Surah Az-Zariyat
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالذّٰرِيٰتِ ذَرْوًاۙ١
Waż-żāriyāti żarwā(n).
[1]
Demi (angin) anu ngapungkeun lebu,
فَالْحٰمِلٰتِ وِقْرًاۙ٢
Fal-ḥāmilāti wiqrā(n).
[2]
demi méga anu ngandung (hujan),
فَالْجٰرِيٰتِ يُسْرًاۙ٣
Fal-jāriyāti yusrā(n).
[3]
demi (parahu-parahu) anu lalayaran kalayan gampang,
فَالْمُقَسِّمٰتِ اَمْرًاۙ٤
Fal-muqassimāti amrā(n).
[4]
jeung demi (malaikat-malaikat) anu ngabagi-bagi urusan,
اِنَّمَا تُوْعَدُوْنَ لَصَادِقٌۙ٥
Innamā tū‘adūna laṣādiq(un).
[5]
sabenerna naon anu dijangjikeun ka maranéh pasti bener.
وَّاِنَّ الدِّيْنَ لَوَاقِعٌۗ٦
Wa innad-dīna lawāqi‘(un).
[6]
Sabenerna (poé) pangwalesan pasti kajadian.
وَالسَّمَاۤءِ ذَاتِ الْحُبُكِۙ٧
Was-samā'i żātil-ḥubuk(i).
[7]
Demi langit anu ngabogaan jalan-jalan, 850
850) Gurat ider béntang, planet, sarta banda-banda jomantara lianna. Aya ogé anu ngartikeun “mibanda ciptaan anu hadé”, ”mibanda papaés béntang-béntang” atawa “mibanda wangunan anu pengkuh.”
اِنَّكُمْ لَفِيْ قَوْلٍ مُّخْتَلِفٍۙ٨
Innakum lafī qaulim mukhtalif(in).
[8]
sabenerna maranéh téh bener-bener aya dina pabéntar paham. 851
851) Pabéntar-pahamna kaom musrikin ngeunaan Nabi Muhammad Saw. jeung Al-Qur’an.
يُّؤْفَكُ عَنْهُ مَنْ اُفِكَۗ٩
Yu'faku ‘anhu man ufik(a).
[9]
Dibalieuskeun tina (Al-Qur’an jeung Rasul) jalma anu dibalieuskeun.
قُتِلَ الْخَرَّاصُوْنَۙ١٠
Qutilal-kharrāṣūn(a).
[10]
Nya dikutuk jalma-jalma anu loba ngabohong,
الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ غَمْرَةٍ سَاهُوْنَۙ١١
Allażīna hum fī gamratin sāhūn(a).
[11]
(nyaéta) jalma-jalma anu kajongjonan (dina kabodoan) jeung lalawora (dina urusan ahérat).
يَسْـَٔلُوْنَ اَيَّانَ يَوْمُ الدِّيْنِۗ١٢
Yas'alūna ayyāna yaumud-dīn(i).
[12]
Maranéhna nanya, “Iraha kajadian Poé Pangwalesan téh?”
يَوْمَ هُمْ عَلَى النَّارِ يُفْتَنُوْنَ١٣
Yauma hum ‘alan-nāri yuftanūn(a).
[13]
(Poé Pangwalesan téh nyaéta) poéan (waktu) maranéhna disiksa dina seuneu naraka.
ذُوْقُوْا فِتْنَتَكُمْۗ هٰذَا الَّذِيْ كُنْتُمْ بِهٖ تَسْتَعْجِلُوْنَ١٤
Żūqū fitnatakum, hāżal-lażī kuntum bihī tasta‘jilūn(a).
[14]
(Dibéwarakeun ka maranéhna), “Geura rasakeun ieu siksa maranéh téh. Nya ieu pisan siksa anu baheula ku maranéh sok dipénta hayang diburu-burukeun.”
اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِيْ جَنّٰتٍ وَّعُيُوْنٍۙ١٥
Innal-muttaqīna fī jannātiw wa ‘uyūn(in).
[15]
Sabenerna jalma-jalma anu takwa aya di taman-taman (sawarga) jeung cinyusu-cinyusu.
اٰخِذِيْنَ مَآ اٰتٰىهُمْ رَبُّهُمْ ۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَبْلَ ذٰلِكَ مُحْسِنِيْنَۗ١٦
Ākhiżīna mā ātāhum rabbuhum, innahum kānū qabla żālika muḥsinīn(a).
[16]
Aranjeunna nyandak sagala rupa anu dipaparinkeun ku Pangéran. Sabenerna aranjeunna saméméh éta (waktu di dunya) nyaéta jalma-jalma anu sok malimpah kahadéan.
كَانُوْا قَلِيْلًا مِّنَ الَّيْلِ مَا يَهْجَعُوْنَ١٧
Kānū qalīlam minal-laili mā yahja‘ūn(a).
[17]
Aranjeunna mung sakedap pisan saréna ti peuting.
وَبِالْاَسْحَارِ هُمْ يَسْتَغْفِرُوْنَ١٨
Wa bil-asḥāri hum yastagfirūn(a).
[18]
Meujeuh wanci janari aranjeunna neda pangapunten (ka Allah).
وَفِيْٓ اَمْوَالِهِمْ حَقٌّ لِّلسَّاۤىِٕلِ وَالْمَحْرُوْمِ١٩
Wa fī amwālihim ḥaqqul lis-sā'ili wal-maḥrūm(i).
[19]
Dina harta banda aranjeunna aya bagian pikeun jalma miskin anu ménta-ménta atawa henteu ménta-ménta.
وَفِى الْاَرْضِ اٰيٰتٌ لِّلْمُوْقِنِيْنَۙ٢٠
Wa fil-arḍi āyātul lil-mūqinīn(a).
[20]
Di bumi aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu yakin,
وَفِيْٓ اَنْفُسِكُمْ ۗ اَفَلَا تُبْصِرُوْنَ٢١
Wa fī anfusikum, afalā tubṣirūn(a).
[21]
pon (nya kitu deui) dina diri-diri maranéhna sorangan. Nya naha maranéh henteu niténan?
وَفِى السَّمَاۤءِ رِزْقُكُمْ وَمَا تُوْعَدُوْنَ٢٢
Wa fis-samā'i rizqukum wa mā tū‘adūn(a).
[22]
Di langit geus nyampak (sabab-musabab) rejeki pikeun maranéh jeung sagala rupa anu dijangjikeun ka maranéh.
فَوَرَبِّ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ اِنَّهٗ لَحَقٌّ مِّثْلَ مَآ اَنَّكُمْ تَنْطِقُوْنَ ࣖ٢٣
Fa wa rabbis-samā'i wal-arḍi innahū laḥaqqum miṡla mā annakum tanṭiqūn(a).
[23]
Demi Pangéran nu murbéng langit jeung bumi, sabenerna sagala rupa anu dijangjikeun téh pasti kajadian saperti naon diomongkeun ku maranéh.
هَلْ اَتٰىكَ حَدِيْثُ ضَيْفِ اِبْرٰهِيْمَ الْمُكْرَمِيْنَۘ٢٤
Hal atāka ḥadīṡu ḍaifi ibrāhīmal-mukramīn(a).
[24]
Naha geus nepi ka hidep (Muhammad) carita ngeunaan tamu Ibrahim (malaikat-malaikat) anu dimulyakeun?
اِذْ دَخَلُوْا عَلَيْهِ فَقَالُوْا سَلٰمًا ۗقَالَ سَلٰمٌۚ قَوْمٌ مُّنْكَرُوْنَ٢٥
Iż dakhalū ‘alaihi fa qālū salāmā(n), qāla salām(un), qaumum munkarūn(a).
[25]
(Sing inget) nalika aranjeunna lebet ka tempat (Ibrahim) lajeng ngucapkeun, “Salām (salam).” Ibrahim ngawaler, “Salām (salam).” Aranjeunna téh kaom anu anyar pinanggih.
فَرَاغَ اِلٰٓى اَهْلِهٖ فَجَاۤءَ بِعِجْلٍ سَمِيْنٍۙ٢٦
Farāga ilā ahlihī fa jā'a bi‘ijlin samīn(in).
[26]
Teras kalayan rerencepan (Ibrahim) angkat nepangan kulawargana, lajeng anjeunna nyandak (panggang) anak sapi anu lintuh,
فَقَرَّبَهٗٓ اِلَيْهِمْۚ قَالَ اَلَا تَأْكُلُوْنَ٢٧
Fa qarrabahū ilaihim, qāla alā ta'kulūn(a).
[27]
lajeng ku anjeunna disuguhkeun ka tamuna (tapi aranjeunna teu kersaeun nuang). Ibrahim naros, “Ku naon aranjeun henteu taruang?”
فَاَوْجَسَ مِنْهُمْ خِيْفَةً ۗقَالُوْا لَا تَخَفْۗ وَبَشَّرُوْهُ بِغُلٰمٍ عَلِيْمٍ٢٨
Fa aujasa minhum khīfah(tan), qālū lā takhaf, wa basysyarūhu bigulāmin ‘alīm(in).
[28]
Ibrahim ngaraos rémpan ku aranjeunna. Aranjeunna ngawaler, “Salira ulah ngaraos rémpan.” Aranjeunna maparin wartos pigumbiraeun ka Ibrahim ku (bakal lahirna) putra pameget anu pinter (Ishaq).
فَاَقْبَلَتِ امْرَاَتُهٗ فِيْ صَرَّةٍ فَصَكَّتْ وَجْهَهَا وَقَالَتْ عَجُوْزٌ عَقِيْمٌ٢٩
Fa aqbalatimra'atuhū fī ṣarratin fa ṣakkat wajhahā wa qālat ‘ajūzun ‘aqīm(un).
[29]
Lajeng torojol garwana (Ibrahim) sumping bari ngocéak (bakating ku kagét), lajeng neunggeulan pameunteuna ku anjeun bari nyanggem, “(Kuring téh) nini-nini gabug!”
قَالُوْا كَذٰلِكِۙ قَالَ رَبُّكِ ۗاِنَّهٗ هُوَ الْحَكِيْمُ الْعَلِيْمُ ۔٣٠
Qālū każālik(i), qāla rabbuk(i), innahū huwal-ḥakīmul-‘alīm(u).
[30]
(Para malaikat) nyarios, “Kitu pisan pidawuh Pangéran. Saleresna Mantenna Nu Mahawijaksana (tur) Mahauninga.”
۞ قَالَ فَمَا خَطْبُكُمْ اَيُّهَا الْمُرْسَلُوْنَۚ٣١
Qāla famā khaṭbukum ayyuhal-mursalūn(a).
[31]
Ibrahim naros, “Kinten-kinten naon atuh maksad aranjeun nu penting téh, hé para utusan?”
قَالُوْآ اِنَّآ اُرْسِلْنَآ اِلٰى قَوْمٍ مُّجْرِمِيْنَۙ٣٢
Qālū innā ursilnā ilā qaumim mujrimīn(a).
[32]
Aranjeunna ngawaler, “Saleresna abdi sadaya diutus ka kaom anu doraka (kaom Lut),
لِنُرْسِلَ عَلَيْهِمْ حِجَارَةً مِّنْ طِيْنٍۙ٣٣
Linursila ‘alaihim ḥijāratam min ṭīn(in).
[33]
pikeun ninggangkeun ka maranéhna batu-batu tina taneuh lempung,
مُّسَوَّمَةً عِنْدَ رَبِّكَ لِلْمُسْرِفِيْنَ٣٤
Musawwamatan ‘inda rabbika lil-musrifīn(a).
[34]
anu ditandaan ku Pangéran salira pikeun (ngabinasakeun) jalma-jalma anu ngaliwatan wates.” 852
852) Êta batu-batu dibéré tanda ku dingaranan jalma anu bakal dibinasakeun.
فَاَخْرَجْنَا مَنْ كَانَ فِيْهَا مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَۚ٣٥
Fa akhrajnā man kāna fīhā minal-mu'minīn(a).
[35]
Kami ngaluarkeun jalma-jalma mu’min anu araya di dinya (nagri kaom Lut).
فَمَا وَجَدْنَا فِيْهَا غَيْرَ بَيْتٍ مِّنَ الْمُسْلِمِيْنَۚ٣٦
Famā wajadnā fīhā gaira baitim minal-muslimīn(a).
[36]
Kami henteu manggihan di jerona salian ti hiji imah (anu pangeusina) jalma-jalma muslim (Lut katut kulawargana).
وَتَرَكْنَا فِيْهَآ اٰيَةً لِّلَّذِيْنَ يَخَافُوْنَ الْعَذَابَ الْاَلِيْمَۗ٣٧
Wa taraknā fīhā āyatal lil-lażīna yakhāfūnal-‘ażābal-alīm(a).
[37]
Kami ninggalkeun hiji tanda (kakawasaan Allah) 853 di éta (nagri) pikeun jalma-jalma anu sieun ku siksa anu kacida peurihna.
853) Tumpukan batu-batu anu digunakeun pikeun ngabinasakeun kaom Lut. Aya ogé anu nyebutkeun hiji talaga anu caina tutumplukan anu dipaké pikeun membinasakeun kaom Lut. Aya deui anu nyebutkeun hiji telaga anu caina hideung sarta bau biuk angseuna.
وَفِيْ مُوْسٰىٓ اِذْ اَرْسَلْنٰهُ اِلٰى فِرْعَوْنَ بِسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍ٣٨
Wa fī mūsā iż arsalnāhu ilā fir‘auna bisulṭānim mubīn(in).
[38]
(Kitu deui Kami ninggalkeun) dina diri Musa (tanda-tanda kakawasaan Allah) waktu Kami ngutus anjeunna ka Fir’aun kalayan mawa mujijat anu nyata.
فَتَوَلّٰى بِرُكْنِهٖ وَقَالَ سٰحِرٌ اَوْ مَجْنُوْنٌ٣٩
Fa tawallā biruknihī wa qāla sāḥirun au majnūn(un).
[39]
Tapi manéhna (Fir’aun) jeung wadyabaladna ngabalieur jeung ngomong, “(Manéhna téh) tukang sihir atawa jalma gélo!”
فَاَخَذْنٰهُ وَجُنُوْدَهٗ فَنَبَذْنٰهُمْ فِى الْيَمِّ وَهُوَ مُلِيْمٌۗ٤٠
Fa akhażnāhu wa junūdahū fanabażnāhum fil-yammi wa huwa mulīm(un).
[40]
Ku kituna, Kami nyiksa manéhna katut wadyabalad tantarana, tuluy Kami ngéremkeun maranéhna ka jero laut dina kaayaan ngalakukan pagawéan anu goréng.
وَفِيْ عَادٍ اِذْ اَرْسَلْنَا عَلَيْهِمُ الرِّيْحَ الْعَقِيْمَۚ٤١
Wa fī ‘ādin iż arsalnā ‘alaihimur-rīḥal-‘aqīm(a).
[41]
(Kitu deui Kami ninggalkeun) dina kaom ‘Ad (tanda-tanda kakawasaan Allah), waktu Kami ngirimkeun ka maranéhna angin anu ngabinasakeun.
مَا تَذَرُ مِنْ شَيْءٍ اَتَتْ عَلَيْهِ اِلَّا جَعَلَتْهُ كَالرَّمِيْمِۗ٤٢
Mā tażaru min syai'in atat ‘alaihi illā ja‘alathu kar-ramīm(i).
[42]
(Éta angin) henteu nyésakeun naon baé anu dirumpakna, kajaba sagalana ancur luluh ludes.
وَفِيْ ثَمُوْدَ اِذْ قِيْلَ لَهُمْ تَمَتَّعُوْا حَتّٰى حِيْنٍ٤٣
Wa fī ṡamūda iż qīla lahum tamatta‘ū ḥattā ḥīn(in).
[43]
(Kitu deui Kami ninggalkeun) dina kaom Samud (tanda-tanda kakawasaan Allah), waktu didawuhkeun ka maranéhna, “Pék aranjeun suka-bungah nepi ka waktu anu geus ditangtukeun!”
فَعَتَوْا عَنْ اَمْرِ رَبِّهِمْ فَاَخَذَتْهُمُ الصّٰعِقَةُ وَهُمْ يَنْظُرُوْنَ٤٤
Fa‘atau ‘an amri rabbihim fa akhażathumuṣ-ṣā‘iqatu wa hum yanẓurūn(a).
[44]
Tuluy maranéhna adigung adiguna kana paréntah Pangéranana, mangka maranéhna disamber gelap bari maranéhna nyaksian sorangan (kana éta kajadian).
فَمَا اسْتَطَاعُوْا مِنْ قِيَامٍ وَّمَا كَانُوْا مُنْتَصِرِيْنَۙ٤٥
Famastaṭā‘ū min qiyāmiw wa mā kānū muntaṣirīn(a).
[45]
Maranéhna sama sakali henteu bisa hudang-hudang acan jeung henteu aya anu nulungan.
وَقَوْمَ نُوْحٍ مِّنْ قَبْلُ ۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَوْمًا فٰسِقِيْنَ ࣖ٤٦
Wa qauma nūḥim min qabl(u), innahum kānū qauman fāsiqīn(a).
[46]
Saméméh éta kajadian (Kami geus ngabinasakeun) kaom Nuh. Saenyana maranéhna téh kaom anu pasék.
وَالسَّمَاۤءَ بَنَيْنٰهَا بِاَيْىدٍ وَّاِنَّا لَمُوْسِعُوْنَ٤٧
Was-samā'a banaināhā bi'aidiw wa innā lamūsi‘ūn(a).
[47]
Langit ku Kami diwangun kalayan leungeun (kakawasaan Kami), jeung saenyana Kami bener-bener geus mébérkeunana.
وَالْاَرْضَ فَرَشْنٰهَا فَنِعْمَ الْمٰهِدُوْنَ٤٨
Wal-arḍa farasynāhā fa ni‘mal-māhidūn(a).
[48]
Bumi ku Kami digelarkeun. (Kami téh) Dat anu pangalus-alusna ngagelarkeun.
وَمِنْ كُلِّ شَيْءٍ خَلَقْنَا زَوْجَيْنِ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ٤٩
Wa min kulli syai'in khalaqnā zaujaini la‘allakum tażakkarūn(a).
[49]
Sagala perkara ku Kami diciptakeun silih papasangan sangkan maranéh inget kana (kaagungan Allah).
فَفِرُّوْٓا اِلَى اللّٰهِ ۗاِنِّيْ لَكُمْ مِّنْهُ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌۚ٥٠
Fa firrū ilallāh(i), innī lakum minhu nażīrum mubīn(un).
[50]
Pék geura buru-buru mulang kana (ta’at) ka Allah. Sabenerna kuring téh purah méré pépéling anu jelas ti Allah pikeun aranjeun.
وَلَا تَجْعَلُوْا مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَۗ اِنِّيْ لَكُمْ مِّنْهُ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ٥١
Wa lā taj‘alū ma‘allāhi ilāhan ākhar(a), innī lakum minhu nażīrum mubīn(un).
[51]
Omat aranjeun ulah pisan netepkeun pangéran salian ti Allah. Sabenerna kuring purah méré pépéling anu jelas ti Allah pikeun maranéh.
كَذٰلِكَ مَآ اَتَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ مِّنْ رَّسُوْلٍ اِلَّا قَالُوْا سَاحِرٌ اَوْ مَجْنُوْنٌ٥٢
Każālika mā atal-lażīna min qablihim mir rasūlin illā qālū sāḥirun au majnūn(un).
[52]
Nya kitu pisan, henteu aya saurang rasul ogé anu datang ka jalma-jalma saméméh maranéh, anging (kaomna) pasti ngomong kieu, “(Manéhna téh) tukang sihir atawa anu gélo.”
اَتَوَاصَوْا بِهٖۚ بَلْ هُمْ قَوْمٌ طَاغُوْنَۚ٥٣
Atawāṣau bih(ī), bal hum qaumun ṭāgūn(a).
[53]
Naha maranéhna silih wasiatan ngeunaan éta (anu diomongkeun)? Sabenerna maranéhna téh kaom anu ngarempak wates.
فَتَوَلَّ عَنْهُمْ فَمَآ اَنْتَ بِمَلُوْمٍ٥٤
Fa tawalla ‘anhum famā anta bimalūm(in).
[54]
Pék hidep ngabalieur ti maranéhna, mangka hidep moal pisan-pisan dipikangéwa.
وَذَكِّرْ فَاِنَّ الذِّكْرٰى تَنْفَعُ الْمُؤْمِنِيْنَ٥٥
Wa żakkir fa innaż-żikra tanfa‘ul-mu'minīn(a).
[55]
Sing tetep méré pépéling, sabab sabenerna éta pépéling téh aya mangpaatna pikeun jalma-jalma mu’min mah.
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْاِنْسَ اِلَّا لِيَعْبُدُوْنِ٥٦
Wa mā khalaqtul-jinna wal-insa illā liya‘budūn(i).
[56]
Kami teu pati-pati nyiptakeun jin jeung manusa, anging pikeun ibadah ka Kami.
مَآ اُرِيْدُ مِنْهُمْ مِّنْ رِّزْقٍ وَّمَآ اُرِيْدُ اَنْ يُّطْعِمُوْنِ٥٧
Mā urīdu minhum mir rizqiw wa mā urīdu ay yuṭ‘imūn(i).
[57]
Kami henteu miharep rejeki saeutik ogé ti maranéhna, Kami ogé henteu miharep supaya maranéhna méré dahar ka Kami.
اِنَّ اللّٰهَ هُوَ الرَّزَّاقُ ذُو الْقُوَّةِ الْمَتِيْنُ٥٨
Innallāha huwar-razzāqu żul-quwwatil-matīn(u).
[58]
Saleresna Allah téh nya Mantenna Nu Maha Maparin-rejeki, nu kagungan kakiatan, (tur) nu rongkah.
فَاِنَّ لِلَّذِيْنَ ظَلَمُوْا ذَنُوْبًا مِّثْلَ ذَنُوْبِ اَصْحٰبِهِمْ فَلَا يَسْتَعْجِلُوْنِ٥٩
Fa inna lil-lażīna ẓalamū żanūbam miṡla żanūbi aṣḥābihim falā yasta‘jilūn(i).
[59]
Sabenerna keur jalma-jalma anu dolim aya bagian (siksa) anu saperti bagian babaturan maranéhna (anu ti heula). Ku kituna, maranéhna ulah ménta-ménta ka Kami sangkan ngancangkeun (éta siksa).
فَوَيْلٌ لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ يَّوْمِهِمُ الَّذِيْ يُوْعَدُوْنَ ࣖ٦٠
Fa wailul lil-lażīna kafarū miy yaumihimul-lażī yū‘adūn(a).
[60]
Kacilakaan pikeun jalma-jalma kupur dina poé anu geus dijangjikeun ka maranéhna (Poé Kiamat).