Surah As-Saff

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
سَبَّحَ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۚ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ١
Sabbaḥa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[1] Naon anu aya di langit jeung bumi ngamahasucikeun (tasbéh) ka Allah. Mantenna Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لِمَ تَقُوْلُوْنَ مَا لَا تَفْعَلُوْنَ٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lima taqūlūna mā lā taf‘alūn(a).
[2] Hé jalma-jalma anu iman, ku naon aranjeun bet nyaritakeun perkara anu ku aranjeun henteu dipigawé?

كَبُرَ مَقْتًا عِنْدَ اللّٰهِ اَنْ تَقُوْلُوْا مَا لَا تَفْعَلُوْنَ٣
Kabura maqtan ‘indallāhi an taqūlū mā lā taf‘alūn(a).
[3] Kacida gedéna bebendu di mungguhing Allah lamun aranjeun nyaritakeun perkara anu henteu dipigawé ku aranjeun.

اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الَّذِيْنَ يُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِهٖ صَفًّا كَاَنَّهُمْ بُنْيَانٌ مَّرْصُوْصٌ٤
Innallāha yuḥibbul-lażīna yuqātilūna fī sabīlihī ṣaffan ka'annahum bun-yānum marṣūṣ(un).
[4] Saleresna Allah mikanyaah ka jalma-jalma anu perang dina jalan Mantenna dina hiji barisan lir hiji wangunan anu dijieun kalayan weweg.

وَاِذْ قَالَ مُوْسٰى لِقَوْمِهٖ يٰقَوْمِ لِمَ تُؤْذُوْنَنِيْ وَقَدْ تَّعْلَمُوْنَ اَنِّيْ رَسُوْلُ اللّٰهِ اِلَيْكُمْۗ فَلَمَّا زَاغُوْٓا اَزَاغَ اللّٰهُ قُلُوْبَهُمْۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْفٰسِقِيْنَ٥
Wa iż qāla mūsā liqaumihī yā qaumi lima tu'żūnanī wa qad ta‘lamūna annī rasūlullāhi ilaikum, falammā zāgū azāgallāhu qulūbahum, wallāhu lā yahdil-qaumal-fāsiqīn(a).
[5] Sing inget hidep (Muhammad) waktu Musa nyanggem ka kaomna, “Hé kaom kuring, ku naon aranjeun bet nganyenyeri ka kuring, padahal aranjeun sabenerna nyaho yén kuring téh utusan Allah pikeun aranjeun?” Nya sanggeus maranéhna méngpar (tina bebeneran), Allah méngparkeun haté maranéhna. Allah moal maparin pituduh ka kaom anu pasék.

وَاِذْ قَالَ عِيْسَى ابْنُ مَرْيَمَ يٰبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اِنِّيْ رَسُوْلُ اللّٰهِ اِلَيْكُمْ مُّصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيَّ مِنَ التَّوْرٰىةِ وَمُبَشِّرًاۢ بِرَسُوْلٍ يَّأْتِيْ مِنْۢ بَعْدِى اسْمُهٗٓ اَحْمَدُۗ فَلَمَّا جَاۤءَهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ قَالُوْا هٰذَا سِحْرٌ مُّبِيْنٌ٦
Wa iż qāla ‘īsabnu maryama yā banī isrā'īla innī rasūlullāhi ilaikum muṣaddiqal limā baina yadayya minat-taurāti wa mubasysyiram birasūliy ya'tī mim ba‘dismuhū aḥmad(u), falammā jā'ahum bil-bayyināti qālū hāżā siḥrum mubīn(un).
[6] Sing inget hidep (Muhammad) waktu Isa putra Maryam nyanggem, “Hé Bani Israél, saleresna kuring téh utusan Allah pikeun aranjeun kalayan ngabenerkeun (kitab) anu saheulaeun kuring, nyaéta Torét, jeung (sangkan kuring) nepikeun béja pikabungaheun ku (datangna) hiji rasul anu bakal datang sanggeus kuring, anu jenenganana Ahmad (Muhammad).” Tapi, waktu éta (rasul) datang ka maranéhna kalayan (mawa) bukti-bukti anu pertéla, maranéhna ngomong, “Ieu mah sihir anu nyata.”

وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَ وَهُوَ يُدْعٰىٓ اِلَى الْاِسْلَامِۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ٧
Wa man aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhil-każiba wa huwa yud‘ā ilal-islām(i), wallāhu lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[7] Saha anu leuwih dolim tibatan jalma anu ngaya-ngayakeun kabohongan ka Allah padahal manéhna diajakan (tumut) kana (agama) Islam? Allah moal maparin pituduh ka jalma-jalma anu dolim.

يُرِيْدُوْنَ لِيُطْفِـُٔوْا نُوْرَ اللّٰهِ بِاَفْوَاهِهِمْۗ وَاللّٰهُ مُتِمُّ نُوْرِهٖ وَلَوْ كَرِهَ الْكٰفِرُوْنَ٨
Yurīdūna liyuṭfi'ū nūrallāhi bi'afwāhihim, wallāhu mutimmu nūrihī wa lau karihal-kāfirūn(a).
[8] Maranéhna rék mareuman cahaya (agama) Allah ku sungut-sungut (omongan-omongan) maranéhna, nanging Allah tetep nyampurnakeun cahaya Mantenna sanajan jalma-jalma kapir mikangéwa.

هُوَ الَّذِيْٓ اَرْسَلَ رَسُوْلَهٗ بِالْهُدٰى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهٗ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهٖۙ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ ࣖ٩
Wa huwal-lażī arsala rasūlahū bil-hudā wa dīnil-ḥaqqi liyuẓhirahū ‘alad-dīni kullih(ī), wa lau karihal-musyrikūn(a).
[9] Mantenna anu ngutus Rasul-Na kalayan nyandak pituduh jeung agama anu bener pikeun ngunggulan sakabéh agama sanajan jalma-jalma musrik mikangéwa.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا هَلْ اَدُلُّكُمْ عَلٰى تِجَارَةٍ تُنْجِيْكُمْ مِّنْ عَذَابٍ اَلِيْمٍ١٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanū hal adullukum ‘alā tijāratin tunjīkum min ‘ażābin alīm(in).
[10] Hé jalma-jalma anu iman, naha aranjeun hayang Kami nuduhkeun dagang anu bisa nyalametkeun aranjeun tina siksa anu kacida peurihna?

تُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَتُجَاهِدُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ بِاَمْوَالِكُمْ وَاَنْفُسِكُمْۗ ذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَۙ١١
Tu'minūna billāhi wa rasūlihī wa tujāhidūna fī sabīlillāhi bi'amwālikum wa anfusikum, żālikum khairul lakum in kuntum ta‘lamūn(a).
[11] (Nyaéta) aranjeun iman ka Allah tur ka rasul-Na sarta jihad dina jalan Allah ku harta-harta tur jiwa-jiwa aranjeun. Éta leuwih alus pikeun aranjeun lamun bener-bener aranjeun nyaho mah.

يَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَيُدْخِلْكُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ وَمَسٰكِنَ طَيِّبَةً فِيْ جَنّٰتِ عَدْنٍۗ ذٰلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُۙ١٢
Yagfir lakum żunūbakum wa yudkhilkum jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru wa masākina ṭayyibatan fī jannāti ‘adn(in), żālikal-fauzul-‘aẓīm(u).
[12] (Lamun aranjeun iman jeung jihad,) pasti Allah ngahampura dosa-dosa aranjeun, ngasupkeun aranjeun ka sawarga anu cur-cor di sahandapeunana walungan-walungan jeung ka tempat-tempat padumukan anu sarwa éndah di sawarga Aden. Éta téh kaunggulan anu agung.

وَاُخْرٰى تُحِبُّوْنَهَاۗ نَصْرٌ مِّنَ اللّٰهِ وَفَتْحٌ قَرِيْبٌۗ وَبَشِّرِ الْمُؤْمِنِيْنَ١٣
Wa ukhrā tuḥibbūnahā, naṣrum minallāhi wa fatḥun qarīb(un), wa basysyiril-mu'minīn(a).
[13] (Aya deui) kurnia séjén anu aranjeun mikaresep (nyaéta) pitulung ti Allah jeung kaunggulan anu deukeut (waktuna). Geura tepikeun pangbubungah ku hidep (Muhammad) ka jalma-jalma mu’min.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُوْنُوْٓا اَنْصَارَ اللّٰهِ كَمَا قَالَ عِيْسَى ابْنُ مَرْيَمَ لِلْحَوَارِيّٖنَ مَنْ اَنْصَارِيْٓ اِلَى اللّٰهِ ۗقَالَ الْحَوَارِيُّوْنَ نَحْنُ اَنْصَارُ اللّٰهِ فَاٰمَنَتْ طَّاۤىِٕفَةٌ مِّنْۢ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ وَكَفَرَتْ طَّاۤىِٕفَةٌ ۚفَاَيَّدْنَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا عَلٰى عَدُوِّهِمْ فَاَصْبَحُوْا ظٰهِرِيْنَ ࣖ١٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū kūnū anṣārallāhi kamā qāla ‘īsabnu maryama lil-ḥawāriyyīna man anṣārī ilallāh(i), qālal-ḥawāriyyūna naḥnu anṣārullāhi fa'āmanaṭ-ṭā'ifatum mim banī isrā'īla wa kafaraṭ-ṭā'ifah(tun), fa'ayyadnal-lażīna āmanū ‘alā ‘aduwwihim fa'aṣbaḥū ẓāhirīn(a).
[14] Hé jalma-jalma anu iman, aranjeun kudu jadi anu ngabélaan (agama) Allah sakumaha Isa putra Maryam kungsi nyanggem ka kaomna anu satia, “Saha anu bakal buméla ka kuring pikeun (nanjeurkeun) agama Allah?” Kaomna anu satia ngawaler, “Abdi sadaya anu bakal buméla kana (agama) Allah.” Tuluy sagolongan ti Bani Israél iman jeung sagolongan (anu séjén) kupur. Lajeng Kami maparin kakuatan ka jalma-jalma anu iman (pikeun) ngéléhkeun musuh-musuhna nepi ka aranjeunna jadi jalma-jalma anu pinunjul.