Surah Ar-Rahman
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلرَّحْمٰنُۙ١
Ar-raḥmān(u).
[1]
(Allah) Nu Mahawelas.
عَلَّمَ الْقُرْاٰنَۗ٢
‘Allamal-qur'ān(a).
[2]
Mantenna anu geus ngawulangkeun Al-Qur’an.
خَلَقَ الْاِنْسَانَۙ٣
Khalaqal-insān(a).
[3]
Mantenna anu nyiptakeun manusa.
عَلَّمَهُ الْبَيَانَ٤
‘Allamahul-bayān(a).
[4]
Mantenna anu ngawulang (manusa) pinter ngajelaskeun,
اَلشَّمْسُ وَالْقَمَرُ بِحُسْبَانٍۙ٥
Asy-syamsu wal-qamaru biḥusbān(in).
[5]
Panonpoé jeung bulan (maluter) nurutkeun itungan (nu tangtu).
وَّالنَّجْمُ وَالشَّجَرُ يَسْجُدَانِ٦
Wan-najmu wasy-syajaru yasjudān(i).
[6]
Tutuwuhan jeung tatangkalan tunduk (ka Mantenna).
وَالسَّمَاۤءَ رَفَعَهَا وَوَضَعَ الْمِيْزَانَۙ٧
Was-samā'a rafa‘ahā wa waḍa‘al-mīzān(a).
[7]
Langit geus diluhurkeun ku Mantenna sarta Mantenna geus nyiptakeun kasaimbangan,
اَلَّا تَطْغَوْا فِى الْمِيْزَانِ٨
Allā taṭgau fil-mīzān(i).
[8]
supaya maranéh ulah ngaliwatan wates dina éta timbangan.
وَاَقِيْمُوا الْوَزْنَ بِالْقِسْطِ وَلَا تُخْسِرُوا الْمِيْزَانَ٩
Wa aqīmul-wazna bil-qisṭi wa lā tukhsirul-mīzān(a).
[9]
Pék adegkeun timbangan kalayan adil jeung omat maranéh ulah ngurangan éta timbangan.
وَالْاَرْضَ وَضَعَهَا لِلْاَنَامِۙ١٠
Wal-arḍa waḍa‘ahā lil-anām(i).
[10]
Bumi geus diamparkeun ku Mantenna pikeun mahluk-(Na).
فِيْهَا فَاكِهَةٌ وَّالنَّخْلُ ذَاتُ الْاَكْمَامِۖ١١
Fīhā fākihatuw wan-nakhlu żātul-akmām(i).
[11]
Di jerona aya bubuahan jeung tangkal korma anu mayangan,
وَالْحَبُّ ذُو الْعَصْفِ وَالرَّيْحَانُۚ١٢
Wal-ḥabbu żul-‘aṣfi war-raiḥān(u).
[12]
sisikian anu karulitan, jeung kekembangan anu seungit ambeuna.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ١٣
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[13]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
خَلَقَ الْاِنْسَانَ مِنْ صَلْصَالٍ كَالْفَخَّارِ١٤
Khalaqal-insāna min ṣalṣālin kal-fakhkhār(i).
[14]
Mantenna geus nyiptakeun manusa tina taneuh garing anu saperti talawéngkar,
وَخَلَقَ الْجَاۤنَّ مِنْ مَّارِجٍ مِّنْ نَّارٍۚ١٥
Wa khalaqal-jānna mim mārijim min nār(in).
[15]
Mantenna nyiptakeun jin tina seuneu anu ruhay.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ١٦
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[16]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
رَبُّ الْمَشْرِقَيْنِ وَرَبُّ الْمَغْرِبَيْنِۚ١٧
Rabbul-masyriqaini wa rabbul-magribain(i).
[17]
(Mantenna) Pangéran anu miara dua tempat meletékna (panonpoé dina usum panas jeung usum tiris) sareng Pangéran anu miara dua tempat surupna (panonpoé dina éta dua usum).
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ١٨
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[18]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
مَرَجَ الْبَحْرَيْنِ يَلْتَقِيٰنِۙ١٩
Marajal-baḥraini yaltaqiyān(i).
[19]
Mantenna ngantep dua lautan ngocor (ngaréndéng, anu hiji tawar jeung nu hijina deui asin), tuluy duanana patepung.
بَيْنَهُمَا بَرْزَخٌ لَّا يَبْغِيٰنِۚ٢٠
Bainahumā barzakhul lā yabgiyān(i).
[20]
Di antara duanana aya panghalang anu teu bisa diliwatan ku masing-masing. 858
858) Ti antara ahli tapsir aya anu ngabogaan pamadegan yén lā yabgiyān maksudna séwang-séwang henteu mikahayang. Ku kituna, anu dimaksud dina ayat ka-19 jeung 20, nyaéta aya dua laut anu dihalangan ku taneuh urut kenténg (talawéngkar), tapi éta taneuh téh (henteu diperlukeun deui), anu ahirna dipiceun jeung (dikali deui pikeun kaperluan lalu-lintas), nya antukna kadua laut patepung, aaperti Terusan Suez jeung Terusan Panama.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٢١
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[21]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
يَخْرُجُ مِنْهُمَا اللُّؤْلُؤُ وَالْمَرْجَانُۚ٢٢
Yakhruju minhumal-lu'lu'u wal-marjān(u).
[22]
Ti duanana (éta laut) téh kaluar mutiara sarta marjan.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٢٣
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[23]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
وَلَهُ الْجَوَارِ الْمُنْشَاٰتُ فِى الْبَحْرِ كَالْاَعْلَامِۚ٢٤
Wa lahul-jawāril-munsya'ātu fil-baḥri kal-a‘lām(i).
[24]
Kagungan Mantenna (parahu-parahu) jijieunan manusa anu lalayaran tur layarna ngembang di lautan lir gunung-gunung.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ ࣖ٢٥
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[25]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
كُلُّ مَنْ عَلَيْهَا فَانٍۖ٢٦
Kullu man ‘alaihā fān(in).
[26]
Sakabéh anu aya di bumi bakal binasa.
وَّيَبْقٰى وَجْهُ رَبِّكَ ذُو الْجَلٰلِ وَالْاِكْرَامِۚ٢٧
Wa yabqā wajhu rabbika żul-jalāli wal-ikrām(i).
[27]
Anu langgeng mung (Dat) Pangéran anu mibanda kaagungan jeung kamulyaan.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٢٨
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[28]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
يَسْـَٔلُهٗ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ كُلَّ يَوْمٍ هُوَ فِيْ شَأْنٍۚ٢٩
Yas'aluhū man fis-samāwāti wal-arḍ(i), kulla yaumin huwa fī sya'n(in).
[29]
Naon anu di langit jeung di bumi sok ngadoa ka Mantenna. Saban dinten Mantenna nungkulan perkara. 859
859) Allah salawasna nyiptakeun, ngahirupkeun, ngamaotkeun, ngurus, maparin rejeki, jeung sajabana.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٣٠
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[30]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
سَنَفْرُغُ لَكُمْ اَيُّهَ الثَّقَلٰنِۚ٣١
Sanafrugu lakum ayyuhaṡ-ṡaqalān(i).
[31]
Kami bakal musatkeun perhatian ka maranéh, hé (golongan) manusa jeung jin!
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٣٢
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[32]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
يٰمَعْشَرَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِ اِنِ اسْتَطَعْتُمْ اَنْ تَنْفُذُوْا مِنْ اَقْطَارِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ فَانْفُذُوْاۗ لَا تَنْفُذُوْنَ اِلَّا بِسُلْطٰنٍۚ٣٣
Yā ma‘syaral-jinni wal-insi inistaṭa‘tum an tanfużū min aqṭāris-samāwāti wal-arḍi fanfużū, lā tanfużūna illā bisulṭān(in).
[33]
Hé bangsa jin jeung manusa, upama maranéh sanggup nembus (meuntasan) tungtung langit jeung bumi, pék geura tembus! Ngan maranéh moal barisa nembus, kajaba kalayan kakuatan (ti Allah).
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٣٤
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[34]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
يُرْسَلُ عَلَيْكُمَا شُوَاظٌ مِّنْ نَّارٍۙ وَّنُحَاسٌ فَلَا تَنْتَصِرَانِۚ٣٥
Yursalu ‘alaikumā syuwāẓum min nār(in), wa nuḥāsun falā tantaṣirān(i).
[35]
Ka maranéh (hé jin jeung manusa) bakal dikirimkeun léntaban seuneu anu ngagedur, sarta (dibahékeun) leburan tamaga (anu kacida panas), nepi ka maranéh moal bisa nyalametkeun diri.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٣٦
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[36]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فَاِذَا انْشَقَّتِ السَّمَاۤءُ فَكَانَتْ وَرْدَةً كَالدِّهَانِۚ٣٧
Fa iżansyaqqatis-samā'u fa kānat wardatan kad-dihān(i).
[37]
Tuluy di mana-mana langit geus beulah, mangka bakal ngageubur lir ibarat beureumna kembang ros saperti (gurilapna) minyak.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٣٨
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[38]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فَيَوْمَئِذٍ لَّا يُسْـَٔلُ عَنْ ذَنْۢبِهٖٓ اِنْسٌ وَّلَا جَاۤنٌّۚ٣٩
Fa yauma'iżil lā yus'alu ‘an żambihī insuw wa lā jānn(un).
[39]
Mangka dina poé éta, manusa jeung jin moal ditanya ngeunaan dosana (tapi aya waktuna pikeun ditanyakeun ngeunaan amal pagawéanana). 860
860) Tapi dina waktuna bakal dipénta tanggung jawab tina sagala amal anu dipilampahna.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٤٠
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[40]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
يُعْرَفُ الْمُجْرِمُوْنَ بِسِيْمٰهُمْ فَيُؤْخَذُ بِالنَّوَاصِيْ وَالْاَقْدَامِۚ٤١
Yu‘raful-mujrimūna bisīmāhum fa yu'khażu bin-nawāṣī wal-aqdām(i).
[41]
Jalma-jalma anu doraka bakal dikenal tina ciri-cirina, tuluy didudut jambulna jeung digusur sukuna.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٤٢
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[42]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
هٰذِهٖ جَهَنَّمُ الَّتِيْ يُكَذِّبُ بِهَا الْمُجْرِمُوْنَۘ٤٣
Hāżihī jahannamul-latī yukażżibu bihal-mujrimūn(a).
[43]
Tah ieu pisan naraka Jahanam anu sok dibohongkeun ku jalma-jalma doraka téh!
يَطُوْفُوْنَ بَيْنَهَا وَبَيْنَ حَمِيْمٍ اٰنٍۚ٤٤
Yaṭūfūna bainahā wa baina ḥamīmin ān(in).
[44]
Maranéhna kukurilingan di naraka Jahanam di antara cai anu (panas) ngagolak.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ ࣖ٤٥
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[45]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
وَلِمَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهٖ جَنَّتٰنِۚ٤٦
Wa liman khāfa maqāma rabbihī jannatān(i).
[46]
Pikeun saha baé anu ajrih ku kaagungan Pangéranana dicawiskeun dua sawarga. 861
861) Sawarga pikeun manusa jeung sawarga pikeun jin. Aya ogé ahli tapsir anu boga pamadegan, sawarga dunya jeung sawarga ahérat.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۙ٤٧
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[47]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
ذَوَاتَآ اَفْنَانٍۚ٤٨
Żawātā afnān(in).
[48]
Di éta dua sawarga téh aya rupa-rupa tatangkalan jeung bubuahan.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٤٩
Fabi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[49]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فِيْهِمَا عَيْنٰنِ تَجْرِيٰنِۚ٥٠
Fīhimā ‘aināni tajriyān(i).
[50]
Di éta dua sawarga téh aya dua cinyusu anu ngagolontor.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٥١
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[51]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فِيْهِمَا مِنْ كُلِّ فَاكِهَةٍ زَوْجٰنِۚ٥٢
Fīhimā min kulli fākihatin zaujān(i).
[52]
Di éta dua sawarga téh aya mangrupa-rupa bubuahan anu nyetél papasangan.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٥٣
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[53]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
مُتَّكِـِٕيْنَ عَلٰى فُرُشٍۢ بَطَاۤىِٕنُهَا مِنْ اِسْتَبْرَقٍۗ وَجَنَا الْجَنَّتَيْنِ دَانٍۚ٥٤
Muttaki'īna ‘alā furusyim baṭā'inuhā min istabraq(in), wa janal-jannataini dān(in).
[54]
(Aranjeunna) gégéléhéan dina permadani anu lapis jerona tina sutra kandel. Bubuahan dina éta dua sawarga téh bisa (dipetik) ti kadeukeutan.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٥٥
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[55]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فِيْهِنَّ قٰصِرٰتُ الطَّرْفِۙ لَمْ يَطْمِثْهُنَّ اِنْسٌ قَبْلَهُمْ وَلَا جَاۤنٌّۚ٥٦
Fīhinna qāṣirātuṭ-ṭarf(i), lam yaṭmiṡhunna insun qablahum wa lā jānn(un).
[56]
Di éta dua sawarga téh aya (widadari-widadari) anu sok ngajagi paningalina (ngan pikeun pasanganana wungkul), anu can kungsi digadabah ku manusa atawa ku jin saméméh ku aranjeunna.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٥٧
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[57]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
كَاَنَّهُنَّ الْيَاقُوْتُ وَالْمَرْجَانُۚ٥٨
Ka'annahunnal-yāqūtu wal-marjān(u).
[58]
Éta widadari-widadari téh lir ibarat permata yaqut jeung marjan.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٥٩
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[59]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
هَلْ جَزَاۤءُ الْاِحْسَانِ اِلَّا الْاِحْسَانُۚ٦٠
Hal jazā'ul-iḥsāni illal-iḥsān(u).
[60]
Apan teu aya wawales pikeun kahadéan iwal ti ku kahadéan deui?
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٦١
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[61]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
وَمِنْ دُوْنِهِمَا جَنَّتٰنِۚ٦٢
Wa min dūnihimā jannatān(i).
[62]
Salian ti éta dua sawarga téh aya deui dua sawarga anu séjénna. 862
862) Salian ti dua sawarga anu disebut saméméhna, aya deui dua sawarga pikeun jalma-jalma mu’min anu kurang darajatna ti jalma-jalma anu diasupkeun ka dua sawarga anu mimiti.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۙ٦٣
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[63]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
مُدْهَاۤمَّتٰنِۚ٦٤
Mudhāmmatān(i).
[64]
Di éta dua sawarga téh (katingal) héjo ngémploh warnana.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِ٦٥
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[65]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فِيْهِمَا عَيْنٰنِ نَضَّاخَتٰنِۚ٦٦
Fīhimā ‘aināni naḍḍākhatān(i).
[66]
Di jero éta dua (sawarga téh) aya dua liang cai anu mancer.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٦٧
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[67]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فِيْهِمَا فَاكِهَةٌ وَّنَخْلٌ وَّرُمَّانٌۚ٦٨
Fīhimā fākihatuw wa nakhluw wa rummān(un).
[68]
Di jero éta dua (sawarga téh) aya bubuahan, korma, sarta dalima.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٦٩
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[69]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
فِيْهِنَّ خَيْرٰتٌ حِسَانٌۚ٧٠
Fīhinna khairātun ḥisān(un).
[70]
Di éta dua sawarga téh aya (widadari-widadari) anu mulia (ahlakna) tur geulis.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٧١
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[71]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
حُوْرٌ مَّقْصُوْرٰتٌ فِى الْخِيَامِۚ٧٢
Ḥūrum maqṣūrātun fil-khiyām(i).
[72]
Widadari-widadari anu dipingit di kémah-kémah.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٧٣
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[73]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
لَمْ يَطْمِثْهُنَّ اِنْسٌ قَبْلَهُمْ وَلَا جَاۤنٌّۚ٧٤
Lam yaṭmiṡhunna insun qablahum wa lā jānn(un).
[74]
Éta widadari-widadari can kungsi digadabah ku manusa atawa ku jin saméméh aranjeunna.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٧٥
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[75]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
مُتَّكِـِٕيْنَ عَلٰى رَفْرَفٍ خُضْرٍ وَّعَبْقَرِيٍّ حِسَانٍۚ٧٦
Muttaki'īna ‘alā rafrafin khuḍriw wa ‘abqariyyin ḥisān(in).
[76]
Aranjeunna (ahli sawarga) pada nyarandé dina bantal-bantal anu hejo jeung dina permadani-permadani anu éndah.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبٰنِۚ٧٧
Fa bi'ayyi ālā'i rabbikumā tukażżibān(i).
[77]
Nya ni’mat Pangéran aranjeun duaan (manusa jeung jin) anu mana anu rék dibohongkeun ku aranjeun?
تَبٰرَكَ اسْمُ رَبِّكَ ذِى الْجَلٰلِ وَالْاِكْرَامِ ࣖ٧٨
Tabārakasmu rabbika żil-jalāli wal-ikrām(i).
[78]
Mahaberkah jenengan Pangéran anu kagungan kaagungan sareng kamulyaan.