu lā yaḥtasib(u), wa may yatawakkal ‘alallāhi fa huwa ḥasbuh(ū), innallāha bāligu amrih(ī), qad ja‘alallāhu likulli syai'in qadrā(n).
[3] Mantenna maparin rejeki ti tempat anu ku aranjeun henteu disangka-sangka. Saha baé anu tawekal ka Allah, nya Mantenna anu bakal nyumponan (kaperluan) anjeunna. Saleresna Allah ngalaksanakeun urusan (anu dikersakeuna-Na). Saleresna Allah geus midamel ukuran pikeun saban perkara.

وَالّٰۤـِٔيْ يَىِٕسْنَ مِنَ الْمَحِيْضِ مِنْ نِّسَاۤىِٕكُمْ اِنِ ارْتَبْتُمْ فَعِدَّتُهُنَّ ثَلٰثَةُ اَشْهُرٍۙ وَّالّٰۤـِٔيْ لَمْ يَحِضْنَۗ وَاُولٰتُ الْاَحْمَالِ اَجَلُهُنَّ اَنْ يَّضَعْنَ حَمْلَهُنَّۗ وَمَنْ يَّتَّقِ اللّٰهَ يَجْعَلْ لَّهٗ مِنْ اَمْرِهٖ يُسْرًا٤
Wal-lā'ī ya'isna minal-maḥīḍi min nisā'ikum inirtabtum fa ‘iddatuhunna ṡalāṡatu asyhur(in), wal-lā'ī lam yaḥiḍn(a), wa ulātul-aḥmāli ajaluhunna ay yaḍa‘na ḥamlahunn(a), wa may yattaqillāha yaj‘al lahū min amrihī yusrā(n).
[4] Istri-istri anu geus lirén tina héd (menopause) ti antara pamajikan aranjeun, lamun aranjeun mangmang (ngeunaan jangka idahna), mangka idahna téh tilu bulan baé. Pon (nya kitu deui) pamajikan-pamajikan anu teu acan héd. Sedengkeun ari pamajikan-pamajikan anu kakandungan, lubar jangka idahna téh upama geus ngalahirkeun. Saha baé anu takwa ka Allah, pasti Mantenna ngagampangkeun urusan anjeunna.

ذٰلِكَ اَمْرُ اللّٰهِ اَنْزَلَهٗٓ اِلَيْكُمْۗ وَمَنْ يَّتَّقِ اللّٰهَ يُكَفِّرْ عَنْهُ سَيِّاٰتِهٖ وَيُعْظِمْ لَهٗٓ اَجْرًا٥
Żālika amrullāhi anzalahū ilaikum, wa may yattaqillāha yukaffir ‘anhu sayyi'ātihī wa yu‘ẓim lahū ajrā(n).
[5] Itu téh paréntah Allah anu diturunkeun ka aranjeun. Saha baé anu takwa ka Allah, pasti Mantenna bakal mupus kasalahan-kasalahan anjeunna sarta nikelkeun ganjaran (pahala) pikeun anjeunna.

اَسْكِنُوْهُنَّ مِنْ حَيْثُ سَكَنْتُمْ مِّنْ وُّجْدِكُمْ وَلَا تُضَاۤرُّوْهُنَّ لِتُضَيِّقُوْا عَلَيْهِنَّۗ وَاِنْ كُنَّ اُولٰتِ حَمْلٍ فَاَنْفِقُوْا عَلَيْهِنَّ حَتّٰى يَضَعْنَ حَمْلَهُنَّۚ فَاِنْ اَرْضَعْنَ لَكُمْ فَاٰتُوْهُنَّ اُجُوْرَهُنَّۚ وَأْتَمِرُوْا بَيْنَكُمْ بِمَعْرُوْفٍۚ وَاِنْ تَعَاسَرْتُمْ فَسَتُرْضِعُ لَهٗٓ اُخْرٰىۗ٦
Askinūhunna min ḥaiṡu sakantum miw wujdikum wa lā tuḍārrūhunna lituḍayyiqū ‘alaihinn(a), wa in kunna ulāti ḥamlin fa anfiqū ‘alaihinna ḥattā yaḍa‘na ḥamlahunn(a), fa in arḍa‘na lakum fa ātūhunna ujūrahunn(a), wa'tamirū bainakum bima‘rūf(in), wa in ta‘āsartum fasaturḍi‘u lahū ukhrā.
[6] Geura imahan (pamajikan-pamajikan) di mana baé aranjeun ngancik nurutkeun kasanggupan aranjeun. Omat aranjeun ulah rék nyangsarakeun pamajikan nepi ka nyungkelitkeun (haté) maranéhna. Lamun maranéhna (istri-istri anu geus ditalak) keur kakandungan, aranjeun kudu ngabalanjaan (méré napakah) ka maranéhna nepi ka babaran. Tuluy lamun maranéhna mangnyusuankeun (budak) aranjeun, aranjeun kudu muruhan ka maranéhna. Prak badami di antara aranjeun (ngeunaan sagala rupa anu aya hubungan jeung budak aranjeun) kalayan hadé. Lamun aranjeun pinanggih jeung kasusah, nya istri anu lian ogé (anu daékeun) bisa nyusuan (éta budak).

لِيُنْفِقْ ذُوْ سَعَةٍ مِّنْ سَعَتِهٖۗ وَمَنْ قُدِرَ عَلَيْهِ رِزْقُهٗ فَلْيُنْفِقْ مِمَّآ اٰتٰىهُ اللّٰهُ ۗ لَا يُكَلِّفُ اللّٰهُ نَفْسًا اِلَّا مَآ اٰتٰىهَاۗ سَيَجْعَلُ اللّٰهُ بَعْدَ عُسْرٍ يُّسْرًا ࣖ٧
Liyunfiq żū sa‘atim min sa‘atih(ī), wa man qudira ‘alaihi rizquhū falyunfiq mimmā ātāhullāh(u), lā yukallifullāhu nafsan illā mā ātāhā, sayaj‘alullāhu ba‘da ‘usriy yusrā(n).
[7] Sakuduna pikeun jalma anu sanggup (rejekina jembar) kudu méré napakah nurutkeun kamampuanana. Sedengkeun pikeun anu heureut rejekina, sakuduna méré napakah tina rejeki anu geus dipaparinan ku Allah baé. Allah henteu meredih (ngabeuratkeun) ka saurang ogé anging sakumaha anu geus dipaparinkeun ku Mantenna ka aranjeun. Allah bakal maparin kajembaran sanggeus kasempitan.

وَكَاَيِّنْ مِّنْ قَرْيَةٍ عَتَتْ عَنْ اَمْرِ رَبِّهَا وَرُسُلِهٖ فَحَاسَبْنٰهَا حِسَابًا شَدِيْدًاۙ وَّعَذَّبْنٰهَا عَذَابًا نُّكْرًا٨
Wa ka'ayyim min qaryatin ‘atat ‘an amri rabbihā wa rusulihī fa ḥāsabnāhā ḥisāban syadīdā(n), wa ‘ażżabnāhā ‘ażāban nukrā(n).
[8] Pirang-pirang (pangeusi) nagri anu doraka kana paréntah Pangéranana jeung (kana paréntah) rasul-rasul-Na, Kami ngahisab maranéhna kalayan hisaban anu taliti. Kami maparin siksa ka maranéhna ku siksa anu pikasieuneun (di ahérat),

فَذَاقَتْ وَبَالَ اَمْرِهَا وَكَانَ عَاقِبَةُ اَمْرِهَا خُسْرًا٩
Fa żāqat wabāla amrihā wa kāna ‘āqibatu amrihā khusrā(n).
[9] nepi ka maranéhna ngarasakeun balukar tina lalampahan goréng maranéhna, tur balukar tina lalampahan goréng maranéhna, nyaéta karugian anu kacida gedéna.

اَعَدَّ اللّٰهُ لَهُمْ عَذَابًا شَدِيْدًا فَاتَّقُوا اللّٰهَ يٰٓاُولِى الْاَلْبَابِۛ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا ۛ قَدْ اَنْزَلَ اللّٰهُ اِلَيْكُمْ ذِكْرًاۙ١٠
A‘addallāhu lahum ‘ażāban syadīdan fattaqullāha yā ulil-albāb(i) - allażīna āmanū - qad anzalallāhu ilaikum żikrā(n).
[10] Allah nyadiakeun siksa anu rongkah pikeun maranéhna, mangka kudu takwa ka Allah, hé jalma-jalma anu boga akal séhat! (Nyaéta) jalma-jalma anu iman. Sabenerna Allah geus nurunkeun pépéling ka aranjeun,

رَّسُوْلًا يَّتْلُوْا عَلَيْكُمْ اٰيٰتِ اللّٰهِ مُبَيِّنٰتٍ لِّيُخْرِجَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ مِنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِۗ وَمَنْ يُّؤْمِنْۢ بِاللّٰهِ وَيَعْمَلْ صَالِحًا يُّدْخِلْهُ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًاۗ قَدْ اَحْسَنَ اللّٰهُ لَهٗ رِزْقًا١١
Rasūlay yatlū ‘alaikum āyātillāhi mubayyinātil liyukhrijal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti minaẓ-ẓulumāti ilan-nūr(i), wa may yu'mim billāhi wa ya‘mal ṣāliḥay yudkhilhu jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā abadā(n), qad aḥsanallāhu lahū rizqā(n).
[11] (ku ngutus) hiji rasul anu macakeun ayat-ayat Allah ka aranjeun jeung ngajelaskeun (rupa-rupa hukum), sangkan Mantenna ngaluarkeun jalma-jalma anu iman jeung milampah kahadéan ti anu poék (sasar) kana cahaya (pituduh). Saha baé anu iman ka Allah jeung milampah kahadéan, pasti Mantenna bakal ngasupkeun ka sawarga-sawarga anu cur-cor di handapeunana walungan-walungan. Aranjeunna langgeng ayana di éta sawarga salawasna. Saleresna Allah maparin rejeki anu hadé pikeun aranjeunna.

اَللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَ سَبْعَ سَمٰوٰتٍ وَّمِنَ الْاَرْضِ مِثْلَهُنَّۗ يَتَنَزَّلُ الْاَمْرُ بَيْنَهُنَّ لِتَعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ەۙ وَّاَنَّ اللّٰهَ قَدْ اَحَاطَ بِكُلِّ شَيْءٍ عِلْمًا ࣖ١٢
Allāhul-lażī khalaqa sab‘a samāwātiw wa minal-arḍi miṡlahunn(a), yatanazzalul-amru bainahunna lita‘lamū annallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un), wa annallāha qad aḥāṭa bikulli syai'in ‘ilmā(n).
[12] Allah anu nyiptakeun tujuh lapis langit, pon kitu deui bumi. Paréntah Allah lumangsung pikeun éta kabéh, sangkan maranéh nyaho yén Allah téh Mahakawasa kana sagala urusan. Élmuna Allah bener-bener ngalimpudan kana sagala urusan.