Surah Al-Mujadilah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
قَدْ سَمِعَ اللّٰهُ قَوْلَ الَّتِيْ تُجَادِلُكَ فِيْ زَوْجِهَا وَتَشْتَكِيْٓ اِلَى اللّٰهِ ۖوَاللّٰهُ يَسْمَعُ تَحَاوُرَكُمَاۗ اِنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌۢ بَصِيْرٌ١
Qad sami‘allāhu qaulal-latī tujādiluka fī zaujihā wa tasytakī ilallāh(i), wallāhu yasma‘u taḥāwurakumā, innallāha samī‘um baṣīr(un).
[1] Saleresna Allah parantos ngadangu kekecapan awéwé anu ngajukeun gugatan ka hidep (Muhammad) ngeunaan salakina, tur ngajukeun éta (gugatan) ogé ka Allah. Allah ngareungeu guntreng catur aranjeun duaan. Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali. 870
870) Sabab turunna ieu ayat téh patali jeung ngagugatna saurang awéwé, Khaulah binti Sa’labah anu geus di-ẓihār ku salakina, Aus ibn Samit, ku kecap, “Anjeun pikeun kuring geus saperti tonggong indung kuring,” kalayan maksud (Aus ibn Samit) ulah ngalap suka deui ka pamajikanana sakumaha manéhna ulah ngalap suka ka indungna. Nurutkeun kabiasaan Jahiliyah, kecap “ẓihār” saperti kitu sarua jeung geus ngaragragkeun talak ka pamajikan. Ku kituna, Khaulah ngagugat hal éta ka Rasulullah Saw. Anjeunna ngawaler yén dina hal ieu teu acan aya kaputusan (wahyu) ti Allah. Dina riwayat séjén Rasulullah ngadawuh, “Anjeun geus diharamkeun dialap suka deui ku salaki anjeun.” Tuluy Khaulah nyarita, “Pun lanceuk teu kantos nyebat kecap-kecap talak.” Saterusna Khaulah terus-terusan nyedek ka Rasulullah sangkan netepkeun hiji putusan dina éta hal, nepi ka turun éta ayat tur ayat-ayat saterusna.

اَلَّذِيْنَ يُظٰهِرُوْنَ مِنْكُمْ مِّنْ نِّسَاۤىِٕهِمْ مَّا هُنَّ اُمَّهٰتِهِمْۗ اِنْ اُمَّهٰتُهُمْ اِلَّا الّٰۤـِٔيْ وَلَدْنَهُمْۗ وَاِنَّهُمْ لَيَقُوْلُوْنَ مُنْكَرًا مِّنَ الْقَوْلِ وَزُوْرًاۗ وَاِنَّ اللّٰهَ لَعَفُوٌّ غَفُوْرٌ٢
Allażīna yuẓāhirūna minkum min nisā'ihim mā hunna ummahātihim, in ummahātuhum illal-lā'ī waladnahum, wa innahum layaqūlūna munkaram minal-qauli wa zūrā(n), wa innallāha la‘afuwwun gafūr(un).
[2] Jalma-jalma ti antara maranéh anu nga-ẓihār ka pamajikanana (nganggap sarua jeung indungna, padahal) pamajikanana téh lain indungna. Indung-indunga taya lian anging anu ngababarkeunna. Sabenerna maranéhna geus ngedalkeun hiji caritaan anu mungkar sarta bohong. Saleresna Allah mah Maha Maparin Pangampura (tur) Jembar Pangapunten.

وَالَّذِيْنَ يُظٰهِرُوْنَ مِنْ نِّسَاۤىِٕهِمْ ثُمَّ يَعُوْدُوْنَ لِمَا قَالُوْا فَتَحْرِيْرُ رَقَبَةٍ مِّنْ قَبْلِ اَنْ يَّتَمَاۤسَّاۗ ذٰلِكُمْ تُوْعَظُوْنَ بِهٖۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ٣
Wal-lażīna yuẓāhirūna min nisā'ihim ṡumma ya‘ūdūna limā qālū fa taḥrīru raqabatim min qabli ay yatamāssā, żālikum tū‘aẓūna bih(ī), wallāhu bimā ta‘malūna khabīr(un).
[3] Jalma-jalma anu nga-ẓihār ka pamajikanana, tuluy maranéhna narik deui ucapanana, mangka (maranéhna wajib) ngamerdikakeun saurang abid (budak beulian) saméméh maranéhna sapatemon deui. Tah kitu anu diajarkeun (ku Allah) ka maranéh. Allah Mahataliti kana naon rupa anu ku maranéh dipilampah.

فَمَنْ لَّمْ يَجِدْ فَصِيَامُ شَهْرَيْنِ مُتَتَابِعَيْنِ مِنْ قَبْلِ اَنْ يَّتَمَاۤسَّاۗ فَمَنْ لَّمْ يَسْتَطِعْ فَاِطْعَامُ سِتِّيْنَ مِسْكِيْنًاۗ ذٰلِكَ لِتُؤْمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖۗ وَتِلْكَ حُدُوْدُ اللّٰهِ ۗوَلِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٤
Famal lam yajid faṣiyāmu syahraini mutatābi‘aini min qabli ay yatamāssā, famal lam yastaṭi‘ fa iṭ‘āmu sittīna miskīnā(n), żālika litu'minū billāhi wa rasūlih(ī), wa tilka ḥudūdullāh(i), wa lil-kāfirīna ‘ażābun alīm(un).
[4] Ku kituna, saha baé anu henteu bisa (ngamerdikakeun budak beulian), maranéhna kudu puasa dua bulan tuluy-tumuluy saméméh maranéhna sapatemon deui. Ngan saha baé anu henteu sanggup (puasa), maranéhna kudu méré dahareun ka genep puluh jalma miskin. Kitu pisan sangkan maranéh iman ka Allah jeung ka rasul-Na. Éta téh hukum-hukum Allah. (Sedengkeun) pikeun jalma-jalma anu ingkar bakal meunang siksa anu kacida peurihna.

اِنَّ الَّذِيْنَ يُحَاۤدُّوْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ كُبِتُوْا كَمَا كُبِتَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ وَقَدْ اَنْزَلْنَآ اٰيٰتٍۢ بَيِّنٰتٍۗ وَلِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابٌ مُّهِيْنٌۚ٥
Innal-lażīna yuḥāddūnallāha wa rasūlahū kubitū kamā kubital-lażīna min qablihim wa qad anzalnā āyātim bayyināt(in), wa lil-kāfirīna ‘ażābum muhīn(un).
[5] Sabenerna jalma-jalma anu wangkelang ka Allah jeung ka rasul-Na, pasti maranéhna meunang kahinaan, saperti dihinakeunna jalma-jalma anu saméméh maranéhna. Sabenerna Kami geus nurunkeun bukti-bukti anu nyata. Pikeun jalma-jalma anu ingkar bakal meunang siksa anu kacida ngahinakeunana.

يَوْمَ يَبْعَثُهُمُ اللّٰهُ جَمِيْعًا فَيُنَبِّئُهُمْ بِمَا عَمِلُوْاۗ اَحْصٰىهُ اللّٰهُ وَنَسُوْهُۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدٌ ࣖ٦
Yauma yab‘aṡuhumullāhu jamī‘an fa yunabbi'uhum bimā ‘amilū, aḥṣāhullāhu wa nasūh(u), wallāhu ‘alā kulli syai'in syahīd(un).
[6] Dina éta poé maranéhna kabéh bakal dihudangkeun ku Allah, tuluy dibéwarakeun (ku Allah) ka maranéhna naon-naon anu geus dipilampah ku maranéhna. Allah ngahisab (sakabéh amal anu dipilampah ku maranéhna), sanajan maranéhna geus mopohokeunana. Allah Nu Maha Nyaksian kana sagala urusan.

اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ مَا يَكُوْنُ مِنْ نَّجْوٰى ثَلٰثَةٍ اِلَّا هُوَ رَابِعُهُمْ وَلَا خَمْسَةٍ اِلَّا هُوَ سَادِسُهُمْ وَلَآ اَدْنٰى مِنْ ذٰلِكَ وَلَآ اَكْثَرَ اِلَّا هُوَ مَعَهُمْ اَيْنَ مَا كَانُوْاۚ ثُمَّ يُنَبِّئُهُمْ بِمَا عَمِلُوْا يَوْمَ الْقِيٰمَةِۗ اِنَّ اللّٰهَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ٧
Alam tara annallāha ya‘lamu mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), mā yakūnu min najwā ṡalāṡatin illā huwa rābi‘uhum wa lā khamsatin illā huwa sādisuhum wa lā adnā min żālika wa lā akṡara illā huwa ma‘ahum aina mā kānū, ṡumma yunabbi'uhum bimā ‘amilū yaumal-qiyāmah(ti), innallāha bikulli syai'in ‘alīm(un).
[7] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan yén Allah uninga kana naon-naon anu aya di langit jeung bumi? Henteu aya anu haharéwosan tiluan, anging Mantenna anu kaopatna, jeung teu aya (anu haharéwosan) limaan, anging Mantenna anu kagenepna, jeung teu aya anu haharéwosan kurang ti éta atawa leuwih loba, anging Mantenna nyarengan maranéhna di mana baé maranéhna aya. Lajeng Mantenna bakal ngabéwarakeun dina Poé Kiamat ka maranéhna naon anu ku maranéhna geus dipilampah. Saleresna Allah Mahauninga kana sagala urusan.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ نُهُوْا عَنِ النَّجْوٰى ثُمَّ يَعُوْدُوْنَ لِمَا نُهُوْا عَنْهُ وَيَتَنٰجَوْنَ بِالْاِثْمِ وَالْعُدْوَانِ وَمَعْصِيَتِ الرَّسُوْلِۖ وَاِذَا جَاۤءُوْكَ حَيَّوْكَ بِمَا لَمْ يُحَيِّكَ بِهِ اللّٰهُ ۙوَيَقُوْلُوْنَ فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ لَوْلَا يُعَذِّبُنَا اللّٰهُ بِمَا نَقُوْلُۗ حَسْبُهُمْ جَهَنَّمُۚ يَصْلَوْنَهَاۚ فَبِئْسَ الْمَصِيْرُ٨
Alam tara ilal-lażīna nuhū ‘anin-najwā ṡummā ya‘ūdūna limā nuhū ‘anhu wa yatanājauna bil-iṡmi wal-‘udwāni wa ma‘ṣiyatir-rasūl(i), wa iżā jā'ūka ḥayyauka bimā lam yuḥayyika bihillāh(u), wa yaqūlūna fī anfusihim lau lā yu‘ażżibunallāhu bimā naqūl(u), ḥasbuhum jahannam(u), yaṣlaunahā, fa bi'sal-maṣīr(u).
[8] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan jalma-jalma anu dicarék ngayakeun haharéwosan (rasiah)? Kari-kari maranéhna balik deui (milampah) perkara anu dicegah ku Allah ka maranéhna. Maranéhna ngayakeun deui haharéwosan pikeun milampah dosa, ngamusuh, jeung doraka ka rasul. Upama datang ka hidep (Muhammad), maranéhna terus unjuk salam ka hidep ku cara unjuk salam anu lain saperti anu ditangtukeun ku Allah pikeun hidep. Maranéhna ngomong ka dirina sorangan, “Naha Allah geuning henteu nyiksa kana naon anu ku urang sadaya diomongkeun?” Cukup pikeun maranéhna naraka Jahanam anu bakal diasupan ku maranéhna. Naraka téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا تَنَاجَيْتُمْ فَلَا تَتَنَاجَوْا بِالْاِثْمِ وَالْعُدْوَانِ وَمَعْصِيَتِ الرَّسُوْلِ وَتَنَاجَوْا بِالْبِرِّ وَالتَّقْوٰىۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ الَّذِيْٓ اِلَيْهِ تُحْشَرُوْنَ٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā tanājaitum falā tatanājau bil-iṡmi wal-‘udwāni wa ma‘ṣiyatir-rasūli wa tanājau bil-birri wat-taqwā, wattaqullāhal-lażī ilaihi tuḥsyarūn(a).
[9] Hé jalma-jalma anu iman, upama aranjeun ngayakeun haharéwosan, omat ulah ngagunem-caturkeun pagawéan dosa, ngamusuh, jeung doraka ka rasul. Tapi gunem-caturkeun ngeunaan pagawéan hadé (bajik) jeung takwa. Aranjeun kudu takwa ka Allah, anu ka Mantenna aranjeun kabéh bakal dipulangkeun.

اِنَّمَا النَّجْوٰى مِنَ الشَّيْطٰنِ لِيَحْزُنَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَلَيْسَ بِضَاۤرِّهِمْ شَيْـًٔا اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗوَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ١٠
Innaman-najwā minasy-syaiṭāni liyaḥzunal-lażīna āmanū wa laisa biḍārrihim syai'an illā bi'iżnillāh(i), wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mu'minūn(a).
[10] Sabenerna haharéwosan (rasiah) kaasup (pagawéan) sétan, sangkan jalma-jalma anu iman ngarasa nalangsa, sedengkeun éta (gunem catur) éta henteu matak jadi musibah saeutik ogé ka aranjeunna, anging kalayan widi Allah. Mung ka Allah kuduna jalma-jalma anu iman tawekal.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا قِيْلَ لَكُمْ تَفَسَّحُوْا فِى الْمَجٰلِسِ فَافْسَحُوْا يَفْسَحِ اللّٰهُ لَكُمْۚ وَاِذَا قِيْلَ انْشُزُوْا فَانْشُزُوْا يَرْفَعِ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْكُمْۙ وَالَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ دَرَجٰتٍۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ١١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā qīla lakum tafassaḥū fil-majālisi fafsaḥū yafsaḥillāhu lakum, wa iżā qīlansyuzū fansyuzū yarfa‘illāhul-lażīna āmanū minkum, wal-lażīna ūtul-‘ilma darajāt(in), wallāhu bimā ta‘malūna khabīr(un).
[11] Hé jalma-jalma anu iman, lamun disebutkeun ka aranjeun, “Pék silih jembarkeun dina majelis-majelis,” mangka geura jembarkeun, pasti Allah bakal maparin kajembaran pikeun aranjeun. Sarta lamun disebutkeun, “Jung narangtung aranjeun,” mangka geura narangtung, pasti Allah bakal ngangkat (darajat) jalma-jalma anu iman di antara aranjeun sarta jalma-jalma anu dipaparinan pangaweruh sababaraha darajat. Allah Mahataliti kana naon anu ku aranjeun dipilampah.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا نَاجَيْتُمُ الرَّسُوْلَ فَقَدِّمُوْا بَيْنَ يَدَيْ نَجْوٰىكُمْ صَدَقَةً ۗذٰلِكَ خَيْرٌ لَّكُمْ وَاَطْهَرُۗ فَاِنْ لَّمْ تَجِدُوْا فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā nājaitumur-rasūla fa qaddimū baina yaday najwākum ṣadaqah(tan), żālika khairul lakum wa aṭhar(u), fa'illam tajidū fa innallāha gafūrur raḥīm(un).
[12] Hé jalma-jalma anu iman, upama aranjeun ngayakeun obrolan husus jeung Rasul, nya aranjeun kudu ngaluarkeun sidékah heula (ka pakir-miskin) saméméh (ngalakukeun) éta obrolan. Éta téh leuwih hadé pikeun aranjeun jeung leuwih bersih, tapi upama aranjeun teu manggihan (naon nu bisa disidekahkeun) mah, saleresna Allah Mahajembar Panghampura (tur) Mahaasih.

ءَاَشْفَقْتُمْ اَنْ تُقَدِّمُوْا بَيْنَ يَدَيْ نَجْوٰىكُمْ صَدَقٰتٍۗ فَاِذْ لَمْ تَفْعَلُوْا وَتَابَ اللّٰهُ عَلَيْكُمْ فَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ وَاَطِيْعُوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ ۗوَاللّٰهُ خَبِيْرٌ ۢبِمَا تَعْمَلُوْنَ ࣖ١٣
A'asyfaqtum an tuqaddimū baina yaday najwākum ṣadaqāt(in), fa iż lam taf‘alū wa tāballāhu ‘alaikum fa'aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāta wa aṭī‘ullāha wa rasūlah(ūwallāhu khabīrum bimā ta‘malūn(a).
[13] Naha aranjeun sieun bakal (jadi miskin) alatan aranjeun ngaluarkeun sidekah saméméh (ngalakukaeun) obrolan husus jeung Rasul? Nya upama aranjeun teu milampah kitu, Allah geus méré ampunan ka aranjeun, prak adegkeun salat, kaluarkeun jakat, tur masing taat ka Allah jeung ka rasul-Na. Allah Mahataliti kana naon anu ku aranjeun dipilampah.

۞ اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ تَوَلَّوْا قَوْمًا غَضِبَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْۗ مَا هُمْ مِّنْكُمْ وَلَا مِنْهُمْۙ وَيَحْلِفُوْنَ عَلَى الْكَذِبِ وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ١٤
Alam tara ilal-lażīna tawallau qauman gaḍiballāhu ‘alaihim, mā hum minkum wa lā minhum, wa yaḥlifūna ‘alal-każibi wa hum ya‘lamūn(a).
[14] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan jalma-jalma (munapék) anu ngajadikeun hiji kaom dibenduan ku Allah minangka sobat? Éta jalma-jalma lain (golongan) aranjeun jeung lain ogé ti (golongan) maranéhna. Maranéhna ngucapkeun sumpah pikeun nguatkeun kabohongan, padahal maranéhna nyahoeun.

اَعَدَّ اللّٰهُ لَهُمْ عَذَابًا شَدِيْدًاۗ اِنَّهُمْ سَاۤءَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٥
A‘addallāhu lahum ‘ażāban syadīdā(n), innahum sā'a mā kānū ya‘malūn(a).
[15] Allah geus nyadiakeun siksa anu kacida rongkah pikeun maranéhna. Sabenerna kacida goréngna naon anu ku maranéhna geus dipilampah.

اِتَّخَذُوْٓا اَيْمَانَهُمْ جُنَّةً فَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ فَلَهُمْ عَذَابٌ مُّهِيْنٌ١٦
Ittakhażū aimānahum junnatan fa ṣaddū ‘an sabīlillāhi falahum ‘ażābum muhīn(un).
[16] Maranéhna ngajadikeun sumpah-sumpahna pikeun taméng, tuluy maranéhna ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah. Pikeun maranéhna siksa anu ngahinakeun.

لَنْ تُغْنِيَ عَنْهُمْ اَمْوَالُهُمْ وَلَآ اَوْلَادُهُمْ مِّنَ اللّٰهِ شَيْـًٔاۗ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِۗ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ١٧
Lan tugniya ‘anhum amwāluhum wa lā aulāduhum minallāhi syai'ā(n), ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[17] Harta banda jeung anak-anakna taya gunana saeutik ogé (pikeun nulungan) maranéhna tina siksa Allah. Maranéhna pisan pangeusi naraka téh. Maranéhna langgeng di jerona.

يَوْمَ يَبْعَثُهُمُ اللّٰهُ جَمِيْعًا فَيَحْلِفُوْنَ لَهٗ كَمَا يَحْلِفُوْنَ لَكُمْ وَيَحْسَبُوْنَ اَنَّهُمْ عَلٰى شَيْءٍۗ اَلَآ اِنَّهُمْ هُمُ الْكٰذِبُوْنَ١٨
Yauma yab‘aṡuhumullāhu jamī‘an fa yaḥlifūna lahū kamā yaḥlifūna lakum wa yaḥsabūna annahum ‘alā syai'(in), alā innahum humul-kāżibūn(a).
[18] (Sing inget) dina poé (nalika) maranéhna kabéh dihudangkeun ku Allah (tina jero kubur), tuluy maranéhna sumpah ka Allah (yén maranéhna téh lain jalma musrik), sakumaha sumpah maranéhna ka anjeun. Maranéhna nyangka yén maranéhna bakal meunang (mangpa’at tina éta kalakuan). Kanyahokeun yén maranéhna téh jalma-jalma tukang bohong.

اِسْتَحْوَذَ عَلَيْهِمُ الشَّيْطٰنُ فَاَنْسٰىهُمْ ذِكْرَ اللّٰهِ ۗ اُولٰۤىِٕكَ حِزْبُ الشَّيْطٰنِۗ اَلَآ اِنَّ حِزْبَ الشَّيْطٰنِ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ١٩
Istaḥważa ‘alaihimusy-syaiṭānu fa'ansāhum żikrallāh(i), ulā'ika ḥizbusy-syaiṭān(i), alā inna ḥizbasy-syaiṭāni humul-khāsirūn(a).
[19] Sétan geus ngawasa ka maranéhna, tuluy éta sétan téh ngajadikeun maranéhna poho tina éling ka Allah. Maranéhna pisan golongan sétan téh. Kanyahokeun saenyana golongan sétan téh anu rugi.

اِنَّ الَّذِيْنَ يُحَاۤدُّوْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗٓ اُولٰۤىِٕكَ فِى الْاَذَلِّيْنَ٢٠
Innal-lażīna yuḥāddūnallāha wa rasūlahū ulā'ika fil-ażallīn(a).
[20] Sabenerna jalma-jalma anu ingkar ka Allah jeung ka rasul-Na, maranéhna kaasup jalma-jalma anu kacida hina.

كَتَبَ اللّٰهُ لَاَغْلِبَنَّ اَنَا۠ وَرُسُلِيْۗ اِنَّ اللّٰهَ قَوِيٌّ عَزِيْزٌ٢١
Kataballāhu la'aglibanna ana wa rusulī, innallāha qawiyyun ‘azīz(un).
[21] Allah geus netepkeun, “Kami jeung rasul-rasul Kami pasti unggul.” Saleresna Allah téh Mahakuat (tur) Mahagagah.

لَا تَجِدُ قَوْمًا يُّؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ يُوَاۤدُّوْنَ مَنْ حَاۤدَّ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَلَوْ كَانُوْٓا اٰبَاۤءَهُمْ اَوْ اَبْنَاۤءَهُمْ اَوْ اِخْوَانَهُمْ اَوْ عَشِيْرَتَهُمْۗ اُولٰۤىِٕكَ كَتَبَ فِيْ قُلُوْبِهِمُ الْاِيْمَانَ وَاَيَّدَهُمْ بِرُوْحٍ مِّنْهُ ۗوَيُدْخِلُهُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ رَضِيَ اللّٰهُ عَنْهُمْ وَرَضُوْا عَنْهُۗ اُولٰۤىِٕكَ حِزْبُ اللّٰهِ ۗ اَلَآ اِنَّ حِزْبَ اللّٰهِ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ ࣖ٢٢
Lā tajidu qaumay yu'minūna billāhi wal-yaumil ākhiri yuwāddūna man ḥāddallāha wa rasūlahū wa lau kānū ābā'ahum au abnā'ahum au ikhwānahum au ‘asyīratahum, ulā'ika kataba fī qulūbihimul-īmāna wa ayyadahum birūḥim minh(u), wa yudkhiluhum jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, raḍiyallāhu ‘anhum wa raḍū ‘anh(u), ulā'ika ḥizbullāh(i), alā inna ḥizballāhi humul-mufliḥūn(a).
[22] Hidep (Muhammad) moal manggih hiji kaom anu iman ka Allah jeung ka Poé Ahir silih pikacinta jeung jalma-jalma anu ingkar ka Allah jeung ka rasul-Na, sanajan éta jalma-jalma téh bapana, anakna, dulurna, atawa kulawargana sorangan. Aranjeunna ku Allah dipelakan iman dina haté-haténa, sarta Mantenna mengkuhkeun aranjeunna ku pitulung 871 anu lungsur ti Mantenna. Allah ngalebetkeun aranjeunna ka sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Aranjeunna langgeng di dinya. Allah rido ka aranjeunna sarta aranjeunna ogé ngaraos sugema (ka limpahan rahmat-Na). Nya aranjeunna golongan Allah. Sing inget, saleresna golongan Allah éta pisan anu bagja.
871) Kahayang tur kakuatan batin, kaberesihan ati, kaunggulan ka musuh, jeung lianna.