Surah Al-Munafiqun
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِذَا جَاۤءَكَ الْمُنٰفِقُوْنَ قَالُوْا نَشْهَدُ اِنَّكَ لَرَسُوْلُ اللّٰهِ ۘوَاللّٰهُ يَعْلَمُ اِنَّكَ لَرَسُوْلُهٗ ۗوَاللّٰهُ يَشْهَدُ اِنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ لَكٰذِبُوْنَۚ١
Iżā jā'akal-munāfiqūna qālū nasyhadu innaka larasūlullāh(i), wallāhu ya‘lamu innaka larasūluh(ū), wallāhu yasyhadu innal-munāfiqīna lakāżibūn(a).
[1]
Waktu datang ka hidep (Muhammad), jalma-jalma munapék ngomong, “Kuring sadaya ngaku yén saenyana hidep (Muhammad) téh utusan Allah.” Allah uninga yén saenyana hidep (Muhammad) bener-bener rasul-Na. Allah nyaksian yén jalma-jalma munapék bener-bener tukang ngabohong.
اِتَّخَذُوْٓا اَيْمَانَهُمْ جُنَّةً فَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗاِنَّهُمْ سَاۤءَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٢
Ittakhażū aimānahum junnatan faṣaddū ‘an sabīlillāh(i), innahum sā'a mā kānū ya‘malūn(a).
[2]
Maranéhna ngajadikeun sumpah-sumpahna minangka taméng 878 tuluy ngahalangan (batur) tina jalan Allah. Sabenerna kacida goréngna sagala anu geus dipilampah ku maranéhna.
878) Maranéhna sumpah yén maranéhna geus iman ngan pikeun ngajaga harta sarta dirina supaya ulah dipaéhan, ditawan, atawa dirampas hartana.
ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ اٰمَنُوْا ثُمَّ كَفَرُوْا فَطُبِعَ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ فَهُمْ لَا يَفْقَهُوْنَ٣
Żālika bi'annahum āmanū ṡumma kafarū faṭubi‘a ‘alā qulūbihim fahum lā yafqahūn(a).
[3]
Anu kituna téh lantaran sabenerna maranéhna geus iman tuluy jadi kupur, mangka haténa dikonci nepi ka henteu bisa ngarti.
۞ وَاِذَا رَاَيْتَهُمْ تُعْجِبُكَ اَجْسَامُهُمْۗ وَاِنْ يَّقُوْلُوْا تَسْمَعْ لِقَوْلِهِمْۗ كَاَنَّهُمْ خُشُبٌ مُّسَنَّدَةٌ ۗيَحْسَبُوْنَ كُلَّ صَيْحَةٍ عَلَيْهِمْۗ هُمُ الْعَدُوُّ فَاحْذَرْهُمْۗ قَاتَلَهُمُ اللّٰهُ ۖاَنّٰى يُؤْفَكُوْنَ٤
Wa iżā ra'aitahum tu‘jibuka ajsāmuhum, wa iy yaqūlū tasma‘ liqaulihim, ka'annahum khusyubum musannadah(tun), yaḥsabūna kulla ṣaiḥatin ‘alaihim, humul-‘aduwwu faḥżarhum, qātalahumullāh(u), annā yu'fakūn(a).
[4]
Upama hidep (Muhammad) niténan maranéhna, dedeganana matak pikayungyuneun. Lamun maranéhna ngomong, hidep (kataji) ngareungeukeun omonganana. Maranéhna lir kai-kai anu ditanggeuhkeun. 879 Maranéhna nyangka yén saban omongan ditujukeun ka maranéhna. Maranéhna pisan musuh (anu sabenerna). Ku kituna, sing waspada ka maranéhna. Allah ngabinasakeun maranéhna. Kumaha pangna maranéhna bisa dipéngparkeun (tina bebeneran)?
879) Maranéhna diupamakeun saperti kai anu ditanggeuhkeun, maksudna nyaéta pikeun medar sipat maranéhna anu goréng sanajan dedegan maranéhna pikayungyuneun jeung pinter ngomong, sok sanajan anu sabenerna uteukna mah belegug teu ngarti kana bebeneran.
وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ تَعَالَوْا يَسْتَغْفِرْ لَكُمْ رَسُوْلُ اللّٰهِ لَوَّوْا رُءُوْسَهُمْ وَرَاَيْتَهُمْ يَصُدُّوْنَ وَهُمْ مُّسْتَكْبِرُوْنَ٥
Wa iżā qīla lahum ta‘ālau yastagfir lakum rasūlullāhi lawwau ru'ūsahum wa ra'aitahum yaṣuddūna wa hum mustakbirūn(a).
[5]
Upama dicaritakeun ka maranéhna, “Geura (ariman) sangkan Rasulullah mangnedakeun pangampura pikeun aranjeun!” Maranéhna kalah miceun bengeut bari adigung.
سَوَاۤءٌ عَلَيْهِمْ اَسْتَغْفَرْتَ لَهُمْ اَمْ لَمْ تَسْتَغْفِرْ لَهُمْۗ لَنْ يَّغْفِرَ اللّٰهُ لَهُمْۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْفٰسِقِيْنَ٦
Sawā'un ‘alaihim astagfarta lahum am lam tastagfir lahum, lay yagfirallāhu lahum, innallāha lā yahdil-qaumal-fāsiqīn(a).
[6]
Sarua baé pikeun maranéhna mah, boh hidep (Muhammad) mangméntakeun pangampura boh henteu keur maranéhna, Allah moal méré hampura ka maranéhna. Saleresna Allah moal maparin pituduh ka jalma-jalma anu pasék.
هُمُ الَّذِيْنَ يَقُوْلُوْنَ لَا تُنْفِقُوْا عَلٰى مَنْ عِنْدَ رَسُوْلِ اللّٰهِ حَتّٰى يَنْفَضُّوْاۗ وَلِلّٰهِ خَزَاۤىِٕنُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۙ وَلٰكِنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ لَا يَفْقَهُوْنَ٧
Humul-lażīna yaqūlūna lā tunfiqū ‘alā man ‘inda rasūlillāhi ḥattā yanfaḍḍū, wa lillāhi khazā'inus-samāwāti wal-arḍ(i), wa lākinnal-munāfiqīna lā yafqahūn(a).
[7]
Maranéhna anu ngomong (ka urang-urang Ansor), “Ulah sidekah aranjeun ka urang-urang (Muhajirin) anu aya di sagédéngeun Rasulullah nepi ka maranéhna bubar (ninggalkeun Rasulullah).” Padahal kagungan Allah leuit-leuit anu aya di langit jeung bumi, ngan jalma-jalma munapék mah teu ngartieun.
يَقُوْلُوْنَ لَىِٕنْ رَّجَعْنَآ اِلَى الْمَدِيْنَةِ لَيُخْرِجَنَّ الْاَعَزُّ مِنْهَا الْاَذَلَّ ۗوَلِلّٰهِ الْعِزَّةُ وَلِرَسُوْلِهٖ وَلِلْمُؤْمِنِيْنَ وَلٰكِنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ ࣖ٨
Yaqūlūna la'ir raja‘nā ilal-madīnati layukhrijannal-a‘azzu minhal-ażall(a), wa lillāhil-‘izzatu wa lirasūlihī wa lil-mu'minīna wa lākinnal-munāfiqīna lā ya‘lamūn(a).
[8]
Maranéhna ngomong, “Sabenerna lamun urang sadaya balik deui ka Madinah (mulang sanggeus Perang Bani Mustalik), pasti jalma-jalma anu kuat bakal ngusir ka jalma-jalma anu héngkér di dinya.” Padahal kakuatan mah mung kagungan Allah, Rasul-Na, jeung jalma-jalma mu’min, ngan jalma-jalma munapék mah teu nyahoeun.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تُلْهِكُمْ اَمْوَالُكُمْ وَلَآ اَوْلَادُكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللّٰهِ ۚوَمَنْ يَّفْعَلْ ذٰلِكَ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tulhikum amwālukum wa lā aulādukum ‘an żikrillāh(i), wa may yaf‘al żālika fa ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[9]
Hé jalma-jalma anu iman, omat harta banda jeung barudak aranjeun ulah mopohokeun aranjeun tina éling ka Allah. Saha baé anu milampah kitu, maranéhna pisan jalma-jalma anu rugi.
وَاَنْفِقُوْا مِنْ مَّا رَزَقْنٰكُمْ مِّنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَ اَحَدَكُمُ الْمَوْتُ فَيَقُوْلَ رَبِّ لَوْلَآ اَخَّرْتَنِيْٓ اِلٰٓى اَجَلٍ قَرِيْبٍۚ فَاَصَّدَّقَ وَاَكُنْ مِّنَ الصّٰلِحِيْنَ١٠
Wa anfiqū mimmā razaqnākum min qabli ay ya'tiya aḥadakumul-mautu fa yaqūla rabbi lau lā akhkhartanī ilā ajalin qarīb(in), fa aṣṣaddaqa wa akum minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[10]
Geura inpakkeun sawaréh tina naon anu geus dipaparinkeun ku Kami ka aranjeun saméméh maot datang ka salah-saurang ti antara aranjeun, tuluy manéhna ngomong (kaduhung), “Nun Gusti Pangéran abdi, saupami Gusti ngawidian nunda (maotna) abdi sakedap baé, abdi tiasa sidekah heula sarta abdi bakal kalebet jalma-jalma anu soléh.”
وَلَنْ يُّؤَخِّرَ اللّٰهُ نَفْسًا اِذَا جَاۤءَ اَجَلُهَاۗ وَاللّٰهُ خَبِيْرٌۢ بِمَا تَعْمَلُوْنَ ࣖ١١
Wa lay yu'akhkhirallāhu nafsan iżā jā'a ajaluhā, wallāhu khabīrum bimā ta‘malūn(a).
[11]
Allah moal nunda (maotna) ka saurang ogé, upama waktu ajalna geus datang. Allah Mahawaspada kana naon rupa anu dipilampah ku aranjeun.