Surah Al-Hadid
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
سَبَّحَ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ١
Sabbaḥa lillāhi mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[1]
Naon anu aya di langit jeung bumi tasbéh ka Allah. Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ يُحْيٖ وَيُمِيْتُۚ وَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٢
Lahū mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), yuḥyī wa yumīt(u), wa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[2]
Mung kagungan Mantenna karajaan langit jeung bumi. Mantenna anu ngahirupkeun jeung ngamaotkeun. Mantenna Mahakawasa kana sagala urusan.
هُوَ الْاَوَّلُ وَالْاٰخِرُ وَالظَّاهِرُ وَالْبَاطِنُۚ وَهُوَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ٣
Huwal-awwalu wal-ākhiru waẓ-ẓāhiru wal-bāṭin(u), wa huwa bikulli syai'in ‘alīm(un).
[3]
Mantenna Mahaawal, Mahaahir, Mahalahir, sarta Mahabatin. 868 Mantenna Mahauninga kana sagala perkara.
868) “Nu Awal” nyaéta anu geus aya saméméh aya nu lian, “Nu Ahir” nyaéta anu tetep aya sanggeus sagalana musnah, “Nu Zahir” nyaéta Nu Maha Luhur, turta “Nu Batin” nyaéta teu aya naon baé anu bisa ngahalangana-Na, Mantenna langkung caket ka mahluk tibatan mahlukna sorangan kana dirina.
هُوَ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ فِيْ سِتَّةِ اَيَّامٍ ثُمَّ اسْتَوٰى عَلَى الْعَرْشِۗ يَعْلَمُ مَا يَلِجُ فِى الْاَرْضِ وَمَا يَخْرُجُ مِنْهَا وَمَا يَنْزِلُ مِنَ السَّمَاۤءِ وَمَا يَعْرُجُ فِيْهَاۗ وَهُوَ مَعَكُمْ اَيْنَ مَا كُنْتُمْۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌۗ٤
Huwal-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa fī sittati ayyāmin ṡummastawā ‘alal-‘arsy(i), ya‘lamu mā yaliju fil-arḍi wa mā yakhruju minhā wa mā yanzilu minas-samā'i wa mā ya‘ruju fīhā, wa huwa ma‘akum aina mā kuntum, wallāhu bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[4]
Mantenna anu nyiptakeun langit jeung bumi dina genep mangsa. Lajeng Mantenna istiwā’ di Arsy. Mantenna uninga kana naon anu asup jeung kana naon anu kaluar ti bumi, sarta ka nu turun jeung ka nu naék ka langit. Mantenna nyarengan maranéh di mana baé maranéh aya. Mantenna Maha Ningali kana pagawéan anu dipilampah ku maranéh.
لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَاِلَى اللّٰهِ تُرْجَعُ الْاُمُوْرُ٥
Lahū mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), wa ilallāhi turja‘ul-umūr(u).
[5]
Kagungan Mantenna karajaan langit jeung bumi. Mung ka Allah sagala urusan dipulangkeun.
يُوْلِجُ الَّيْلَ فِى النَّهَارِ وَيُوْلِجُ النَّهَارَ فِى الَّيْلِۗ وَهُوَ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ٦
Yūlijul-laila fin-nahāri wa yūlijun-nahāra fil-lail(i), wa huwa ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[6]
Mantenna ngasupkeun peuting ka jero beurang sarta ngasupkeun beurang ka jero peuting. Mantenna Mahauninga kana saniskanten eusi haté.
اٰمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَاَنْفِقُوْا مِمَّا جَعَلَكُمْ مُّسْتَخْلَفِيْنَ فِيْهِۗ فَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْكُمْ وَاَنْفَقُوْا لَهُمْ اَجْرٌ كَبِيْرٌۚ٧
Āminū billāhi wa rasūlihī wa anfiqū mimmā ja‘alakum mustakhlafīna fīh(i), fal-lażīna āmanū minkum wa anfaqū lahum ajrun kabīr(un).
[7]
Geura iman ka Allah jeung ka Rasul-Na, sarta inpakkeun (di jalan Allah) sabagian harta anu Mantenna (geus nitipkeun ka maranéh jeung) geus ngajadikeun maranéh mibandana. Ku kituna, jalma-jalma anu iman ti antara aranjeun jeung anu ngainpakkeun (hartana di jalan Allah) tangtu bakal meunang pahala anu gédé.
وَمَا لَكُمْ لَا تُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ ۚوَالرَّسُوْلُ يَدْعُوْكُمْ لِتُؤْمِنُوْا بِرَبِّكُمْ وَقَدْ اَخَذَ مِيْثَاقَكُمْ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٨
Wa mā lakum lā tu'minūna billāh(i), war-rasūlu yad‘ūkum litu'minū birabbikum wa qad akhaża mīṡāqakum in kuntum mu'minīn(a).
[8]
Ku naon maranéh henteu iman ka Allah, padahal Rasul geus umajak ka maranéh supaya iman ka Pangéran maranéh? Mantenna geus ngayakeun jangji ka maranéh upama maranéh jalma-jalma mu’min.
هُوَ الَّذِيْ يُنَزِّلُ عَلٰى عَبْدِهٖٓ اٰيٰتٍۢ بَيِّنٰتٍ لِّيُخْرِجَكُمْ مِّنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِۗ وَاِنَّ اللّٰهَ بِكُمْ لَرَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ٩
Huwal-lażī yunazzilu ‘alā ‘abdihī āyātim bayyinātil liyukhrijakum minaẓ-ẓulumāti ilan-nūr(i), wa innallāha bikum lara'ūfur raḥīm(un).
[9]
Mantenna anu ngalungsurkeun ayat-ayat anu jelas (Al-Qur’an) ka hamba-Na (Muhammad) pikeun ngaluarkeun maranéh tina anu poék ka nu caang. Saleresna Allah Mahahéman (tur) Mahaasih ka maranéh.
وَمَا لَكُمْ اَلَّا تُنْفِقُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَلِلّٰهِ مِيْرَاثُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ لَا يَسْتَوِيْ مِنْكُمْ مَّنْ اَنْفَقَ مِنْ قَبْلِ الْفَتْحِ وَقَاتَلَۗ اُولٰۤىِٕكَ اَعْظَمُ دَرَجَةً مِّنَ الَّذِيْنَ اَنْفَقُوْا مِنْۢ بَعْدُ وَقَاتَلُوْاۗ وَكُلًّا وَّعَدَ اللّٰهُ الْحُسْنٰىۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ ࣖ١٠
Wa mā lakum allā tunfiqū fī sabīlillāhi wa lillāhi mīrāṡus-samāwāti wal-arḍ(i), lā yastawī minkum man anfaqa min qablil-fatḥi wa qātal(a), ulā'ika a‘ẓamu darajatam minal-lażīna anfaqū mim ba‘du wa qātalū, wa kullaw wa‘adallāhul-ḥusnā, wallāhu bimā ta‘malūna khabīr(un).
[10]
Kunaon maranéh bet henteu ngainpakkeun harta di jalan Allah, padahal mung kagungan Allah sadaya pusaka kakayaan di langit jeung bumi? Henteu sarua jalma anu ngainpakkeun (hartana di jalan Allah) di antara maranéh jeung anu perang saméméh nalukeun (Mekah). Aranjeunna leuwih luhur darajatna tibatan jalma anu ngainpakkeun (hartana) jeung anu perang sanggeus éta. Allah geus ngajangjikeun (wawales) anu hadé ka masing-masing. Allah Mahataliti kana naon anu dipilampah ku aranjeun.
مَنْ ذَا الَّذِيْ يُقْرِضُ اللّٰهَ قَرْضًا حَسَنًا فَيُضٰعِفَهٗ لَهٗ وَلَهٗٓ اَجْرٌ كَرِيْمٌ١١
Man żal-lażī yuqriḍullāha qarḍan ḥasanan fa yuḍā‘ifahū lahū wa lahū ajrun karīm(un).
[11]
Saha anu (daék) nginjeumkeun ka Allah kalayan injeuman anu hadé? Mantenna bakal nikel-nikelkeun keur manéhna, jeung pikeun manéhna ganjaran anu mulya (sawarga).
يَوْمَ تَرَى الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِ يَسْعٰى نُوْرُهُمْ بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَبِاَيْمَانِهِمْ بُشْرٰىكُمُ الْيَوْمَ جَنّٰتٌ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ ذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُۚ١٢
Yauma taral-mu'minīna wal-mu'mināti yas‘ā nūruhum baina aidīhim wa bi'aimānihim busyrākumul-yauma jannātun tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, żālika huwal-fauzul-‘aẓīm(u).
[12]
Dina poé hidep (Muhammad) bakal ningali jalma-jalma mu’min lalaki jeung awéwé, cahaya aranjeunna ngagebur hurung di hareupeun jeung beulah katuhueunana. (Dicarioskeun ka aranjeunna), “Dina poé ieu aya béja pikabungaheun pikeun aranjeun, (nyaéta) sawarga-sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Aranjeunna langgeng di jerona. Éta téh mangrupakeun kaunggulan anu kacida agungna.”
يَوْمَ يَقُوْلُ الْمُنٰفِقُوْنَ وَالْمُنٰفِقٰتُ لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوا انْظُرُوْنَا نَقْتَبِسْ مِنْ نُّوْرِكُمْۚ قِيْلَ ارْجِعُوْا وَرَاۤءَكُمْ فَالْتَمِسُوْا نُوْرًاۗ فَضُرِبَ بَيْنَهُمْ بِسُوْرٍ لَّهٗ بَابٌۗ بَاطِنُهٗ فِيْهِ الرَّحْمَةُ وَظَاهِرُهٗ مِنْ قِبَلِهِ الْعَذَابُۗ١٣
Yauma yaqūlul-munāfiqūna wal-munāfiqātu lil-lażīna āmanunẓurūnā naqtabis min nūrikum, qīlarji‘ū warā'akum faltamisū nūrā(n), faḍuriba bainahum bisūril lahū bāb(un), bāṭinuhū fīhir-raḥmatu wa ẓāhiruhū min qibalihil-‘ażāb(u).
[13]
Dina poé (éta ogé) jalma-jalma munapék lalaki jeung awéwé ngomong ka jalma-jalma anu iman, “Dagoan kuring saréréa! Kuring saréréa rék ménta cahaya aranjeun.” (Ka maranéhna) diomongkeun, “Baralik deui maranéh mah ka tukang jeung pék téangan cahaya ku sorangan (pikeun maranéh)!” Tuluy di antara maranéhna dipasang pipinding (pamisah) anu aya pantoan. Di beulah jerona mah aya rahmat, sedengkeun di beulah luarna mah aya siksa.
يُنَادُوْنَهُمْ اَلَمْ نَكُنْ مَّعَكُمْۗ قَالُوْا بَلٰى وَلٰكِنَّكُمْ فَتَنْتُمْ اَنْفُسَكُمْ وَتَرَبَّصْتُمْ وَارْتَبْتُمْ وَغَرَّتْكُمُ الْاَمَانِيُّ حَتّٰى جَاۤءَ اَمْرُ اللّٰهِ وَغَرَّكُمْ بِاللّٰهِ الْغَرُوْرُ١٤
Yunādūnahum alam nakum ma‘akum, qālū balā wa lākinnakum fatantum anfusakum wa tarabbaṣtum wartabtum wa garratkumul-amāniyyu ḥattā jā'a amrullāhi wa garrakum billāhil-garūr(u).
[14]
Jalma-jalma (munapék) nyalukan ka aranjeunna (jalma-jalma mu’min), “Apanan kuring saréréa téh kungsi babarengan jeung aranjeun?” Aranjeunna ngawaler, “Bener, tapi maranéh mah geus nyilakakeun diri sorangan (ku kamunapékan), ngan ngadadagoan (kabinasaan kuring saréréa), mang-mang (kana ajaran Islam), sarta ditipu ku angen-angen kosong nepi ka datang papastén Allah. Tukang tipu (sétan) datang nipu ka aranjeun (nepi ka maranéh poho) ka Allah.
فَالْيَوْمَ لَا يُؤْخَذُ مِنْكُمْ فِدْيَةٌ وَّلَا مِنَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۗ مَأْوٰىكُمُ النَّارُۗ هِيَ مَوْلٰىكُمْۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ١٥
Fal-yauma lā yu'khażu minkum fidyatuw wa lā minal-lażīna kafarū, ma'wākumun-nār(u), hiya maulākum, wa bi'sal-maṣīr(u).
[15]
Dina ieu poé moal ditarima tebusan ti maranéh pon nya kitu ti jalma-jalma kapir. Tempat maranéh (aya) di naraka. Éta téh tempat panyalindungan maranéh jeung panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.
۞ اَلَمْ يَأْنِ لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنْ تَخْشَعَ قُلُوْبُهُمْ لِذِكْرِ اللّٰهِ وَمَا نَزَلَ مِنَ الْحَقِّۙ وَلَا يَكُوْنُوْا كَالَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ مِنْ قَبْلُ فَطَالَ عَلَيْهِمُ الْاَمَدُ فَقَسَتْ قُلُوْبُهُمْۗ وَكَثِيْرٌ مِّنْهُمْ فٰسِقُوْنَ١٦
Alam ya'ni lil-lażīna āmanū an takhsya‘a qulūbuhum liżikrillāhi wa mā nazala minal-ḥaqq(i), wa lā yakūnū kal-lażīna ūtul-kitāba min qablu faṭāla ‘alaihimul-amadu faqasat qulūbuhum, wa kaṡīrum minhum fāsiqūn(a).
[16]
Naha tacan datang waktuna pikeun jalma-jalma anu iman sangkan haténa husu dina éling ka Allah jeung kana non nu turun tina bebeneran (Al-Qur’an). Omat aranjeun ulah saperti jalma-jalma anu geus narima kitab saméméh éta, tuluy maranéhna nyorang waktu anu panjang nepi ka haté maranéhna jadi teuas. Loba di antara maranéhna téh jalma-jalma pasék.
اِعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ يُحْيِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَاۗ قَدْ بَيَّنَّا لَكُمُ الْاٰيٰتِ لَعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَ١٧
I‘lamū annallāha yuḥyil-arḍa ba‘da mautihā, qad bayyannā lakumul-āyāti la‘allakum ta‘qilūn(a).
[17]
Kanyahokeun yén Allah ngahirupkeun bumi sanggeus paéhna (garing). Tétéla Kami geus ngajelaskeun ka maranéh tanda-tanda (kaagungan Kami) supaya maranéh ngagunakeun akal.
اِنَّ الْمُصَّدِّقِيْنَ وَالْمُصَّدِّقٰتِ وَاَقْرَضُوا اللّٰهَ قَرْضًا حَسَنًا يُّضٰعَفُ لَهُمْ وَلَهُمْ اَجْرٌ كَرِيْمٌ١٨
Innal-muṣṣaddiqīna wal-muṣṣaddiqāti wa aqraḍullāha qarḍan ḥasanay yuḍā‘afu lahum wa lahum ajrun karīm(un).
[18]
Saenyana jalma-jalma anu sidekah, boh lalaki atawa awéwé, sarta ngahutangkeun ka Allah ku hutang anu hadé, bakal ditikel-tikel (ganjaranana) pikeun aranjeunna, sarta pikeun aranjeunna pahala anu mulya (sawarga).
وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِاللّٰهِ وَرُسُلِهٖٓ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الصِّدِّيْقُوْنَ ۖوَالشُّهَدَاۤءُ عِنْدَ رَبِّهِمْۗ لَهُمْ اَجْرُهُمْ وَنُوْرُهُمْۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَآ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَحِيْمِ ࣖ١٩
Wal-lażīna āmanū billāhi wa rasūlihī ulā'ika humuṣ-ṣiddīqūn(a), wasy-syuhadā'u ‘inda rabbihim, lahum ajruhum wa nūruhum, wal-lażīna kafarū wa każżabū bi'āyātinā ulā'ika aṣḥābul-jaḥīm(i).
[19]
Jalma-jalma anu iman ka Allah katut para rasul-Na, nya aranjeunna pisan aṣ-ṣiddīqīn (jalma-jalma anu pengkuh dina bebeneran) jeung syuhadā’ (jalma-jalma nu disaksikeun kahadéanana) di mungguhing Allah. Aranjeunna mibanda ganjaran jeung cahaya (ti Pangéran)na. Sedengkeun jalma-jalma anu kupur jeung sok ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami, maranéhna jadi pangeusi (naraka) Jahim.
اِعْلَمُوْٓا اَنَّمَا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا لَعِبٌ وَّلَهْوٌ وَّزِيْنَةٌ وَّتَفَاخُرٌۢ بَيْنَكُمْ وَتَكَاثُرٌ فِى الْاَمْوَالِ وَالْاَوْلَادِۗ كَمَثَلِ غَيْثٍ اَعْجَبَ الْكُفَّارَ نَبَاتُهٗ ثُمَّ يَهِيْجُ فَتَرٰىهُ مُصْفَرًّا ثُمَّ يَكُوْنُ حُطَامًاۗ وَفِى الْاٰخِرَةِ عَذَابٌ شَدِيْدٌۙ وَّمَغْفِرَةٌ مِّنَ اللّٰهِ وَرِضْوَانٌ ۗوَمَا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَآ اِلَّا مَتَاعُ الْغُرُوْرِ٢٠
I‘lamū annamal-ḥayātud-dun-yā la‘ibuw wa lahwuw wa zīnatuw wa tafākhurum bainakum wa takāṡurun fil-amwāli wal-aulād(i), kamaṡali gaiṡin a‘jabal-kuffāra nabātuhū ṡumma yahīju fatarāhu muṣfarran ṡumma yakūnu ḥuṭāmā(n), wa fil-ākhirati ‘ażābun syadīd(un), wa magfiratum minallāhi wa riḍwān(un), wa mal-ḥayātud-dun-yā illā matā‘ul-gurūr(i).
[20]
Sing nyaho yén saenyana kahirupan dunya téh ngan saukur kaulinan, kaheureuyan, papaés, paagul-agul di antara maranéh, sarta paloba-loba harta jeung anak katurunan. (Paupamaanana téh) lir cai hujan anu tutuwuhanana pikaresepeun para patani, tuluy éta (tutuwuhan) téh jadi garing nepi ka katingalna ku maranéh jadi konéng, terus ancur. Di ahérat (engké) aya siksa anu kacida rongkahna, pangampura ti Allah, sarta karidoana-Na. Kahirupan dunya (pikeun jama-jama nu bongoh) téh taya lian iwal ti kasenangan palsu.
سَابِقُوْٓا اِلٰى مَغْفِرَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا كَعَرْضِ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِۙ اُعِدَّتْ لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِاللّٰهِ وَرُسُلِهٖۗ ذٰلِكَ فَضْلُ اللّٰهِ يُؤْتِيْهِ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَاللّٰهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيْمِ٢١
Sābiqū ilā magfiratim mir rabbikum wa jannatin ‘arḍuhā ka‘arḍis-samā'i wal-arḍ(i), u‘iddat lil-lażīna āmanū billāhi wa rasūlih(ī), żālika faḍlullāhi yu'tīhi may yasyā'(u), wallāhu żul-faḍlil-‘aẓīm(i).
[21]
Geura paheula-heula pikeun meunang pangampura ti Pangéran aranjeun jeung sawarga anu legana salega langit jeung bumi, anu disadiakeun pikeun jalma-jalma anu iman ka Allah jeung ka para rasul-Na. Éta téh kurnia Allah anu dipaparinkeun ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah anu kagungan kurnia nu agung.
مَآ اَصَابَ مِنْ مُّصِيْبَةٍ فِى الْاَرْضِ وَلَا فِيْٓ اَنْفُسِكُمْ اِلَّا فِيْ كِتٰبٍ مِّنْ قَبْلِ اَنْ نَّبْرَاَهَا ۗاِنَّ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرٌۖ٢٢
Mā aṣāba mim muṣībatin fil-arḍi wa lā fī anfusikum illā fī kitābim min qabli an nabra'ahā, inna żālika ‘alallāhi yasīr(un).
[22]
Teu pati-pati aya musibah (nao baé rupana) anu tumiba di bumi jeung di diri aranjeun, kajaba geus dicatet dina kitab (Loh Mahpud) saméméh Kami nyiptakeun aranjeun. Saleresna anu kitu téh gampang pikeun Allah mah.
لِّكَيْلَا تَأْسَوْا عَلٰى مَا فَاتَكُمْ وَلَا تَفْرَحُوْا بِمَآ اٰتٰىكُمْ ۗوَاللّٰهُ لَا يُحِبُّ كُلَّ مُخْتَالٍ فَخُوْرٍۙ٢٣
Likailā ta'sau ‘alā mā fātakum wa lā tafraḥū bimā ātākum, wallāhu lā yuḥibbu kulla mukhtālin fakhūr(in).
[23]
(Anu kitu téh) sangkan aranjeun henteu ngarasa sedih kana naon anu luput ti aranjeun, jeung nya kitu ulah sombong karana naon anu dipaparinkeuna-Na ka aranjeun. Allah henteu mikaresep ka unggal jalma anu angkuh tur nyombongkeun diri,
ۨالَّذِيْنَ يَبْخَلُوْنَ وَيَأْمُرُوْنَ النَّاسَ بِالْبُخْلِ ۗوَمَنْ يَّتَوَلَّ فَاِنَّ اللّٰهَ هُوَ الْغَنِيُّ الْحَمِيْدُ٢٤
Allażīna yabkhalūna wa ya'murūnan-nāsa bil-bukhl(i), wa may yatawalla fa'innallāha huwal-ganiyyul-ḥamīd(u).
[24]
nyaéta jalma-jalma anu medit sarta nitah medit ka batur. Saha baé anu ngabalieur (tina paréntah-paréntah Allah), saleresna Allah, nya Mantenna Nu Mahabeunghar (tur) Mahapinuji.
لَقَدْ اَرْسَلْنَا رُسُلَنَا بِالْبَيِّنٰتِ وَاَنْزَلْنَا مَعَهُمُ الْكِتٰبَ وَالْمِيْزَانَ لِيَقُوْمَ النَّاسُ بِالْقِسْطِۚ وَاَنْزَلْنَا الْحَدِيْدَ فِيْهِ بَأْسٌ شَدِيْدٌ وَّمَنَافِعُ لِلنَّاسِ وَلِيَعْلَمَ اللّٰهُ مَنْ يَّنْصُرُهٗ وَرُسُلَهٗ بِالْغَيْبِۗ اِنَّ اللّٰهَ قَوِيٌّ عَزِيْزٌ ࣖ٢٥
Laqad arsalnā rusulanā bil-bayyināti wa anzalnā ma‘ahumul-kitāba wal-mīzāna liyaqūman-nāsu bil-qisṭ(i), wa anzalnal-ḥadīda fīhi ba'sun syadīduw wa manāfi‘u lin-nāsi wa liya‘lamallāhu may yanṣuruhū wa rusulahū bil-gaib(i), innallāha qawiyyun ‘azīz(un).
[25]
Tétéla Kami geus ngutus rasul-rasul Kami kalayan bukti-bukti anu nyata, jeung Kami geus nurunkeun kalayan marengan aranjeunna Kitab jeung timbangan (kaadilan) sangkan manusa bisa ngadegkeun kaadilan. Kami nyiptakeun beusi anu miboga kakuatan hébat sarta loba mangpaatna pikeun manusa, sangkan Allah uninga saha anu ngabéla (agama)-Na jeung rasul-rasul-Na, sanaos (Allah) henteu katingali ku aranjeunna. Saleresna Allah Mahakuat (tur) Mahagagah.
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا نُوْحًا وَّاِبْرٰهِيْمَ وَجَعَلْنَا فِيْ ذُرِّيَّتِهِمَا النُّبُوَّةَ وَالْكِتٰبَ فَمِنْهُمْ مُّهْتَدٍۚ وَكَثِيْرٌ مِّنْهُمْ فٰسِقُوْنَ٢٦
Wa laqad arsalnā nūḥaw wa ibrāhīma wa ja‘alnā fī żurriyyatihiman-nubuwwata wal-kitāba fa minhum muhtad(in), wa kaṡīrum minhum fāsiqūn(a).
[26]
Tétéla Kami bener-bener geus ngutus Nuh jeung Ibrahim, sarta Kami maparin kanabian sarta kitab (wahyu) ka turunan duanana. Ti antara aranjeunna aya anu narima pituduh, ngan kalolobaanana mah pasék.
ثُمَّ قَفَّيْنَا عَلٰٓى اٰثَارِهِمْ بِرُسُلِنَا وَقَفَّيْنَا بِعِيْسَى ابْنِ مَرْيَمَ وَاٰتَيْنٰهُ الْاِنْجِيْلَ ەۙ وَجَعَلْنَا فِيْ قُلُوْبِ الَّذِيْنَ اتَّبَعُوْهُ رَأْفَةً وَّرَحْمَةً ۗوَرَهْبَانِيَّةَ ِۨابْتَدَعُوْهَا مَا كَتَبْنٰهَا عَلَيْهِمْ اِلَّا ابْتِغَاۤءَ رِضْوَانِ اللّٰهِ فَمَا رَعَوْهَا حَقَّ رِعَايَتِهَا ۚفَاٰتَيْنَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْهُمْ اَجْرَهُمْ ۚ وَكَثِيْرٌ مِّنْهُمْ فٰسِقُوْنَ٢٧
Ṡumma qaffainā ‘alā āṡārihim birusulinā wa qaffainā bi‘īsabni maryama wa ātaināhul-injīl(a), wa ja‘alnā fī qulūbil-lażīnattaba‘ūhu ra'fataw wa raḥmah(tan), wa rahbāniyyatanibtada‘ūhā mā katabnā ‘alaihim illabtigā'a riḍwānillāhi famā ra‘auhā ḥaqqa ri‘āyatihā, fa'ātainal-lażīna āmanū minhum ajrahum, wa kaṡīrum minhum fāsiqūn(a).
[27]
Tuluy Kami nyusulkeun utusan-utusan Kami pikeun nuturkeun tapak lacak aranjeunna. Kami nyusulkeun (ogé) ‘Isa putra Maryam. Kami maparinkeun Injil ka anjeunna. Kami ngajadikeun rasa ajrih jeung kaasih dina haté jalma-jalma anu nurut ka anjeunna. Maranéhna ngaya-nganyakeun Rabbāniyyah 869 (kaleuleuwihi dina ibadah), padahal Kami henteu ngawajibkeun ka maranéhna, kajaba (maranéhna ngaya-ngayakeunana pikeun) nyuprih karidoan Allah, tuluy maranéhna henteu ngaraksa éta anu sabenerna. Ku kituna, ka jalma-jalma anu iman di antara aranjeunna Kami maparin ganjaran, ngan kalolobaanana ti antara maranéhna mah pasék.
869) Teu kagungan istri atanapi carogé sarta ngerem diri dina biara.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَاٰمِنُوْا بِرَسُوْلِهٖ يُؤْتِكُمْ كِفْلَيْنِ مِنْ رَّحْمَتِهٖ وَيَجْعَلْ لَّكُمْ نُوْرًا تَمْشُوْنَ بِهٖ وَيَغْفِرْ لَكُمْۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌۙ٢٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanuttaqullāha wa āminū birasūlihī yu'tikum kiflaini mir raḥmatihī wa yaj‘al lakum nūran tamsyūna bihī wa yagfir lakum, wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[28]
Hé jalma-jalma anu iman, kudu takwa ka Allah sarta percaya ka Rasul-Na (Muhammad), pasti Allah bakal maparin rahmat-Na ka aranjeun dua bagian tina rahmat-Na jeung ngajadikeun cahaya pikeun aranjeun anu ku éta cahaya aranjeun bisa leumpang, sarta Mantenna maparin pangampura ka aranjeun. Allah téh Maha Maparin Panghampura (tur) Mahaasih.
لِّئَلَّا يَعْلَمَ اَهْلُ الْكِتٰبِ اَلَّا يَقْدِرُوْنَ عَلٰى شَيْءٍ مِّنْ فَضْلِ اللّٰهِ وَاَنَّ الْفَضْلَ بِيَدِ اللّٰهِ يُؤْتِيْهِ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَاللّٰهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيْمِ ࣖ ۔٢٩
Li'allā ya‘lama ahlul-kitābi allā yaqdirūna ‘alā syai'im min faḍlillāhi wa annal-faḍla biyadillāhi yu'tīhi may yasyā'(u), wallāhu żul-faḍlil-‘aẓīm(i).
[29]
(Allah ngurniakeun éta) sangkan Ahli Kitab (nu teu iman ka Muhammad) ngayakinkeun yén maranéhna téh saeutik ogé moal meunangkeun kurnia Allah, jeung yén saenyana kurnia téh aya dina panangan (kersana) Allah. Mantenna anu maparinkeun ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah kagungan kurnia nu agung.