Surah Al-Jumu’ah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يُسَبِّحُ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ الْمَلِكِ الْقُدُّوْسِ الْعَزِيْزِ الْحَكِيْمِ١
Yusabbiḥu lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍil-malikil-quddūsil-‘azīzil-ḥakīm(i).
[1] Naon anu aya di langit jeung bumi ngamaha-sucikeun (tasbéh) ka Allah. Mantenna Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

هُوَ الَّذِيْ بَعَثَ فِى الْاُمِّيّٖنَ رَسُوْلًا مِّنْهُمْ يَتْلُوْا عَلَيْهِمْ اٰيٰتِهٖ وَيُزَكِّيْهِمْ وَيُعَلِّمُهُمُ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَ وَاِنْ كَانُوْا مِنْ قَبْلُ لَفِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍۙ٢
Huwal-lażī ba‘aṡa fil-ummiyyīna rasūlam minhum yatlū ‘alaihim āyātihī wa yuzakkīhim wa yu‘allimuhumul-kitāba wal-ḥikmata wa in kānū min qablu lafī ḍalālim mubīn(in).
[2] Mantenna anu geus ngutus hiji rasul ka kaom anu buta hurup ti kaom maranéhna sorangan, anu mangmacakeun ayat-ayat Mantenna ka maranéhna, nyucikeun (jiwa) maranéhna, ngajarkeun ka maranéhna Kitab (Al-Qur’an) jeung Hikmah (Sunnah), sanajan saméméhna, maranéhna bener-bener aya dina kasasaran anu nyata.

وَّاٰخَرِيْنَ مِنْهُمْ لَمَّا يَلْحَقُوْا بِهِمْۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُۙ٣
Wa ākharīna minhum lammā yalḥaqū bihim, wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[3] (Kitu ogé) ka kaom séjénna ti maranéhna anu tacan kungsi aya hubungan jeung maranéhna. Mantenna téh Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

ذٰلِكَ فَضْلُ اللّٰهِ يُؤْتِيْهِ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَاللّٰهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيْمِ٤
Żālika faḍlullāhi yu'tīhi may yasyā'(u), wallāhu żul-faḍlil-‘aẓīm(i).
[4] Kitu pisan kurnia Allah anu dipaparinkeun ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah anu kagungan kurnia anu agung.

مَثَلُ الَّذِيْنَ حُمِّلُوا التَّوْرٰىةَ ثُمَّ لَمْ يَحْمِلُوْهَا كَمَثَلِ الْحِمَارِ يَحْمِلُ اَسْفَارًاۗ بِئْسَ مَثَلُ الْقَوْمِ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ٥
Maṡalul-lażīna ḥummilut-taurāta ṡumma lam yaḥmilūhā kamaṡalil-ḥimāri yaḥmilu asfārā(n), bi'sa maṡalul-qaumil-lażīna każżabū bi'āyātillāh(i), wallāhu lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[5] Paupamaan jalma-jalma anu dibéré tugas mawa Kitab Torét tuluy maranéhna henteu daék mawana (henteu ngamalkeunana) éta lir ibarat kaldé anu mamawa buku karandel. Kacida goréngna paupamaan jalma-jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Allah. Allah mah moal maparin pituduh ka jalma-jalma dolim.

قُلْ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ هَادُوْٓا اِنْ زَعَمْتُمْ اَنَّكُمْ اَوْلِيَاۤءُ لِلّٰهِ مِنْ دُوْنِ النَّاسِ فَتَمَنَّوُا الْمَوْتَ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٦
Qul yā ayyuhal-lażīna hādū in za‘amtum annakum auliyā'u lillāhi min dūnin-nāsi fa tamannawul-mauta in kuntum ṣādiqīn(a).
[6] Sanggemkeun ku hidep (Muhammad), “Hé kaom Yahudi, lamun aranjeun nyangka yén aranjeun wungkul kakasih Allah téh, henteu aya deui kaom anu séjén, atuh aranjeun geura ngarep-ngarep maot lamun aranjeun jalma anu bener mah.”

وَلَا يَتَمَنَّوْنَهٗٓ اَبَدًاۢ بِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْهِمْۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌۢ بِالظّٰلِمِيْنَ٧
Wa lā yatamannaunahū abadam bimā qaddamat aidīhim, wallāhu ‘alīmum biẓ-ẓālimīn(a).
[7] Maranéhna moal ngarep-ngarep paéh salawasna ogé alatan (kahajatan) anu geus dipilampah ku maranéhna sorangan. Allah Mahauninga ka jalma-jalma anu dolim.

قُلْ اِنَّ الْمَوْتَ الَّذِيْ تَفِرُّوْنَ مِنْهُ فَاِنَّهٗ مُلٰقِيْكُمْ ثُمَّ تُرَدُّوْنَ اِلٰى عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ ࣖ٨
Qul innal-mautal-lażī tafirrūna minhu fa innahū mulāqīkum ṡumma turaddūna ilā ‘ālimil-gaibi wasy-syahādati fa yunabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[8] Sanggemkeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna maot anu ku aranjeun disingkahan téh pasti manggihan aranjeun, tuluy aranjeun bakal dipulangkeun ka (Allah) Nu Mahauninga ka anu gaib jeung ka anu nyata. Lajeng Mantenna ngabéwarakeun ka aranjeun naon anu kungsi dipilampah ku aranjeun.”

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا نُوْدِيَ لِلصَّلٰوةِ مِنْ يَّوْمِ الْجُمُعَةِ فَاسْعَوْا اِلٰى ذِكْرِ اللّٰهِ وَذَرُوا الْبَيْعَۗ ذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā nūdiya liṣ-ṣalāti miy yaumil-jumu‘ati fas‘au ilā żikrillāhi wa żarul-bai‘(a), żālikum khairul lakum in kuntum ta‘lamūn(a).
[9] Hé jalma-jalma anu iman, upama geus digero pikeun (ngadegkeun) salat dina poé Juma’ah, aranjeun geura buru-buru miéling ka Allah sarta tinggalkeun jual beuli. Anu kitu téh leuwih alus pikeun aranjeun lamun aranjeun nyaho mah.

فَاِذَا قُضِيَتِ الصَّلٰوةُ فَانْتَشِرُوْا فِى الْاَرْضِ وَابْتَغُوْا مِنْ فَضْلِ اللّٰهِ وَاذْكُرُوا اللّٰهَ كَثِيْرًا لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ١٠
Fa iżā quḍiyatiṣ-ṣalātu fantasyirū fil-arḍi wabtagū min faḍlillāhi ważkurullāha kaṡīral la‘allakum tufliḥūn(a).
[10] Upama salat (Juma`ah) geus réngsé dilakonan, breng aranjeun nyebar deui di ieu bumi jeung geura siar kurnia Allah sarta kudu loba éling ka Allah sangkan aranjeun unggul.

وَاِذَا رَاَوْا تِجَارَةً اَوْ لَهْوًا ۨانْفَضُّوْٓا اِلَيْهَا وَتَرَكُوْكَ قَاۤىِٕمًاۗ قُلْ مَا عِنْدَ اللّٰهِ خَيْرٌ مِّنَ اللَّهْوِ وَمِنَ التِّجَارَةِۗ وَاللّٰهُ خَيْرُ الرّٰزِقِيْنَ ࣖ١١
Wa iżā ra'au tijāratan au lahwaninfaḍḍū ilaihā wa tarakūka qā'imā(n), qul mā ‘indallāhi khairum minal-lahwi wa minat-tijārah(ti), wallāhu khairur-rāziqīn(a).
[11] Lamun nénjo dagangan atawa kaulinan, maranéhna gagancangan muru ka dinya bari ninggalkeun hidep (Muhammad) nangtung sorangan (keur hutbah). Sanggemkeun ku hidep, “Sagala anu aya mungguhing Allah éta leuwih alus tibatan kaulinan jeung barang dagangan. Allah téh pangsaé-saéna anu maparin rejeki.”