Surah Al-Hasyr

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
سَبَّحَ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۚ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ١
Sabbaḥa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[1] Naon anu aya di langit jeung bumi ngamaha-sucikeun (tasbéh) ka Allah. Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

هُوَ الَّذِيْٓ اَخْرَجَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ مِنْ دِيَارِهِمْ لِاَوَّلِ الْحَشْرِۗ مَا ظَنَنْتُمْ اَنْ يَّخْرُجُوْا وَظَنُّوْٓا اَنَّهُمْ مَّانِعَتُهُمْ حُصُوْنُهُمْ مِّنَ اللّٰهِ فَاَتٰىهُمُ اللّٰهُ مِنْ حَيْثُ لَمْ يَحْتَسِبُوْا وَقَذَفَ فِيْ قُلُوْبِهِمُ الرُّعْبَ يُخْرِبُوْنَ بُيُوْتَهُمْ بِاَيْدِيْهِمْ وَاَيْدِى الْمُؤْمِنِيْنَۙ فَاعْتَبِرُوْا يٰٓاُولِى الْاَبْصَارِ٢
Huwal-lażī akhrajal-lażīna kafarū min ahlil-kitābi min diyārihim li'awwalil-ḥasyr(i), mā ẓanantum ay yakhrujū wa ẓannū annahum māni‘atuhum ḥuṣūnuhum minallāhi fa atāhumullāhu min ḥaiṡu lam yaḥtasibū wa qażafa fī qulūbihimur-ru‘ba yukhribūna buyūtahum bi'aidīhim wa aidil-mu'minīn(a), fa‘tabirū yā ulil-abṣār(i).
[2] Mantenna anu ngusir jalma-jalma anu kupur ti antara Ahli Kitab ti kampung padumukanana dina waktu ngusir munggaran. 872 Maranéhna henteu nyangka yén maranéhna bakal kaluar. Maranéhna ogé yakin yén bénténg-bénténgna bakal bisa ngahalangan ka maranéhna tina (siksa) Allah. Allah nibankeun (siksa) ka maranéhna (hukuman) ti palebah anu ku maranéhna teu disangka-sangka. Allah melakkeun rasa kasieun kana haté-haténa nepi ka ngamusnahkeun imah-imahna sorangan ku leungeun-leungeuna sorangan jeung ku leungeun jalma-jalma mu’min. Ku kituna, jadikeun éta (kajadian) pikeun jadi atikan, hé jalma-jalma anu boga paningal anu jero!
872) Kaom Yahudi Bani Nadir anu mimiti dikumpulkeun pikeun diusir ti kota Madinah.

وَلَوْلَآ اَنْ كَتَبَ اللّٰهُ عَلَيْهِمُ الْجَلَاۤءَ لَعَذَّبَهُمْ فِى الدُّنْيَاۗ وَلَهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ عَذَابُ النَّارِ٣
Wa lau lā an kataballāhu ‘alaihimul-jalā'a la‘ażżabahum fid-dun-yā, wa lahum fil-ākhirati ‘ażābun-nār(i).
[3] Lamun seug lain karana Allah netepkeun ngusir ka maranéhna, pasti Mantenna ngalungsurkeun siksa ka maranéhna di dunya. Di ahérat maranéhna bakal meunang siksa naraka.

ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ شَاۤقُّوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ ۖوَمَنْ يُّشَاۤقِّ اللّٰهَ فَاِنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِ٤
Żālika bi'annahum syāqqullāha wa rasūlah(ū), wa may yusyāqqillāha fa'innallāha syadīdul-‘iqāb(i).
[4] Anu kitu téh alatan sabenerna maranéhna ngalawan ka Allah jeung ka rasul-Na. Saha baé anu ngalawan ka Allah, saleresna Allah kacida rongkah hukumana-Na.

مَا قَطَعْتُمْ مِّنْ لِّيْنَةٍ اَوْ تَرَكْتُمُوْهَا قَاۤىِٕمَةً عَلٰٓى اُصُوْلِهَا فَبِاِذْنِ اللّٰهِ وَلِيُخْزِيَ الْفٰسِقِيْنَ٥
Mā qaṭa‘tum mil līnatin au taraktumūhā qā'imatan ‘alā uṣūlihā fa bi'iżnillāhi wa liyukhziyal-fāsiqīn(a).
[5] Naon anu ku maranéh dituaran di antara tangkal korma (milik jalma-jalma kapir) atawa anu ku aranjeun diantep sina (rajeg) dina bongkot-bongkotna, éta (kajadian tumuwuhna) téh kalayan widi Allah, sabab Mantenna ngersakeun rék ngahinakeun ka jalma-jalma pasék.

وَمَآ اَفَاۤءَ اللّٰهُ عَلٰى رَسُوْلِهٖ مِنْهُمْ فَمَآ اَوْجَفْتُمْ عَلَيْهِ مِنْ خَيْلٍ وَّلَا رِكَابٍ وَّلٰكِنَّ اللّٰهَ يُسَلِّطُ رُسُلَهٗ عَلٰى مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٦
Wa mā afā'allāhu ‘alā rasūlihī minhum famā aujaftum ‘alaihi min khailiw wa lā rikābiw wa lākinnallāha yusalliṭu rusulahū ‘alā may yasyā'(u), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[6] Harta jabelan (péy) 873 ti maranéhna anu dipaparinkeun ku Allah ka rasul-Na, aranjeun teu butuh kuda atawa onta pikeun meunangkeunana, tapi Allah maparinkeun kakawasaan ka rasul-rasul-Na (pikeun) ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah Mahakawasa kana sagala urusan.
873) Harta rampasan anu ditampa ti musuh tanpa lumangsungna perang. Paméréan péyna béda jeung paméréan gonimah. Gonimah nyaéta harta rampasan anu ditampa ti musuh sanggeus lumangsung perang. Paméréan péy saperti kitu kasebut dina ayat ka-7. Sedengkeun paméréan gonimah kasebut dina ayat ka-41 Surah Al-Anfāl.

مَآ اَفَاۤءَ اللّٰهُ عَلٰى رَسُوْلِهٖ مِنْ اَهْلِ الْقُرٰى فَلِلّٰهِ وَلِلرَّسُوْلِ وَلِذِى الْقُرْبٰى وَالْيَتٰمٰى وَالْمَسٰكِيْنِ وَابْنِ السَّبِيْلِۙ كَيْ لَا يَكُوْنَ دُوْلَةً ۢ بَيْنَ الْاَغْنِيَاۤءِ مِنْكُمْۗ وَمَآ اٰتٰىكُمُ الرَّسُوْلُ فَخُذُوْهُ وَمَا نَهٰىكُمْ عَنْهُ فَانْتَهُوْاۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِۘ٧
Mā afā'allāhu ‘alā rasūlihī min ahlil-qurā fa lillāhi wa lir-rasūli wa liżil-qurbā wal-yatāmā wal-masākīni wabnis-sabīl(i), kailā yakūna dūlatam bainal-agniyā'i minkum, wa mā ātākumur-rasūlu fa khużūhu wa mā nahākum ‘anhu fantahū, wattaqullāh(a), innallāha syadīdul-‘iqāb(i).
[7] Harta jabelan (péy) ti maranéhna anu dipaparinkeun Allah ka rasul-Na (anu asalna) ti urang sababaraha nagri, nyaéta pikeun Allah, Rasul-Na, kaom karabatna (Rasul), barudak yatim, jalma-jalma miskin, jeung pikeun anu nyanyabaan, sangkan éta harta henteu ngulibek di antara jalma-jalma anu beunghar wungkul di antara aranjeun. Naon anu dipaparinan Rasul ka aranjeun, tarima ku aranjeun. Naon anu dicegah ku anjeunna ka aranjeun, singkahan ku aranjeun! Aranjeun kudu takwa ka Allah. Saleresna Allah kacida rongkah hukumana-Na.

لِلْفُقَرَاۤءِ الْمُهٰجِرِيْنَ الَّذِيْنَ اُخْرِجُوْا مِنْ دِيَارِهِمْ وَاَمْوَالِهِمْ يَبْتَغُوْنَ فَضْلًا مِّنَ اللّٰهِ وَرِضْوَانًا وَّيَنْصُرُوْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ ۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الصّٰدِقُوْنَۚ٨
Lil-fuqarā'il-muhājirīnal-lażīna ukhrijū min diyārihim wa amwālihim yabtagūna faḍlam minallāhi wa riḍwānaw wa yanṣurūnallāha wa rasūlah(ū), ulā'ika humuṣ-ṣādiqūn(a).
[8] (Harta jabelan éta ogé) pikeun jalma-jalma pakir anu hijrah 874 anu diusir ti padumukanana tur ninggalkeun hartana. Aranjeunna miharep kurnia ti Allah jeung karidoan-Na, sarta (demi) ngabéla (agama) Allah jeung Rasul-Na. Aranjeunna pisan jalma-jalma anu bener.
874) Dulur Nabi, barudak yatim, jalma-jalma miskin, jeung jalma anu nyanyabaan anu kabéhanana kaasup jalma pakir tur ngilu hijrah.

وَالَّذِيْنَ تَبَوَّءُو الدَّارَ وَالْاِيْمَانَ مِنْ قَبْلِهِمْ يُحِبُّوْنَ مَنْ هَاجَرَ اِلَيْهِمْ وَلَا يَجِدُوْنَ فِيْ صُدُوْرِهِمْ حَاجَةً مِّمَّآ اُوْتُوْا وَيُؤْثِرُوْنَ عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْ وَلَوْ كَانَ بِهِمْ خَصَاصَةٌ ۗوَمَنْ يُّوْقَ شُحَّ نَفْسِهٖ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَۚ٩
Wal-lażīna tabawwa'ud-dāra wal-īmāna min qablihim yuḥibbūna man hājara ilaihim wa lā yajidūna fī ṣudūrihim ḥājatam mimmā ūtū wa yu'ṡirūna ‘alā anfusihim wa lau kāna bihim khaṣāṣah(tun), wa may yūqa syuḥḥa nafsihī fa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[9] Kaom (Ansor) anu geus tumetep di kota Madinah geus iman saméméh (kadatangan) kaom (Muhajirin). Aranjeunna mikaasih ka saha baé anu hijrah ka tempatna. Aranjeunna henteu pamrih kana naon anu geus dibikeun ku aranjeunna (ka Muhajirin), sarta ngutamakeun Muhajirin (ngéléhan manéh), sok sanajan aranjeunna ogé kacida butuhna. Saha baé anu dijaga tina kakorétan dirina, aranjeunna pisan jalma-jalma anu pinanggih untung.

وَالَّذِيْنَ جَاۤءُوْ مِنْۢ بَعْدِهِمْ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِاِخْوَانِنَا الَّذِيْنَ سَبَقُوْنَا بِالْاِيْمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِيْ قُلُوْبِنَا غِلًّا لِّلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا رَبَّنَآ اِنَّكَ رَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ ࣖ١٠
Wal-lażīna jā'ū mim ba‘dihim yaqūlūna rabbanagfir lanā wa li'ikhwāninal-lażīna sabaqūnā bil-īmāni wa lā taj‘al fī qulūbinā gillal lil-lażīna āmanū rabbanā innaka ra'ūfur raḥīm(un).
[10] Jalma-jalma anu datang sanggeus aranjeunna (Muhajirin jeung Ansar) ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti maparin pangapunten ka abdi sadaya sareng ka dulur-dulur abdi anu parantos iman langkung ti payun batan abdi sadaya, sareng pamugi Gusti ulah melakkeun hiri dengki dina manah-manah abdi sadaya ka jalma-jalma anu parantos iman. Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, saleresna Gusti Nu Mahawelas (tur) Mahaasih.”

۞ اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ نَافَقُوْا يَقُوْلُوْنَ لِاِخْوَانِهِمُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ لَىِٕنْ اُخْرِجْتُمْ لَنَخْرُجَنَّ مَعَكُمْ وَلَا نُطِيْعُ فِيْكُمْ اَحَدًا اَبَدًاۙ وَّاِنْ قُوْتِلْتُمْ لَنَنْصُرَنَّكُمْۗ وَاللّٰهُ يَشْهَدُ اِنَّهُمْ لَكٰذِبُوْنَ١١
Alam tara ilal-lażīna nāfaqū yaqūlūna li'ikhwānihimul-lażīna kafarū min ahlil-kitābi la'in ukhrijtum lanakhrujanna ma‘akum wa lā nuṭī‘u fīkum aḥadan abadā(n), wa in qūtiltum lananṣurannakum, wallāhu yasyhadu innahum lakāżibūn(a).
[11] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan jalma-jalma anu munapék anu ngomong ka batur-baturna anu kupur ti Ahli Kitab (Yahudi), “Sabenerna lamun aranjeun diusir, tangtu kuring saréréa ogé bakal kaluar marengan aranjeun. Kuring sadaya salawasna moal nurut ka saha baé ogé demi aranjeun. Upama aranjeun diperangan, pasti kuring saréréa bakal mantuan aranjeun.” Allah nyaksian yén sabenerna maranéhna téh bener-bener tukang bohong.

لَىِٕنْ اُخْرِجُوْا لَا يَخْرُجُوْنَ مَعَهُمْۚ وَلَىِٕنْ قُوْتِلُوْا لَا يَنْصُرُوْنَهُمْۚ وَلَىِٕنْ نَّصَرُوْهُمْ لَيُوَلُّنَّ الْاَدْبَارَۙ ثُمَّ لَا يُنْصَرُوْنَ١٢
La'in ukhrijū lā yakhrujūna ma‘ahum, wa la'in qūtilū lā yanṣurūnahum, wa la'in naṣarūhum layuwallunnal-adbār(a), ṡumma lā yunṣarūn(a).
[12] Sabenerna upama maranéhna (kaomYahudi) diusir, jalma-jalma munapék téh moal milu kaluar marengan maranéhna. Lamun maranéhna (kaom Yahudi) diperangan, maranéhna (ogé) moal nulungan. Lamun seug maranéhna nulungan pasti maranéhna kabur ka tukang, satuluyna maranéhna (jalma munapék) moal meunang pitulung.

لَاَنْتُمْ اَشَدُّ رَهْبَةً فِيْ صُدُوْرِهِمْ مِّنَ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ قَوْمٌ لَّا يَفْقَهُوْنَ١٣
La'antum asyaddu rahbatan fī ṣudūrihim minallāh(i), żālika bi'annahum qaumul lā yafqahūn(a).
[13] Sabenerna dina haté maranéhna, aranjeun (muslimin) leuwih dipirémpan tibatan Allah. Anu kitu téh lantaran maranéhna jalma-jalma anu teu ngarti.

لَا يُقَاتِلُوْنَكُمْ جَمِيْعًا اِلَّا فِيْ قُرًى مُّحَصَّنَةٍ اَوْ مِنْ وَّرَاۤءِ جُدُرٍۗ بَأْسُهُمْ بَيْنَهُمْ شَدِيْدٌ ۗ تَحْسَبُهُمْ جَمِيْعًا وَّقُلُوْبُهُمْ شَتّٰىۗ ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ قَوْمٌ لَّا يَعْقِلُوْنَۚ١٤
Lā yuqātilūnakum jamī‘an illā fī quram muḥaṣṣanatin au miw warā'i judur(in), ba'suhum bainahum syadīd(un), taḥsabuhum jamī‘aw wa qulūbuhum syattā, żālika bi'annahum qaumul lā ya‘qilūn(a).
[14] Maranéhna moal merangan aranjeun (ku cara) babarengan, kajaba di nagri-nagri anu dibénténg atawa di satukangeun témbok. Papaséaan di sasama maranéhna kacida sengitna. Anjeun nyangka maranéhna ngahiji, padahal haté-haténa paburencay. Anu kituna téh alatan maranéhna jalma-jalma anu teu ngagunakeun akal.

كَمَثَلِ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ قَرِيْبًا ذَاقُوْا وَبَالَ اَمْرِهِمْۚ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌۚ١٥
Kamaṡalil-lażīna min qablihim qarīban żāqū wabāla amrihim, wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[15] Maranéhna (Bani Nadir) saperti kaom anu saméméh maranéhna (Yahudi) anu cikénéh ngarasakeun papastén goréng (diusir) balukar kalakuan maranéhna sorangan. Maranéhna bakal meunang siksa anu peurih.

كَمَثَلِ الشَّيْطٰنِ اِذْ قَالَ لِلْاِنْسَانِ اكْفُرْۚ فَلَمَّا كَفَرَ قَالَ اِنِّيْ بَرِيْۤءٌ مِّنْكَ اِنِّيْٓ اَخَافُ اللّٰهَ رَبَّ الْعٰلَمِيْنَ١٦
Kamaṡalisy-syaiṭāni iż qāla lil-insānikfur, falammā kafara qāla innī barī'um minka innī akhāfullāha rabbal-‘ālamīn(a).
[16] (Pangolo jalma-jalma munapék) saperti (pangolo) sétan waktu manéhna ngagoda ka manusa, “Geura kupur maranéh!” Sanggeus manusa anu digodana jadi kupur, sétan ngomong, “Sabenerna kuring saréréa lulubaran ti anjeun, lantaran saenyana kuring mah sieun ku Allah, Pangéran sakumna alam.”

فَكَانَ عَاقِبَتَهُمَآ اَنَّهُمَا فِى النَّارِ خٰلِدَيْنِ فِيْهَاۗ وَذٰلِكَ جَزٰۤؤُا الظّٰلِمِيْنَ ࣖ١٧
Fa kāna ‘āqibatahumā annahumā fin-nāri khālidaini fīhā, wa żālika jazā'uẓ-ẓālimīn(a).
[17] Nya balukarna pikeun duanana. Maranéhna asup ka jero naraka bari langgeng di jerona. Kitu pisan wawales pikeun jalma-jalma anu dolim.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ لِغَدٍۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ خَبِيْرٌ ۢبِمَا تَعْمَلُوْنَ١٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanuttaqullāha waltanẓur nafsum mā qaddamat ligad(in), wattaqullāh(a), innallāha khabīrum bimā ta‘malūn(a).
[18] Hé jalma-jalma anu iman, kudu takwa aranjeun ka Allah, jeung sakuduna unggal diri mikirkeun naon anu geus dipilampah pikeun poé isuk (di ahérat). Geura takwa ka Allah. Saleresna Allah Mahawaspada kana naon anu dipilampah ku aranjeun.

وَلَا تَكُوْنُوْا كَالَّذِيْنَ نَسُوا اللّٰهَ فَاَنْسٰىهُمْ اَنْفُسَهُمْۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ١٩
Wa lā takūnū kal-lażīna nasullāha fa'ansāhum anfusahum, ulā'ika humul-fāsiqūn(a).
[19] Omat aranjeun ulah saperti jalma-jalma anu poho Allah, nepi ka Allah ngajadikeun maranéhna poho kana dirina sorangan. Maranéhna pisan jalma-jalma anu pasék.

لَا يَسْتَوِيْٓ اَصْحٰبُ النَّارِ وَاَصْحٰبُ الْجَنَّةِۗ اَصْحٰبُ الْجَنَّةِ هُمُ الْفَاۤىِٕزُوْنَ٢٠
Lā yastawī aṣḥābun-nāri wa aṣḥābul-jannah(ti), aṣḥābul-jannati humul-fā'izūn(a).
[20] Henteu sarua ahli naraka jeung ahli sawarga. Ahli sawarga téh nyaéta jalma-jalma anu meunang kaunggulan.

لَوْ اَنْزَلْنَا هٰذَا الْقُرْاٰنَ عَلٰى جَبَلٍ لَّرَاَيْتَهٗ خَاشِعًا مُّتَصَدِّعًا مِّنْ خَشْيَةِ اللّٰهِ ۗوَتِلْكَ الْاَمْثَالُ نَضْرِبُهَا لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُوْنَ٢١
Lau anzalnā hāżal-qur'āna ‘alā jabalil lara'aitahū khāsyi‘am mutaṣaddi‘am min khasy-yatillāh(i), wa tilkal-amṡālu naḍribuhā lin-nāsi la‘allahum yatafakkarūn(a).
[21] Upama Kami nurunkeun (ngawahyukeun) ieu Al-Qur’an ka gunung, pasti hidep (Muhammad) bakal nyaksian éta gunung tunduk tur bejad awahing ku ngarasa ajrih ka Allah. Tah éta paupamaan-paupamaan téh ku Kami ditembrakkeun pikeun manusa sangkan mikir.

هُوَ اللّٰهُ الَّذِيْ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۚ عَالِمُ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِۚ هُوَ الرَّحْمٰنُ الرَّحِيْمُ٢٢
Huwallāhul-lażī lā ilāha illā huw(a), ‘ālimul-gaibi wasy-syahādah(ti), huwar-raḥmānur-raḥīm(u).
[22] Mantenna pisan Allah. Teu aya deui pangéran anging Mantenna Nu Mahauninga ka nu gaib jeung nyata. Mantenna Mahawelas (tur) Mahaasih.

هُوَ اللّٰهُ الَّذِيْ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ ۚ اَلْمَلِكُ الْقُدُّوْسُ السَّلٰمُ الْمُؤْمِنُ الْمُهَيْمِنُ الْعَزِيْزُ الْجَبَّارُ الْمُتَكَبِّرُۗ سُبْحٰنَ اللّٰهِ عَمَّا يُشْرِكُوْنَ٢٣
Huwallāhul-lażī lā ilāha illā huw(a), al-malikul-quddūsus-salāmul-mu'minul-muhaiminul-‘azīzul-jabbārul-mutakabbir(u), subḥānallāhi ‘ammā yusyrikūn(a).
[23] Mantenna pisan Allah. Teu aya deui pangéran anging Mantenna Anu Ngarajaan (tur) Mahasuci, Anu Maparin Kasalametan, Anu Maparin Kaamanan, Nu Maha Ngajaring, Nu Mahagagah, Nu Maha Murbawisésa, Nu Mahaagung. Mahasuci Allah tina sagala rupa anu disarékatkeun ku maranéhna.

هُوَ اللّٰهُ الْخَالِقُ الْبَارِئُ الْمُصَوِّرُ لَهُ الْاَسْمَاۤءُ الْحُسْنٰىۗ يُسَبِّحُ لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ ࣖ٢٤
Huwallāhul-khāliqul-bāri'ul-muṣawwiru lahul-asmā'ul-ḥusnā, yusabbiḥu lahū mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[24] Mantenna pisan Allah Anu Nyiptakeun, Anu Ngayakeun, Anu Maparin Rupa. Mantenna kagungan jenengan-jenengan anu éndah. Anu aya di langit jeung bumi ngamahasucikeun ka Mantenna. Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.