Surah An-Najm
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالنَّجْمِ اِذَا هَوٰىۙ١
Wan-najmi iżā hawā.
[1]
Demi béntang dina waktu surup.
مَا ضَلَّ صَاحِبُكُمْ وَمَا غَوٰىۚ٢
Mā ḍalla ṣāḥibukum wa mā gawā.
[2]
Sobat aranjeun (Muhammad) henteu sasar jeung henteu (pisan) kaliru.
وَمَا يَنْطِقُ عَنِ الْهَوٰى٣
Wa mā yanṭiqu ‘anil-hawā.
[3]
Anjeunna henteu ngucapkeun (Al-Qur’an jeung kateranganana) nurutkeun kahayang hawa napsuna.
اِنْ هُوَ اِلَّا وَحْيٌ يُّوْحٰىۙ٤
In huwa illā waḥyuy yūḥā.
[4]
(Al-Qur’an téh) taya lian anging wahyu anu ditepikeun (ka anjeunna),
عَلَّمَهٗ شَدِيْدُ الْقُوٰىۙ٥
‘Allamahū syadīdul-quwā.
[5]
anu diwulangkeun ka anjeunna ku (Jibril) anu kacida kuatna,
ذُوْ مِرَّةٍۗ فَاسْتَوٰىۙ٦
Żū mirrah(tin), fastawā.
[6]
anu mibanda kapengkuhan. (Jibril) lajeng némbongkeun jirimna anu asli
وَهُوَ بِالْاُفُقِ الْاَعْلٰىۗ٧
Wa huwa bil-ufuqil-a‘lā.
[7]
waktu anjeunna (Jibril) aya di awang-awang.
ثُمَّ دَنَا فَتَدَلّٰىۙ٨
Ṡumma danā fa tadallā.
[8]
Lajeng anjeunna nyaketan (ka Muhammad), lajeng nyaketan deui dugi ka tambah caket,
فَكَانَ قَابَ قَوْسَيْنِ اَوْ اَدْنٰىۚ٩
Fa kāna qāba qausaini au adnā.
[9]
dugi ka anggangna (ka Muhammad) kira-kira dua pamentang jamparing atawa langkung caket (deui).
فَاَوْحٰىٓ اِلٰى عَبْدِهٖ مَآ اَوْحٰىۗ١٠
Fa auḥā ilā ‘abdihī mā auḥā.
[10]
Lajeng Allah ngawahyukeun ka hamba-Na (Jibril) naon rupa anu kedah didugikeun (ka Muhammad).
مَا كَذَبَ الْفُؤَادُ مَا رَاٰى١١
Mā każabal-fu'ādu mā ra'ā.
[11]
Manahna (Muhammad) henteu ngabohongkeun kana naon anu geus ditingalina.
اَفَتُمٰرُوْنَهٗ عَلٰى مَا يَرٰى١٢
Afa tumārūnahū ‘alā mā yarā.
[12]
Naha maranéh (kaom musrikin Mekah) rék ngabantah ngeunaan naon anu ditingali ku anjeunna (Muhammad)?
وَلَقَدْ رَاٰهُ نَزْلَةً اُخْرٰىۙ١٣
Wa laqad ra'āhu nazlatan ukhrā.
[13]
Saleresna anjeunna (Muhammad) kungsi ningali malaikat Jibril (dina rupana anu asli) waktu séjén.
عِنْدَ سِدْرَةِ الْمُنْتَهٰى١٤
‘Inda sidratil-muntahā.
[14]
(nyaéta waktu nuju) di Sidratulmuntaha. 856
856) Sidratulmuntaha nyaéta tempat anu pangluhurna di langit katujuh, anu parantos disumpingan ku Nabi Muhammad Saw. waktu mi‘raj.
عِنْدَهَا جَنَّةُ الْمَأْوٰىۗ١٥
‘Indahā jannatul-ma'wā.
[15]
Di caketeunana aya sawarga anu jadi padumukan.
اِذْ يَغْشَى السِّدْرَةَ مَا يَغْشٰىۙ١٦
Iż yagsyas-sidrata mā yagsyā.
[16]
(Muhammad ningali Jibril) dina waktu Sidratulmuntaha katutupan ku nu nutupanana (nu matak tajub).
مَا زَاغَ الْبَصَرُ وَمَا طَغٰى١٧
Mā zāgal-baṣaru wa mā ṭagā.
[17]
Paningalna Rasul (Muhammad) henteu méngpar sareng henteu ngaleuleuwihi (ka nu ditingalna).
لَقَدْ رَاٰى مِنْ اٰيٰتِ رَبِّهِ الْكُبْرٰى١٨
Laqad ra'ā min āyāti rabbihil-kubrā.
[18]
Tétéla anjeunna geus ningali sawaréh tanda (kakawasaan) Pangéran anu kalintang agungna.
اَفَرَءَيْتُمُ اللّٰتَ وَالْعُزّٰى١٩
Afa ra'aitumul-lāta wal-‘uzzā.
[19]
Naha pantes maranéh (jalma-jalma musrik) nganggap (dua berhala) al-Lāta jeung ‘Uzzā,
وَمَنٰوةَ الثَّالِثَةَ الْاُخْرٰى٢٠
Wa manātaṡ-ṡāliṡatal-ukhrā.
[20]
sarta Manāt anu katiluna (minangka anak awéwéna Allah nu disembah ku maranéh)?
اَلَكُمُ الذَّكَرُ وَلَهُ الْاُنْثٰى٢١
Alakumuż-żakaru wa lahul-unṡā.
[21]
Naha (pantes) pikeun maranéh (barudak) lalaki, sedengkeun pikeun Allah (barudak) awéwé?
تِلْكَ اِذًا قِسْمَةٌ ضِيْزٰى٢٢
Tilka iżan qismatun ḍīzā.
[22]
Atuh ari kitu carana mah tangtu mangrupa babagi anu teu adil.
اِنْ هِيَ اِلَّآ اَسْمَاۤءٌ سَمَّيْتُمُوْهَآ اَنْتُمْ وَاٰبَاۤؤُكُمْ مَّآ اَنْزَلَ اللّٰهُ بِهَا مِنْ سُلْطٰنٍۗ اِنْ يَّتَّبِعُوْنَ اِلَّا الظَّنَّ وَمَا تَهْوَى الْاَنْفُسُۚ وَلَقَدْ جَاۤءَهُمْ مِّنْ رَّبِّهِمُ الْهُدٰىۗ٢٣
In hiya illā asmā'un sammaitumūhā antum wa ābā'ukum mā anzalallāhu bihā min sulṭān(in), iy yattabi‘ūna illaẓ-ẓanna wa mā tahwal-anfus(u), wa laqad jā'ahum mir rabbihimul-hudā.
[23]
Éta (berhala-berhala) téh taya lian ngan saukur ngaran-ngaran anu diaya-ayakeun ku maranéh jeung karuhun-karuhun maranéh, Allah henteu ngalungsurkeun katerangan nanaon pikeun (nyembah) hal éta. Maranéhna taya lian iwal ti nurutkeun sangkaan jeung rupa-rupa anu dipikahayang ku hawa napsuna. Padahal maranéhna bener-bener geus didatangan pituduh ti Pangéranana.
اَمْ لِلْاِنْسَانِ مَا تَمَنّٰىۖ٢٤
Am lil-insāni mā tamannā.
[24]
Naha manusa téh bakal meunang sagala rupa anu diimpi-impikeunana?
فَلِلّٰهِ الْاٰخِرَةُ وَالْاُوْلٰى ࣖ٢٥
Fa lillāhil-ākhiratu wal-ūlā.
[25]
(Henteu!) Mung kagungan Allah kahirupan ahérat jeung dunya.
۞ وَكَمْ مِّنْ مَّلَكٍ فِى السَّمٰوٰتِ لَا تُغْنِيْ شَفَاعَتُهُمْ شَيْـًٔا اِلَّا مِنْۢ بَعْدِ اَنْ يَّأْذَنَ اللّٰهُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيَرْضٰى٢٦
Wa kam mim malakin fis-samāwāti lā tugnī syafā‘atuhum syai'an illā mim ba‘di ay ya'żanallāhu limay yasyā'u wa yarḍā.
[26]
Kacida lobana malaikat di langit anu sapa’atna henteu aya gunana saeutik ogé, iwal sanggeusna kénging widi ti Allah (keur dipasihkeun) ka saha baé anu dipikersa tur dipikarido ku Mantenna.
اِنَّ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ لَيُسَمُّوْنَ الْمَلٰۤىِٕكَةَ تَسْمِيَةَ الْاُنْثٰى٢٧
Innal-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati layusammūnal-malā'ikata tasmiyatal-unṡā.
[27]
Saenyana jalma-jalma anu henteu iman kana (kahirupan) ahérat, maranéhna bener-bener ngaranan para malaikat ku ngaran awéwé.
وَمَا لَهُمْ بِهٖ مِنْ عِلْمٍۗ اِنْ يَّتَّبِعُوْنَ اِلَّا الظَّنَّ وَاِنَّ الظَّنَّ لَا يُغْنِيْ مِنَ الْحَقِّ شَيْـًٔاۚ٢٨
Wa mā lahum bihī min ‘ilm(in), iy yattabi‘ūna illaẓ-ẓann(a), wa innaẓ-ẓanna lā yugnī minal-ḥaqqi syai'ā(n).
[28]
Maranéhna henteu miboga kanyaho ngeunaan hal éta. Maranéhna taya lian ngan saukur nurutkeun sangkaan wungkul. Saenyana ari sangkaan téh henteu aya gunana saeutik ogé pikeun bebeneran.
فَاَعْرِضْ عَنْ مَّنْ تَوَلّٰىۙ عَنْ ذِكْرِنَا وَلَمْ يُرِدْ اِلَّا الْحَيٰوةَ الدُّنْيَاۗ٢٩
Fa a‘riḍ ‘am man tawallā, ‘an żikrinā wa lam yurid illal-ḥayātad-dun-yā.
[29]
Ku kituna, geura tinggalkeun ku hidep (Muhammad) jalma anu ngabalieur tina pépéling Kami. Maranéhna ngan mikahayang kahirupan dunya wungkul.
ذٰلِكَ مَبْلَغُهُمْ مِّنَ الْعِلْمِۗ اِنَّ رَبَّكَ هُوَ اَعْلَمُ بِمَنْ ضَلَّ عَنْ سَبِيْلِهٖۙ وَهُوَ اَعْلَمُ بِمَنِ اهْتَدٰى٣٠
Żālika mablaguhum minal-‘ilm(i), inna rabbaka huwa a‘lamu biman ḍalla ‘an sabīlih(ī), wa huwa a‘lamu bimanihtadā.
[30]
Samet dinya takeran élmu maranéhna. Saleresna Pangéran hidep (Muhammad) nya Mantenna langkung uninga ka saha anu sasar tina jalan-Na sareng anu meunang pituduh.
وَلِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ لِيَجْزِيَ الَّذِيْنَ اَسَاۤءُوْا بِمَا عَمِلُوْا وَيَجْزِيَ الَّذِيْنَ اَحْسَنُوْا بِالْحُسْنٰىۚ٣١
Wa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), liyajziyal-lażīna asā'ū bimā ‘amilū wa yajziyal-lażīna aḥsanū bil-ḥusnā.
[31]
Kagungan Allah sagala rupa anu aya di langit jeung bumi. (Ku kituna,) Mantenna bakal males ka jalma-jalma anu milampah jahat luyu jeung naon anu geus dipilampahna, Mantenna bakal ngaganjar jalma-jalma anu milampah kahadéan ku ganjaran (pahala) anu langkung saé (sawarga).
اَلَّذِيْنَ يَجْتَنِبُوْنَ كَبٰۤىِٕرَ الْاِثْمِ وَالْفَوَاحِشَ اِلَّا اللَّمَمَۙ اِنَّ رَبَّكَ وَاسِعُ الْمَغْفِرَةِۗ هُوَ اَعْلَمُ بِكُمْ اِذْ اَنْشَاَكُمْ مِّنَ الْاَرْضِ وَاِذْ اَنْتُمْ اَجِنَّةٌ فِيْ بُطُوْنِ اُمَّهٰتِكُمْۗ فَلَا تُزَكُّوْٓا اَنْفُسَكُمْۗ هُوَ اَعْلَمُ بِمَنِ اتَّقٰى ࣖ٣٢
Allażīna yajtanibūna kabā'iral-iṡmi wal-fawāḥisya illal-lamam(a), inna rabbaka wāsi‘ul-magfirah(ti), huwa a‘lamu bikum iż ansya'akum minal-arḍi wa iż antum ajinnatun fī buṭūni ummahātikum, falā tuzakkū anfusakum, huwa a‘lamu bimanittaqā.
[32]
(Nyaéta) jalma-jalma nu ngajauhan dosa-dosa gedé jeung pagawéan kotor, kajaba ti kasalahan-kasalahan nu laleutik. Saleresna Pangéran hidep (Muhammad) Maha Jembar-pangampura-Na. Mantenna langkung uninga kana kaayaan maranéh, ti ngawitan Mantenna nyiptakeun maranéh tina taneuh tuluy (waktu) maranéh masih mangrupa janin dina beuteung indung maranéh. Mangka, maranéh ulah ngarasa yén diri maranéh téh suci. Mantenna langkung saha jalma anu takwa téh.
اَفَرَءَيْتَ الَّذِيْ تَوَلّٰىۙ٣٣
Afa ra'aital-lażī tawallā.
[33]
Naha hidep (Muhammad) henteu ningali ka jalma anu ngabalieur (tina Al-Qur’an)?
وَاَعْطٰى قَلِيْلًا وَّاَكْدٰى٣٤
Wa a‘ṭā qalīlaw wa akdā.
[34]
Manéhna ngan méré saeutik (ti anu dijangjikeun) tuluy henteu mikeun sésana?
اَعِنْدَهٗ عِلْمُ الْغَيْبِ فَهُوَ يَرٰى٣٥
A‘indahū ‘ilmul-gaibi fahuwa yarā.
[35]
Naha manéhna boga kanyaho ngeunaan anu gaib kitu, nepi ka manéhna bisa nénjo?
اَمْ لَمْ يُنَبَّأْ بِمَا فِيْ صُحُفِ مُوْسٰى٣٦
Am lam yunabba' bimā fī ṣuḥufi mūsā.
[36]
Atawa naha tacan dibéjaan (ka manéhna) naon-naon anu aya dina lambaran-lambaran (Kitab anu diturunkeun ka) Musa
وَاِبْرٰهِيْمَ الَّذِيْ وَفّٰىٓ ۙ٣٧
Wa ibrāhīmal-lażī waffā.
[37]
jeung lambaran-lambaran Ibrahim anu geus nyampurnakeun jangji pasinina?
اَلَّا تَزِرُ وَازِرَةٌ وِّزْرَ اُخْرٰىۙ٣٨
Allā taziru wāziratuw wizra ukhrā.
[38]
(Dina éta lambaran-lambaran aya katangtuan) yén hiji jalma nu migawé dosa moal katempuhan ku dosa jalma séjénna,
وَاَنْ لَّيْسَ لِلْاِنْسَانِ اِلَّا مَا سَعٰىۙ٣٩
Wa al laisa lil-insāni illā mā sa‘ā.
[39]
yén hiji jalma ngan meunang naon anu geus diusahakeunana,
وَاَنَّ سَعْيَهٗ سَوْفَ يُرٰىۖ٤٠
Wa anna sa‘yahū saufa yurā.
[40]
yén saenyana (hasil) tina pagawéana téh bakal ditingalikeun (ka manéhna) jaga,
ثُمَّ يُجْزٰىهُ الْجَزَاۤءَ الْاَوْفٰىۙ٤١
Ṡumma yujzāhul-jazā'al-aufā.
[41]
tuluy bakal diwales ka manéhna ku wawales anu paling sampurna,
وَاَنَّ اِلٰى رَبِّكَ الْمُنْتَهٰىۙ٤٢
Wa anna ilā rabbikal-muntahā.
[42]
yén saenyana ngan ka Pangéran hidep (Muhammad) panungtungan (sagala urusan).
وَاَنَّهٗ هُوَ اَضْحَكَ وَاَبْكٰى٤٣
Wa annahū huwa aḍḥaka wa abkā.
[43]
yén saleresna Mantenna pisan anu tiasa ngajantenkeun jalma seuri jeung ceurik,
وَاَنَّهٗ هُوَ اَمَاتَ وَاَحْيَاۙ٤٤
Wa annahū huwa amāta wa aḥyā.
[44]
yén saleresna Mantenna pisan anu tiasa ngamaotkeun jeung ngahirupkeun,
وَاَنَّهٗ خَلَقَ الزَّوْجَيْنِ الذَّكَرَ وَالْاُنْثٰىۙ٤٥
Wa annahū khalaqaz-zaujainiż-żakara wal-unṡā.
[45]
yén saleresna Mantenna anu nyiptakeun jodo lalaki jeung awéwé,
مِنْ نُّطْفَةٍ اِذَا تُمْنٰىۙ٤٦
Min nuṭfatin iżā tumnā.
[46]
tina cai mani waktu dipancerkeun,
وَاَنَّ عَلَيْهِ النَّشْاَةَ الْاُخْرٰىۙ٤٧
Wa anna ‘alaihin nasy'atal-ukhrā.
[47]
yén saleresna Mantenna anu netepkeun panyiptaan anu séjénna (dihudangkeun sanggeus maot),
وَاَنَّهٗ هُوَ اَغْنٰى وَاَقْنٰىۙ٤٨
Wa annahū huwa agnā wa aqnā.
[48]
yén saleresna Mantenna pisan anu maparinan kabeungharan sareng kacukupan,
وَاَنَّهٗ هُوَ رَبُّ الشِّعْرٰىۙ٤٩
Wa annahū huwa rabbusy-syi‘rā.
[49]
yén saleresna Mantenna téh Pangéran (anu kagungan) béntang Syi’ra 857
857) Béntang anu jadi sesembahan urang Arab dina mangsa Jahiliah.
وَاَنَّهٗٓ اَهْلَكَ عَادًا ۨالْاُوْلٰىۙ٥٠
Wa annahū ahlaka ‘ādanil-ūlā.
[50]
yén saleresna Mantenna anu baheula geus ngabinasakeun kaom ‘Ad,
وَثَمُوْدَا۟ فَمَآ اَبْقٰىۙ٥١
Wa ṡamūda famā abqā.
[51]
jeung kaom Tsamud, teu aya saurang ogé anu disésakeun (hirup) ku Mantenna,
وَقَوْمَ نُوْحٍ مِّنْ قَبْلُۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا هُمْ اَظْلَمَ وَاَطْغٰىۗ٥٢
Wa qauma nūḥim min qabl(u), innahum kānū hum aẓlama wa aṭgā.
[52]
Kitu deui kaom Nuh (ogé dibinasakeun). Saenyana maranéhna téh leuwih dolim jeung leuwih doraka.
وَالْمُؤْتَفِكَةَ اَهْوٰىۙ٥٣
Wal-mu'tafikata ahwā.
[53]
Mantenna ogé geus ngajungkir-balikkeun nagri kaom Lut,
فَغَشّٰىهَا مَا غَشّٰىۚ٥٤
Fa gasysyāhā mā gasysyā.
[54]
lajeng ngurugan ka éta nagri kalayan (sésa-sésa wangunan) anu ninggang ka maranéhna.
فَبِاَيِّ اٰلَاۤءِ رَبِّكَ تَتَمَارٰى٥٥
Fa bi'ayyi ālā'i rabbika tatamārā.
[55]
Nya kana ni’mat Pangéran anu mana anu maranéh masih kénéh mangmang?
هٰذَا نَذِيْرٌ مِّنَ النُّذُرِ الْاُوْلٰى٥٦
Hāżā nażīrum minan-nużuril-ūlā.
[56]
Ieu (Muhammad) anu purah méré pépéling ti antara anu méré pépéling anu geus ti heula.
اَزِفَتِ الْاٰزِفَةُ ۚ٥٧
Azifatil-āzifah(tu).
[57]
Geus deukeut datangna (Poé Kiamat) téh.
لَيْسَ لَهَا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ كَاشِفَةٌ ۗ٥٨
Laisa lahā min dūnillāhi kāsyifah(tun).
[58]
Henteu aya anu bakal bisa ngungkab (kajadian éta poé) salian ti Allah.
اَفَمِنْ هٰذَا الْحَدِيْثِ تَعْجَبُوْنَۙ٥٩
Afamin hāżal-ḥadīṡi ta‘jabūn(a).
[59]
Ku kituna, naha maranéh ngarasa héran kana ieu béja?
وَتَضْحَكُوْنَ وَلَا تَبْكُوْنَۙ٦٠
Wa taḍḥakūna wa lā tabkūn(a).
[60]
Maranéh bet kalah ka seuri lain ceurik?
وَاَنْتُمْ سٰمِدُوْنَ٦١
Wa antum sāmidūn(a).
[61]
Bari maranéh balangah (tina éta kajadian Kiamat)?
فَاسْجُدُوْا لِلّٰهِ وَاعْبُدُوْا ࣖ ۩٦٢
Fasjudū lillāhi wa‘budū.
[62]
Ku kituna, pék geura sujud ka Allah jeung geura nyembah (ka Mantenna).