Surah Al-Qamar

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِقْتَرَبَتِ السَّاعَةُ وَانْشَقَّ الْقَمَرُ١
Iqtarabatis-sā‘atu wansyaqqal-qamar(u).
[1] Poé Kiamat beuki deukeut jeung bulan geus beulah.

وَاِنْ يَّرَوْا اٰيَةً يُّعْرِضُوْا وَيَقُوْلُوْا سِحْرٌ مُّسْتَمِرٌّ٢
Wa iy yarau āyatay yu‘riḍū wa yaqūlū siḥrum mustamirr(un).
[2] Lamun seug nénjo hiji tanda (mujijat), maranéhna (jalma-jalma musrik) ngabalieur bari ngomong, “(Ieu mah) sihir anu terus-terusan.”

وَكَذَّبُوْا وَاتَّبَعُوْٓا اَهْوَاۤءَهُمْ وَكُلُّ اَمْرٍ مُّسْتَقِرٌّ٣
Wa każżabū wattaba‘ū ahwā'ahum wa kullu amrim mustaqirr(un).
[3] Maranéhna ngabohongkeun (Muhammad) jeung nurutkeun hawa napsuna, padahal unggal urusan geus aya katangtuanana.

وَلَقَدْ جَاۤءَهُمْ مِّنَ الْاَنْۢبَاۤءِ مَا فِيْهِ مُزْدَجَرٌۙ٤
Wa laqad jā'ahum minal-ambā'i mā fīhi muzdajar(un).
[4] Tétéla geus datang ka maranéhna sawaréh kisah-kisah anu nyaritakeun ngeunaan ancaman (pikeun jalma-jalma kapir),

حِكْمَةٌ ۢ بَالِغَةٌ فَمَا تُغْنِ النُّذُرُۙ٥
Ḥikmatum bāligatun famā tugnin-nużur(u).
[5] (Éta kisah-kisah téh) hiji hikmah anu sampurna, ngan éta pépéling-pépéling téh teu mangpa’at (pikeun maranéhna).

فَتَوَلَّ عَنْهُمْ ۘ يَوْمَ يَدْعُ الدَّاعِ اِلٰى شَيْءٍ نُّكُرٍۙ٦
Fa tawalla ‘anhum, yauma yad‘ud-dā‘i ilā syai'in nukur(in).
[6] Geura ngabalieur baé hidep (Muhammad) ti maranéhna. Dina poé (nalika) panggero (malaikat) ngajak ka (maranéhna) kana perkara anu teu dipikaresep (Poé Pangwalesan).

خُشَّعًا اَبْصَارُهُمْ يَخْرُجُوْنَ مِنَ الْاَجْدَاثِ كَاَنَّهُمْ جَرَادٌ مُّنْتَشِرٌۙ٧
Khusysya‘an abṣāruhum yakhrujūna minal-ajdāṡi ka'annahum jarādum muntasyir(un).
[7] Tetempoan maranéhna ceuleuyeu. Maranéhna kaluar tina kuburan kawas simeut anu rabeng.

مُّهْطِعِيْنَ اِلَى الدَّاعِۗ يَقُوْلُ الْكٰفِرُوْنَ هٰذَا يَوْمٌ عَسِرٌ٨
Muhṭi‘īna ilad-dā‘(i), yaqūlul-kāfirūna hāżā yaumun ‘asir(un).
[8] Maranéhna gagancangan datang ka éta anu ngageroan. Jalma-jalma kapir ngomong, “Ieu téh poé anu hésé.”

۞ كَذَّبَتْ قَبْلَهُمْ قَوْمُ نُوْحٍ فَكَذَّبُوْا عَبْدَنَا وَقَالُوْا مَجْنُوْنٌ وَّازْدُجِرَ٩
Każżabat qablahum qaumu nūḥin fakażżabū ‘abdanā wa qālū majnūnuw wazdujir(a).
[9] Saméméh maranéhna, kaom Nuh ogé geus ngabohongkeun (rasul). Maranéhna ngabohongkeun hamba Kami (Nuh) jeung ngomong kieu, “(Nuh téh) jalma gélo.” Tuluy anjeunna dibentak ku maranéhna.

فَدَعَا رَبَّهٗٓ اَنِّيْ مَغْلُوْبٌ فَانْتَصِرْ١٠
Fa da‘ā rabbahū annī maglūbun fantaṣir.
[10] Nuh unjukan ka Allah, “Sayaktosna abdi parantos diéléhkeun, mugi Gusti maparin pitulung (ka abdi).”

فَفَتَحْنَآ اَبْوَابَ السَّمَاۤءِ بِمَاۤءٍ مُّنْهَمِرٍۖ١١
Fa fataḥnā abwābas-samā'i bimā'im munhamir(in).
[11] Lajeng Kami mukakeun panto-panto langit kalayan (nurunkeun) cai anu ngageyer,

وَّفَجَّرْنَا الْاَرْضَ عُيُوْنًا فَالْتَقَى الْمَاۤءُ عَلٰٓى اَمْرٍ قَدْ قُدِرَ ۚ١٢
Wa fajjarnal-arḍa ‘uyūnan faltaqal-mā'u ‘alā amrin qad qudir(a).
[12] Kami ngajadikeun (tina) bumi ngaluarkeun cinyusu-cinyusu, tuluy éta cai ngumpul (anu ngabalukarkeun) kaayaan (banjir bah) anu geus ditetepkeun.

وَحَمَلْنٰهُ عَلٰى ذَاتِ اَلْوَاحٍ وَّدُسُرٍۙ١٣
Wa ḥamalnāhu ‘alā żāti alwāḥiw wa dusur(in).
[13] Kami angkut anjeunna (Nuh) ka luhur (parahu) anu dijieun tina kai jeung paseuk-paseuk,

تَجْرِيْ بِاَعْيُنِنَاۚ جَزَاۤءً لِّمَنْ كَانَ كُفِرَ١٤
Tajrī bi'a‘yuninā, jazā'al liman kāna kufir(a).
[14] anu lalayaran kalayan panalingaan Kami minangka wawales pikeun jalma anu geus diingkaran (ku kaomna).

وَلَقَدْ تَّرَكْنٰهَآ اٰيَةً فَهَلْ مِنْ مُّدَّكِرٍ١٥
Wa laqat taraknāhā āyatan fahal mim muddakir(in).
[15] Tétéla, Kami bener-bener geus ngajadikeun éta parahu minangka tanda (atikan). Naha aya kitu jalma anu hayang ngalap atikan?

فَكَيْفَ كَانَ عَذَابِيْ وَنُذُرِ١٦
Fa kaifa kāna ‘ażābī wa nużur(i).
[16] Kacida rongkahna siksa jeung pépéling Kami téh!

وَلَقَدْ يَسَّرْنَا الْقُرْاٰنَ لِلذِّكْرِ فَهَلْ مِنْ مُّدَّكِرٍ١٧
Wa laqad yassarnal-qur'āna liż-żikri fahal mim muddakir(in).
[17] Tétéla Kami bener-bener geus ngagampangkeun kana Al-Qur’an pikeun pépéling, naha aya kitu jalma anu hayang ngalap atikan?

كَذَّبَتْ عَادٌ فَكَيْفَ كَانَ عَذَابِيْ وَنُذُرِ١٨
Każżabat ‘ādun fa kaifa kāna ‘ażābī wa nużur(i).
[18] Kaom ‘Ad geus ngabohongkeun (rasulna). Nya kacida rongkahna siksa jeung pépéling Kami!

اِنَّآ اَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ رِيْحًا صَرْصَرًا فِيْ يَوْمِ نَحْسٍ مُّسْتَمِرٍّۙ١٩
Innā arsalnā ‘alaihim rīḥan ṣarṣaran fī yaumi naḥsim mustamirr(in).
[19] Sabenerna Kami geus niupkeun angin anu badag tur ngagelebug ka maranéhna dina poé anu naas kalayan teu eureun-eureun,

تَنْزِعُ النَّاسَۙ كَاَنَّهُمْ اَعْجَازُ نَخْلٍ مُّنْقَعِرٍ٢٠
Tanzi‘un-nās(a), ka'annahum a‘jāzu nakhlim munqa‘ir(in).
[20] anu ngajadikeun jalma-jalma patingjarungkel lir tangkal-tangkal korma anu rungkad katut akar-akarna.

فَكَيْفَ كَانَ عَذَابِيْ وَنُذُرِ٢١
Fa kaifa kāna ‘ażābī wa nużur(i).
[21] Nya kacida rongkahna siksa jeung pépéling Kami!

وَلَقَدْ يَسَّرْنَا الْقُرْاٰنَ لِلذِّكْرِ فَهَلْ مِنْ مُّدَّكِرٍ ࣖ٢٢
Wa laqad yassarnal-qur'āna liż-żikri fahal mim muddakir(in).
[22] Sabenerna Kami geus ngagampangkeun kana Al-Qur’an pikeun (dijadikeun) pépéling. Naha aya kitu jalma anu hayang ngalap atikan?

كَذَّبَتْ ثَمُوْدُ بِالنُّذُرِ٢٣
Każżabat ṡamūdu bin-nużur(i).
[23] Kaom Tsamus ogé geus ngabohongkeun pépéling-pépéling Kami.

فَقَالُوْٓا اَبَشَرًا مِّنَّا وَاحِدًا نَّتَّبِعُهٗٓ ۙاِنَّآ اِذًا لَّفِيْ ضَلٰلٍ وَّسُعُرٍ٢٤
Fa qālū abasyaram minnā wāḥidan nattabi‘uh(ū), innā iżal lafī ḍalāliw wa su‘ur(in).
[24] Maranéhna ngomong kieu, “Kumaha urang sadaya bakal milu ka saurang jalma (biasa) di antara urang sadaya? Saenyana upama kitu mah urang téh bener-bener geus kasasar jeung gélo.

ءَاُلْقِيَ الذِّكْرُ عَلَيْهِ مِنْۢ بَيْنِنَا بَلْ هُوَ كَذَّابٌ اَشِرٌ٢٥
A'ulqiyaż-żikru ‘alaihi mim baininā bal huwa każżābun asyir(un).
[25] Naha wahyu pantes diturunkeun ka manéhna (jalma biasa) di antara urang saréréa? Pasti manéhna (Soléh) téh jalma tukang ngabohong jeung sombong.”

سَيَعْلَمُوْنَ غَدًا مَّنِ الْكَذَّابُ الْاَشِرُ٢٦
Saya‘lamūna gadam manil-każżābul-asyir(u).
[26] Engké ogé maranéhna bakal nyaho, saha anu sabenerna tukang bohong jeung sombong téh?”

اِنَّا مُرْسِلُوا النَّاقَةِ فِتْنَةً لَّهُمْ فَارْتَقِبْهُمْ وَاصْطَبِرْۖ٢٧
Innā mursilun-nāqati fitnatal lahum fartaqibhum waṣṭabir.
[27] Sabenerna Kami rék ngirimkeun onta bikang minangka cocoba pikeun maranéhna, nya tungguan baé maranéhna ku hidep (Soléh) jeung sing sabar!

وَنَبِّئْهُمْ اَنَّ الْمَاۤءَ قِسْمَةٌ ۢ بَيْنَهُمْۚ كُلُّ شِرْبٍ مُّحْتَضَرٌ٢٨
Wa nabbi'hum annal-mā'a qismatum bainahum, kullu syirbim muḥtaḍar(un).
[28] Pék béjakeun ka maranéhna yén éta cai dibagi antara maranéhna jeung onta bikang. Saban jalma ngabogaan hak bagian giliran nginum.

فَنَادَوْا صَاحِبَهُمْ فَتَعَاطٰى فَعَقَرَ٢٩
Fa nādau ṣāḥibahum fa ta‘āṭā fa ‘aqar(a).
[29] Tuluy maranéhna nyalukan baturna, tuluy baturna néwak jeung meuncit (éta onta).

فَكَيْفَ كَانَ عَذَابِيْ وَنُذُرِ٣٠
Fakaifa kāna ‘ażābī wa nużur(i).
[30] Nya kacida rongkahna siksa jeung pépéling Kami!

اِنَّآ اَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ صَيْحَةً وَّاحِدَةً فَكَانُوْا كَهَشِيْمِ الْمُحْتَظِرِ٣١
Innā arsalnā ‘alaihim ṣaiḥataw wāḥidatan fa kānū kahasyīmil-muḥtaẓir(i).
[31] Sabenerna Kami ngirimkeun ka maranéhna hiji sora anu ngageleger, tuluy maranéhna ajur lir catang-catang garing anu bobo.

وَلَقَدْ يَسَّرْنَا الْقُرْاٰنَ لِلذِّكْرِ فَهَلْ مِنْ مُّدَّكِرٍ٣٢
Wa laqad yassarnal-qur'āna liż-żikri fahal mim muddakir(in).
[32] Sabenerna Kami geus ngagampangkeun kana Al-Qur’an pikeun (dijadikeun) pépéling.

كَذَّبَتْ قَوْمُ لُوْطٍ ۢبِالنُّذُرِ٣٣
Każżabat qaumu lūṭim bin-nużur(i).
[33] Kaom Lut ogé geus ngabohongkeun pépéling-pépéling (Kami)!

اِنَّآ اَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ حَاصِبًا اِلَّآ اٰلَ لُوْطٍ ۗنَجَّيْنٰهُمْ بِسَحَرٍۙ٣٤
Innā arsalnā ‘alaihim ḥāṣiban illā āla lūṭ(in), najjaināhum bisaḥar(in).
[34] Saenyana Kami geus ngirimkeun badai batu (anu tumiba ka maranéhna), iwal ka kulawarga Lut. Kami nyalametkeun aranjeunna saméméh meleték panonpoé,

نِّعْمَةً مِّنْ عِنْدِنَاۗ كَذٰلِكَ نَجْزِيْ مَنْ شَكَرَ٣٥
Ni‘matam min ‘indinā, każālika najzī man syakar(a).
[35] minangka ni’mat ti Kami. Kitu pisan Kami maparin ganjaran pikeun jalma-jalma anu sukuran.

وَلَقَدْ اَنْذَرَهُمْ بَطْشَتَنَا فَتَمَارَوْا بِالنُّذُرِ٣٦
Wa laqad anżarahum baṭsyatanā fa tamārau bin-nużur(i).
[36] Saleresna anjeunna (Lut) geus mépélingan maranéhna ngeunaan hukuman Kami, ngan maranéhna ngabantah kana pépéling-pépéling Kami.

وَلَقَدْ رَاوَدُوْهُ عَنْ ضَيْفِهٖ فَطَمَسْنَآ اَعْيُنَهُمْ فَذُوْقُوْا عَذَابِيْ وَنُذُرِ٣٧
Wa laqad rāwadūhu ‘an ḍaifihī fa ṭamasnā a‘yunahum fa żūqū ‘ażābī wa nużur(i).
[37] Tétéla maranéhna geus ngeukeuhan (sangkan masrahkeun) tamuna (ka maranéhna), tuluy Kami ngabolorkeun panon-panon maranéhna, mangka rasakeun siksa jeung ancaman Kami!

وَلَقَدْ صَبَّحَهُمْ بُكْرَةً عَذَابٌ مُّسْتَقِرٌّۚ٣٨
Wa laqad ṣabbaḥahum bukratan ‘ażābum mustaqirr(un).
[38] Saenyana dina poé isukna maranéhna bener-bener ditibanan siksa anu geus ditetepkeun.

فَذُوْقُوْا عَذَابِيْ وَنُذُرِ٣٩
Fa żūqū ‘ażābī wa nużur(i).
[39] Ku kituna, rasakeun ku maranéh siksa jeung ancaman Kami!

وَلَقَدْ يَسَّرْنَا الْقُرْاٰنَ لِلذِّكْرِ فَهَلْ مِنْ مُّدَّكِرٍ ࣖ٤٠
Wa laqad yassarnal-qur'āna liż-żikri fahal mim muddakir(in).
[40] Sabenerna Kami geus ngagampangkeun Al-Qur’an pikeun (dijadikeun) pépéling. Naha aya kitu jalma anu hayang ngalap atikan?

وَلَقَدْ جَاۤءَ اٰلَ فِرْعَوْنَ النُّذُرُۚ٤١
Wa laqad jā'a āla fir‘aunan-nużur(u).
[41] Tétéla pépéling geus datang ka kulawarga Fir’aun.

كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا كُلِّهَا فَاَخَذْنٰهُمْ اَخْذَ عَزِيْزٍ مُّقْتَدِرٍ٤٢
Każżabū bi'āyātinā kullihā fa'akhażnāhum akhża ‘azīzim muqtadir(in).
[42] Maranéhna ngabohongkeun sakabéh mujijat Kami, mangka Kami siksa maranéhna kalayan siksa ti Nu Mahagagah (tur) Mahakawasa.

اَكُفَّارُكُمْ خَيْرٌ مِّنْ اُولٰۤىِٕكُمْ اَمْ لَكُمْ بَرَاۤءَةٌ فِى الزُّبُرِۚ٤٣
Akuffārukum khairum min ulā'ikum am lakum barā'atun fiz-zubur(i).
[43] Naha jalma-jalma kapir di sabudeureun maranéh (kaom musrikin) leuwih hadé tibatan maranéhna, atawa maranéhna geus ngabogaan jaminan kasalametan (tina siksa) dina kitab-kitab anu baheula?

اَمْ يَقُوْلُوْنَ نَحْنُ جَمِيْعٌ مُّنْتَصِرٌ٤٤
Am yaqūlūna naḥnu jamī‘um muntaṣir(un).
[44] Atawa maranéhna ngomong, “Kuring sadaya téh golongan anu ngahiji anu bakal unggul.”

سَيُهْزَمُ الْجَمْعُ وَيُوَلُّوْنَ الدُّبُرَ٤٥
Sayuhzamul-jam‘u wa yuwallūnad-dubur(a).
[45] Éta golongan pasti bakal diéléhkeun sarta bakal balik ka tukang (mundur).

بَلِ السَّاعَةُ مَوْعِدُهُمْ وَالسَّاعَةُ اَدْهٰى وَاَمَرُّ٤٦
Balis-sā‘atu mau‘iduhum was-sā‘atu adhā wa amarr(u).
[46] Malahan Poé Kiamat téh poé anu geus dijangjikeun ka maranéhna jeung éta poé téh leuwih rongkah jeung leuwih peuheur.

اِنَّ الْمُجْرِمِيْنَ فِيْ ضَلٰلٍ وَّسُعُرٍۘ٤٧
Innal-mujrimīna fī ḍalāliw wa su‘ur(in).
[47] Saenyana jalma-jalma anu doraka aya dina kasasaran jeung aya dina (naraka) Sa’ir.

يَوْمَ يُسْحَبُوْنَ فِى النَّارِ عَلٰى وُجُوْهِهِمْۗ ذُوْقُوْا مَسَّ سَقَرَ٤٨
Yauma yusḥabūna fin-nāri ‘alā wujūhihim, żūqū massa saqar(a).
[48] Dina poéan maranéhna diséréd ka naraka ku beungeut-beungeutna. (Dicaritakeun ka maranéhna), “Pék rasakeun ngagudagna seuneu naraka.”

اِنَّا كُلَّ شَيْءٍ خَلَقْنٰهُ بِقَدَرٍ٤٩
Innā kulla syai'in khalaqnāhu biqadar(in).
[49] Sabenerna Kami nyiptakeun sagala perkara maké ukuran.

وَمَآ اَمْرُنَآ اِلَّا وَاحِدَةٌ كَلَمْحٍ ۢبِالْبَصَرِ٥٠
Wa mā amrunā illā wāḥidatun kalamḥim bil-baṣar(i).
[50] Paréntah Kami (waktu ngersakeun hiji perekara) iwal sakali (kalayan) sadawuh saperti sakedét nétra.

وَلَقَدْ اَهْلَكْنَآ اَشْيَاعَكُمْ فَهَلْ مِنْ مُّدَّكِرٍ٥١
Wa laqad ahlaknā asy-yā‘akum fahal mim muddakir(in).
[51] Tétéla geus Kami binasakeun jalma-jalma anu sarupa jeung maranéh (kakupuranana). Aya kitu jalma anu hayang ngalap atikan?

وَكُلُّ شَيْءٍ فَعَلُوْهُ فِى الزُّبُرِ٥٢
Wa kullu syai'in fa‘alūhu fiz-zubur(i).
[52] Sagala perkara anu geus dipilampah ku maranéhna téh (dicatet) dina buku-buku catetanana.

وَكُلُّ صَغِيْرٍ وَّكَبِيْرٍ مُّسْتَطَرٌ٥٣
Wa kullu ṣagīriw wa kabīrim mustaṭar(un).
[53] Sagala (perkara) anu leutik jeung anu gedé (sakabéhna) dicatetkeun.

اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِيْ جَنّٰتٍ وَّنَهَرٍۙ٥٤
Innal-muttaqīna fī jannātiw wa nahar(in).
[54] Saenyana jalma-jalma anu takwa aya dina patamanan jeung walungan-walungan,

فِيْ مَقْعَدِ صِدْقٍ عِنْدَ مَلِيْكٍ مُّقْتَدِرٍ ࣖ٥٥
Fī maq‘adi ṣidqin ‘inda malīkim muqtadir(in).
[55] dina tempat anu merenah di mungguhing Mantenna Nu Mahakawasa.