Surah Al-Waqi’ah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِذَا وَقَعَتِ الْوَاقِعَةُۙ١
Iżā waqa‘atil-wāqi‘ah(tu).
[1] Lamun seug Poé Kiamat kajadian,

لَيْسَ لِوَقْعَتِهَا كَاذِبَةٌ ۘ٢
Laisa liwaq‘atihā kāżibah(tun).
[2] moal aya saurang ogé nu (bisa) ngabohongkeun kana kajadianana.

خَافِضَةٌ رَّافِعَةٌ٣
Khāfiḍatur rāfi‘ah(tun).
[3] (Éta Kajadian téh) ngahinakeun (hiji golongan) jeung ngamulyakeun (golongan anu séjénna).

اِذَا رُجَّتِ الْاَرْضُ رَجًّاۙ٤
Iżā rujjatil-arḍu rajjā(n).
[4] Lamun seug bumi dioyagkeun satarik-tarikna,

وَّبُسَّتِ الْجِبَالُ بَسًّاۙ٥
Wa bussatil-jibālu bassā(n).
[5] jeung gunung-gunung diancurleburkeun saancur-ancurna,

فَكَانَتْ هَبَاۤءً مُّنْۢبَثًّاۙ٦
Fa kānat habā'am mumbaṡṡā(n).
[6] jadi lebu anu tinghaliber.

وَّكُنْتُمْ اَزْوَاجًا ثَلٰثَةً ۗ٧
Wa kuntum azwājan ṡalāṡah(tan).
[7] Maranéh jadi tilu golongan,

فَاَصْحٰبُ الْمَيْمَنَةِ ەۙ مَآ اَصْحٰبُ الْمَيْمَنَةِ ۗ٨
Fa aṣḥābul-maimanah(ti), mā aṣḥābul-maimanah(ti).
[8] nyaéta golongan katuhu, 863 kacida mulyana éta golongan anu katuhu téh,
863) Jalma-jalma anu nampi buku catetan amal aranjeunna ngalangkungan panangan katuhu.

وَاَصْحٰبُ الْمَشْـَٔمَةِ ەۙ مَآ اَصْحٰبُ الْمَشْـَٔمَةِ ۗ٩
Wa aṣḥābul-masy'amah(ti), mā aṣḥābul-masy'amah(ti).
[9] jeung golongan kénca, 864 kacida sangsarana éta golongan anu kénca téh.
864) Jalma-jalma anu narima buku catétan amalna maké leungeun kénca.

وَالسّٰبِقُوْنَ السّٰبِقُوْنَۙ١٠
Was-sābiqūnas-sābiqūn(a).
[10] Salian ti éta, (golongan katilu nyaéta) jalma-jalma anu pangheulana (iman). Nya aranjeunna anu paling ti payun (lebet ka sawarga).

اُولٰۤىِٕكَ الْمُقَرَّبُوْنَۚ١١
Ulā'ikal-muqarrabūn(a).
[11] Aranjeunna téh jalma anu dicaketkeun (ka Allah).

فِيْ جَنّٰتِ النَّعِيْمِ١٢
Fī jannātin-na‘īm(i).
[12] (Aranjeunna) aya dina sawarga (anu pinuh ku) kani’matan.

ثُلَّةٌ مِّنَ الْاَوَّلِيْنَۙ١٣
Ṡullatum minal-awwalīn(a).
[13] (Aranjeunna téh) sagolongan gedé ti jalma-jalma anu ti heula, 865
865) Sakabéh umat nabi-nabi saméméh Nabi Muhammad Saw., tur anu dimaksud jalma anu pandeuri nyaéta umat Nabi Muhammad Saw.

وَقَلِيْلٌ مِّنَ الْاٰخِرِيْنَۗ١٤
Wa qalīlum minal-ākhirīn(a).
[14] jeung sagolongan leutik ti jalma-jalma anu pandeuri.

عَلٰى سُرُرٍ مَّوْضُوْنَةٍۙ١٥
‘Alā sururim mauḍūnah(tin).
[15] (Aranjeunna aya) dina luhur dipan-dipan anu dihias ku emas jeung permata,

مُّتَّكِـِٕيْنَ عَلَيْهَا مُتَقٰبِلِيْنَ١٦
Muttaki'īna ‘alaihā mutaqābilīn(a).
[16] bari nyararandé di luhurna papayun-payun.

يَطُوْفُ عَلَيْهِمْ وِلْدَانٌ مُّخَلَّدُوْنَۙ١٧
Yaṭūfu ‘alaihim wildānum mukhalladūn(a).
[17] Arajeuna dikurilingan ku putra-putra anu tetep ngarora,

بِاَكْوَابٍ وَّاَبَارِيْقَۙ وَكَأْسٍ مِّنْ مَّعِيْنٍۙ١٨
Bi'akwābiw wa abārīq(a), wa ka'sim mim ma‘īn(in).
[18] kalayan (marawa) gelas, kendi, jeung sloki (anu eusina dicokot) tina cinyusu anu mancer,

لَّا يُصَدَّعُوْنَ عَنْهَا وَلَا يُنْزِفُوْنَۙ١٩
Lā yuṣadda‘ūna ‘anhā wa lā yunzifūn(a).
[19] Aranjeunna henteu (ngarasa) rieut jeung henteu ngarasa mabok (ku éta cai),

وَفَاكِهَةٍ مِّمَّا يَتَخَيَّرُوْنَۙ٢٠
Wa fākihatim mimmā yatakhayyarūn(a).
[20] (Éta putra nyadiakeun ogé) bubuahan naon baé anu dipilih ku aranjeunna (ahli sawarga),

وَلَحْمِ طَيْرٍ مِّمَّا يَشْتَهُوْنَۗ٢١
Wa laḥmi ṭairim mimmā yasytahūn(a).
[21] jeung daging manuk naon baé anu dipiseneng ku aranjeunna.

وَحُوْرٌ عِيْنٌۙ٢٢
Wa ḥūrun ‘īn(un).
[22] Aya widadari-widadari anu socana éndah,

كَاَمْثَالِ اللُّؤْلُؤِ الْمَكْنُوْنِۚ٢٣
Ka'amṡālil-lu'lu'il-maknūn(i).
[23] ibarat mutiara anu disimpen kalayan dihadé-hadé,

جَزَاۤءًۢ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٢٤
Jazā'am bimā kānū ya‘malūn(a).
[24] minangka wawales (ganjaran) kana naon rupa anu geus dipilampah ku aranjeunna.

لَا يَسْمَعُوْنَ فِيْهَا لَغْوًا وَّلَا تَأْثِيْمًاۙ٢٥
Lā yasma‘ūna fīhā lagwaw wa lā ta'ṡīmā(n).
[25] Di dinya aranjeunna henteu ngareungeu omongan anu mubah jeung pidosaeun,

اِلَّا قِيْلًا سَلٰمًا سَلٰمًا٢٦
Illā qīlan salāman salāmā(n).
[26] kajaba (nu karungu ku aranjeunna mung) ucapan salam (wilujeung…wilujeung).

وَاَصْحٰبُ الْيَمِيْنِ ەۙ مَآ اَصْحٰبُ الْيَمِيْنِۗ٢٧
Wa aṣḥābul-yamīn(i), mā aṣḥābul-yamīn(i).
[27] Ari golongan katuhu, saha golongan katuhu téh?

فِيْ سِدْرٍ مَّخْضُوْدٍۙ٢٨
Fī sidrim makhḍūd(in).
[28] (Aranjeunna) aya di antara tangkal widara anu teu aya cucukan,

وَّطَلْحٍ مَّنْضُوْدٍۙ٢٩
Wa ṭalḥim manḍūd(in).
[29] tangkal cau anu (buahna) ngéntép nyusun,

وَّظِلٍّ مَّمْدُوْدٍۙ٣٠
Wa ẓillim mamdūd(in).
[30] tempat pangiuhan anu lega,

وَّمَاۤءٍ مَّسْكُوْبٍۙ٣١
Wa mā'im maskūb(in).
[31] cai anu ngocor terus-terusan,

وَّفَاكِهَةٍ كَثِيْرَةٍۙ٣٢
Wa fākihatin kaṡīrah(tin).
[32] bubuahan anu mayak,

لَّا مَقْطُوْعَةٍ وَّلَا مَمْنُوْعَةٍۙ٣٣
Lā maqṭū‘atiw wa lā mamnū‘ah(tin).
[33] anu henteu eureun-eureun buahan sarta teu dicarék (ngalana),

وَّفُرُشٍ مَّرْفُوْعَةٍۗ٣٤
Wa furusyim marfū‘ah(tin).
[34] kasur-kasur anu kandel tur empuk.

اِنَّآ اَنْشَأْنٰهُنَّ اِنْشَاۤءًۙ٣٥
Innā ansya'nāhunna insyā'ā(n).
[35] Sabenerna Kami nyiptakeun aranjeunna (widadari-widadari) kalayan langsung, 866
866) 6Aranjeunna diciptakeun henteu ngalangkungan proses babaran tur langsung janten wanoja.

فَجَعَلْنٰهُنَّ اَبْكَارًاۙ٣٦
Faja‘alnāhunna abkārā(n).
[36] terus Kami ngajadikeun aranjeunna parawan-parawan,

عُرُبًا اَتْرَابًاۙ٣٧
‘Uruban atrābā(n).
[37] anu leubeut ku kageugeut (tur) sapantar (umurna),

لِّاَصْحٰبِ الْيَمِيْنِۗ٣٨
Li'aṣḥābil-yamīn(i).
[38] (dicawiskeun) pikeun golongan katuhu,

ثُلَّةٌ مِّنَ الْاَوَّلِيْنَۙ٣٩
Ṡullatum minal-awwalīn(a).
[39] (nyaéta) sagolongan gédé ti jalma-jalma anu ti heula,

وَثُلَّةٌ مِّنَ الْاٰخِرِيْنَۗ ࣖ٤٠
Wa ṡullatum minal-ākhirīn(a).
[40] sagolongan gédé ogé ti jalma-jalma anu pandeuri.

وَاَصْحٰبُ الشِّمَالِ ەۙ مَآ اَصْحٰبُ الشِّمَالِۗ٤١
Wa aṣḥābusy-syimāl(i), mā aṣḥābusy-syimāl(i).
[41] Golongan kénca, kacida sangsarana éta golongan anu kénca.

فِيْ سَمُوْمٍ وَّحَمِيْمٍۙ٤٢
Fī samūmiw wa ḥamīm(in).
[42] (Maranéhna aya) dina siksaaan angin anu kacida panasna, cai anu ngagolak,

وَّظِلٍّ مِّنْ يَّحْمُوْمٍۙ٤٣
Wa ẓillim miy yaḥmūm(in).
[43] jeung iiuh haseup anu hideung,

لَّا بَارِدٍ وَّلَا كَرِيْمٍ٤٤
Lā bāridiw wa lā karīm(in).
[44] (nu) henteu sejuk jeung henteu pikabetaheun.

اِنَّهُمْ كَانُوْا قَبْلَ ذٰلِكَ مُتْرَفِيْنَۚ٤٥
Innahum kānū qabla żālika mutrafīn(a).
[45] Saenyana maranéhna saméméhna (waktu di dunya) hirup méwah.

وَكَانُوْا يُصِرُّوْنَ عَلَى الْحِنْثِ الْعَظِيْمِۚ٤٦
Wa kānū yuṣirrūna ‘alal-ḥinṡil-‘aẓīm(i).
[46] Maranéhna terus-terusan milampah dosa anu gedé,

وَكَانُوْا يَقُوْلُوْنَ ەۙ اَىِٕذَا مِتْنَا وَكُنَّا تُرَابًا وَّعِظَامًا ءَاِنَّا لَمَبْعُوْثُوْنَۙ٤٧
Wa kānū yaqūlūn(a), a'iżā mitnā wa kunnā turābaw wa ‘iẓāman a'innā lamab‘ūṡūn(a).
[47] Maranéhna ngomong, “Lamun seug kuring saréréa geus paéh sarta jadi taneuh jeung tulang-taléng, naha bener-bener bakal dihudangkeun deui?

اَوَاٰبَاۤؤُنَا الْاَوَّلُوْنَ٤٨
Awa'ābā'unal-awwalūn(a).
[48] Naha karuhun-karuhun kuring saréréa anu geus ti heula maot (ogé dihudangkeun deui)?”

قُلْ اِنَّ الْاَوَّلِيْنَ وَالْاٰخِرِيْنَۙ٤٩
Qul innal-awwalīna wal-ākhirīn(a).
[49] Pok carioskeun ku hidep (Muhammmad), “Saenyana jalma-jalma anu geus ti heula jeung jalma-jalma anu hirup pandeuri,

لَمَجْمُوْعُوْنَۙ اِلٰى مِيْقَاتِ يَوْمٍ مَّعْلُوْمٍ٥٠
Lamajmū‘ūn(a), ilā mīqāti yaumim ma‘lūm(in).
[50] tangtu sakabéhna bakal dikumpulkeun dina wanci anu tangtu, nyaéta dina poé anu geus dima’lum.

ثُمَّ اِنَّكُمْ اَيُّهَا الضَّاۤ لُّوْنَ الْمُكَذِّبُوْنَۙ٥١
Ṡumma innakum ayyuhaḍ-ḍāllūnal-mukażżibūn(a).
[51] Tuluy saenyana maranéh, hé jalma-jalma anu sasar tur purah ngabohongkeun,

لَاٰكِلُوْنَ مِنْ شَجَرٍ مِّنْ زَقُّوْمٍۙ٥٢
La'ākilūna min syajarim min zaqqūm(in).
[52] pasti bakal ngadahar tangkal Zaqqūm. 867
867) Rupa tangkal di naraka anu ngabalukarkeun kanyeri anu pohara pikeun anu ngadaharna.

فَمَالِـُٔوْنَ مِنْهَا الْبُطُوْنَۚ٥٣
Fa māli'ūna minhal-buṭūn(a).
[53] Tulut maranéh bakal munihan beuteung ku éta buah (Zaqqūm),

فَشٰرِبُوْنَ عَلَيْهِ مِنَ الْحَمِيْمِۚ٥٤
Fasyāribūna ‘alaihi minal-ḥamīm(i).
[54] Saenggeusna kitu, pikeun ubarna, maranéh nginum cai anu kacida pisan panasna.

فَشٰرِبُوْنَ شُرْبَ الْهِيْمِۗ٥٥
Fa syāribūna syurbal-hīm(i).
[55] Maranéh nginum kawas onta anu kacida halabhabna.

هٰذَا نُزُلُهُمْ يَوْمَ الدِّيْنِۗ٥٦
Hāżā nuzuluhum yaumad-dīn(i).
[56] Éta téh panyuguhan (pikeun) maranéhna dina Poé Pangwalesan.”

نَحْنُ خَلَقْنٰكُمْ فَلَوْلَا تُصَدِّقُوْنَ٥٧
Naḥnu khalaqnākum falau lā tuṣaddiqūn(a).
[57] Kami téh geus nyiptakeun maranéh. Naha kunaon maranéh bet henteu daék ngabenerkeun (poé dihudangkeun)?

اَفَرَءَيْتُمْ مَّا تُمْنُوْنَۗ٥٨
Afa ra'aitum mā tumnūn(a).
[58] Naha maranéh niténan naon (sperma) anu dipancerkeun ku maranéh?

ءَاَنْتُمْ تَخْلُقُوْنَهٗٓ اَمْ نَحْنُ الْخٰلِقُوْنَ٥٩
A'antum takhluqūnahū am naḥnul-khāliqūn(a).
[59] Naha maranéh anu nyiptakeunana atawa Kami?

نَحْنُ قَدَّرْنَا بَيْنَكُمُ الْمَوْتَ وَمَا نَحْنُ بِمَسْبُوْقِيْنَۙ٦٠
Naḥnu qaddarnā bainakumul-mauta wa mā naḥnu bimasbūqīn(a).
[60] Kami geus nangtukeun pati di antara maranéh jeung Kami henteu lemah,

عَلٰٓى اَنْ نُّبَدِّلَ اَمْثَالَكُمْ وَنُنْشِئَكُمْ فِيْ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٦١
‘Alā an nubaddila amṡālakum wa nunsyi'akum fī mā lā ta‘lamūn(a).
[61] pikeun ngarobah bentuk maranéh (dina Poé Kiamat) jeung nyiptakeun maranéh engké (di ahérat) dina kaayaan anu henteu dipikanyaho ku maranéh.

وَلَقَدْ عَلِمْتُمُ النَّشْاَةَ الْاُوْلٰى فَلَوْلَا تَذَكَّرُوْنَ٦٢
Wa laqad ‘alimtumun-nasy'atal-ūlā falau lā tażakkarūn(a).
[62] Tétéla maranéh bener-bener geus nyaho kana panyiptaan anu munggaran. Naha atuh maranéh henteu ngalap atikan?

اَفَرَءَيْتُمْ مَّا تَحْرُثُوْنَۗ٦٣
Afara'aitum mā taḥruṡūn(a).
[63] Naha maranéh niténan binih anu dipelak ku maranéh?

ءَاَنْتُمْ تَزْرَعُوْنَهٗٓ اَمْ نَحْنُ الزّٰرِعُوْنَ٦٤
A'antum tazra‘ūnahū am naḥnuz-zāri‘ūn(a).
[64] Naha maranéh anu nuwuhkeun atawa Kami?

لَوْ نَشَاۤءُ لَجَعَلْنٰهُ حُطَامًا فَظَلْتُمْ تَفَكَّهُوْنَۙ٦٥
Lau nasyā'u laja‘alnāhu ḥuṭāman fa ẓaltum tafakkahūn(a).
[65] Upama ngersakeun, pasti Kami bener-bener ngajadikeunana ancur nepi ka maranéh bakal colohok,

اِنَّا لَمُغْرَمُوْنَۙ٦٦
Innā lamugramūn(a).
[66] (bari ngaromong), “Saenyana kuring saréréa bener-bener nandangan karugian,

بَلْ نَحْنُ مَحْرُوْمُوْنَ٦٧
Bal naḥnu maḥrūmūn(a).
[67] malahan kuring saréréa teu meunang hasil nanaon.”

اَفَرَءَيْتُمُ الْمَاۤءَ الَّذِيْ تَشْرَبُوْنَۗ٦٨
Afa ra'aitumul-mā'al-lażī tasyrabūn(a).
[68] Naha maranéh niténan cai anu sok diinum ku maranéh?

ءَاَنْتُمْ اَنْزَلْتُمُوْهُ مِنَ الْمُزْنِ اَمْ نَحْنُ الْمُنْزِلُوْنَ٦٩
A'antum anzaltumūhu minal-muzni am naḥnul-munzilūn(a).
[69] Naha maranéh anu nurunkeunna tina méga atawa Kami?

لَوْ نَشَاۤءُ جَعَلْنٰهُ اُجَاجًا فَلَوْلَا تَشْكُرُوْنَ٧٠
Lau nasyā'u ja‘alnāhu ujājan falau lā tasykurūn(a).
[70] Upama ngersakeun, pasti Kami ngajadikeun éta (cai jadi) asin. Kunaon maranéh henteu sukuran?

اَفَرَءَيْتُمُ النَّارَ الَّتِيْ تُوْرُوْنَۗ٧١
Afa ra'aitumun-nāral-latī tūrūn(a).
[71] Naha maranéh niténan seuneu anu sok dihurungkeun (ku ngagunakeun kai) ku maranéh?

ءَاَنْتُمْ اَنْشَأْتُمْ شَجَرَتَهَآ اَمْ نَحْنُ الْمُنْشِـُٔوْنَ٧٢
A'antum ansya'tum syajaratahā am naḥnul-munsyi'ūn(a).
[72] Naha maranéh anu numuwuhkeun éta (kai) atawa Kami?

نَحْنُ جَعَلْنٰهَا تَذْكِرَةً وَّمَتَاعًا لِّلْمُقْوِيْنَۚ٧٣
Naḥnu ja‘alnāhā tażkirataw wa matā‘al lil-muqwīn(a).
[73] Kami ngajadikeun éta (seuneu) pikeun pépéling jeung bahan anu mangpa’at pikeun jalma anu nyanyabaan (musapir).

فَسَبِّحْ بِاسْمِ رَبِّكَ الْعَظِيْمِ ࣖ٧٤
Fa sabbiḥ bismi rabbikal-‘aẓīm(i).
[74] Ku kituna, geura tasbéh kalayan (nyebat) jenengan Pangéran Nu Mahaagung.

۞ فَلَآ اُقْسِمُ بِمَوٰقِعِ النُّجُوْمِ٧٥
Falā uqsimu bimawāqi‘in-nujūm(i).
[75] Kami sumpah ka pirang-pirang porosna béntang-béntang.

وَاِنَّهٗ لَقَسَمٌ لَّوْ تَعْلَمُوْنَ عَظِيْمٌۙ٧٦
Wa innahū laqasamul lau ta‘lamūna ‘aẓīm(un).
[76] Sabenerna éta téh bener-bener sumpah anu kacida gedéna upama téa mah maranéh nyaho.

اِنَّهٗ لَقُرْاٰنٌ كَرِيْمٌۙ٧٧
Innahū laqur'ānun karīm(un).
[77] Sabenerna (ieu) Al-Qur’an téh anu mulia pisan,

فِيْ كِتٰبٍ مَّكْنُوْنٍۙ٧٨
Fī kitābim maknūn(in).
[78] dina Kitab anu dijaga (Loh Mahpud).

لَّا يَمَسُّهٗٓ اِلَّا الْمُطَهَّرُوْنَۗ٧٩
Lā yamassuhū illal-muṭahharūn(a).
[79] Teu aya anu meunang nyagapna, iwal ti jalma-jalma anu disucikeun.

تَنْزِيْلٌ مِّنْ رَّبِّ الْعٰلَمِيْنَ٨٠
Tanzīlum mir rabbil-‘ālamīn(a).
[80] (Al-Qur’an) diturunkeun ti Pangéran sakumna alam.

اَفَبِهٰذَا الْحَدِيْثِ اَنْتُمْ مُّدْهِنُوْنَۙ٨١
Afa biḥāżal-ḥadīṡi antum mudhinūn(a).
[81] Naha maranéh nganggap réméh kana ieu béja (Al-Qur’an)

وَتَجْعَلُوْنَ رِزْقَكُمْ اَنَّكُمْ تُكَذِّبُوْنَ٨٢
Wa taj‘alūna rizqakum annakum tukażżibūn(a).
[82] jeung maranéh ngajadikeun rejeki anu ditarima ku maranéh (ti Allah) justru pikeun ngabohongkeun (Al-Qur’an)?

فَلَوْلَآ اِذَا بَلَغَتِ الْحُلْقُوْمَۙ٨٣
Falau lā iżā balagatil-ḥulqūm(a).
[83] Mun kitu mah, kunaon henteu (nahan nyawa) waktu geus nepi kana genggerong,

وَاَنْتُمْ حِيْنَىِٕذٍ تَنْظُرُوْنَۙ٨٤
Wa antum ḥīna'iżin tanẓurūn(a).
[84] padahal dina waktu éta maranéh nénjo (jalma nu keur sakarat)?

وَنَحْنُ اَقْرَبُ اِلَيْهِ مِنْكُمْ وَلٰكِنْ لَّا تُبْصِرُوْنَ٨٥
Wa naḥnu aqrabu ilaihi minkum wa lākil lā tubṣirūn(a).
[85] Kami leuwih deukeut ka manéhna (nu keur sakarat) tibatan maranéh, ngan maranéh henteu nénjo.

فَلَوْلَآ اِنْ كُنْتُمْ غَيْرَ مَدِيْنِيْنَۙ٨٦
Falau lā in kuntum gaira madīnīn(a).
[86] Ku kituna, kunaon lamun upama henteu diwales,

تَرْجِعُوْنَهَآ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٨٧
Tarji‘ūnahā in kuntum ṣādiqīn(a).
[87] maranéh henteu mulangkeun (éta nyawa kana kurunganana) upama maranéh jalma anu bener?

فَاَمَّآ اِنْ كَانَ مِنَ الْمُقَرَّبِيْنَۙ٨٨
Fa ammā in kāna minal-muqarrabīn(a).
[88] Upama anjeunna (nu maot) kaasup nu dideukeutkeun (ka Allah),

فَرَوْحٌ وَّرَيْحَانٌ ەۙ وَّجَنَّتُ نَعِيْمٍ٨٩
Fa rauḥuw wa raiḥān(un), wa jannatu na‘īm(in).
[89] nya anjeunna anu ngéngingkeun katengtreuman, rejeki, sarta sawarga (anu pinuh) ku kani’matan.

وَاَمَّآ اِنْ كَانَ مِنْ اَصْحٰبِ الْيَمِيْنِۙ٩٠
Wa ammā in kāna min aṣḥābil-yamīn(i).
[90] Upama anjeunna kalebet golongan anu katuhu,

فَسَلٰمٌ لَّكَ مِنْ اَصْحٰبِ الْيَمِيْنِۗ٩١
Fa salāmul laka min aṣḥābil-yamīn(i).
[91] mangka “kasalametan pikeun anjeun” ti (batur anjeun) golongan anu katuhu.

وَاَمَّآ اِنْ كَانَ مِنَ الْمُكَذِّبِيْنَ الضَّاۤلِّيْنَۙ٩٢
Wa ammā in kāna minal-mukażżibīnaḍ-ḍāllīn(a).
[92] Sedengkeun lamun manéhna kaasup golongan jalma anu ngabohongkeun tur kasasar,

فَنُزُلٌ مِّنْ حَمِيْمٍۙ٩٣
Fa nuzulum min ḥamīm(in).
[93] nya idanganana téh mangrupa cai anu kacida ngagolakna,

وَّتَصْلِيَةُ جَحِيْمٍ٩٤
Wa taṣliyatu jaḥīm(in).
[94] sarta diduruk ku (naraka) Jahim.

اِنَّ هٰذَا لَهُوَ حَقُّ الْيَقِيْنِۚ٩٥
Inna hāżā lahuwal-ḥaqqul-yaqīn(i).
[95] Saenyana ieu téh mangrupakeun kayakinan anu mantep.

فَسَبِّحْ بِاسْمِ رَبِّكَ الْعَظِيْمِ ࣖ٩٦
Fa sabbiḥ bismi rabbikal-‘aẓīm(i).
[96] Ku kituna, geura tasbéh kalayan (nyebat) jenengan Pangéran Nu Mahaagung.