Surah Al-Mumtahanah
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوْا عَدُوِّيْ وَعَدُوَّكُمْ اَوْلِيَاۤءَ تُلْقُوْنَ اِلَيْهِمْ بِالْمَوَدَّةِ وَقَدْ كَفَرُوْا بِمَا جَاۤءَكُمْ مِّنَ الْحَقِّۚ يُخْرِجُوْنَ الرَّسُوْلَ وَاِيَّاكُمْ اَنْ تُؤْمِنُوْا بِاللّٰهِ رَبِّكُمْۗ اِنْ كُنْتُمْ خَرَجْتُمْ جِهَادًا فِيْ سَبِيْلِيْ وَابْتِغَاۤءَ مَرْضَاتِيْ تُسِرُّوْنَ اِلَيْهِمْ بِالْمَوَدَّةِ وَاَنَا۠ اَعْلَمُ بِمَآ اَخْفَيْتُمْ وَمَآ اَعْلَنْتُمْۗ وَمَنْ يَّفْعَلْهُ مِنْكُمْ فَقَدْ ضَلَّ سَوَاۤءَ السَّبِيْلِ١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tattakhiżū ‘aduwwī wa ‘aduwwakum auliyā'a tulqūna ilaihim bil-mawaddati wa qad kafarū bimā jā'akum minal-ḥaqq(i), yukhrijūnar-rasūla wa iyyākum an tu'minū billāhi rabbikum, in kuntum kharajtum jihādan fī sabīlī wabtigā'a marḍātī tusirrūna ilaihim bil-mawaddah(ti), wa ana a‘lamu bimā akhfaitum wa mā a‘lantum, wa may yaf‘alhu minkum faqad ḍalla sawā'as-sabīl(i).
[1]
Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah ngangkat musuh Kami jeung musuh aranjeun jadi sobat-sobat dalit nepi ka aranjeun méré nyaho ka maranéhna (béja-béja ngeunaan Muhammad) alatan (kajurung) ku kanyaah, padahal maranéhna geus ingkar kana bebeneran anu datang ka maranéhna. Maranéhna ngusir Rasul jeung aranjeun lantaran aranjeun iman ka Allah, Pangéran aranjeun. Upama aranjeun tandang ka luar pikeun jihad dina jalan Kami sarta nyuprih karidoan Kami, (omat aranjeun ulah milampah kitu). Aranjeun méré nyaho kalayan rerencepan (béja-béja ngeunaan Muhammad) ka maranéhna alatan kajurung ku rasa nyaah. Kami leuwih nyaho kana naon anu disumputkeun tur ditembrakkeun ku aranjeun. Saha baé ti antara aranjeun anu milampah kitu, sabenerna aranjeun geus méngpar (kasasar) tina jalan anu lempeng.
اِنْ يَّثْقَفُوْكُمْ يَكُوْنُوْا لَكُمْ اَعْدَاۤءً وَّيَبْسُطُوْٓا اِلَيْكُمْ اَيْدِيَهُمْ وَاَلْسِنَتَهُمْ بِالسُّوْۤءِ وَوَدُّوْا لَوْ تَكْفُرُوْنَۗ٢
Iy yaṡqafūkum yakūnū lakum a‘dā'aw wa yabsuṭū ilaikum aidiyahum wa alsinatahum bis-sū'i wa waddū lau takfurūn(a).
[2]
Lamun maranéhna néwak aranjeun, tangtu maranéhna ngalakukeunana téh minangka musuh pikeun aranjeun, tuluy ngagunakeun lengeun jeung létahna pikeun nganyenyeri sarta maranéhna miharep sangkan aranjeun (balik deui) jadi kupur.
لَنْ تَنْفَعَكُمْ اَرْحَامُكُمْ وَلَآ اَوْلَادُكُمْ ۛيَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۛيَفْصِلُ بَيْنَكُمْۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٣
Lan tanfa‘akum arḥāmukum wa lā aulādukum yaumal-qiyāmati yafṣilu bainakum, wallāhu bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[3]
Dulur-dulur jeung barudak maranéh moal mangpa’at pikeun maranéh dina Poé Kiamat. Mantenna bakal misahkeun antara maranéh (jeung dulur jeung barudak maranéh). Allah Maha Ningali kana naon anu dipilampah ku maranéh.
قَدْ كَانَتْ لَكُمْ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ فِيْٓ اِبْرٰهِيْمَ وَالَّذِيْنَ مَعَهٗۚ اِذْ قَالُوْا لِقَوْمِهِمْ اِنَّا بُرَءٰۤؤُا مِنْكُمْ وَمِمَّا تَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۖ كَفَرْنَا بِكُمْ وَبَدَا بَيْنَنَا وَبَيْنَكُمُ الْعَدَاوَةُ وَالْبَغْضَاۤءُ اَبَدًا حَتّٰى تُؤْمِنُوْا بِاللّٰهِ وَحْدَهٗٓ اِلَّا قَوْلَ اِبْرٰهِيْمَ لِاَبِيْهِ لَاَسْتَغْفِرَنَّ لَكَ وَمَآ اَمْلِكُ لَكَ مِنَ اللّٰهِ مِنْ شَيْءٍۗ رَبَّنَا عَلَيْكَ تَوَكَّلْنَا وَاِلَيْكَ اَنَبْنَا وَاِلَيْكَ الْمَصِيْرُ٤
Qad kānat lakum uswatun ḥasanatun fī ibrāhīma wal-lażīna ma‘ah(ū), iż qālū liqaumihim innā bura'ā'u minkum wa mimmā ta‘budūna min dūnillāh(i), kafarnā bikum wa badā bainanā wa bainakumul-‘adāwatu wal-bagḍā'u abadan ḥattā tu'minū billāhi waḥdahū illā qaula ibrāhīma li'abīhi la'astagfiranna laka wa mā amliku laka minallāhi min syai'(in), rabbanā ‘alaika tawakkalnā wa ilaika anabnā wa ilaikal-maṣīr(u).
[4]
Tétéla geus aya picontoeun anu hadé pikeun maranéh dina (pribadi) Ibrahim jeung jalma-jalma anu nyarenganana, waktu aranjeunna nyarios ka kaomna, “Sabenerna kuring saréréa lulubaran (teu tanggung jawab) ti aranjeun jeung tina naon rupa anu disembah ku aranjeun salian ti Allah. Kuring saréréa lulubaran tina (kakupuran) aranjeun sarta geus pertéla antara pihak kuring saréréa jeung pihak aranjeun aya mumusuhan jeung kaceuceub pikeun salawasna, nepi ka aranjeun iman ka Allah wungkul,” kajaba caritaan Ibrahim ka ramana, 875 “Saleresna abdi badé mangnedakeun Pangampura kanggo bapa, nanging abdi teu wasa ngahalangan (siksa) Allah ka bapa sakedik ogé.” (Ibrahim lajeng ngadoa), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mung ka Gusti abdi sadaya sumerah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya tobat, tur mung ka Gusti abdi sadaya mulang.
875) Nabi Ibrahim kantos mangnedakeun pangapunten pikeun ramana anu musrik ka Allah. Ieu teu meunang diturutan, sabab Allah henteu ngijinan jalma mu’min mangméntakeun pangampura pikeun jalma-jalma kupur (pariksa Q.S. An-Nisā’/4: 48).
رَبَّنَا لَا تَجْعَلْنَا فِتْنَةً لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَاغْفِرْ لَنَا رَبَّنَاۚ اِنَّكَ اَنْتَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٥
Rabbanā lā taj‘alnā fitnatal lil-lażīna kafarū wagfir lanā rabbanā, innaka antal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[5]
Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi ulah ngajantenkeun abdi sadaya (paneumbleuhan) pitnah jalma-jalma anu kupur. Mugi Gusti maparin pangapunten ka abdi sadaya. Sayaktosna Gusti téh Mahagagah (tur) Mahawijaksana.”
لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْهِمْ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّٰهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَۗ وَمَنْ يَّتَوَلَّ فَاِنَّ اللّٰهَ هُوَ الْغَنِيُّ الْحَمِيْدُ ࣖ٦
Laqad kāna lakum fīhim uswatun ḥasanatul liman kāna yarjullāha wal-yaumal-ākhir(a), wa may yatawalla fa'innallāha huwal-ganiyyul-ḥamīd(u).
[6]
Sabenerna dina pribadi aranjeunna (Ibrahim jeung umatna) aya suri tuladan anu hadé pikeun aranjeun, (nyaéta) pikeun jalma-jalma anu miharep (ganjaran) Allah jeung (kasalametan dina) Poé Ahir. Saha baé anu ngabalieur, nya saleresna Allah mah Mahabeunghar (tur) Mahapinuji.
۞ عَسَى اللّٰهُ اَنْ يَّجْعَلَ بَيْنَكُمْ وَبَيْنَ الَّذِيْنَ عَادَيْتُمْ مِّنْهُمْ مَّوَدَّةًۗ وَاللّٰهُ قَدِيْرٌۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٧
‘Asallāhu ay yaj‘ala bainakum wa bainal-lażīna ‘ādaitum minhum mawaddah(tan), wallāhu qadīr(un), wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[7]
Mugia Allah ngaguratkeun rasa kaasih ti antara aranjeun jeung jalma-jalma anu dimusuhan ku aranjeun. Allah Mahakawasa. Mantenna Mahajembar Pangampur (tur) Mahaasih.
لَا يَنْهٰىكُمُ اللّٰهُ عَنِ الَّذِيْنَ لَمْ يُقَاتِلُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ وَلَمْ يُخْرِجُوْكُمْ مِّنْ دِيَارِكُمْ اَنْ تَبَرُّوْهُمْ وَتُقْسِطُوْٓا اِلَيْهِمْۗ اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُقْسِطِيْنَ٨
Lā yanhākumullāhu ‘anil-lażīna lam yuqātilūkum fid-dīni wa lam yukhrijūkum min diyārikum an tabarrūhum wa tuqsiṭū ilaihim, innallāha yuḥibbul-muqsiṭīn(a).
[8]
Allah henteu nyegah aranjeun pikeun milampah pagawéan hadé jeung adil ka jalma-jalma anu henteu merangan ka aranjeun dina urusan agama, tur henteu ngusir aranjeun ti tempat padumukan aranjeun. Saleresna Allah mah mikanyaah ka jalma-jalma anu milampah kaadilan.
اِنَّمَا يَنْهٰىكُمُ اللّٰهُ عَنِ الَّذِيْنَ قَاتَلُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ وَاَخْرَجُوْكُمْ مِّنْ دِيَارِكُمْ وَظَاهَرُوْا عَلٰٓى اِخْرَاجِكُمْ اَنْ تَوَلَّوْهُمْۚ وَمَنْ يَّتَوَلَّهُمْ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ٩
Innamā yanhākumullāhu ‘anil-lażīna qātalūkum fid-dīni wa akhrajūkum min diyārikum wa ẓāharū ‘alā ikhrājikum an tawallauhum, wa may yatawallahum fa'ulā'ika humuẓ-ẓālimūn(a).
[9]
Saleresna Allah mung nyegah aranjeun ngayakeun hubungan jeung jalma-jalma (kapir) anu merangan ka aranjeun dina urusan agama, anu ngusir aranjeun ti padumukan aranjeun, sarta ménta tulung ka (jalma lian) pikeun ngusir aranjeun. Saha baé anu misobat ka maranéhna, nya maranéhna pisan jalma-jalma anu dolim téh.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا جَاۤءَكُمُ الْمُؤْمِنٰتُ مُهٰجِرٰتٍ فَامْتَحِنُوْهُنَّۗ اَللّٰهُ اَعْلَمُ بِاِيْمَانِهِنَّ فَاِنْ عَلِمْتُمُوْهُنَّ مُؤْمِنٰتٍ فَلَا تَرْجِعُوْهُنَّ اِلَى الْكُفَّارِۗ لَا هُنَّ حِلٌّ لَّهُمْ وَلَا هُمْ يَحِلُّوْنَ لَهُنَّۗ وَاٰتُوْهُمْ مَّآ اَنْفَقُوْاۗ وَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ اَنْ تَنْكِحُوْهُنَّ اِذَآ اٰتَيْتُمُوْهُنَّ اُجُوْرَهُنَّۗ وَلَا تُمْسِكُوْا بِعِصَمِ الْكَوَافِرِ وَسْـَٔلُوْا مَآ اَنْفَقْتُمْ وَلْيَسْـَٔلُوْا مَآ اَنْفَقُوْاۗ ذٰلِكُمْ حُكْمُ اللّٰهِ ۗيَحْكُمُ بَيْنَكُمْۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ١٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā jā'akumul-mu'minātu muhājirātin famtaḥinūhunn(a), allāhu a‘lamu bi'īmānihinna fa'in ‘alimtumūhunna mu'minātin falā tarji‘ūhunna ilal-kuffār(i), lā hunna ḥillul lahum wa lā hum yaḥillūna lahunn(a), wa ātūhum mā anfaqū, wa lā junāḥa ‘alaikum an tankiḥūhunna iżā ātaitumūhunna ujūrahunn(a), wa lā tumsikū bi‘iṣamil-kawāfiri was'alū mā anfaqū, żālikum ḥukmullāh(i), yaḥkumu bainakum, wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[10]
Hé jalma-jalma anu iman, upama mu’minat datang hijrah ka aranjeun, pék geura nguji heula ku aranjeun (kaimanana). Allah langkung uninga kana kaimanan maranéhna. Lamun seug aranjeun geus yakin yén éta mu’minat anu hijrah téh (bener-bener) kaimanana, atuh omat maranéhna ulah dipulangkeun deui ka jalma-jalma kapir (salaki-salakina). Maranéhna henteu halal pikeun salakina anu kapir, pon kitu deui salakina anu kapir ogé henteu halal pikeun maranéhna. Pulangkeun ku aranjeun (ka salaki-salakina) maskawin anu geus dibayar ku maranéhna. Henteu jadi dosa pikeun aranjeun ngawin ka éta mu’minat upama aranjeun masrahkeun maskawin ka maranéhna. Aranjeun ulah keukeuh mertahankeun rumah tangga jeung istri-istri (aranjeun) nu kapir. Ku kituna, geura pénta deui maskawin anu geus dibayarkeun ku aranjeun ka maranéhna. (Lamun éta mu’minat salakina tetep kapir), atuh antep baé maranéhna (salakina nu tetep kapir téa) ménta deui maskawin anu ku maranéhna geus dibayarkeun (ka urut pamajikanana nu asup Islam). Kitu pisan hukum Allah a(...)
وَاِنْ فَاتَكُمْ شَيْءٌ مِّنْ اَزْوَاجِكُمْ اِلَى الْكُفَّارِ فَعَاقَبْتُمْ فَاٰتُوا الَّذِيْنَ ذَهَبَتْ اَزْوَاجُهُمْ مِّثْلَ مَآ اَنْفَقُوْاۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ الَّذِيْٓ اَنْتُمْ بِهٖ مُؤْمِنُوْنَ١١
Wa in fātakum syai'um min azwājikum ilal-kuffāri fa‘āqabtum fa'ātul-lażīna żahabat azwājuhum miṡla mā anfaqū, wattaqullāhal-lażī antum bihī mu'minūn(a).
[11]
Lamun seug aya hiji hal (ngeunaan mulangkeun maskawin) anu can dituntaskeun ku aranjeun ti pamajikan-pamajikan aranjeun anu kabur ka jalma-jalma kapir, tuluy aranjeun bisa ngéléhkeun éta (jalma-jalma), mangka bikeun ku aranjeun (tina harta rampasan perang) ka jalma-jalma anu pamajikanana kabur ka musuh saloba maskawin anu geus dibayarkeun ku maranéhna. 876 Kudu takwa aranjeun ka Allah anu ka Mantenna aranjeun iman.
876) Saméméh gonimah dibagikeun ka lima golongan anu ngabogaan hak, leuwih ti heula bayar heula maskawin-maskawin ka salaki-salaki anu pamajikanana ngarilu ka daérah kaom kupur.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ اِذَا جَاۤءَكَ الْمُؤْمِنٰتُ يُبَايِعْنَكَ عَلٰٓى اَنْ لَّا يُشْرِكْنَ بِاللّٰهِ شَيْـًٔا وَّلَا يَسْرِقْنَ وَلَا يَزْنِيْنَ وَلَا يَقْتُلْنَ اَوْلَادَهُنَّ وَلَا يَأْتِيْنَ بِبُهْتَانٍ يَّفْتَرِيْنَهٗ بَيْنَ اَيْدِيْهِنَّ وَاَرْجُلِهِنَّ وَلَا يَعْصِيْنَكَ فِيْ مَعْرُوْفٍ فَبَايِعْهُنَّ وَاسْتَغْفِرْ لَهُنَّ اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٢
Yā ayyuhan-nabiyyu iżā jā'akal-mu'minātu yubāyi‘naka ‘alā allā yusyrikna billāhi syai'aw wa lā yasriqna wa lā yaznīna wa lā yaqtulna aulādahunna wa lā ya'tīna bibuhtāniy yaftarīnahū baina aidīhinna wa arjulihinna wa lā ya‘ṣīnaka fī ma‘rūfin fabāyi‘hunna wastagfir lahunnallāh(a), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[12]
Hé Nabi, upama mu’minat datang pikeun bé’at (sumpah satia) ka hidep (Muhammad), yén aranjeunna moal nyarékatkeun naon-naon ka Allah, moal maling, moal jinah, moal maéhan barudakna, moal milampah bohong anu dijieun-jieun ku leungeun-leungeun tur suku-sukuna, 877 jeung moal doraka ka hidep tina urusan kahadéan, nya pék geura bé’at aranjeunna ku hidep, jeung geura pangméntakeun pangampura pikeun aranjeunna ka Allah. Sabenerna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
877) Pagawéan anu ku maranéhna diaya-ayakeun antara leungeun jeung sukuna maksudna nyaéta ngayakeun sumpah-sumpah palsu ngeunaan hubungan antara lalaki jeung awéwé, saperti tuduhan jinah, tuduhan yén anak si Fulan lain anak salakina, jeung sajabana.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَوَلَّوْا قَوْمًا غَضِبَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ قَدْ يَىِٕسُوْا مِنَ الْاٰخِرَةِ كَمَا يَىِٕسَ الْكُفَّارُ مِنْ اَصْحٰبِ الْقُبُوْرِ ࣖ١٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tatawallau qauman gaḍiballāhu ‘alaihim qad ya'isū minal-ākhirati kamā ya'isal-kuffāru min aṣḥābil-qubūr(i).
[13]
Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah ngangkat jalma-jalma anu geus dibenduan ku Allah minangka anu nulungan ka aranjeun. Sabenerna maranéhna mah geus pegat pangharepan tina perkara ahérat, sakumaha jalma-jalma kapir anu geus di jero kubur ogé pegat pangharepan (tina perkara ahérat).