Surah At-Tur
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالطُّوْرِۙ١
Waṭ-ṭūr(i).
[1]
Demi gunung (Sinéy),
وَكِتٰبٍ مَّسْطُوْرٍۙ٢
Wa kitābim masṭūr(in).
[2]
demi Kitab anu ditulis,
فِيْ رَقٍّ مَّنْشُوْرٍۙ٣
Fī raqqim mansyūr(in).
[3]
dina lembaran anu kabuka,
وَّالْبَيْتِ الْمَعْمُوْرِۙ٤
Wal-baitil-ma‘mūr(i).
[4]
demi Baitulma’mur, 854
854) Baitulma’mur dina riwayat al-Bukhari, Muslim, jeung Tafsir Ibn Kaṡīr nyaéta imah anu aya di langit katujuh anu dieuyeubkeun ku 70.000 malaikat tur salawasna tasbéh ka Mantenna.
وَالسَّقْفِ الْمَرْفُوْعِۙ٥
Was-saqfil-marfū‘(i).
[5]
demi hateup nu diluhuran (langit),
وَالْبَحْرِ الْمَسْجُوْرِۙ٦
Wal-baḥril-masjūr(i).
[6]
(jeung) demi laut anu dipanaskeun (di jerona aya api).
اِنَّ عَذَابَ رَبِّكَ لَوَاقِعٌۙ٧
Inna ‘ażāba rabbika lawāqi‘(un).
[7]
Sabenerna siksa Pangéran anjeun pasti bakal kajadian,
مَّا لَهٗ مِنْ دَافِعٍۙ٨
Mā lahū min dāfi‘(in).
[8]
Moal aya hiji perkara ogé anu bisa nolakna.
يَّوْمَ تَمُوْرُ السَّمَاۤءُ مَوْرًاۙ٩
Yauma tamūrus-samā'u maurā(n).
[9]
Dina poé (nalika) langit oyag kalayan satarik-tarikna,
وَّتَسِيْرُ الْجِبَالُ سَيْرًاۗ١٠
Wa tasīrul-jibālu sairā(n).
[10]
Gunung-gunung gerak kalayan rongkah (nepi ka jadi lebu anu tinghaliber).
فَوَيْلٌ يَّوْمَىِٕذٍ لِّلْمُكَذِّبِيْنَۙ١١
Fawailuy yauma'iżil lil-mukażżibīn(a).
[11]
Dina éta poé nya cilaka pisan jalma-jalma anu ngabohongkeun,
الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ خَوْضٍ يَّلْعَبُوْنَۘ١٢
Allażīna hum fī khauḍiy yal‘abūn(a).
[12]
(nyaéta) jalma-jalma anu arulin dina kabatilan (migawé dosa),
يَوْمَ يُدَعُّوْنَ اِلٰى نَارِ جَهَنَّمَ دَعًّاۗ١٣
Yauma yuda‘‘ūna ilā nāri jahannama da‘‘ā(n).
[13]
dina poéan (nalika) maranéhna dipéngparkeun ka naraka Jahanam kalayan satarik-tarikna.
هٰذِهِ النَّارُ الَّتِيْ كُنْتُمْ بِهَا تُكَذِّبُوْنَ١٤
Hāżihin-nārul-latī kuntum bihā tukażżibūn(a).
[14]
(Dicaritakeun ka maranéhna). “Ieu téh naraka téa nu baheula ku maranéh sok dibohongkeun.
اَفَسِحْرٌ هٰذَآ اَمْ اَنْتُمْ لَا تُبْصِرُوْنَ١٥
Afasiḥrun hāżā am antum lā tubṣirūn(a).
[15]
Cing ieu téh sihir? Atawa maranéh anu henteu nempo?
اِصْلَوْهَا فَاصْبِرُوْٓا اَوْ لَا تَصْبِرُوْاۚ سَوَاۤءٌ عَلَيْكُمْۗ اِنَّمَا تُجْزَوْنَ مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ١٦
Iṣlauhā faṣbirū au lā taṣbirū, sawā'un ‘alaikum, innamā tujzauna mā kuntum ta‘malūn(a).
[16]
Jung maranéh arasup ka dinya (jeung rasakeun panas seuneuna)! Maranéh rék sabar boh teu sabar, sarua baé (moal aya mangpaatna) pikeun maranéh mah. Saenyana maranéh ngan diwales satimpal jeung naon anu geus dipilampah ku maranéh.”
اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِيْ جَنّٰتٍ وَّنَعِيْمٍۙ١٧
Innal-muttaqīna fī jannātiw wa na‘īm(in).
[17]
Saenyana jalma-jalma anu takwa aya di jero sawarga jeung kani’matan.
فٰكِهِيْنَ بِمَآ اٰتٰىهُمْ رَبُّهُمْۚ وَوَقٰىهُمْ رَبُّهُمْ عَذَابَ الْجَحِيْمِ١٨
Fākihīna bimā ātāhum rabbuhum, wa waqāhum rabbuhum ‘ażābal-jaḥīm(i).
[18]
Aranjeunna suka-bungah ku naon rupa anu dipaparinkeun ku Pangéran. Mantenna ngaraksa aranjeunna tina siksa naraka.
كُلُوْا وَاشْرَبُوْا هَنِيْۤـًٔا ۢبِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَۙ١٩
Kulū wasyrabū hanī'am bimā kuntum ta‘malūn(a).
[19]
(Didawuhkeun ka aranjeunna), “Pék geura taruang jeung ngalaleueut sing ni’mat minangka wawales tina naon rupa anu kantos dipidamel ku aranjeun.”
مُتَّكِـِٕيْنَ عَلٰى سُرُرٍ مَّصْفُوْفَةٍۚ وَزَوَّجْنٰهُمْ بِحُوْرٍ عِيْنٍ٢٠
Muttaki'īna ‘alā sururim maṣfūfah(tin), wa zawwajnāhum biḥūrin ‘īn(in).
[20]
Aranjeunna calik nyarandé dina dipan-dipan anu ngajajar. Kami ngurniakeun ka aranjeunna pasangan, (nyaéta) widadari-widadari anu éndah socana.
وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَاتَّبَعَتْهُمْ ذُرِّيَّتُهُمْ بِاِيْمَانٍ اَلْحَقْنَا بِهِمْ ذُرِّيَّتَهُمْ وَمَآ اَلَتْنٰهُمْ مِّنْ عَمَلِهِمْ مِّنْ شَيْءٍۗ كُلُّ امْرِئٍ ۢبِمَا كَسَبَ رَهِيْنٌ٢١
Wal-lażīna āmanū wattaba‘athum żurriyyatuhum bi'īmānin alḥaqnā bihim żurriyyatahum wa mā alatnāhum min ‘amalihim min syai'(in), kullumri'im bimā kasaba rahīn(un).
[21]
Jalma-jalma anu iman sarta anak incuna anu tumut dina kaimanan, Kami bakal nepungkeun aranjeunna (di jero sawarga), sarta Kami moal ngurangan saeutik ogé tina ganjaran amal (soléh) aranjeunna. Saban jalma gumantung kana naon rupa anu dipilampahna.
وَاَمْدَدْنٰهُمْ بِفَاكِهَةٍ وَّلَحْمٍ مِّمَّا يَشْتَهُوْنَ٢٢
Wa amdadnāhum bifākihatiw wa laḥmim mimmā yasytahūn(a).
[22]
Kami ngurniakeun ka aranjeunna tambahan (kani’matan) mangrupa bubuahan jeung rupa-rupa daging anu ku aranjeunna dipikahayang.
يَتَنَازَعُوْنَ فِيْهَا كَأْسًا لَّا لَغْوٌ فِيْهَا وَلَا تَأْثِيْمٌ٢٣
Yatanāza‘ūna fīhā ka'sal lā lagwun fīhā wa lā ta'ṡīm(un).
[23]
(Di éta jero sawarga) aranjeunna silih sodoran gelas (anu eusina henteu nimbulkeun ucapan atawa sikep) nu henteu mangpaat atawa henteu jadi dosa.
۞ وَيَطُوْفُ عَلَيْهِمْ غِلْمَانٌ لَّهُمْ كَاَنَّهُمْ لُؤْلُؤٌ مَّكْنُوْنٌۚ٢٤
Wa yaṭūfu ‘alaihim gilmānul lahum ka'annahum lu'lu'um maknūn(un).
[24]
Di sakurilingeunana aya para nonoman anu patingkuriling pikeun (ngalayanan) aranjeunna. Maranéhna lir mutiara anu dirumat.
وَاَقْبَلَ بَعْضُهُمْ عَلٰى بَعْضٍ يَّتَسَاۤءَلُوْنَ٢٥
Wa aqbala ba‘ḍuhum ‘alā ba‘ḍiy yatasā'alūn(a).
[25]
Sawaréh ti antara aranjeunna calik papayun-payun bari silih tumanya.
قَالُوْٓا اِنَّا كُنَّا قَبْلُ فِيْٓ اَهْلِنَا مُشْفِقِيْنَ٢٦
Qālū innā kunnā qablu fī ahlinā musyfiqīn(a).
[26]
Aranjeunna nyarios, “Saenyana urang saréréa baheula waktu aya di tengah-tengah kulawarga ngarasa hariwang (bisi disiksa).
فَمَنَّ اللّٰهُ عَلَيْنَا وَوَقٰىنَا عَذَابَ السَّمُوْمِ٢٧
Fa mannallāhu ‘alainā wa waqānā ‘ażābas-samūm(i).
[27]
Allah maparin kurnia ka urang saréréa sarta ngajaring urang saréréa tina siksa naraka.
اِنَّا كُنَّا مِنْ قَبْلُ نَدْعُوْهُۗ اِنَّهٗ هُوَ الْبَرُّ الرَّحِيْمُ ࣖ٢٨
Innā kunnā min qablu nad‘ūh(u), innahū huwal-barrur-raḥīm(u).
[28]
Saenyana urang saréréa nyembah ka Mantenna ti baheula kénéh. Mantenna Nu Maha Ngurniakeun kasaéan (tur) Mahaasih.”
فَذَكِّرْ فَمَآ اَنْتَ بِنِعْمَتِ رَبِّكَ بِكَاهِنٍ وَّلَا مَجْنُوْنٍۗ٢٩
Fa żakkir famā anta bini‘mati rabbika bikāhiniw wa lā majnūn(in).
[29]
Pék geura béré pépéling ku hidep (Muhammad), sabab ngalangkungan ni’mat Mantenna hidep sama sakali lain tukang tenung jeung lain jalma gélo.
اَمْ يَقُوْلُوْنَ شَاعِرٌ نَّتَرَبَّصُ بِهٖ رَيْبَ الْمَنُوْنِ٣٠
Am yaqūlūna syā‘irin natarabbaṣu bihī raibal-manūn(i).
[30]
Malahan maranéhna (jalma-jalma musrik Mekah) ngomong, “Manéhna téh tukang sair anu ku kuring saréréa didagoan tumiba cilakana.”
قُلْ تَرَبَّصُوْا فَاِنِّيْ مَعَكُمْ مِّنَ الْمُتَرَبِّصِيْنَۗ٣١
Qul tarabbaṣū fa innī ma‘akum minal-mutarabbiṣīn(a).
[31]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Tungguan ku aranjeun, sabenerna kuring ogé kaasup jalma anu keur nungguan sarua jeung aranjeun.”
اَمْ تَأْمُرُهُمْ اَحْلَامُهُمْ بِهٰذَآ اَمْ هُمْ قَوْمٌ طَاغُوْنَۚ٣٢
Am ta'muruhum aḥlāmuhum bihāżā am hum qaumun ṭāgūn(a).
[32]
Naha maranéh diparéntah ku pikiran-pikiranana pikeun ngucapkeun (pangjejeléh), atawa maranéh téh kaom anu ngarempak wates?
اَمْ يَقُوْلُوْنَ تَقَوَّلَهٗۚ بَلْ لَّا يُؤْمِنُوْنَۚ٣٣
Am yaqūlūna taqawwalah(ū), bal lā yu'minūn(a).
[33]
Malah maranéhna ogé ngomong kieu, “Manéhna (Muhammad) ngan jijieunan wungkul.” Henteu! Maranéhna justru anu teu iman.
فَلْيَأْتُوْا بِحَدِيْثٍ مِّثْلِهٖٓ اِنْ كَانُوْا صٰدِقِيْنَۗ٣٤
Falya'tū biḥadīṡim miṡlihī in kānū ṣādiqīn(a).
[34]
Coba maranéhna sina nyieun anu sarupa jeung éta (Al-Qur’an) upama jalma-jalma bener mah.
اَمْ خُلِقُوْا مِنْ غَيْرِ شَيْءٍ اَمْ هُمُ الْخٰلِقُوْنَۗ٣٥
Am khuliqū min gairi syai'in am humul-khāliqūn(a).
[35]
Naha maranéhna dilahirkeun tanpa asal-usul, atawa maranéhna anu nyiptakeun (sorangan)?
اَمْ خَلَقُوا السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَۚ بَلْ لَّا يُوْقِنُوْنَۗ٣٦
Am khalaqus-samāwāti wal-arḍ(a), bal lā yūqinūn(a).
[36]
Atawa maranéhna geus nyiptakeun langit jeung bumi? Sabenerna maranéhna henteu yakin (kana naon anu ku maranéhna diucapkeun).
اَمْ عِنْدَهُمْ خَزَاۤىِٕنُ رَبِّكَ اَمْ هُمُ الْمُصَۣيْطِرُوْنَۗ٣٧
Am ‘indahum khazā'inu rabbika am humul-musaiṭirūn(a).
[37]
Atawa naha di sagédéngeunana aya gudang-gudang kakayaan Pangéran hidep (Muhammad), atawa maranéhna anu kawasa?
اَمْ لَهُمْ سُلَّمٌ يَّسْتَمِعُوْنَ فِيْهِۚ فَلْيَأْتِ مُسْتَمِعُهُمْ بِسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍۗ٣٨
Am lahum sullamuy yastami‘ūna fīh(i), falya'ti mustami‘uhum bisulṭānim mubīn(in).
[38]
Atawa naha maranéhna bogaeun tarajé (ka langit) pikeun ngadéngékeun (hal-hal anu gaib)? Cing atuh éta jalma anu ngadéngékeun di antara maranéhna téh sina datang bari mawa katerangan nu nyata.
اَمْ لَهُ الْبَنٰتُ وَلَكُمُ الْبَنُوْنَۗ٣٩
Am lahul-banātu wa lakumul-banūn(a).
[39]
Atawa naha (pantes) Allah kagungan putri-putri (anak awéwé) sedengkeun pikeun maranéh anak-anak lalaki?
اَمْ تَسْـَٔلُهُمْ اَجْرًا فَهُمْ مِّنْ مَّغْرَمٍ مُّثْقَلُوْنَۗ٤٠
Am tas'aluhum ajran fahum mim magramim muṡqalūn(a).
[40]
Atawa naha hidep (Muhammad) ménta bayaran ka maranéhna, nepi ka maranéhna dibeungbeuratan ku hutang?
اَمْ عِنْدَهُمُ الْغَيْبُ فَهُمْ يَكْتُبُوْنَۗ٤١
Am ‘indahumul-gaibu fahum yaktubūn(a).
[41]
Atawa naha maranéhna boga (pangaweruh) ngeunaan perkara anu gaib, tuluy maranéhna nuliskeunana?
اَمْ يُرِيْدُوْنَ كَيْدًاۗ فَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا هُمُ الْمَكِيْدُوْنَۗ٤٢
Am yurīdūna kaidā(n), fal-lażīna kafarū humul-makīdūn(a).
[42]
Atawa naha maranéhna rék milampah tipu muslihat? Justru éta jalma-jalma kapir téh anu keuna ku tipu muslihat.
اَمْ لَهُمْ اِلٰهٌ غَيْرُ اللّٰهِ ۗسُبْحٰنَ اللّٰهِ عَمَّا يُشْرِكُوْنَ٤٣
Am lahum ilāhun gairullāh(i), subḥānallāhi ‘ammā yusyrikūn(a).
[43]
Atawa naha maranéhna bogaeun pangéran salian ti Allah? Mahasuci Allah tina naon rupa anu ku maranéhna disarékatkeun.
وَاِنْ يَّرَوْا كِسْفًا مِّنَ السَّمَاۤءِ سَاقِطًا يَّقُوْلُوْا سَحَابٌ مَّرْكُوْمٌ٤٤
Wa iy yarau kisfam minas-samā'i sāqiṭay yaqūlū saḥābum markūm(un).
[44]
Lamun seug maranéhna nénjo aya gumpelan-gumpelan awan ragragan ti langit, maranéhna bakal ngomong kieu, “Éta mah méga anu tutumpukan (anu bakal nurunkeun hujan).”
فَذَرْهُمْ حَتّٰى يُلٰقُوْا يَوْمَهُمُ الَّذِيْ فِيْهِ يُصْعَقُوْنَۙ٤٥
Fażarhum ḥattā yulāqū yaumahumul-lażī fīhi yuṣ‘aqūn(a).
[45]
Nya antepkeun baé maranéhna (dina kasasaran) nepi ka manggihan poé (anu dijangjikeun ka) maranéhna anu dina poe éta maranéhna dibinasakeun.
يَوْمَ لَا يُغْنِيْ عَنْهُمْ كَيْدُهُمْ شَيْـًٔا وَّلَا هُمْ يُنْصَرُوْنَۗ٤٦
Yauma lā yugnī ‘anhum kaiduhum syai'aw wa lā hum yunṣarūn(a).
[46]
(Nyaéta) dina poé (nalika) tipu muslihat maranéhna taya gunana saeutik ogé pikeun maranéhna jeung maranéhna moal ditulungan.
وَاِنَّ لِلَّذِيْنَ ظَلَمُوْا عَذَابًا دُوْنَ ذٰلِكَ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٤٧
Wa inna lil-lażīna ẓalamū ‘ażāban dūna żālika wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[47]
Saenyana pikeun jalma-jalma anu dolim aya siksa lian ti éta. Ngan kalolobaan ti maranéhna teu nyahoeun. 855
855) Ayana musim halodo, kalaparan, kacilakaan anu tumiba ka maranéhna, siksa kubur, jeung sajabana.
وَاصْبِرْ لِحُكْمِ رَبِّكَ فَاِنَّكَ بِاَعْيُنِنَا وَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ حِيْنَ تَقُوْمُۙ٤٨
Waṣbir liḥukmi rabbika fa innaka bi'a‘yuninā wa sabbiḥ biḥamdi rabbika ḥīna taqūm(u).
[48]
Sing sabar hidep (Muhammad) dina ngadagoan kaputusan Pangéran hidep. Sabenerna hidep téh aya dina panalingaan Kami. Prak hidep geura ngamahasucikeun bari muji ka Pangéran waktu hidep hudang!
وَمِنَ الَّيْلِ فَسَبِّحْهُ وَاِدْبَارَ النُّجُوْمِ ࣖ٤٩
Wa minal-laili fa sabbiḥhu wa idbāran-nujūm(i).
[49]
Dina sawaréhna peuting prak hidep (Muhammad) geura maca tasbéh ka Mantenna, jeung (nya kitu deui) dina waktu béntang-béntang surup (waktu pajar).