Surah At-Tagabun
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يُسَبِّحُ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ لَهُ الْمُلْكُ وَلَهُ الْحَمْدُۖ وَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١
Yusabbiḥu lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), lahul-mulku wa lahul-ḥamdu wa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[1]
Naon anu aya di langit jeung bumi ngamahasucikeun (tasbéh) ka Allah. Mung kagungan Mantenna sadaya karajaan tur sagala rupi pujian. Mantenna Nu Mahakawasa kana sagala urusan.
هُوَ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ فَمِنْكُمْ كَافِرٌ وَّمِنْكُمْ مُّؤْمِنٌۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٢
Huwal-lażī khalaqakum fa minkum kāfiruw wa minkum mu'min(un), wallāhu bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[2]
Mantenna anu nyiptakeun aranjeun, tuluy ti antara aranjeun aya anu kupur jeung aya (ogé) anu iman. Allah Maha Ningali kana naon rupa anu dipilampah ku aranjeun.
خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِالْحَقِّ وَصَوَّرَكُمْ فَاَحْسَنَ صُوَرَكُمْۚ وَاِلَيْهِ الْمَصِيْرُ٣
Khalaqas-samāwāti wal-arḍa bil-ḥaqqi wa ṣawwarakum fa'aḥsana ṣuwarakum, wa ilaihil-maṣīr(u).
[3]
Mantenna anu nyiptakeun langit jeung bumi kalayan (tujuan) anu bener. Mantenna maparin rupa aranjeun sarta mapantes rupa aranjeun. Mung ka Mantenna tempat pangbalikan.
يَعْلَمُ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَيَعْلَمُ مَا تُسِرُّوْنَ وَمَا تُعْلِنُوْنَۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ٤
Ya‘lamu mā fis-samāwāti wal-arḍi wa ya‘lamu mā tusirrūna wa mā tu‘linūn(a), wallāhu ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[4]
Mantenna uninga kana naon-naon anu aya di langit jeung bumi sarta kana naon rupa anu ku aranjeun dirasiahkeun jeung diébréhkeun. Allah Mahauninga kana sagala eusining haté.
اَلَمْ يَأْتِكُمْ نَبَؤُا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ قَبْلُ ۖفَذَاقُوْا وَبَالَ اَمْرِهِمْ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٥
Alam ya'tikum naba'ul-lażīna kafarū min qabl(u), fa żāqū wabāla amrihim wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[5]
Naha tacan tepi ka maranéh (jalma-jalma kapir) béja ngeunaan jalma-jalma kapir baheula? Maranéhna geus pada ngarasakeun balukar lalampahanana serta maranéhna meunang siksa anu kacida peurihna.
ذٰلِكَ بِاَنَّهٗ كَانَتْ تَّأْتِيْهِمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ فَقَالُوْٓا اَبَشَرٌ يَّهْدُوْنَنَاۖ فَكَفَرُوْا وَتَوَلَّوْا وَّاسْتَغْنَى اللّٰهُ ۗوَاللّٰهُ غَنِيٌّ حَمِيْدٌ٦
Żālika bi'annahū kānat ta'tīhim rusuluhum bil-bayyināti fa qālū abasyaruy yahdūnanā, fa kafarū wa tawallau wastagnallāh(u), wallāhu ganiyyun ḥamīd(un).
[6]
Anu kitu téh alatan sabenerna waktu rasul-rasul sumping ka maranéhna (bari mawa) katerangan-katerangan (mujijat), maranéhna ngomong, “Naha (pantes) manusa anu méré pituduh ka kami?” Tuluy maranéhna kupur jeung ngabalieur, padahal Allah henteu butuh (ka maranéhna). Allah mah Mahasugih (tur) Mahapinuji.
زَعَمَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَنْ لَّنْ يُّبْعَثُوْاۗ قُلْ بَلٰى وَرَبِّيْ لَتُبْعَثُنَّ ثُمَّ لَتُنَبَّؤُنَّ بِمَا عَمِلْتُمْۗ وَذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرٌ٧
Za‘amal-lażīna kafarū allay yub‘aṡū, qul balā wa rabbī latub‘aṡunna ṡumma latunabba'unna bimā ‘amiltum, wa żālika ‘alallāhi yasīr(un).
[7]
Jalma-jalma anu kupur nyangka yén maranéhna moal bakal dihudangkeun deui (tina kubur). Pék ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Henteu kitu, demi Pangéran kuring, aranjeun pasti dihudangkeun, tuluy bakal dibéjakeun sakabéh anu geus dipilampah ku aranjeun.” Anu kitu téh gampang pikeun Allah mah.
فَاٰمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَالنُّوْرِ الَّذِيْٓ اَنْزَلْنَاۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ٨
Fa āminū billāhi wa rasūlihī wan-nūril-lażī anzalnā, wallāhu bimā ta‘malūna khabīr(un).
[8]
(Mun jiga kitu ayana), geura ariman aranjeun ka Allah jeung Rasul-Na, sarta kana cahaya (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ku Kami. Allah Mahawaspada kana naon anu geus dipilampah ku aranjeun.
يَوْمَ يَجْمَعُكُمْ لِيَوْمِ الْجَمْعِ ذٰلِكَ يَوْمُ التَّغَابُنِۗ وَمَنْ يُّؤْمِنْۢ بِاللّٰهِ وَيَعْمَلْ صَالِحًا يُّكَفِّرْ عَنْهُ سَيِّاٰتِهٖ وَيُدْخِلْهُ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًاۗ ذٰلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ٩
Yauma yajma‘ukum liyaumil-jam‘i żālika yaumut-tagābun(i), wa may yu'mim billāhi wa ya‘mal ṣāliḥay yukaffir ‘anhu sayyi'ātihī wa yudkhilhu jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā abadā(n), żālikal-fauzul-‘aẓīm(u).
[9]
(Sing inget) dina poé (nalika) Allah ngumpulkeun aranjeun dina poé kumpulan (Kiamat). Éta téh poé ditembrakkeunana kasalahan-kasalahan. Saha baé anu iman ka Allah jeung milampah kahadéan, pasti Allah bakal mupus kasalahan-kasalahanana jeung ngasupkeun aranjeunna kana sawarga anu cur-cor walungan-walungan di handapeunana. Aranjeunna langgeng di dinya salawasna. Éta téh kaunggulan anu agung.
وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَآ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ ࣖ١٠
Wal-lażīna kafarū wa każżabū bi'āyātinā ulā'ika aṣḥābun-nāri khālidīna fīhā, wa bi'sal-maṣīr(u).
[10]
Jalma-jalma anu ingkar jeung ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami, nya maranéhna pisan pangeusi naraka téh. Maranéhna langgeng di dinya. Éta téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.
مَآ اَصَابَ مِنْ مُّصِيْبَةٍ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗوَمَنْ يُّؤْمِنْۢ بِاللّٰهِ يَهْدِ قَلْبَهٗ ۗوَاللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ١١
Mā aṣāba mim muṣībatin illā bi'iżnillāh(i), wa may yu'mim billāhi yahdi qalbah(ū), wallāhu bikulli syai'in ‘alīm(un).
[11]
Henteu aya musibah anu tumiba ka (hiji jalma), anging kalayan widi Allah. Saha baé anu iman ka Allah, pasti Allah bakal maparin pituduh kana manéhna. Allah Mahauninga kana sagala urusan.
وَاَطِيْعُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوا الرَّسُوْلَۚ فَاِنْ تَوَلَّيْتُمْ فَاِنَّمَا عَلٰى رَسُوْلِنَا الْبَلٰغُ الْمُبِيْنُ١٢
Wa aṭī‘ullāha wa aṭī‘ur-rasūl(a), fa'in tawallaitum fa innamā ‘alā rasūlinal-balāgul-mubīn(u).
[12]
Aranjeun kudu taat ka Allah jeung ka rasul. Lamun aranjeun ngabalieur, sabenerna kawajiban Rasul Kami mah ngan saukur nepikeun (amanat Allah) kalayan jelas.
اَللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۗ وَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ١٣
Allāhu lā ilāha illā huw(a), wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mu'minūn(a).
[13]
(Mantenna) Allah. Teu aya deui pangéran anging Mantenna. Sakuduna jalma-jalma mu’min tawekal ka Allah.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّ مِنْ اَزْوَاجِكُمْ وَاَوْلَادِكُمْ عَدُوًّا لَّكُمْ فَاحْذَرُوْهُمْۚ وَاِنْ تَعْفُوْا وَتَصْفَحُوْا وَتَغْفِرُوْا فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū inna min azwājikum wa aulādikum ‘aduwwal lakum faḥżarūhum, wa in ta‘fū wa taṣfaḥū wa tagfirū fa innallāha gafūrur raḥīm(un).
[14]
Hé jalma-jalma anu iman, sabenerna ti antara pamajikan-pamajikan jeung barudak aranjeun aya anu jadi musuh pikeun aranjeun. 880 Ku kituna, kudu ati-ati aranjeun ka maranéhna. Lamun aranjeun ngahampura, ngama’lum, sarta ngalubarkeun (ka maranéhna), mangka saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
880) Sakapeung-kapeungeun pamajikan atawa anak bisa ngagebruskeun salaki atawa bapana pikeun milampah pagawéan anu henteu dibenerkeun ku agama.
اِنَّمَآ اَمْوَالُكُمْ وَاَوْلَادُكُمْ فِتْنَةٌ ۗوَاللّٰهُ عِنْدَهٗٓ اَجْرٌ عَظِيْمٌ١٥
Innamā amwālukum wa aulādukum fitnah(tun), wallāhu ‘indahū ajrun ‘aẓīm(un).
[15]
Sabenerna harta banda jeung barudak aranjeun ngan mangrupa ujian (pikeun aranjeun), sedengkeun mungguhing Allah mah ganjaran anu kacida gedéna.
فَاتَّقُوا اللّٰهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَاسْمَعُوْا وَاَطِيْعُوْا وَاَنْفِقُوْا خَيْرًا لِّاَنْفُسِكُمْۗ وَمَنْ يُّوْقَ شُحَّ نَفْسِهٖ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ١٦
Fattaqullāha mastaṭa‘tum wasma‘ū wa aṭī‘ū wa anfiqū khairal li'anfusikum, wa may yūqa syuḥḥa nafsihī fa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[16]
Geura takwa aranjeun ka Allah sakadugana, reungeukeun, kudu ta’at, jeung inpakkeun harta anu alus pikeun diri aranjeun sorangan. Saha baé anu dijaga tina kameditan, nya aranjeunna pisan jalma-jalma anu unggul téh.
اِنْ تُقْرِضُوا اللّٰهَ قَرْضًا حَسَنًا يُّضٰعِفْهُ لَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْۗ وَاللّٰهُ شَكُوْرٌ حَلِيْمٌۙ١٧
In tuqriḍullāha qarḍan ḥasanay yuḍā‘ifhu lakum wa yagfir lakum, wallāhu syakūrun ḥalīm(un).
[17]
Lamun aranjeun ngahutangkeun ka Allah ku hutang anu alus, pasti Allah bakal nikelkeun (ganjaran) pikeun aranjeun. Allah Mahasukur (tur) Mahasantun.
عٰلِمُ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ ࣖ١٨
‘Ālimul-gaibi wasy-syahādatil-‘azīzul-ḥakīm(u).
[18]
Mantenna Mahauninga ka nu gaib jeung ka nu nyata. Mantenna Mahagagah (tur) Wijaksana.