Surah Al-An`am

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَجَعَلَ الظُّلُمٰتِ وَالنُّوْرَ ەۗ ثُمَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِرَبِّهِمْ يَعْدِلُوْنَ١
Al-ḥamdu lillāhil-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa wa ja‘alaẓ-ẓulumāti wan-nūr(a), ṡummal-lażīna kafarū birabbihim ya‘dilūn(a).
[1] Sadaya puji kagungan Allah anu geus nyiptakeun langit jeung bumi sarta ngajantenkeun mangpirang-pirang (kaayaan) poék mongkléng jeung caang. Sanajan kitu, jalma-jalma kapir mah (sok) nyaruakeun baé Pangéran maranéhna téh (jeung nu lianna).

هُوَ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ مِّنْ طِيْنٍ ثُمَّ قَضٰٓى اَجَلًا ۗوَاَجَلٌ مُّسَمًّى عِنْدَهٗ ثُمَّ اَنْتُمْ تَمْتَرُوْنَ٢
Huwal-lażī khalaqakum min ṭīnin ṡumma qaḍā ajalā(n), wa ajalum musamman ‘indahū ṡumma antum tamtarūn(a).
[2] Mantenna anu nyiptakeun aranjeun tina taneuh, tuluy Mantenna nangtukeun wates hirup (masing-masing). Waktu anu geus ditangtukeun (pikeun hudang sanggeus maot) mung kauninga ku Mantenna. Tuluy aranjeun mah tetep masih mangmang.

وَهُوَ اللّٰهُ فِى السَّمٰوٰتِ وَفِى الْاَرْضِۗ يَعْلَمُ سِرَّكُمْ وَجَهْرَكُمْ وَيَعْلَمُ مَا تَكْسِبُوْنَ٣
Wa huwallāhu fis-samāwāti wa fil-arḍ(i), ya‘lamu sirrakum wa jahrakum wa ya‘lamu mā taksibūn(a).
[3] Mantenna téh Allah (anu pantes disembah) di langit jeung di bumi. Mantenna uninga kana sagala rupa anu ku aranjeun dirasiahkeun jeung nu ku aranjeun ditémbongkeun, sareng uninga (ogé) kana sagala rupi anu ku aranjeun dipigawé.

وَمَا تَأْتِيْهِمْ مِّنْ اٰيَةٍ مِّنْ اٰيٰتِ رَبِّهِمْ اِلَّا كَانُوْا عَنْهَا مُعْرِضِيْنَ٤
Wa mā ta'tīhim min āyatim min āyāti rabbihim illā kānū ‘anhā mu‘riḍīn(a).
[4] Teu pati-pati nepi ka maranéhna (jalma-jalma kapir) hiji ayat tina ayat-ayat 301 Pangéran maranéhna, kajaba maranéhna sok ngabalieur.
301) “Ayat” di dieu ma’nana nyaéta mujijat atawa ayat Al-Qur’an atawa kajadian-kajadian anu lumangsung di alam dunya sarta jadi tanda kakawasaan Allah.

فَقَدْ كَذَّبُوْا بِالْحَقِّ لَمَّا جَاۤءَهُمْۗ فَسَوْفَ يَأْتِيْهِمْ اَنْۢبـٰۤؤُا مَا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ٥
Faqad każżabū bil-ḥaqqi lammā jā'ahum fa saufa ya'tīhim ambā'u mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[5] Maranéhna téh tétéla geus ngabohongkeun bebeneran (Al-Qur’an) waktu nepi ka maranéhna, nya jaga bakal nepi ka maranéhna béja-béja (ngeunaan bebeneran) anu tadina sok diguguyonkeun ku maranéhna.

اَلَمْ يَرَوْا كَمْ اَهْلَكْنَا مِنْ قَبْلِهِمْ مِّنْ قَرْنٍ مَّكَّنّٰهُمْ فِى الْاَرْضِ مَا لَمْ نُمَكِّنْ لَّكُمْ وَاَرْسَلْنَا السَّمَاۤءَ عَلَيْهِمْ مِّدْرَارًا ۖوَّجَعَلْنَا الْاَنْهٰرَ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهِمْ فَاَهْلَكْنٰهُمْ بِذُنُوْبِهِمْ وَاَنْشَأْنَا مِنْۢ بَعْدِهِمْ قَرْنًا اٰخَرِيْنَ٦
Alam yarau kam ahlaknā min qablihim min qarnim makkanāhum fil-arḍi mā lam numakkil lakum wa arsalnas-samā'a ‘alaihim midrārā(n), wa ja‘alnal-anhāra tajrī min taḥtihim fa ahlaknāhum biżunūbihim wa ansya'nā mim ba‘dihim qarnan ākharīn(a).
[6] Naha maranéhna téh henteu niténan sabaraha loba generasi saméméhna anu dibinasakeun ku Kami? Padahal (éta generasi téh) tadina ku Kami geus dipengkuhkeun kalungguhanana di bumi, nyaéta ku kalungguhan anu can dipasrahkeun ka maranéh (saméméhna). Kami nurunkeun hujan anu ngagebrét pikeun maranéhna sarta Kami ngajadikeun walungan anu ngagulidag (caina) di handapeun maranéhna. Tuluy Kami ngabinasakeun maranéhna ku lantaran dosa-dosana, sarta Kami munculkeun sanggeus maranéhna generasi séjénna.

وَلَوْ نَزَّلْنَا عَلَيْكَ كِتٰبًا فِيْ قِرْطَاسٍ فَلَمَسُوْهُ بِاَيْدِيْهِمْ لَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِنْ هٰذَآ اِلَّا سِحْرٌ مُّبِيْنٌ٧
Wa lau nazzalnā ‘alaika kitāban fī qirṭāsin fa lamasūhu bi'aidīhim laqālal-lażīna kafarū in hāżā illā siḥrum mubīn(un).
[7] Lamun seug Kami nurunkeun ka hidep (Muhammad) tulisan dina keretas, nepi ka maranéhna bisa nyepeng ku leungeunna sorangan, pasti jalma-jalma kapir mah bakal nyarita kieu, “Ieu mah taya lian iwal ti sihir anu nyata.”

وَقَالُوْا لَوْلَآ اُنْزِلَ عَلَيْهِ مَلَكٌ ۗوَلَوْ اَنْزَلْنَا مَلَكًا لَّقُضِيَ الْاَمْرُ ثُمَّ لَا يُنْظَرُوْنَ٨
Wa qālū lau lā unzila ‘alaihi malak(un), wa lau anzalnā malakal laquḍiyal-amru ṡumma lā yunẓarūn(a).
[8] Maranéhna téh nyarita kieu, “Naha atuh teu diturunkeun malaikat hiji-hiji acan ka manéhna (Muhammad) téh?” 302 Lamun Kami nurunkeun malaikat (ka anjeunna) mah, tangtu bérés éta perkara téh (maranéhna dibinasakeun), 303 tuluy maranéhna téh moal dibéré témpo saeutik ogé (pikeun tobat).
302) Pikeun ngajelaskeun yén Nabi Muhammad Saw. téh salah sawios Nabi Allah. 303) Lamun malaikat diturunkeun ku Allah ka maranéhna, sedengkeun maranéhna henteu iman ka Allah jeung katangtosana-Na, tangtuna maranéhna bakal disiksa ku Allah nepi ka binasa sakabéhna.

وَلَوْ جَعَلْنٰهُ مَلَكًا لَّجَعَلْنٰهُ رَجُلًا وَّلَلَبَسْنَا عَلَيْهِمْ مَّا يَلْبِسُوْنَ٩
Wa lau ja‘alnāhu malakal laja‘alnāhu rajulaw wa lalabasnā ‘alaihim mā yalbisūn(a).
[9] Lamun seug éta Rasul ku Kami diangkatna (ti golongan) malaikat, tangtu Kami ngangkat anjeunna ti (jinis) lalaki, jeung (ku kituna) tangtu Kami bakal ngajadikeun maranéhna tetep mangmang sakumaha ayeuna ogé maranéhna mangmang. 304
304) Lamun Allah ngutus malaikat jadi rasul, tangtuna Allah bakal ngutus éta malaikat dina wujud manusa, ku sabab manusa mah moal bisa ningali wujud (asli) malaikat jeung tangtuna jalma-jalma kapir jeung munapék bakal nyarita, “Ieu mah lain malaikat, ngan manusa bisa saperti urang saréréa ogé”. Jadi, maranéhna bakal tetep mangmang.

وَلَقَدِ اسْتُهْزِئَ بِرُسُلٍ مِّنْ قَبْلِكَ فَحَاقَ بِالَّذِيْنَ سَخِرُوْا مِنْهُمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ ࣖ١٠
Wa laqadistuhzi'a birusulim min qablika fa ḥāqa bil-lażīna sakhirū minhum mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[10] Sabenerna sababaraha rasul anu (diutus) saméméh hidep (Muhammad) téh geus diguguyonkeun, nepi ka turun siksa (wawales) pikeun jalma-jalma nu ngaguguyonkeun téh minangka wawales pikeun maranéhna.

قُلْ سِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ ثُمَّ انْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُكَذِّبِيْنَ١١
Qul sīrū fil-arḍi ṡummanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-mukażżibīn(a).
[11] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Jung lumampah di (ieu) jagat, sarta geura titénan kumaha kajadian panungtungan jalma-jalma nu sok ngabohongkeun (ajaran Allah) téh.”

قُلْ لِّمَنْ مَّا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ قُلْ لِّلّٰهِ ۗ كَتَبَ عَلٰى نَفْسِهِ الرَّحْمَةَ ۗ لَيَجْمَعَنَّكُمْ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ لَا رَيْبَ فِيْهِۗ اَلَّذِيْنَ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ فَهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ١٢
Qul limam mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), qul lillāh(i), kataba ‘alā nafsihir-raḥmah(ta), layajma‘annakum ilā yaumil-qiyāmati lā raiba fīh(i), al-lażīna khasirū anfusahum fahum lā yu'minūn(a).
[12] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kagungan saha sagala rupa nu aya di langit jeung bumi?” Tepikeun ku hidep, “Kagungan Allah.” Mantenna geus nangtukeun (sipat) welas-asih dina diri-Na. 305 Sabenerna Mantenna rék ngumpulkeun maranéh dina Poé Kiamat anu teu (aya) mangmang deui (ngeunaan kadatanganana). Jalma-jalma anu ngarugikeun dirina sorangan mah, maranéhna téh teu iman.
305) Allah geus jangji minangka kadeudeuh Mantenna ka manusa, nyaéta bakal ngagolontorkeun welas asih ka sadaya mahluk-Na.

۞ وَلَهٗ مَا سَكَنَ فِى الَّيْلِ وَالنَّهَارِ ۗوَهُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ١٣
Wa lahū mā sakana fil-laili wan-nahār(i), wa huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[13] Mung kagungan Mantenna sakur nu aya dina waktu peuting jeung di waktu beurang. Mantenna Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

قُلْ اَغَيْرَ اللّٰهِ اَتَّخِذُ وَلِيًّا فَاطِرِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَهُوَ يُطْعِمُ وَلَا يُطْعَمُ ۗ قُلْ اِنِّيْٓ اُمِرْتُ اَنْ اَكُوْنَ اَوَّلَ مَنْ اَسْلَمَ وَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ١٤
Qul agairallāhi attakhiżu waliyyan fāṭiris-samāwāti wal-arḍi wa huwa yuṭ‘imu wa lā yuṭ‘am(u), qul innī umirtu an akūna awwala man aslama wa lā takūnanna minal-musyrikīn(a).
[14] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Naha salian ti Allah nu nyiptakeun langit jeung bumi tur nu masihan tuang sarta tara dipasihan tuang kudu dijadikeun (mahluk) nu bakal nangtayungan ku kuring?” Pok ucapkeun ku hidep, “Sabenerna kuring mah diparéntah supaya jadi jalma nu pangheulana sumerah diri (ka Allah) jeung supaya ulah pisan kaasup golongan jalma-jalma musrik.”

قُلْ اِنِّيْٓ اَخَافُ اِنْ عَصَيْتُ رَبِّيْ عَذَابَ يَوْمٍ عَظِيْمٍ١٥
Qul innī akhāfu in ‘aṣaitu rabbī ‘ażāba yaumin ‘aẓīm(in).
[15] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring mah sieun (pisan) ku siksa dina poé anu kacida rongkahna (Kiamat), mun kuring doraka ka Pangéran.”

مَنْ يُّصْرَفْ عَنْهُ يَوْمَىِٕذٍ فَقَدْ رَحِمَهٗ ۗوَذٰلِكَ الْفَوْزُ الْمُبِيْنُ١٦
May yuṣraf ‘anhu yauma'iżin faqad raḥimah(ū), wa żālikal-fauzul-mubīn(u).
[16] Saha baé anu dijauhkeun tina siksaan dina éta poé, mangka sabenerna Allah geus maparin kurnia ka manéhna. Éta téh mangrupakeun kaunggulan anu nyata.

وَاِنْ يَّمْسَسْكَ اللّٰهُ بِضُرٍّ فَلَا كَاشِفَ لَهٗٓ اِلَّا هُوَ ۗوَاِنْ يَّمْسَسْكَ بِخَيْرٍ فَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١٧
Iy yamsaskallāhu biḍurrin falā kāsyifa lahū illā huw(a), wa iy yamsaska bikhairin fa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[17] Lamun seug Allah nibankeun hiji bahaya ka hidep, moal aya anu bisa ngaleungitkeunana kajaba ti Mantenna. (Tapi) lamun Mantenna maparin kahadéan ka hidep, da Mantenna mah Mahakawasa kana sagala hal.

وَهُوَ الْقَاهِرُ فَوْقَ عِبَادِهٖۗ وَهُوَ الْحَكِيْمُ الْخَبِيْرُ١٨
Wa huwal-qāhiru fauqa ‘ibādih(ī), wa huwal-ḥakīmul-khabīr(u).
[18] Mantenna mah anu ngawasa hamba-hamba-Na. Mantenna ogé Mahawijaksana (tur) Mahawaspada.

قُلْ اَيُّ شَيْءٍ اَكْبَرُ شَهَادَةً ۗ قُلِ اللّٰهُ ۗشَهِيْدٌۢ بَيْنِيْ وَبَيْنَكُمْ ۗوَاُوْحِيَ اِلَيَّ هٰذَا الْقُرْاٰنُ لِاُنْذِرَكُمْ بِهٖ وَمَنْۢ بَلَغَ ۗ اَىِٕنَّكُمْ لَتَشْهَدُوْنَ اَنَّ مَعَ اللّٰهِ اٰلِهَةً اُخْرٰىۗ قُلْ لَّآ اَشْهَدُ ۚ قُلْ اِنَّمَا هُوَ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ وَّاِنَّنِيْ بَرِيْۤءٌ مِّمَّا تُشْرِكُوْنَ١٩
Qul ayyu syai'in akbaru syahādah(tan), qulillāhu syahīdum bainī wa bainakum, wa ūḥiya ilayya hāżal-qur'ānu li'unżirakum bihī wa man balag(a), a'innakum latasyhadūna anna ma‘allāhi ālihatan ukhrā, qul lā asyhad(u), qul innamā huwa ilāhuw wāḥiduw wa innanī barī'um mimmā tusyrikūn(a).
[19] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saha atuh anu leuwih kuat panyaksénna?” Ucapkeun (ku hidep), “Allah. Mantenna jadi saksi antara kuring jeung aranjeun. Ieu Al-Qur’an diwahyukeun ka kuring sangkan ku éta kitab kuring méré pépéling ka aranjeun jeung ka saha baé anu mana Al-Qur’an ditepikeun (ka manéhna). Naha aranjeun bener-bener geus nyaksian yén aya deui pangéran-pangéran séjén salian Allah?” Ucapkeun, “Kuring mah henteu bisa jadi saksi (ku kasaksian saperti kitu).” Ucapkeun (ogé), “Sabenerna mung ukur Mantenna Pangéran Nu Mahatunggal mah, jeung sabenerna kuring mah lulubaran tina sakur nu disandingkeun (jeung Allah) ku aranjeun.”

اَلَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ يَعْرِفُوْنَهٗ كَمَا يَعْرِفُوْنَ اَبْنَاۤءَهُمْۘ اَلَّذِيْنَ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ فَهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ ࣖ٢٠
Al-lażīna ātaināhumul-kitāba ya‘rifūnahū kamā ya‘rifūna abnā'ahum, al-lażīna khasirū anfusahum fahum lā yu'minūn(a).
[20] Jalma-jalma nu ku Kami geus dipasrahan Kitab, maranéhna nyahoeun ka anjeunna (Muhammad) sakumaha maranéhna nyaho ka anak-anakna sorangan. Jalma-jalma nu ngarugikeun dirina sorangan mah, maranéhna téh henteu iman (ka Allah).

وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا اَوْ كَذَّبَ بِاٰيٰتِهٖۗ اِنَّهٗ لَا يُفْلِحُ الظّٰلِمُوْنَ٢١
Wa man aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każiban au każżaba bi'āyātih(ī), innahū lā yufliḥuẓ-ẓālimūn(a).
[21] Saha atuh anu leuwih dolim tibatan jalma-jalma anu ngaréka-réka hiji kabohongan ka Allah (ngajual jenengan Allah), atawa ngabohongkeun kana ayat-ayat Mantenna? Sabenerna jalma-jalma dolim mah moal untung.

وَيَوْمَ نَحْشُرُهُمْ جَمِيْعًا ثُمَّ نَقُوْلُ لِلَّذِيْنَ اَشْرَكُوْٓا اَيْنَ شُرَكَاۤؤُكُمُ الَّذِيْنَ كُنْتُمْ تَزْعُمُوْنَ٢٢
Wa yauma naḥsyuruhum jamī‘an ṡumma naqūlu lil-lażīna asyrakū aina syurakā'ukumul-lażīna kuntum taz‘umūn(a).
[22] (Sing inget kana) poé nalika Kami ngumpulkeun maranéhna kabéh, tuluy Kami ngadawuh ka jalma-jalma nu nyarékatkeun Allah, “Di mana atuh sesembahan maranéh anu ku maranéh baheula sok diaku-aku (sabanding jeung Kami) téh?”

ثُمَّ لَمْ تَكُنْ فِتْنَتُهُمْ اِلَّآ اَنْ قَالُوْا وَاللّٰهِ رَبِّنَا مَا كُنَّا مُشْرِكِيْنَ٢٣
Ṡumma lam takun fitnatuhum illā an qālū wallāhi rabbinā mā kunnā musyrikīn(a).
[23] (Tapi) satuluyna euweuh jawaban bohong ti maranéhna téh, iwal (ti maranéhna) ngucap, “Demi Allah, Pangéran abdi sadaya, teu pisan-pisan kantos nyarékatkeun Allah (sareng anu sanés).”

اُنْظُرْ كَيْفَ كَذَبُوْا عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْ وَضَلَّ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ٢٤
Unẓur kaifa każabū ‘alā anfusihim wa ḍalla ‘anhum mā kānū yaftarūn(a).
[24] Pék tingali ku hidep (Muhammad), kumaha maranéhna bohong ka dirina sorangan? Sesembahan anu ku maranéhna diréka-réka (baréto) geus leungit ti maranéhna.

وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّسْتَمِعُ اِلَيْكَ ۚوَجَعَلْنَا عَلٰى قُلُوْبِهِمْ اَكِنَّةً اَنْ يَّفْقَهُوْهُ وَفِيْٓ اٰذَانِهِمْ وَقْرًا ۗوَاِنْ يَّرَوْا كُلَّ اٰيَةٍ لَّا يُؤْمِنُوْا بِهَا ۗحَتّٰٓى اِذَا جَاۤءُوْكَ يُجَادِلُوْنَكَ يَقُوْلُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِنْ هٰذَآ اِلَّآ اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَ٢٥
Wa minhum may yastami‘u ilaik(a), wa ja‘alnā ‘alā qulūbihim akinnatan ay yafqahūhu wa fī āżānihim waqrā(n), wa iy yarau kulla āyatil lā yu'minū bihā, ḥattā iżā jā'ūka yujādilūnaka yaqūlul-lażīna kafarū in hāżā illā asāṭīrul-awwalīn(a).
[25] Ti antara maranéhna aya nu (sok) ngadéngékeun bacaan hidep (Muhammad), tapi Kami geus ngajadikeun haté-haténa katutup (nepi ka maranéhna moal bisa ngartieun), tur ceuli-ceulina kacocokan. Sanajan maranéhna nempo kana sakabéh ayat (tanda bebeneran), maranéhna tetep moal daékeun iman kana éta (ayat), malah upama maranéhna datang ka hidep pikeun ngadébat, jalma-jalma kapir mah kalah ka ngucap kieu, “Al-Qur’an téh ngan ukur dongéng jalma baheula.”

وَهُمْ يَنْهَوْنَ عَنْهُ وَيَنْـَٔوْنَ عَنْهُ ۚوَاِنْ يُّهْلِكُوْنَ اِلَّآ اَنْفُسَهُمْ وَمَا يَشْعُرُوْنَ٢٦
Wa hum yanhauna ‘anhu wa yan'auna ‘anh(u), wa iy yuhlikūna illā anfusahum wa mā yasy‘urūn(a).
[26] Maranéhna téh nyegah (batur) pikeun ngadéngékeun Al-Qur’an, jeung maranéhna ngajauhkeun dirina sorangan tina éta (Al-Qur’an). Maranéhna téh teu ngabinasakeun anging ka dirina sorangan, tapi teu sadar.

وَلَوْ تَرٰٓى اِذْ وُقِفُوْا عَلَى النَّارِ فَقَالُوْا يٰلَيْتَنَا نُرَدُّ وَلَا نُكَذِّبَ بِاٰيٰتِ رَبِّنَا وَنَكُوْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ٢٧
Wa lau tarā iż wuqifū ‘alan-nāsi fa qālū yā laitanā nuraddu wa lā nukażżiba bi'āyāti rabbinā wa nakūna minal-mu'minīn(a).
[27] Saupama hidep (Muhammad) ningali waktu maranéhna disanghareupkeun kana naraka, maranéhna ngucap kieu, “Saupami abdi sadaya diuihkeun deui (ka alam dunya), tangtos abdi sadaya moal deui-deui ngabohongkeun kana ayat-ayat Pangéran abdi sadaya, sarta (badé) janten jalmi-jalmi mu’min.”

بَلْ بَدَا لَهُمْ مَّا كَانُوْا يُخْفُوْنَ مِنْ قَبْلُ ۗوَلَوْ رُدُّوْا لَعَادُوْا لِمَا نُهُوْا عَنْهُ وَاِنَّهُمْ لَكٰذِبُوْنَ٢٨
Bal badā lahum mā kānū yukhfūna min qabl(u), wa lau ruddū la‘ādū limā nuhū ‘anhu wa innahum lakāżibūn(a).
[28] Tapi (sabenerna) pikeun maranéhna geus jelas sagala rupa kagoréngan anu ku maranéhna disumputkeun baréto. Saupama maranéhna dibalikkeun deui ka dunya (ogé), tangtu maranéhna bakal balik deui (ngarempak) sagala nu dicegah pikeun ngalakukeunana. Sabenerna maranéhna bener-bener tukang bohong.

وَقَالُوْٓا اِنْ هِيَ اِلَّا حَيَاتُنَا الدُّنْيَا وَمَا نَحْنُ بِمَبْعُوْثِيْنَ٢٩
Wa qālū in hiya illā ḥayātunad-dun-yā wa mā naḥnu bimab‘ūṡīn(a).
[29] Tangtu maranéhna ogé nyarita kieu, “Hirup téh ngan saukur di dunya, jeung urang mah moal dihudangkeun (sanggeus paéh).”

وَلَوْ تَرٰٓى اِذْ وُقِفُوْا عَلٰى رَبِّهِمْ ۗ قَالَ اَلَيْسَ هٰذَا بِالْحَقِّ ۗقَالُوْا بَلٰى وَرَبِّنَا ۗقَالَ فَذُوْقُوا الْعَذَابَ بِمَا كُنْتُمْ تَكْفُرُوْنَ ࣖ٣٠
Wa lau tarā iż wuqifū ‘alā rabbihim, qāla alaisa hāżā bil-ḥaqq(i), qālū balā wa rabbinā, qāla fa żūqul-‘ażāba bimā kuntum takfurūn(a).
[30] Lamun seug hidep ningali waktu maranéhna disanghareupkeun ka Pangéranana (tangtu hidep bakal ningali kajadian anu pohara rongkahna), Allah ngadawuh, “Naha ieu (kahirupan sanggeus maot) téh bener, lin?” Maranéhna ngajawab, “Leres pisan, demi Pangéran abdi sadaya.” Allah ngadawuh, “Pék rasakeun baé ieu siksaan téh, da bongan baréto maranéh ingkar!”

قَدْ خَسِرَ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِلِقَاۤءِ اللّٰهِ ۗحَتّٰٓى اِذَا جَاۤءَتْهُمُ السَّاعَةُ بَغْتَةً قَالُوْا يٰحَسْرَتَنَا عَلٰى مَا فَرَّطْنَا فِيْهَاۙ وَهُمْ يَحْمِلُوْنَ اَوْزَارَهُمْ عَلٰى ظُهُوْرِهِمْۗ اَلَا سَاۤءَ مَا يَزِرُوْنَ٣١
Qad khasiral-lażīna każżabū biliqā'illāh(i), ḥattā iżā jā'athumus-sā‘atu bagtatan qālū yā ḥasratanā ‘alā mā farraṭnā fīhā, wa hum yaḥmilūna auzārahum ‘alā ẓuhūrihim, alā sā'a mā yazirūn(a).
[31] Kacida rugina jalma-jalma anu ngabohongkeun kana (bakal) patepung jeung Allah, nepi ka lamun Kiamat datang ka maranéhna kalayan ngadadak, maranéhna nyarita kieu, “Pohara pisan kahanjeluan abdi sadaya (sabab) kalalaworaan abdi sadaya kana éta Poé Kiamat,” bari maranéhna ngagandong dosa dina tonggongna. Pohara pisan goréngna naon anu digandong ku maranéhna téh.

وَمَا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَآ اِلَّا لَعِبٌ وَّلَهْوٌ ۗوَلَلدَّارُ الْاٰخِرَةُ خَيْرٌ لِّلَّذِيْنَ يَتَّقُوْنَۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ٣٢
Wa mal-ḥayātud-dun-yā illā la‘ibuw wa lahw(un), wa lad-dārul-ākhiratu khairul lil-lażīna yattaqūn(a), afalā ta‘qilūn(a).
[32] Kahirupan dunya mah ngan saukur heuheureuyan jeung kaulinan, sedengkeun nagri ahérat téh sabenerna leuwih alus pikeun jalma-jalma anu takwa mah. Naha atuh maranéh téh bet teu daék ngarti baé?

قَدْ نَعْلَمُ اِنَّهٗ لَيَحْزُنُكَ الَّذِيْ يَقُوْلُوْنَ فَاِنَّهُمْ لَا يُكَذِّبُوْنَكَ وَلٰكِنَّ الظّٰلِمِيْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ يَجْحَدُوْنَ٣٣
Qad na‘lamu innahū layaḥzunukal-lażī yaqūlūna fa innahum lā yukażżibūnaka wa lākinnaẓ-ẓālimīna bi'āyātillāhi yajhadūn(a).
[33] Sabenerna, Kami ogé nyaho yén nu sok diucapkeun ku maranéhna téh tangtu matak nganalangsakeun haté hidep (Muhammad), (poma hidep ulah nalangsa) sabab sabenerna mah maranéhna téh lain ngabohongkeun (pribadi) hidep, tapi éta jalma-jalma dolim téh ingkar kana ayat-ayat Allah.

وَلَقَدْ كُذِّبَتْ رُسُلٌ مِّنْ قَبْلِكَ فَصَبَرُوْا عَلٰى مَا كُذِّبُوْا وَاُوْذُوْا حَتّٰٓى اَتٰىهُمْ نَصْرُنَا ۚوَلَا مُبَدِّلَ لِكَلِمٰتِ اللّٰهِ ۚوَلَقَدْ جَاۤءَكَ مِنْ نَّبَإِ۟ى الْمُرْسَلِيْنَ٣٤
Wa laqad kużżibat rusulum min qablika fa ṣabarū ‘alā mā kużżibū wa ūżū ḥattā atāhum naṣrunā, wa lā mubaddila likalimātillāh(i), wa laqad jā'aka min naba'il-mursalīn(a).
[34] Sabenerna rasul-rasul saméméh hidep ogé kungsi dibohongkeun, ngan aranjeunna sabar kana dibohongkeunana jeung kana dikaniayana (nu ditujukeun ka) aranjeunna, nepi ka datang pitulung Kami ka aranjeunna. Moal aya nu bisa ngarobah kalimah-kalimah (katangtuan) Allah. Sabenerna geus datang ka hidep sabagian béja para rasul téh.

وَاِنْ كَانَ كَبُرَ عَلَيْكَ اِعْرَاضُهُمْ فَاِنِ اسْتَطَعْتَ اَنْ تَبْتَغِيَ نَفَقًا فِى الْاَرْضِ اَوْ سُلَّمًا فِى السَّمَاۤءِ فَتَأْتِيَهُمْ بِاٰيَةٍ ۗوَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَجَمَعَهُمْ عَلَى الْهُدٰى فَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الْجٰهِلِيْنَ٣٥
Wa in kāna kabura ‘alaika i‘rāḍuhum fa inistaṭa‘ta an tabtagiya nafaqan fil-arḍi au sullaman fis-samā'i fa ta'tiyahum bi'āyah(tin), wa lau syā'allāhu lajama‘ahum ‘alal-hudā falā takūnanna minal-jāhilīn(a).
[35] Lamun nyingkahna maranéhna (ti hidep) téh karasa beuratna keur hidep (Muhammad), mangka lamun seug hidep bisa mah nyieun torowongan dina ieu bumi atawa tarajé (pikeun naék) ka langit, tuluy hidep bisa ngadatangkeun bukti (mujijat) pikeun maranéhna, (atuh pék baé gawéan ku hidep). Lamun seug Allah ngersakeun mah, tangtu Mantenna ngajantenkeun maranéhna kabéh nurut kana pituduh. Ku lantaran kitu, kadé hidep ulah sakali-kali kaasup jalma-jalma nu bodo.

۞ اِنَّمَا يَسْتَجِيْبُ الَّذِيْنَ يَسْمَعُوْنَ ۗوَالْمَوْتٰى يَبْعَثُهُمُ اللّٰهُ ثُمَّ اِلَيْهِ يُرْجَعُوْنَ٣٦
Innamā yastajībul-lażīna yasma‘ūn(a), wal-mautā yab‘aṡuhumullāhu ṡumma ilaihi yurja‘ūn(a).
[36] Ngan ukur jalma-jalma anu ngaregepkeun (ayat-ayat Allah) anu tumut (kana panyaur Mantenna), sedengkeun jalma-jalma nu paéh (haténa) bakal dihudangkeun ku Allah, tuluy ka Mantenna pisan maranéhna dipulangkeun.

وَقَالُوْا لَوْلَا نُزِّلَ عَلَيْهِ اٰيَةٌ مِّنْ رَّبِّهٖۗ قُلْ اِنَّ اللّٰهَ قَادِرٌ عَلٰٓى اَنْ يُّنَزِّلَ اٰيَةً وَّلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٣٧
Wa qālū lau lā nuzzila ‘alaihi āyatum mir rabbih(ī), qul innallāha qādirun ‘alā ay yunazzila āyataw wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[37] Maranéhna (jalma-jalma musrik) nyarita kieu, “Naha bet henteu diturunkeun ka manéhna (Muhammad) hiji ayat (mujijat) ti Pangéranana?” Pék ucapkeun (ku hidep), “Saleresna Allah mah kawasa nurunkeun hiji mujijat, ngan lolobana maranéhna teu nyahoeun.”

وَمَا مِنْ دَاۤبَّةٍ فِى الْاَرْضِ وَلَا طٰۤىِٕرٍ يَّطِيْرُ بِجَنَاحَيْهِ اِلَّآ اُمَمٌ اَمْثَالُكُمْ ۗمَا فَرَّطْنَا فِى الْكِتٰبِ مِنْ شَيْءٍ ثُمَّ اِلٰى رَبِّهِمْ يُحْشَرُوْنَ٣٨
Wa mā min dābbatin fil-arḍi wa lā ṭā'iriy yaṭīru bijanāḥaihi illā umamun amṡālukum, mā farraṭnā fil-kitābi min syai'in ṡumma ilā rabbihim yuḥsyarūn(a).
[38] Teu aya hiji sato ogé nu kumelendang di bumi jeung teu aya hiji ogé manuk nu hiber ku dua jangjangna, kajaba kabéhna ogé minangka umat-umat saperti aranjeun. Hanteu aya hiji perkara ogé anu dikecualikeun tina éta kitab, 306 tuluy ngan ka Pangéran wungkul maranéhna bakal dikumpulkeun.
306) Sawatara ahli tapsir ngama’naan “Kitab” di dieu ku Loh Mahpud.

وَالَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا صُمٌّ وَّبُكْمٌ فِى الظُّلُمٰتِۗ مَنْ يَّشَاِ اللّٰهُ يُضْلِلْهُ وَمَنْ يَّشَأْ يَجْعَلْهُ عَلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٣٩
Wal-lażīna każżabū bi'āyātinā ṣummuw wa bukmun fiẓ-ẓulumāt(i), may yasya'illāhu yuḍlilhu wa may yasya' yaj‘alhu ‘alā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[39] Jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami téh (saperti jalma nu) torék, pireu, jeung dina poék mongkléng. Saha baé nu dikersakeun ku Allah (aya dina kasasaran), tangtu disasarkeun. Saha baé nu dikersakeun (pikeun meunang pituduh), tangtu Mantenna ngajantenkeun manéhna dina jalan anu lempeng.

قُلْ اَرَءَيْتَكُمْ اِنْ اَتٰىكُمْ عَذَابُ اللّٰهِ اَوْ اَتَتْكُمُ السَّاعَةُ اَغَيْرَ اللّٰهِ تَدْعُوْنَۚ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٤٠
Qul ara'aitakum in atākum ‘ażābullāhi au atatkumus-sā‘atu agairallāhi tad‘ūn(a), in kuntum ṣādiqīn(a).
[40] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Pék jelaskeun ka kuring mun siksaan Allah tumiba ka aranjeun (di dunya) atawa Poé Kiamat datang ka aranjeun, naha aranjeun rék tetep ngageroan ka (pangéran) salian ti Allah, mun enya mah aranjeun (ngarasa jadi) jalma-jalma nu bener?”

بَلْ اِيَّاهُ تَدْعُوْنَ فَيَكْشِفُ مَا تَدْعُوْنَ اِلَيْهِ اِنْ شَاۤءَ وَتَنْسَوْنَ مَا تُشْرِكُوْنَ ࣖ٤١
Bal iyyāhu tad‘ūna fa yaksyifu mā tad‘ūna ilaihi in syā'a wa tansauna mā tusyrikūn(a).
[41] (Geuning henteu), ngan ka Mantenna wungkul aranjeun ménta tulung téh. Lamun Mantenna ngersakeun, Mantenna ngaleungitkeun naon baé (bahaya jeung siksa) anu (ku sabab éta) aranjeun ménta tulung ka Mantenna, jeung (ku sabab riweuhna kaayaan) aranjeun ninggalkeun naon baé anu sok ku aranjeun disarékatkeun (ka Allah).

وَلَقَدْ اَرْسَلْنَآ اِلٰٓى اُمَمٍ مِّنْ قَبْلِكَ فَاَخَذْنٰهُمْ بِالْبَأْسَاۤءِ وَالضَّرَّاۤءِ لَعَلَّهُمْ يَتَضَرَّعُوْنَ٤٢
Wa laqad arsalnā ilā umamim min qablika fa akhażnāhum bil-ba'sā'i waḍ-ḍarrā'i la‘allahum yataḍarra‘ūn(a).
[42] Sabenerna Kami geus ngutus (para rasul) ka umat-umat saméméh hidep (Muhammad), (tapi maranéhna mantangul), tuluy Kami nyiksa maranѐhna ku (ngadatangkeun) kamalaratan jeung kasangsaraan, sangkan maranéhna tunduk kalayan handap asor (ka Allah).

فَلَوْلَآ اِذْ جَاۤءَهُمْ بَأْسُنَا تَضَرَّعُوْا وَلٰكِنْ قَسَتْ قُلُوْبُهُمْ وَزَيَّنَ لَهُمُ الشَّيْطٰنُ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٤٣
Falau lā iż jā'ahum ba'sunā taḍarra‘ū wa lākin qasat qulūbuhum wa zayyana lahumusy-syaiṭānu mā kānū ya‘malūn(a).
[43] Tapi, naha atuh maranéhna henteu tunduk kalayan handap asor (ka Allah) dina waktu datang siksaan ka maranéhna? Malah haténa téh geus jadi teuas (ngabatu), jeung sétan ogé ngajadikeun sagala anu geus dipilampah ku maranéhna karasa hadé pikeun maranéhna.

فَلَمَّا نَسُوْا مَا ذُكِّرُوْا بِهٖ فَتَحْنَا عَلَيْهِمْ اَبْوَابَ كُلِّ شَيْءٍۗ حَتّٰٓى اِذَا فَرِحُوْا بِمَآ اُوْتُوْٓا اَخَذْنٰهُمْ بَغْتَةً فَاِذَا هُمْ مُّبْلِسُوْنَ٤٤
Falammā nasū mā żukkirū bihī fataḥnā ‘alaihim abwāba kulli syai'(in), ḥattā iżā fariḥū bimā ūtū akhażnāhum bagtatan fa iżā hum mublisūn(a).
[44] Mangka, waktu maranéhna mopohokeun sakabéh pépéling nu geus kungsi dibikeun ka maranéhna, Kami ogé mukakeun pirang-pirang lawang (kabungahan) ka maranéhna. Nepi ka waktu maranéhna keur barungah ku sagala rupa anu nu geus dipasrahkeun ka maranéhna, Kami nyiksa maranѐhna kalayan ngadadak, nya waktu éta maranéhna cicing (ku sabab) pegat pangharepan.

فَقُطِعَ دَابِرُ الْقَوْمِ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْاۗ وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٤٥
Fa quṭi‘a dābirul-qaumil-lażīna ẓalamū, wal-ḥamdu lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[45] Mangka éta kaom nu dolim téh dimusnahkeun nepi ka akar-akarna. Sagala puji kagungan Allah, Pangéran sakumna alam.

قُلْ اَرَاَيْتُمْ اِنْ اَخَذَ اللّٰهُ سَمْعَكُمْ وَاَبْصَارَكُمْ وَخَتَمَ عَلٰى قُلُوْبِكُمْ مَّنْ اِلٰهٌ غَيْرُ اللّٰهِ يَأْتِيْكُمْ بِهٖۗ اُنْظُرْ كَيْفَ نُصَرِّفُ الْاٰيٰتِ ثُمَّ هُمْ يَصْدِفُوْنَ٤٦
Qul ara'aitum in akhażallāhu sam‘akum wa abṣārakum wa khatama ‘alā qulūbikum man ilāhun gairullāhi ya'tīkum bih(ī), unẓur kaifa nuṣarriful-āyāti ṡumma hum yaṣdifūn(a).
[46] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Pék terangkeun ka kuring, lamun Allah nyabut pangdéngé jeung panénjo aranjeun jeung nutup haté aranjeun! Atuh saha pangéran séjénna (lamun aya) salian ti Allah nu kawasa mulangkeun deui ka aranjeun?” Pék perhatikeun, kumaha Kami ngajelaskeun (tuluy-tuluyan) tanda-tanda kakawasaan (Kami), tapi maranéh tetep baé ngabalieur.

قُلْ اَرَاَيْتَكُمْ اِنْ اَتٰىكُمْ عَذَابُ اللّٰهِ بَغْتَةً اَوْ جَهْرَةً هَلْ يُهْلَكُ اِلَّا الْقَوْمُ الظّٰلِمُوْنَ٤٧
Qul ara'aitakum in atākum ‘ażābullāhi bagtatan au jahratan hal yuhlaku illal-qaumuẓ-ẓālimūn(a).
[47] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Pék jelaskeun ka kuring! Lamun datang ka aranjeun siksaan Allah kalayan ngadadak atawa terang-terangan, naha aya anu dibinasakeun (ku Allah) sajaba kaom nu dolim?”

وَمَا نُرْسِلُ الْمُرْسَلِيْنَ اِلَّا مُبَشِّرِيْنَ وَمُنْذِرِيْنَۚ فَمَنْ اٰمَنَ وَاَصْلَحَ فَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٤٨
Wa mā nursilul-mursalīna illā mubasysyirīna wa munżirīn(a), faman āmana wa aṣlaḥa falā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[48] Teu pati-pati Kami ngutus para rasul kajaba pikeun méré béja pikabungaheun jeung méré pangéling-ngéling. Saha baé nu iman jeung ngoméan dirina, tangtu moal aya rasa kasieun pikeun maranéhna jeung maranéhna moal nalangsa.

وَالَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا يَمَسُّهُمُ الْعَذَابُ بِمَا كَانُوْا يَفْسُقُوْنَ٤٩
Wal-lażīna każżabū bi'āyātinā yamassuhumul-‘ażābu bimā kānū yafsuqūn(a).
[49] Jalma-jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami pasti bakal ditibanan siksa, ku sabab maranéhna sok sering migawé pasék (dosa).

قُلْ لَّآ اَقُوْلُ لَكُمْ عِنْدِيْ خَزَاۤىِٕنُ اللّٰهِ وَلَآ اَعْلَمُ الْغَيْبَ وَلَآ اَقُوْلُ لَكُمْ اِنِّيْ مَلَكٌۚ اِنْ اَتَّبِعُ اِلَّا مَا يُوْحٰٓى اِلَيَّۗ قُلْ هَلْ يَسْتَوِى الْاَعْمٰى وَالْبَصِيْرُۗ اَفَلَا تَتَفَكَّرُوْنَ ࣖ٥٠
Qul lā aqūlu lakum ‘indī khazā'inullāhi wa lā a‘lamul-gaiba wa lā aqūlu lakum innī malak(un), in attabi‘u illā mā yūḥā ilayy(a), qul hal yastawil-a‘mā wal-baṣīr(u), afalā tatafakkarūn(a).
[50] Pék ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kuring teu kungsi nyarita ka aranjeun yén gudang kakayaan Allah aya di kuring, jeung kuring (ogé) teu nyaho ka nu gaib, jeung kuring (ogé) henteu kungsi ngomong ka aranjeun yén sabenerna kuring téh malaikat. Kuring mah rék nurut ka nu diwahyukeun ka kuring.” Ucapkeun ogé, “Naha sarua jalma anu lolong jeung jalma nu awas? Naha aranjeun téh teu mikiran (éta hal)?”

وَاَنْذِرْ بِهِ الَّذِيْنَ يَخَافُوْنَ اَنْ يُّحْشَرُوْٓا اِلٰى رَبِّهِمْ لَيْسَ لَهُمْ مِّنْ دُوْنِهٖ وَلِيٌّ وَّلَا شَفِيْعٌ لَّعَلَّهُمْ يَتَّقُوْنَ٥١
Wa anżir bihil-lażīna yakhāfūna ay yuḥsyarū ilā rabbihim laisa lahum min dūnihī waliyyuw wa lā syafī‘ul la‘allahum yattaqūn(a).
[51] Pék ingetan ku éta (Al-Qur’an) ka jalma-jalma anu sieun bakal disanghareupkeun ka Pangéranana (dina Poé Kiamat). Moal aya pikeun maranéhna anu nangtayungan jeung anu méré sapaat (pitulung) kajaba ti Allah, supaya maranéhna takwa.

وَلَا تَطْرُدِ الَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ رَبَّهُمْ بِالْغَدٰوةِ وَالْعَشِيِّ يُرِيْدُوْنَ وَجْهَهٗ ۗمَا عَلَيْكَ مِنْ حِسَابِهِمْ مِّنْ شَيْءٍ وَّمَا مِنْ حِسَابِكَ عَلَيْهِمْ مِّنْ شَيْءٍ فَتَطْرُدَهُمْ فَتَكُوْنَ مِنَ الظّٰلِمِيْنَ٥٢
Wa lā taṭrudil-lażīna yad‘ūna rabbahum bil-gadāti wal-‘asyiyyi yurīdūna wajhah(ū), mā ‘alaika min ḥisābihim min syai'iw wa mā min ḥisābika ‘alaihim min syai'in fa taṭrudahum fa takūna minaẓ-ẓālimīn(a).
[52] Kadé hidep ulah rék ngusir jalma-jalma nu sok ngadoa (ibadah) ka Pangéranana dina waktu isuk-isuk jeung pasosoré, sedengkeun aranjeunna miharep kana karidoan Allah. Hidep moal diménta tanggung jawab saeutik ogé ngeunaan pagawéan aranjeunna, jeung aranjeunna moal diménta saeutik ogé ngeunaan pagawéan hidep. Ku kituna, hidep (teu boga hak) pikeun ngusir aranjeunna. (Lamun tetep dilakukeun), hidep bakal kaasup jalma nu dolim. 307
307) Nalika Rasulullah Saw. nuju calik sareng sababaraha jalma mu’min anu dianggap laip jeung miskin ku kaom Qurés, tuluy datang sababaraha gegedén Qurés cumarita jeung anjeunna. Tapi ku sabab aya mu’min anu miskin (jeung dianggap hina), para gegedén Qurés ngarasa sanggeuk diuk jeung kaom mu’min téa. Kaom Qurés terus ngusulkeun supaya kaom mu’minin anu aya di éta tempat disingkahkeun (diusir), supaya maranéhna bisa cumarita jeung anjeunna. Ku sabab ieu, nya turun ieu ayat.

وَكَذٰلِكَ فَتَنَّا بَعْضَهُمْ بِبَعْضٍ لِّيَقُوْلُوْٓا اَهٰٓؤُلَاۤءِ مَنَّ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ مِّنْۢ بَيْنِنَاۗ اَلَيْسَ اللّٰهُ بِاَعْلَمَ بِالشّٰكِرِيْنَ٥٣
Wa każālika fatannā ba‘ḍahum biba‘ḍil liyaqūlū ahā'ulā'i mannallāhu ‘alaihim mim baininā, alaisallāhu bi'a‘lama bisy-syākirīn(a).
[53] Nya kitu deui, Kami geus nguji sawaréhna ti (golongan) maranéhna (nu jaya) ku (ayana) sabagian deui (jalma-jalma miskin), supaya maranéhna (nu jaya jeung kupur) téh nyarita kieu, “Naha jalma-jalma pantar kieu ti antara urang anu dibéré nugraha ku Allah téh?” (Allah ngadawuh), “Naha Allah téh teu langkung uninga ka jalma-jalma nu sok sukuran (ka Mantenna)?”

وَاِذَا جَاۤءَكَ الَّذِيْنَ يُؤْمِنُوْنَ بِاٰيٰتِنَا فَقُلْ سَلٰمٌ عَلَيْكُمْ كَتَبَ رَبُّكُمْ عَلٰى نَفْسِهِ الرَّحْمَةَۙ اَنَّهٗ مَنْ عَمِلَ مِنْكُمْ سُوْۤءًاۢ بِجَهَالَةٍ ثُمَّ تَابَ مِنْۢ بَعْدِهٖ وَاَصْلَحَ فَاَنَّهٗ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٥٤
Wa iżā jā'akal-lażīna yu'minūna bi'āyātinā fa qul salāmun ‘alaikum kataba rabbukum ‘alā nafsihir-raḥmah(ta), annahū man ‘amila minkum sū'am bijahālatin ṡumma tāba mim ba‘dihī wa aṣlaḥa fa annahū gafūrur raḥīm(un).
[54] Lamun jalma-jalma anu iman kana ayat-ayat Kami datang ka hidep, mangka ucapkeun “Salāmun ‘alaikum” (mugia kabagjaan pikeun aranjeun)! Pangéran aranjeun téh geus netepkeun sipat welas asih dina salira-Na, (nyaéta) saha baé nu migawé kagoréngan ti antara maranéh ku sabab kabodoan (manéhna), tuluy manéhna ngalakukeun tobat jeung ngoméan dirina, mangka Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَكَذٰلِكَ نُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ وَلِتَسْتَبِيْنَ سَبِيْلُ الْمُجْرِمِيْنَ ࣖ٥٥
Wa każālika nufaṣṣilul-āyāti wa litastabīna sabīlal-mujrimīn(a).
[55] Nya kitu Kami ngajelaskeun ayat-ayat Al-Qur’an (supaya jelas katingali jalanna jalma-jalma anu soléh) jeung sangkan jelas katingali (ogé) jalan jalma-jalma nu migawé dosa.

قُلْ اِنِّيْ نُهِيْتُ اَنْ اَعْبُدَ الَّذِيْنَ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗ قُلْ لَّآ اَتَّبِعُ اَهْوَاۤءَكُمْۙ قَدْ ضَلَلْتُ اِذًا وَّمَآ اَنَا۠ مِنَ الْمُهْتَدِيْنَ٥٦
Qul innī nuhītu an a‘budal-lażīna tad‘ūna min dūnillāh(i), qul lā attabi‘u ahwā'akum, qad ḍalaltu iżaw wa mā ana minal-muhtadīn(a).
[56] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring dicarék pikeun nyembah sesembahan-sesembahan nu sok disembah ku aranjeun salian ti Allah.” Pok ucapkeun, “Kuring moal rék nurut kana kahayang aranjeun. (Lamun ngalakukeun saperti kitu), kuring téh bener-bener geus sasar sarta moal kaasup kana golongan jalma anu meunang pituduh.”

قُلْ اِنِّيْ عَلٰى بَيِّنَةٍ مِّنْ رَّبِّيْ وَكَذَّبْتُمْ بِهٖۗ مَا عِنْدِيْ مَا تَسْتَعْجِلُوْنَ بِهٖۗ اِنِ الْحُكْمُ اِلَّا لِلّٰهِ ۗيَقُصُّ الْحَقَّ وَهُوَ خَيْرُ الْفٰصِلِيْنَ٥٧
Qul innī ‘alā bayyinatim mir rabbī wa każżabtum bih(ī), mā ‘indī mā tasta‘jilūna bih(ī), inil-ḥukmu illā lillāh(i), yaquṣṣul-ḥaqqa wa huwa khairul-fāṣilīn(a).
[57] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kuring téh (aya) dina katerangan nu nyata (nyaéta Al-Qur’an) ti Pangéran kuring, sedengkeun ari aranjeun mah bet nganggap bohong baé kana (Al-Qur’an) téh. Tapi da lain urusan kuring (pikeun nurunkeun siksaan) sakumaha anu ku aranjeun dipénta kalayan kudu buru-buru didatangkeunana. Ari netepkeun putusan hukum mah mung saukur hak Allah. Mantenna ngajelaskeun bebeneran, sarta saleresna Mantenna mah anu maparin putusan anu pangsaéna-saéna.”

قُلْ لَّوْ اَنَّ عِنْدِيْ مَا تَسْتَعْجِلُوْنَ بِهٖ لَقُضِيَ الْاَمْرُ بَيْنِيْ وَبَيْنَكُمْ ۗوَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِالظّٰلِمِيْنَ٥٨
Qul lau anna ‘indī mā tasta‘jilūna bihī laquḍiyal-amru bainī wa bainakum, wallāhu a‘lamu biẓ-ẓālimīn(a).
[58] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saupama bener mah aya di kuring perkara (nurunkeun siksaan) nu ku aranjeun dipénta supaya gancang-gancang tumibana, tangtu geus réngsé sagala perkara di antara kuring jeung aranjeun téh.” 308 Allah langkung uninga ka jalma-jalma anu dolim.
308) Tangtuna Allah bakal nurunkeun siksa anu kacida peurihna nepi ka maranéhna binasa.

۞ وَعِنْدَهٗ مَفَاتِحُ الْغَيْبِ لَا يَعْلَمُهَآ اِلَّا هُوَۗ وَيَعْلَمُ مَا فِى الْبَرِّ وَالْبَحْرِۗ وَمَا تَسْقُطُ مِنْ وَّرَقَةٍ اِلَّا يَعْلَمُهَا وَلَا حَبَّةٍ فِيْ ظُلُمٰتِ الْاَرْضِ وَلَا رَطْبٍ وَّلَا يَابِسٍ اِلَّا فِيْ كِتٰبٍ مُّبِيْنٍ٥٩
Wa ‘indahū mafātiḥul-gaibi lā ya‘lamuhā illā huw(a), wa ya‘lamu mā fil-barri wal-baḥr(i), wa mā tasquṭu miw waraqatin illā ya‘lamuhā wa lā ḥabbatin fī ẓulumātil-arḍi wa lā raṭbiw wa lā yābisin illā fī kitābim mubīn(in).
[59] Konci-konci sagala perkara anu gaib mah mung aya di Mantenna baé. Henteu aya anu uninga kana hal éta iwal ti Mantenna. Mantenna uninga kana sagala perkara nu aya di daratan jeung di lautan. Henteu aya daun anu ragrag salambar ogé anu henteu kauninga ku Mantenna. Henteu aya hiji sisikian ogé (anu aya) dina poék mongkléngna bumi jeung teu aya hiji barang ogé nu baseuh jeung nu garing, kajaba geus dicatet dina kitab anu jelas (Loh Mahpud).

وَهُوَ الَّذِيْ يَتَوَفّٰىكُمْ بِالَّيْلِ وَيَعْلَمُ مَا جَرَحْتُمْ بِالنَّهَارِ ثُمَّ يَبْعَثُكُمْ فِيْهِ لِيُقْضٰٓى اَجَلٌ مُّسَمًّىۚ ثُمَّ اِلَيْهِ مَرْجِعُكُمْ ثُمَّ يُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ ࣖ٦٠
Wa huwal-lażī yatawaffākum bil-laili wa ya‘lamu mā jaraḥtum bin-nahāri ṡumma yab‘aṡukum fīhi liyuqḍā ajalum musammā(n), ṡumma ilaihi marji‘ukum ṡumma yunabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[60] Mantenna nu nyarékeun maranéh dina waktu peuting jeung Mantenna uninga ka nu dipigawé ku maranéh dina waktu beurang. Tuluy Mantenna ngahudangkeun maranéh dina waktu beurang sangkan disampurnakeun umur maranéh anu geus ditetepkeun. Tuluy ka Mantenna (wungkul) tempat maranéh balik téh, terus Mantenna bakal méré nyaho ka maranéh kana sagala rupa anu dipigawé ku maranéh.

وَهُوَ الْقَاهِرُ فَوْقَ عِبَادِهٖ وَيُرْسِلُ عَلَيْكُمْ حَفَظَةً ۗحَتّٰٓى اِذَا جَاۤءَ اَحَدَكُمُ الْمَوْتُ تَوَفَّتْهُ رُسُلُنَا وَهُمْ لَا يُفَرِّطُوْنَ٦١
Wa huwal-qāhiru fauqa ‘ibādihī wa yursilu ‘alaikum ḥafaẓah(tan), ḥattā iżā jā'a aḥadakumul-mautu tawaffathu rusulunā wa hum lā yufarriṭūn(a).
[61] Mantenna wungkul Pangawasa mutlak ka hamba-hamba-Na. Mantenna ngutus pirang-pirang malaikat ka aranjeun pikeun ngajaga (aranjeun), nepi ka lamun ajal datang ka salah saurang ti aranjeun, nya malaikat-malaikat Kami nu nyabut nyawana, jeung aranjeunna (malaikat) tara talédor kana tugasna.

ثُمَّ رُدُّوْٓا اِلَى اللّٰهِ مَوْلٰىهُمُ الْحَقِّۗ اَلَا لَهُ الْحُكْمُ وَهُوَ اَسْرَعُ الْحٰسِبِيْنَ٦٢
Ṡumma ruddū ilallāhi maulāhumul-ḥaqq(i), alā lahul-ḥukmu wa huwa asra‘ul-ḥāsibīn(a).
[62] Saterusna maranéhna (hamba-hamba Allah) kabéh dipulangkeun deui ka Allah, Pangawasa maranéhna nu sabenerna. Pék kanyahokeun yén sakabéh hukum (dina éta poé mah) aya dina (kakawasaan) Allah. Mantenna téh nu panggancang-gancangna ngadamel balitungan.

قُلْ مَنْ يُّنَجِّيْكُمْ مِّنْ ظُلُمٰتِ الْبَرِّ وَالْبَحْرِ تَدْعُوْنَهٗ تَضَرُّعًا وَّخُفْيَةً ۚ لَىِٕنْ اَنْجٰىنَا مِنْ هٰذِهٖ لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الشّٰكِرِيْنَ٦٣
Qul may yunajjīkum min ẓulumātil-barri wal-baḥri tad‘ūnahū taḍarru‘aw wa khufyah(tan), la'in anjānā min hāżihī lanakūnanna minasy- syākirīn(a).
[63] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saha atuh nu sanggup nyalametkeun aranjeun tina bencana di daratan jeung di lautan, waktu aranjeun ngadoa bari handap asor jeung kalayan sora nu pinuh kasedih (bari nyarita kieu), ‘Lamun seug Mantenna nyalametkeun abdi sadaya tina ieu (bencana), tangtos abdi sadaya janten jalmi-jalmi anu (sok) sukuran’”?

قُلِ اللّٰهُ يُنَجِّيْكُمْ مِّنْهَا وَمِنْ كُلِّ كَرْبٍ ثُمَّ اَنْتُمْ تُشْرِكُوْنَ٦٤
Qulillāhu yunajjīkum minhā wa min kulli karbin ṡumma antum tusyrikūn(a).
[64] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Allah wungkul nu geus nyalametkeun tina éta bencana jeung tina sakabéh kasusah, ngan tuluy aranjeun (balik deui) nyarékatkeun (Allah jeung nu lianna).”

قُلْ هُوَ الْقَادِرُ عَلٰٓى اَنْ يَّبْعَثَ عَلَيْكُمْ عَذَابًا مِّنْ فَوْقِكُمْ اَوْ مِنْ تَحْتِ اَرْجُلِكُمْ اَوْ يَلْبِسَكُمْ شِيَعًا وَّيُذِيْقَ بَعْضَكُمْ بَأْسَ بَعْضٍۗ اُنْظُرْ كَيْفَ نُصَرِّفُ الْاٰيٰتِ لَعَلَّهُمْ يَفْقَهُوْنَ٦٥
Qul huwal-qādiru ‘alā ay yab‘aṡa ‘alaikum ‘ażābam min fauqikum au min taḥti arjulikum au yalbisakum syiya‘aw wa yużīqa ba‘ḍakum ba'sa ba‘ḍ(in), unẓur kaifa nuṣarriful-āyāti la‘allahum yafqahūn(a).
[65] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Mantenna Mahakawasa ngirimkeun siksa ka aranjeun boh ti luhur (langit) boh ti handapeun suku aranjeun, 309 atawa nyampurkeun aranjeun jadi pirang-pirang golongan (anu silih paséaan), jeung sabagian ti aranjeun ngarasakeun kana kakejeman ti golongan lianna.” Perhatikeun ku aranjeun, kumaha Kami geus ngajelaskeun ayat-ayat (tanda kakawasaan Kami) 310 sangkan maranéhna paham.
309) Siksaan anu datang ti luhur saperti hujan batu, samberan petir, jeung sajabana, sedengkeun siksaan anu datangna ti handap mah saperti lini, banjir, jeung sajabana. 310) Allah Swt. ngajelaskeun tanda kakawasaana-Na dina sagala rupa. Aya ogé sabagian ahli tapsir anu ngartikeun ieu ayat pakuat-pakait jeung ayat-ayat pépéling, carita-carita, hukum, jeung réa-réa deui.

وَكَذَّبَ بِهٖ قَوْمُكَ وَهُوَ الْحَقُّۗ قُلْ لَّسْتُ عَلَيْكُمْ بِوَكِيْلٍ ۗ٦٦
Wa każżaba bihī qaumuka wa huwal-ḥaqq(u), qul lastu ‘alaikum biwakīl(in).
[66] Kaom hidep (Muhammad) mah geus nganggap bohong baé kana éta (siksaan) 311 téh, padahal éta (siksaan) téh bener pisan (ayana). Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kuring mah lain nu tanggung-jawab kana urusan aranjeun.”
311) Sawatara ahli tapsir nyebutkeun yén anu dianggap bohong téh nyaéta Al-Qur’an.

لِكُلِّ نَبَاٍ مُّسْتَقَرٌّ وَّسَوْفَ تَعْلَمُوْنَ٦٧
Likulli naba'im mustaqarruw wa saufa ta‘lamūn(a).
[67] Saban-saban béja (anu dicandak ku rasul) aya (waktu) kajadianana jeung aranjeun engké ogé bakal nyaho.

وَاِذَا رَاَيْتَ الَّذِيْنَ يَخُوْضُوْنَ فِيْٓ اٰيٰتِنَا فَاَعْرِضْ عَنْهُمْ حَتّٰى يَخُوْضُوْا فِيْ حَدِيْثٍ غَيْرِهٖۗ وَاِمَّا يُنْسِيَنَّكَ الشَّيْطٰنُ فَلَا تَقْعُدْ بَعْدَ الذِّكْرٰى مَعَ الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ٦٨
Wa iżā ra'aital-lażīna yakhūḍūna fī āyātinā fa a‘riḍ ‘anhum ḥattā yakhūḍū fī ḥadīṡin gairih(ī), wa immā yunsiyannakasy-syaiṭānu falā taq‘ud ba‘daż-żikrā ma‘al-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[68] Lamun hidep (Muhammad) ningali jalma-jalma nu ngageuhgeuykeun ayat-ayat Kami, atuh pék tinggalkeun baé maranéhna téh, nepi ka méngkol kana obrolan séjén. Lamun sétan bener-bener ngajadikeun hidep poho (tina éta cegahan), atuh sanggeus sadar mah, kadé hidep ulah rék babarengan diuk deui jeung jalma-jalma anu dolim.

وَمَا عَلَى الَّذِيْنَ يَتَّقُوْنَ مِنْ حِسَابِهِمْ مِّنْ شَيْءٍ وَّلٰكِنْ ذِكْرٰى لَعَلَّهُمْ يَتَّقُوْنَ٦٩
Wa mā ‘alal-lażīna yattaqūna min ḥisābihim min syai'iw wa lākin żikrā la‘allahum yattaqūn(a).
[69] Jalma-jalma anu takwa moal (dipénta) tanggung jawab saeutik ogé ngeunaan (dosa-dosa) maranéhna; tapi (boga kawajiban pikeun méré) pépéling sangkan maranéhna (ogé) takwa.

وَذَرِ الَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا دِيْنَهُمْ لَعِبًا وَّلَهْوًا وَّغَرَّتْهُمُ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا وَذَكِّرْ بِهٖٓ اَنْ تُبْسَلَ نَفْسٌۢ بِمَا كَسَبَتْۖ لَيْسَ لَهَا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلِيٌّ وَّلَا شَفِيْعٌ ۚوَاِنْ تَعْدِلْ كُلَّ عَدْلٍ لَّا يُؤْخَذْ مِنْهَاۗ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ اُبْسِلُوْا بِمَا كَسَبُوْا لَهُمْ شَرَابٌ مِّنْ حَمِيْمٍ وَّعَذَابٌ اَلِيْمٌ ۢبِمَا كَانُوْا يَكْفُرُوْنَ ࣖ٧٠
Wa żaril-lażīnattakhażū dīnahum la‘ibaw wa lahwaw wa garrathumul-ḥayātud-dun-yā wa żakkir bihī an tubsala nafsum bimā kasabat, laisa lahā min dūnillāhi waliyyuw wa lā syafī‘(un), wa in ta‘dil kulla ‘adlil lā yu'khaż minhā, ulā'ikal-lażīna ubsilū bimā kasabū lahum syarābum min ḥamīmiw wa ‘ażābun alīmum bimā kānū yakfurūn(a).
[70] Pék singkahan baé (ku hidep, Muhammad) jalma-jalma anu ngajadikeun agamana minangka kaheureuyan jeung gogonjakan, jeung maranéhna geus katipu ku kahirupan dunya. Pék ingetan (maranéhna) ku Al-Qur’an supaya saban-saban jalma henteu tigebrus (ka naraka) ku lantaran kalakuanana sorangan. Teu aya pikeun manéhna anu nangtayungan jeung anu méré sapaat (pitulung) salian ti Allah. Lamun manéhna rék nebus (dirina) ku sagala panebus naon baé, tangtu moal ditarima. Maranéhna téh (kaasup) jalma-jalma anu digebruskeun (ka jero naraka) ku sabab kalakuanana sorangan. Maranéhna (bakal) meunang inuman tina cai nu ngagolak jeung siksaan nu kacida peurihna lantaran maranéhna terus-terusan kupur.

قُلْ اَنَدْعُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَنْفَعُنَا وَلَا يَضُرُّنَا وَنُرَدُّ عَلٰٓى اَعْقَابِنَا بَعْدَ اِذْ هَدٰىنَا اللّٰهُ كَالَّذِى اسْتَهْوَتْهُ الشَّيٰطِيْنُ فِى الْاَرْضِ حَيْرَانَ لَهٗٓ اَصْحٰبٌ يَّدْعُوْنَهٗٓ اِلَى الْهُدَى ائْتِنَا ۗ قُلْ اِنَّ هُدَى اللّٰهِ هُوَ الْهُدٰىۗ وَاُمِرْنَا لِنُسْلِمَ لِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَۙ٧١
Qul anad‘ū min dūnillāhi mā lā yanfa‘unā wa lā yaḍurrunā wa nuraddu ‘alā a‘qābinā ba‘da iż hadānallāhu kal-lażīstahwathusy-syayāṭīnu fil-arḍi ḥairāna lahū aṣḥābuy yad‘ūnahū ilal-huda'tinā, qul inna hudallāhi huwal-hudā, wa umirnā linuslima lirabbil-‘ālamīn(a).
[71] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Naha urang saréréa téh rék ngadoa ka salian Allah anu henteu bisa méré mangpaat keur urang saréréa jeung henteu (ogé) ngadatangkeun madarat? Naha urang saréréa téh rék dibalikkeun deui kana (kaayaan) ka tukang 312 sanggeus Allah masihan pituduh ka urang saréréa, saperti jalma nu geus disasarkeun ku sétan di ieu bumi bari dina kaayaan bingung? Manéhna boga batur-batur nu ngajak ka jalan anu lempeng (kalayan nyarita kieu), “Hayu ngilu ka kuring saréréa!” Pok ucapkeun, “Sabenerna pituduh Allah mah pituduh (anu sabener-benerna). Urang saréréa mah diparéntahkeun pikeun sumerah diri ka Pangéran sakumna alam
312) Maksudna mah “nyandingkeun Allah jeung anu lianna (musrik)”.

وَاَنْ اَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاتَّقُوْهُۗ وَهُوَ الَّذِيْٓ اِلَيْهِ تُحْشَرُوْنَ٧٢
Wa aqīmuṣ-ṣalāta wattaqūh(u), wa huwal-lażī ilaihi tuḥsyarūn(a).
[72] jeung pikeun ngadegkeun salat sarta takwa ka Mantenna. Mantenna téh Pangéran anu ngan ka Mantenna wungkul aranjeun bakal dikumpulkeun.”

وَهُوَ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِالْحَقِّۗ وَيَوْمَ يَقُوْلُ كُنْ فَيَكُوْنُۚ قَوْلُهُ الْحَقُّۗ وَلَهُ الْمُلْكُ يَوْمَ يُنْفَخُ فِى الصُّوْرِۗ عٰلِمُ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ وَهُوَ الْحَكِيْمُ الْخَبِيْرُ٧٣
Wa huwal-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa bil-ḥaqq(i), wa yauma yaqūlu kun fa yakūn(u), qauluhul-ḥaqq(u), wa lahul-mulku yauma yunfakhu fiṣ-ṣūr(i), ‘ālimul-gaibi wasy-syahādati wa huwal-ḥakīmul-khabīr(u).
[73] Nya Mantenna nu nyiptakeun langit jeung bumi kalayan saleresna. (Tétéla bener katetapan Mantenna) dina poéan (waktu) Mantenna ngadawuh,”Jadi!” Mangka jleg ngawujud éta hal téh. Dawuhana-Na téh bener. Mung kagungan Mantenna sadaya kakawasaan dina waktu ditiupna tarompét (sangkakala). Mantenna uninga perkara nu gaib jeung nu nyata. Mantenna mah Mahawijaksana (tur) Mahataliti.

۞ وَاِذْ قَالَ اِبْرٰهِيْمُ لِاَبِيْهِ اٰزَرَ اَتَتَّخِذُ اَصْنَامًا اٰلِهَةً ۚاِنِّيْٓ اَرٰىكَ وَقَوْمَكَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٧٤
Wa iż qāla ibrāhīmu li'abīhi āzara atattakhiżu aṣnāman ālihah(tan), innī arāka wa qaumaka fī ḍalālim mubīn(in).
[74] (Sing inget) nalika Ibrahim nyarios ka ramana, Ajar, 313 “Naha pantes éta berhala-berhala téh ku salira dijantenkeun sesembahan? Sabenerna abdi ningal salira sareng kaom salira téh nuju dina (kaayaan) sasar nu nyata.”
313) Ti antara ahli tapsir aya anu ngama’naan abīhi ku “mamangna” (lain ramana).

وَكَذٰلِكَ نُرِيْٓ اِبْرٰهِيْمَ مَلَكُوْتَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَلِيَكُوْنَ مِنَ الْمُوْقِنِيْنَ٧٥
Wa każālika nurī ibrāhīma malakūtas-samāwāti wal-arḍi wa liyakūna minal-mūqinīn(a).
[75] Nya kitu téa, Kami geus némbongkeun ka Ibrahim kakawasaan (Kami nu aya) di langit jeung di bumi, jeung sangkan anjeunna kalebet jalma-jalma nu yakin (kana kakawasaan Allah).

فَلَمَّا جَنَّ عَلَيْهِ الَّيْلُ رَاٰ كَوْكَبًا ۗقَالَ هٰذَا رَبِّيْۚ فَلَمَّآ اَفَلَ قَالَ لَآ اُحِبُّ الْاٰفِلِيْنَ٧٦
Falammā janna ‘alaihil-lailu ra'ā kaukabā(n), qāla hāżā rabbī, falammā afala qāla lā uḥibbul-āfilīn(a).
[76] Nalika reup peuting tur poék mongkléng, rét anjeunna (Ibrahim) ningali hiji béntang, (tuluy) pok nyarios, “Ieu téh Pangéran kuring.” Tapi waktu éta béntang téh surup, pok anjeunna nyarios, “Kuring mah teu resep (mangéran) ka nu sok surup.”

فَلَمَّا رَاَ الْقَمَرَ بَازِغًا قَالَ هٰذَا رَبِّيْ ۚفَلَمَّآ اَفَلَ قَالَ لَىِٕنْ لَّمْ يَهْدِنِيْ رَبِّيْ لَاَكُوْنَنَّ مِنَ الْقَوْمِ الضَّاۤلِّيْنَ٧٧
Falammā ra'al-qamara bāzigan qāla hāżā rabbī, falammā afala qāla la'illam yahdinī rabbī la'akūnanna minal-qaumiḍ-ḍāllīn(a).
[77] Terus waktu Ibrahim ningali bulan bijil, pok anjeunna nyarios (deui), “Tah ieu (geuning) Pangéran kuring téh.” Tapi waktu bulan geus surup, pok anjeunna nyarios, “Sabenerna, lamun Pangéran kuring henteu méré pituduh, tangtu kuring téh kaasup jalma-jalma nu sasar.”

فَلَمَّا رَاَ الشَّمْسَ بَازِغَةً قَالَ هٰذَا رَبِّيْ هٰذَآ اَكْبَرُۚ فَلَمَّآ اَفَلَتْ قَالَ يٰقَوْمِ اِنِّيْ بَرِيْۤءٌ مِّمَّا تُشْرِكُوْنَ٧٨
Falammā ra'asy-syamsa bāzigatan qāla hāżā rabbī hāżā akbar(u), falammā afalat qāla yā qaumi innī barī'um mimmā tusyrikūn(a).
[78] Saterusna waktu anjeunna ningali panonpoé bijil, pok (deui) nyarios, “Tah ieu geuning Pangéran kuring téh. Ieu mah leuwih gedé.” Tapi waktu éta panonpoé surup, anjeunna nyarios, “Hé kaom kuring, sabenerna kuring mah lulubaran tina anu disarékatkeun (sareng Allah) ku aranjeun.

اِنِّيْ وَجَّهْتُ وَجْهِيَ لِلَّذِيْ فَطَرَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ حَنِيْفًا وَّمَآ اَنَا۠ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَۚ٧٩
Innī wajjahtu wajhiya lil-lażī faṭaras-samāwāti wal-arḍa ḥanīfaw wa mā ana minal-musyrikīn(a).
[79] Sabenerna kuring nyanghareupkeun raray kuring téh (mung) ka (Pangéran) nu nyiptakeun langit jeung bumi kalayan pinuh ku sumerah diri (tumut) kana agama nu bener, sarta kuring mah bener-bener lain kaasup golongan jalma-jalma musrik.”

وَحَاۤجَّهٗ قَوْمُهٗ ۗقَالَ اَتُحَاۤجُّوْۤنِّيْ فِى اللّٰهِ وَقَدْ هَدٰىنِۗ وَلَآ اَخَافُ مَا تُشْرِكُوْنَ بِهٖٓ اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ رَبِّيْ شَيْـًٔا ۗوَسِعَ رَبِّيْ كُلَّ شَيْءٍ عِلْمًا ۗ اَفَلَا تَتَذَكَّرُوْنَ٨٠
Wa ḥājjahū qaumuh(ū), qāla atuḥājjūnnī fillāhi wa qad hadān(i), wa lā akhāfu mā tusyrikūna bihī illā ay yasyā'a rabbī syai'ā(n), wasi‘a rabbī kulla syai'in ‘ilmā(n), afalā tatażakkarūn(a).
[80] Kaomna (Ibrahim) ngabangkang. Anjeunna (Ibrahim) nyarios, “Naha aranjeun bet maké ngabangkang ka kuring ngeunaan Allah? Padahal Mantenna (Allah) mah parantos leres-leres maparin pituduh ka kuring? Kuring mah teu sieun kana (marabahaya) naon baé anu ku aranjeun disarékatkeun jeung Allah, kajaba lamun Pangéran kuring ngersakeun kana hiji rupa (musibah). Élmu Pangéran kuring mah ngawengku kana sagala rupa ogé. Naha aranjeun téh daék narima kana ieu atikan?

وَكَيْفَ اَخَافُ مَآ اَشْرَكْتُمْ وَلَا تَخَافُوْنَ اَنَّكُمْ اَشْرَكْتُمْ بِاللّٰهِ مَا لَمْ يُنَزِّلْ بِهٖ عَلَيْكُمْ سُلْطٰنًا ۗفَاَيُّ الْفَرِيْقَيْنِ اَحَقُّ بِالْاَمْنِۚ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَۘ٨١
Wa kaifa akhāfu mā asyraktum wa lā takhāfūna annakum asyraktum billāhi mā lam yunazzil bihī ‘alaikum sulṭānā(n), fa ayyul-farīqaini aḥaqqu bil-amn(i), in kuntum ta‘lamūn(a).
[81] Naha kuring maké rék sieun kana naon baé (sesembahan) nu ku aranjeun disarékatkeun (jeung Allah), padahal aranjeun sorangan ogé henteu sieun kana naon baé anu Allah nyalira henteu ngalungsurkeun katerangan ka aranjeun pikeun nyieun pamusrikan (ka Allah). Anu mana ti antara éta dua golongan téh anu leuwih bener pikeun meunang kaamanan (tina siksaan Allah) mun enya mah aranjeun nyaho?” 314
314) Saatos Allah ningalikeun ka Nabi Ibrahim a.s. tanda kakawasaana-Na, nya anjeunna langkung kiat imanna ka Allah (ayat 75), sareng anjeunna teras ngabingbing kaomna kana taohid.

اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَلَمْ يَلْبِسُوْٓا اِيْمَانَهُمْ بِظُلْمٍ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمُ الْاَمْنُ وَهُمْ مُّهْتَدُوْنَ ࣖ٨٢
Al-lażīna āmanū wa lam yalbisū īmānahum biẓulmin ulā'ika lahumul-amnu wa hum muhtadūn(a).
[82] Jalma-jalma nu iman jeung henteu nyampurkeun antara kaimanan ku kamusrikan, nya aranjeunna pisan anu meunang rasa aman jeung anu meunang pituduh téh.

وَتِلْكَ حُجَّتُنَآ اٰتَيْنٰهَآ اِبْرٰهِيْمَ عَلٰى قَوْمِهٖۗ نَرْفَعُ دَرَجٰتٍ مَّنْ نَّشَاۤءُۗ اِنَّ رَبَّكَ حَكِيْمٌ عَلِيْمٌ٨٣
Wa tilka ḥujjatunā ātaināhā ibrāhīma ‘alā qaumih(ī), narfa‘u darajātim man nasyā'(u), inna rabbaka ḥakīmun ‘alīm(un).
[83] Éta téh katerangan (ḥujjah) Kami anu geus dipaparinkeun ka Ibrahim keur nyanghareupan kaomna. Kami ngangkat darajat saha baé anu dikersakeun ku Kami sababaraha darajat. Sabenerna Pangéran hidep mah Mahawijaksana (tur) Mahauninga.

وَوَهَبْنَا لَهٗٓ اِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَۗ كُلًّا هَدَيْنَا وَنُوْحًا هَدَيْنَا مِنْ قَبْلُ وَمِنْ ذُرِّيَّتِهٖ دَاوٗدَ وَسُلَيْمٰنَ وَاَيُّوْبَ وَيُوْسُفَ وَمُوْسٰى وَهٰرُوْنَ ۗوَكَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَۙ٨٤
Wa wahabnā lahū isḥāqa wa ya‘qūb(a), kullan hadainā wa nūḥan hadainā min qablu wa min żurriyyatihī dāwūda wa sulaimāna wa ayyūba wa yūsufa wa mūsā wa hārūna wa każālika najzil-muḥsinīn(a).
[84] Kami geus nganugrahkeun Ishaq jeung Ya’qub ka anjeunna (Ibrahim). Masing-masing ku Kami geus dipaparinan pituduh. Saméméh éta Kami (ogé) geus maparin pituduh ka Nuh sarta ka sawaréh katurunanana (Ibrahim) nyaéta Dawud, Sulaéman, Ayyub, Yusuf, Musa, jeung Harun. Nya kitu deui Kami bakal méré ganjaran ka jalma-jalma anu migawé kahadéan.

وَزَكَرِيَّا وَيَحْيٰى وَعِيْسٰى وَاِلْيَاسَۗ كُلٌّ مِّنَ الصّٰلِحِيْنَۙ٨٥
Wa zakariyyā wa yaḥyā wa ‘īsā wa ilyās(a), kullum minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[85] (Kitu deui ka) Zakariya, Yahya, Isa jeung Ilyas. Kabéhanana ogé kaasup jalma-jalma soléh.

وَاِسْمٰعِيْلَ وَالْيَسَعَ وَيُوْنُسَ وَلُوْطًاۗ وَكُلًّا فَضَّلْنَا عَلَى الْعٰلَمِيْنَۙ٨٦
Wa ismā‘īla wal-yasa‘a wa yūnusa wa lūṭā(n), wa kullan faḍḍalnā ‘alal-‘ālamīn(a).
[86] (Kitu deui ka) Ismail, Ilyasa', Yunus, jeung Lut. Masing-masing ku Kami geus diunggulkeun (darajatna) tibatan sakabéh umat séjénna (dina mangsa harita).

وَمِنْ اٰبَاۤىِٕهِمْ وَذُرِّيّٰتِهِمْ وَاِخْوَانِهِمْ ۚوَاجْتَبَيْنٰهُمْ وَهَدَيْنٰهُمْ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٨٧
Wa min ābā'ihim wa żurriyyātihim wa ikhwānihim, wajtabaināhum wa hadaināhum ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[87] (Kitu deui Kami ngunggulkeun darajat) sabagian luluhur aranjeunna. Nya kitu deui katurunanana jeung dulur-dulur deuheus aranjeunna. Kami ogé geus milih aranjeunna (jadi nabi jeung rasul). Aranjeunna ku Kami dibéré pituduh kana jalan anu lempeng.

ذٰلِكَ هُدَى اللّٰهِ يَهْدِيْ بِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖ ۗوَلَوْ اَشْرَكُوْا لَحَبِطَ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٨٨
Żālika hudallāhi yahdī bihī may yasyā'u min ‘ibādih(ī), wa lau asyrakū laḥabiṭa ‘anhum mā kānū ya‘malūn(a).
[88] Nya kitu pituduh Allah mah. Ku éta (pituduh), Mantenna masihan pituduh pikeun saha baé ti antara hamba-hamba Mantenna anu dikersakeun. Lamun seug maranéhna ngamusrikkeun Allah (jeung sesembahan séjénna), tangtu (bakal) musnah sagala rupa kahadéan nu kungsi dipilampah.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ وَالْحُكْمَ وَالنُّبُوَّةَ ۚفَاِنْ يَّكْفُرْ بِهَا هٰٓؤُلَاۤءِ فَقَدْ وَكَّلْنَا بِهَا قَوْمًا لَّيْسُوْا بِهَا بِكٰفِرِيْنَ٨٩
Ulā'ikal-lażīna ātaināhumul-kitāba wal-ḥukma wan-nubuwwah(ta), fa iy yakfur bihā hā'ulā'i faqad wakkalnā bihā qaumal laisū bihā bikāfirīn(a).
[89] Maranéhna téh jalma-jalma nu ku Kami geus dipaparinan kitab, hikmah, jeung kanabian. Lamun jalma-jalma (Quréis) ingkar baé kana éta (tilu perkara), nya Kami tangtu bakal masrahkeun (éta perkara) ka kaom nu moal ingkar (kana éta perkara).

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ هَدَى اللّٰهُ فَبِهُدٰىهُمُ اقْتَدِهْۗ قُلْ لَّآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ اَجْرًاۗ اِنْ هُوَ اِلَّا ذِكْرٰى لِلْعٰلَمِيْنَ ࣖ٩٠
Ulā'ikal-lażīna hadallāhu fa bihudāūhumuqtadih, qul lā as'alukum ‘alaihi ajrā(n), in huwa illā żikrā lil-‘ālamīn(a).
[90] Aranjeunna téh (para nabi) nu geus dipaparinan pituduh ku Allah. Tah ku kituna pék turut éta pituduh aranjeunna téh! Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kuring mah henteu rék ménta buruh ka aranjeun karana nyebarkeun (Al-Qur’an). Da Al-Qur’an mah taya lian anging pépéling pikeun sakabéh umat di ieu jagat.”

وَمَا قَدَرُوا اللّٰهَ حَقَّ قَدْرِهٖٓ اِذْ قَالُوْا مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ عَلٰى بَشَرٍ مِّنْ شَيْءٍۗ قُلْ مَنْ اَنْزَلَ الْكِتٰبَ الَّذِيْ جَاۤءَ بِهٖ مُوْسٰى نُوْرًا وَّهُدًى لِّلنَّاسِ تَجْعَلُوْنَهٗ قَرَاطِيْسَ تُبْدُوْنَهَا وَتُخْفُوْنَ كَثِيْرًاۚ وَعُلِّمْتُمْ مَّا لَمْ تَعْلَمُوْٓا اَنْتُمْ وَلَآ اٰبَاۤؤُكُمْ ۗقُلِ اللّٰهُ ۙثُمَّ ذَرْهُمْ فِيْ خَوْضِهِمْ يَلْعَبُوْنَ٩١
Wa mā qadarullāha ḥaqqa qadrihī iż qālū mā anzalallāhu ‘alā basyarim min syai'(in), qul man anzalal-kitābal-lażī jā'a bihī mūsā nūraw wa hudal lin-nāsi taj‘alūnahū qarāṭīsa tubdūnahā wa tukhfūna kaṡīrā(n), wa ‘ullimtum mā lam ta‘lamū antum wa lā ābā'ukum, qulillāh(u), ṡumma żarhum fī khauḍihim yal‘abūn(a).
[91] Maranéhna (Bani Israél) teu ngagungkeun Allah sakumaha anu samistina waktu maranéhna nyarita, “Allah mah teu nurunkeun sahiji perkara ogé ka manusa téh.” Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Nya saha atuh nu geus nurunkeun Kitab (Torét) nu dibawa ku Musa minangka cahaya jeung pituduh pikeun manusa?” Ku maranéh dijadikeun sababaraha lambar kertas anu papisah. Maranéh némbongkeun sabagianana, jeung loba nu disumputkeun, padahal geus diajarkeun ka maranéh perkara-perkara nu henteu dipikanyaho, boh ku maranéh atawa ku luluhur maranéh. Pok jawab, “Apan Allah (nu nurunkeun Kitab téh).” Satuluyna (sanggeus kitu mah), antep baé maranéhna heuheureuyan dina kasasaran. 315
315) Minangka sindiran pikeun maranéhna, nyaéta dianggap budak leutik anu can balég.

وَهٰذَا كِتٰبٌ اَنْزَلْنٰهُ مُبٰرَكٌ مُّصَدِّقُ الَّذِيْ بَيْنَ يَدَيْهِ وَلِتُنْذِرَ اُمَّ الْقُرٰى وَمَنْ حَوْلَهَاۗ وَالَّذِيْنَ يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ يُؤْمِنُوْنَ بِهٖ وَهُمْ عَلٰى صَلَاتِهِمْ يُحٰفِظُوْنَ٩٢
Wa hāżā kitābun anzalnāhu mubārakum muṣaddiqul-lażī baina yadaihi wa litunżira ummal-qurā wa man ḥaulahā, wal-lażīna yu'minūna bil-ākhirati yu'minūna bihī wa hum ‘alā ṣalātihim yuḥāfiẓūn(a).
[92] Nya ieu (Al-Qur’an) kitab nu ku Kami geus diturunkeun kalayan pinuh ku berkah téh, anu ngaenyakeun kana kitab-kitab anu (diturunkeun) saméméhna, jeung supaya hidep méré pépéling ka (pangeusi) Ummul Qura (Mekah) jeung ka jalma-jalma nu aya di sabudeureunana. Jalma-jalma nu iman kana (kahirupan) ahérat mah, tangtu percaya kana éta (Al-Qur’an) jeung salawasna ngajaga salatna.

وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا اَوْ قَالَ اُوْحِيَ اِلَيَّ وَلَمْ يُوْحَ اِلَيْهِ شَيْءٌ وَّمَنْ قَالَ سَاُنْزِلُ مِثْلَ مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ ۗوَلَوْ تَرٰٓى اِذِ الظّٰلِمُوْنَ فِيْ غَمَرٰتِ الْمَوْتِ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ بَاسِطُوْٓا اَيْدِيْهِمْۚ اَخْرِجُوْٓا اَنْفُسَكُمْۗ اَلْيَوْمَ تُجْزَوْنَ عَذَابَ الْهُوْنِ بِمَا كُنْتُمْ تَقُوْلُوْنَ عَلَى اللّٰهِ غَيْرَ الْحَقِّ وَكُنْتُمْ عَنْ اٰيٰتِهٖ تَسْتَكْبِرُوْنَ٩٣
Wa man aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każiban au qāla ūḥiya ilayya wa lam yūḥa ilaihi syai'uw wa man qāla sa'unzilu miṡla mā anzalallāh(u), wa lau tarā iżiẓ-ẓālimūna fī gamarātil-mauti wal-malā'ikatu bāsiṭū aidīhim, akhirjū anfusakum, al-yauma tujzauna ‘ażābal-hūni bimā kuntum taqūlūna ‘alallāhi gairal-ḥaqqi wa kuntum ‘an āyātihī tastakbirūn(a).
[93] Cing saha nu leuwih dolim tibatan jalma nu ngaréka-réka kabohongan ka Allah, atawa nu ngomong kieu, “Geus dibéré wahyu kuring téh.” Padahal henteu dibéré wahyu manéhna mah sahiji (ayat ogé); sarta jalma nu ngucap kieu, “Kuring ogé rék nurunkeun saperti nu diturunkeun ku Allah.” (Pohara pikawatireunana) lamun hidep ningali waktu jalma-jalma dolim (dina kaayaan) keur nyanghareupan nyerina sakaratul maut, bari para malaikat pada neunggeul ku pananganana (bari pokna), “Sok bijilkeun nyawa maranéh!” Poé ieu maranéh bakal diwales ku siksaan nu matak hina téh sabab ngucapkeun ka Allah (ucapan-ucapan) anu teu bener jeung (sabab) sok nyombongkeun diri kana ayat-ayat Mantenna.

وَلَقَدْ جِئْتُمُوْنَا فُرَادٰى كَمَا خَلَقْنٰكُمْ اَوَّلَ مَرَّةٍ وَّتَرَكْتُمْ مَّا خَوَّلْنٰكُمْ وَرَاۤءَ ظُهُوْرِكُمْۚ وَمَا نَرٰى مَعَكُمْ شُفَعَاۤءَكُمُ الَّذِيْنَ زَعَمْتُمْ اَنَّهُمْ فِيْكُمْ شُرَكٰۤؤُا ۗ لَقَدْ تَّقَطَّعَ بَيْنَكُمْ وَضَلَّ عَنْكُمْ مَّا كُنْتُمْ تَزْعُمُوْنَ ࣖ٩٤
Wa laqad ji'tumūnā furādā kamā khalaqnākum awwala marratiw wa taraktum mā khawwalnākum warā'a ẓuhūrikum, wa mā narā ma‘akum syufa‘ā'akumul-lażīna za‘amtum annahum fīkum syurakā'(u), laqat taqaṭṭa‘a bainakum wa ḍalla ‘ankum mā kuntum taz‘umūn(a).
[94] (Ayeuna) maranéh bener-bener datang bari nyorangan ka Kami téh, sakumaha Kami nyiptakeun maranéh waktu mimiti. Sagala kurnia anu geus dipasrahkeun ku Kami ka maranéh geuning cul baé ditinggalkeun di satukangeun maranéh (di dunya). Kami teu ningali nu méré sapaat (pitulung) bareng jeung maranéh anu dianggap ku maranéh minangka sarékat (Kami). Tétéla geus paregat (sakabéh patalian) di antara maranéh, jeung geus musnah ti maranéh naon baé anu baheula ku maranéh dianggap (minangka sarékat Allah).

۞ اِنَّ اللّٰهَ فَالِقُ الْحَبِّ وَالنَّوٰىۗ يُخْرِجُ الْحَيَّ مِنَ الْمَيِّتِ وَمُخْرِجُ الْمَيِّتِ مِنَ الْحَيِّ ۗذٰلِكُمُ اللّٰهُ فَاَنّٰى تُؤْفَكُوْنَ٩٥
Innallāha fāliqul-ḥabbi wan-nawā, yukhrijul-ḥayya minal-mayyiti wa mukhrijul-mayyiti minal-ḥayy(i), żālikumullāhu fa annā tu'fakūn(a).
[95] Saleresna Allah téh anu numbuhkeun binih-binih (tutumbuhan) jeung siki bubuahan. Mantenna ngabijilkeun anu hirup tinu paéh jeung ngabijilkeun nu paéh ti nu hirup. Éta téh (kakawasaan) Allah. Naha atuh maranéh téh bet masih ngbalieur?

فَالِقُ الْاِصْبَاحِۚ وَجَعَلَ الَّيْلَ سَكَنًا وَّالشَّمْسَ وَالْقَمَرَ حُسْبَانًا ۗذٰلِكَ تَقْدِيْرُ الْعَزِيْزِ الْعَلِيْمِ٩٦
Fāliqul-iṣbāḥ(i), wa ja‘alal-laila sakanaw wasy-syamsa wal-qamara ḥusbānā(n), żālika taqdīrul-‘azīzil-‘alīm(i).
[96] Mantenna nu nyingraykeun janari jeung ngajantenkeun peuting pikeun istirahat, sarta ngadamel panonpoé jeung bulan pikeun itungan (titi mangsa). Éta téh katangtuan ti Allah Nu Mahagagah (tur) Mahauninga.

وَهُوَ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ النُّجُوْمَ لِتَهْتَدُوْا بِهَا فِيْ ظُلُمٰتِ الْبَرِّ وَالْبَحْرِۗ قَدْ فَصَّلْنَا الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَ٩٧
Wa huwal-lażī ja‘ala lakumun-nujūma litahtadū bihā fī ẓulumātil-barri wal-baḥr(i), qad faṣṣalnal-āyāti liqaumiy ya‘lamūn(a).
[97] Mung Mantenna nu ngadamel béntang-béntang pikeun aranjeun sangkan aranjeun ngajadikeun éta (béntang) minangka pituduh waktu poék mongkléng di darat jeung di laut. Kami tétéla geus ngajelaskeun tanda-tanda (kakawasaan Kami) ka jalma-jalma anu nyaho.

وَهُوَ الَّذِيْٓ اَنْشَاَكُمْ مِّنْ نَّفْسٍ وَّاحِدَةٍ فَمُسْتَقَرٌّ وَّمُسْتَوْدَعٌ ۗقَدْ فَصَّلْنَا الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّفْقَهُوْنَ٩٨
Wa huwal-lażī ansya'akum min nafsiw wāḥidatin fa mustaqarruw wa mustauda‘(un), qad faṣṣalnal-āyāti liqaumiy yafqahūn(a).
[98] Mung Mantenna nu nyiptakeun aranjeun tina diri anu hiji (Adam), tuluy (pikeun aranjeun) aya tempat pamatuhan jeung (tempat) panundaan. 316 Kami tétéla geus ngajelaskeun ayat-ayat (kakawasaan Kami) ka jalma-jalma nu ngarti.
316) Sawatara ahli tapsir aya anu ngama’naan “tempat pamatuhan” di dieu ku “tulang sulbi lalaki”, sedengkeun “tempat panundaan” di dieu téh nyaéta “rahim wanoja”. Aya ogé anu masihan pandangan yén tempat pamatuhan téh nyaéta “jagat tempat manusa hirup kumbuh”, sedengkeun “tempat panundaan” téh nyaéta alam kubur waktu manusa geus maot.

وَهُوَ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءًۚ فَاَخْرَجْنَا بِهٖ نَبَاتَ كُلِّ شَيْءٍ فَاَخْرَجْنَا مِنْهُ خَضِرًا نُّخْرِجُ مِنْهُ حَبًّا مُّتَرَاكِبًاۚ وَمِنَ النَّخْلِ مِنْ طَلْعِهَا قِنْوَانٌ دَانِيَةٌ وَّجَنّٰتٍ مِّنْ اَعْنَابٍ وَّالزَّيْتُوْنَ وَالرُّمَّانَ مُشْتَبِهًا وَّغَيْرَ مُتَشَابِهٍۗ اُنْظُرُوْٓا اِلٰى ثَمَرِهٖٓ اِذَٓا اَثْمَرَ وَيَنْعِهٖ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكُمْ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٩٩
Wa huwal-lażī anzala minas-samā'i mā'ā(n), fa akhrajnā bihī nabāta kulli syai'in fa akhrajnā minhu khaḍiran nukhriju minhu ḥabbam mutarākibā(n), wa minan nakhli min ṭal‘ihā qinwānun dāniyatuw wa jannātim min a‘nābiw waz-zaitūna war-rummāna musytabihaw wa gaira mutasyābih(in), unẓurū ilā ṡamarihī iżā aṡmara wa yan‘ih(ī), inna fī żālikum la'āyātil liqaumiy yu'minūn(a).
[99] Mung Mantenna nu ngalungsurkeun cai ti langit, tuluy Kami numbuhkeun ku éta cai sagala rupa tutumbuhan, tuluy Kami ngaluarkeun tina éta (tutumbuhan téh) bagian nu haréjo. (Tuluy) Kami ngabijilkeun tina éta (tutumbuhan nu haréjo téh) sisikian nu raranggeuyan; Jeung tina sabagian (mayang) korma kaluar ranggeuyan nu ngareumbay harandap. (Kami numbuhkeun ogé) kebon-kebon anggur, zaitun, jeung dalima anu sarupa jeung nu teu sarupa. Pék titénan geura bubuahan waktu geus baruahan jeung waktu asakna. Tétéla dina éta kajadian téh bener-bener aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu iman.

وَجَعَلُوْا لِلّٰهِ شُرَكَاۤءَ الْجِنَّ وَخَلَقَهُمْ وَخَرَقُوْا لَهٗ بَنِيْنَ وَبَنٰتٍۢ بِغَيْرِ عِلْمٍۗ سُبْحٰنَهٗ وَتَعٰلٰى عَمَّا يَصِفُوْنَ ࣖ١٠٠
Wa ja‘alū lillāhi syurakā'al-jinna wa khalaqahum wa kharaqū lahū banīna wa banātim bigairi ‘ilm(in), subḥānahū wa ta‘ālā ‘ammā yaṣifūn(a).
[100] Maranéhna (jalma-jalma musrik) ngajadikeun jin minangka sarékat-sarékat Allah, padahal Mantenna nu nyiptakeun maranéhna (jin téa). Maranéhna geus ngabohong nu henteu dumasar kana élmu (ku caritaan) yén Allah ngagaduhan seueur putra pameget jeung istri. 317 Mahasuci Allah jeung Mahaluhur tina sipat-sipat anu geus digambarkeun ku maranéhna.
317) Maranéhna ngomong yén Allah téh ngagaduhan putra, saperti Kaom Yahudi nyarita yén Ujér téh putra pamegetna Allah, sedengkeun jalma-jalma musrik nyebutkeun yén malaikat téh putra-putra istrina Allah. Maranéhna ngabogaan anggapan saperti kitu téh ku sabab kabodoanana jeung teu dumasar kana élmu pangaweruh anu bener.

بَدِيْعُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ اَنّٰى يَكُوْنُ لَهٗ وَلَدٌ وَّلَمْ تَكُنْ لَّهٗ صَاحِبَةٌ ۗوَخَلَقَ كُلَّ شَيْءٍۚ وَهُوَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ١٠١
Badī‘us-samāwāti wal-arḍ(i), annā yakūnu lahū waladuw wa lam takul lahū ṣāḥibah(tun), wa khalaqa kulla syai'(in), wa huwa bikulli syai'in‘alīm(un).
[101] (Mantenna téh) anu nyiptakeun langit jeung bumi. Kumaha (mungkin) Mantenna kagungan putra padahal Mantenna téh teu kagungan istri? Mantenna geus nyiptakeun sagala perkara tur Mantenna Mahauninga kana sagala perkara.

ذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبُّكُمْۚ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۚ خَالِقُ كُلِّ شَيْءٍ فَاعْبُدُوْهُ ۚوَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ وَّكِيْلٌ١٠٢
Żālikumullāhu rabbukum, lā ilāha illā huw(a), khāliqu kulli syai'in fa‘budūh(u), wa huwa ‘alā kulli syai'iw wakīl(un).
[102] Éta téh Allah, Pangéran aranjeun. Teu aya deui Pangéran (anu pantes disembah) iwal ti Mantenna anu nyiptakeun sagala perkara, mangka geura ibadahan Mantenna téh! Mantenna téh anu ngaraksa sagala perkara.

لَا تُدْرِكُهُ الْاَبْصَارُ وَهُوَ يُدْرِكُ الْاَبْصَارَۚ وَهُوَ اللَّطِيْفُ الْخَبِيْرُ١٠٣
Lā tudrikuhul-abṣāru wa huwa yudrikul-abṣār(a), wa huwal-laṭīful-khabīr(u).
[103] Mantenna mah moal bisa katingali ku sagala paningali panon, sedengkeun Mantenna bisa ningal kana sagala paningal. Da Mantenna mah Maha Lemah-lembut (tur) Mahataliti.

قَدْ جَاۤءَكُمْ بَصَاۤىِٕرُ مِنْ رَّبِّكُمْۚ فَمَنْ اَبْصَرَ فَلِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ عَمِيَ فَعَلَيْهَاۗ وَمَآ اَنَا۠ عَلَيْكُمْ بِحَفِيْظٍ١٠٤
Qad jā'akum baṣā'iru mir rabbikum, faman abṣara fa linafsih(ī), wa man ‘amiya fa ‘alaihā, wa mā ana ‘alaikum biḥafīẓ(in).
[104] Tétéla bukti-bukti anu jelas geus datang ka aranjeun ti Pangéran aranjeun. Saha baé nu ningali (kana éta bebeneran), 318 tangtu (mangpaatna téh) keur dirina sorangan. Saha baé nu lolong (teu ningali kana bebeneran), tangtu manéhna geus ngarugikeun dirina sorangan. Kuring (Muhammad) mah lain nu ngajaga (aranjeun).
318) Saha baé anu nyaho kana bebeneran jeung migawé kahadéan, sarta meunang pituduh, tangtuna manéhna aya dina puncak kabagjaan.

وَكَذٰلِكَ نُصَرِّفُ الْاٰيٰتِ وَلِيَقُوْلُوْا دَرَسْتَ وَلِنُبَيِّنَهٗ لِقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَ١٠٥
Wa każālika nuṣarriful-āyāti wa liyaqūlū darasta wa linubayyinahū liqaumiy ya‘lamūn(a).
[105] Nya kitu téa, Kami geus ngajelaskeun ayat-ayat Kami kalayan diulang-ulang supaya maranéhna (jalma-jalma musrik) ngucap kieu, “Anjeun mah (Muhammad) geus diajar heula kana éta ayat-ayat (ti Ahli Kitab),” sarta sangkan Kami ngajelaskeun éta Al-Qur’an ka kaom nu (hayang) nyaho.

اِتَّبِعْ مَآ اُوْحِيَ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَۚ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۚ وَاَعْرِضْ عَنِ الْمُشْرِكِيْنَ١٠٦
Ittabi‘ mā ūḥiya ilaika mir rabbik(a), lā ilāha illā huw(a), wa a‘riḍ ‘anil-musyrikīn(a).
[106] Turutkeun (ku hidep) sagala rupa nu geus diwahyukeun ku Pangéran anjeun ka hidep (Muhammad). Apanan teu aya Pangéran (anu pantes disembah) anging Mantenna. Pék ngabalieur hidep ti jalma-jalma musrik!

وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ مَآ اَشْرَكُوْاۗ وَمَا جَعَلْنٰكَ عَلَيْهِمْ حَفِيْظًاۚ وَمَآ اَنْتَ عَلَيْهِمْ بِوَكِيْلٍ١٠٧
Wa lau syā'allāhu mā asyrakū, wa mā ja‘alnā ‘alaihim ḥafīẓā(n), wa mā anta ‘alaihim biwakīl(in).
[107] Lamun seug Allah ngersakeun mah, tangtu maranéhna téh moal nyarékatkeun (Mantenna). Kami teu ngajadikeun hidep (Muhammad) tukang ngajaga maranéhna, sarta hidep lain ogé nu ngaraksa maranéhna.

وَلَا تَسُبُّوا الَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ فَيَسُبُّوا اللّٰهَ عَدْوًاۢ بِغَيْرِ عِلْمٍۗ كَذٰلِكَ زَيَّنَّا لِكُلِّ اُمَّةٍ عَمَلَهُمْۖ ثُمَّ اِلٰى رَبِّهِمْ مَّرْجِعُهُمْ فَيُنَبِّئُهُمْ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٠٨
Wa lā tasubbul-lażīna yad‘ūna min dūnillāhi fa yasubbullāha ‘adwam bigairi ‘ilm(in), każālika zayyannā likulli ummatin ‘amalahum, ṡumma ilā rabbihim marji‘uhum fa yunabbi'uhum bimā kānū ya‘malūn(a).
[108] Kadé aranjeun ulah rék moyok sesembahan nu ku maranéhna sok disembah salian ti Allah, sabab maranéhna engké bakal moyok ka Allah kalayan kaleuleuwihi tanpa dasar élmu. Nya kitu deui, Kami ngajadikeun tiap umat sina nganggap hadé kana pagawéan maranéhna (sorangan). Terus, ngan ka Pangéran wungkul tempat pangbalikan maranéhna téh, (ti dinya) tuluy Mantenna bakal masihan uninga ka maranéhna sagala rupa nu kungsi dipilampah ku maranéhna saméméhna.

وَاَقْسَمُوْا بِاللّٰهِ جَهْدَ اَيْمَانِهِمْ لَىِٕنْ جَاۤءَتْهُمْ اٰيَةٌ لَّيُؤْمِنُنَّ بِهَاۗ قُلْ اِنَّمَا الْاٰيٰتُ عِنْدَ اللّٰهِ وَمَا يُشْعِرُكُمْ اَنَّهَآ اِذَا جَاۤءَتْ لَا يُؤْمِنُوْنَ١٠٩
Wa aqsamū billāhi jahda aimānihim la'in jā'athum āyatul layu'minunna bihā, qul innamal-āyātu ‘indallāhi wa mā yusy‘irukum annahā iżā jā'at lā yu'minūn(a).
[109] Maranéhna geus sumpah kalayan (nyebut) jenengan Allah kalayan bener-bener, yén lamun seug datang ka maranéhna hiji mujijat, tangtu maranéhna rék iman kana éta mujijat. Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna mujijat-mujijat mah ngan (aya) di mungguhing Allah.” Naha aranjeun (para mu’minin) henteu nyaho yén upama mujijat (ayat-ayat) geus datang, maranéhna tetep baé moal iman? 319
319) Jalma-jalma musrik geus ngucapkeun sumpah yén lamun datang mujijat ti Allah pikeun maranéhna, maranéhna bakal iman. Ku sabab kitu, jalma-jalma mu’min mah miharep ka Nabi Muhammad supados nyuhunkeun ka Allah supados ngalungsurkeun mujijat saperti anu dipikahayang ku jalma-jalma musrik téa. Nanging Allah nampik kana éta paménta ngaliwatan ieu ayat.

وَنُقَلِّبُ اَفْـِٕدَتَهُمْ وَاَبْصَارَهُمْ كَمَا لَمْ يُؤْمِنُوْا بِهٖٓ اَوَّلَ مَرَّةٍ وَّنَذَرُهُمْ فِيْ طُغْيَانِهِمْ يَعْمَهُوْنَ ࣖ ۔١١٠
Wa nuqallibu af'idatahum wa abṣārahum kamā lam yu'minū bihī awwala marratiw wa nażaruhum fī ṭugyānihim ya‘mahūn(a).
[110] (Kitu deui) Kami ngabalieurkeun haté-haté jeung paningali maranéhna saperti saméméhna waktu maranéhna teu iman kana éta (Al-Qur’an), sarta maranéhna ku Kami diantep sina bingung dina kasasaran.

۞ وَلَوْ اَنَّنَا نَزَّلْنَآ اِلَيْهِمُ الْمَلٰۤىِٕكَةَ وَكَلَّمَهُمُ الْمَوْتٰى وَحَشَرْنَا عَلَيْهِمْ كُلَّ شَيْءٍ قُبُلًا مَّا كَانُوْا لِيُؤْمِنُوْٓا اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ اللّٰهُ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ يَجْهَلُوْنَ١١١
Wa lau annanā nazzalnā ilaihimul-malā'ikata wa kallamahumul-mautā wa ḥasyarnā ‘alaihim kulla syai'in qubulam mā kānū liyu'minū illā ay yasyā'allāhu wa lākinna akṡarahum yajhalūn(a).
[111] Lamun seug Kami bener-bener nurunkeun malaikat ka maranéhna (minangka saksi kana benerna rasul), tur jalma-jalma nu geus maot ngajak ngobrol ka maranéhna, sarta Kami ngumpulkeun ogé ka hareupeun maranéhna sagala rupa (anu dipikahayang), éta kabéh keukeuh moal matak ngajadikeun maranéhna iman, kajaba upama Allah ngersakeun (dumasar kana pilihanana masing-masing). Tapi lolobana mah maranéhna téh teu nyahoeun (harti bebeneran).

وَكَذٰلِكَ جَعَلْنَا لِكُلِّ نَبِيٍّ عَدُوًّا شَيٰطِيْنَ الْاِنْسِ وَالْجِنِّ يُوْحِيْ بَعْضُهُمْ اِلٰى بَعْضٍ زُخْرُفَ الْقَوْلِ غُرُوْرًا ۗوَلَوْ شَاۤءَ رَبُّكَ مَا فَعَلُوْهُ فَذَرْهُمْ وَمَا يَفْتَرُوْنَ١١٢
Wa każālika ja‘alnā likulli nabiyyin ‘aduwwan syayāṭīnal-insi wal-jinni yūḥī ba‘ḍuhum ilā ba‘ḍin zukhrufal-qauli gurūrā(n), wa lau syā'a rabbuka mā fa‘alūhu fa żarhum wa mā yaftarūn(a).
[112] Nya kitu deui, pikeun saban-saban nabi Kami ngajadikeun musuh ti bangsa sétan anu mangrupa manusa jeung jin. Sabagian ti maranéhna sok silih haréwoskeun ka sabagianana deui ucapan-ucapan nu alus pikeun nipu (batur). Lamun Pangéran hidep (Muhammad) ngersakeun mah, tangtu maranéhna moal migawé ka nu kitu. Ku kituna, atuh antep baé maranéhna mah jeung naon-naon nu dijieun-jieun ku maranéhna.

وَلِتَصْغٰٓى اِلَيْهِ اَفْـِٕدَةُ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ وَلِيَرْضَوْهُ وَلِيَقْتَرِفُوْا مَا هُمْ مُّقْتَرِفُوْنَ١١٣
Wa litaṣgā ilaihi af'idatul-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati wa liyarḍauhu wa liyaqtarifū mā hum muqtarifūn(a).
[113] (Sétan-sétan sok silih haréwoskeun ucapan-ucapan nu alus téh) sangkan haté leutik jalma-jalma nu teu iman kana ahérat kataji ku éta (haréwos téa), supaya mikaresep kana éta jeung supaya milampah sagala nu dipigawé ku maranéhna (sétan-sétan).

اَفَغَيْرَ اللّٰهِ اَبْتَغِيْ حَكَمًا وَّهُوَ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ اِلَيْكُمُ الْكِتٰبَ مُفَصَّلًا ۗوَالَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ يَعْلَمُوْنَ اَنَّهٗ مُنَزَّلٌ مِّنْ رَّبِّكَ بِالْحَقِّ فَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الْمُمْتَرِيْنَ١١٤
Afagairallāhi abtagī ḥakamaw wa huwal-lażī anzala ilaikumul-kitāba mufaṣṣalā(n), wal-lażīna ātaināhumul-kitāba ya‘lamūna annahū munazzalum mir rabbika bil-ḥaqqi falā takunanna minal-mumtarīn(a).
[114] (Pok ucapkeun ku hidep), “Naha pantes kuring néangan hakim salian ti Allah, padahal apan Mantenna anu parantos nurunkeun kitab (Al-Qur’an) ka aranjeun kalayan dirinci?” Jalma-jalma nu geus dibéré kitab ku Kami nyahoeun yén (éta Kitab) téh diturunkeun ti Pangéran hidep kalayan sabenerna. Ku kituna, omat hidep ulah kaasup kana golongan jalma-jalma anu mangmang.

وَتَمَّتْ كَلِمَتُ رَبِّكَ صِدْقًا وَّعَدْلًاۗ لَا مُبَدِّلَ لِكَلِمٰتِهٖ ۚوَهُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ١١٥
Wa tammat kalimatu rabbika ṣidqaw wa ‘adlā(n), lā mubaddila likalimātih(ī), wa huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[115] Geus sampurna kalimah (Al-Qur’an) Pangéran hidep téh, boh dina benerna boh dina adilna. Moal aya nu bisa ngarobah kalimah-kalimah Mantenna. Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

وَاِنْ تُطِعْ اَكْثَرَ مَنْ فِى الْاَرْضِ يُضِلُّوْكَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗاِنْ يَّتَّبِعُوْنَ اِلَّا الظَّنَّ وَاِنْ هُمْ اِلَّا يَخْرُصُوْنَ١١٦
Wa in tuṭi‘ akṡara man fil-arḍi yuḍillūka ‘an sabīlillāh(i), iy yattabi‘ūna illaẓ-ẓanna wa in hum illā yakhruṣ ūn(a).
[116] Mun anjeun nurut ka lolobaana jalma nu aya di ieu bumi, tangtu maranéhna téh bakal nyasarkeun ka hidep tina jalan Allah. Maranéhna mah ngan saukur nuturkeun sangkaan (teu maké élmu) jeung ngan saukur ngira-ngira.

اِنَّ رَبَّكَ هُوَ اَعْلَمُ مَنْ يَّضِلُّ عَنْ سَبِيْلِهٖۚ وَهُوَ اَعْلَمُ بِالْمُهْتَدِيْنَ١١٧
Inna rabbaka huwa a‘lamu may yaḍillu ‘an sabīlih(ī), wa huwa a‘lamu bil-muhtadīn(a).
[117] Sabenerna Pangéran hidep, nya Mantenna anu langkung uninga ka jalma nu sasar tina jalan-Na, jeung Mantenna langkung uninga ka jalma-jalma nu meunang pituduh.

فَكُلُوْا مِمَّا ذُكِرَ اسْمُ اللّٰهِ عَلَيْهِ اِنْ كُنْتُمْ بِاٰيٰتِهٖ مُؤْمِنِيْنَ١١٨
Fa kulū mimmā żukirasmullāhi ‘alaihi in kuntum bi'āyātihī mu'minīn(a).
[118] Ku sabab kitu, prak dahar tina naon (nu dina waktu meuncitna) disebut jenengan Allah, mun enya mah aranjeun iman kana ayat-ayat Mantenna.

وَمَا لَكُمْ اَلَّا تَأْكُلُوْا مِمَّا ذُكِرَ اسْمُ اللّٰهِ عَلَيْهِ وَقَدْ فَصَّلَ لَكُمْ مَّا حَرَّمَ عَلَيْكُمْ اِلَّا مَا اضْطُرِرْتُمْ اِلَيْهِ ۗوَاِنَّ كَثِيْرًا لَّيُضِلُّوْنَ بِاَهْوَاۤىِٕهِمْ بِغَيْرِ عِلْمٍ ۗاِنَّ رَبَّكَ هُوَ اَعْلَمُ بِالْمُعْتَدِيْنَ١١٩
Wa mā lakum allā ta'kulū mimmā żukirasmullāhi ‘alaihi wa qad faṣṣala lakum mā ḥarrama ‘alaikum illā maḍṭurirtum ilaih(i), wa inna kaṡīral layuḍillūna bi'ahwā'ihim bigairi ‘ilm(in), inna rabbaka huwa a‘lamu bil-mu‘tadīn(a).
[119] Ku naon aranjeun maké embung ngadahar daging sasatoan nu (waktu dipeuncitna) disebut jenengan Allah. Padahal, Allah tétéla geus ngajelaskeun kalayan rinci ka aranjeun perkara-perkara nu diharamkeun ku Mantenna ka aranjeun, anging mun aranjeun dina kaayaan kapaksa ngadaharna? Sabenerna loba jalma nu nyasarkeun (batur) ku hawa napsuna (tina perkara halal jeung haram), tanpa didadasaran ku pangarti saeutik ogé. Sabenerna Pangéran anjeun mah langkung uninga ka jalma-jalma nu ngarempak wates.

وَذَرُوْا ظَاهِرَ الْاِثْمِ وَبَاطِنَهٗ ۗاِنَّ الَّذِيْنَ يَكْسِبُوْنَ الْاِثْمَ سَيُجْزَوْنَ بِمَا كَانُوْا يَقْتَرِفُوْنَ١٢٠
Wa żarū ẓāhiral-iṡmi wa bāṭinah(ū), innal-lażīna yaksibūnal-iṡma sayujzauna bimā kānū yaqtarifūn(a).
[120] Tinggalkeun ku aranjeun dosa nu nembrak atawa nu buni! Sabenerna jalma-jalma nu milampah dosa, engké (dina Poé Kiamat) téh bakal diwales satimpal jeung nu dipilampah ku maranéhna.

وَلَا تَأْكُلُوْا مِمَّا لَمْ يُذْكَرِ اسْمُ اللّٰهِ عَلَيْهِ وَاِنَّهٗ لَفِسْقٌۗ وَاِنَّ الشَّيٰطِيْنَ لَيُوْحُوْنَ اِلٰٓى اَوْلِيَاۤىِٕهِمْ لِيُجَادِلُوْكُمْ ۚوَاِنْ اَطَعْتُمُوْهُمْ اِنَّكُمْ لَمُشْرِكُوْنَ ࣖ١٢١
Wa lā ta'kulū mimmā lam yużkarismullāhi ‘alaihi wa innahū lafisq(un), wa innasy-syayāṭīna layūḥūna ilā auliyā'ihim liyujādilūkum, wa in aṭa‘tumūhum innakum lamusyrikūn(a).
[121] Poma aranjeun ulah rék ngadahar tina naon (nu dina waktu meuncitna) teu disebut jenengan Allah! Éta pagawéan kitu téh bener-bener (kaasup) pasék. Sabenerna sétan-sétan téh bakal ngaharéwos ka babaturanana supaya ngabangkang ka aranjeun. Upama aranjeun nurut ka maranéhna, tangtu aranjeun téh bener-bener musrik.

اَوَمَنْ كَانَ مَيْتًا فَاَحْيَيْنٰهُ وَجَعَلْنَا لَهٗ نُوْرًا يَّمْشِيْ بِهٖ فِى النَّاسِ كَمَنْ مَّثَلُهٗ فِى الظُّلُمٰتِ لَيْسَ بِخَارِجٍ مِّنْهَاۗ كَذٰلِكَ زُيِّنَ لِلْكٰفِرِيْنَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٢٢
Awa man kāna maitan fa aḥyaināhu wa ja‘alnā lahū nūray yamsyī bihī fin-nāsi kamam maṡaluhū fiẓ-ẓulumāti laisa bikhārijim minhā, każālika zuyyina lil-kāfirīna mā kānū ya‘malūn(a).
[122] Naha ari jalma nu geus paéh, terus dihirupkeun deui sarta dibéré cahaya ku Kami anu (ku éta cahaya) manéhna téh bisa leumpang di tengah-tengah jalma réa, éta téh sarua jeung jalma nu ayana dinu poék mongkléng nepikeun ka teu bisa bijil deui ti dinya? Nya kitu téa, dijadikeun katingal alus pikeun jalma-jalma kapir sagala nu dipilampah ku maranéhna.

وَكَذٰلِكَ جَعَلْنَا فِيْ كُلِّ قَرْيَةٍ اَكٰبِرَ مُجْرِمِيْهَا لِيَمْكُرُوْا فِيْهَاۗ وَمَا يَمْكُرُوْنَ اِلَّا بِاَنْفُسِهِمْ وَمَا يَشْعُرُوْنَ١٢٣
Wa każālika ja‘alnā fī kulli qaryatin akābira mujrimīhā liyamkurū fīhā, wa mā yamkurūna illā bi'anfusihim wa mā yasy‘urūn(a).
[123] Nya kitu téa ogé, dina saban-saban nagri Kami ngajadikeun jalma-jalma nu jahatna minangka gegedén-gegedén, 320 supaya ngalakukeun tipu daya di dinya. Tapi maranéhna ngan nipu dirina sorangan, bari teu sadar.
320) Nurutkeun sabagian ahli tapsir, kecap akābir mujrimīhā ngandung harti para penjahat anu jadi gegedug.

وَاِذَا جَاۤءَتْهُمْ اٰيَةٌ قَالُوْا لَنْ نُّؤْمِنَ حَتّٰى نُؤْتٰى مِثْلَ مَآ اُوْتِيَ رُسُلُ اللّٰهِ ۘ اَللّٰهُ اَعْلَمُ حَيْثُ يَجْعَلُ رِسٰلَتَهٗۗ سَيُصِيْبُ الَّذِيْنَ اَجْرَمُوْا صَغَارٌ عِنْدَ اللّٰهِ وَعَذَابٌ شَدِيْدٌۢ بِمَا كَانُوْا يَمْكُرُوْنَ١٢٤
Wa iżā jā'athum āyatun qālū lan nu'mina ḥattā nu'tā miṡla mā ūtiya rusulullāh(i), allāhu a‘lamu ḥaiṡu yaj‘alu risālatah(ū), sayuṣībul-lażīna ajramū ṣagārun ‘indallāhi wa ‘ażābun syadīdum bimā kānū yamkurūn(a).
[124] Lamun datang hiji ayat ka maranéhna, maranéhna nyarita kieu, “Urang mah moal teuing iman saacan dibéré (wahyu) ka urang saréréa, sakumaha nu dipaparinkeun ka rasul-rasul Allah.” Allah langkung uninga di mana Mantenna nempatkeun tugas karasulan. Jalma-jalma nu boga dosa jaga bakal ditibanan kahinaan ti mungguhing Allah jeung siksaan nu pohara rongkahna ku sabab tipu daya anu dilakukeun ku maranéhna.

فَمَنْ يُّرِدِ اللّٰهُ اَنْ يَّهْدِيَهٗ يَشْرَحْ صَدْرَهٗ لِلْاِسْلَامِۚ وَمَنْ يُّرِدْ اَنْ يُّضِلَّهٗ يَجْعَلْ صَدْرَهٗ ضَيِّقًا حَرَجًا كَاَنَّمَا يَصَّعَّدُ فِى السَّمَاۤءِۗ كَذٰلِكَ يَجْعَلُ اللّٰهُ الرِّجْسَ عَلَى الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ١٢٥
Fa may yuridillāhu ay yahdiyahū yasyraḥ ṣadrahū lil-islām(i), wa may yurid ay yuḍillahū yaj‘al ṣadrahū ḍayyiqan ḥarajan ka'annamā yaṣṣa‘‘adu fis-samā'(i), każālika yaj‘alullāhur-rijsa ‘alal-lażīna lā yu'minūn(a).
[125] Saha baé jalma nu dikersakeun ku Allah kénging pituduh, Mantenna bakal ngajembarkeun dadana pikeun (narima agama) Islam. (Tapi) saha baé jalma nu dikersakeun ku Mantenna jadi sasar, Mantenna ngajadikeun dadana rupek tur sesek, saperti manéhna (keur) naék ka langit. Nya kitu téa, Allah méré siksaan ka jalma-jalma nu teu iman.

وَهٰذَا صِرَاطُ رَبِّكَ مُسْتَقِيْمًاۗ قَدْ فَصَّلْنَا الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّذَّكَّرُوْنَ١٢٦
Wa hāżā ṣirāṭu rabbika mustaqīmā(n), qad faṣṣalnal-āyāti liqaumiy yażżakkarūn(a).
[126] Tah ieu jalan Pangéran hidep (Muhammad) nu lempeng téh. Kami tétéla geus ngajelaskeun ayat-ayat (Kami) pikeun jalma-jalma nu (bisa) narima kana atikan.

۞ لَهُمْ دَارُ السَّلٰمِ عِنْدَ رَبِّهِمْ وَهُوَ وَلِيُّهُمْ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٢٧
Lahum dārus-salāmi ‘inda rabbihim wa huwa waliyyuhum bimā kānū ya‘malūn(a).
[127] Nya pikeun aranjeunna (disadiakeun) tempat anu mulya (sawarga) di mungguhing Pangéranana. Mantenna téh anu nangtayung aranjeunna ku lantaran kahadéan nu geus dipilampah ku aranjeunna.

وَيَوْمَ يَحْشُرُهُمْ جَمِيْعًاۚ يٰمَعْشَرَ الْجِنِّ قَدِ اسْتَكْثَرْتُمْ مِّنَ الْاِنْسِ ۚوَقَالَ اَوْلِيَاۤؤُهُمْ مِّنَ الْاِنْسِ رَبَّنَا اسْتَمْتَعَ بَعْضُنَا بِبَعْضٍ وَّبَلَغْنَآ اَجَلَنَا الَّذِيْٓ اَجَّلْتَ لَنَا ۗقَالَ النَّارُ مَثْوٰىكُمْ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اِلَّا مَا شَاۤءَ اللّٰهُ ۗاِنَّ رَبَّكَ حَكِيْمٌ عَلِيْمٌ١٢٨
Wa yauma yaḥsyuruhum jamī‘ā(n), yā ma‘syaral-jinni qadistakṡartum minal-ins(i), wa qāla auliyā'uhum minal-insi rabbanastamta‘a ba‘ḍunā biba‘ḍiw wa balagnā ajalanal-lażī ajjalta lanā, qālan-nāru maṡwākum khālidīna fīhā illā mā syā'allāh(u), inna rabbaka ḥakīmun ‘alīm(un).
[128] (Sing inget kana) poéan waktu Mantenna ngumpulkan maranéhna (manusa jeung jin) sakabéhna, (sarta Allah ngadawuh), “Hé golongan jin, maranéh geus loba pisan (nyasarkeun) manusa!” Batur-baturna ti golongan manusa téh nyarita kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, abdi sadaya téh parantos sami-sami kénging kasenangan (dunya) 321 sareng ayeuna parantos dugi kana waktos anu parantos ditangtoskeun ku Gusti kanggo abdi sadaya.” Allah ngadawuh, “Nya naraka baé pikeun pitempateun maranéhna mah tur langgeng di dinya, kajaba mun Allah ngersakeun (lian ti éta).” Sabenerna Pangéran hidep mah Mahawijaksana (tur) Mahauninga.
321) Maksudna: Sétan téh geus hasil merdaya ka manusa, nepi ka manéhna nurut kana naon nu geus diparéntahkeun ku sétan tur ngarasakeun kani’matan dunya.

وَكَذٰلِكَ نُوَلِّيْ بَعْضَ الظّٰلِمِيْنَ بَعْضًاۢ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ ࣖ١٢٩
Wa każālika nuwallī ba‘ḍaẓ-ẓālimīna ba‘ḍam bimā kānū yaksibūn(a).
[129] Nya kitu téa, Kami ngajadikeun sabagian jalma-jalma dolim ngabatur jeung sasamana deui, minangka babales kana naon anu geus diupayakeun ku maranéhna.

يٰمَعْشَرَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِ اَلَمْ يَأْتِكُمْ رُسُلٌ مِّنْكُمْ يَقُصُّوْنَ عَلَيْكُمْ اٰيٰتِيْ وَيُنْذِرُوْنَكُمْ لِقَاۤءَ يَوْمِكُمْ هٰذَاۗ قَالُوْا شَهِدْنَا عَلٰٓى اَنْفُسِنَا وَغَرَّتْهُمُ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا وَشَهِدُوْا عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْ اَنَّهُمْ كَانُوْا كٰفِرِيْنَ١٣٠
Yā ma‘syaral-jinni wal-insi alam ya'tikum rusulum minkum yaquṣṣūna ‘alaikum āyātī wa yunżirūnakum liqā'a yaumikum hāżā, qālū syahidnā ‘alā anfusinā wa garrathumul-ḥayātud-un-yā wa syahidū ‘alā anfusihim annahum kānū kāfirīn(a).
[130] Hé golongan jin jeung manusa, lain geus datang ka maranéh para rasul ti golongan maranéh? Aranjeunna geus ngadugikeun ayat-ayat Kami ka maranéh jeung ngélingan ka maranéh ngeunaan (bakal) tepungna maranéh jeung ieu poé (Kiamat)? Maranéhna ngajawab, “(Leres,) abdi sadaya nyakséni pisan kana (kalepatan) diri abdi sadaya.” Tapi maranéhna geus katipu ku kahirupan dunya. Maranéhna jadi saksi pikeun dirina sorangan yén maranéhna téh jalma-jalma kapir.

ذٰلِكَ اَنْ لَّمْ يَكُنْ رَّبُّكَ مُهْلِكَ الْقُرٰى بِظُلْمٍ وَّاَهْلُهَا غٰفِلُوْنَ١٣١
Żālika allam yakur rabbuka muhlikal-qurā biẓulmiw wa ahluhā gāfilūn(a).
[131] Ku kituna, (para rasul diutus téh) ku sabab Pangéran hidep mah moal rék ngabinasakeun ka hiji nagri ku lantaran kadoliman (nu kajadian di jerona), sedengkeun pangeusina dina kaayaan talingeuh (can kasaba ku béja ti para utusan).

وَلِكُلٍّ دَرَجٰتٌ مِّمَّا عَمِلُوْاۗ وَمَا رَبُّكَ بِغَافِلٍ عَمَّا يَعْمَلُوْنَ١٣٢
Wa likullin darajātum mimmā ‘amilū, wa mā rabbuka bigāfilin ‘ammā ya‘malūn(a).
[132] Saban-saban jalma aya tingkatanana luyu jeung naon anu geus dipilampah. Pangéran hidep mah moal balangah kana sagala nu dipilampah ku maranéhna.

وَرَبُّكَ الْغَنِيُّ ذُو الرَّحْمَةِ ۗاِنْ يَّشَأْ يُذْهِبْكُمْ وَيَسْتَخْلِفْ مِنْۢ بَعْدِكُمْ مَّا يَشَاۤءُ كَمَآ اَنْشَاَكُمْ مِّنْ ذُرِّيَّةِ قَوْمٍ اٰخَرِيْنَ١٣٣
Wa rabbukal-ganiyyu żur-raḥmah(ti), iy yasya' yużhibkum wa yastakhlif mim ba‘dikum mā yasyā'u kamā ansya'akum min żurriyyati qaumin ākharīn(a).
[133] Pangéran hidep téh Mahasugih (tur) pinuh ku (sipat) rahmat. Lamun ngersakeun, Mantenna bakal ngabinasakeun aranjeun. Sanggeus éta, Mantenna ngaganti ku saha baé nu dikersakeun ku Mantenna, sakumaha Mantenna geus ngajadikeun aranjeun turunan ti kaom nu séjén (saméméh aranjeun).

اِنَّ مَا تُوْعَدُوْنَ لَاٰتٍۙ وَّمَآ اَنْتُمْ بِمُعْجِزِيْنَ١٣٤
Innamā tū‘adūna la'āt(in), wa mā antum bimu‘jizīn(a).
[134] Sabenerna naon baé nu (geus) dijangjikeun ka aranjeun pasti bakal datang jeung aranjeun moal sanggup pikeun nolakna.

قُلْ يٰقَوْمِ اعْمَلُوْا عَلٰى مَكَانَتِكُمْ اِنِّيْ عَامِلٌۚ فَسَوْفَ تَعْلَمُوْنَۙ مَنْ تَكُوْنُ لَهٗ عَاقِبَةُ الدَّارِۗ اِنَّهٗ لَا يُفْلِحُ الظّٰلِمُوْنَ١٣٥
Qul yā qaumi‘malū ‘alā makānatikum innī ‘āmil(un), fa saufa ta‘lamūn(a), man takūnu lahū ‘āqibatud-dār(i), innahū lā yufliḥuẓ-ẓālimūn(a).
[135] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Hé kaom kuring, prak digawé luyu jeung pitempatan aranjeun, kuring ogé digawé (saperti kitu)! Engké aranjeun téh bakal nyaho saha nu meunang tempat anu paling hadé di ahérat?” Sabenerna jalma-jalma nu dolim mah moal untung.

وَجَعَلُوْا لِلّٰهِ مِمَّا ذَرَاَ مِنَ الْحَرْثِ وَالْاَنْعَامِ نَصِيْبًا فَقَالُوْا هٰذَا لِلّٰهِ بِزَعْمِهِمْ وَهٰذَا لِشُرَكَاۤىِٕنَاۚ فَمَا كَانَ لِشُرَكَاۤىِٕهِمْ فَلَا يَصِلُ اِلَى اللّٰهِ ۚوَمَا كَانَ لِلّٰهِ فَهُوَ يَصِلُ اِلٰى شُرَكَاۤىِٕهِمْۗ سَاۤءَ مَا يَحْكُمُوْنَ١٣٦
Wa ja‘alū lillāhi mimmā żara'a minal-ḥarṡi wal-an‘āmi naṣīban fa qālū hāżā lillāhi biza‘mihim wa hāżā lisyurakā'inā, famā kāna lisyurakā'ihim falā yaṣilu ilallāh(i), wa mā kāna lillāhi fa huwa yaṣilu ilā syurakā'ihim, sā'a mā yaḥkumūn(a).
[136] Maranéhna (kaom musrikin) sok nyadiakeun sabagian tina anu geus diciptakeun pikeun maranéhna, nyaéta hasil pepelakan jeung ingon-ingon, pikeun Allah, bari nyarita nurutkeun panyangkana, “Ieu mah keur Allah jeung anu ieu mah pikeun berhala-berhala abdi sadaya.” Bagian anu (disadiakeun) pikeun berhala maranéhna mah moal nepi ka Allah, sedengkeun bagian anu (disadiakeun) pikeun Allah mah bakal nepi ka berhala maranéhna. 322 Kacida goréng patutna éta katetapan maranéhna téh.
322) Diriwayatkeun yén hasil pepelakan jeung ingon-ingon anu ku maranéhna ditujukeun pikeun Allah téh dipasrahkeun ka pakir miskin jeung dijadikeun amal kahadéan, malahan dibikeun ogé ka berhala. Sedengkeun bagian anu ditujukeun pikeun berhala maranéhna sok dibikeun ka jalma-jalma nu ngajaga berhala-berhala, lain dibikeun ka pakir miskin atawa dijadikeun amal kahadéan. Kabiasaan kitu téh pastina dila’nat ku Allah.

وَكَذٰلِكَ زَيَّنَ لِكَثِيْرٍ مِّنَ الْمُشْرِكِيْنَ قَتْلَ اَوْلَادِهِمْ شُرَكَاۤؤُهُمْ لِيُرْدُوْهُمْ وَلِيَلْبِسُوْا عَلَيْهِمْ دِيْنَهُمْۗ وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ مَا فَعَلُوْهُ فَذَرْهُمْ وَمَا يَفْتَرُوْنَ١٣٧
Wa każālika zayyana likaṡīrim minal-musyrikīna qatla aulādihim syurakā'uhum liyurdūhum wa liyalbisū ‘alaihim dīnahum, wa lau syā'allāhu mā fa‘alūhu fa żarhum wa mā yaftarūn(a).
[137] Nya kitu téa, berhala-berhala maranéhna (sétan) ngajadikeun karasa alus pikeun kalolobaan jalma-jalma musrikin maéhan budak-budak maranéhna, ngabinasakeun ka maranéhna, jeung ngacowkeun kana agama maranéhna. 323 Lamun Allah ngersakeun mah, tangtu maranéhna moal bakal milampah kitu. Keun baé antep maranéhna reujeung (kabohongan) nu geus dijieun-jieun.
323) Sabagian urang Arab téh aya anu ngagem saréat kanjeng Nabi Ibrahim a.s. Anjeunna kungsi diparéntah ku Allah pikeun ngorbankeun Ismail (putrana), tapi terus diganti ku domba (gibas). Tapi satuluyna, para gegedén agama Ibrahim téh nyalénggorkeun ieu ajaran ku ngajarkeun yén “ngorbakeun budak-budak leutik (lalaki atawa awéwé)” téh kaasup kana pagawéan anu hadé, kalaya maké alesan pikeun ngadeukeutkeun diri maranéhna ka Allah, padahal alesan anu benerna mah ku sabab maranéhna sieun miskin.

وَقَالُوْا هٰذِهٖٓ اَنْعَامٌ وَّحَرْثٌ حِجْرٌ لَّا يَطْعَمُهَآ اِلَّا مَنْ نَّشَاۤءُ بِزَعْمِهِمْ وَاَنْعَامٌ حُرِّمَتْ ظُهُوْرُهَا وَاَنْعَامٌ لَّا يَذْكُرُوْنَ اسْمَ اللّٰهِ عَلَيْهَا افْتِرَاۤءً عَلَيْهِۗ سَيَجْزِيْهِمْ بِمَا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ١٣٨
Wa qālū hāżihī an‘āmuw wa ḥarṡun ḥijrul lā yaṭ‘amuhā illā man nasyā'u biza‘mihim wa an‘āmun ḥurrimat ẓuhūruhā wa an‘āmul lā yażkurūnasmallāhi ‘alaihaftirā'an ‘alaih(i), sayajzīhim bimā kānū yaftarūn(a).
[138] Maranéhna ngucap (nurutkeun sangkaanana), “Ieu téh ingon-ingon jeung pepelakan anu dicegah, teu meunang didahar, kajaba ku jalma-jalma anu dipikahayang ku kuring kabéh.” Aya ogé ingon-ingon nu dicegah pikeun ditumpakkan tonggongna. Aya ogé ingon-ingon nu (ngahaja waktu dipeuncit) meunang henteu nyebut jenengan Allah. Éta sabagian kabohongan (nu diréka-réka) ka Allah. Jaga Mantenna bakal ngawales kana sagala anu diréka-réka ku maranéhna.

وَقَالُوْا مَا فِيْ بُطُوْنِ هٰذِهِ الْاَنْعَامِ خَالِصَةٌ لِّذُكُوْرِنَا وَمُحَرَّمٌ عَلٰٓى اَزْوَاجِنَاۚ وَاِنْ يَّكُنْ مَّيْتَةً فَهُمْ فِيْهِ شُرَكَاۤءُ ۗسَيَجْزِيْهِمْ وَصْفَهُمْۗ اِنَّهٗ حَكِيْمٌ عَلِيْمٌ١٣٩
Wa qālū mā fī buṭūni hāżihil-an‘āmi khāliṣatul liżukūrinā wa muḥarramun ‘alā azwājinā, wa iy yakum maitatan fahum fīhi syurakā'(u), sayajzīhim waṣfahum, innahū ḥakīmun ‘alīm(un).
[139] Maranéhna nyarita (ogé), “Sagala rupa nu aya dina jero beuteung ingon-ingon ieu mah husus pikeun lalaki, haram keur kaom awéwé urang.” Lamun anu dina jero beuteung téa (barang brol dijurukeun) téh paéh, mangka sakabéhna (lalaki-awéwé) meunang (ngadaharna). Jaga Allah bakal ngawales lantaran putusan maranéhna. Sabenerna Allah mah Mahawijaksana (tur) Mahauninga.

قَدْ خَسِرَ الَّذِيْنَ قَتَلُوْٓا اَوْلَادَهُمْ سَفَهًاۢ بِغَيْرِ عِلْمٍ وَّحَرَّمُوْا مَا رَزَقَهُمُ اللّٰهُ افْتِرَاۤءً عَلَى اللّٰهِ ۗقَدْ ضَلُّوْا وَمَا كَانُوْا مُهْتَدِيْنَ ࣖ١٤٠
Qad khasiral-lażīna qatalū aulādahum safaham bigairi ‘ilmiw wa ḥarramū mā razaqahumullāhuftirā'an ‘alallāh(i), qad ḍallū wa mā kānū muhtadīn(a).
[140] Tétéla rugi pisan jalma-jalma nu maéhan anak-anakna ku sabab kabodoan tanpa élmu, jeung (anu) ngaharamkeun rejeki anu geus dipaparinkeun ku Allah ka maranéhna ngan saukur pikeun rérékaan ka Allah. Maranéhna téh tétéla geus sasar jeung henteu meunang pituduh.

۞ وَهُوَ الَّذِيْٓ اَنْشَاَ جَنّٰتٍ مَّعْرُوْشٰتٍ وَّغَيْرَ مَعْرُوْشٰتٍ وَّالنَّخْلَ وَالزَّرْعَ مُخْتَلِفًا اُكُلُهٗ وَالزَّيْتُوْنَ وَالرُّمَّانَ مُتَشَابِهًا وَّغَيْرَ مُتَشَابِهٍۗ كُلُوْا مِنْ ثَمَرِهٖٓ اِذَآ اَثْمَرَ وَاٰتُوْا حَقَّهٗ يَوْمَ حَصَادِهٖۖ وَلَا تُسْرِفُوْا ۗاِنَّهٗ لَا يُحِبُّ الْمُسْرِفِيْنَۙ١٤١
Wa huwal-lażī ansya'a jannātim ma‘rūsyātiw wa gaira ma‘rūsyātiw wan-nakhla waz-zar‘a mukhtalifan ukuluhū waz-zaitūna war-rummāna mutasyābihaw wa gaira mutasyābih(in), kulū min ṡamarihī iżā aṡmara wa ātū ḥaqqahū yauma ḥaṣādih(ī), wa lā tusrifū, innahū lā yuḥibbul-musrifīn(a).
[141] Mung Mantenna nu ngajadikeun tutuwuhan anu ngarambat jeung nu teu ngarambat, tangkal korma, sarta pepelakan nu béda-béda rasana, jeung zaitun sarta dalima nu sarupa (bentuk jeung warnana) jeung nu teu sarupa (rasana). Prak dahar ku aranjeun bubuahan lamun geus buahan, sarta bikeun hakna (jakatna) dina poéan mupuna, tapi kadé ulah kaleuleuwihi (nyidekahkeunana)! Sabenerna Mantenna teu resep ka jalma-jalma nu sok kaleuleuwihi.

وَمِنَ الْاَنْعَامِ حَمُوْلَةً وَّفَرْشًا ۗ كُلُوْا مِمَّا رَزَقَكُمُ اللّٰهُ وَلَا تَتَّبِعُوْا خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِۗ اِنَّهٗ لَكُمْ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌۙ١٤٢
Wa minal-an‘āmi ḥamūlataw wa farsyā(n), kulū mimmā razaqakumullāhu wa lā tattabi‘ū khuṭuwātisy-syaiṭān(i), innahū lakum ‘aduwwum mubīn(un).
[142] Di antara ingon-ingon téh aya nu dijadikeun keur ngakut barang, sarta aya anu pikeun dipeuncit. Prak dahar ku aranjeun sakur nu geus dipasihkeun ku Allah ka aranjeun, sarta kadé ulah rék nuturkeun paripolahna sétan! Saenyana sétan mah musuh anu nyata pikeun aranjeun.

ثَمٰنِيَةَ اَزْوَاجٍۚ مِنَ الضَّأْنِ اثْنَيْنِ وَمِنَ الْمَعْزِ اثْنَيْنِۗ قُلْ ءٰۤالذَّكَرَيْنِ حَرَّمَ اَمِ الْاُنْثَيَيْنِ اَمَّا اشْتَمَلَتْ عَلَيْهِ اَرْحَامُ الْاُنْثَيَيْنِۗ نَبِّـُٔوْنِيْ بِعِلْمٍ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١٤٣
Ṡamāniya azwāj(in), minaḍ-ḍa'niṡnaini wa minal-ma‘ziṡnain(i), qul āżżakaraini ḥarrama amil-unṡayaini ammasytamalat ‘alaihi arḥāmul-unṡayain(i), nabbi'ūnī bi‘ilmin in kuntum ṣādiqīn(a).
[143] Aya dalapan ingon-ingon anu jojodoan (opat pasang), nyaéta domba sajodo jeung embé sajodo. Pék tanyakeun ku hidep (Muhammad), “Naha anu diharamkeun ku Allah téh dua anu jaluna atawa dua bikangna atawa nu masih dikandung dina pianakan bikangna nu dua?” Pék jelaskeun ka kuring kalayan (maké) dasar élmu lamun enya aranjeun bener mah.

وَمِنَ الْاِبِلِ اثْنَيْنِ وَمِنَ الْبَقَرِ اثْنَيْنِۗ قُلْ ءٰۤالذَّكَرَيْنِ حَرَّمَ اَمِ الْاُنْثَيَيْنِ اَمَّا اشْتَمَلَتْ عَلَيْهِ اَرْحَامُ الْاُنْثَيَيْنِۗ اَمْ كُنْتُمْ شُهَدَاۤءَ اِذْ وَصّٰىكُمُ اللّٰهُ بِهٰذَاۚ فَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا لِّيُضِلَّ النَّاسَ بِغَيْرِ عِلْمٍۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ ࣖ١٤٤
Wa minal-ibiliṡnaini wa minal-baqariṡnain(i), qul āżżakaraini ḥarrama amil-unṡayaini ammasytamalat ‘alaihi arḥāmul-unṡayain(i), am kuntum syuhadā'a iż waṣṣākumullāhu bihāżā, faman aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każibal liyuḍillan-nāsa bigairi ‘ilm(in), innallāha lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[144] Ngeunaan onta sajodo jeung sapi sajodo, pék tanyakeun ku hidep (Muhammad), “Naha nu diharamkeun ku Allah téh dua jaluna atawa dua bikangna, atawa nu dikandung dina pianakan bikangna nu dua? Atawa naha aranjeun nyakséni waktu Allah netepkeun ieu perkara pikeun aranjeun? Cik saha nu leuwih dolim tibatan jalma-jalma nu ngaréka-réka kabohongan ka Allah pikeun nyasarkeun jalma-jalma tanpa élmu?” Sabenerna Allah téh moal rék maparin pituduh ka jalma-jalma dolim.

قُلْ لَّآ اَجِدُ فِيْ مَآ اُوْحِيَ اِلَيَّ مُحَرَّمًا عَلٰى طَاعِمٍ يَّطْعَمُهٗٓ اِلَّآ اَنْ يَّكُوْنَ مَيْتَةً اَوْ دَمًا مَّسْفُوْحًا اَوْ لَحْمَ خِنْزِيْرٍ فَاِنَّهٗ رِجْسٌ اَوْ فِسْقًا اُهِلَّ لِغَيْرِ اللّٰهِ بِهٖۚ فَمَنِ اضْطُرَّ غَيْرَ بَاغٍ وَّلَا عَادٍ فَاِنَّ رَبَّكَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٤٥
Qul lā ajidu fīmā ūḥiya ilayya muḥarraman ‘alā ṭā‘imiy yaṭ‘amuhū illā ay yakūna maitatan au damam masfūḥan au laḥma khinzīrin fa innahū rijsun au fisqan uhilla ligairillāhi bih(ī), famaniḍṭurra gaira bāgiw wa lā ‘ādin fa inna rabbaka gafūrur raḥīm(un).
[145] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kuring mah teu (kungsi) manggihan dina sagala rupa nu geus diwahyukeun ka kuring perkara nu diharamkeun pikeun jalma nu hayang ngadaharna, kajaba daging sato anu geus paéh (bangké), atawa getih nu ngocor (marus) atawa daging babi—lantaran éta sakabéhna téh kotor—atawa sato nu dipeuncit kalayan lain pikeun Allah. Tapi saha baé nu aya dina kaayaan kapaksa lain ku sabab ngahaja (pikeun ngadaharna), sarta teu ngaleuwihan (wates darurat), mangka sabenerna Pangéran anjeun mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.”

وَعَلَى الَّذِيْنَ هَادُوْا حَرَّمْنَا كُلَّ ذِيْ ظُفُرٍۚ وَمِنَ الْبَقَرِ وَالْغَنَمِ حَرَّمْنَا عَلَيْهِمْ شُحُوْمَهُمَآ اِلَّا مَا حَمَلَتْ ظُهُوْرُهُمَآ اَوِ الْحَوَايَآ اَوْ مَا اخْتَلَطَ بِعَظْمٍۗ ذٰلِكَ جَزَيْنٰهُمْ بِبَغْيِهِمْۚ وَاِنَّا لَصٰدِقُوْنَ١٤٦
Wa ‘alal-lażīna hādū ḥarramnā kulla żī ẓufur(in), wa minal-baqari wal-ganami ḥarramnā ‘alaihim syuḥūmahumā illā mā ḥamalat ẓuhūruhumā awil-ḥawāyā au makhtalaṭa bi‘aẓm(in), żālika jazaināhum bibagyihim, wa innā laṣādiqūn(a).
[146] Ka jalma-jalma Yahudi, Kami ngaharamkeun sakabéh (sato) anu aya kukuan. 324 Kami ngaharamkeun ogé pikeun maranéhna gajih sapi jeung gajih domba, iwal ti gajih nu aya dina tulang tonggongna, atawa eusi kadut, atawa nu pacampur jeung tulang-taléngna. Tah kitu pisan Kami ngahukum maranéhna ku lantaran kadorakaanana. Sabenerna Kami mah Mahabener.
324) Anu dimaksud ku “sato anu kukuan” di dieu nyaéta sasatoan anu kuku-kukuna teu papisah antara hiji kuku jeung anu séjénna, saperti onta, éntog, jeung sajabana.

فَاِنْ كَذَّبُوْكَ فَقُلْ رَّبُّكُمْ ذُوْ رَحْمَةٍ وَّاسِعَةٍۚ وَلَا يُرَدُّ بَأْسُهٗ عَنِ الْقَوْمِ الْمُجْرِمِيْنَ١٤٧
Fa in każżabūka faqur rabbukum żū raḥmatiw wāsi‘ah(tin), wa lā yuraddu ba'suhū ‘anil-qaumil-mujrimīn(a).
[147] Nya lamun maranéhna nganggap bohong ka hidep (Muhammad), pok ucapkeun (baé), “Pangéran aranjeun kagungan rahmat nu jembar sareng siksaan Mantenna ka jalma-jalma doraka mah moal bisa disingkahan.”

سَيَقُوْلُ الَّذِيْنَ اَشْرَكُوْا لَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ مَآ اَشْرَكْنَا وَلَآ اٰبَاۤؤُنَا وَلَا حَرَّمْنَا مِنْ شَيْءٍۗ كَذٰلِكَ كَذَّبَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ حَتّٰى ذَاقُوْا بَأْسَنَاۗ قُلْ هَلْ عِنْدَكُمْ مِّنْ عِلْمٍ فَتُخْرِجُوْهُ لَنَاۗ اِنْ تَتَّبِعُوْنَ اِلَّا الظَّنَّ وَاِنْ اَنْتُمْ اِلَّا تَخْرُصُوْنَ١٤٨
Sayaqūlul-lażīna asyrakū lau syā'allāhu mā asyraknā wa lā ābā'unā wa lā ḥarramnā min syai'(in), każālika każżabal-lażīna min qablihim ḥattā żāqū ba'sanā, qul hal ‘indakum min ‘ilmin fa tukhrijūhu lanā, in tattabi‘ūna illaẓ-ẓanna wa in antum illā takhruṣūn(a).
[148] Jalma-jalma musrik bakal nyarita, “Lamun Allah ngersakeun mah tangtu abdi sadaya moal nyarékatkeun (Mantenna) jeung kitu ogé luluhur abdi sadaya ogé, sarta abdi sadaya tangtos moal ngaharamkeun naon-naon ogé.” Nya kitu deui jalma-jalma saméméh maranéhna geus nganggap bohong (ka rasul-Na) nepi ka maranéhna ngarasakeun siksaan Kami. Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun téh boga élmu anu bisa diterangkeun ka kuring saréréa? Anu ku aranjeun diturut téh teu aya lian iwal sangkaan wungkul, jeung aranjeun ngan ngira-ngira wungkul.”

قُلْ فَلِلّٰهِ الْحُجَّةُ الْبَالِغَةُۚ فَلَوْ شَاۤءَ لَهَدٰىكُمْ اَجْمَعِيْنَ١٤٩
Qul fa lillāhil-ḥujjatul-bāligah(tu), fa lau syā'a lahadākum ajma‘īn(a).
[149] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Alesan anu kuat mah mung kagungan Allah. Malahan lamun Mantenna ngersakeun, tangtu aranjeun sakabéhna bakal meunang pituduh.”

قُلْ هَلُمَّ شُهَدَاۤءَكُمُ الَّذِيْنَ يَشْهَدُوْنَ اَنَّ اللّٰهَ حَرَّمَ هٰذَاۚ فَاِنْ شَهِدُوْا فَلَا تَشْهَدْ مَعَهُمْۚ وَلَا تَتَّبِعْ اَهْوَاۤءَ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَالَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ وَهُمْ بِرَبِّهِمْ يَعْدِلُوْنَ ࣖ١٥٠
Qul halumma syuhadā'akumul-lażīna yasyhadūna annallāha ḥarrama hāżā, fa in syahidū falā tasyhad ma‘ahum, wa lā tattabi‘ ahwā'al-lażīna każżabū bi'āyātinā wal-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati wa hum birabbihim ya‘dilūn(a).
[150] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Geura bawa ka dieu saksi-saksi aranjeun nu bisa ngabuktikeun yén Allah téh geus ngaharamkeun (kadaharan nu ku aranjeun geus diharamkeun)!” Lamun maranéhna méré kasaksian, atuh hidep mah ulah (pipilueun) jadi méré kasaksian reujeung maranéhna. Kadé ulah rék nurut kana kahayang jalma-jalma nu nganggap bohong kana ayat-ayat Kami jeung jalma-jalma nu teu iman kana Poé Ahir, bari maranéhna nyarékatkeun Pangéran.

۞ قُلْ تَعَالَوْا اَتْلُ مَا حَرَّمَ رَبُّكُمْ عَلَيْكُمْ اَلَّا تُشْرِكُوْا بِهٖ شَيْـًٔا وَّبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسَانًاۚ وَلَا تَقْتُلُوْٓا اَوْلَادَكُمْ مِّنْ اِمْلَاقٍۗ نَحْنُ نَرْزُقُكُمْ وَاِيَّاهُمْ ۚوَلَا تَقْرَبُوا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَۚ وَلَا تَقْتُلُوا النَّفْسَ الَّتِيْ حَرَّمَ اللّٰهُ اِلَّا بِالْحَقِّۗ ذٰلِكُمْ وَصّٰىكُمْ بِهٖ لَعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَ١٥١
Qul ta‘ālau atlu mā ḥarrama rabbukum ‘alaikum allā tusyrikū bihī syai'aw wa bil-wālidaini iḥsānā(n), wa lā taqtulū aulādakum min imlāq(in), naḥnu narzuqukum wa iyyāhum, wa lā taqrabul-fawāḥisya mā ẓahara minhā wa mā baṭan(a), wa lā taqtulun-nafsal-latī ḥarramallāhu illā bil-ḥaqq(i), żālikum waṣṣākum bihī la‘allakum ta‘qilūn(a).
[151] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Hayu (ka darieu)! Kaula rék macakeun naon nu geus diharamkeun ku Pangéran aranjeun ka aranjeun, (nyaéta) kadé ulah rék nyarékatkeun naon baé ka Mantenna, kudu nyieun kahadéan ka indung-bapa, jeung kadé ulah maéhan anak-anak aranjeun ku lantaran kasangsaraan. Apan Kami nu méré rejeki ka aranjeun jeung ka maranéhna mah; jeung kadé ulah rék ngadeukeutan pagawéan anu jahat, boh nu nembrak boh nu nyumput. (Nya kitu deui) kadé ulah rék maéhan jalma nu geus diharamkeun ku Allah kajaba ku alesan anu bener. 325 Tah kitu pisan Allah maréntahkeun 326 ka aranjeun sangkan aranjeun ngagunakeun akal.
325) Anu dibenerkeun ku saréat (agama Islam) saperti qitāl (peperangan), maéhan jalma anu kaluar tina bebeneran (murtad), maéhan jalma nu geus maéhan batur (qisos), rajam, jeung sajabana. 326) Nyaéta paréntah anu kuat tur anu geus jadi katetapan.

وَلَا تَقْرَبُوْا مَالَ الْيَتِيْمِ اِلَّا بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُ حَتّٰى يَبْلُغَ اَشُدَّهٗ ۚوَاَوْفُوا الْكَيْلَ وَالْمِيْزَانَ بِالْقِسْطِۚ لَا نُكَلِّفُ نَفْسًا اِلَّا وُسْعَهَاۚ وَاِذَا قُلْتُمْ فَاعْدِلُوْا وَلَوْ كَانَ ذَا قُرْبٰىۚ وَبِعَهْدِ اللّٰهِ اَوْفُوْاۗ ذٰلِكُمْ وَصّٰىكُمْ بِهٖ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَۙ١٥٢
Wa lā taqrabū mālal-yatīmi illā bil-latī hiya aḥsanu ḥattā yabluga asyuddah(ū), wa auful-kaila wal-mīzāna bil-qisṭ(i), lā nukallifu nafsan illā wus‘ahā, wa iżā qultum fa‘dilū wa lau kāna żā qurbā, wa bi‘ahdillāhi aufū, żālikum waṣṣākum bihī la‘allakum tażakkarūn(a).
[152] Kadé aranjeun ulah ngadeukeutan (ngagunakeun) harta budak yatim, kajaba ku cara nu leuwih mangpaat, nepi ka manéhna nincak (umur) déwasa. Prak sampurnakeun takeran-takeran jeung timbangan kalayan adil. Kami mah moal rék ngabeungbeuratan ka hiji jalma kajaba sakamampuhanana. Lamun aranjeun nyarita, pok nyarita sing adil sanajan ka dulur-dulur (deukeut). Geura tohonan jangji (ka) Allah. Tah kitu, Mantenna miwarang ka aranjeun sangkan aranjeun ngalap atikan.

وَاَنَّ هٰذَا صِرَاطِيْ مُسْتَقِيْمًا فَاتَّبِعُوْهُ ۚوَلَا تَتَّبِعُوا السُّبُلَ فَتَفَرَّقَ بِكُمْ عَنْ سَبِيْلِهٖ ۗذٰلِكُمْ وَصّٰىكُمْ بِهٖ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ١٥٣
Wa anna hāżā ṣirāṭī mustaqīman fattabi‘ūh(u), wa lā tattabi‘us-subula fa tafarraqa bikum ‘an sabīlih(ī), żālikum waṣṣākum bihī la‘allakum tattaqūn(a).
[153] Sabenerna tah ieu téh jalan Kaula nu lempeng. Ku kituna, prak geura turutkeun! Kadé aranjeun ulah rék nuturkeun jalan-jalan (séjén) nu matak ngabuburak aranjeun tina jalan Mantenna. Nya kitu, Mantenna miwarang ka aranjeun sangkan aranjeun takwa.

ثُمَّ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ تَمَامًا عَلَى الَّذِيْٓ اَحْسَنَ وَتَفْصِيْلًا لِّكُلِّ شَيْءٍ وَّهُدًى وَّرَحْمَةً لَّعَلَّهُمْ بِلِقَاۤءِ رَبِّهِمْ يُؤْمِنُوْنَ ࣖ١٥٤
Ṡumma ātainā mūsal-kitāba tamāman ‘alal-lażī aḥsana wa tafṣīlal likulli syai'iw wa hudaw wa raḥmatal la‘allahum biliqā'i rabbihim yu'minūn(a).
[154] Saterusna, Kami geus maparin ka Musa Kitab (Torét) pikeun nyampurnakeun (ni’mat Kami) ka jalma-jalma anu migawé kahadéan, pikeun ngajelaskeun kalayan rinci sagala perkara, sarta (méré) pituduh tur rahmat supaya maranéhna iman kana papanggih jeung Pangéranana.

وَهٰذَا كِتٰبٌ اَنْزَلْنٰهُ مُبٰرَكٌ فَاتَّبِعُوْهُ وَاتَّقُوْا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَۙ١٥٥
Wa hāżā kitābun anzalnāhu mubārakun fattabi‘ūhu wattaqū la‘allakum turḥamūn(a).
[155] Ieu (Al-Qur’an) téh kitab anu diturunkeun ku Kami tur diberkahan. Ku kituna, prak geura turutan tur geura tarakwa supaya aranjeun meunang rahmat!

اَنْ تَقُوْلُوْٓا اِنَّمَآ اُنْزِلَ الْكِتٰبُ عَلٰى طَاۤىِٕفَتَيْنِ مِنْ قَبْلِنَاۖ وَاِنْ كُنَّا عَنْ دِرَاسَتِهِمْ لَغٰفِلِيْنَۙ١٥٦
An taqūlū innamā unzilal-kitābu ‘alā ṭā'ifataini min qablinā, wa in kunnā ‘an dirāsatihim lagāfilīn(a).
[156] (Kami nurunkeun ieu Al-Qur’an téh) supaya maranéh (henteu) ngucap kieu, “Éta kitab (wahyu) téh ngan diturunkeun ka dua golongan anu saméméh kuring saréréa (Yahudi jeung Nasrani) jeung sabenerna kuring saréréa campoléh ka nu sok dibaraca ku maranéhna.”

اَوْ تَقُوْلُوْا لَوْ اَنَّآ اُنْزِلَ عَلَيْنَا الْكِتٰبُ لَكُنَّآ اَهْدٰى مِنْهُمْۚ فَقَدْ جَاۤءَكُمْ بَيِّنَةٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَهُدًى وَّرَحْمَةٌ ۚفَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنْ كَذَّبَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَصَدَفَ عَنْهَا ۗسَنَجْزِى الَّذِيْنَ يَصْدِفُوْنَ عَنْ اٰيٰتِنَا سُوْۤءَ الْعَذَابِ بِمَا كَانُوْا يَصْدِفُوْنَ١٥٧
Au taqūlū lau annā unzila ‘alainal-kitābu lakunnā ahdā minhum, faqad jā'akum bayyinatum mir rabbikum wa hudaw wa raḥmah(tun), faman aẓlamu mimman każżaba bi'āyātillāhi wa ṣadafa ‘anhā, sanajzil-lażīna yaṣdifūna ‘an āyātinā sū'al-‘ażābi bimā kānū yaṣdifūn(a).
[157] Atawa sangkan maranéh (henteu) nyarita kieu, “Sabenerna lamun éta kitab diturunkeun ka kuring saréréa mah, tangtu kuring saréréa nu bakal leuwih meunang pituduh tibatan maranéhna (urang Yahudi jeung Nasrani).” Sabenerna geus datang ka maranéh katerangan anu jelas, pituduh jeung rahmat ti Pangéran maranéh. Ku kituna, naha aya nu leuwih dolim tibatan jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Allah jeung ngabalieur ti dinya? Jaga Kami bakal males ka jalma-jalma anu ngabalieur tina ayat-ayat Kami ku siksaan anu kacida nyerina alatan maranéhna sering ngabalieur.

هَلْ يَنْظُرُوْنَ اِلَّآ اَنْ تَأْتِيَهُمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ اَوْ يَأْتِيَ رَبُّكَ اَوْ يَأْتِيَ بَعْضُ اٰيٰتِ رَبِّكَ ۗيَوْمَ يَأْتِيْ بَعْضُ اٰيٰتِ رَبِّكَ لَا يَنْفَعُ نَفْسًا اِيْمَانُهَا لَمْ تَكُنْ اٰمَنَتْ مِنْ قَبْلُ اَوْ كَسَبَتْ فِيْٓ اِيْمَانِهَا خَيْرًاۗ قُلِ انْتَظِرُوْٓا اِنَّا مُنْتَظِرُوْنَ١٥٨
Hal yanẓurūna illā an ta'tiyahumul-malā'ikatu au ya'tiya rabbuka au ya'tiya ba‘ḍu āyāti rabbik(a), yauma ya'tī ba‘ḍu āyāti rabbika lā yanfa‘u nafsan īmānuhā lam takun āmanat min qablu au kasabat fī īmānihā khairā(n), qulintaẓirū innā muntaẓirūn(a).
[158] Anu didago-dago ku maranéhna téh ngan kadatangan malaikat ka maranéhna (pikeun nyabut nyawana), atawa datangna Pangéran hidep (pikeun ngabinasakeun maranéhanana), atawa (datangna) sabagian tanda-tanda Pangéran hidep. 327 Dina mangsa poé datangna sabagian tanda-tanda ti Pangéran hidep mah teu aya guna deui imanna hiji jalma mun can iman saméméhna, atawa (can) ngupayakeun pikeun migawé kahadéan dina mangsa imanna. Pok ucapkeun ku hidep, “Pék baé daragoan! Sabenerna kuring saréréa ogé sarua ngadagoan.”
327) Nyaéta tanda-tanda Poé Kiamat

اِنَّ الَّذِيْنَ فَرَّقُوْا دِيْنَهُمْ وَكَانُوْا شِيَعًا لَّسْتَ مِنْهُمْ فِيْ شَيْءٍۗ اِنَّمَآ اَمْرُهُمْ اِلَى اللّٰهِ ثُمَّ يُنَبِّئُهُمْ بِمَا كَانُوْا يَفْعَلُوْنَ١٥٩
Innal-lażīna farraqū dīnahum wa kānū syiya‘al lasta minhum fī syai'(in), innamā amruhum ilallāhi ṡumma yunabbi'uhum bimā kānū yaf‘alūn(a).
[159] Sabenerna jalma-jalma anu ngabengkahkeun agamana sarta maranéhna (ogé kabeulah) jadi sababaraha golongan, saeutik ogé hidep (Muhammad) teu tanggung jawab ka maranéhna. Sabenerna urusan maranéhna (pasrahkeun baé) ka Allah. Satuluyna Allah bakal ngajelaskeun ka maranéhna sagala rupa nu geus dipigawé ku maranéhna.

مَنْ جَاۤءَ بِالْحَسَنَةِ فَلَهٗ عَشْرُ اَمْثَالِهَا ۚوَمَنْ جَاۤءَ بِالسَّيِّئَةِ فَلَا يُجْزٰٓى اِلَّا مِثْلَهَا وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ١٦٠
Man jā'a bil-ḥasanati fa lahū ‘asyru amṡālihā, wa man jā'a bis-sayyi'ati falā yujzā illā miṡlahā wa hum lā yuẓlamūn(a).
[160] Saha baé nu migawé kahadéan, manéhna bakal meunang wawales sapuluh kali tikel amalna. Saha baé nu migawé kagoréngan, manéhna moal bakal meunang wawales kajaba anu saimbang. Maranéhna saeutik ogé moal rék didoliman (dirugikeun).

قُلْ اِنَّنِيْ هَدٰىنِيْ رَبِّيْٓ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ ەۚ دِيْنًا قِيَمًا مِّلَّةَ اِبْرٰهِيْمَ حَنِيْفًاۚ وَمَا كَانَ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ١٦١
Qul innanī hadānī rabbī ilā ṣirāṭim mustaqīm(in), dīnan qiyamam millata ibrāhīma ḥanīfā(n), wa mā kāna minal-musyrikīn(a).
[161] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna Pangéran kuring mah geus méré pituduh kana jalan anu lempeng, (nyaéta) agama nu bener, agama Ibrahim nu lempeng. Anjeunna mah teu kaasup jalma-jalma musrik.”

قُلْ اِنَّ صَلَاتِيْ وَنُسُكِيْ وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِيْ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَۙ١٦٢
Qul inna ṣalātī wa nusukī wa maḥyāya wa mamātī lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[162] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna salat abdi, ibadah abdi, hirup abdi, sareng maot abdi (sadaya ogé) kanggo Allah, Pangéran sakumna alam.

لَا شَرِيْكَ لَهٗ ۚوَبِذٰلِكَ اُمِرْتُ وَاَنَا۠ اَوَّلُ الْمُسْلِمِيْنَ١٦٣
Lā syarīka lah(ū), wa biżālika umirtu wa ana awwalul-muslimīn(a).
[163] Teu aya pisan sarékat pikeun Mantenna (Allah). Nya éta pisan anu diparéntahkeun ka abdi ku Mantenna. Abdi mah kalebet jalmi anu pangpayunna muslim.”

قُلْ اَغَيْرَ اللّٰهِ اَبْغِيْ رَبًّا وَّهُوَ رَبُّ كُلِّ شَيْءٍۗ وَلَا تَكْسِبُ كُلُّ نَفْسٍ اِلَّا عَلَيْهَاۚ وَلَا تَزِرُ وَازِرَةٌ وِّزْرَ اُخْرٰىۚ ثُمَّ اِلٰى رَبِّكُمْ مَّرْجِعُكُمْ فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ فِيْهِ تَخْتَلِفُوْنَ١٦٤
Qul agairallāhi abgī rabbaw wa huwa rabbu kulli syai'(in), wa lā taksibu kullu nafsin illā ‘alaihā, wa lā taziru wāziratuw wizra ukhrā, ṡumma ilā rabbikum marji‘ukum fa yunabbi'ukum bimā kuntum fīhi takhtalifūn(a).
[164] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Naha (pantes) kuring néangan deui Pangéran salian ti Allah, padahal Mantenna téh Pangéran pikeun sagala perkara? Saban jalma nu migawé dosa, nya dirina sorangan anu bakal nanggung dosana. Hiji jalma moal bakal nanggung dosa jalma séjénna. Satuluyna ngan ka Pangéran aranjeun wungkul aranjeun bakal baralik téh. Mantenna bakal ngabéjakeun ka aranjeun sagala rupa anu baheula dipasaliakeun ku aranjeun.”

وَهُوَ الَّذِيْ جَعَلَكُمْ خَلٰۤىِٕفَ الْاَرْضِ وَرَفَعَ بَعْضَكُمْ فَوْقَ بَعْضٍ دَرَجٰتٍ لِّيَبْلُوَكُمْ فِيْ مَآ اٰتٰىكُمْۗ اِنَّ رَبَّكَ سَرِيْعُ الْعِقَابِۖ وَاِنَّهٗ لَغَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ١٦٥
Wa huwal-lażī ja‘alakum khalā'ifal-arḍi wa rafa‘a ba‘ḍakum fauqa ba‘ḍin darajātil liyabluwakum fī mā ātākum, inna rabbaka sarī‘ul-‘iqāb(i), wa innahū lagafūrur raḥīm(un).
[165] Mantenna anu ngajadikeun aranjeun kalipah-kalipah di bumi tur Mantenna munjulkeun sabagian aranjeun ti sabagian lianna deui sabaraha darajat, pikeun nguji tina sagala rupa nu geus dipasihkeun ku Mantenna ka aranjeun. Sabenerna Pangéran hidep (Muhammad) mah nu téréh pisan masihan hukuman. Sabenerna Mantenna Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.